Pangeran Aria Suria Atmadja

September 23, 2010

ANTARA taun 1820-an, pangwangunan jalan ka Ciherang diteruskeun, nu nalingakeunana Bupati ku anjeun. Pangeran Kornel nalingakeun pangwangunan jalan Cadas Pangeran antara tanggal 21 Nopember 1821 dugi ka 12 Maret 1822. Sabada rengse jalan anyar teh dicoba dilangkungan ku Pangeran Kornel nyarengan Gupemur Jendral Van der Capellen 22 Juli 1822. Bupati Sumedang kadua anu ageung jasana ka rayat katut pangwangunan daerah Sumedang, Pangeran Aria Suria Atmadja anu langkung mashur jujulukna Pangeran Mekah. Ditelah Pangeran Mekah, sabada Kangjeng Dalem wafat di Mekah nuju nutaskeun Rukun Islam anu kalima Munggah Haji. Pangeran Aria Suria Amaja dibabarkeun 11 Januri 1851 di Sumedang. Ari ramana Pangeran Suria Kusumah Adinata atawa jenengan anu sohorna mah Pangeran Sugih tea. ibuna mah Raden Ayu Ratnaningrat, putri Demang Somawilaga Jaksa Sumedang. Bupati anu keur murangkalihna disebat Aom Sadeli teh ngewitan sakola dina yuswa 8 taun, saterusna diajar Basa Walanda dugi ka ngolotok. Yuswa 14 taun magang bari diajar basa Inggris jeung Perancis bari henteu lali ngulik bab elmu kaagamaan, kalebet ngaos. Al Qur’anul Karim. Ti Raden Ayu Ratnaningrum Pangeran Mekah kagungan putra istri hiji-hijina anu dipaparin jenengan Raden Ayu Yogjainten anu nikah sareng Raden Rangga Wirahadisurya. Yogjainten ti Raden Rangga kagungan putra jenengan Raden Achmad Basari, pupus taun 1917. Ku kituna, Pangeran Mekah henteu kagungan rundayan langsung anu manjangkeun lalakon. Pangeran Mekah benten ti ramana anu sok disalindir Pangeran Sugih ku istri, anjeunna mah geureuhana mung hiji-hiji-na Raden Ayu Ratnaningrum terahing menak Garut.

Tapi sok sanajan kitu, ari jasa Sang pangeran kana ngawangun daerahna mah tan wilangan. Dina jamanna pangwangunan ngageder ampir taya ngasona. Nya ti harita Sumedang ngudag ajen inajen hudang dangiang teh. Ti harita oge kuduna make SULUK “Nyandang Kahayang”, da ayeuna mah ngan tinggal lajuning lakuna. Pangwangunan anu pangdiutamakeu-na, pertanian, tug tepi ka ayeuna mashur pertanian di wewengkon Sumedang teh. Aya lajuning lakuna, malah manjang. Sumedang boga tangkil, jeruk Cikoneng, taleus Ganeas, boled Cilembu, jeruk Tanjungsari, Tacan bubuahan, di Tanjungsari aya perkebunan jeruk kajeun Jepang nu bogana, Buahdua jeung Conggeang boga salak jeung sajabana…jeung sajabana. tanah anu umumna lamping gunung atawa pasir anu nangtawing. Sang Pangeran henteu seepeun akal enggoning nuyun rayatna, tanah lamping nu sakumaha nangtawingna teh heug, disengked, ditangga-tangga anu sohor disebut Terasiring tea dina elmu tatanen anu moderen mah. tepi ka ahima tanah dengdek teh bisa dibebenah jadi sawah nu ngahasilkeun pare turta kualitas parena oge sohor tepi ka kiwari. Mun geus jadi beas disebutna “Beas Sumedang”. Hasilna mucekil saban panen teh sanajan sewahna. tadah hujan, saukur dicaian ku sih piwelasna hujan. Lian ti pare, Bupati. oge cumeluk sangkan patani marelak patawija, bibinihanana didatangkeun ti Indramayu, kalapa mah binihna ti Jawa jeung Bali. Bupati oge nyadiakeun bantuan modal keur petemakan, elmuna, “. padika diajar tatanen mangrupa anu dijudulan ” Mitra Noe Tani” karya K.F Holle.
Pangeran Mekah oge dina jamanna, ngawangun irigasi di Ujung keur ngaduum cai ka pasawahan Kebon awi di Cijambu jeung ‘Gunung Simpay dilegaan, tanah anger jeung tegal eurih dibukbak dijadikeun kentang jeung sayuran. Ari peternakan, kuda, sapi jeung munding usahana leuwih ditingkatkeun deui kawilang topek jeung ahli kana peternakan di Sumedang jaman hannah, 1903 peresisna, Naib Tanjungsari, Raden Haji Muhamad Usman jeung raina, Raden Muhamad Pesta, ku Bupati dijurung ngulik elmuning peternakan kuda ka Sumba jeung Sumbawa, marulangna dipentes mawa kuda jalu pejantan (Pamacek) anu hade.

Sapi mah taun 1908 ngadatangkeun ti Madura enggon sapi anu kualitasna hade. Mun ayeuna aya Sapi Banpres (Bantuan Presiden), jaman baheula jaman Pangeran Mekah aya Sapi Banbup atawa Sapi Bantuan Bupati. Pangeran Mekah ngabagikeun sapi Benggala ka patani, naurna dicicil, jiga jaman ayeuna we. Eta kawijakan tetela geus dipetakeun ti baheula di Sumedang. Malah aya Dokter Hewan anu husus dipapancenan milu mariksa jeung nalingakeun kasehatan ingon-ingon milik patani. Pikeun ngajurung ludeung jeung mere sumanget gawe ka rayat, Bupati ngahaja sacara mayeng ngagelar lomba temak rayat, hadiahna ti Pangeran Mekah mangrupa premi-remi jeung layang pangajen anu eusina diimplik-implikan ku nasehat-nasehat mangpaat keur bekel ludeung para patani. Taun 1898 Pangeran Mekah ngagaleuh 40 hektar tanah gundul mangrupa lamping-lamping nangtawing anu saterusna disengked-sengked mun disawang ti kaanggangan jiga tangga-tangga meulitan pasir, leuwih endah sabada cia sengkedan-sengkedan geus jadi pasawahan anu hejo ngemploh. Wewengkon anu ku rayat diculjeunieun lantaran diaranggap enggon memedi; siluman siluman jeung dedemit oge der weh ku Kangjeng Mekah mah disangling jadi pasawahan anu lendo jeung produktip.

Sakola Pertanian Tanjungsari
Sang Pangeran anu henteu tiasa tibra kulem awahing ku melang ka rayat teh ngemut anu langkung panjang deui, banget palay ningkatkeun elmu pangeweruh rayatna husus dina hal tatanen. Elmu teh penting keur ningkatkeun kualitas produksi jeung jumlah produksina. Ari elmu ayana ngan di sakola. Jorojoy we kagungan emutan anu ahirna jadi kawijakan jeung putusan, ngadegkeun Sakola Pertanian di Tanjungsari lembur anu subur tur lega padataranana. Nganggo modal pribadi anu ageungna 3.000 gulden keur waragad ngadegkeun sakola nu lawas dicita-citakeunana teh. Saenyana opat taun samemehna, dina raraga nataharkeun ngadegkeun sakola pertanian di Tanjungsari, Patih Sumedang Raden Rangga Wirahadisurya dijurung angkat ka Sakola Tani (Desa Lanbauwschootjes), di Ciparay, Soreang. Kumaha kira-kirana lamun di Tanjungsari diadegkeun sakola anu sarua. Tetela Tanjungsari jadi leuwih sohor jeung kajojo sabada sakola resmi dibuka turta narima murid ti mana-mendi.

