Tes

April 1, 2010

Tes

Let start with saying “bismillahirrahmaanirrahiim….”


Wilujeng Milang Kala

Februari 19, 2010

WILUJENG milang kala kanggo Teh Dian Ramdiani anu mieling dinten lahir dina dinten Juma’ah ping 20 Februari, mugia panjang yuswa, ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan, sareng aya dina panangtayungan Allah SWT. Amin.

Kasanggakeun do’a pido’a ti saantero buana mugia katampi:

1. Do’a ti Masjidil Haram, Makkah al Mukaramah:

عيد ميلاد سعيد على أمل الحصول على نعمة ، والخلاص ، ودائما في ملجأ من الله القوة الجبارة.

2. Do’a ti Santa Cruzz Dili, Timor Leste

Feliz aniversário à espera obter uma bênção, a salvação, sempre ao abrigo de grande poder de Deus.

3. Do’a ti Kuil Tan Gu Poh, Karawang

生日快乐,希望得到祝福,拯救在上帝的强权庇护,始终。

4. Do’a ti Pura Uluwatu, Bali

janmadina mubāraka hō um’mīda hai ēka āśīrvāda, mōkṣa bhagavāna kī tākatavara śakti kī śaraṇa mēṁ, hamēśā pānē kē li’ē.

5. Do’a ti Kuil Shinto, Miyazaki

お誕生日おめでとううまくいけば、神の偉大な力の避難所での祝福、救いは、常に取得します。

6. Do’a ti Katedral St Petrus Vatikan

Χρόνια πολλά για να ελπίζουμε ευλογία, σωτηρία, πάντα στο καταφύγιο του πανίσχυρη δύναμη του Θεού.

7. Do’a khusus ti Marco van Basten

Happy birthday, hopelijk een zegen, heil, altijd in de beschutting van machtige kracht van God.

8. Do’a khusus ti Michael Ballack

Herzlichen Glückwunsch und hoffentlich ein Segen, Heil, immer im Schutz der großen Macht Gottes.

9. Do’a khusus ti Franco Baresi

Congratulazioni, e, auspicabilmente, una benedizione, la guarigione, sempre sotto la protezione della grande potenza di Dio.


Laporan

Januari 28, 2010

Kahatur kadang baraya alumni SMA Negeri Sumedang Angkatan 82.

Saparantos ngadegna warung urang tilu minggu kapengker, dilaporkeun wireh:

1. Anu parantos rurumpaheun ngalongok warung urang teh sanes bae komunitas alumni, nanging tos ngarambah ka individual sareng komunitas sanes anu sami-sami makedeudeuh sastra sareng budaya pasundan. Hal ieu katingali tina statistik admin anu mintonkeun seueurna akses netter sareng lalu lintas blog/site nu lebet ka warung urang. Kantos warung urang dianjangan ku langkung ti 100 urang sadinten dina salahsawios dinten tilu minggu kapengker.

2. Ku ayana kitu, sareng ningali seueurna minat kana topik-topik anu didugikeun, pribados salaku “nu ngaladangan” di warung (samentawis), ngahaturkeun ide supados ieu warung dikembangkeun janten majalah sunda on line ku alpukahna para alumni SMA Negeri Sumedang Angkatan 82. Perkawis  Redaksi sareng Rubrik mangga nyanggakeun urang dibadantenkeun wae.

3. Salajengna, pribados nyuhunkeun tanggapan ti para saderek sadaya perkawis pengembangan ieu warung, naha bade dikembangkeun janten majalah on line atanapi mung sakadar media komunikasi biasa sapertos anu tos dijalankeun ayeuna.

Mung sakitu kapihatur, diantos pisan saran sareng tanggapanana. Hatur nuhun.


Bewara

Januari 13, 2010

Kahatur kanggo sadaya netter langganan warung, diuningakeun wireh admin milist warung ditutup samentawis ti tanggal 15 dugi ka 28 Januari 2010 jalaran tukang adminna bade cuti (cuci ti……..). Kukituna:

1. Kanggo para saderek anu bade ngagunakeun warung tapi teu acan pernah ngeusi comment, dihaturanan kanggo ngeusi comment perdana dina ping 13 atanapi 14 Januari, supados henteu nungguan approval ping 29 Januari 2010.

2. Kanggo para saderek anu parantos biasa ngeusi comment, tiasa neraskeun obrolan nanging admin henteu nerbitkeun tulisan anyar.

Mung sakitu kapihatur, mugia ageung pangaksami.


First Comment Approval

Januari 11, 2010

Kanggo Netter anu bade masihan komentar munggaran, dipundut kasabaranana, jalaran aya proses pendataan sareng approval dina administrasi milist-na. Hal ieu dilaksanakeun kanggo  ngajaga kamanan sistem kanggo urang sadaya. Komentar salajengna insyaallah cespleng.


Haturan Baraya!

Januari 9, 2010

Wilujeng tepang di smansalingga82.wordpress.com. Ieu warung khusus kanggo ngobrol urang sadaya dina raraga ngaraketkeun tali silaturahmi. Sumangga, waktos sareng tempat disanggakeun ka para saderek sadayana. Prung ah!


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982