Dongeng Sunda Dina Radio

Februari 17, 2011

Ku: Dadan Sutisna

Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut,  dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih. Sakapeung sok nyipta-nyipta, hayang jadi tokoh sakti dina dongeng. Kawasna mah taya bedana jeung barudak ayeuna, resep kana tokoh-tokoh pilem dina televisi. Nya ari karah ku unggal peuting mah ngadengekeunana, sok aya bae carita anu inget keneh nepi ka ayeuna.

Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio sok disebut dongeng Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge, anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu pamohalan kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, dongeng Si Kabayan, Sasakala Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup sastra lisan. Henteu unggal jelema bisa maca naskahna. Naskahna paranjang, aya nu nepi ka rebuan lambar. Langka anu dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur sababaraha eksemplar deuih.

Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut dongeng kana carita nyambung dina radio teh. Atuh dina ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama nu geus dibukukeun, urang sebut bae roman panjang.

Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng dina radio mah henteu pati diadu-renyomkeun. Henteu sakabeh kritikus sastra apaleun, kumaha kaayaan dongeng Sunda ayeuna. Henteu kawas carpon atawa sajak, meh unggal sastrawan nalungtik kamekaranana. Malah dina diskusi sastra, anu dipadungdengkeun sabudeureun karya sastra nu geus “ilahar”; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara kasabit-sabit perkara dongeng Sunda mah.

Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui komunitasna. Ukur masarakat pilemburan bae anu ngabandunganana teh, kitu oge lolobana generasi nu geus kolot. Hartina, “konsumenna” urang pasisian bae, anu henteu apaleun naha dongeng teh karya sastra atawa lain. Tara ieuh masualkeun pangarangna, tema carita, guluyurna carita jeung sajabana. Nu penting mah rame jeung matak panasaran.

Carita dina dongeng, ngaharib-harib kana novel. Strukturna oge sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na, alur atawa plot, kaasup klimaks jeung anti-klimaks.  Lantaran alur caritana panjang, tokohna oge lain hiji-dua. Malah nepi ka puluhan urang.

Sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu, konvensional, malah aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik. Sareretan mah, bet asa mindahkeun kahirupan nu sanyatana. Lain ukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan kana hiji kajadian teh kudu enya-enya. Hartina, lain saukur ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung pakta.

Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana  mah kahirupan di pilemburan. Malah loba anu nyokot kasangtukang kahirupan masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh para “jawara”, boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh carita anu ngaharib-harib pilem “laga”. Dina lalakon para jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di dinya aya tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga kasaktian luar biasa. Aya tokoh utama, aya tokoh antagonis. Biasana, tokoh utama jeung antagonis boga pangabisa nu ampir saimbang. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung mah, carita silat dina dongeng Sunda, kawas nu kapangaruhan ku carita-carita silat anu datangna ti Cina.

Dongeng Sunda dina carita silat anu  kungsi sohor teh Si Rawing karangan Yat R. Dibacakeunana ku Wa Kepoh deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we, dibacakeunana oge nepi ka sataun leuwih. Dina eta carita, Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana sakapeung mah siga nu owah. Tapi boga pangabisa nu luar biasa. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh Wiro Sableng beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa. Dongeng silat sejenna anu kungsi “rame” dina radio teh di antarana Si Buntung Jago Tutugan, Nyi Ganting (Ahmad Afandi Asgar), Si Bongkok,  jeung rea-rea deui.

Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina carita pantun. Pantun Ogin Amarsakti, lalakon budak anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung. Malah anyar keneh, Aan Merdeka Permana, pangarang anu ayeuna redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu Gunung Salak, anu dibacakeun ku Wa Kepoh.

Euyeub pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus karuhan carita kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun panalungtikan oge, teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman kolonial Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah mangsa harita.

Di antara para pangarang dongeng mah, kakara Ahmad Afandi Asgar (AA) anu karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh prak ngarang teh katembong AA ngayakeun heula panalungtikan. Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna, karasa pisan naskah-naskahna teh aya “nyawaan”. Beunang disebutkeun punjul ti pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah ngolah campuhna rasa Si Tokoh, palebah nyaritakeun kajadian nu matak ketir.

Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si Raja Dongeng tea. Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu beunghar pisan, AA bisa ngahudangkeun rasa nu ngadengekeun dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah.

Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot kasangtukang mangsa penjajahan Jepang, AA mani persis pisan nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina henteu ngalamanana oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para romusha. Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun kana ieu carita. Katembongna, AA mere kayakinan, yen anu dicaritakeunana teh enya-enya kajadian. Lain ukur dongeng. Malah apan AA mah lampar pisan, nyaritakeun kaayaan di nagara Birma sagala rupa, tempat dibuangna para romusha.

Basa Sundana alus, merenah, beunghar naker ku idiom. AA tapis pisan nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng patut anu jadi pahlawan dina ieu carita. Kumaha diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu “manusiawi”, ditembrakkeun bari henteu karasa dijieun-jieun. Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis, mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha peurihna hate Mang Sura, babaturan Sukma anu saumur-umur jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih, anu bisa ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma anu jadi romusha. Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran kahormatanana.

Romusha mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian. Dipitenah, terus katalangsara, pamustunganana “balas dendam”. Asa nyeueung carita Monte Christo, beunang Alexander Dumas tea.

Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang disebutkeun punjul teh. Aya deui carita anu nyokot kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu carita, dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut pisan nyieun deskripsi tempatna hotel perdeo teh. Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga, patugas di ieu pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?). Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe. Ahmad anu terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu ngojay meuntas sagara. Sukuna buntung disamber lauk hiu. Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung pilem Joni Indo.

Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun panalungtikan para mahasiswa kedokteran ka hiji tempat anu masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah (poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif. Imah geueuman, sora nu aneh, nepi ka munculna tokoh anu muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid ajengan jeung nu muhit dedemit),  dicaritakeunana henteu nerag, bangun ngahaja sina matak panasaran.

*

Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.

Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina “Munjung”, atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng pisan nulis carita “jurig”. 

Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa ngaran sandi asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna, loba nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh. Naskah-naskah dongengna kungsi dibacakeun ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang Engkos ti radio Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya. 

Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki Leuksa beunang disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000 nepi ka ayeuna, dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun ku Arman Wijaya ti radio Daya Swara Sumedang.

Kamekaran dongeng Sunda, beunang disebutkeun aya usumna. Kabehdieunakeun geus mimiti melempem. Ukur sababaraha radio bae, anu masih keneh leukeun midangkeun acara dongeng Sunda teh. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an mah, beunang disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat, sok aya bae acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT. Supra Perbindo Parma, jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.

Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan nepi ka masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea, asa pamohalan dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para sponsor, dongeng Sunda teh beunang disebutkeun “jurus ampuh” pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba keneh.

Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu beda jeung sinetron dina televisi. Upama aya sponsor, nya meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh pausahaan “ngareret” kana acara dongeng. Komo nilik situasi ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur ngabeberah bari euweuh buruh.

Nasib dongeng Sunda kiwari, geus mimiti “kritis”. Padahal radio teh minangka media pikeun nepikeun karya sastra lisan. Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun 1990-an, basa aya acara maca carita pondok dina radio.

Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh sponsor, jadi terus melempem, malah ampir-ampiran pareum. Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan kana kreatifitas pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan atawa rebuan lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung kagantian jinis urut meuli keretas oge.

Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh beunang disebutkeun aya unggulna. Ceuk Maman Ma’ruf (almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang dongeng ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban peuting, sok nepi ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik 300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi. Sanggeus ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp. 30.000,- (taun 1992). Eta oge bisa cenah dijual “gelempeng”, hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna, hak cipta nu ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.

Aya pangarang dongeng (kurang merenah upama disebutkeun ngaranna mah) anu hirupna ukur tina nyieun naskah dongeng. Imahna ngagowok leutik. Sapopoena nerektek ngetik, nyieunan naskah jualeun ka radio. Hasilna dipake keur hirup sapopoe, ngabayuan anak pamajikan.

Keur pangarang roman panjang taun 60-70-an,  beunang disebutkeun hade keneh milik. Naskahna bisa dikirimkeun ka penerbit, dicitak jadi buku anu diserikeun. Pangarang anu remen nyieun roman panjang teh di antarana Wahyu Adam (Ganjaran Ka Nu Sabar), Tatang KS (Sumerah Pinanggih Bagja, Ganjaran Hutang Kanyeri, Si Rawing Jago Ti Pakidulan, jrrd), Ki Masram (Tanteu Nonih, Kuburan Beureum ku Getih, Nu Kawin Ngarurub Mayit, jrrd). Roman panjang anu geus dibukukeun teh, loba nu dibacakeun deui dina radio. Di antarana Tanteu Nonih anu nyaritakeun kahirupan hostes.

Harita mah deuih, renung penerbit anu mere lolongkrang keur pangarang roman panjang teh. Di antarana penerbit Tarate, Armico, Budi Asih, Wargina, jeung sajabana. 

*

Dina  kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun dongeng teh, kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot. Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita dongeng oge mere ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener. Malah dina bubukana, anu rek ngadongeng sok nyarita : “Nu saena picontoeun, nu awonna pieunteungeun.”

Dongeng Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan.  Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana ajaran agama (Islam).

Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, naskah dongeng Sunda (najan henteu dibukukeun) milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” arang pisan diadu-renyomkeun.

Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun, pangarang anu nulis naskah nepi ka 1000 lambar kawas naskah dongeng Sunda!

Cag!***


Kagembang ku Tahu Sumedang

September 23, 2010

Diropea Tina Tulisan DHIPA GALUH PURBA

NYARITAKEUN dunya pariwisata, moal leupas tina urusan nu patula-patali jeung beuteung (baca: kadaharan). Méh saban wewengkon, pasti boga ciri has kadaharan istiméwa séwang-séwangan. Contona mah upama nyabit-nyabit ngaran kadaharan dodol, tangtu bakal inget ka Garut. Puguh baé lain hartina euweuh dodol jieunan wewengkon séjén di luareun Garut. Loba pisan dodol-dodol nu sumebar di pasar, kalawan dijieunna lain di Garut, malah di Dépok ge loba dodol mah, komo mun seg manjing lebaran. Tapi angger baé, anu kakoncara mah dodol Garut. Teu béda jeung tahu sumedang, pémpék Palémbang, Markisa Medan, galéndo Ciamis, hui Cilembu, taleus Bogor, tauco Cianjur, jeung sajabana.

Rupaning kadaharan nu kakoncara téh, tétéla bisa jadi sabangsaning iklan haratis pikeun ngawanohkeun hiji wewengkon. Malah teu saeutik, pangjurung laku para wisatawan mancanagara atawa wisatawan nusantara téh, awahing ku panasaran hayang ngasaan kadaharan kadaharan nu kakoncara téa. Ku ayana kitu, puguh baé kadaharan téh minangka bagéan tina poténsi wisata anu kudu dipiara kalawan daria.

Sangkan henteu barieukeun teuing nataanana, kuring rék milih salah sahiji kadaharan anu kacida raketna jeung kuring. Sabada diteuleuman, diimeutan, tug nepi ka nyawang ka mangsa tukang, moal salah deui anu pangraketna téh: tahu. Aya hadéna nulis dina basa Sunda, da moal kudu riweuh upama sakali mangsa rék nulis kecap: nyaho. Contona, kuring nyaho yén tahu téh kacida nikmatna. Upama ditulis ku basa Indonésia mah, tangtu bakal kieu: saya tahu bahwa tahu itu sangat nikmat.

Tahu. Ti mimiti inget kumelendang di alam dunya, kuring leuwih tiheula wawanohan jeung tahu, batan dodol, pémpék, donat, coklat, jeung sajabana. Najan lembur téh rada anggang ti Sumedang kotana, tapi asa mindeng pisan indung kuring milih tahu keur deungeun sangu. Malah satungtung diurus kénéh ku indung, alhamdulillah tacan kungsi sakali-kali acan ngalaman dibéré chicken naget pikeun deungeun sangu.

Geus puguh deungeun sangu téh tahu, ana jig ka sakola, sup ka warung, kop deui kana géhu (togé jeung tahu, dibulen tarigu). Ti mimiti nyorang SD, SMP, SMA, nepi ka kuliah, ngalanggan jajanan téh pasti géhu. Iwal ti regana kahontal ku pésak, katambah deui létah kuring mémang geus kacanduan ku géhu. Kajeun hot dog regana leuwih mahal, da kuring mah bakal kumétap kénéh kana géhu. Sakalieun rada incah tina géhu téh, paling ogé kana baso tahu, kupat tahu, atawa tahu gejrot. Angger-angger kénéh tahu.