Praktek gawe murid-muridna, rupaning hasil tatanen diborong ku Kangjeng Dalem. Saluyu jeung kamekaran sakola pertanian, lokasi sakolaan anu tadina legana ngan 6 bau teh dilegaan jadi 12 bau. Sakola-sakola anu sarua, husus keur rayat nu marangkuk di pasisian tepiswiring sisi lamping diadegkeun di sakuliah Kabupaten Sumedang. Tepi ka kawajiban diajar keur munggaran, dilarapkeun di Sumedang. Jadi mun ayeuna digembar-gemborkeun Wajib Belajar, bari jeung mahal teh waragadna, saenyana anu munggaran mah dilaksanakeun di wewengkon Kabupaten Sumedang dumasar kana kawijakan Bupati Sumedang Pangeran Mekah ti taun 1915 ti kata tepi ka desa-desa.

Taun 1915 di dayeuh Sumedang geus aye Hollandsch Inlandsche School. Kantor telepun dipasang di kamar Paseban beulah kaler keur leuwih lancarna komunikasi pamarentahan. Pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat, Pangeran Mekah ngawangun “Bank Prijaji” faun 1901 tukangeun kantor Jaksa Sumedang. Taun 1910 malah geus boga gedong sorangan Bank Priyayi teh, ngaranna ge diganti jadi “Soemedangsche Afdeeling Bank”. Taun 1915 5 Kangjeng Mekah ngadegkeun Bank desa di tiap desa, husus we eta mah peur nulung bantu rayat di padesaan. Henteu kapameng toweksa jung palamarta, Kangjeng Mekah boh ka para priyayi boh ka rayat. Emut kana pangabaktina para Kapala Onderdistrik nu pancen gawe di lembur-lembur, Bupati ngadamel perumahan husus keur para Kapala OndercEitnk, waragadna ti pribadi Kanjeng Dalem ku anjeun. Keur rayat leutik dibangun leuit miskin anu saterusna diganti jadi Leuit Desa. Lian ti kitu, diadegkeun oge Bale pangobatan gratis keur rayat anu teu marampuh. Taun 1897 burudul daratang sarombongan rayat Indramayu nu kalaparan. Ku Kangjeng Dalem diangken dihiap-hiap malah dibere laban garapan mangrupa pasawahan di Desa Sampora Distrik Tomo. Keur jagabaya, aya Siskamling anu ronda malem saban peuting sacara bagilir. Pikeun lancarna Siskamling nya diadegkeun garduh-garduh ronda di kata tepi ka kampung jeung desa-desa, kacamatan katut kawadanan.

Dumasar kana jasa-jasana eng-goning ngawangun Sumedang boh pisik boh manusana, Kanjeng Dalem Sumedang Pangeran Aria Suria Atmaja atawa Dalem Mekah tea dileler layang pangajan, Bentang Oranyeu jeung pajeng Kuning. Taun 1891 dileler Groot Goulden Ster, Taun 1903 Bintang Officier der Orde van Oranye Nassaum terus Bintang Agung Ridder der Orde van Nederhandschge Leeuw nu ku urang Sumedang mah disebutna teh Bentang Leo. Taun 1898 dileler gelar Adipati. Taun 1906 dileler gelar :ARIA”, Taun 1910 gelar “Pangeran sareng Pajeng Gilap” (Pangheran met de vergulde Pajong). Sabada pangsiun Pangeran Mekah munggah haji ka Tanah Suci Mekah, tapi nu mulih ukur jenengan margi Kangjeng Dalem anu rancage teh wapat di Tanah Suci ku sabab teu damang. Jasadna dipendem di Ma’la Mekah 1 Juni 1921. Sohor ditarelah Pangeran Sampuma Mekah. Pikeun mieling jasa-jasa Pangeran Mekah anu tan wilangan, April 1922 di tengah-tengah alun-alun kota Sumedang diadegkeun Monumen mangrupa Lingga oge Gupemur Jendral D.Fock disaksian ku para Bupati, Residen sa Tatar Priangan. Pangeran Mekah disebat Bupati anu pernah, henteu kagungan ambisi tapi loyalitasna luhur pisan, tepi ka dina jaman pamarentahanna henteu aya hiji oge Partey Pulitik anu bisa asup ka Sumedang. Kangjeng dalem Mekah memang anti Komunis, antipasi ka sawatara Partey, tepi ka anjeunna mah disebat “Bupati anu henteu berpulitik”.


Awal Sajarah Sunda

Maret 6, 2010

GEUS kanyahoan, yen Rd. Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkeun Prabu Hayam Wuruk (incu Rd. Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. Sabab Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd. Wijaya teh diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus, sarengsena upacara diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar agama Budha ti Thailand) teu apaleun kana sumpah Rd. Widjaya malah ngembarkeun sumpahna sorangan (Palapa) hayang nalukeun Nusantara.

Data-data artefax ngeunaan masyarakat Sunda, kapanggih dina :

  1. Warta Cina: Dina taun 132 M raja YE TIAO nu ngaran TIAO-PIEN ngirim utusan ka Cina. Ye Tiao = Jawadwipa, jeung Tiao-Pien = Dewawarman.
  2. Warta Ptolemeus; Dina taun 160 M saurang ahli elmu bumi urang Iskandariyah turunan Yunani, nu ngaranna CLAUDIUS PTOLEMEUS nulis catetan, nu sumberna ti pelaut Arab nu sering ngabuniaga ka India,nerangkan yen IABADIO = YAWA-DWIPA nagri nu subur. Aya kota dagang nu disebut ARGYRE = Kota Perak >Rajata pura, di SALAKANAGARA.
  3. Warta FA-HIEN inyana pendeta Budha, samulangna ti India , balayar ngaliawatan laut kidul. kasarung tur angkleung-angkleungan hanjat ka hji pulo salila 5 bulan. Pulau teh disebut Ya-Va-Di dina tgl. 14 April tahun 414 M. Inyana nyebutkeun aya nagari endah tur badag, disebut TO-LO-MO = Ta ru ma (Nagara)
  4. Prasasti, nu kapanggih aya 20 :
    • Prasasti Karajaan Galunggung: di Geger Hanjuang (Tasikmalaya).
    • Prasasti Karajaan Pajajaran: di Kabantenan (Bekasi), Batutulis (Bogor).
    • Prasasti Karajaan Sunda:
      1. Kawali (Ciamis)
      2. Cibadak (Sukabumi)
    • Prasasti Tarumanagara:
      1. Ciaruteun (Bogor)
      2. Kebon kopi (Bogor)
      3. Pasir Gintung (Bogor)
      4. Cidangiang (Pandeglang)
      5. Tugu (Bekasi)
  5. Titinggal Kuno:
    • di puncak gunung Agrabinta , sawareh aya di sawaah(Cianjur selatan)
    • di puncak gunung Padang (Ciwidey Kab.Bdg)
    • di Dalem agung Pakungwati (Cirebon)
    • di Sunyaragi (Cirebon)
    • di Cangkuang (Garut)
    • di Bojong Menje (Cicalengka)
  6. Titinggal mangrupa naskah Kuno:
    • Kropak No. 406 CARTA PARAHYANGAN ( Museum Pusat, Jkt).
    • Kropak No. 630 SANGHYANG SISKSAKANDA KARESIYAN(s.d.a)
    • Kropak No. 632 AMANAT TI GALUNGUNG (s.d.a)
    • Kropak No. 410 CARITA RATU PAKUAN (s.d.a)
      kabeh ditulis dina daun lontar.
    • Naskah kuno PUSTAKA WANGSAKRTA sajarah ti 90 daerah di Nusantara nu ditulis tahun 1677 M.-1698 M. aya 52 nashkah kuno, nya eta:
      1. PUSTAKA RAJYA-RAJYA I BHUMI NUSANTARA, 25 jilid.
      2. PUSTAKA PARARATWAN I BHUMI JAWADWIVA, 12 julid.
      3. PUSTAKA NAGARA KERTABHUMI, 12 jilid.
      4. PUSTAKA CARITA PARAHYANGAN, 5 jilid.

