Coél Leunca Atah Nini Arsah

April 13, 2010

Carpon Kuswan

“Kang, Nyai asa hayang dahar jeung coél leunca wungkul. Bosen dahar jeung daging baé.”
“Ah, naha kahayang téh bet anéh? Batur mah hayang dahar téh jeung daging, bosen jeung coél leunca terus.”  Prawira gagaro teu ateul ngadéngé kahayang  pamajikanna.
“Gugu wé atuh! Adatna nu hamil muda mah, keur ngidam éta téh. Pamali mun teu digugu matak ngacay waé budakna.”
“Ah, da kabéh budak leutik mah sok ngacay. Pantes wé da can aya huntuan.” Ceuk Prawira ngagerentes na haté. Henteu ari poksang diobrolkeun hareupeun mitohana mah. “Tadi ningali tina kaca jandéla mobil, aya ibu-ibu keur dahar jeung coél leunca hareupeun imah  nikmat pisan.”
“Enya atuh, naon héséna kari nitah ka pembantu atawa supir.” Prawira neundeun roko na asbak bari terus dipareuman. Haseup bodas nu tadi minuhan ruangan beuki nyingray katebak angin.
“Ngaladénan kahayang nu ngandeg alatan ngidam mah teu meunang ku batur, tapi kudu langsung ku salakina.”

Mitohana rada muncereng ka Prawira. Teu kosi ngomong nanaon deui Prawira ngojéngkang nyokot konci mobil.
“Duh kamana néangan leunca wayah kieu? Warung geus tarutup. Aya kahayang téh aya-aya waé. Kunaon atuh henteu tadi basa beurang kénéh?” Prawira kukulutus bari muka panto mobil.
“Geus beunghar hayang kénéh dahareun jalma miskin. Batur mah kahayang téh apel merah atawa buah-buah impor nu séjén. Duh kamana néangananya?” Prawira masih can eureun kukulutus. Wanci geus mimiti maju kapeutingnakeun. Keur ukuran lembur di rada pasisian mah geus meujeuhna salaré barudak. Arloji mahal meunang pangmeulikeun babaturanna ti luar negeri  nu ngajembléng na leungeun kénca Prawira nunjukeun jam satengah salapan. Jangkrik silih patémbalan jeung bangkong sawah nu kahujanan basa saréupna tadi.

Prawira ngajalankeun mobil geus aya kana sapuluh kilométerna, barang nu ditéangan masih can kapanggih. Toko nu nu dituju téh kabeneran tutup. Prawira muter arah rék mulang deui.
“Duh pasti hanjelueun pisan pamajikan téh lamun teu meunang.”
Prawira ngalaunkeun mobil di hareupeun warung kopi. Kaciri aya tulisan “Sedia Karedok Leunca & Soto.”
Dina émpéranna kaciri aya sabaraha urang warga nu keur maraén gapléh. Reg mobil eureun. Nu keur maraén kartu gapleh eureun sakeudeung ningali mobil nu ngarandeg,  tuluy jarongjon deui gapléh. Sora kartu nu ting jareplak nyorang palupuh awi patémbalan jeung sora musik dangdut tina radio nu sorana geus rada sembér.
“Géngsi ah lamun barang beuli di tempat nu kieu. Piraku jalma beunghar asup ka warung kopi leutik.” Prawira teu jadi maéhan mesin mobil.
“Urusan ka pamajikan mah kumaha engké.” Prawira ngahuleng mikir néangan alesan.

Gerbang imah Prawira geus katingali kasorot ku lampu mobil. Karék ge rék mencét klakson ménta pangmukakeun gerbang, HP-na nyora aya SMS : “Kang, kadé sing meunang leunca téh !”
“Beu..piraku paséa lantaran leunca…” Prawira muter stir deui nuju ka warung kopi nu tadi.
Teu kacatur lila di jalan, Prawira geus tepi.
“Pa, naha tadi teu janten mung lirén sakedap?” Salah saurang nu keur gapléh nanya.
“Teu kunanaon.” Prawira ngabéléhém rada kaéraan, terus nyampeurkeun nu boga warung.
“Peryogi naon Pa?” Nu boga warung daréhdéh.
“Aya kénéh leunca atah, Mang?”
“Aduh kaleresan dinten ieu mah teu icalan karédok leunca da pun bojo nuju kirang séhat. Sanés tadi Bapa téh nu lirén sakedap payuneun warung téa? Tah pami lungsur mah aya samangkokeun deui mah. Éta ge leunca pamasihan tukang sayur, Ki Sajum. Leunca sésa nu teu pajeng rupina mah. Tah tadi pas Bapa mangkat téh aya tatanggi nu nyuhunkeun. Janten wé ayeuna teu gaduh leunca sapanon-panon acan.” Nu boga warung nerangkeun panjang lébar.

Prawira geus rék ambek tadina mah ngadéngé dongéng nu sakitu panjangna nu padahal mah lain jawaban nu dipiharep, tapi sadar diri da manéhanana sorangan nu salah.
“Mang, cing tulungan kuring lah! Kira-kira saha nu bogaeun kénéh leunca atah?”
“Kanggo naon atuh wengi-wengi kieu? Pami kanggo réncang sangu wayah kieu mah asa kirang enak da peuheur atuh leunca atah mah, Pa.”
“Ah pokona mah perlu pisan. Tapi da kumaha deui ari teu boga mah moal maksa.” Prawira ngaléos bari rada jamedud. Nu boga warung olohok ngembang kadu.
“Pa, antos sakedap!” Nu boga warung ujug-ujug ngagero. Prawira nyileuk.
“Pami peryogi pisan mah cobi ka Nini Arsah. Aya bumi panggung payuneun tajug. Kirang langkung dalapan kilo lah ti dieu mah. Biasana anjeunna mah sok gaduh pelak di buruanna.”

Prawira nyileuk bari teu némbal nanaon terus buru-buru asup deui kana mobil.
“Euh… ari nu beunghar ditulungan ku jalma cacah kuricakan meuni teu nuhun-nuhun acan.” Nu boga warung ngagerentes na haténa bari nyokot gebyog warung rék tutup.

Prawira atoh semu bingung. Atohna barang nu keur ditétéangan téh aya harepan kapanggih, sedengkeun bingungna manéhanana ngarasa géngsi mun asup ka imah réyod bari rék ngadon ménta tulung. Saumur hirup di kota manéhanana teu apal ka tatangga. Budaya ti béh dayeuh nu saperti kitu teh kabawa. Sanajan geus rék sataun pindah ka béh pasisian manéhna can loba nu wanoh ka tatangga sabudeureun imahna, sok komo deui rék ngadon ménta tulung. Prawira gé apal ka lelebahan imah Nini Arsah téh da sabenerna mah teu jauh ti imahna, kira-kira ukur 500 metéran.

Teu lila Prawira nepi ka tempat nu dituju. Prawira turun tina mobil, terus ngarandeg sakejapan. Kaciri di buruan téh aya tangkal sampeu nu pucukna tapak tas dipetik. Daun nu karolotna katingali baseuh ku cai hujan jeung ibun.
“Nini, sora aya mobil eureun hareupeun imah. Cing tempo ka hareup!” Hawar-hawar kadéngé sora aki-aki ti jero tas kebésékan.

Panto muka, kadéngé sora si Aki keur nyuruput cai téh panas bangun nu tas kapiselek.
“Euleuh-euleuh geuning aya Dén Prawira. Mangga atuh ka lebet! Aya pikersaeun naon atuh wengi-wengi kersa rurumpaheun ka saung réyod kieu?” Nini Arsah ngabagéakeun.
“Ah Ni, di dieu wé da moal lila. Ni, aya kénéh leunca atah?”
“Leunca atah? Lebet wé heula atuh! Hawatos, tiris! Da kedah ngoréhan heula di pawon.”

Prawira asup, Ni Arsah mah ngaléos ka dapur. Imah panggung karasa ngarieg katincak ku pangawakan Prawira nu jangkung badag. Di tengah imah kaciri si Aki keur nyanghareupan boboko sangu, leunca atah sapiring, sambel tarasi jeung goréng témpé sakeuruet deui.
“Aéh-aéh Dén Prawira dadanguan téh milari leunca atah? Eh dugi ka hilap. Dén, ngiring tuang atuh! Nini, mawa piring ka dieu keur Dén Prawira!” Si Aki nawaran dahar bari rada ngélémés éraeun nawaran dahar jeung leunca sasat ka jalma jugala.
“Moal Ki. Enya puguh butuh pisan.”
“Kanggo naon atuh wanci kieu milari leunca atah.”
“Ah itu Nyonya keur hamil muda, ngidam hayang dahar jeung coél leunca atah. Ki, naha kakara dahar wayah kieu?” Prawira ngalihkeun topik embung ngabahas soal ngidam coél leunca.
“Kaleresan dinten ieu mah ngider sayuran téh dugi ka Magrib. Sayuran satanggungan téh teu laku sadaya jaba seueur nu nganjuk. Kenging artos sakiloeun béas, samara, sareng témpé sabungkus gé meuni maksa. Artos téh dibalanjakeun wé sadaya ka warung si Juma. Tah pami wengi kieu mah warung si Juma téh sok jadi warung kopi. Tos balanja téh, breg hujan janten wé si Nini masakna kawengian da Akina ngantosan raat hujan heula.”
“Euleuh geuning di pawon mah ngan sakieu Aki, leunca téh.” Si Nini némbongkeun leunca na keupeulanna nu ngan sababaraha ranggeuy.
“Ieu wé atuh nu na piring.”

Teu kalékéd si Nini ngawadahan leunca nu aya na piring hareupeun si Aki kana palastik bari terus ngomong sasadu, “Wios Dén pami mung sakieu-kieuna? Pami siang kénéh mah tiasa milari heula panginten ka kebon. Pami ngala diburuan, masih parentil da nembé tadi siang tos diundeur.”
“Enya lah teu nanaon. Gampang kurang mah bisa kadieu deui ari beurang, Sabarahaeun ieu leunca téh?”

Prawira nampanan palastik wadah leunca bari terus ngodok pésak.
“Ah, teu kedah diartosan Dén. Pira leunca sakitu, candak wé!” Si Aki ngahulag.
“Enya atuh.” Prawira buru-buru ngojéngkang kaluar. Teu lila kadéngé sora mobil distater.
“Uyuhan ku téga leunca ngan sakitu-kituna bari keur dihareupan rék dihuapkeun téh meuni teu nuhun-nuhun acan. Lain ditampanan atuh lumayan duitna? Sidik beurang sayuran téh teu pati payu.” Ni Arsah gegerendeng ka si Aki.
“Ih ulah gegerendeng kitu Nini! Urang mah kudu tutulung kanu butuh tatalang kanu susah. Geuning ceuk ajengan gé basa Rajaban baréto…?
“Ah da Nini mah teu milu Rajaban da keur teu séhat.” Ni Arsah motong, “Kumaha kitu?”
“Heueuh, petani mah harepan asup kana surga téh gedé, sabab petani mah geus ngabudaya meunang hasil tatanén saeutik ge, minimal tatangga sabudeureun téh sok kabagéan ngasaan-ngasaan baé mah. Rék panén leunca, jagong, kacang atawa naon baé, méméh ngajual téh sok ngabagi heula tatangga. Béda jeung pengusaha gedéan atawa pagawe negeri hususna di lembur urang, saha nu daék bébéré ka tatangga siga petani kawas urang. Tah urang bakal gampang asup ka surga soté lamun dibarengan ku ikhlas. Lamun ngaharep paméré deui ti jalma mah sarua wé jeung bohong. Keun ulah gegerendeng! Sugan lamun urang ikhlas mah hasil tatanén urang téh beuki mucekil. Ku Allah téh disuburkeun, hama-hama dieuweuhkeun jeung sajabana.”

“Ah, keur naon hasil tatanén ngaronjat gé ari hésé dijualna mah siga poé ieu. Rajeun aya payu, hargana pejét ari barang ti urang mah. Béda jeung barang ti batur, misalna minyak goréng. Euweuh wé carita hargana kudu turun mah, komo rék nyanghareupan bulan Puasa kieu.”
“Dipikir-pikir mah enya ogé. Sabar wé lah urang mah! Nu penting mah urang séhat. Sanajan hahargaan marahal lamun keur séhat mah, dahar empal daging sapi jeung coél leunca atah gé nikmat. Tuh buktina jalma beunghar gé butuheun leunca. Coba lamun urang keur gering, dahar jeung lolodeh buah paria  ge pait he..he..”
“Ah naha kalah heureuy, buah paria mah didahar ku sasaha gé angger wé pait.”
Si Nini ngojéngkang rék nyokot cai panas tina térmos.

Kantos dimuat dina HU Priangan


Wangkongan Bah Oding (5)

April 13, 2010

PIKEUN jalma nu ngagem agama Islam pasti yakin yén jodo, pati, bagja jeung cilaka mah anging Allah anu uninga.Tapi keur sabagian jalma éta kayakinan téh ayeuna mah geus robah, buktina geuning kiwari loba jalma sok ngirimkeun SMS ka Ki Joko Bodo jeung Mama Laurent pikeun ménta diramal perkara nasibna. Bah Oding pohara manghanjakalkeunana kana mahabuna SMS saperti kitu téh.
“Sajaba ti kudu ucul duit, kabiasaan ménta diramal ka dukun jeung paranormal téh bisa ngaruksak akidah umat Islam. Matakna kudu buru-buru dilarang!” ceuk Bah Oding ngécéskeun.
Ceuk jalma anu kungsi ngirim SMS ka éta dua tukang ramal téh, cenah jawaban anu katarima normatif pisan. Samodél “ulah kalékéd lamun baranggawé”, “jodo mah moal kamana lumpatna” atawa “kudu usaha satékah polah, pasti bakal tinemu hasil”. Ana kitu mah anu bisa ngarobah nasib urang téh nya … urang kénéh, lain Ki Joko Bodo atawa Mama Laurent.
Di handap aya sababaraha obrolan anu  nyaritakeun jalma keur konsultasi ka Bah Oding perkara jodo jeung nomer buntut.  Wilujeng ngabelenyéh!

NÉANGAN JODO
Neng Eha keur guntreng ngobrol jeung Bah Oding. Ari anu diobrolkeunana masalah jodo.
“Abdi mah sesah pisan mendakan pijodoeun téh,” ceuk Neng Eha.
“Ari  kitu hoyong anu kumaha kénging picarogéeun téh? Boa Enéng mah sesah jodo téh kumargi pipilih?”
“Ah, raraosan mah asa henteu pipilih. Mung abdi mah hoyong gaduh salaki téh ka anu nyumponan dua sarat anu dipikahoyong ku abdi. Sarat anu kahiji, éta pameget kedah saé kapribadianana. Maksad téh mobil pribadina, bumi pribadina sareng tabungan pribadina kedah saé. Sarat anu kadua, abdi mah lillahitaala badé gaduh salaki ka jalmi anu pas-pasan ogé teu nanaon,”
“Jalmi pas-pasan? Naon maksad Enéng téh?”
“Muhun pas-pasan. Pas abdi hoyong berlian, tiasa langsung dipangmésérkeun. Pas abdi hoyong piknik ka luar negri, tiasa langsung dipasihan biayana,”
“Uluh, rada abot geuning saratna téh. Abah mah teu sanggem! Mangga wé Enéng milari nyalira,” ceuk Bah Oding semu peunggas pangharepan.

DITEMPO GELUNGNA
Jang Uyéh keur konsultasi ka Bah Oding perkara jodo.
“Abdi gaduh cita-cita, upami kaparengkeun nikah téh hoyong ka istri anu gaduh masa depan terang. Manawi Abah tiasa masihan bong-bolongan, kumaha carana nangtoskeun éta istri gaduh masa depan terang?”
“Nya gampil, tempo wé lamun manéhna maké gelung,” ceuk Bah Oding tandes pisan.
“Maksadna kumaha Abah, asa kirang ngartos abdi mah?”
“Enya lamun hayang apal naha éta awéwé boga masa depan terang mah tinggal tempo wé lamun manéhna maké gelung. Lamun éta gelung dipakéna di tukangeun sirah, pasti manéhna boga masa depan terang. Sabalikna lamun éta gelung dipakéna di hareupeun sirahna, pasti masa depanna bakal poék!”
“Na ngajawab téh sakacamplungna? Ari Abah jadi kokolot téh kungsi sakola heula atawa henteu?!” ceuk Jang Uyéh semu ambek. Gejlig manéhna indit ninggalkeun Bah Oding.

JODONA DEUKEUT
“DUPI pijodoeun abdi tebih atanapi caket, Abah?” ceuk Neng Léla nanya ka Bah Oding.
“Jodo Enéng mah deukeut pisan,” tembal Bah Oding.
“Kumaha ciri-cirina Abah?”
“Umurna kira-kira 47 taunan, kumisna baplang, janggotna rambosbos. Éta lalaki pijodoeun Enéng téh salawasna sok mamaké baju hideung baé,”
“Nya saha jalmina Abah, sareng di mana alamatna?”
“Jalmana mah nya… Abah pisan. Apan Abah gé geus lila hoyong ngawayuh téh,” ceuk Bah Oding gumasép.

DO’A MAKSA
Basa Jang Aniw ngawakcakeun rasa bogohna ka Lidya Kandau, Jang Aniw ditolak sapajodogan. Terus Jang Aniw téh konsultasi ka Bah Oding. Ku Bah Oding manéhna dibéré catetan anu eusina do’a anu kudu dibaca unggal méméh saré. Ari do’ana téh kieu :
Nun Gusti, upami anjeunna pijodoeun abdi, mugia anjeunna dicaketkeun sareng abdi. Namung upami anjeunna sanés pijodoeun abdi, mugia tetep tiasa … dijodokeun ka abdi.
Nun Gusti, upami anjeunna henteu tiasa ngajodo sareng abdi, kumaha baé carana, mugia abdi tetep dijantenkeun jodo anjeunna.
Nun Gusti, upami anjeunna sanés jodo abdi, mugia anjeunna tong kénging jodo iwal ka abdi.
Nun Gusti, upami anjeunna teu tiasa dijodokeun sareng abdi, anjeunna tong dikéngingkeun jodo ka nu sanés, mugia anjeunna tiasa tetep dijodokeun ka abdi.
Nun Gusti, upami anjeunna kaparengkeun gaduh jodo ka nu sanés, mugia tiasa dipisahkeun, sawios nu sanés mah jodokeun baé ka nu sanés deui, saterasna anjeunna mah tetep kedah dijodokeun ka abdi.
Amin.