Ka dieunakeun sok kerung jeung rada hémeng, upama jajan géhu di warung. Ongkoh géhu, tapi kabuktianna mah euweuh togéan. Aya kalana diganti ku bihun, wortel, emih, atawa ukur tahu dibulen ku tarigu. Padahal ari ngaranna mah angger wé géhu. Untung pisan, kuring tara hayang protés. Babaturan kuring ogé, jempling wé “dibobodo” ku nu dagang téh. Rék naon baé baturna, satungtung aya tahuan mah, tetep baé géhu. Tapi duka teuing, upama sakali mangsa tahu-na anu diganti atawa dieuweuhkeun mah. Bisa jadi, kuring moal daék nyebut géhu, lamun anu dibulen ku tarigu téh ukur togé, wortel, bihun, emih, jeung sajabana. Lebah dieu, kabuktian yén tahu leuwih nangtukeun kalumangsungan géhu, dibandingkeun jeung togé—najan togé disebut pangheulana: togé-tahu.

*

MALEM Kemis, tanggal 11 Méi 2005, aya talk show, anu digelar rampak gawé antara Komunitas Gerbang Unpad, Huria Mahasiswa Antropologi, jeung Jaringan Kekerabatan Indonésia. Demi jejer anu dipadungdengkeun téh taya lian perkara Tahu Sumedang, kalayan dijudulan: “Andai dia Tahu”. Anu kapeto jadi panyaturna aya tilu urang, nyaéta Hawé Setiawan, Setiaji, jeung Zarkasih, kalawan panumbu caturna Bérby (mahasisiwi geulis, urang Bangka asana mah).

Dina éta riuangan, Hawé ngasongkeun panyawang ngeunaan tahu anu geus jadi idéntitas kasundaan, hususna Sumedang. Ceuk Hawé, di Sumedang perelu dipikiran sangkan diwangun arca tahu. Tahu Sumedang leuwih suksés ngawanohkeun Sumedang, sanajan dibandingkeun jeung Séksi Humas Pemkab Sumedang.

Kaitung panjang rupaning dadaran Hawé ngeunaan tahu téh. Tapi kuring ngajenghok, basa Zarkasih nétélakeun yén kacang kadelé anu dijieun Tahu Sumedang téh mana horéng meunang ngimpor ti Jepang. Daék teu daék, kuring kudu percaya, da puguh Zarkasih mah sapopoéna ogé mémang icikibung di dunya tahu. Sebut baé, Zarkasih téh salahsahiji pangusaha Tahu Sumedang nu kaitung suksés.

Sajeroning ngasaan Tahu Sumedang jieunan Zarkasih, pikiran jadi mancawura ka mana karep. Kaya kieu mah, palangsiang isuk jaganing géto, teu pamohalan lamun Tahu Sumedang bakal kasilep ku Tahu Jepang. Apan kiwari ogé, bahan dasarna geus ti Jepang. Naha di lemah cai Pasundan nu kakoncara subur makmur, kalah meuli kacang kadelé ti Jepang? Lebah dieu, urang perelu maluruh kalawan daria, naha lahan tatanén di Sumedang anu legana 1.521,95 km téh, geus béak kaléléd ku jalan tol jeung real estate? Atawa mémang di antara 997.000 urang Sumedang, geus mumul melak kacang kadelé? Saliwatan, kuring sok rajeun nengetan para nonoman di pilemburan, anu leuwih reueus ngojég batan bobolokot di kebon atawa di sawah.

*

UPAMA cék Hawé Setiawan tahu téh minangka salahsahiji idéntitas kasundaan, kuring ogé mémang boga pikiran ka dinya. Tapi aya deui tambahna. Kuring boga pamadegan, yén Tahu Sumedang téh minangka hiji tanda raketna duduluran antara urang Sunda jeung Tionghoa. Pangna kitu, apan nu mimiti boga ideu nyieun tahu téh taya lian Ong Kino, urang Tionghoa nu ngumbara di Sumedang. Satuluyna disambung ku budakna, Ong Bung Keng, kira taun 1901 nepi ka 1993. Sajabana ti Ong Bung Keng, aya deui sawatara ngaran nu sarua ngamekarkeun usaha tahu, nyaéta Ong You Kim (Ukim), Ko Aniw, Ko Lento, Ko Jung Gong, jeung Babah Hek. Kilang kitu, ari anu popilér mah tetep baé Tahu Ong Bung Keng. Upama sakali mangsa ngaliwat ka Kota Sumedang, aya hadéna nganjang ka Jalan 11 April Nomor 53 (baheula mah Jl. Tegal Kalong, Kelurahan Kota Kaler). Pasti manggihan hiji plang ngajeblag, anu unina: “Tahu Bungkeng, Perintis Tahu Sumedang Sejak 1917“.

Dumasar kana sababaraha sumber anu bisa dipercaya, kaasup ngayakeun wawancara langsung ka praktisi tahu, mimitina mah ngaran tahu téh nyaéta tou fu. Pangna jadi tahu, lantaran diluyukeun jeung létah urang Sunda. Tapi aya deui carita nu sumedar, yén gumelarna ngaran tahu téh raket patalina jeung Pangéran Soeria Atmadja, Bupati Sumedang taun 1928. Harita, Pangeran Soeria Atmadja kataji ku tou fu buatan Ong Bung Keng. “Ngeunah tahu téh…” kitu saur Pangéran Soeria Atmadja. Anu antukna ti harita pisan, tou fu robah ngaran, jadi tahu.

Ku popilérna Tahu Sumedang, tangtu mawa berekah ka masarakat Sumedang. Kiwari, loba home industry anu ngokolakeun tahu, boh warga Sumedang atawa Tionghoa. Kapasitas produksina nepi ka 8,2 ton saban taun, kalayan ngahasilkeun duit Rp 11,5 miliar. Perkara tahu mah, mémang tacan aya nu bisa ngungkulan Sumedang.

Sawatara waktu kaliwat, Tahu Sumedang dicatet ku Musieum Rékor Indonésia (MURI), minangka tahu pang panjangna. Tahu Sumedang dicatet dina nomer rékor 1.506, sanggeus nyieun tahu anu panjangna 81 Meter, lébar 34 cm, jangkungna 5 cm, kalayan méakkeun 7,5 kintal Kadelé. Éta tahu nu ngageunjleungkeun téh dijieun ku 150 urang praktisi tahu, ti 20 pausahaan tahu di Sumedang. Tahu Sumedang ngungkulan rékor saméméhna dicangking ku Kabupatén Tegal (10/04/05), kalayan panjangna 43,5 Méter. Hartina, Sumedang geus suksés nyepeng rékor tahu pangpanjangna jeung rékor tahu pangbadagna, anu dicatet leuwih tiheula, taun 2004.