Catetan kacindekan Mang Usep:

Ngadegna Karajaan di Tata Sunda, salila 14,5 abad, mimiti taun 130 M nepika.taun 1579 M. runtuyanana:

  1. Karajaan SALAKANAGARA (Th. 130 M – 363 M.)
    Pernahna: di Pulasari-Pandeglang
    Piseur dayeuhna: Rajatapura (Kota perak)
    Raja munggaran: AKI TIREM SANG AKI LUHUR MULYA
    Disebut oge Panghulu Sunda. Hulu=sirah.> Pemimpin.
    Raja kawentar: DEWAWARMAN
    Agama Nagara: Sanghyang agama
    Raja-raja liannya: – Pohaci Larasati; Dewawarman I npk.. Dewawarman VIII. (Prabu DARMAWIRYA DEWAWARMAN) Ku minantu Dewawarman VIII puseur karajaan dipindahkeun ka Jayasinghapura, ngadeg Tarumanagara.
  2. Karajaan TARUMANAGARA(Th. 345 – 666 M.)
    Pernahna di Bogor kulon.
    Puseur dayeuh: JAYASINGHAPURA (Jasinga?)
    Raja munggaran: MAHARESYI JAYASINGAWARMAN GURU DARMAPURUSA atawa RAJADIRAJAGURU.(mantu Dewawarman VIII –nikah ka Iswari Tunggal Pretiwi Warmandewi.
    Raja kawentar: PURNAWARMAN.(Raja ka-3)
    Agama Nagara: Hindu
    Raja-raja sejenna:Aya 12, diantarana: Wisnuwarman, Candrawarman, Suryawarman, Kretawarman,Sudawarman,Nagajayawarman.Tarusbawa.
    Tarumanagara 12 kali ganti raja. Ku Tarusbawa.minantu Nagajayawarman, poseur karajaan dipindahkeun ka Sundhapura(Bekasi) ngadeg karajaan Sunda
  3. Karajaan SUNDA (669 M-1175 M)
    Wewengkonna antara basisir kidul Sumatra (basisir Lampung_ npk. Kali Serayu di Jawa Tengah.
    Puseur dayeuh: SUNDAPURA (Bekasi)
    Raja munggaran: Prabu TARUSBAWA DARMAWASKITA SUNDA SEMBAWA.(mantu Nagajayawarman, ti Tarumanagara)
    Raja pamungkas: DARMAKUSUMA.
    Raja kawentar: SRI JAYABUPATI (mantu Erlangga,).
    Agama Nagara: Hindu-Budha-Sanghyang
    Raja-raja lianna: Rakeyan Kamuninggading; Rakeyan Jayagiri; Atmayadarma Hariwangsa; Limbur Kancana; Munding Ganawirya; Rakeyan Wulunggadung; Brajawisesa; Dewa Sanghyang; Sanghyang Ageng.; Langlangbumi, Menakluhur.
  4. Kerajaan GALUH (620 M-1350 M).
    Pernahna : di wetanneun Citarum npk. Cipamali-Jateng.
    Puseur dayeuh : Galuh Pakuan (Kawali-Ciamis)
    Raja munggaran : WRETIKANDAYUN (turunan Kudungga nu datang ka Sunda, jeung adina (Sang Kandiawan tur Sang Kandiawati), dibere tanah ku Purnawarman di wewengkon Nagreg, ngadegkeun karajaan Kendal. Nyieun candi Cangkwang di Bojongmenje (Cicalengka). Ngadeg karajaan Galunggung, ahirna ngadeg karajaan Galuh.
    Raja kawentar: PRABU MAHARAJA LINGGAWISESA(nu gugur di Bubat).PRABU WASTUKANCANA.
    Raja pamungkas : SANG MANARAH (Ciung Wanara)
    Agama Nagara: Hindu-Budha.
    Raja-raja liana: Sang Mandiminyak; Sena(Bratasenawa); Sanjaya; Sang Premana Di Kusuma; Rakeyan Tamperan Barmawijaya
  5. Karajaan PADJADJARAN (1330 M – 1579 M).
    Pernahna : di Bogor
    Puseur dayeuh : Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran. (ngaran karaton, jadi ngaran puseurdayeuh, jadi ngaran karajaan).
    Raja munggaran :Prabu Susuk Tunggal (Putra cikal Wastukancana ti Karajaan Sunda).Wastukancana ngabagi 2 Sunda, jadi Sunda jeung Galuh, da putrana 2: Sang Haliwungan gelar Susuk Tunggal +Ningrat Kancana gelar Dewa Niskala)
    Raja kawentar: Prabu Siliwangi(Sri Baduga Maharaja, ngahijikeun deui Sunda+Galuh jadi Pajajaran).
    Raja pamungkas: Prabu Sedah (Suryakencana).
    Agama nagara: Hindu, Sanghyang, Islam.
    Raja-raja liana : Dewa Niskala; Linggadewata; Amuk Murugul; Surawisesa; Gurugantangan; ,Ratu Dewata; Ratu Sakti Sang Mangabatan; Nilakendra; Ragamulya.
    Padumuk (penduduk) puseur dayeuh Pakuan 48.271 jiwa, kaduabadag sanggeus Demak,49.197 jiwa, ka tilu, Pasai, 23.121 jiwa.
    Dina tanggal 11 paro-terang, bulan Wesaka, taun 1501 Caka sarua jeung tgl. 11 Rabiul awal 987 Hijriyah atawa tgl. 8 Mei 1579 M. puseurdayeuh Pakuan Pajajaran Sirna ing Bhumi ,nyakitu puseurdayeuh heubeul Pajajaran(Salakanagara) di Pulasari Pandeglang.beak dijorag pasukan Banten, Cirebon, jeung Demak.
  6. HUBUNGAN KULAWARGA
    MIMITI Ti pamarentahan Purnawarman di Tarumanagara, aya hubungan getih/kekerabatan, jeung KUTAI /BAKULAPURA .(putrid cikal raja Kudungga.). Aswawarman-putra Purnawarman, ti orok keneh, dicandak ti Taruma, dirorok ku eyang ti pihak Ibu ( Kudungga.) jadi raja Kutai. engkena digentos ku Mulawarman.Putu Mulawarman jadi raja munggaran di Sriwijaya,Palembang.
    Hubungan getih/kekerabatan saterusna sina mangsa karajaan Sunda.Putra mahkota karajaan Sunda, migarwa putri ti Sriwijaya.
    Kakulawargaan diteruskeun, ku nikahna putra mahkota karajaan Galuh, RAKEYAN DARMASIKSA ka putri Mahisa Campaka ti Singosari. nu
    ngalahirkeun Rd.WIJAYA. ti burey diaping ku Patih Pakuan RAKEAN BANYAKWIDE (Diangkat jadi bupati Madura, jujuluk ARYA WIRARAJA). Masih kajadian deui, Sri Jaya Bupati, Raja Sunda, nikah ka putri Erlangga ti Kuripan Jawa Timur. Terus Sanjaya (Raja Galuh) nikah ka putri RATU SHIMA/ RATU BHAKA/ di Jawa tengah. Sagala rupa pernikahan ka urang tatar wetan, ANCUR, TEUMEUNANG, CADU, BUYUT sabada “peristiwa BUBAT”.
    Ngadegna karajaan Islam Cirebon jeung Banten, mangrupa seler karajaan Pajajaran.

Catatan leutik, ngeunaan Prabu Siliwangi:

Jenengan nuju alit: Pamanahrasa, saparantos jadi prabu anom robih jadi Jayadewata.

Jayadewata, teh incu munggaran Prabu Wastukancana (Prabu Wangisuta). Jayadewata diistrenan jadi raja 2 kali. ngawitan ku Prabu Dewa Niskala, jadi raja GALUH, kadua ku Prabu Susuk Tunggal (mertua) jadi Raja Pajajaran, dengan gelar SRI BADUGA MAHARAJA SRI SANGRATU DEWATAPRANA.Dua karajaan dihijikeun, sapertos ku Wastukancana Gelar Siliwangi kaceluk ku rahayat GALUH. pedah sikep tur perilakuna sarimbag sareng Prabu Wangi (Eyang buyutna nya eta Prabu Maharaja,nu gugur di BUbat, nya kitu seueur sarimbag sareng sikep Prabu Wastukancana/Prabu Wangisuta, (eyangna) nu leuwih condong merhatikeun rahayat, tur teu mikaresep kamewahan dunya.. Eta sababna dianggap sarua jeung Prabu Wangi, Dijadikeun pangganti Prabu Wangi, disebut we SILIHWANGI/ SILIWANGI.