GARA-GARA BUNTUT
IEU mah dongéng jaman baheula, waktu masarakat loba nu kagégéloan ku nomer buntut. Aya saurang jalma meunang pituduh ti dukun yén lamun manéhna hayang nomer anu jitu kudu saré di hiji makam karamat. Éta panitah dukun téh ku manéhna ditedunan. Enya baé, kira-kira janari leutik, ti jero kuburan ujug-ujug kaluar haseup. Teu lila ngong aya nu nyarita.
“Pék caritakeun, anjeun nyaréan makam Embah téh aya maksud naon ?” ceuk éta sora tanpa jirim.
“Abdi téh hoyong nomer anu jitu Embah. Unggal-unggal masang sok kawon baé, dugi ka séép naon séép naon,” ceuk éta jalma bari acong-acongan nyembah.
“Nyasat atuh ménta ka Embah mah,” ceuk éta sora tanpa jirim, “Ménta wé ka nu séjén perkara nomer mah. Apan baheula gé jaman keur hirup, Embah kungsi kagégéloan masang nomer. Berekah, nepi ka maot, Embah acan kungsi meunang sakali-kali acan,”
Les baé haseup anu kaluar ti jero kuburan téh ngadadak leungit. Puguh baé éta jalma nu keur acong-acongan nyembah téh jadi ngembang kadu, olohok mata simeuteun.***


Tingkatan Salingkuh

April 13, 2010

CAN aya sajarawan anu nalungtik, ti mimiti taun sabaraha manusa resep kana salingkuh. Ngan nu jelas, manusa munggaran anu kumelendang di alam dunya mah nyaéta Nabi Adam jeung Siti Hawa, sarta olahraga anu pamaénna sawelas urang bari ngungudag bal, éta téh méngbal ngaranna.
Kecap salingkuh sorangan asalna tina kecap saling jeung kuh. Saling hartina saling, ari kuh hartina kuh. Ku kituna écés pisan yén nu dimaksud salingkuh téh nya éta…salingkuh téa.
Dina buku “Kiat dan Suksés Selingkuh” nu dikarang ku Oding Suyatna, S. Sal., horéng kanyahoan yén salingkuh téh aya tingkatanana, nyaéta:

1.SD (Salingkuh Dasar). Nu dimaksud salingkuh dasar téh nyaéta salingkuh anu dilaksanakeun ku nu kakara. Nu matak pikeun nu kakara mah alusna dina tonggong baju diaksaraan “belajar”. Éta téh pikeun ngabédakeun jeung ahli-ahli salingkuh tingkat luhur.
2.SMP (Salingkuh Méméh Pernikahan). Ieu mah salingkuh nu dilaksanakeun ku jalma nu sakeudeung deui rék karawin. Sakumaha eusi paribasa “kaduhung tara ti heula”, ieu calon-calon pangantén téh nyacapkeun heula kapanasaran ngadon saralingkuh heula, bari dina haténa masing-masing kedal jangji yén di mana maranéhna geus rumahtangga moal saralingkuh deui satungtung taya kasempetan.
3.SMU (Salingkuh Meunang Usaha). Salingkuh nu ieu mah bener-bener hasil tina perjoangan anu beurat. Rupa-rupa palakiah geus diusahakeun supaya aman tina panempo nu di imah. Alhamdulillah, ari ku apik mah salingkuh meunang usaha téh teu burung…kaperego.
4.STSI (Salingkuh Tingkat Suami Istri). Ieu mah salingkuh nu pabales-bales téa. Lantaran salakina kapanggih salingkuh, atuh panajikanana gé nurutan. Kitu deui sabalikna. Sabada dilaksanakeun, tétéla salingkuh mémang éndah jeung…picacapékeun.
5.SMKI (Salingkuh Meunang Kahayang Istri). Ieu mah salingkuh nu dipikaresep ku sakumna lalaki. Sanajan embung, tapi pamajikan téh neugtreug, ninitah baé salingkuh, pokna téh, “Sing guyub kawas batur,” cenah.
6.STPDN (Salingkuh Tanpa Pangaweruh Darurat Nandanganana). Ieu mah salingkuh panggoréng-goréngna. Keur mah kakara diajar salingkuh, acan gé beubeunangan kaburu katohyan mantén. Hasilna, wayahna lamun ku nu di imah teu dipercaya salawasna.
7.STM (Salingkuh Tidak Maueun). Salingkuh nu ieu mah salingkuh maksa téa, sabab nu diajak salingkuhna mah keukeuh teu daékeun. Tapi ari ku keyeng jeung leukeun mah, alhamdulillah manéhna angger nampik.
8. CMCS (Cingcangkeling manuk cingkleung salingkuh). Duka tah salingkuh nu ieu mah hésé nerangkeunana.


Cangkilung

April 13, 2010

Naskah Drama kenging Nazaruddin Azhar

1
Di buruan imah Sutawangsa. Eta imah nu tembong aya lotengan teh mangrupa wangunan heubeul nu tembokna geus karadak jeung sawareh lukutan. Hareupeun imah Sutawangsa aya tihang bandera. Di eta tempat (nu perenahna di sisi kota) aya dua imah. Sarua imah heubeul, ngan nu hiji deui mah taya lotengan. Ieu imah dicicingan ku wanoja nu ngaranna Saonah.

Peuting.
Sukon, Barun, Dikun, Narto jeung Rukim keur baris. Komandan Barun keur ngatur barisan nu kacow terus. Sukon protes.

Sukon        : (Nyarita ka baturna) Ieu teh ngan baris jeung  baris wae… Memangna urang teh rek jaradi  tentara?
Barun        : Sukon!
Sukon        : (rengkuh) Abdi, Bos…
Barun        : Sukon!!
Sukon        : Muhun abdi Sukon mah…
Rukim        : (Nyiku Sukon) Salah maneh mah ngajawabna.   SIAP kituh… Sing tegas!
Sukon        : Oooh.. kitu kahayangna teh. Sok Bos balikan deui…
Barun        : (Ambek) Sukooooon….
Sukon        : Siaaaaaaaap…
Rukim        : (Nyiku deui) Panjang teuing, jurig!
Barun        : Sukon!!
Sukon        : Yap!!
Barun        : Mun sayah keur nyarita teu meunang aya nu  nyarita salian ti sayah. Sayah kasinggung. Jadi  saha nu kasinggung teh?
Sarerea    : Sayaaah….
Barun        : (Unggut-unggutan) Betul! Aeh… (sadar kana kasalahanana) Nya aing atuh… Aing nu kudu tersinggung teh!
Sarerea    : Siap laksanakan!
Barun        : Naon nu kudu dilaksanakeun teh?
Dikun        : Untuk membuat Bos tersinggung…
Barun        : Bagus! (sadar deui wae yen manehna salah)   Aeh… lain aing kudu tersinggung (napsu sorangan) Jadi kudu kumaha atuh ieu teh?
Somad     : Janten kieu panginten, Bung Barun teh  hoyong tersinggung?
Barun        : Haduh! Asa beuki lieur ieu teh… Jangar!
Sarerea    : Siap! Laksanakan!
Barun        : Naon deui?
Sarerea    : (silih sigeung) Naon deui atuh nya euy?
Dikun        : Jeung asa kakara baris loba pisan parentah, meni kudu jangar sagala, nya?
Somad        : Heueuh. Padahal mah cukup we ku  tersinggung wungkul, ulah der menta  ditambahan hayang jangar!
Barun        : Coba etah. Rek kumaha urang bisa ningkatkeun propesionalisme gawe mun teu ngalatih disiplin. Disiplin itu tangga untuk mencapai kontinyuitas dan kualitas. Jikalau, nya, ieu mah jikalau, seandainyah atuh, kita  tidak meningkatkan disiplin, jadilah kita pekerja kelas kambing. Tidak intelek. Jadi yang penting apa?

Nu keur baris ngajawab ku sora nu kompak, tarik, tapi beda nu diucapkeunana:

Dikun        : Propesionalismeu!
Rukim        : Disiplin!
Somad        : Kambing!
Narto        : (Telat) Apa tadi? Ya… kambing!
Barun        : (Nepak sirah. Jengkel. Mariksa barisan)  Nanaonan ieu teh… Yang penting itu adalah propesionalisme!
Dikun        : (Seuri ka baturna) Nya ceuk urang ge…
Barun        : Kita jangan merasa rendah diri hanya karena  kita pencopet. Kita harus bangga bahwa kita copet yang punya naluri kemiliteran. Copet juga  harus seperti militer. Disiplin. Gede wawanen.  Rancingeus. Iceus. Militer is…?
Sarerea    : The Best!
Barun        : Pencopet is?
Sarerea    : The Best oge!
Barun        : Nah. Kita jangan minder, dong. Tunjukkan  bahwa kita pun bagian dari kehidupan berwarga
bernegara. Copet adalah bagian sah dari bangsa   Indonesia. Jadi hayu urang tingkatkeun disiplin  dina sagala hal. Copet hanya akan bekerja karena disiplin dan propesionalisme yang ajeg. Paham?
Sarerea    : Pahaaam…
Barun        : Coba Rukim ka hareup.
Rukim        : (Maju) Siap.
Barun        : Coba praktekkeun jurus Kopasus, bantuan ku maneh, Kun!
Dikun        : (Maju) Siap!
Barun        : Kita akan mempraktekkan jurus Kopasus.  Coba Sukon, naon ari hartina jurus Kopasus?
Sukon        : (Ti tempat baris) Kodok, Paut, Sina Ulah Soraan!
Barun        : Bagus. Jadi kade, posisi curuk jeung jariji sing tartib. Cik sok Rukim…

Dikun lajag-lejeg nyeta-nyeta nu keur leumpang. Rukim nyopet dompet Dikun. Rapih pisan nepika Dikun teu ngarasaeun.Sarerea keprok. Aya nu suit sagala. Nyolongkrong ngajak sasalaman ka Rukim nu geus sukses praktek jurus Kopasus.

Barun        : Bagus. Ayeuna Narto jeung  Somad kahareup!

Nu cikeneh dicalukan maraju. Narto nu make jeket kulit (nu geus dadas tea) tapi oge make blangkon tembong rengkuh pisan. Manehna satekah polah angkep, tapi hese da huntuna tonggar kacida. Ari Somad legeg pisan gayana teh..

Barun        : Sikap sempurna!
Narto+Somad: Siap grak!
Barun        : Maraneh geus arapal jurus Politikus?
Narto        : Enggih.. eh, siap laksanakan…
Barun        : Naon hartina jurus Politikus teh Somad?
Somad        : Pokona mun Sulit Turih Ku Silet!
Barun        : Bagus. Coba, sok!

Somad ngusiwel nyokot silet tina pesakna. Narto api-api leumpang, Somad nyedekkeun, terus sakilat nyilet pesak calana Narto. Dompetna beunang. Tapi Narto muringis, bari nyabak bujurna.

Narto        : Semprul! Sontoloyo! Diamput! Biadap!
Barun        : Ku naon?
Narto        : Siletnya tajem sekale, bujurku kena… dikit!
Barun        : Nu matak, Somad, maneh kudu serius latihan. Mun korban tepi ka raheut lain maneh wungkul nu bakal cilaka teh, tapi oge sakabeh nu aya di ieu orhanisasi. Paham? Pus-ap!
Somad        : Siap. Laksanakan

Somad pus-ap diitung ku sarerea.

Barun        : Bagus! (Ka sararea) Sayah percaya kalian adalah kader-kader yang potensial. Kalian adalah penerus kejayaan kami sebagai senior. Sebagai pencopet reformis kalian harus menunjukkan kesungguhan. Ulah camengke. Komo deui urang bakal nyanghareupan pasar bebas, di mana peluang kita untuk maju akan mendapat banyak saingan. Sabab bisa wae  pencopet-pencopet propesional luar nagri bakal beroprasi juga di negara urang. Kita harus bangkit menuju propesionalisme kerja. Saya percaya bahwa tanpa pinjaman dana dari IMF, tanpa harus dikucuri dana bantuan presiden,  atau dari dana subsidi BBM, pencopet adalah   kaum yang potensial. Paham?
Sarerea    : Siap!
Barun        : Jadi kita adalah kaum yang poten…?
Sarerea    : Siaaaaal!!
Barun        : Bagus. Minggu hareup urang bakal diajar jurus   anyar, nyaeta jurus Begadang Dua. Hartina   Berani… Gagah… Menghadang Dunia dan  Amerika. Ini sesuai dengan spirit globalisasi. Amerika harus bisa kita kalahkan. Nah,  sekarang, kita nyanyikan lagu Mars Copet Reformis.

Sarerea ngalagu:

‘Mars Copet Reformis’

Kita adalah generasi berbakat
Bakat ku butuh, bakatku susah
Susah senang kudu dapat rupiah
Tanpa rupiah hidup lebih susah
Jujur dong kita memang pencopet
Bukan pencopet yang ngaku pejabat
Yang kami copet bukan orang sembarangan
Yang terlihat melarat kami lewatkan
Sehari paling kami dapat lima dompet
Isinya kadang-kadang bon tagihan
Beda dengan mereka yang punya jabatan
Mencopet banyak sampai milyaran
Mencopet banyak sampai…. Trilyunaaaaannn…

Rengse ngalagu, sarerea nenjo Sutawangsa (saterusna urang sebut wae Suta) datang. Pakeanana perlente, malah make jas sagala najan lebah sikuna ditambal. Suta jiga nu keur gering ripuh ngan neger-neger maneh. Datang dikawal ku Mamo nu saged bari mamawa map. Sarerea ngahormat. Suta ngagupaykeun leungeunna, jegoh batuk. Sarerea jempling. Suta jiga nu rek nyarita tapi teu tulus, kalah ka sup ka imahna. Sarerea tingrareret pada baturna. Barun gancang nyiapkeun pasukan, terus sina bubar jalan. Barun nuturkeun Suta.

Somad        : Jiga nu keur teu damang si Bos teh nya euy?
Dikun        : Enya, atuda sakituna mah uyuhan. Tiasa keneh  jalan-jalan. Waruga sakitu rengkungna katambih panyawat teu damang-damang…
Rukim        : Memangna kunaon si Bos teh?
Dikun        : Heueuh atuda… (bangun ngarasa ngahelas ku nasib Suta)
Somad        : Heueuh atuda teh ku naon?
Rukim        : Tara pararuguh ente mah…
Dikun        : Dasar tara merhatikeun sarilaing mah…   Kaleleban si Bos teh, geus aya kana tilu bulanna. Gering nangtung ngalanglayung…
Nu Sejen    : Ari kitu?
Dikun        : Enya kitu.
Narto        : (Ti tadi ngahuleng jiga nu bingung) Geuring nangtung ngelanglayung itu apaan toh?
Somad        : Gering nangtung ngalanglayung… Jadi, mun dina bahasa Indonesia mah, yah kalau dalam   bahasa Indonesianyah, euh.. sakit berdiri  berlembayung…
Rukim        : Gandeng atuh. Cik sing bener Kun nerangkeun teh.. Kaleleban teh ku saha?
Dikun        : Teuing puguh ge. Teuing saha nu geus membuat si Bos bermuram durjana kitu teh…
Somad        : Bermuram durja kituh! Sing bener make bahasa Indonesia teh…
Rukim        : Moal kitu kaleleban ku Ceu Momoh mah?
Sukon        : Teu asup akal. Moal enya si Bos kaleleban ku pantar Ceu Momoh. Ceu  Momoh tukang kueh balok?
Rukim        : Lain Ceu Momoh eta. Ieu mah Ceu Momoh nu dikawin ku Pa Ajat, Pa Ajat  soang
pangsiunan  tibum tea. Ceu Momoh demplon!
Sukon        : Oooh..enya. Tapi mustahil ceuk uing mah. Keur naon make kudu kaleleban ku Ceu Momoh? Si Sintal malah leuwih geulis ceuk uing mah, leuwih aduhey…
Nu Sejen    : Si Sintal?
Sukon        : Enya si Kesih nu sok mangkal di alun-alun atuh… Balad si Onah…
Narto        : (Ka Somad) Demplon itu apaan sih?
Somad        : Wah itu susah untuk dijabarkan, pokonyah… (nyieun bentuk awak awewe  ku gerak leungeunna) Ngerti nggak?
Narto        : (Ngahuleng. Nurutan gerak leungeun Somad. Unggut-uinggutan tapi tetep  jiga nu bingung)
Sukon        : (Sinis)  Pedah we si Bos sok maling-maling melong si Kesih. Pasti ceuk uing mah. kaleleban ku si Sintal lah, ku si Kesih!

Sarerea jempe, malah parindah ka nu rada poek basa ti imah nu sejen kaciri aya nu kaluar. Pa Gugup kaluar diiringkeun ku Saonah nu katembong anyar dangdan. Rukim katembong teu ngeunah cicing.