*

NILIK kasuksésan Tahu Sumedang, tangtu baé aya sawatara catetan anu perelu dipikiran ku lembaga atawa instansi nu patali jeung widang pariwisata. Pangpangna mah kuring manghariwangkeun Hak Kekayaan Intelektual (HKI) direbut ku urang deungeun. Komo deui sanggeus kacang kadelé-na ngimpor ti Jepang.

Nyarita perkara pariwisata, tangtu nyarita “kemasan”. Pihak pamaréntah kudu nyiar tarékah sangkan henteu kapiheulaan ku kaum kafitalis, dina raraga ngundakkeun “harga jual” tahu. Kamajuan jaman, teu bisa disingkahan deui, geus bisa ngarobah cara nyawang rupaning perkara, utamana anu nerekab ka para nonoman. Upama para nonoman ngarasa éra atawa géngsi meuli tahu di warung leutik—komo ti tukang dagang asongan, tangtu bakal béda lamun sakali mangsa tahu téh disalin jinis siga kadaharan nu nyampak di McDonald.

Kareueus para nonoman kana tahu, perelu diundakkeun deui. Kawasna kagiatan sobat-sobat di Unpad bisa dijieun conto pikeun para nonoman séjén, sangkan bisa ngajénan kana kadaharan lemah cai sorangan. Sabisa-bisa ma, para nonoman téh sing bisa “idéntik” jeung Tahu Sumedang, lain jeung Dunkin Donuts.

Lebah dieu, merelukeun rampak gawé ti rupaning unsur pamaréntah jeung masarakat. Patani mah tos diécéskeun tugasna, mikiran pepelakan kadelé, sangkan henteu kudu ngimpor ti Jepang. Lembaga kapariwisataan ogé, atos écés. Atuh komo deui diréktorat jéndral HKI. Tug nepi ka lembaga kaséhatan, teu meunang cicingeun. Lembaga kaséhatan ulah bosen ngadadarkeun pentingna nuang tahu. Apan tahu téh mibanda protéin nu kacida gedéna, malah satata jeung kualitas protéin hewani. Sakumaha anu bisa ditengetan dina NPU (net protein utility), yén sabagéan loba protéin tahu bisa mangfaat pikeun kabutuhan awak, kurang-leuwih 65 persén.

*

KURING moal ngarasa éra, upama aya nu nyebut “generasi tahu”. Mémang bener, kuring mah loba ngadahar tahu—sajabana ti sangu. Kacida ngahaturkeun nuhun ka para praktisi tahu, anu teu weléh satia nyadiakeun kadaharan murah tur ngandung giji. Tukang nyieun tahu, salah sahiji nu milu ngaréalisasikeun Undang-Undang Nomor 7 Tahun 1996, anu di antarana nétélakeun yén kualitas pangan anu dikonsumsi téh kudu nyumponan sababaraha kritéria. Di antarana aman, ngandung gizi, jeung bisa kahontal regana ku masarakat.***


Bulan Puasa Baheula

September 21, 2010

BULAN puasa téh pohara dianti-antina, komo keur barudak di lembur mah. Atuh komo lebaran, weu, puseurna kabagjaan. Kitu deui anu kaalaman ku kuring harita mangsa keur budak, loba kalangenan bulan puasa anu matak waas, hésé dipopohokeunana. Bisa jadi keur barudak ayeuna mah bulan puasa téh taya bédana jeung bulan-bulan biasa.

Aya sawatara kabiasaan barudak lembur dina bulan puasa, nyanghareupan lebaran, jeung mangsana lebaran. Bisa jadi kiwari gé masih aya, tapi méh teu jadi hal anu istiméwa. Di antarana waé kuramas, ngabuburit, tarawéh tanggal lilikuran, abring-abringan subuh, nganteurkeun rantang, mecak baju anyar, jeung ngumpul-ngumpulkeun peresénan buruh tamat puasa. Geura urang dadarkeun.

Kuramas

Bulan puasa téh baheula mah sakola ogé pakanci sabulan campleng. Atuh waktu sabulan téh tara ieuh dipaké diajar, paling ogé ngaji di madrasah. Ari mangsana munggah, piisukaneun puasa, ulin téh sok tara kebat. Da Ema ngomat-ngomatan, kadé poho kuramas, cenah.

Lantaran inget kana cariosan Ema téa, atuh ulin téh tara jauh. Enya, paling gé milu ngalintar di balong, atawa milu néwakan lauk dina balong anu ngahaja dibedahkeun. Di lembur mah puguh wé obyag kacida munggah téh. Tah, mangsana lohor, kuring jeung babaturan sok terus kuramas, tampolana silih kasay ku daun calingcing. Kuramas téh geus maranti dina padasan atawa di balong Aki Lebé nu aya tajugan upama kabeneran teu dibedahkeun.

Bulan puasa téh karasa naker istiméwana, sarung hapeuk gé sok ngahaja ku Ema diseuseuhan heula jang engké peuting tarawéh. Malah kungsi sakali mangsa kuring poho waktu mandi teu kuramas. Teu ngingetkeun tiris, harita kénéh, magrib-magrib ngahaja mandi deui. Wayahna cék Ema, pan énjing badé saum. Kuring unggeuk bari ngahodhod

Ngabuburit

Sanajan waktu mah angger, teu ngagancangan teu ngendoran, tapi ari keur puasa mah sok ngadak-ngadak asa lila. Seug komo upama mangrib diarep-arep bari ngajentul di imah, kabina-bina keselna. Beuki tambah ripuh puasa téh upama selengseng seungit pasakan anu jolna ti dapur. Tah upama kuring geus kusang-kaséngan, Ema sok ngajurung malar ngabuburit. Atawa, mun embung ingkah, Ema sok miwarang ngaganjel beuteung ku bantal bari nangkuban. Lumayan aya karasana, teu seueul teuing angen téh.

Jaman kuring keur budak, di lembur, ngabuburit téh béda jeung budak ayeuna di kota. Enya, geuning barudak kota mah nu katénjo téh ngagimbung di tempat PS (playstation) atawa di tempat dingdong anu ilaharna ngahiji jeung bilyar. Tah, barudak lembur mah ngabuburit téh éstuning jarambah; ngurek, nawu kulah, morog manuk, tampolana ngadon ngondol hui. Enyaan teu karasa nyérélékna waktu téh. Ti lohor ka asar asa sakeudeung jeung teu karasa lapar deuih. Atuh geus karuhan ti asar ka magrib mah asa nyérélék pisan bubuhan sok terus ngaji ka madrasah.