Istri munggaran Siliwangi, NYI RAMBUT KASIH, putri Ki Gedeng Sindangkasih(Pamanna), teu gaduh putra. Ti istri kadua, NYI SUBANGLARANG putri pamanna keneh, Ki Gedeng Tapa). Subanglarang tos Islam, alumnus pesantren SYEH QUROO di Karawang.. Istri katilu, adi Prabu Amuk Murugul (putra Ptabu Susuk Tunggal), NYAI KENTRING MANIK MAYANG SUNDA gaduh putra SURAWISESA(putra mahkota,engkena jadi raja Pajajaran. ti Nyai Subanglarang, kagungan putra, WALANGSUNGSANG (ngadegkeun karajaan Islam Cirebon), RARASANTANG, jeung JAKASENGARA.tiluanana ISLAM.

NB: Mun aya putra Siliwangi nu jenengan KEAN SANTANG, ti istri nu mana? SAHA IBU KEAN SANTANG? Komo disebut PRABU KEAN SANTANG, dimana jadi rajanya? (Prabu=raja nu maotna diduruk, tina per-abu-an)

Istri kaopat,ti Pajajaran keneh, NYAI EMAS LENGGANG PAKUAN, Siliwangi, kagungan putra saurang (SUNAN BURUNGBAOK) diangkat jadi raja daerah di karajaan Panjalu.. PRABU SILIWANGI palastra tahun 1521 M. Sabada dikubur 12 tahun, dibongkar, diduruk tulang ragana ( panghormatan ka Raja Utama), lebu janazahna disimpen di KABUYUTAN RANCAMAYA, kuloneun puseur dayeuh Pakuan. 58 tahun ti harita, basa Pajajaran dirajaan ku Prabu Sedah, karajaan Pajajaran diancurkeun ku tentara Islam gabungan Cirebon, Banten jeung Demak.(jadi, bohong Siliwangi di Islamkeun,da asupna Islam ka Pajajaran sabada Siliwangi pupus).

Aya “penghancuran” budaya, nu dipilampah ku Gubernur Jenderal Hindia Belanda, SNUCK HURGRONYE, inyana mawa misi ngancurkeun Islam, bari nyebarkeun Kristen di Hindia Belanda. Samemehna, inyana diajar heula keislaman di Mesir salila 5 tahun. Di Hindia Belanda (Indonesia) dibaturan ku WILLIAM VANDER PLASH, nu diangkat jadi Gubernur militer (Jawa Timur),duanana nyamur bari nguriling Nusantara. kanyahoan, tina 400 sukubangsa nu aya di Hindia Belanda, aya 2 sukubangsa nu sulit ditalukkeun /dikristenkeun, nyaeta SUNDA jeung ACEH. Sunda teu bisa digempur ku militer, sabab urang Sunda ahli perang (karajaan di Tatar Sunda can kungsi eleh diranjah ku karajaan sejenn,(kaasup ku Majapahit) sabab system pertahanan tur teknik tempurna ulung, ngan teu kungsi dipake narajang kerajaan sejen di luar Tatar Sunda,(teu ngajajah nagara sejen) salila 14,5 abad), jeung dipiserab sabab rengkak paripolahna nu handap asor,someah,darehdeh tapi tangoh.

Mangka digorogot budayana, ku nyiptakan DONGENG SANGKURIANG, jeung SILIWANGI JADI MAUNG (ngamangpaatkeun hasil panalungtikan sersan VOC Scopio, nu kungsi nempo maung badag dina urut karaton Pajajaran), cenah sanggeus dibeberik Kean Santang rek di Islamkeun. Maksudna, ngarah tembong gorengna Islam ngaliwatan peristiwa ANAK MAKSA TUR NGUDAG-NGUDAG BAPA. (padahal taya paksaan dina agama, sabab geus jelas mana nu bener , jeung mana nu salah) .Sedeng Dongeng Sangkuriang, ngawujudkeun manusa SUNDA leber wawanen, pinter, tur tangoh, jadi MINDERWARDIG COMPLEXS alias rendah diri,(lain “rendah hati “) sabab dicaritakeun Sunda TURUNAN ANJING TUMANG, INCU BABI WAYUNGYANG.Sunda dirusak TI JERO.

Aceh sulit diruksak budayana, kapaksa DIHANTEM KU KAKUATAN MILITER. SNUCK HURGRONYE jeung WILLIAM VANDER PLASH, apal ditalar eusi Al Qur’an (kungsi ngarobah 1 ayat Al Qur’an,-jalma nu sabar bakal asup surga, diganti jadi jalma nu sangsara bakal asup surga, ngan kayahoan!) jeung 1800 Hadits.

Saciwit ngeunaan “peritiwa” Bubat dumasar naskah kuno Pustaka Wangsakerta:

Geus kanyahoan, yen Rd.Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkeun Prabu Hayam Wuruk (incu Rd.Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. sabab Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd.Wijaya teh diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus ,sarengsena upacara diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar agama Budha ti Thailand teu apaleun kana sumpah Rd.Widjaya. malah ngembarkeun sumpahna sorangan(Palapa) hayang nalukeun Nusantara.

Pasukan Sunda nu datang ka alun-alun Bubat, ngan 100 urang, miang ti Sundakalapa make 2 kapal layar. (da datangna ka Majapahit rek ngawinkeun) nya eta; raja, prameswari, 2 urang patih (Rakeyan Sang Anapaken jeung Rakeyan Buyut Mantri), putri mahkota (Dyah Citraresmi Pitaloka),50 urang pengawal istana, sesana wanoja pangiring penganein .satepina ka alun-alun Bubat, Prabu Linggawisesa mgirim surat embaran ka Hayam Wuruk, ditarima ku Gajahmada (nu geus lila panasaran hayang nalukkeun Sunda, pedah sakuliah Nusantara malah nepi ka Philipina geus taluk, iwal Sunda ). Tanpa bebeja ka Hayam Wuruk, dibalesan surat raja Sunda, teh yen putri Dyah Citraresmi Pitaloka kudu diserenkeun sabage UPETI ciri takluk. Puguh we raja jeung para ksatrya Sunda asa dihina.

Kajadian we pertempuran nu teu saimbang (100 urang dikepung ku 10.000 tentara Majapahit) urang Sunda tumpur, teu nyesa!

Sanggeus eta kajadian, salila 3 bulan Hayam Wuruk gering parna, nepi ka aya 7 kali na menta dihampura ka puseur dayeuh kawali, diluluguan ku pandita agama Hindu Mahayana, Sundayana jeung Tantrayana, bari ngirim 20 dongdang emas berlian minangka tanda bhakti tur handeueul.. Parmenta dihampurana, DITARIMA ku adi Prabu Linggawisesa,nu myuluran rakana jadi raja Sunda, salila putra mahkota WASTUKANCANA (adi Dyah Citraresmi Pitaloka, nu karek yuswa 9 tahun) can dewasa. Eta sababna teu kungsi kacarita aya serangan ka Majapahit, padahal 40 kerajaan di luar Sunda sayaga mantuan Sunda, mun rek nyerang Majapahit.

Akibat “peristiwa PEMBANTAIAN” (lain pertempuran) di Bubat ,sakur karajaan jajahan majapahit,kaasup Philippina ngamerdekakeun diri. Atuh Jenengan raja Sunda kawentar ka sakuliah Nusantara jenenganana seungit (wangi), mangka disarebut Prabu Wangi. Putrana, Wastukanca, disebut Prabu WANGISUTA, atuh buyutna, disebut Prabu SILIHWANGI (gaganti Prabu Wangisuta) robah jadi SILIWANGI. Ti harita, unggal raja Sunda nu nikah ka putri ti Majapahit(Tatar wetan) pasti dimakzul (diturunkeun tina tahta), saperti Sri Jaya Bhupati nu nikah ka putri Prabu Erlangga, jeung rama prabu Siliwangi (Linggadewata,raja Galuh) nikah ka putri ti Mataram Hindu. Unggal putri ti “wetan” disebut rara hulanjar,hartina wanoja buyut.