Saonah    : Bapa meni edas, ih. Susah dilupakan!
Pa Gugup    : Ineu sayaaang… Tak usah hawatir, bapa pasti bakal masihan deui nu leuwih edas! Edas suredas! Tapi nanti, isukan lah, ayeuna bapa istirohat heula, bisi besok nundutan di kantor… Hehehe…
Saonah    : Kade tong hilap…
Pa Gugup    : Naon tea Ineu?
Saonah    : Jamu! Ramuan! Ngarah langkung nyessss…
Pa Gugup    : O, hoho.. Pasti, pasti. Teu kedah salempang. Ramuan selalu siap sedia dalam pesak. Ineu oge doakeun bapa biar sukses jadi anggota dewan, yah? Nanti kan Ineu  juga yang kacepretan itu nyah…
Saonah    : Kacepretan naonna?
Pa Gugup    : Ya rijkinya dong. Rijkinyah dan…kakeclakan …rijkinyah… Piraku bapa hilap kumaha
ngeborrrrrna Ineu… Hoyong naon? Rumah?  Apartemen? Angkot? HP?
Saonah    : Ah, biasana ge politikus mah sok bohong, janji gombal..bal…bal…bal!
Pa Gugup    : Is, no..no..no.. Saha heula atuh  polpol.. politikusna? Partai mana dulu? Memang sekarang banyak partai teu puguh, tapi partai  bapa tong disakompetdaunkeun dong. Bapa  orang idealis dalam memperjuangkan rakyat,  wong cilik. Kamu kan rakyat juga, ya akan saya perjuangkan sampai titik keringat  penghabisan…
Saonah    : Naha geuning teu titik darah penghabisan?
Pa Gugup    : Bapa takut sama penyakit anemia. Ya sudah, besok, ibak sing beresih, Salirana dikosok boh nu neuhneurna kantenan anu legokna, dan  jangan lupa kamu juga.. ra-mu-an! Sari rapet, galian singset, galian kabel, semua  ramuan!(kisbay terus malik rek mulang, tapi  tuurna ngarampeol) Aduh… (Saonah gancang nyekelan leungeun Pa Gugup, Pa  Gugup gancang nangtung) Atuda Ineu sih, nge..nge..ngebor teh meni taya rasrasan, bapa  tepi ka leuleuss, bikin seluruhnya terkurass…  (nyiwit gado Saonah) Aku gemeeees deh…
Sampai jumpa, Ineu.. Ci-luk-ba!  Mmmmmmuuuuaah… (seuri sorangan terus indit rarampeolan).

Saonah males gupay Pa Gugup nu indit. Pa Gugup ngaliwat ka hareupeun Sukon saparakanca, leumpangna ngadadak gagah bari api-api teu ningali ka nu keur ngarintip.

Keur kitu asup Kesih, Silpi jeung Nori awewe sapantaran Saonah. Kabehanana balad Saonah.

Kesih        : Seger ari boga tamu kelas eksekutip mah…
Saonah    : Kelas eksekutip soteh tagogna, tanagana mah kelas ekonomi…

Sarerea sareuri. Sukon sabatur-batur nyalampeurkeun.

Somad        : Halo bidadari-bidadariku… Belum pada berangkat nih?
Kesih    : Peuting ieu mah pere. Onah ge kuduna mah ulah narima tamu peuting ieu teh…
Silpi        : Enya, teu adil Ineu mah…
Somad        : Ineu?
Saonah    : Panggilan si babeh ka Onah, Ineu. Cenah Onah mah kesanna teh tidak repormis, berbau status kuo, orde baru. Nya Onah ge atuh hayang dipanggil repormis, jadi sadrah we disebut Ineu ge…
Somad        : Ooh.. hehe..Innn-neu (noel gado Onah)
Saonah    : Ey! Cicing siah. Memangna salah ngaran Onah berubah?
Rukim    tembong molotot ka Somad. Somad dedeheman.

Silpi        : Enya lah, bagusan Ineu. Ngan tetep Onah salah. Cenah peuting ieu mah urang teu meunang narima tamu… Ari Onah geuning tadi….
Saonah    : (Nempas) Pan acan jam dalapan! Barina ge atuda karunya pajarkeun teh geus teu kiat tos   karaos ti keur di kantor keneh…
Rukim        : (Sinis) Karunya atawa… karunya?
Saonah    : Kumaha didieu we.
Nori        : Jam sabaraha kitu datangna?
Saonah    : Tadi bada asar. (Ngadelek ka Rukim) Atuda  kitu geuning lalaki mah nya, teu beurang teu peuting sok ngagaranggam…
Sukon        : Teu kabeh lalaki, Neu. Kang Sukon we  contona, tartib jeung saperluna. Malem jumaah manggih.. pleng eta teh, manggih-manggih deui malem saptu…

Sarerea seuri. Iwal Rukim. Narto jiga nu bingung.

Narto        : Mad, menggeranggam itu apa sih?
Somad        : Ngagaranggam kituh, itu artinyah kalau dalam bahasa Indonesia…
Rukim        : Gandeng Somad! Kawas nu heueuh becus basa Indonesia..  (ka Nori, sorana rada beda, nyilidik) Kela, naha peuting ieu make ulah narima tamu?
Nori        : Urang sarerea rek rapat penting!
Lalaki        : Rapat?
Dikun        : Rapet meureun..
Nori        : Serius ieu mah, rapat.
Silpi        : Rapat penting. Spesial!
Saonah    : Urusan urang, di dinya mah teu kudu apal!
Kesih        : Temana ge istimewa: “Dengan menyongsong otonomi daerah, kita tingkatkan makna seksualitas dalam pembangunan!”
Narto        : Wah, ini hebat. Ini artinya sampeyan ikut berperan penting dalam ngotda!  Kami juga tengah meningkatken disiplin dengan baris berbaris!
Somad        : Betul! Terpisahnya Kota dengan Kabupaten dan diberlakukannya otda pada saat ini, yang   mana telah membuka mata kita akan perlunya mempertahankan dan mengejawantahkan daripada nilai-nilai struktur  politik ekonomi pencopet. Meskipun dan tetapi…
Rukim        : Aing lieur Somad! Cik, Nah, terangkeun naon maksudna Onah saparakanca make kudu rapat sagala?
Saonah    : Nya keur ningkatkeun mutu atuh. Kiat-kiat. Sangkan konsumen beuki nambahan, beuki ningkat panghasilan. Contona Onah. Salila ieu Onah teu sambarangan narima tamu. Contona tadi, politikus…
Rukim     : (seuri sinis) Politikus…
Silpi        : Mayarna gede teu?
Saonah    : Nya cukup we keur konsumsi rapat mah. Pangna Onah narima order peuting ieu ge jang naon atuh? Untuk kepentingan rapat. Yu,  ah. Barina ge geus peuting.
Rukim        : Di mana tempatna?
Nori        : Di hotel, dong. Masa rapat penting di tempat jiga kieu…
Narto        : Kayak penjabat yah, rapatnya di hutel…
Kesih        : Apa bedanya pejabat dengan kita? Ya nggak?

Onah saparakanca ngalagu:

Urang ulah cicingeun
Kudu ningkatkeun kwalitas
Sangkan geol beuki bedas
Biar gitek makin mantep

Geol.. geol-geol-geol. Aw!
Gitek..gitek-gitek-gitek. Yes!
Somad saparakanca keprok. Rukim ngalieus.

Saonah    : Hayu ah, bisi perwakilan ti kabupaten geus karumpul…
Sukon        : Perwakilan kabupaten? Wah, rapat besar atuh, nya…
Nori        : Nya enya atuh, perwakilan kota jeung kabupaten ayeuna kumpul kabeh…
Saonah    : Enya hayu…

Saonah saparakanca kaluar ti panggung.

Somad        : Hebat. Batur mah rapat ningkatkeun propesionalisme teh.. Jaba di hotel… Jeung eta neng Nori, emh, geulis, salira teh asa beuki donto!
Narto        : Wah baru lagi nih, donto itu apaan sih?
Somad        : Donto itu…
Rukim        : (Ngacungkeun peureupna ka Somad) Sok, ngacapruk deui. Ayeuna mah mending gawe.  Teu kudu rapat-rapat urang mah. Disiplin gawe nu kudu ditingkatkeun mah, percumah  rea rapat ge ari teu dibarengan ku disiplin mah.
Nu Sejen    : Oceh coy! Kita kerja lagi!

Sarerea baris heula. Rencang kanan rencang kiri. Bubar jalan. Kalaluar ti panggung.

2

Barun kaluar ti imah nuyun Suta nu kacirina bangun beuki ripuh wae. Mamo satia nuturkeun bari mamawa map. Suta mere kodeu sangkan nu duaan diuk dina bangku hareupeun imahna. Suta sorangan diuk dina korsi husus tempat manehna niis. Nyaritana sakapeung diselang ku batuk.
Suta        : Barun, kumaha barudak?
Barun        : Sadayana sarehat, Bos. Usaha kaetang lancar deuih. Mung sababaraha waktos kapengker rada kaganggu da eta seueur demontrasi di  jalan.
Suta        : Demontrasi, nyah?
Barun        : Leres, Bos. Ngademo kenaikan BBM,  ngademo nu korupsi sareng sajabina.
Suta        : Mun bisa mah barudak ge sina milu demontrasi. Eta ge sarua kawajiban urang, sangkan nu karorupsi, nu ngatur pamarentahan teu sangeunahna teuing.
Barun        : Barudak kedah ngiring demo, Bos?
Suta        : Heueuh, mantuan mahasiswa. Kudu didarukung mahasiswa teh, sangkan revolusi  jalan terus (batuk)..
Mamo        : Revolusi? Reformasi panginten Bos…
Suta        : Tah heueuh eta. Tapi omat… (batuk)
Barun        : Kumaha Bos?
Suta        : Barudak ulah pirajeunan nyopet mahasiswa…
Barun        : Yaktos, karunya atuda moal enya nuju demontrasi melaan rahayat der dicopet…
Suta        : Ah pangpangna mah percomah nyopet mahasiswa  mah, da  duitna ge moal sabaraha.
Barun        : Leres, Bos. Paling ge dina dompetna teh  potret kabogoh wungkul… Hehehe…aeh!
(nungkup sungut, ngarasa kalepasan nyarita).
Suta        : Geus, ayeuna mah bari nalingakeun barudak, teangan ingpormasi…
Mamo        : (Menerkeun) Informasi, Bos.
Suta        : Tah heueuh eta, ingpormasi. Teangan  ingpormasi ngeunaan… enya ngarti meureun maneh ge… (jegoh batuk)… Pulisi tea, lah…
Barun        : Siap, Bos. Bade dipilari di mana dumukna.  Insya Alloh tangtos kapendak ku abdi, Bos. sing percanten kana naluri detektip nu aya dina diri abdi… Insya Alloh, Bos.
Suta        : Jeung deui kade asmunistrasi…
Mamo        : Administrasi, Bos.
Suta        : Tah heueuh eta, admunistrasi setoran ti barudak sing tartib…
Barun        : Pembukuan selalu beres, Bos. Perkawis pulisi tea insya Alloh kapendak. Pokona Bos sing   yakin kana naluri detektip dan naluri kemiliteran nu aya dina diri abdi…
Suta        : Enya, jig geura indit… (ngodok pesak) Yeuh  keur ongkosna…
Barun        : Ah, sawios, Bos. Sawios, teu kedah…
Suta        : Tarima! Keur ongkos taksi…
Barun        : (Asa-asa) Sawios… teu kedah…
Suta        : Iiih… yeuh…(bari angger ngasongkeun duit)
Barun        : Sawi… (rek nyokot duit tapi….)
Suta        : Nya teu nanaon ari teu butuh mah (ngasupkeun deui duit kana pesak). Kagok geus nyolongkrong, Barun bari satengah handeueul  nyium leungeun Suta. Terus Barun kaluar.

Suta        : Asa geus peuting pisan, Mo…
Mamo        : Leres, Bos. Mamo ge ngaraos yen wengi teh asa tos peuting…
Suta        : Jam sabaraha, Mo?
Mamo        : Numutkeun arloji Mamo mah nembe tabuh salapan, Bos… Piraku arloji Mamo ngabohong nya Bos?
Suta        : Jam salapan… Teu asa jam salapan. Jam salapan teh keur kuring mah ukur na itungan, na hate mah geus ngagayuh subuh, tapi bangun moal rek aya fajar. Boa peuting bakal saendeng-endeng peuting…
Mamo        : Tos waktosna Bos istirohat..
Suta        : Tah heueuh eta. Istirahat. Musik. Simpe atawa puisi.
Mamo        : Sadayana sayogi, Bos.
Suta        : Puisi, Mamo, puisi. Bacakeun ku lelembutan pangihlasna…
Mamo        : Mamo kedah maca puisi, Bos? Ayeuna Mamo bade maca puisi kanggo Bos.

Mamo muka map nu ti tadi dikekelek. Suta ngalageday nenjo bentang baranang. Mamo maca puisi anteb pisan:

Puisi Ti Parapatan

Anjeun teh papatong nu eunteup sakedapan
dina hate nu mangpung ku katiga sarintakan
Di mana ari anjeun? Basa hujan ngagalantangkeun sungkawana, basa kilat tingbarasat maragatkeun
kasedihna na sesebitan langit panghujungna…
Duh, jungjunan
Taya sungkawa nu leuwih rosa tibatan cinta nu can kasungsi muarana. Sedeng dina huluwotan pikir, katineung terus ngagulidag ngamalirkeun katuna jiwa…
Suta        : (mere kode: Menta saputangan…)
Mamo        : (Mikeun saputangan tina sakuna)
Suta        : (Bari nyusutan cipanon) Teruskeun, Mo…
Mamo        : (neruskeun maca puisina):
Di mana ari anjeun basa lalakon ngembat
Di jagat nu mantengkeun urat-urat katresna?
Kuring lir sandekala nu taya jirimna
Tapi bisa ngarasakeun kumaha ngantengna hirup. Tina dongeng saban dongeng……

Suta        : Cukup, Mo. Kalimah saterusna geus napel na  uteuk kuring. Saban detik diejah jeung
dilenyepan ku hate nu motah ku sakur  implengan peteng…. duh… Panutan, teu
sangka cikahuripan baris mulang deui ka
sungapanana, teu kungsi ngamuara dina
gumeterna tresna salira. Jungjunan, bentang
sajatining bentang nu kumelip dina ati. Bulan
sajatining bulan nu moncorong di
satukangeun halimun diri. Di pepenclut pasir
mana urang bisa silih gorowokkeun
kaheman. Di lengkob mana urang bisa silih
simbeuhkeun kakangen. Jungjunan, Sukma
kuring kumalayang lebah dungus waktu nu
heubeul karerab impian. Jangjang kuring
parotong lebah nahan tunggara nu ditibankeun
reret anjeun…

Ayeuna mah tibalik, Mamo nu nyusutan cipanon. Suta ngarenghap jero. Jegoh batuk. Manehna peureum bangun nu keur ngararasakeun nikmatna kaguligah.

Mamo        : Puisi nu kalintang endahna Bos…
Suta        : Taya nu leuwih endah batan puisi…
Mamo        : Geuning Bos tiasaan nyerat puisi?
Suta        : Duka teuing atuh, Mo. Dadaksakala jadi resep nulis puisi kuring teh, Mo.
Mamo        : Eta pedah nuju kasmaran, panginten Bos.
Suta        : Tah heueuh eta. Tiap peuting teh teu bisa sare, ngan terus we ngotret nyieunan puisi. Enya,  Mo. Keur kieu mah poho kana kalakuan katukang-tukang teh nu… lah…
Mamo        : Tangtos, Bos. Da saha nu bireuk atuh ka Bos mah, estuning jalmi nu dipikagigis ku sadaya preman di ieu kota… Kantos larsup ka panjara janten narapidana, kantos nyanyi (Mamo ngalagu: ) Dalam tembok derita, aku   menebus dosa, dalam tembok derita menjadi  narapidana….(Nyarita biasa deui) Malih
kapan kaamanan ge taluk ka Bos mah… Ari  ayeuna Mamo heran sakaligus reueus, Bos tiasa nyerat puisi sakitu saena. Cobi kintunkeun ka koran, tangtos dimuat, Bos…
Suta        : Kapikir eta ge, ngan cenah honorna leutik…
Mamo        : Tapi Bos, upami ieu puisi dikintunkeun ka koran, engke dimuat, teras dibaca ku Pulisi eta, piraku anjeunna teu ngadadak langlayeuseun, Bos..
Suta        : Dimuat, terus dibaca ku… ku saha?
Mamo        : Muhun ku Ibu Pulisi eta.
Suta        : (Ngahuleng) Mo….
Mamo        : Mamo masih keneh di dieu, Bos.
Suta        : Isukan kirimkeun kabeh puisi kuring ka  koran, Mo. Kirimkeun kabeh ka majalah. Sangkan manehna maca kumaha gerentes hate kuring… Duh, panutan ati… Bentang sajatining bentang… Aya kana duaratusna puisi kuring, kirimkeun kabeh! Mmh, bulan sajatining bulan… (Ngareret ka Mamo, mere kode)
Mamo        : (Ngasongkeun keretas koran sacewir nu geus lecek tina map)
Suta        : (Neges-neges gambar dina koran, song deui ka Mamo)
Mamo        : (Surti, terus macakeun berita na eta koran)  Seorang lelaki korban tabrak lari ditolong oleh seorang polwan… Kejadiannya sore hari  di perempatan jalan Kenangan.
Suta        : Tah heueuh eta. Maneh ge apal Mo, korban tabrak lari teh kuring. Untung awak ukur  barared najan kabantingkeun kana trotoar. Tapi   Mo, duh, ibu polwan nu kacida solehna eta, nu  nulungan kuring bet teruuuuuus.. kabayangkeun wae. Manehna imut, nanya,’naon nu karaos?’, kuring gideug da sakabeh kanyeri ilang sirna ku sorot socana… Bentang sajatining bentang…   Bulan sajatining bulan…
Mamo        : Naha waktos harita, Bos teu naros saha  namina?
Suta        : Saliwat kuring maca merek dina dadana; Nani  Suminar Arimbi Kusumaningdewi Putri…
Mamo        : Wah, panjang pisan namina Bos, moal teu  ngajepat panjang nya dina pinareup…eh, dina seragamna…
Suta        : Ditambahan ku kuring, Mo. Ngaran dina dadana mah ukur Nani S.
Mamo        : Oh, upami kitu mah kirang panjang atuh Bos… hehe…
Suta        : Teuteupna, Mo. Duh, teuteup bentang  sajatining bentang…
Mamo        : Bulan sajatining bulan alaeun…
Suta        : Naon maksudna?
Mamo        : Muhun alaeun Bos, ngarah kapimilik  salamina…
Suta        : Tah heueuh eta nu keur dipikiran teh…  Kumaha carana sangkan manehna jadi milik  kuring. Sahenteuna meureun Mo, manehna  teh pulisi, ari kuring…

Mamo        : Klop pisan puguh, Bos, pulisi ngengingkeun  copet… aeh.. punten, maksad teh, pulisi   ngengingkeun Bos… cop…
Suta        : Geus! Geus! Kuring memang copet, Mo.   Purnawirawan copet.  Sedeng manehna pulisi.  Naha salah mun kuring bogoh ka manehna?  Cinta teh (batuk) hiji kakuatan nu bisa nembus langit katujuh… Cinta teh (batuk) hiji  kasadaran nu bisa meruhkeun bangbaluh…  Cinta teh.. Cinta teh… (ngahuleng)  Mo, kuring kudu nulis deui puisi, nu cikeneh kudu  gancang dituliskeun… kudu gancang dikotretkeun…
Mamo        : Sae di lebet wae, Bos… tos wengi we deuih  kirang sae kanggo batuk…

Duanana arasup ka imah. Lampu pareum.