Tétéla kabiasaan ngabuburit téh karasa mangpaatna, da najan sakumaha resep ulin gé tara tepi ka kalalanjoan. Anu karasa ku kuring harita, Ema kacida setréngna dina urusan salat jeung ngaji mah.

Ulin subuh

Rérés saur, sabada salat subuh, kuring jeung babaturan sok ngahaja ngadon abring-abringan sapat tepi ka isuk-isuk. Ti dituna mah olahraga da maké sok aya nu acreug-acreugan lumpat. Abring-abringan subuh gé teu éléh resepna jeung ngabuburit.

Lain baé barudak horéng nu raresep ulin subuh téh, barudak rumaja jeung pamuda gé loba. Tampolana, anu katénjo, maké jeung arotél sagala, tug padahal cék Ema mah dipahing pisan kitu peta bulan puasa téh. Ari kuring onaman da masih lembut, tara tepi ka kitu mah. Enya, paling ogé lulumpatan bari éak-éakan. Orokaya, lantaran kamalinaan olahragana tepi ka sok jadi hanaang. Malah babaturan mah saking teu kaampeuh hanaangna, sadatangna ka imah téh culang-cileung, regot nginum citéh bari urut janari. Harianeun.

Taraweh Lilikuran

Dina bulan puasa minggu kahiji mah masigit téh sok karasa heureutna. Anu tarawéh kolot-budak katut ibu-ibu sasat ngagebreg. Lamun seug ngukur kana kahusuan mah, anu karasa ku kuring harita, sasat jauhna gé tangéh boa. Enya, da geuning resepna téh semet marotah baé, tampolana kélu silih téngkas jeung silih suntrungkeun sagala. Atuh mokaha balik tarawéh téh maké jeung aya nu bencenong tarang sagala. Harianeun mun balik teu rawah-riwih ninggang ka budak awéwé mah.

Lebah balikna deuih nu resep téh, sok ngahaja tingsalingker di nu poék lebah dapuran cau. Barang barudak awéwé ngabrul ka lebah dinya, tangkal cau diendag-endag, atuh teu wudu tingjareritna. Malah aya kalana labuh karéngkas mukena. Kitu lengerna harita kuring keur budak.

Sanggeus meuntas saminggu, nu tarawéh ka masigit téh jadi coréngcang, tinggal bapa-bapa, ibu-ibu katut aki-aki baé. Tah, lamun geus coréngcang kitu, kuring sok sangeuk ka masigit, najan dikukuprak ku Ema ogé.

Minangka resepna deuih tarawéh téh upama geus nincak lilikuran, atuh masigit gé jadi ramé deui. Biasa wé kuring jeung babaturan mah ngadon marotah, silih berik silih suntrungkeun. Anu pangkeuheulna mah upama babaturan geus aya nu ngamimitian bekok colok, da ngantelkeunana kanjat antel kana irung.

Resep tarawéh tanggal lilikuran mah, sabab di masigit sok loba dahareun kayaning opak, wajit, ranginang, katut tumpeng. Pangeusi lembur bagilir nganteuran ka masigit, nya lumayan waé aya buruh capé tarawéh. Ngan édas, lantaran geus menda, jadi horéam saur téh.

Ngumpul-ngumpul Dadahareun

Kasebutning keur puasa, komo manjing asar, nénjo hulu peda sésa buka gé matak uruy. Tampolana sok papadon ka Ema, tong dipiceun engké rék dicocolan ari buka. Ngareungeu kitu Ema ukur nyenghél, tapi surti ka nu keur lapar.

Kitu nu kaalaman ku kuring jeung babaturan gé, teu weléh kabita waé. Malah, antukna mah sok dibayang-bayang, dur magrib téh rék dahar itu heula ieu heula. Tah, kabiasaan ngabayangkeun jiga kitu téh kababawa mangsana ulin ngabuburit. Kadaharan teu sirikna dikumpul-kumpul. Babaturan nu boga tangkal jambu atawa kérsen upamana, sok tingtérékél wé kanjat marerekis pésak gé, bebekelan jang engké buka. Atuh kasorénakeun mangsana tukang dagang dadakan bulan puasa dadasar, sabangsa kulak-kolek katut candil teu burung payu. Kaburitnakeun tukang dagang téh pak-pik-pek ngaladangan, papada hayang diheulakeun sieun kaburu magrib. Atuh nungguan dur magrib téh geus mendeko bari dilingkung ku rupa-rupa dahareun, antukna mah kanjat sok barieukeun, kudu naon heula nu pangheulana dihuapkeun.

Mindeng kajadian, lantaran makmak-mekmek sagala didahar, atuh teu kuat tarawéh, anggur adug songkol kamerekaan. Janari kitu deui, saur téh nataku horéamna, semet cuhal-cahél alakadarna da beuteung sasat teuas kénéh. Balukarna, lantaran saur teu normal, atuh beurangna jadi kaduhung teu rewog saur, sagala kabita deui nu antukna nya ngumpul-ngumpul dahareun deui baé.

Nyeungeut Karbit

Nyeungeut karbit téh sasat geus jadi kalangenan kuring saban bulan puasa. Biasana, pidua poéeun deui ka puasa, mun pareng Ema ka pasar balanja jang kaperluan munggah, kuring sok pesen ménta dipangmeulikeun karbit. Babaturan ogé sihoréng sarua, tampolana mun kolotna pohoeun teu meuli, sok terus ceurik gégéréléngan.

Atuh ti beurangna dag-dég-dog nyieun lodong ti mimiti awi panggedéna tepi ka nu pangleutikna, merenahkeunana disusun jiga runtuyan calung. Peutingna sabada buka, pak-pik-pek mékprékkan karbit sagedé-gedé indung leungeun. Ari awi nu sok dipaké lodongna, di antarana awi surat, gombong, bitung, atawa awi tali.

Raména nyeungeut karbit biasana ti peuting sabada tarawéh. Atuh nyeungeutna ogé sok bareng jeung babaturan, grup-grupan, najan kitu ari karbitna mah sok marekel séwang-séwangan. Ana derna badis keur perang baé, patémbalan antara lembur kuring jeung lembur batur nu paeunteung-eunteung. Atuh lamun geus deukeut ka lebaran mah, minangka mariemna, sok ngahaja nyieun lodong tina tangkal jambé atawa kawung, sorana ngageleger handaruan.