Catetan leupas sumpah bubat (tina lontar) : Nihan ta wuwusna rudiarana iking bhubat sabha,ksatrya sunda tan atemahan ring nagara pada jaya mami. “ Najan banjir getih, bedah di palagan Bubat, cadu ksatrya Sunda ancur ajen diri di lemahcai sorangan”. ***.


Sumedang Larang di Jaman P. Geusan Ulun

Februari 4, 2010

PANGERAN Angkawijaya alias Geusan Ulun, dijungjunglungguh jadi raja Sumedang, 13 bulan sabada wafatna Pangeran Santri. Kaharti sabab harita Geusan Ulun umurna Karek 22 taun, sedengkeun nurutkeun tradisi heubeul, nu diangap dewasa teh umur 23 taun. Ari sababna nu utama, nurutkeun Pusaka Kertabhumi I/2, nya eta: Ghesan Ulun nyankrawartti mandala ning Pajajaran kang wus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedanglarang haneng Kutamaya ri Sumedangmanala. (Geusan Ulun marentah wilayah Pajajaran nu geus runtag, nya eta sirna ti bumi Parahyangan. Karaton ieu raja Sumedang teh ayana di Kutamaya di wewengkon Sumedang).

Saterusna disebutkeun ”Rakryan samanteng Parahyangan mangastungkara ring sira Pangeran Ghesan Ulun” (Para penguasa sejen di Parahyangan/raja daerah, ngarojong Pangeran Geusan Ulun). Kecap samanta = bawahan. Istilah anyakrawarti biasana ngan dipake ka pamarentahan, raja merdeka tur lega kakawasaanana. Daerah kakawasaan Geusan Ulun, watesna Cipamali di wetan, jeung Cisadane di kulon. Sedengkeun di kaler jeung kidul watesna laut. Sabenerna legana daerah kakawasaan Geusan Ulun teh katembong tina surat nu kungsi dikirim ku Rangga Gempol III ka Gubernur Jendral Willem van Outhoorn tanggal 4 Desember 1690. Dina eta surat Rangga Gempol menta sangkan daerah kakawasaanana dibikeun deui, sakumaha legana kakawasaan buyutna nya eta Geusan Ulun. Ceuk Rangga Gempol III, dina mangsa kakawasaan Geusan Ulun teh ngawengku 44 raja daerah 26 kandaga lante jeung 18 umbu (tapi ceuk babad mah, ngan 4 kandaga lante). Rangga Gempol III ngan ngawasa 11 daerah tina 44 teh. Sesana geus jadi kawasan Bandung (8 kandaga lante), Parakanmuncang (9 kandagalante), jeung Sukapura(16 kandagalante).

Pereleanana:

  1. Di Kabupaten Bandung: Timbanganten, Batulayang, Kahuripan, Tarogong, Curug Agung, Ukur, Marunjeng, jeung daerah ngabei Astra Manggala.
  2. Di Kabupaten Parakanmuncang : Selacau, daerah ngabei Cucuk, Manabaya, Kadungora, Kandangwesi (Bungbulang), Galunggung (Singaparna), Sindangkasih, Cihaur, jeung Taraju.
  3. Di Kabupaten Sukapura : Karang, Parung Panembong, Batuwangi, Saungwatang (Mangunreja), daerah ngabei Indrawangsa Taraju, daerah ngabei Yudakarti Taraju, Suci, Cipinaha, Mandala, Nagara (Pameungpeuk), Cidamar, Parakan Tiga, Muara, Cisalak, jeung Sukakerta.

Dumasar eta kanyataan katangen yen kakawasaan Geusan Ulun ngawengku Sumedang, Garut, Tasik, jeung Bandung. Wates ti wetan walungan Cimanuk-Cilutung ditambah Sindangkasih. Beulah kulon walungan Citarum-Cisokan. Nu luput tina perhatina panulis babad, nyaeta ti taun 1482, Cimanuk geus jadi wates Kasultanan Cirebon. Anapon Ciamis jeung Majalengka, ti mimiti perang Palimanan(1528), jeung perang Talaga (1530) geus jadi bawahan Cirebon.

Geusan Ulun/Angkawijaya meunang pangrojong, ti 4 sadulur urut senapati jeung gegeden Pajajaan, Nya eta Jayaperkosa, Wiradijaya(Nanganan), Kondang Hapa, jeung Pancar Buana. Arinyana veteran perang Pakuan nu masih keneh mibanda kapanasaran, sabab gagal mertahankeun “Pakuan” puseur dayeuh Pajajaran nu geus dibelaan salila welasan taun. Najan kitu arinyana bisa keneh nyalametkeun mahkota, jeung atribut karajaan, nu nepi ka ayeuna masih keneh diteundeun di museum Sumedang. Sacara singget Pustaka Kertabhumi ngabewarakeun, ngeunaan eta 4 sadulur ”Sira paniwi dening Pangeran Geusan Ulun. Rikung sira rumaksa wadyabala, sinangguhan niti kaprabhun mwang salwirya” (Maranehna ngabdikeun diri ka Pangeran Geusan Ulun. Maranehna mepek balad , ditugaskeun ngatur pamarentahan jeung lian ti eta). Jayaperkosa urut senapati Pajajaran, sedengkeun Wirajaya, urut nanganan. Nurutkeun kropoak 630, nanganan leuwih luhur satingkat ti mentri tapi sahandapeun mangkubumi.

Kulantaran Geusan Ulun ngora keneh, teu kabeh ngarojong tina 44 raja daerah teh, tangtu we pangrojong teh teu ngadadak, bisa kateguh mun 44anana kabeh ngarojong, hartina aya nu ngagarap tur dina waktu nu lila. Tangtu ieu teh usaha Jayaperkosa jeung adi-adina. Sabab Jayaperkosa jeung adi-adina dipiserab jeung diarajenen, jadi jaminan, kabeh raja daerah nu 44 samiuk ngarojong Geusan Ulun jadi ”narendra” ngaganti pangawasa Pajajaran nu geus musnah. Faktor umur jeung faktor politis ieu kawasna nu “nunda” Geusan Ulun jadi raja nepi ka sataun leuwih sabada wafatna Pangeran Santri.

Waktu anu dipilih pikeun ngajungjunglungguh Angkawijaya ge, geus ngagambarkeun suasana ka-Islaman, tanggal 18 Nopember 1580 M, poe Jum’ah legi/manis, ninggang tanggal 10 Syawal 988 H. Suasana lebaran jeung poe Jumaah, mangrupa waktu nu hade, di sagigireun pasaran Legi/manis, mangrupa waktu nu alus keur mitembeyan perkara anu gede jeung penting. Sabab ngajenengkeun Geusan Ulung nyakrawati atawa jadi narendra, mangrupa “proklamasi” kabebasan Sumedang , sajajar jeung karajaan Banten jeung Cirebon. Harti penting tina eta kajadian, lir ngumumkeun yen Sumedang ahli waris nu neruskeun kakawasaan Karajan Pajajaran di bumi Parahyangan. Mahkota raja jeung barang sejenna nu dibawa ku Senapati Jayaperkosa ka Sumedang, dijadikeu bukti jeung legalisasi kakawasaan, Pajajaran, kawas pusaka Majapahit nu jadi ciri kaabsahan Karajan Demak, Pajang, jeung Mataram.