3

Isuk-isuk. Onah saparakanca kalaluar ti imahna. Silpi tembong mawa tip. Maranehna siap-siap rek senam. Lagu dangdut ngagembrung. Onah mingpin senam. Kaciri pisan yen Onah teh memang pangbisana gerakan senam. Manehna mere conto gerakan anyar senam seks ka Silpi, Kesih, jeung Nori. Dikun, Somad, Rukim, Sukon jeung Narto nu kahudangkeun ku sora musik, kaluar ti imah Suta. Manehna mimitina mah ukur melongkeun nu keur sarenam bari lulungu, lila-lila milu ngagabung jeung Onah cs. Nu sarenam beuki motah. Malah sakapeung mah kaciri yen Dikun Cs teh ngahareureuyan awewe-awewe eta nu ditalaksirna. Iwal Narto nu daria pisan senamna teh, malah gerakanana ge katembong kaleuleuwihi.

Dina panto imah Suta, tembong Mamo keur narima parentah ti Suta. Mamo indit bari mawa map. Suta melongkeun nu keur senam, tapi beungeutna angger alum, sup deui ka imah.

Barun datang, make kacapanon hideung, make iteuk jeung mawa samak, katembongna lungse pisan. Manehna teh karek balik sanggeus tadi peuting narima parentah tea ti Suta. Barun ngareret ka nu keur senam, tapi nu sejen teu warawuheun. Manehna ngalaan kacamata hideungna. Somad seuri nyikikik bari nyiku Narto. Barun mureleng. Ret ka Silpi, ngajak seuri, tapi basa diajak senam ku Silpi, manehna nolak. Sup ka imah Suta.
Senam rengse. Keur kitu kadenge sora nu ngagorowok ti loteng imah Suta.

Suta        : Pulisiiiiiii……. Pulisiiiiiiiiiii……

Sarerea nu cikeneh senam ngararenjag, terus pahibut rek nyarumput.

Suta        : Tega pisaan… Tega pisan, duh…

Nu rek nyarumput kalah tingrareret.

Sukon        : (Ngilikan ka luareun panggung) Euweuh, euweuh pulisi…
Dikun        : Salah harti… Eta mah si Bos…
Narto        : Si Bos?
Saonah    : Kang Suta?
Silpi        : Ih bikin kaget kita ajah…
Kesih        : (Centil) Enya sugan teh aya pulisi rek newak   abdi…
Rukim        : Aya naon nya euy?
Somad        : Boa-boa si Bos teh kaganggu emutanana, terus hayang ditewak pulisi…
Dikun        : Gandeng, Somad! Kitu-kitu ge eta teh Bos urang!
Narto        : Yang tadi itu suara si Bos?
Dikun        : Heueuh. Cicing… (melongkeun ka loteng. Nu sejen ge nurutan melong ka loteng imah Suta) Aya naon, nya? Boa-boa kateterasan teu damangna…

Di loteng katembong Suta keur nyuuh kana tembok, tukangeunana Barun ngeluk tungkul bangun nu ngangres ku kaayaan Suta.

Barun        : Tos kitu kajantenanana, Bos. Sing janglar emutan. Sing hawatos kana waruga…
Suta        : Teu bisa! Kuring teu hayang narima kanyataan jiga kieu… Tega!
Barun        : Sing sabar…. Sing tawekal, pasrahkeun  sadayana ka Gusti…
Suta        : Naniiii…. Tega, tega, tega!
Barun        : Muhun Nani jenenganana teh. Nani Sumitro.
Suta        : (Malik ka Barun) Boa salah maneh teh, Barun. Boa lain Nani nu eta…
Barun        : Leres. Pulisi nu namina Nani mah aranglangka Bos, di kota ieu ge mung aya hiji… Muuuung aya hiji-hijina.

Sukon        : Pulisi? Rek nanahaon si Bos neangan pulisi  nya euy?
Somad        : Moal salah ceuk urang ge, pasti si Boss teh…
Dikun        : Ssstt…
Suta        : Oooh, Nani….
Barun        : Anjeunna memang tos nikah, Bos.
Suta        : Bentang sajatining bentang…
Barun        : Salakina teh politikus, Bos.. Anggota Partai Datang Bulan…
Suta        : Bulan sajatining bulan….
Barun        : Leres Bos, sing percanten kana naluri detektip sareng naluri kemiliteran abdi, Bos… Sawewengi abdi maturan nu jaga di kantor pulisi, nyamar jadi tukang pijet. Atuh kapaksa abdi mamake iteuk sareng kacapanon  hideung.

Sukon        : Paingan tadi asa beda kostimna, nya euy?
Somad        : (Seuri) Komandan urang jadi tukang pijet…
Silpi        : Gandeng atuh, meni ngahina ka si A Barun teh…
Dikun        : Ssssst!!

Barun        : Sawewengi abdi mijetan pulisi, bari api-api naroskeun polwan nu namina Nani, ku abdi   disebatkeun yen abdi kenal teh wireh sering ditulungan mun meuntas jalan ku anjeunna. Aya pulisi nu nerangkeun yen ibu Nani mah  tugasna siang, anjeunna tos dua taun nikah ka politikus tea… Kitu Bos…
Suta        : (Angger kadenge sedih) Maneh tong ngabohong, Run..
Barun        : Bilih teu percanten abdi gaduh buktos yen sawewengi abdi jadi intel di kantor pulisi nyamar jadi tukang pijet… (ngusiwel nyokot  dompet tilu tina pesakna) Ieu mangga pilari…
Suta        : Naon?
Barun        : Heheh…punten… sok sanaos abdi nuju nyamar, tapi naluri asli mah teu tiasa disieuhkeun… Ieu dompet pulisi nu  sawewengi dipijet ku abdi… Tilu!  (Ngasongkeun dompet ka Suta)
Suta        : Ku maneh dicopet?
Barun        : Sanes.. Ieu mah dibantun soteh kanggo buktos  ka Bos, yen abdi teu ngabohong, mangga
geura buka, sadayana ge dompet pulisi, asli…
Suta        : Aing teu hayang nu kitu! Aing hayang  panggih jeung si Nani… Ooooh Naniii… Bentang sajatining bentang…
Barun        : Kedah kumaha deui abdi atuh Bos?
Suta        : Aing hayang tepung jeung manehna nu salawasna kapicangcam… Beurang   peuting…Oooh Nani…
Barun        : Bos…
Suta        : Naon?
Barun        : Ieu dompet kumaha?
Suta        : Tunda di jero na meja… Oooh Naniii… Tega pisan salira teh…  (ceurik  ngagukguk, bari ngaleos ka jero)
Barun nuturkeun.

Sukon        : Kaharti ayeuna mah. Kaharti.
Narto        : Apaan?
Sukon        : Kieu yeuh… Si Bos teh keur jatuh cinta ka awewe nu ngaranna Ohnani.
Silpi        : Kok namanya jorok, yah?
Saonah    : Kapan jaman repormasi.
Rukim        : Lain kitu ceuk urang mah, si Bos teh bogoh ka pulisi nu ngaranna Nani.
Somad        : Teu kapikir, kunaon bogoh ka pulisi? Naha si Bos teh geus peunggas harepan kitu, nepi ka rek serah bongkokan ka pulisi?

Barun kaluar ti imah Suta.

Barun        : Aya naon ieu teh?

Sarerea jempe.

Barun        : (Mere parentah) Somad, Narto, Rukim,  Sukon jeung Dikun kumpul beulah ditu ! (nunjuk ka  tempat nu rada kosong).

Nu dititah nurut.

Barun        : (Soranana ngadadak halimpu) Silpi…

Onah jeung nu sejen tingdarelek.

Nori        : Aduh, da tos siang ieu teh, abi mah rek uih  heula ah.. (Ka Onah) nuhun nya geus daek
diendongan…
Saonah    : Kade, hasil rapat peuting kudu direalisasikeun.
Nori        : Siap. Hayu, Kes, urang mulang bisi beurang teuing, engke urang disangka jalma teu bener keh ku batur sakosan. Silpi rek bareng  ayeuna?
Silpi        : Silpi mah nanti aja… Sok we rek mulang  tiheula mah…

Nori jeung Kesih silih kiceupan,sanggeus dadah ka Dikun Cs, terus arindit. Onah asup ka imahna.

Silpi        : (Ka Barun) Aya naon, A?
Barun        : Ehm..euh… Tadi wengi Aa dapet rijki banyak,  urang jalan-jalan yu engke sonten ka mo’ol?
Silpi        : Mo’ol? (seuri) Naon sih? Ooh, ka mol…  Ngajak shoping?
Barun        : He-eh… Yu?
Silpi        : Aduh gimana yah? Gimana nanti aja ya, A? Gak bisa janji…
Barun        : Pasti geus aya janji jeung nu sejen nya?
Silpi        : Aa cemburu?
Barun        : Saha nu cemburu? Aa? (ngabalieur)   Memang…
Silpi        : Ulah cemburuan atuh ih… Silpi gak punya  janji dengan siapapun…
Barun        : Bener?
Silpi        : Bener!
Barun        : Suwer?
Silpi        : Ih meni teu percayaan Aa mah…. Udah, ah, Silpi kan belum mandi…  Pulang dulu ya?
Barun        : Bade moal?
Silpi        : Iya deh… Demi Aa…
Barun        : Silpi…
Silpi        : Kah …
Barun        : Silpi teh geulis, mencrang, demplon…
Silpi        : Gombal, dasar buaya…
Barun        : Aa jadi buaya, kan karena Silpinya punya lobang  buaya…

Silpi ngadilak bari nyiwit leungeun Barun. Nu duaan terus otel, nu keur kumpul ngadagoan parentah jadi bingung nenjo nu kalah bobogohan. Dikun silih siku jeung pada baturna. Tuluy dehem babarengan.
Barun ngarenjag, sadar kana kaayaan. Silpi pamit, terus indit. Barun neuteup geugeut nu indit, terus nyampeurkeun Dikun Cs bari babatukan, satekah polah leumpang gagah ngarah tembong wibawana.

Barun        : Seperti biasa, kita akan upacara dulu sebelum berangkat kerja. Somad, ambil bendera!

Somad nyokot bendera ti imah Suta, teu lila datang deui.
Barun        : Sanggeus upacara, silahkan berangkat kerja.  Jangan lupa berdoa, sangkan hasil yang kita dapatkan hari ini mucekil… Saya rek sare heula, sapeupeuting begadang… (Barun ngagoledag hareupeun imah Suta, teu lila  kadenge kerekna)

Dikun naekeun bendera. Narto ngalagu Indonesia Raya. Nu sejen ngahormat.

Suta kadenge sababaraha kali nyanyambat ibu polwan: Oooh…Nani….

Lampu reup-reupan.

4

Pasosore.
Barun keur diuk hareupeun imah Suta. Bangun nu keur ngalamun. Paromanana alum.
Dikun, Narto, Rukim, Sukon jeung Somad ngaliwat. Maranehna keur latihan baris berbaris. Ukur ngaliwat. Barun angger ngahuleng. Malah ret kana arloji, terus nenjo langit. Make ngarenghap jero sagala bangun keur meunang bangbaluh nu kacida rongkahna.
Dikun Cs nu keur latihan baris ngaliwat deui, sarerea ngareret ka Barun, terus areureun, silih reret, silih siku. Barun keur anteng ngahuleng, bangun nu teu sadar keur diriung ku anakbuahna.

Rukim        : Jadi kumaha atuh latihan jurus Begadang Dua  teh?
Dikun        : Enya. Piraku kudu terus baris tepika subuh deui mah nya euy? Leuheung mun dibagi seragam hansip sakalian.
Sukon        : Bos! (ka baturna) Boa kasambet si Bos teh nya euy?
Narto        : Waduh, baru lagi nih. (ka Somad) Kesambet itu opo seh?
Somad        : Oooh, kasambet. Itu kalau dalam bahasa  Indonesianya…

Rukim jengkel. Manehna ngasongkeun peureup kana beungeut Somad ngarah teu neruskeun kalimahna. Somad murengked.

Dikun noel Barun, nu ditoel ngarenjag.

Somad        : Ieu teh kumaha latihan teh, Bos, diteruskeun  moal?
Barun        : (Halon) Bubarkeun…
Dikun        : Bubar? Haar, teu puguh si Bos mah jadi  komandan teh…
Rukim        : Jadi kumaha terusna latihan jurus anyar teh?
Barun        : Bubar we. Kuma karep ilaing terusna mah. Rek liar heug. Rek caricing wae heug.
Narto        : Waduh, katanya kita ini harus profesionil!
Barun        : Kuring keur hayang nyorangan. (Mere kodeu sangkan Dikun Cs balubar).

Dikun Cs tingkecewis bari arindit. Memeh kaluar, pasarandog jeung Silpi nu datang ngajingjing rantang. Silpi ukur seuri leutik, terus leumpang ka lebah Barun.
Dikun Cs terus ngarti, rupa-rupa tingkahna teh, tapi kabeh ge nembongkeun rasa kayungyunna ka Barun nu tetela keur kasmaran. Maranehna terus kaluar ti panggung.

Silpi ngadeukeutan Barun. Gek diuk gigireunana. Rantangna ditunda. Barun masih keneh ngahuleng, can sadar yen di gigireunana aya Silpi.

Silpi jiga nu rek nyarita, tapi teu pok. Manehna kalah milu ngahuleng.
Di loteng imah Suta, kadenge Suta nyarita ka Mamo.

Suta (OS)    : Mamo… Moo…
Mamo    (OS)    : Abdi Bos…
Suta (OS)    : Wayah kieu merenahna naon, Mo? Musik   atawa puisi?
Mamo (OS)    : Sadayana ge merenah, Bos. Dina musik aya  puisi, dina puisi aya musik. Duanana tiasa nyanding dalit ngahiji, pikeun ningtrimkeun   emutan nu sumedeng kingkin…
Suta (OS)    : Musik jeung puisi, Mo.
Mamo (OS)    : Sayogi, Bos.

Teu lila kadenge sora musik, alon, romantis.

Suta (OS)    : Nani… bentang sajatining bentang…

Terus kadenge Mamo maca puisi anteb pisan:

Ti lebah simpe nu ngajirim dina puteran jarum jam, kereteg nu lumakon ka jauhna, tepung jeung rangkulan peteng. Aya kolebat tapi lain kingkilaban. Ngolebat di sajeroeun katuna sukma nu terus dikepung rempan. Aya kolebat nu nyaangan sakedetan, ngawurkeun rupaning kembang lumayu ka lebah taweuran tineung. Kalbu, duh, kalbu kuring gumalingging di satukangeun hariring jempling.

Lebah dieu, jungjunan, cinta teh sok remen kamalinaan. Ngalungboyongkeun kakangen tina simpe kana simpe. Sedeng na sakur kalimah liar nu teu kungsi kalisankeun; nu katembong ukur anjeun. Ukur anjeun.

Jungjunan. Naha aya asih nu tan wates wangen?
Naha aya cinta nu sampurna ngawisaya lelembutan?
Mun seug anjeun nanya, mangrebu jawaban aya dina keteg jantung kuring. Mun seug anjeun tumanya, ukur anjeun na jawaban nu geus heubeul kakembakeun.

Mun datang pati nemonan, kuring hayang masrahkeun sakabehna iwal ti mamaras rasa, nu geus sapinuhna diancokeun, keur liliuh teuteup anjeun…

Basa Mamo mimiti macakeun puisi dipirig ku musik teh, Barun jeung Silpi kagebah tina lamunanana. Maranehna silih pelong, terus nyarumputkeun seuri bangun nu era. Puisi nu dibacakeun ku Mamo jiga nu ngawakilan hatena duaan. Sanggeus silih pelong, Barun jeung Silpi nu ngadadak jiga rumaja anyar beger, bet jiga nu terus salah tingkah. Silpi ngome ramona sorangan, Barun memener samleh bajuna. Silih reret deui. Terus sareuri. Seuri nu pinuh ku kasurtian. Jeung saterusna. Duanana otel, tapi otelna estuning ukur ku sikep nu basajan, nu nembongkeun yen duanana mibanda rasa asih jeung nyaah, lain cinta nu bisa dilalaworakeun ku sikep nu kaleuleuwihi. Duanana keur jadi babandan cinta sajatina.

Bareng jeung rengsena Mamo maca puisi, basa musik ngalaunan jeung lampu reupreupan, Silpi ngeserkeun rantang bawana ka hareupeun Barun. Basa Silpi rek muka rantangna, Barun kalah  nyekel leungeun Silpi, terus leungeun eta wanoja teh dicium lambut pisan.
Lampu pareum.