Harita aya kajadian lucu, tapi matak reuwas kareureuhnakeun. Sanggeusna lodong diseungeut, tara langsung deui dieusian karbit, tapi sok didédéngékeun heula, nyereces kénéh karbitna atawa henteu. Upama nyereces laju dicocokan deui liangna, ana diseungeut téh sok disada kénéh, najan teu pati tarik gé. Tah harita basa kuring nitah ngadéngékeun nyereces henteuna ka babaturan, panyeungeut masih hurung, ceuli babaturan persis dina tungtung lodong. Ari tel téh teu kahaja seuneu antel kana liang panyeungeutan, beledag disada, atuh babaturan tepi ka kokowowongan katorékan. Hayang seuri campur reuwas, tilu poé teu patanyana ogé.

Nganteurkeun Rantang

Pisaminggueun deui ka lebaran, suasana lembur karasa robahna, hégar béar. Bubuhan nyampeuk ka lebaran, sagala rupa diberesihan. Teu sirikna jarian ogé dikoprakan dicacaran, geus karuhan imah katut pagerna dipulas pabodas-bodas. Tah guyubna masarakat ngurus lembur téh dina mangsa nyampeuk lebaran jeung agustusan. Atuh masarakat ogé témbong naker béar budina, bubuhan puseurna kabagjaan saréréa lebaran mah.

Tah, aya hiji kabiasaan nyampeuk lebaran anu kiwari geus mimiti langka, nya éta kabiasaan silih anteuran rantang. Ari maksudna mah pikeun silih asaan rejeki jeung tatangga. Kitu wé rantang téh kukulibekan di lembur. Tampolana sanga kumeli atawa besengek cabé pangirim sok kanjat dikirimkeun deui. Anu matak mindeng kajadian, besengek ti urang balik deui ka urang. Bisa jadi éta besengek ngalaman ider-ideran heula.

Upama jeung tatangga geus bérés, kakara rantang téh liar ka nu rada jauh, pangpangna nepungan dulur-dulur anu cék pancakaki saluhureun. Anu matak teu anéh mindeng nangénan pangeusi lembur tingalabring bari ngajingjing rantang. Da ari nepungan dulur mah sok sabondoroyot, atuh baju nu dipaké gé kudu nu rada pantes. Jaman keur budak, sok ngahaja milu nganteurkeun rantang ka nu jauh mah, najan enya nikreuh tara ieuh ngarasula. Éta pangpangna mah, di ditu sok pada nanya, pajar ”tos batal teu acan?”, najan kungsi nyémén, tara geruh, istuning nyebut can batal baé. Atuh peresénan buruh tamat puasa kaerong bakal kapésakan. Da jeung enyana, balik nganteurkeun rantang téh obat béntol waé mah kabeuli.

Ngurek

Ngurek téh geus jadi kalangenan anu pohara resepna. Bari resep bari aya hasilna deuih. Seug komo bulan puasa, salian ti resep bari meunang belut téh, apan ngabuburit; waktu buka nyérélék teu karasa.

Lain bohong bulan puasa téh malah ramé di sawah,teu sirikna ti isuk jedur tepi ka sore jedér tingaraleutna nu ngurek téh. Jeung, anéhna najan unggal poé diurekan, belut téh sasat teu ngorotan. Bubuhan tara aya nu pirajeunan nyetrum atawa mortas harita mah. Da kuring jeung babaturan gé tara nepi ka nyamos, beuki jauh ngaprakna, beuki loba hasilna. Ngan édas, abong budak, dina ngurek gé osok waé aya lengerna. Babaturan nu keur jongjon ngakalan “belut ngolo” mani depong-depong waé na galengan. Ditimbul ku taneuh eumeul-eumeul ti kajauhan, sok kanjat tikusruk éta téh. Resep nénjo bébérénténgna ka nu séjén, da kuring mah sok gancang pura-pura jejem malar teu katohyan. Kitulah jiga noel ceuli budak nu aya di hareupeun atawa gigireun urang, apan sok rungah-ringeuh bari nyangka ka saha waé.

Maleman Takbir

Teuing ku ramé ari maleman takbir, lembur téh hirup sapeupeuting. Saban pongpok masigit raéng ku nu takbiran, atuh geus karuhan dulag mah ngadurugdug taya eureunna. Ibu-ibu di imahna séwang-séwangan, pak-pik-pek ngahias méja ku rupa-rupa idangan. Kéler peuyeum ketan minangka kokojona dina méja, bubuhan kadaharan has lebaran éta mah.

Kapeutingnakeun malah kaluar ti masigit jeung bedug-bedugna, diarak ngurilingan lembur, geus leuwih ti haneuteun kasebutna gé. Bruy-bray lampu cempor, tinggalebur obor, peuting ramé leuwih ti beurang.

Barudak mah tara tutug abring-abringanana ogé, kajaba barudak pamuda jeung kolot-kolot, da sok inget waé kana baju anyar pakéeun isuk. Atuh sadatangna ka imah, rap baé si baju anyar téh dipecakan, tampolana henteu cukup sakali da sok rap deui, rap deui. Sapatu anyar ogé sarua deuih dipecakan, leuleumpangan peuting-peuting di patengahan imah malar isuk teu ngawagu.

Sihoréng méh saréréa barudak lembur baheula mah karitu, jécéh kabina-bina kana baju anyar téh. Ongkoh deuih dipangmeulikeun baju anyar téh ukur nitih sataun sakali.

Sapeuting jeput maleman takbir mah raména ogé. Komo mun seug caang bulan; ucing-ucingan, lulumpatan, nyeungeut karbit, geus karuhan nu ngadulag jeung nu takbiran di jero masigit mah.

Lebaran

Dur subuh pancuran jeung sumur geus pinuh ku nu marandi, teu sirikna pagelek-gelek. Sabot nungguan giliran, galécok nyaritakeun soal baju anyar, kadaharan, jeung rencana piknik. Mun peuting di masigit raména téh, ari geus subuh mah di pancuran.

Balik mandi téh rap baé baju anyar, tara ieuh maké sarung, kajaba sabagian bapa-bapa. Laju gesat-gesut muru masigit, ngadon salat sunat.

Saréngséna sunat, sanggeusna sasalaman, geur ngadulag bébéakan. Teuing kumaha mimitina, da kulit bedug téh ngan semet lebaran baé umurna. Mun teu soéh, nya sok aya nu pirajeunan ngabesét. Tapi, tara ieuh aya nu ambek, da kulit pigantieunana geus sayagi, beunang ngahaja meting tina kurban.