Peristiwa Harisbaya

Sajarah Geusan Ulun meh teu dipikawanoh, mun seug taya kajadian peristiwa Harisbaya. Ceuk carita babad, Prabu Geusan Ulun jeung 4 pangirIngna mulang guguru ti Demak, nyimpang heula, anjangsono ka Panembahan Ratu nu ngawasa Cirebon. Di dinya panggih jeung Harisbaya, istri ka dua Panembahan Ratu, nu masih keneh rumaja, geulis, tur can lila ditikahna ku Panembahan Ratu. Cenah inyana putri  Pajang teureuh Madura, nu dihadiahkeun ku Panembahan Senopati Mataram ka Panembahan Ratu. Cenah sang pribumi Harisbaya, kapincut ku kakasepan jeung kagagahan tamuna. Nepi ka kawas kaedanan. Kalawan teu bisa ngawasa diri, Harisbaya ngolo, nyombo Geusan Ulun, sangkan mawa dirina ka Sumedang, ngalolos ti karaton. Tengah peuting pasukan bhayangkara Cirebon ngudag Geusan Ulun, tapi bisa dihadang ku pangiringna nu 4-an. Geusan Ulun salamet nepi ka Kutamaya. Urut jurit jeung pasukan bhayangkara Cirebon, disebut  Dago Jawa  atawa  Sindang Jawa.

Dua urang telik sandi nu ditugaskeun ti Cirebon, nyamur jadi tukang dagang peda, manggihan Harisbaya  keur balanja di pasar. Sanggeus laporan ka Cirebon, langsung Sumedang digempur tentara Cirebon. Tapi pasukan Cirebobon teh teu kungsi nepi ka Kutamaya, sabab dielehkeun ku tentara Sumedang nu dipingpin Jayaperkosa. Samemeh indit mapag musuh cenah Jayaperkosa nancebkeun tangkal hanjuang keur panayogean, yen mun inyana gugur pasti hanjuang teh perang/garing, tapi mun hanjuang mulus, ciri hirup keneh. Kulantaran kajongjonan ngudag musuh, Jayaperkosa teh sasab, lila misah ti pasukanana, nepika disangka gugur. Ki Nanganan mulang ka Kutamaya, ngolo Geusan Ulun sangkan ngungsi ka Dayeuhluhur.

Kacida ambekna Jayaperkosa, basa mulang nyampak Kutamaya kosong ditinggalkeun ngungsi. Inyana nyusul, tuluy mateni Nanganan. Kulantaran ambek jeung kanyenyerian ku Geusan Ulun pedah ngungsi, Jayaperkosa indit ninggalkeun rajana, teu puguh jugjugan tur taya nu nyaho kamana leosna. Akibatna, pernikahan Geusan Ulun ka Harisbaya, kakara dilaksanakeu sanggeus talaqna ditukeuran ku daerah Sindangkasih. Kitu cenah lalakon Harisbaya jeung Geusan Ulun nurutkeun babad-babad kalawan versina sewang-sewangan. Kawasna nu nulis babad kaleungitan cecekelan waktu, nepi ka tokoh jeung kajadian nu beda dicampuradukkeun, mere gambaran nu surem tina kajadian sabenerna. Utamana hubungan tokoh Harisbaya jeung Panembahan Senopati, umur Panembahan Ratu, beh ditu na kajadian nalukkeun Sampang ku pancakaki Rangga Gempol I. Sababaraha hal nu teu luyu jeung kajadian sabenerna. Nurutkeun Pustaka Kertabhumi I /2 kaca 70, kajadian Harisbaya dina taun 1585 M. Harita puseur kakawasaan lain di Demak, sabab geus diganti ku Pajang ti taun 1546 M. Kalungguhan Senopati Sutawijaya masih keneh sahandapeun Pajang, mustahil Senopati bisa mere hadiah putri Harisbaya ka Panembahan Ratu Cirebon. Mataram ge can ngadeg. Pajang muncul sanggeus huru-hara Demak.


Prabu Geusan Ulun

Januari 15, 2010

Prabu Geusan Ulun (1580-1608 M) jumeneng janten raja ngagentos ramana, Pangeran Santri. Anjeuna netepkeun Kutamaya jadi ibukota karajaan Sumedang Larang, nu perenahna aya di kuloneun kota Sumedang. Wilayah kakuasaan Sumedang Larang harita ngawengku Kuningan, Bandung, Garut, Tasik, Sukabumi (Priangan) teu kaasup Galuh (Ciamis). Karajaan Sumedang dina jaman  Prabu Geusan ngalaman kamajuan anu luar biasa dina widang sosial, budaya, agama, militer jeung politik pamarentahan. Saparantosna wafat dina taun 1608, putera angkatna, Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata atawa Rangga Gempol I, anu kaceluk ngagaduhan  nami  Raden Aria Suradiwangsa neraskeun kapamingpinan di Sumedang .

Dina awal pamarentahan Prabu Geusan Ulun, Karajaan Pajajaran Galuh Pakuan keur ngalaman kaancuran diserang ku Karajaan Banten nu dipingpin Sultan Maulana Yusuf dina raraga nyebarkeun  Agama Islam. Dina mangsa elehna Karajaan Pajajaran, Prabu Siliwangi sateuacan ninggalkeun Karaton ngutus opat prajurit pilihan nu janten kapercantenan Prabu Siliwangi (nu katelah Kandaga Lante) pikeun nyungsi ka Karajaan Sumedang Larang bareng jeung rayat Pajajaran neangan panyalindungan. Kandaga Lante oge ngabogaan tugas pikeun nyerenkeun  mahkota emas simbul kakuasaan Raja Pajajaran, kalung susun dua jeung tilu, sarta perhiasan sejena saperti, benten, siger, tampekan, jeung kilat bahu (eta sakabeh pusaka aya di Museum Prabu Geusan Ulun Sumedang). Kandaga Lante nu nyerenkeun pusaka aya opat urang, nyaeta  Sanghyang Hawu atawa Embah Jayaperkosa, Batara Dipati Wiradijaya atawa Embah Nangganan, Sanghyang Kondanghapa, jeung Batara Pancar Buana atawa Embah Terong Peot.

Sok sanajan waktu harita tempat jumenengan karebut ku wadyabala Banten, tapi  mahkota karajaan bisa disalametkeun. Ku diserenkeunana mahkota raja Pajajaran ka Prabu Geusan Ulun, ngandung harti yen Kerajaan Pajajaran Galuh Pakuan jadi bagian Kerajaan Sumedang Larang. Ti saprak harita wewengkon Karajaan Sumedang Larang jadi leuwih lega. Wates beulah  kulon Walungan Cisadane, wates beulah wetan Walungan Cipamali (teu kaasup Cirebon jeung Jayakarta), wates beulah kaler Laut Jawa,  jeung wates beulah kidul Samudera Hindia.

Sacara politik Karajaan Sumedang Larang  kadesek ku tilu musuh: nyaeta Karajaan Banten nu ngarasa kahina jeung teu narima jumenengna Prabu Geusan Ulun nu ngagentos Prabu Siliwangi; wadiabalad VOC di Jayakarta nu terus ngaganggu rayat; jeung Kasultanan Cirebon nu aya  kamungkinan ngagabung jeung Kasultanan Banten. Dina jaman harita Kasultanan Mataram keur sedeng jaya-jayana, loba karajaan-karajaan leutik di Nusantara nu ngagabung ka Mataram. Pikeun tujuan politik, akhirna Prabu Geusan Ulun ngagabung ka Kasultanan Mataram.  Anjeuna angkat ka Demak keur neuleuman agama Islam diaping ku opat prajurit nu satia (Kandaga Lante). Mulih masantren ti Demak, anjeuna nyimpang heula ka Cirebon mendakan  Panembahan Ratu panguasa Cirebon. Prabu Geusan Ulun dipapag ku kagumbiraan jalaran duanana sami-sami turunan Sunan Gunung Jati.

Ku alatan sikap jeung tingkah lakunan anu hade pisan sarta  kasep ngalempereng koneng, Prabu Geusan Ulun dipikaresep ku sakabeh wargai Cirebon. Permaisuri Panembahan Ratu jujuluk Ratu Harisbaya mikaasih ka Prabu Geusan Ulun. Dina perjalanan mulih ka Sumedang Larang, teu kanyahoan  Ratu Harisbaya ngiring rombongan. Kusabab Ratu Harisbaya ngancam rek nelasan pati, akhirna ratu dicandak ka Sumedang. Atuh puguh wae, kuayana eta kajadian Panembahan Ratu bendu, teras ngirim pasukan keur ngarebut deui Ratu Harisbaya nepi ka kajadian perang antara Cirebon jeung Sumedang.