5

Peuting.
Dikun, Rukim, Sukon, Narto jeung Somad keur ngariung durukan di buruan imah Suta.
Kabehanana bangun nu hare-hare. Anteng na lamunan sewang-sewangan.
Suta katembong keur ngalageday na korsi di lotengna, keur ngalamun neuteup langit.
Jempling.
Rada lila, Rukim nangtung, terus jiga nu asa-asa noongan imah Saonah. Nu sejen teu openan. Rukim balik deui kana tempatna. Dikun ngolesed tina tempatna, terus babatek.

Somad        : Rek ka mana, Kun?
Dikun        : Kesel. Si Bos Suta ngalamun. Si Bos Barun
ngaleungit. Naon deui nu kudu dilampahkeun
teh euy? Peuting masih keneh panjang.
Narto        : Semakin hari semakin tak jelas saja hidup ini.
Kita harus punya sikap. Masa dicuekin terus
sama si Bos…
Rukim        : Si Bos Suta kaleleban tepi ka poho nanaon. Si
Bos Barun pon kitu deui.
Sukon        : Tereh kiamah meureun matak kieu kaayaan
teh…
Narto        : Kiamat opo. Semuanya cuma kena virus. Virus
tresno.
Somad        : Meujeuhna da geus karolot ieuh atuh
maranehna mah, kudu geus robah pikiran…
Rukim        : Memangna maneh can kolot kitu umur teh?
Somad        : Naon, karek ge… (ngahuleng) Heueuh nya
euy…
Dikun        : Urang rek leuleumpangan ka kota…
Somad        : Neangan si Kesih nya?
Dikun        : Mun enya rek naon?
Somad        : Urang rek milu kesel di dieu ge…
Dikun        : Urang keur hayang sorangan.

Dikun indit. Somad nu katembong rek ngomong deui terus bungkem.
Seuneu durukan nyaangan beungeut maranehna nu masih keneh aya di dinya. Taya nu nyarita.
Narto bari kekedengan dina bangku hareupeun imah Suta, ngahariring alon. Lagu Yen Ing Tawang Ono Lintang…
Lampu jeung seuneu durukan lalaunan pareum.

6

Isuk-isuk, rada poek keneh. Sora hayam kongkorongok ti jauhna. Lampu nyorot loteng imah Suta, di dinya Suta nangtung, leungeunna nyekel tambang.

Suta        : Anjeun jauh di langit ka opatpuluh
Sabot katumbiri nutug kana beubeulahan simpe nu juuh ku halimun, nu ngamalir tina saban renghap kuring. Sora anjeun surup na hariring liwung, nu digalindengkeun peuting nu parat ngembatkeun ringrang…

Di handap di palataran, aya jalma keketeyepan kana jandela imah Saonah. Singhoreng eta teh Pa Gugup. Suta masih keneh nyarita sorangan.

Suta        : Jungjunan, dina linduh pangharepan
horeng tangkal ukur ngemploh ku kalakay.
Di dinya kuring keur ngali kubur
pikeun ati nu rangsak teu daek lipur.
Pileuleuyan, Jungjunan, bongan hirup lain
untupeun. Pileuleuyan, panutan, bongan cinta
geus teu bisa diperuhkeun…
Pa Gugup    : (Ngaharewos kana jandela) Ineu… Ineu
masih bobo? (jempling) Ineu sayang… Ini
bapa, rindu pisan… Buka dong pintunya…
Udah gak kuat nih…(taya wae nu nembalan)
Ineu… Neu… Bapa bawa sesuatu yang
istimewa… (Rada  tarik) Ineu… Cepet dong,
nanti Bapa kesiangan ke kantor nih… Sengaja
Bapa pagi-pagi pisan ke sini… biar salse…
Suta        : (Ti lotengna) Saha eta?
Pa Gugup    : (Reuwas) E..eta saha?
Suta        : Kuring… Eta saha, isuk-isuk keketrok ka imah
batur?
Pa Gugup    : Kur..kurung… aeh, kurang..aeh (keuheul
sorangan) Kuring! Calon anggota legislatif,
di dinya keur naon isuk-isuk ngingintip batur?
Suta        : Saha nu ngintip? Kuring mah rek maehan
maneh!
Pa Gugup    : Astagfirulloh! Tong heureuy ah…
Suta        : Teu keur heureuy, kuring dines rek maehan
maneh..
Pa Gugup    : Maehan kuring?
Suta        : Lain, kuring rek maehan maneh ngan kaburu
kaganggu ku didinya…
Pa Gugup    : Rek maehan maneh?
Suta        : Enya. (Sedih) Kuring geus buleud
pamaksudan rek ngagantung karep…
Pa Gugup    : Iy, serius ah….
Suta        : Serius! Tah tambangna ge… (Suta
ngarumbaykeun tambang ti loteng)
Pa Gugup    : (Ngetrokan jandela) Ineu.. gantung, aeh,
gancang buka jandelana…
Suta        : Percaya teu?
Pa Gugup    : Neu… Plis, buka dong… Bapa diganggu
sama orang gila…
Suta        : Kuring geus peunggas pangharepan sanggeus
wanoja nu ku kuring dipicinta teu daek muka
jandela hatena…
Pa Gugup    : Kamu nyindir, ya? (Tanggah ka lebah Suta
bari nulak cangkeng) Kamu jangan sindir
sampir ya? Ineu masih tidur, jadi belum bisa
membuka jendela. Kamu jangan macam-
macam. Saya ini ca..calon anggota
legislatiff dari Partai Datang Bulan!
Suta        : Wanoja nu ku kuring dipicangcam beurang
peuting, tetela geus aya nu boga…
Pa Gugup    : Ineu adalah milikku! Ia sudah berjanji hanya
akan meladeni aku! (Nepak  dadana) Calon
anggota dewan yang terhormat!
Suta        : Calon anggota dewan?
Pa Gugup    : Calon anggota dewan! Calon walikota! Calon
pejabat! Lihatlah nanti pemilu yang akan
datang…
Suta        : Jadi anjeun teh politikus?
Pa Gugup    : Politikus! Kamu berani? Turun kalau berani
sama calon pejabat!
Suta        : Wanoja nu ku kuring dipicinta ge geus kawin
ka politikus… Aing geuleuh ka politikus!
Pa Gugup    : Dasar gila dia…

Keur kitu Saonah kaluar ti imahna.

Saonah    : Bapa?
Pa Gugup    : Ineu..? Sukurlah kamu segera muncul, Bapa
sedang diganggu sama orang gila yang akan
gantung diri…
Saonah    : (Nyampeurkeun Pa Gugup) Saha?
Suta        : Kabeh politikus lain jalma waras! Wanoja nu
ku kuring dipikatresna… (dareuda) dikawin
ku jalma teu waras…
Saonah    : Kang Suta? Aya naon, Kang?
Pa Gugup    : (Ngaleng Saonah) Sudahlah Ineu, ia hanya
sedang setres, karena cinta tak sampai…
Suta        : Naniiiiiiiiiiii……

Bareng jeung gorowokna Suta, ti nu poek kaluar awewe make saragam polwan nu taya lian Ibu Nani, diiringkeun ku Mamo nu angger mamawa map.

Nani        : (Ka Pa Gugup) Jadi kitu kalakuan sampean
teh? Hah? Indit nyubuh. Alesan rek rapat
partai, alesan persiapan kampanye, alesan rek
menggalang dukungan, alesan….
Pa Gugup    : (Reuwas, bari angger ngaleng Saonah) Ib..
Ibu, eh, mamah? Bus.. busyet..aya naon ieu
teh?
Nani        : Aya naon, aya naon… eta saha nu keur
dikaleng?
Pa Gugup    : (Gancang ngaleupaskeun leungeunna)
Ngaleng saha? Ma..mana?
Nani        : Dasar lalaki teu uyahan… Teu bisa
dipercaya….

Suta neges-neges si polwan. Gigisik. Poe beuki caang. Suta turun ti loteng.

Saonah    : (Sopan) Punten, ibu teh saha tea manawi?
Nani        : Saya istri lelaki bajingan ini…
Pa Gugup    : Susu..sudah. Bu… Sudah, malu, banyak
orang….
Nani        : Leuwih alus keur rea jalma. Rea saksina….
Saonah    : Ibu istrina?
Nani        : Enya. Rek naon?
Saonah    : (Sieun) Hehe.. Cuman nanya ajah…
Pa Gugup    : Nan..nanti kita bereskan dirrr…di rumah…
Nani         : Ngomong wae balelol hayang jadi anggota
dewan… Teu bisa! Kudu beres ayeuna.
Mamo!
Mamo        : Abdi, Bu!
Nani        : Coba jelaskeun, geus sabaraha kali eta jalma
datang ka dieu?
Mamo        : Dua dinten sakali, manawi.
Nani        : Nu tegas!
Mamo        : Dua poe sakali!
Pa Gugup    : Naon maksudna ieu teh? (Ka Mamo) Maneh
saha?
Nani        : Ieu anak dulur kuring. Manehna keur
ngayakeun penelitian ngeunaan kahirupan
jalma-jalma urut narapidana pikeun skripsi.
Kabeneran, horeng tempat penelitianana teh
gigireun imah nu ku juragan sok dianjangan…
Saonah    : Urut narapidana? Saha?
Suta        : (Nu geus nangtung na panto imahna
nyampeurkeun lalaunan, neges-neges Nani)
Ibu…?
Pa Gugup    : Bohong, kabehanana ge bohong…
Say..sayang, nu kudu dipercaya mah ini,
Susu..suamimu…
Suta        : (Sorana ngeleter, teu pati tatag) Ieu teh….
Ibu Nani?
Nani        : Ke heula, Kang Suta, kuring kudu mereskeun
heula urusan jeung salaki kuring..

Suta nangtung na panto, colohok teu puguh rampa, memeres kerah baju jeung buuk, terus jiga nu linglung ngalengkah, ngusapan tihang bendera.

Nani        : Geus aya kana sataunna kuring curiga ku
kalakuan didinya. Ayeuna kabuktian. Poe ieu
keneh langsung urang ka pangadilan agama,
talak tilu!
Pa Gugup    : (Nyuksruk kana suku Nani) Sayang, ulah
luluasan… Kamu jangan menghancurkan
karirku, aku ini ca..ca..calon anggota
legislatif… Sabar, nanti akan kita selesaikan
baik-baik… Kamu kan ingin jadi nyonya
walikota…
Nani        : Geus euweuh waktu. Mamo!
Mamo        : Siap.
Nani        : (Nunjuk kana tambang nu nyampay tina
loteng imah Suta) Kabeneran aya tali,
borogod tah bisi kabur! Piraku kudu
dibangkol kawas bangsat mah…

Pa Gugup satekah polah ngajelaskeun ka Nani, tapi teu daya teu upaya basa diringkus ku Mamo, dina tihang bendera. Suta pindah kana korsi tempat manehna niis tea bari angger neuteup Nani.

Nani        : (Ka Saonah) Kuring bisa wae newak didinya.
Tapi poe ieu lain waktuna razia, jeung
urusanana ge beda. Tapi sakali waktu mun
didinya beunang ku razia, ulah sambat
kaniaya…

Saonah ngeluk tungkul. Keur kitu daratang Kesih jeung Nori marake pakean senam.
Ningali kaayaan jiga nu teu beres, pangpangna mah ningali aya pulisi, maranehna ngadon nguliwed ka gigireun imah Saonah, tapi kadon tingjerewet sabab di dinya ge geus aya Somad jeung Dikun katut Rukim (Narto mah euweuh) dihararudum sarung, keur nyarumput. Limaanana ahirna mah kalaluar tina ‘panyumputanana’. Poe beuki caang bae.

Nani        : Teu kapok-kapok yeuh… Isuk keneh geus aya
kajadian kieu. (Ka Dikun saparakanca)
Kuring geus arapal ka aranjeun kabeh. Kuring
bisa mere toleransi sangkan aranjeun teu
ditewak alatan nyopet jeung sajabana.
Aranjeun sacara teu langsung geus mantuan
anak dulur kuring pikeun nganggeuskeun
skripsina. Jeung deui, di antara aranjeun geus
mimiti aya nu saladar, Mamo geus nyarita ka
kuring yen poe ieu manehna baris nganteur
salah saurang ti  antara aranjeun ka KUA, rek
kawin…
Dikun        : Kawin? Saha?

Keur kitu jol Barun jeung Silpi, marake pakean rapih. Barun make kopeah. Silpi mah tembong make kabaya malah dicindung sagala.
Mamo nunjuk ka Barun jeung Silpi. Sarerea olohok. Malah saterusna make jeung silih reret pada baturna sagala. Dikun papelong-pelong jeung Kesih, Somad papelong-pelong jeung Nori, sedengkeun Rukim ngeteyep nyampeurkeun Saonah. Ahirna mah katembong sanajan teu ngahaja dipasangkeun, yen maranehna teh papasangan…

Nani        : (Ka Barun jeung Silpi) Selamet, kalian telah
menemukan jalan terbaik.
Dikun         : Mun kitu mah atuh… (Ka Kesih) kumaha
Kesih sayang?

Kesih unggeuk semu era. Dikun nuyun Kesih ka deukeut Barun. Ahirna mah masing-masing pasangan silih pelong, silih siku, silih ciwit, terus silih tuyun ka deukeut Barun.

Dikun Cs    : Kita juga punya pikiran sama. Kita ingin
mereformasi hidup secara total! Daripada
pusing-pusing mendingan kawin ajah. Hidup
kawin!
Barun        : Jadi rek karawin kabeh ieu teh?
Dikun Cs    : Siap komandan! Laksanakan!
Mamo        : Nya hade atuh kitu mah. Sakalian urang ka
KUA babarengan… Tapi, baroga biaya keur
kawinna?

Dikun Cs silih pelong.

Suta        : Ibuu… (Sorana haroshos, awakna tembong
jiga nu lilinieun) Bentang sajatining bentang,
bulan sajatining bulan…
Nani        : Pa Suta, nuhun kana puisina. Mamo parantos
masihkeun sakabeh puisina ka abdi. Tapi…
Suta        : (Ukur melong ka Nani jiga budak nu keur
ngadagoan hukuman ti indungna)
Nani        : … abdi teh kapan boga salaki. Mungkin wae
poe ieu abdi pipirakan, tapi lain hartosna
abdi… siap narima kanyaah Kang Suta…
Suta        : (Mimiti cipanonan)
Nani        : Hapunten pisan…
Suta        : (Mimiti nginghak)
Keur kitu datang jalma duaan. Marake kameja rapih, mawa tas jiga urang kantoran. Dianteur ku Sukon.

Sukon        : (Ka sararea) Aya nu bade nepangan Bos…
Tepang di jalan…
Jalma 1    : (Kerung) Bos? (Ragu-ragu) Punten, dupi ieu
teh leres bumina Sutawangsa Kadiajingga?
Mamo        : Muhun. Kaleresan Kang Sutana nuju aya…
(nunjuk Suta nu keur nyusutan  cipanon)
Jalma 2    : (Nyolongkrong ngajak sasalaman rengkuh
pisan) Oooh…Hatur nuhun atuh sim kuring
parantos ditepangkeun sareng sastrawan…
Jalma 1    : (Sarua ngajak sasalaman)

Nu sejen arolohok, can ngarti.Suta rungah-ringeuh.

Mamo        : Aya naon tea manawi?
Jalma 1    : Punten atuh (terus sanggeus unggeuk hormat
ka kabeh manehna dehem terus jiga nu
pidato). Dibujeng enggalna bae jalaran abdi
masih keneh aya bujengeun. Abdi duaan ti
Yayasan Bujanggamanuk, nyaeta  yayasan nu
biasa masihan penghargaan kanggo karya sastra
Sunda pinunjul saban taun. Kaleresan, taun ieu,
sadayana juri ti kalangan budayawan,
sastrawan sareng ti kalangan akademisi,
parantos cindek pikeun masihan penghargaan
mangrupi hadiah sastra ‘Bujanggamanuk’
sareng artos nu ageungna duaratuslimapuluh
juta rupia ka saderek Sutawangsa. Saderek
Sutawangsa parantos nembongkeun
tarekahna nu daria pikeun ngahirup-huripkeun
sastra Sunda, ngalangkungan karya-karya
puisina nu kalintang pisan endah tur luhur
ajenna, nu kantos dimuat ku media massa
Sunda.

Sarerea masih keneh colohok, tapi lila-lila mah keprok. Suta rungah-ringeuh keneh. Terus milu keprok.
Jalma 2    : Janten, dongkapna sim kuring duaan ka dieu
teh bade masihkeun serat uleman ka Kang
Sutawangsa, kanggo acara masrahkeun hadiah
di kota Bandung, waktosna nyaeta minggon
payun. Ieu seratna…(mikeun surat  uleman ka
Sutawangsa).
Suta        : (Leungeunna ngadegdeg narima surat, surat
dibaca, ret ka nu sejen, ret ka Mamo…)
Mamo        : Saleresna, tos rada lami abdi sok ngintun-
ngintunkeun karya akang ka koran sareng ka
majalah Sunda teh. Atuda nyaah, puisi akang
teh sarae, kedah kabaca ku balarea…

Suta ret deui kana surat uleman.Maca bangun nu hayang yakin. Ret ka nu sejen, ret ka Nani.

Somad        : Duaratus limapuluh juta? Cukup pisan keur
kawin masal mah…

Nu sejen keprok. Suta lalaunan ngadeukeutan Nani, leungeunna ngeleper keneh, surat teh diasongkeun ka Nani… Ku Nani ditampanan. Suta neuteup anteb ka Nani, Nani imut.
Nu sejen keprok deui.
Lampu pareum sapada harita. Sababara detik poek, terus aya lampu nu husus nyorot Pa Gugup nu dirangket keneh na tihang bandera, bedana teh ayeuna mah keur dikaleng ku… Narto. Tur dikipasan ku Sukon.

Pa Gugup    : Oooh… Naniiii…

Lampu pareum deui. Ieu carita rengse tepi ka dinya.