Tinggélémbréng baju anyar, kolot budak, awéwé lalaki saruka bungah bari silih hampura, silih anjangan, jeung silih asaan kaolahan. Mun poé-poé biasa tara pirajeunan nénjo nu disapatu, bubuhan di lembur, tapi ari lebaran mah maraké sapatu, copélna sageuy teu sandal anyar.

Barudak loba anu tingaringkud lantaran keuneung lécét, pangpangna mah ku tara biasa maké sapatu téa. Komo ieu bari jeung leuleumpangan ka ditu ka dieu tur indit ka tempat anu kaerong meujeuhna dipaké abring-abringan piknik. Sageuy mun teu lécét suku urut sapatu gé.

Atuh bapa-bapana, baju lebaran téh saterusna mah sok maneuh dipaké jumaahan, tara terus dipeleter saban poé. Jadi lumayan rada awét, béda jeung barudak. Najan, ari ku lila-lila teung mah, baju lebaran téh nasibna jadi … cocok lodong.***


Dipegat Peneng

April 5, 2010

BISA jadi kulantaran pangeusi kota can loba, sasat kaurus pisan kota teh. Kageroh ku pamarentah kabupaten nu pagawena ukur pupuluhan oge. Ongkoh warga kota teh narurut keneh. Sarieuneun mun teu nurut kana peraturan atawa baha kana parentah gegeden teh.

Geura we, tutumpakan, teu waranieun ngarempak palaturan padahal tara sapanjangna aya pulisi. Kareta mesin, beca, delman, geus puguh ari motor jeung mobil mah, apan tara aya nu wani ngulampreng peuting bari teu make lampu. Berko sepedah teh apan paalus-alus, pacaang-caang.

Tukang beca, ti tabuh lima sore keneh geus meresihan jeung ngaminyakan lantera. Digantungkeun dina palang per kolongeun jok. Ti kajauhan oge geus kaciri aya beca najan jalan meredong oge. Lampu delman sadua-dua kenca katuhu. Mani aralus naker lanterana oge.

Malah roda nu ngangkut barang, kayaning awi leunjeuran atawa kai, tara mopoek. Lampu roda mah biasana cempor nu singsimna gede. Seuneuna kakalicesan katebak angin, kembang damarna matak harideung kana baju, malah beungeut tukang rodana oge sok camerong.

Ahir taun 60-an lampu jalan di kota Sumedang  acan caang cara ayeuna. Bohlam biasa, paling gede ge kawasna ukur 60 watt. Aya nu make kap lampu tina seng guntang-gantung dina kawat luhureun jalan. Aya oge nu make gagang nu napel dina tihang listrik. Lolobana mah jalan teh meredong we, komo jalan rondaan atawa gang mah. Di Warung Situ, ka kulonna mah mongkleng we. Kitu deui Sindangraja kakalerkeun, atawa Tegalkalong ke wetankeun, sacaang caangna tina lampu teras imah nu ngajajar sisi jalan. Barudak leutik, ari baralik ngaji teh sok tingrariung di tengah jalan. Mun ti kajauhan nyorot lampu mobil, barudak teh sarurak, alajrag-ajragan, arigel-igelan. Kakara buriak ka sisi, mun mobil geus deukeut.

Ti magrib keneh sok aya pulisi, nu patroli kana kareta mesin. Dua atawa tiluan, patutur-tutur. Ngurilingan kota. Iwal ti patroli bisi aya jalma jahat, pulisi teh bari nalingakeun tutumpakan nu teu make lampu. Tara pipilih, mun katembong aya kareta mesin atawa tutumpakan sejena, teu make lampu teh sok terus di berik. Ditewak, sina jagjrag ka hopbiro. Tapi jarang pisan nu katewak teh, da narurut tea warga kota teh.

Kabeh tutumpakan harita mah di pajeg. Kareta mesin oge kudu make peneng. Pagawe Pamongpraja dibarengan ku pulisi sok ngayakeun razia (mun ayeuna mah). Megat sapedah nu ngaliwat. Dipariksa penengna. Mun waktuna geus kaliwat bari penengna can di ganti, teu meunang heunteu, harita keneh kudu meuli peneng bari di denda. Nu teu mawa duit, surat sapedah teh ditahan, jelemana sina balik heula, nyokot duit. Harita mah kareta mesin oge kudu make surat, cara STNK keur mobil jaman ayeuna. Malah tukang beca oge iwal ti kudu boga surat beca teh kudu boga rebewes deuih.

Tumpak kareta mesin nu can ganti peneng teh sok tara jongjon. Sieun kapegat peneng. Elatna ukur sapoe dua poe oge, angen teh sok ratug, teu weleh luak-lieuk. Mimindengna na mah kapaksa sok mabal we, mapay jalan leutik nu rada suni. Atuda pulisi nu megat teh sok kacida imeutna, tara aya tutumpakan nu kaliwat.

Saban taun, sok gunta-ganti, rupa peneng teh. Aya beureum, koneng, hejo, atawa bulao latarna teh. Ditapelkeun dina beuheung kareta mesin, luhureun garpuh, handapeun setang. Barudak sakola mah sok gagayaan, napelkeun peneng teh dina palang atawa dina garpuh. Ngajajar, minangka stiker mun ayeuna mah.

Peneng beca mah rada gede, napelna teh sok di tukangeun panyarandean, gigirieun laci. Aya oge nu di tapelkeun dina tihang sela. Ari peneng delman, wangunna teh lonjong sagede tampah budak. Ditapelkeun di hareup deukeut puhu bom.

Pagawe pamongpraja teh harita mah garetol pisan mulut pajeg teh. Nu sok ngider ka saban imah oge aya, mariksa pajeg radio. Imeut pisan, saban nu boga radio sok didatangan. Aya deui nu sok ngontrol ka saban lembur teh nyaeta mantri bangunan. Mun katembongeun aya nu kuriak, kajeun ukur menerkeun kenteng, cek paribasana, tara teu didatangan. Nu boga imah teh sok di tanya kikitir atawa leter ce jeung surat ijin ngadegkeun atawa ngomean imah. Kolot mah nyebut kanu sok ngontrol imah teh, mantri adegan.***


Perepet Jengkol

Maret 28, 2010

Pérépét jéngkol nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.

Nu maenna 3-5 urang, gerakanana engkle bari muter, biasana dipaenkeunna di buruan imah atawa di sakolaan. Ieu kaulinan bisa jadi lomba mun dipaenkeun ku sababaraha kelompok. Tiap-tiap kelompok kudu mertahankeun ulah nepi ka leupas ti kakaitan suku teh. Nu meunang nyaeta nu bisa nahan/ lila teu leupas-leupas.