Akhirna Sultan Agung ti Mataram mundut ka Panembahan Ratu supaya milih jalan damai bari nyerahkeun Ratu Harisbaya nu aslina ti Pajang-Demak. Panembahan Ratu nyanggupan make syarat Sumedang kudu nyerenkeun wewengkon kuloneun Walungan Cilutung (nu ayeuna katelah Majalengka) kawengku ku Kasultanan Cirebon. Ku ayana eta peperangan, ibukota dipindahkeun ka Gunung Rengganis, anu ayeuna katelah Dayeuh Luhur.

Prabu Geusan Ulun ngagaduhan tilu garwa: nu kahiji Nyi Mas Cukang Gedeng Waru, putri Sunan Pada; nu kedua Ratu Harisbaya ti Cirebon, nu katilu Nyi Mas Pasarean. Ti tilu garwa teh anjeuna ngaduhan lima belas putra, nyaeta:

  1. Pangeran Rangga Gede, anu jadi bibit buit bupati Sumedang
  2. Raden Aria Wiraraja, di Lemahbeureum, Darmawangi
  3. Kiyai Kadu Rangga Gede
  4. Kiyai Rangga Patra Kalasa, di Cundukkayu
  5. Raden Aria Rangga Pati, di Haurkuning
  6. Raden Ngabehi Watang
  7. Nyi Mas Demang Cipaku
  8. Raden Ngabehi Martayuda, di Ciawi
  9. Rd. Rangga Wiratama, di Cibeureum
  10. Rd. Rangga Nitinagara, di Pagaden jeung Pamanukan
  11. Nyi Mas Rangga Pamade
  12. Nyi Mas Dipati Ukur, di Bandung
  13. Rd. Suridiwangsa, putra Ratu Harisbaya ti Panemabahan Ratu
  14. Pangeran Tumenggung Tegalkalong
  15. Rd. Kiyai Demang Cipaku, di Dayeuh Luhur.

Prabu Geusan Ulun mangrupakeun raja pamungkas di Karajaan Sumedang Larang, saterusna jadi bagian ti Karajaan Mataram. Kukituna pangkat raja turun  jadi adipati (bupati).


Ratu Pucuk Umun sareng Pangeran Santri

Januari 15, 2010

Dimimitian ti tengah-tengah abad ka 16, langgam Islam ngawarnaan kahirupan masyarakat Sumedang Larang. Ratu Pucuk Umun, wanoja turunan raja-raja Sumedang Kuno jadi muslimah nikah jeung Pangeran Santri (1505-1579M) nu kakoncara ngagaduhan gelar Ki Gedeng Sumedang. Anjeuna jadi raja di Sumedang Larang bari nyebarkeun agama Islam. Ari Pangeran Santri teh incuna Syekh Maulana Abdurahman (Sunan Panjunan) jeung buyutna Syekh Datuk Kahfi, ulama katurunan Arab Hadramaut nu asalna ti Mekah, nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon karajaan Sunda. Pangeran Santri sareng Ratu Pucuk Umun ngagaduhan putra namina Prabu Geusan Ulun nu kawentar ku jujuluk Prabu Angkawijaya. Dina jaman Ratu Pucuk Umun, ibukota Karajaan Sumedang Larang dipindahkeun ti Ciguling ka Kutamaya.

Ratu Pucuk Umun sareng Pangeran Santri ngagaduhan genep putra, nyaeta:

  1. Pangeran Angkawijaya (Prabu Geusan Ulun)
  2. Kiyai Rangga Haji, anu ngelehkeun Aria Kuda Panjalu ti Narimbang, supaya asup Islam
  3. Kiyai Demang Watang di Walukang
  4. Santowaan Wirakusumah, anu turunanana aya di Pagaden jeung Pamanukan, Subang
  5. Santowaan Cikeruh
  6. Santowaan Awiluar.

Ratu Pucuk Umun dimakamkeun di Gunung Ciung, Pasarean Gede di Kota Sumedang.


Prabu Agung Resi Cakrabuana

Januari 14, 2010

Prabu Agung Resi Cakrabuana anu kawentar Prabu Tajimalela dianggap bibit buit ngadegna Karajaan Sumedang Larang. Dina awal ngadegna, karajaan teh boga ngaran Karajaan Tembong Agung anu ibu kotana di Leuwihideung (ayeuna  Kacamatan Darmaraja). Anjeuna gaduh  putra tilu, nyaeta; Prabu Lembu Agung, Prabu Gajah Agung, jeung Sunan Geusan Ulun.

Numutkeun Layang Darmaraja, Prabu Tajimalela mere parentah ka dua putrana (Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung), supaya nu cikal kudu jadi raja, sedengkeun nu kadua kudu jadi wakilna (patih). Tapi duanana teu  nyanggupan pikeun jadi raja. Ku sabab kitu, Prabu Tajimalela mere ujian pikeun dua putrana tadi, anu syaratna lamun eleh kudu jadi raja. Dua putrana diparentahkeun kudu indit ka Gunung Nurmala (ayeuna Gunung Sangkanjaya). Duanana dibere parentah kudu ngajaga hiji pedang jeung duwegan. Kusabab hananga, Prabu Gajah Agung  meulah jeung ngaleueut eta cai duwegan, kukituna anjeuna dianggap eleh. Prabu Gajah Agung kudu jadi raja Karajaan Sumedang Larang tapi wilayah ibu kotana kudu neangan sorangan. Anapon Prabu Lembu Agung tetep di Leuwihideung, jadi raja samentara anu katelah Prabu Lembu Peteng Aji keur saukur ngalaksanakeun wasiat Prabu Tajimalela. Saterusna, Karajaan Sumedang Larang diserenkeun ka Prabu Gajah Agung, sedengkeun Prabu Lembu Agung jadi resi. Prabu Lembu Agung lan katurunanana  tetep aya di Darmaraja. Sedengkeun Sunan Geusan Ulun lan katurunanana nyebar di Limbangan, Karawang, jeung Brebes.

Sanggeusna Prabu Gajah Agung jadi raja, lokasi karajaan dipindahkeun ke Ciguling. Anjeuna dimakamkeun di Cicanting Kacamatan Darmaraja sareng ngagaduhan dua putra. Anu cikal namina  Ratu Istri Rajamantri, anu nikah ka Prabu Siliwangi, nuturkeun carogena ngalih ka Pakuan Pajajaran. Anu kadua Sunan Guling, neraskeun jadi raja di Karajaan Sumedang Larang. Sanggeusna Sunan Guling wafat, karajaan diteraskeun ku putra tunggalna, nyaeta Sunan Tuakan. Saterusna  karajaan dipingpin ku putrina nyaeta Nyi Mas Ratu Patuakan. Ari Nyi Mas Ratu Patuakan teh gaduh caroge Sunan Corenda, putrana Sunan Parung, incuna Prabu Siliwangi (Prabu Ratu Dewata). Nyi Mas Ratu Patuakan ngagaduhan putri tunggal namina Nyi Mas Ratu Inten Dewata (1530-1578), anu neraskeun janten ratu, kaceluk Ratu Pucuk Umun.

Ratu Pucuk Umun nikah sareng Pangeran Kusumahdinata, putrana Pangeran Pamalekaran (Dipati Teterung), putra Aria Damar Sultan Palembang katurunan Majapahit. Ibuna Ratu Martasari/Nyi Mas Ranggawulung, turunan Sunan Gunung Jati ti Cirebon. Pangeran Kusumahdinata kakoncara Pangeran Santri sabab asalna ti pasantren jeung tingkah lakuna estu dumadi. Ku ayana eta pernikahan, jaman karajaan Hindu di Sumedang Larang jadi lekasan. Ti saprak harita agama Islam  nyebar di wewengkon Sumedang Larang.