Rajah Pamunah

April 13, 2010

ASA ku waas ulin ka Mang Apar di Tanjung Rasa, di juru tepas ngajugrug kacapi sadua-dua. Puguh we bari jeung teu bisa oge ramo terus garetek hayang nyintreukan eta kacapi. Waas ku jaman keur budak diajar ngacapi dipirig ku suling pelog bari mantun ngarajah… mun teu salahmah kieu ngarajahna teh

Bul kukus aing ka manggung
Gumulung jadi tujuh kuwung-kuwung
Amit widi ti kiwari ka nu nganjang ka smansalingga
Seja rumpaka carita mawa beja ti diri nu sakiwari
Teu ngajak pasini pangarti… bersih jalan sasapuan
Wana wani wawuh teu wana teu wani teu wawuh
Palias lain ngahaja… awaking nyangking pangarti
Balunggung agung rahayu nu nganjang nanjung pangarti…
Balunggung agung rahayu nu nganjang manjing walagri

Bray caang bray narawangan… wangi diri sanubari
Korejat sare kang ringkang rancage hate awaking
Lumpatkeun jalan laratan ka tampian geusan mandi
Kaleuwi si patahunan ka leuwi nu maruncang diri, diri anu sakiwari
Rek muru lurulung tujuh ngaliwat ka pajajaran
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan padungdengan…
Jeung usikna pangancikan…

Huuung… ahung…
Turun ti gunung gumuru kahujanan ku malati
Nyamoyan di pamoyanan
Papanggih jeung urang dami
Anu keur mener ngarajah hadep kadayeuh kawangi
Ka luhur ka sang rumuhun
Ka sang batara ka sang batari
Sang batara susuk tunggal
Nu babak-babak di kahiangan
Bul kukus aing ka manggung
Ka handap ka kadatuan…

Huuung… ahung…
Guru iman guru putih iman putih lalakina
Nuhun di ijabna bubuana
Dipareng ku rarangtapa hanceuk cihaliwung
Cihaliwung nyakiduleun cisadane
Nyakaler belah cipakancilan nunjah ka salengpakujanohong
Kasalehgohgowong kamuara tongjawa
Miguru ka ujung guru
Ujung guru para bukit
Para bukit di garwangi mandala sura dipati
Arindit aringah kasangiang padungkukan
Pakuan pakudiranca cag poe ieu peuting ieu…


Ateul

April 7, 2010

Ku Mamat Sasmita

MUN awak geus ateul, bet hayang diturihan, disisit ku hinis, dipépéhék manjing kéré lauk, kulit lestreng dikalantang dina gantar. Gégétrét ku leungeun dalapan pasang. Dina mumuncangan, dina bujur, dina bitis, dina tonggong, dina kongkolak mata, dina pipi, dina dada, dina palangkakan. Ateul, lir tari jaipongan, awak oyag, kiceup, rérét, buncelik. Ngadégdég, ngageter, muriang.

Enya kudu ka Puskesmas. Cék Mang Jamal gé dokterna bageur jeung geulis.
„Tong diantep panyakit mah, jung ka puskesmas. Dokterna geulis, dadana ngablak, ramo leungeunna mecut, mun keur mariksa teu weléh imut”. Mang Jamal téh tatangga, bageur, sakapeung sok méré dahar.
“Geus ngaliwet jang?”, kitu mindeng nanyana téh, mun kuring ngajawab encan sok terus mawa sangu sapiring. Éra ari mindeng teuing mah, antukna kuring sok remen ngajawab geus dahar najan encan gé.
Ari cék Si Kuya mah panyakit ateul nu ku kuring karandapan téh asalna tina strés, majarkeun kudu buru-buru kawin. Si Kuya mah babaturan sakola nepi ka SMP, kuring mah magol teu neruskeun, ari manéhna junun nepi ka lulus ti paguron luhur. Sarua ieu gé tatangga kuring, batur ulin ti leuleutik. Disebut Si Kuya téh éta mah lalandihan, pédah wé diimahna boga cocooan kuya leutik jaman keur sakola dasar. Ari kuring ku manéhna dilandi Si Légé, pédah kungsi boga cocooan légé. Teu dileuleungit kahaat Si Kuya téh, najan manéhna geus jeneng, boga gawé di kota, ari ka sobat mah teu poho. Basa keur bareng sakola di SMP kuring sok resep maca buku atawa koran di imahna, nepi ka ayeuna Si Kuya teu weléh ngirim bacaan najan, urut boh buku boh majalah.
„Sanajan ilaing teu terus sakola, ari maca mah ulah kaliwat“ kitu basana téh.

**
Haté gilig rék ka puskesmas, rék uubar ka dokter. Di puskesmas geus loba jelema, nu garering. Heueuh ari kituna mah, di puskesmas tempatna jelema gering, di pasar tempatna jelema jagjag, di masjid tempatna jelema ibadah, ngan ari tempatna jelema korupsi mah teuing dimana.
Sanggeus digeroan kuring dititah asup ka rohang pamariksaan dokter. Enya wé dokterna geulis, ngan dadana mah teu ngablak, teu make baju lahak. Wah bohong Mang Jamal téh, atawa pédah make baju saragem dokter, baju bodas terusan, jadi teu kaciri ngablakna.
Kuring ngadongéngkeun panyakit ateul nu karandapan. Dokter geulis téh ngareungeukeun bari kutrat kotret nulis. Terus kuring dititah nangkarak dina méja pamariksaan. Rada degdegan dititah nangkarak ku nu geulis. Dipariksa dada jeung kulit dialak-ilik.
Rérés dipariksa, dokter nanya.
„Padamelan sadidinten naon?“
„Ngangon meri“
„Kamana baé ngangon téh?“
„Ka sawah nu tos dibuat sareng ka solokan“
„Upami karaosna ateul téh nuju kumaha?“
„Nuju nongton berita di télévisi“
Dokter mureleng neuteup, meureun disangkana heureuy.
Cék kuring, mun ateul rék karasa, mimiti ngarey kawas ningali balingbing wulung, haseumna geus karasa najan can antel kana létah. Terus culcel ateul siga dicoco tumbila atawa karasa ngagarayam siga disasar tuma. Padaharan murel. Pudigdig kulit ngandelan, sabulu-bulu rancung nanding jarum. Awak jegjreg jadi papan, ateul geus ngagulung, gumulung lir gula jeung peueutna. Ateul aya diunggal titik, parat ti titik ka titik. Ateul geus ngajirim. Ateul geus lain kecap sifat geus robah jadi nomina jeung verba.
„Pareuman atuh télévisina“ cék dokter.
Tembal kuring, bongbolongan kitu mah sarua jeung bongbolongan ti Mang Jamal papada tukang ngangon meri, hayang meunang bongbolongan siga kitu mah teu kudu ka dokter nu sakolana lila.
Ngadéngé kitu dokter ngagadeud tapi ditungtungan ku imut ngagelenyu. Daréhdéh dokter téh, teu pundungan.
„Kieu wé atuh kang, ayeuna mah candak ieu ubar, nu ieu mah vitamin supados awak akang séhat teras nu ieu mah dileueut upami badé kulem“
Asa nyeblak disebut akang ku nu geulis, kuring unggut-unggutan bari nampa ubar, gerentes haté tah ieu bédana Mang Jamal jeung dokter. Mang Jamal mah teu wasa méré ubar, ukur nyebutkeun nitah ngarieus daun baluntas jeung awak kudu dibalur ku parudan laja, sigana nyebut kitu gé ukur sapokna. Enya wé saprak nginum ubar ti dokter, kana dahar jadi gembul, atuh saré nyegrék baé, tara aya hayang lalajo télévisi. Ngan basa ubar béak kabiasaan lalajo télévisi téh kanceuh deui, atuh panyakit ateul gé datang deui.
Panyakit ateul téh karasana geus méh tilu bulan, karasa ateul awak téh basa mimiti aya warta dina télévisi soal cakcak jeung buhaya, kadieunakeun ateul beuki meuweuh sanggeus aya warta kasus Bank Céntury.

**

Ngaduakalian, uubar ka puskesmas téh dianteur ku Si Kuya jeung Mang Jamal da disangkana kuring gering parna, pédah tilu poé teu ngangon meri. Ateul karasa ngan lain ukur dina kulit tapi nyaksrak kana haté jeung uteuk. Ateul mawa ngapung, ngajak sidéngdang, nyiriwik kana sela-sela méga, eunteup kana unggak pucuk daun. Ngilu ngeclak dina reumis, ngilu liket dina leutak, dina keusik, dina cai, dina hawa, dina seuneu. Laut, talaga, walungan, gunung, leuweung, kabéh jadi ateul.
Kuring dipayang, digolérkeun dina méja pamariksaan dokter. Puguh wé dokter reuwaseun, da kadéngé jeung karasa gura giru nyabakan awak. Kadéngé Si Kuya nu ngajelaskeun kaayaan kuring ka dokter.
Kuring mah ngahéphép wé ngagolér, pajuranteng pikiran, aya kenur, aya tambang, aya bola kasur, aya tambang injuk. Kondéal aya pikiran waras, boa, heueuh éta ubar ateul téh, dipikir dibulak balik. Heueuh éta. Koréjat kuring hudang bari ngagorowok „ Kuya…manggih euy ubar ateul téh…“ kuring turun tina méja pamariksaan, jumarigjeug leumpang ka méja dokter. Si Kuya buru-buru nyangkéh, bisi labuh meureun, da awak karasa lanjung pédah teu dahar tilu poé. Sabenerna lain teu hayang dahar, hororéam wé rék ngaliwetna, ari rék meuli asakan ka warung, rada jauh jeung ongkoh euweuh titaheun. Ari Mang Jamal nu biasana haat, harita keur mangkalan, ngangon meri di sawah lembur séjén rada anggang. Ayeuna nganteurkeun kuring gé pédah wé Mang Jamal disusul ku Si Kuya ka tempat mangkalanana.
„Dokter punten abdi tadi ngagorowok pedah atoh mendakan ubar ateul“
„Cik naon atuh ubarna téh…“
„Abdi kedah janten meri..!“
„Légé,…na sia téh gélo?“
„Anjiirr uing disebut gélo, Kuya ayeuna mah mending néangan sangu ka warung, uing lapar yeuh, soal gélo mah engké wé didongéngkeun..!“
Si Kuya, acong-acongan ménta dihampura ka dokter pédah geus ngaganggu bari jeung teu puguh uubarna, da kuring maksa balik pédah hayang dahar. Si Kuya rada lila ngomong jeung dokter, kuring mah dibéyéng ku Mang Jamal dibawa kaluar. Di jalan Si Kuya nyarita yén dokter nanyakeun naha kulawarga kuring euweuh nu ngurus. Ku Si Kuya dicaritakeun yén kuring jalma nunggelis, saprak kolot kuring dipundut ku nu kawasa basa keur kelas hiji SMA.

**

Katilukalina kuring manggihan dokter di puskesmas, lain rék uubar, tapi rék mikeun surat ondangan, kuring rék kawin.
„Ngiring bingah, ngéngingkeun urang mana kang..?“
„Ah sareng batur salembur wé, putrana DPR…Dagang Peuyeum Ripuh, da kadinya kupuna, tukang ngangon meri ka putrana nu dagang peuyeum…!“
“Naon ubar ateul téh..?” dokter téh panasaran sigana mah.
“Sumuhun kedah janten meri, kedah tumut sakapalay dunungan, mung ngendog mah kedah tetep produktif…, atuh nongton télévisi cekap ku bobodoran Sulé”.

(Dimuat dina Cupumanik No.80 Maret 2010)


Wangkongan Bah Oding (4)

April 5, 2010

ABONG  létah taya tulangan. Teu kaur aya béja anu rada ‘ahéng’, gancang pisan nerekabna. Tina sajeungkal, sok jadi dua jeungkal, tilu jeungkal, malah teu pamohalan nepi ka sadeupa. Basa minggu kamari ogé, Néng Titin digosipken sok mandi bari nangtung. Ibur salembur, éar sadesa. Teu di mana, teu di mendi, ngan hayoh baé nyaritakeun perkara Neng Titin. Malah poé mangkukna mah, béja téh geus nambahan deui. Sajabana ti bari nangtung, Néng Titin sok bari ngaca deuih mandina téh. Teuing saha anu jadi nara sumber utamana.

“Ari manéh apal ti mana?” Neng Titin tumanya ka Si Adul.

“Abdi mah ti Si Aniw,” témbalna.

“Oh, lamun kitu mah Si Aniw ulon-ulonna téh,” Néng Titin mani ngagidir, awahing ku ambek.

“Da Si Aniw ogé kénging béja ti internét,”

“Kajeun Si Internét ogé, kuring mah teu sieun,”

“Da internét mah sanés sabangsaning jalmi, Téh,”

“Rék bangsa siluman, rék bangsa genderewo ogé, pasti ku kuring bakal dijorag.   Cucungah pisan, maké jeung ngiburkeun perkara anu teu uni. Ceuk saha kuring sok mandi bari nangtung jeung bari ngaca?”

“Ari saleresna kumaha kitu, Téh?” teuing kalepasan, teuing kumaha Si Adul maké jeung tumanya kitu.

“Na manéh téh, dilelepkeun ku kuring siah!” Puguh baé Néng Titin ambek kabina-bina. Lamun teu kaburu mangprét mah teuing kumaha nasib Si Adul.

Padungdengan ngeunaan Néng Titin, beuki lila mingkin nambahan baé. Jang Uyéh anu geus tatahar rék ngalamar Néng Titin, antukna jadi bolay. Pangpangna mah kulawargana ngadadak teu panuju. Karunya Néng Titin. Hanas geus nyipta-nyipta rék pangantenan di Warung Situ, ahirna ukur jadi sawangan.

Tétéla geuningan ngaréka-réka tur manjangan béja téh, matak ngabarubahkeun batur. Nyilakakeun ka nu teu tuah, teu dosa. Tapi bubuhan geus jadi trend, mani taya kapokna.  Buktina ti poé kamari, di Warung Situ geus aya béja anyar deui. Rada harénghéng deuih, da puguh anu digosipkeunna hiji tokoh masarakat. Cenah mah Ustad Wawan rék  ngajarah harta banda lamun keur mangsana paciweuh kerusuhan. Malah diimplik-implikan sagala, Ustad Wawan téh rék ngajarah sagala rupa anu aya patula-patalina jeung kapentingan pangwangunan.

“Nu balég manéh téh? Piraku Ustad Wawan rék jadi lauk buruk milu mijah?” Bah Oding nanya bangun cangcaya. Pangpangna apaleun pisan kana kalakuan sapopoéna Ustad Wawan.

“Sing wani kabéntar gelap!” Si Adul ngayakinkeun.

“Apan ari ngajarah téh hiji pagawéan anu dipahing pisan ku agama?!”

“Duka teuing perkara éta mah. Nu jelas, ceuk Jang Dadan ogé, Ustad Wawan rék ngajarah…”

“Kabina-bina teuing atuh. Ari Jang Dadan, meunang béja ti saha?”

“Cenah mah Mang Idod anu méré iberna téh,”

“Ari Mang Idod, apal ti saha?”

“Tah, Mang Idod mah nyahona teh ti Jang Uyéh,”

“Ari Jang Uyéh?”

“Nyao teuing, da kuring ogé can kungsi panggih, geus aya kana dua bulanna,” témbal Si Adul bari garo-garo teu ateul.

“Lamun kitu mah, mending urang tanyakeun baé ka jinisna, ngarah pararuguh. Ulah dapon percaya kitu baé, bisi pitenah. Lamun Ustad Wawan enyaan rék ngajarah, sakalian baé Abah rék milu..”

“Sok wé ka dituh sorangan. Kuring mah moal milu, sieun kalah diambek. Basa kuring konfirmasi ka Néng Titin ogé, kalah rék dibalédog ku halu,” témbalna.

“Béda deui éta mah masalahna. Jeung deui, éta mah kumaha cara nanyana. Apan aya cara-cara nanya anu hadé. Geus maca bukuna?”

“Acan,”

“Nu matak, kudu réa maca buku silaing téh. Ngarah henteu katinggaleun jaman. Hayu ah, Abah mah rék ka imahna Ustad Wawan.” Kituna téh Bah Oding bari langsung cengkat. Léos indit, muru ka imahna Ustad Wawan.

Bras, Bah Oding ka pakarangan imah Ustad Wawan. Kabeneran pisan, Ustad Wawan keur meujeuhna rinéh.

“Cios ngajarah téh, Jang ustad?” Bah Oding langsung tumanya, kalayan henteu malapah gedang. Puguh baé Ustad Wawan ngaranjug.

“Kumaha Bah? Kukupingan téh ngajarah?”

“Enya Abah teh ngadenge ti batur. Mun bener  mah, Abah sakalian hayang ngiluan,”

“Na Abah téh kawas nu lieur atuh. Piraku abdi rék ngajarah?” Ustad Wawan rada muncereng.

“Heueuh hampura Jang Ustad, Abah mah ukur meunang béja ti Si Adul. Cenah mah Jang Ustad rek ngajarah harta banda,” témbal Bah Oding, rada samar lampah. Sakedapan mah Ustad Wawan ngahuleng, tuluy ngusap beungeutna bari maca istighfar.

“Abdi mah teu gaduh niat sarupa kitu, Bah. Naudzubillahimiandailik…”

“Ari sabenerna rek ka mana atuh Jang ustad téh?” Bah Oding panasaran.

“Abdi mah bade zarah ka tanah Suci Bah, manawi Gusti Alloh marengkeun. Ti baheula  abdi hayang ka Mekah téh, muga baé taun ieu mah tinekanan, do’akeun nya Bah” témbal Ustad Wawan.

“Ké, ké, naha iburna bet jadi ngajarah?”

“Duka teuing éta mah, Bah. Keun baé atuh Bah, anu penting mah abdi teu boga niat kitu”. Ceuk Ustad Wawan bari imut ngagelenyu.***


Wilujeng Angkat

April 5, 2010

Carpon Étti RS

Kang, wilujeng angkat. Ha­punten abdi teu tiasa nohonan kapalay Akang, kapalay yén abdi kedah ngiring jajap ka bandara. Ku teung­teuingeun ari Akang. Tuh nya, sanggem abdi gé pameget mah mung tapis ngolahkeun pikir, ari ngolah­keun rasa éstuning tuna. Leres kanggo Akang mah matak reugreug pami abdi dong­kap téh, tur matak bagja dijajap ku panyawang tresna, dianteur ku paneu­teup geugeut, digupay ku rasa asmara ti diri abdi. Ari kanggo abdi sawangsulna, bujeng-bujeng matak bagja, tangtosna gé matak géring nangtung ngalanglayung, matak begang kapidangdung sarta ditali­kung liwung. Supados Akang teu kuciwa teuing, abdi ngajurungan Mayang, sobat urang duaan, ngiring jajap bari sakantenan nengetan kabagja Akang sareng tuang rai.

Duh ieu jajantung asa ditojosan jarum nalika Mayang ngadongéngkeun kaayaan di bandara. Saurna seueur nu jajap nya Kang. Salian ti kulawargi Akang sareng kulawargi tuang rai téh, para santri sareng ti pangaosan ibu-ibu gé ngiring jajap. Akang katingal gagah saurna téh, nganggo jean sareng sweater biru kolot. Kitu deui tuang rai, mani nyari nganggo jean sareng tunik bodas, kurudungna pulas bulao langit. Akang duaan teu weleh imut nalika pataréma réma sareng nu jarajap. Akang ngadeg ngaréndéng sareng tuang rai, digéndéng ku tuang ibu sareng tuang rama ti dua pihak. Raray tuang rai katingal langkung cahayaan, cénah. Eta téh ngébréhkeun kaayaan manahna nu nuju mangkak ku kembang asih tur meleber ku puspa trésna. Badé teu kitu kumaha, mun seug abdi nu janten tuang rai gé, komo raray abdi mah baris langkung ti cahayaan, hurung ngempur boa; teras deui abdi mah badé bari montél wé, nyepengan kana panangan kiwa Akang. Ah kétang, boa sikep abdi sapertos kitu numawi urang burung ka balé nyungcung gé, numawi sepuh sareng kulawargi Akang teu sapuk gé; numawi Akang dipangmilariankeun pibatureun hirup gé….. numawi Akang ayeuna téga ka abdi gé.

Rumaos tebih tanah ka langit antawis abdi sareng tuang rai téh. Abdi mah seniman tulén, ari tuang rai urang pasan­trén. Abdi mah saba panggung, ari tuang rai saba masjid agung. Karesep abdi ulin ka galéri, karesep tuang rai mah macangkrama sareng santri. Abdi purukul tukung, kapan tuang rai mah teu weléh ditiung. Kahartos pisan upami urang kedah paanggang téh, margi kaayaan abdi moal tiasa katampi ku sepuh Akang sakulawargi. Kang, wartoskeun atuh da abdi gé tiasa maca Qur’an, rajin saum nyenén ngemis, solat tara kalangkung sanaos nuju manggung. Kahartos ku abdi gé, tangtos sanés éta wungkul nu kalandep ku kulawargi Akang mah, tapi kedah dibarung ku ‘pinton anggon’ islami tur ‘pinton pasemon’ nu nyantri.

Upami sadaya wanoja sapertos kitu, panginten urang moal kantos terang kumaha éndahna ibing Sunda klasik, urang moal wanoh kumaha dinamisna ibing jaipongan; moal apal kumaha motékarna para bajidor, boa urang gé moal kantos mireng galindeng tembang Cianjuran. Akang gé uninga seni nu islami téh seueur. Aya seni Nurhidayah­an nu dialpukahan ku Kang Hidayat Suryalaga, seni tembang kalawan eusi rumpakana islami dicandak tina ayat-ayat Qur’an, nya éta tarjamahan Qur’an nu diserat dina wangun dangding. Tah, éta kasenian téh saéna mah diuningakeun ka tuang rama sareng tuang ibu, sareng uningakeun ogé yén seni nu islami téh sanés kasidahan wungkul. Kapan ayeuna mah aya nasyid sagala, nya kitu deui dina sinétron gé ayeuna mah seueur nu midangkeun carios islami. Tangtos sepuh-sepuh Akang gé aruningaeun kasenian buhun gé seueur nu jolna ti pasantrén, di antawisna tembangan, salawatan; malah wawacan mah cenah ngawitan sumebar di Tatar Sunda téh ngalang­kung­an pasantrén.

Ari carios dina wawacan apan umumna mah dongéng, sanés gembleng nyarioskeun ajaran kaislaman. Wijaksana pisan nya Kang, ulama baheula nyebarkeun agama Islam téh henteu togmol kana tauhid, tapi nyuguhkeun carios nu eusina ngonjoykeun kasaktén para tokoh nu ngagem agama Islam. Dina nganamian para tokohna gé dicampur, nami Sunda sareng nami urang Arab; sapertos Imam Suwangsa, Amir Hamzah, Umarmaya, Bagenda Ali, sareng Ogin Amarsakti.

Aéh, naha bet méngkol kana perkawis wawacan sagala nya. Atuda abdi téh sok hoyong béla diri upami émut kana rereged nu ngahalangan tali asih urang, bongan nu dianggap reregedna perkawis seni budaya, pédah abdi icikibung dina widang éta. Kumaha atuh nya, da jiwa abdi mah ngancikna di dinya, di leuwi budaya Sunda. Sanggem abdi mah budaya téh hiji lahan anu nétral, widang nu aman kanggo ngalawungkeun jalmi ti unggal kalangan. Widang budaya mah tiasa nyumpingkeun pirang-pirang komunitas ti luareun budaya, ti ngawitan para politisi; ékonom, agamawan, téknokrat, ilmuwan, dugi ka paramédis. Kapan urang gé ngawitan tepang téh dina Simposium Kabudayaan Nusantara. Émut kénéh teu, harita Akang kantos kasigeung ku pisanggem abdi nalika diskusi perkawis “Séksualitas dina Sastra”. Malah Akang gé rada nyeuneu sagala waktos abdi nyabit-nyabit buku Kamasutra.

“Perkawis séks mah teu kedah ‘didagangkeun’ dina buku, komo buku sastra mah apan nu diutamikeun téh kaéndahan, sanés kajorangan,” saur Akang.

“Maksad Akang, buku Asmaramurka-na Ahmad Bakri?”

“Ah, sadaya buku sastra wé nu eusina ngaharib-harib atanapi midangkeun hal nu porno, teu aya kaéndahanana.”

“Kapan séks ogé ngadongkapkeun rasa éndah, rasa nu sesah diébréhkeunana. Séks téh manusiawi, paparin ti Gusti. Séks téh ibarat vitamin, matak jagjag tur matak naékkeun vitalitas saur dr. Boyke gé,” sanggem abdi bari seuri.

“Leres pisan, sadaya kanimatan nu ku urang karaos téh anugrah Alloh, kalebet kanimatan séks. Éta sadayana karaos ku unggal jalmi, dalah ku sasatoan ogé. Ku kituna, ku urang teu kedah didramatisasi, teu kedah didadarkeun dina wangun seratan; da teu diserat gé tangtos karaoseun ku sakur mahluk nu nyawaan mah.”

“Saur saha teu kenging nyerat perkawis séks? Naha nya buku Kamasutra bet dikengingkeun nyebar, padahal éta buku téh ngadadarkeun unak-anik séks?”

“Komo buku éta mah sumberna ge tina ajaran Hindu,” Akang teugeug.

“Naha da abdi gé kantos maca buku Séks dalam Islam, hilap deui nu nyeratna mah, wedalan CV Bina Ilmu taun 1980. Éta dua buku téh sanés ngajarkeun séks nu jorok, sanés kanggo ngalajur napsu; tapi nyarioskeunkeun séks nu séhat sareng sopan,” walon abdi bari nyéréngéh.

“Sadérék panuju kana prostitusi nya?”

“Tah éta téh kacindekan nu teu calakan!” abdi nyeuneu.

“Kumaha ari kana Undang-Undang Anti Pornografi & Pornoaksi. Sadérék kalebet anu pro atanapi kontra?”

“Tacan tamat macana,” teugeug.

“Saéna mah énggal tamatkeun supados kagambar kumaha mangpaatna éta undang-undang kanggo ngajagi martabat wanoja,” Akang leuleuy.

“Satungtung éta martabat henteu matak nyengker kana karancagéan budaya mah, abdi panuju.”

Abdi reuwas waktos nampi sms munggaran ti Akang. Panyana téh Akang bendu, badé neraskeun diskusi dina simposium téa. Rumaos abdi sok neugtreug, alim éléh, malah sakapeung mah sok ngahaja hoyong nyigeung manah. Sihoréng méncog panyangka abdi téh, Akang mah nga-sms téh sanés bendu, nanging naroskeun alamat rorompok; Akang badé nambut buku-buku kabudayaan Sunda. Kantenan wé abdi téh bingah, aya urang pasantrén nu ngersakeun neuleuman budaya Sunda. Abdi bingah wiréh Akang tos katépaan virus budaya, abdi bagja wiréh Akang janten ‘mualaf’ budaya. Harita abdi gaduh kayakin­an yén budaya baris langgeng saupami dalit sareng ajaran agama nu diagem ku urang, tangtos waé budaya nu napak sareng teu mengpar tina norma-norma agama. Sanggem abdi mah antawis budaya sareng agama téh kedah silihpikabutuh. Ngalangkungan cara-cara agamis, budaya tiasa tumuwuh tur teu ditebihan ku masarakat. Sawangsul­na, budaya ogé mangrupi media nu stratégis pikeun nyebarkeun paham agama ka sadaya kalangan masarakat.

“Akang nembé terang yén kasangtukang urang Walanda nyusun kamus basa Sunda téh ngawitanana mah kanggo kaperyogian nyebarkeun agama,” saur Akang.

“Da sanés nyusun kamus basa Sunda wungkul, kamus basa Jawa sareng basa daérah sanésna ogé disusun. Numawi Injil mah diserat dina sababaraha basa. Panginten maksadna mah supados unggal bangsa gampil ngartoseun kana eusi kitab nu nganggo basa maranéhna mah,” abdi asa dijalanan.

“Boa Snouck Hurgronye gé neuleuman budaya Sunda sareng agama Islam téh politis nya?” Akang daria.

“Rupina kitu,” walon abdi.

Manawi téh Akang moal teras manjang nganjang ka rorompok. Manawi téh Akang badé héran waktos pun anak, si bungsu, ngagoloyoh kana lahunan abdi. Pan upami Akang sumping téh, biasana mung dibagéakeun ku pun biang da ari siang mah pun anak nuju sakola. Sihoréng Akang tos uninga yén abdi léléngohan dibaturan ku dua budak. Barudak gé janten apét ka Akang, da éta Akang mah ngawowoy unggal ka rorompok téh teu weléh cacandakan. Ka dieunakeun Akang wakca yén sami-sami nyorangan tur diréncangan ku dua sosoca.

“Rupina tos Kersa Alloh urang ditepangkeun dina kaayaan nasib nu sami. Pupujan ati urang sami-sami mulih ka Pangkonan Anjeunna. Urang sami-sami katitipan dua sosoca pikeun dijaga dugi ka sawawa,” saur Akang bari neuteup leleb.

Abdi gé bingah Akang sering sumping ka rorompok téh. Abdi janten gaduh batur diskusi, boh perkawis budaya boh agama. Teu munafik, lami-lami dina diri abdi bet aya geter nu bénten upami nuju pacaket sareng Akang téh. Nya kitu deui, tina sorot soca Akang gé karaos aya jamparing nu teu ngajirim nembus kana jajantung. Harita urang sami-sami rikip nyumputkeun gumuruh kalbu, sami-sami lantip mindingan gilisir asih. Sabuni-bunina nyumputkeun rasa, geuning ku nu sanés mah tetep katingalieun. Malah Mayang mah kantos nga-sms kieu:

mulung manggu jeung campedak,

hanjakal loba giungna;

malem Minggu néang budak,

padahal néang indungna…

Duh, mun émut kana waktos harita haté abdi sok lelenyapan. Matak nineung mun émut nuju di perpusta­kaan, pami Akang nuju pogot maca téh mani alim diganggu, ditaros gé tara ngalieuk-lieuk acan, ari ngawaler téh soca mah angger mencrong kana buku. Sakapeung mah abdi sok sirik pami ningal Akang husu maca, geuning kahusu mah abdi ge éléh ku mualaf. Kitu deui mun nuju di kafé, Akang mah bari ngopi téh teu weléh direumbeuy ku muka buku. Reueus Kang, abdi reueus pisan ningal Akang mikaresep budaya Sunda. Aya nu langkung pikareueuseun kanggo abdi téh, nya éta Akang teu weleh ngemutan pami abdi teu acan netepan. Nuhun Kang, saprak kenal sareng Akang, abdi gé nambihan pangawéruh kaagamaan; abdi janten gaduh pabukon husus kaagamaan, sadaya buku paparin Akang ku abdi dipusti-pusti, dibung­kus keretas pulas kayas sareng biru. Éta dua warna téh kalintang ageung hartosna kanggo abdi mah. Pulas kayas atanapi pink téh ceuk kaum rumaja mah lambang cinta, lambang asih saku­maha nu kauninga dina valentine’s day téa. Ari pulas biru mah pangéling-ngéling. Munggaran urang kedal asih di mumunggang kalér téa, harita Akang nganggo kaméja kotak-kotak warna biru.

Saprak sok jalan-jalan sareng Akang, abdi janten terang ka pasantrén Al-Zaitun, Arafah, Cipasung, Suryalaya, Pabélan, sareng Gontor. Tos kantenan ka Darut Tauhid mah unggal minggu tara kalangkung. Kawitna mah mung sok nguping namina wé ka éta pasantrén salohor téh. Sanés anti, abdi tara ngalanto ka pasantrén téh, nanging ku teu aya batur nu ngajak wé bubuhan abdi mah campur gaulna sareng seniman wungkul. Tapi ulah lepat hartos, sanaos teu saba pasantrén, abdi tetep nohonan kawajiban anu dasar sakumaha nu ngaruntuy dina Rukun Islam. Anu teu acan kalakonan téh rukun anu kalima, teu acan umroh-umroh acan. Manawi téh badé cios nganjang ka tanah Rosul sareng Akang, manawi téh badé cios sasarengan sujud ka Mantenna di palataran Ka’bah, manawi téh urang badé cios sasarengan mipit bentang tingkaretip di sagara keusik; manawi téh… manawi téh badé cios sasarengan ngarang­geum bulan gumawang luhureun padang Arafah.

*

Waktos di bandara, saur Mayang téh cenah Akang api-api mésér roko bari ngalangkung ka payuneun Mayang, teras ngaharéwos titip salam sono kanggo abdi. Teu, teu bingah nampi salam sono téh, malah kalah tambih marudah. Abdi mah hoyong sotéh nguping soanten Akang nu panung­tungan méméh ngapung ngawang-ngawang. Abdi élékésé­kéng teu genah cicing balas ngantosan sora telepon, nanging lebeng dugi ka ayeuna, teu aya sms-sms acan. Muhun geuning pameget mah gampil pisan hilap kana sagala nu tos karandapan téh, gampil ngabangbalér­keun nu kantos ngancik dina haté, gampil kabébénjokeun ku rupaning nu sumping pandeuri. Ayeuna mah teu aya kirining wanci peuting, teu aya sms pamépés haté, alarem ge mung kantun na angen-angen; miscall mah komo teu embol-embol.

Abdi teu tiasa ngabadé kumaha  kaayaan manah Akang nalika nampi ieu serat, naha bingah, reuwas, hemeng, atanapi datar taya rasa nanaon. Bongan Akang teu nelepon waktos badé angkat. Abdi janten keuheul, panas, kuciwa; awor gumulung minuhan jajantung. Ieu serat téh lambang katugenah abdi, ngahaja dikintunkeun ka alamat rérén­cangan nu nuju tugas belajar. Untung harita Mayang diwar­tosan ku tuang rai, saurna moal langsung angkat ka Mekah, nanging Akang saparakanca badé macangkrama heula tilu dinten di Malaysia. Malah tuang rai téh maparin alamat hotél sagala ka Mayang, janten aya lolongkrang kanggo abdi pikeun ngadugikeun ieu bangbaluh kalbu. Nuhun kituh, saurkeun ka tuang rai.

Abdi tos terang ti anggalna yén Akang sareng tuang rai badé angkat umroh. Kapan éta pisan nu ku Akang sering didugikeun ka abdi tur tos kapicangcam ti anggalna. Abdi émut kénéh waktos di Pusdai sabada urang nyaksian akad nikah putra Pa Abdullah, Akang kantos kedal ucap seja umroh sasarengan. Malah Akang gé kedal jangji yén urang baris jatukrami di Tanah Suci; ngajak nikah di palataran Ka’bah. Ayeuna kapalay Akang tinekanan sanaos abdi teu nyarengan. Nu penting kanggo Akang mah laksana ka tanah Mekah, sareng saha-sahana teu masalah, asal nu nyarengan téh pi indungeun para tuang putra nu saroléh.

Kang, ieu haté asa dijejewet nalika Mayang nyebatkeun yén Akang sareng tuang rai téh sanés badé umroh wungkul, nanging bari badé ijab kabul. Paingan sepuh-sepuh Akang ngariring, sihoréng tos dirarancang badé lumangsung pertikahan luhung. Duh, ku nyeri ieu ati diturih ku hinis asih, dada gudawang ditigas pedang duriat. Saméméhna ogé abdi tos gaduh kereteg haté yén Akang sareng tuang rai angkat téh sanés mung sakadar umroh, nanging éta kereteg téh sok dibébénjokeun ku kayakinan yén duriat Akang tetep maskét ka abdi. Ti barang terang yén kereteg haté abdi kabuktosan, sakolépat éta kayakinan téh musna kaduruk seuneu timburu, silalatu-na rabeng ka suklak-sikluk kalbu, ngabalaan sakuliah bayah.