Kabupaten Sumedang

Januari 14, 2010

Motto :  TANDANG (Tertib, Aman, Nyaman, Damai, ANGgun)

Provinsi :  Jawa Barat

Ibukota   :  Sumedang

Luas :  1.522,21 km2

Jumlah Kecamatan :  26

Jumlah Desa/Kelurahan :  277


Pamarentahan nu Daulat di Sumedang

Januari 14, 2010

(Saduran jeung tarjamahan bebas ti Wikipedia)

Pamarentahan nu berdaulat di Sumedang dimimitian ku ngadegna Karajaan Sumedang Larang. Karajaan Sumedang Larang teh salah sahiji tina sababaraha Karajaan Sunda nu pernah ngadeg di Jawa Barat. Aya oge Karajaan Sunda sejenna, saperti Karajaan Pajajaran anu aya pakuat pakaitna jeung karajaan samemehna nyaeta Karajaan Sunda Galuh. Eksistensi Karajaan Pajajaran lekasan di wilayah Pakuan, Bogor kadesek ku serangan ti aliansi karajaan-karajaan Cirebon, Banten Jeung Demak (Jawa Tengah). Ti saprak harita, Sumedang Larang minangka panerus Pajajaran, jadi karajaan nu ngabogaan otonomi luas keur nangtukeun nasibna sorangan.

Numutkeun sajarah, pamarentahan berdaulat nu ngawuwuh Sumedang ngalaman sababaraha kali parobahan, nyaeta:

No. Jaman Taun
1. Karajaan Sumedang Larang 900 – 1601
2. Pamarentahan Mataram II 1601 – 1706
3. Pamarentahan Vereenigde Oostindische Compagnie (VOC) 1706 – 1811
4. Pamarentahan Inggris 1811 – 1816
5. Pamarentahan Walanda / Nederland Oost-Indie 1816 – 1942
6. Pamarentahan Jepang 1942 – 1945
7. Pamarentahan Republik Indonesia 1945 – 1947
8. Pamarentahan Republik Indonesia / Walanda 1947 – 1949
9. Pamarentahan Nagara Pasundan 1949 – 1950
10. Pamarentahan Republik Indonesia 1950 – kiwari

Ngaran kapala pamarentahan oge ngalaman sababaraha kali parobahan ti jaman raja tug nepi ka bupati ayeuna. Rundayan nami pucuk pingpinan pamarentahan Sumedang ti jaman Karajaan Sumedang Larang nepi ka bupati ayeuna:

No. Nami Taun
I. Nami Raja-raja Karajaan Sumedang Larang
1. Prabu Guru Aji Putih 900
2. Prabu Agung Resi Cakrabuana / Prabu Taji Malela 950
3. Prabu Gajah Agung 980
4. Sunan Guling 1000
5. Sunan Tuakan 1200
6. Nyi Mas Ratu Patuakan 1450
7. Ratu Pucuk Umun / Nyi Mas Ratu Dewi Inten Dewata 1530 – 1578
8. Prabu Geusan Ulun / Pangeran Angkawijaya 1578 – 1601
II. Nami Bupati Wedana Jaman Pamarentahan Mataram II
1. R. Suriadiwangsa / Pangeran Rangga Gempol I 1601 – 1625
2. Pangeran Rangga Gede 1625 – 1633
3. Pangeran Rangga Gempol II 1633 – 1656
4. Pangeran Panembahan / Pangeran Rangga Gempol III 1656 – 1706
III. Nami Bupati Wedana Jaman Pamarentahan VOC, Inggris, Walanda jeung Jepang
1. Dalem Tumenggung Tanumaja 1706 – 1709
2. Pangeran Karuhun 1709 – 1744
3. Dalem Istri Rajaningrat 1744 – 1759
4. Dalem Anom 1759 – 1761
5. Dalem Adipati Surianagara 1761 – 1765
6. Dalem Adipati Surialaga 1765 – 1773
7. Dalem Adipati Tanubaja (Parakan Muncang) 1773 – 1775
8. Dalem Adipati Patrakusumah (Parakan Muncang) 1775 – 1789
9. Dalem Aria Sacapati 1789 – 1791
10. Pangeran Kornel / Pangeran Kusumahdinata 1791 – 1800
11. Bupati Republik Batavia Nederland 1800 – 1810
12. Bupati Kerajaan Nederland, rengrengan Lodewijk, raina Napoleon Bonaparte 1805 – 1810
13. Bupati Kerajaan Nederland, rengrengan Kaisar Napoleon Bonaparte 1810 – 1811
14. Bupati Jaman Pamarentahan Inggris 1811 – 1815
15. Bupati Karajaan Nederland 1815 – 1828
16. Dalem Adipati Kusumahyuda / Dalem Ageung 1828 – 1833
17. Dalem Adipati Kusumahdinata / Dalem Alit 1833 – 1834
18. Dalem Tumenggung Suriadilaga / Dalem Sindangraja 1834 – 1836
19. Pangeran Suria Kusumah Adinata / Pangeran Soegih 1836 – 1882
20. Pangeran Aria Suria Atmaja / Pangeran Mekkah 1882 – 1919
21. Dalem Adipati Aria Kusumahdilaga / Dalem Bintang 1919 – 1937
22. Dalem Tumenggung Aria Suria Kusumah Adinata / Dalem Aria Sumantri 1937 – 1942
23. Bupati jaman Pamarentahan Jepang 1942 – 1945
24. Bupati jaman Peralihan Republik Indonesia 1945 – 1946
IV. Bupati Jaman Pamarentahan Republik Indonesia
1. Raden Hasan Suria Sacakusumah 1946 – 1947
V. Bupati Jaman Pamarentahan Walanda / Indonesia
1. Raden Tumenggung M. Singer 1947 – 1949
VI. Bupati Jaman Pamarentahan Nagara Pasundan
1. Raden Hasan Suria Sacakusumah 1949 – 1950
VII. Bupati Jaman Pamarentahan Republik Indonesia
1. Radi (Sentral Organisasi Buruh Republik Indonesia) 1950
2. Raden Abdurachman Kartadipura 1950 – 1951
3. Sulaeman Suwita Kusumah 1951 – 1958
4. Antan Sastradipura 1958 – 1960
5. Muhammad Hafil 1960 – 1966
6. Adang Kartaman 1966 – 1970
7. Drs. Supian Iskandar 1970 – 1972
8. Drs. Supian Iskandar 1972 – 1977
9. Drs. Kustandi Abdurahman 1977 – 1983
10. Drs. Sutarja 1983 – 1988
11. Drs. Sutarja 1988 – 1993
12. Drs. H. Moch. Husein Jachja Saputra 1993 – 1998
13. Drs. H. Misbach 1998 – 2003
14. H. Don Murdono,SH. Msi 2003 – 2008
15. H. Don Murdono,SH. Msi 2008 – 2013

Asal Kecap (Kata) Sumedang

Januari 12, 2010

Kecap (lain kecap na botol) Sumedang asalna tina “inSUn MEdal insun  maDANGan”, Insun hartina kuring Medal hartina lahir Madangan hartina mere panerangan. Jadi kecap Sumedang bisa dihartikeun “Kuring lahir keur mere panerangan”. Kalimah “Insun Medal Insun Madangan” dikedalkeun nalika Prabu Tajimalela raja Sumedang Larang I ningal  langit burisat kucahaya anu melengkung lir karembong  (malela) tilu poe tilu peuting.

Kecap Sumedang bisa oge dihartikeun tina kecap Su anu hartina alus atawa endah jeung Medang nyaeta sarupaning tatangkalan, Litsia Chinensis anu ayeuna dilandih tangkal Huru. Baheula (ceuk sakaol) tangkal  medang loba tumuwuh subur di dataran luhur nepika 700 m ti luhureun laut, kawas Sumedang nu mangrupakeun dataran luhur. Wallaahualam…….


Pusaka Karuhun Urang (1)

Januari 10, 2010

Pusaka1


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982