Saurna hawa di Mekah ayeuna nuju panas pisan, tangtos baris nyongkab nya Kang? Upami Akang ngaraos nyongkab, tah nyongkabna haté abdi ayeuna téh langkung panas ti hawa Mekah. Tangtos nyongkabna hawa Mekah kanggo Akang mah moal patos karaos margi baris kageberan ku angin tingtrim, kapépéndé ku hawa oléng pangantén. Sawangsul­na, nyongkab­na haté abdi asa hamo kapépés sanaos dibanjuran ku hujan és, asa hamo tengtrem sanaos disiram ku cai zamzam.

Kang, émut kénéh teu kana sms ti abdi kieu:

rasa asih ulah robih  janten peurih, sanaos teu sapagodos, asih mah urang pupusti dugi ka muguran ku jaman.

Rupina ayeuna pisan tresna urang ngawitan muguran, sanés ku jaman, nanging laas ku hawa panas nu ngaléntab galak nyaksrak saawak-awak. Abdi teu sanggem mupusti margi moal kiat nandangan sangsara ati. Sawios disébat jejerih ti batan digitik ku kapeurih peurah asih.

Kang, wilujeng angkat nya. Wilujeng ngarecah bulan gumawang. •

Dimuat dina majalah Manglé No. 2067


Dipegat Peneng

April 5, 2010

BISA jadi kulantaran pangeusi kota can loba, sasat kaurus pisan kota teh. Kageroh ku pamarentah kabupaten nu pagawena ukur pupuluhan oge. Ongkoh warga kota teh narurut keneh. Sarieuneun mun teu nurut kana peraturan atawa baha kana parentah gegeden teh.

Geura we, tutumpakan, teu waranieun ngarempak palaturan padahal tara sapanjangna aya pulisi. Kareta mesin, beca, delman, geus puguh ari motor jeung mobil mah, apan tara aya nu wani ngulampreng peuting bari teu make lampu. Berko sepedah teh apan paalus-alus, pacaang-caang.

Tukang beca, ti tabuh lima sore keneh geus meresihan jeung ngaminyakan lantera. Digantungkeun dina palang per kolongeun jok. Ti kajauhan oge geus kaciri aya beca najan jalan meredong oge. Lampu delman sadua-dua kenca katuhu. Mani aralus naker lanterana oge.

Malah roda nu ngangkut barang, kayaning awi leunjeuran atawa kai, tara mopoek. Lampu roda mah biasana cempor nu singsimna gede. Seuneuna kakalicesan katebak angin, kembang damarna matak harideung kana baju, malah beungeut tukang rodana oge sok camerong.

Ahir taun 60-an lampu jalan di kota Sumedang  acan caang cara ayeuna. Bohlam biasa, paling gede ge kawasna ukur 60 watt. Aya nu make kap lampu tina seng guntang-gantung dina kawat luhureun jalan. Aya oge nu make gagang nu napel dina tihang listrik. Lolobana mah jalan teh meredong we, komo jalan rondaan atawa gang mah. Di Warung Situ, ka kulonna mah mongkleng we. Kitu deui Sindangraja kakalerkeun, atawa Tegalkalong ke wetankeun, sacaang caangna tina lampu teras imah nu ngajajar sisi jalan. Barudak leutik, ari baralik ngaji teh sok tingrariung di tengah jalan. Mun ti kajauhan nyorot lampu mobil, barudak teh sarurak, alajrag-ajragan, arigel-igelan. Kakara buriak ka sisi, mun mobil geus deukeut.

Ti magrib keneh sok aya pulisi, nu patroli kana kareta mesin. Dua atawa tiluan, patutur-tutur. Ngurilingan kota. Iwal ti patroli bisi aya jalma jahat, pulisi teh bari nalingakeun tutumpakan nu teu make lampu. Tara pipilih, mun katembong aya kareta mesin atawa tutumpakan sejena, teu make lampu teh sok terus di berik. Ditewak, sina jagjrag ka hopbiro. Tapi jarang pisan nu katewak teh, da narurut tea warga kota teh.

Kabeh tutumpakan harita mah di pajeg. Kareta mesin oge kudu make peneng. Pagawe Pamongpraja dibarengan ku pulisi sok ngayakeun razia (mun ayeuna mah). Megat sapedah nu ngaliwat. Dipariksa penengna. Mun waktuna geus kaliwat bari penengna can di ganti, teu meunang heunteu, harita keneh kudu meuli peneng bari di denda. Nu teu mawa duit, surat sapedah teh ditahan, jelemana sina balik heula, nyokot duit. Harita mah kareta mesin oge kudu make surat, cara STNK keur mobil jaman ayeuna. Malah tukang beca oge iwal ti kudu boga surat beca teh kudu boga rebewes deuih.

Tumpak kareta mesin nu can ganti peneng teh sok tara jongjon. Sieun kapegat peneng. Elatna ukur sapoe dua poe oge, angen teh sok ratug, teu weleh luak-lieuk. Mimindengna na mah kapaksa sok mabal we, mapay jalan leutik nu rada suni. Atuda pulisi nu megat teh sok kacida imeutna, tara aya tutumpakan nu kaliwat.

Saban taun, sok gunta-ganti, rupa peneng teh. Aya beureum, koneng, hejo, atawa bulao latarna teh. Ditapelkeun dina beuheung kareta mesin, luhureun garpuh, handapeun setang. Barudak sakola mah sok gagayaan, napelkeun peneng teh dina palang atawa dina garpuh. Ngajajar, minangka stiker mun ayeuna mah.

Peneng beca mah rada gede, napelna teh sok di tukangeun panyarandean, gigirieun laci. Aya oge nu di tapelkeun dina tihang sela. Ari peneng delman, wangunna teh lonjong sagede tampah budak. Ditapelkeun di hareup deukeut puhu bom.

Pagawe pamongpraja teh harita mah garetol pisan mulut pajeg teh. Nu sok ngider ka saban imah oge aya, mariksa pajeg radio. Imeut pisan, saban nu boga radio sok didatangan. Aya deui nu sok ngontrol ka saban lembur teh nyaeta mantri bangunan. Mun katembongeun aya nu kuriak, kajeun ukur menerkeun kenteng, cek paribasana, tara teu didatangan. Nu boga imah teh sok di tanya kikitir atawa leter ce jeung surat ijin ngadegkeun atawa ngomean imah. Kolot mah nyebut kanu sok ngontrol imah teh, mantri adegan.***


Rawayan Jati sareng Sad Kamanusaan, Sumber Ajen Inajen Akhlak Kasundaan

April 5, 2010

Ku Drs. H. Hidayat Suryalaga

PURWA WACANA

Luyu sareng udagan nu bade dihontal ku ieu “diskusi” nu diayakeun ku Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, nyaeta “Sebuah Upaya Pewarisan Budi Pekerti kepada Siswa Sekolah” nu diluuhan ku para pangatik widang studi agama, hususna Agama Islam; sim kuring ngararancang bahan haturkeuneun dina ieu riungan teh diwangun ku sawatara lelengkahan/sistematika:

  1. Rawayan Jati – konsep “Cecekelan Hirup Kasundaan” anu Islami.
  2. Sad Kamanusaan – (6 Akhlak Kamanusaan).
  3. Metode Ngaanalisis Ajen-inajen anu Aya dina Seni Budaya Sunda.
  4. Tarekah Ilmiah kanggo Ngamangpa’atkeun Ajen-inajen nu Dikandung dina Seni Budaya Sunda.
  5. Ajen Inajen Sad Kamanusaan anu Dikandung dina Seni Budaya Sunda.
  6. Kacindekan.

Tujuan tina ieu pajemuhan teh pikeun milari tarekah geusan ngabekelan siswa ku ahlak, budi pekerti, katut tatakrama kamanusaan Islami anu dikandung dina seni-budaya Sunda. Ku sim kuring dihaturkeun cara-cara ngaanilisna dina Bab III sareng bab V.

I. Rawayan Jati, Konsep “Cecekelan Hirup Kasundaan” anu Islami.

Anu enas-enasna mah nyaeta kasadaran yen sakumna mahluk teh keur lumampah dina “rotasi akbar” Inalilahi wa inna Ilaihi Rojiuun” (Aos buku Kasundaan-Rawayan Jati. Hidayat Suryalaga. Wahana Raksa Sunda 2003)

II. SAD (6) KAMANUSAAN.

Akhlak sering disebat oge moral, budi-pekerti, tatakrama, sopan santun, etika, etiket, adab, sanaos aya gesehna sautak-saeutik. Kanggo ngagampilkeun “transformasi niley” sacara “eklitik” ku sim kuring dipasing-pasing jadi 6 (Sad) Kamanusaan, margi mung manusa anu ngagaduhan kasadaran akhlakiah mah, nyaeta:

  1. AMT = Ahlak Manusa ka Tuhan (Alloh), dicirian ku kualitas IMTAQ.
  2. AMP = Ahlak Manusa ka Pribadi, dicirian ku kualitas SDM.
  3. AMM = Ahlak manusa ka Papada Manusa, dicirian ku kamampuhna pikeun Habluminanas anu multi-religi, multi-etnis, multi-kultur.
  4. AMA = Ahlak Manusa ka Alam, dicirian ku kasadaran jadi Rahmatan Lil Alamin, boh alam sagir boh alam kabir. Hablumminal Alam. Ayana kasadaran Ekologi sareng Geo-politik.
  5. AMW = Ahlak Manusa kana Waktu. Dicirian ku ayana kasadaran kana “waktu Linear” sareng “waktu Cyclis”. Ieu teh enas-enasna surat Al-Ashr.
  6. AMLB = Ahlak Manusa dina nyumponan kaperluan Lahir Batin. dicirian ku hirupna mibanda etika, henteu sarakah, mampuh ngadalian napsu lahir-batinna.

Eusi atanapi ajen-inajen Seni Budaya anu ku urang kedah diterapkeun ka siswa teh nyaeta anu mibanda Sad Kamanusaan. “Peristiwa/kajadian seni-budaya” nu karandapan ku unggal guru tangtos moal sami, bakal benten. Unggal daerah pada kagungan seni budayana masing-masing, ku kituna para guru kedah tiasa “ngaanilis” ku anjeun.

III. METODE NGAANALISIS AJEN-INAJEN ANU AYA DINA SENI BUDAYA SUNDA.

“Kriteria Sad Kamanusaan” di luhur eta teh jadi patokan/kriteria nalika urang ngaanilis kandungan ajen-inajen naon anu nyampak dina Seni-Budaya Sunda anu ku urang nuju ditalungtik. Dugi ka urang tiasa netepkeun ajen-inajen ahlak anu mana ti antawis Sad Kamanusaan tea. Ku kituna urang sabage guru tiasa langkung adil tur wijaksana dina maparin “dadasar hukum” kana seni budaya (pabid’ahan) nu aya di masarakat.

Guru mah kedah unggul pisan dina tataran kualitas IQ (Inteleqtual Quotient = Kecerdasan Intelek, Luhung elmuna), EQ (Kecerdasan Emosi, Jembar budayana), SQ (Kecerdasan Spiritual, Pengkuh agamana) sareng AQ (Kecerdasan Aksional, Rancage gawena). Kangggo conto ngaanilis ajen-inajen anu dikandung dina seni budaya Sunda, dipedar dina bagian V, anu insya-Alloh baris didugikeun sacara lisan .

IV. TAREKAH ILMIAH NGAMANGPA’ATKEUN AJEN-INAJEN NU DIKANDUNG DINA SENI BUDAYA SUNDA.

Urang sadaya parantos pada maphum yen mungguhing Seni Budaya mah estu hasil Cipta, Rasa, Karsa sareng Karya manusa, ku kituna tangtos bae boh dina pidangan atanapi ajen-inajenna aya anu “parantos luyu sareng akhlak Islami, aya anu samasakali henteu luyu sareng ahlak Islam, aya oge anu campur-aduk/paselup”. Palih dieu pisan peryogina para guru tiasa “ngaanilis” kandungan ajen-inajen seni budaya Sunda teh.

Upami ku urang parantos kapendak kandungan ajen-inajen anu aya dina eta seni-budaya, nembe aya sawatara TAREKAH ILMIAH anu kedah dipilampah ku para guru, nyaeta:

  1. REVITALISASI , tegesna eta seni budaya katut ajen-inajenna, dihirupkeun deui, didorong sina tumuwuh kalawan subur.
  2. REAKTUALISASI, tegesna seni budaya katut ajen-inajenna di-aktualkeun deui, sangkan miindung ka usum- mibapa ka jaman.
  3. REVISI, tegesna dibebener deui tujuanana tina eta seni budaya.
  4. RESTRUKTURISASI, tegesna diropea deui strukturna, supados luyu sareng pajamanan.
  5. FILL IN, tegesna eta seni budaya nu parantos nyampak teh di-EUSIAN ku ajen-inajen anyar anu Islami.
  6. INOVASI, tegesna diropea deui supados langkung narik perhatian balarea, henteu eleh ku budaya anyar anu malah teu luyu sareng pribadi Sunda nu islami.
  7. KREASI, tegesna hasil karya seni budaya anyar anu nya nyunda nya islami. Para Guru sareng seniman-budayawan Sunda kedah rancage nyiptakeun seni budaya Sunda-islami anu anyar. Tanpa kreatifitas ti urang pribadi, bakalna teh urang ngan jadi “korban pasar” sareng jadi jarian budaya deungeun.
  8. DELETE, tegesna aya hal-hal anu kedah dileungitkeun tina aspek seni budaya tea, kumargi patukang tonggong sareng akhlak Islam.

Lengkah-lengkah “cendekia” nu disebatan di luhur, MUTLAK kedah dipibanda ku guru, hususna guru-guru agama anu bade ngamangpa’atkeun Seni Budaya Sunda kanggo ngabebener ahlak bangsa (da’wah bid tamaddun, da’wah kultural).

Anu teu kinten pibahlaeunana mah upami urang RUSUH TEUING NGA-DELETE , ngaleungitkeun/numpes seni budaya nu parantos aya, margi upami seug kajadian KOSONG BUDAYA, eta kakosongan teh bakal DIEUSIAN KU BUDAYA ASING anu ajen-inajenna malah patojaiahna pisan sareng ahlak Islam. Ayeuna oge parantos kaalaman ku urang sadaya, ieu teh balukar tina proses komunikasi anu didominasi ku budaya asing nu sekuler-profan (budaya duniawiah tanpa ajen religius), sareng urangna pribadi kirang daya kreatif seni-budayana.

V. AJEN INAJEN SAD KAMANUSAAN ANU DIKANDUNG DINA SENI BUDAYA SUNDA.

Sacara umum, konsep atikan kabudayaan di sakola-sakola di nagara urang dumasar kana konsep Kuntjaraningrat & C. Kluckhohn, anu ngawilah-wilah kabudayaan jadi 7 aspek, nyaeta:

  1. Adat Istiadat & Religi
  2. Basa
  3. Seni/Kasenian
  4. Sistim Kamasarakatan
  5. Sistim Pangupa Jiwa
  6. Sistim Elmu Pangaweruh
  7. Sistim Peralatan.

Sawatara aspek/unsur Seni Budaya anu bade dianalisis:

a. Adat Istiadat & Religi

  • ngaras, ngeuyeuk seureuh, nyawer, nincak endog.
  • ngembang (nyekar), sasajen, tapa/semedi.
  • dangdaunan nu dianggo dina upacara adat (mayang jambe, seureuh, hanjuang, kananga, suji, handeuleum, koneng, mamangkokan, waregu, waluh sste).
  • sste (Mangga pilarian deui, lajeng dianalisis ku anjeun).

b. Basa

  • Harti & ma’na kecap SUNDA.
  • Tatakrama basa ( Undak usuk Basa Sunda – UUBS).
  • Aksara Sunda. sste.

c. Seni

  • Rumpaka PAPATET (Tembang Sunda Cianjuran)
  • Ibing Lenyepan
  • Tata busana pria
  • Tumpeng
  • Munjungan/anun
  • Karawitan. sste.

d. Sistim Kamasarakatan

  • Pancakaki
  • KAM (Kawajiban Azasi Manusa) sareng HAM (Hak Azasi Manusa) sste.

e. Sistim Pangupa Jiwa

  • Hirup anu cukup
  • Saeutik mahi, loba nyesa.
  • Ulah botoh bisi kokoro (Ulah sarakah bisi sangsara) Prasasti Kawali 8, abad 13 M)

f. Sistim Elmu Pangaweruh

g. Sistim Peralatan

Nanging dina kahirupan di masarakat mah aspek Kabudayaan anu kalintang seringna kapendak sadidinten nya eta aspek Adat Istiadat/Religi, Basa sareng Seni sareng kamasarakatan. Ku kituna kanggo dina kasempetan ayeuna urang dihususkeun kana tilu aspek ieu bae heula.

VII. Kacindekan

Dina alam kasajagatan (era globalisasi), aya PENJAJAHAN WANDA ANYAR nyaeta “PENJAJAHAN BUDAYA” — dominasi budaya. Balukar tina penjajahan budaya ieu anu pangheulana ancur lebur teh nya eta ajen-inajen AKHLAK/MORAL.

Ayeuna pisan waktosna urang kedah babarengan rempug jukung sauyunan ngabentengan ahlak/moral bangsa ku rupi-rupi cara, boh ku aspek ajen-inajen Seni Budaya seler Bangsana (Sunda, Jawa, Bali sste), atanapi ku akhlak agama. Ulah pakia-kia, pagirang-girang tampian antawis konsep budaya sareng konsep agama.

Pikeun GURU, nya alam ayeuna pisan diperedih pati ditorta tugas kawajiban KAGURUANANA pikeun ngajaga sareng ngomean ahlak/moral bangsa.