Maenna, tiap-tiap budak milih kelompokna, tuluy patukang-tukang bari pacekel-cekel leungeun, salajengna suku kenca atawa suku katuhu eta budak dikaitkeun kana leungeun nu keur pacekel-cekel tea, disusul deui ku suku budak nu sejen, budak nu pamungkas ngaitkeun suku kudu bari ngonci suku-suku nu sejen, meh teu gancang leupas. Sanggeus dikonci, tuluy leungeun barudak nu pacekel-cekel dileupaskeun. satuluyna engkle bari muter, salian ti muter bari emprak jeung ngawih. Ngawihna kieu: “Perepet jengkol jajahean, kadempet kohkol jejeretean”. Mun diantara budak, sukuna aya nu leupas, nya lasut, sedengkeun nu masih kuat mah nya dituluykeun. Mun kabeneran aya keneh sababaha kelompok nu kuat, kelompok-kelompok eta patubruk-tubruk; sing saha nu teu bisa nahan tuluy labuh, eta nu eleh.

Kieu kawihna: Perepet Jengkol Laras: Salendro, Surupan 1 = Barang

2 1 5 1 2 1 5 1 1 2 1 5 1 2 2 1 5 1 1 pe re pet jeng kol ja ja he an ka dem pet koh kol je je re te an.***


Riwayat Pantun

Maret 13, 2010

Disisi gunung Mananggel Cianjur tahun 1766, aya hiji jalma ngaranna Tjakradiparana. Duka urang mana asalna, karesepna kana pantun. Kieu riwayatna ;

Dina hiji waktu, Tjakradiparana tatapa di gunung. Anu maksudna hayang bisa mantun, lilana 40 poe. Barang geus tutup tatapana, kadatangan gu!ang-gulang (tukang jaga lawang ka Kabupaten), anu maksudna ngemban timbalan Dalem. Tjakradiparana kudu ngadeuheus ka Kabupaten.

Gancangna, Tjakradiparana indit diiringkeun ku Gulang-Gulang arek ka Kabupaten. Tapi di sajeroning leumpang, Tjakradiparana ngarasa heran pohara jeung sejen tetenjoan. Sabab nu disorang teh bet jalan anu resik pohara tur lempeng ngulon. Anu saterusna jolna ka hiji Karaton nu sakitu agreng, kalayan cahaya lampu anu sakitu aralusna asa dina pangimpian bae.

Barang geus anjog ka Karaton, gek Tjakradiparana diuk. Teu lila ti jero Karaton sumping Kangjeng Raja, ngabageakeun ka Tjakradiparana bari sasauran ;

” Bagea Tjakradiparana, bener anjeun teh hayang bisa mantun, pek atuh cokot, tuh pantunna di kamar ! saur Kanjeng Raja.

Jung bae Tjakradiparana indit, nyokot pantun tea di kamar. Sarta manehna kaget sabab pantun teh kacida beuratna tur gede, mani sagede lisung bangkrung. Jeung kawatna teh, ngan aya 6 siki (lambar). Terus eta pantun teh disimpen payuneun Raja. Salajengna Raja ngalahir ;

“ Pek maneh geura mantun, ngan lamun rek mantun (ngalalakon) kudu bukti jeung anu dilalakonkeunana. Ayeuna ku kula rek dlgeroan Tjiung Wanara “, tah ieu buktina.

“Ayeuna lalakon Lutung Kasarung”; tah ieu buktina.

“Ayeuna lalakon Mundinglaya“, tah ieu buktina.

“Ayeuna lalakon Sangkuriang“, tah ieu buktina.

” Jeung lamun maneh rek mantun, kudu disambat kalawan disebut anu baris dilalakonkeunana ! “, kitu saur Raja.

Sanggeus Tjakradiparana bisa mantun tur kawidian ku Raja, jung manehna balik. Ari datang ka lemburna (imahna) manehna ngarasa kaget, rehna loba pisan jalma keur ngagimbung. Nyaeta hajat ka 40 poena Tjakradiparana, sabab geus dianggap maot. Atuh jalma­jalma kabeh pada kaget, sabab Tjakradiparana mah geus maot opatpuluh poe lilana

Ti wangkid harita pisan, Tjakradiparana jadi tukang mantun anu sohor pisan. Nepi ka loba pisan, nu hayang dipangmantunkeun. Sarta lila-lila mah, kauninga ku Dalem di Cianjur. Terus Tjakradiparana disaur kudu mantun di Kabupaten (Kadaleman). Alam harita mah, mantun teh tara make dikawihan kawas kiwari. Estu ngan nyaritakeun lalakon, bae.

Wallahu ‘alam…..!***


Rajah Pamunah

Maret 10, 2010

ASA ku waas ulin ka imah dulur aya kacapi, rek nyalahkeun saha yen urang naha jadi urang Sunda… da euweuh nu menta atuh. Puguh we bari jeung teu bisa oge ramo terus garetek hayang nyintreukan eta kacapi. Waas ku kaayaan heubeul di lembur… diajar ngacapi dipirig ku suling pelog bari mantun ngarajah… mun teu salah mah kieu yeuh ngarajahna the, punten ah…

Bul kukus aing ka manggung
Gumulung jadi tujuh kuwung-kuwung
Amit widi ti kiwari ka nu nganjang ka Smansalingga82
Seja rumpaka carita mawa beja ti diri nu sakiwari
Teu ngajak pasini pangarti… bersih jalan sasapuan
Wana wani wawuh teu wana teu wani teu wawuh
Palias lain ngahaja… awaking nyangking pangarti
Balunggung agung rahayu nu nganjang nanjung pangarti…
Balunggung agung rahayu nu nganjang manjing walagri

Bray caang bray narawangan… wangi diri sanubari
Gorejat sare kang ringkang rancage hate awaking
Lumpatkeun jalan laratan ka tampian geusan mandi
Kaleuwi sipatahunan ka leuwi nu maruncang diri diri anu sakiwari
Rek muru lurulung tujuh ngaliwat ka pajajaran
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan padungdengan…
Jeung usikna pangancikan…

Huuung… ahung…
Turun ti gunung gumuru kahujanan ku malati
Nyamoyan di pamoyanan
Papanggih jeung urang dami
Anu keur mener ngarajah hadep kadayeuh kawangi
Ka luhur ka sang rumuhun
Ka sang batara ka sang batari
Sang batara susuk tunggal
Nu babak-babak di kahiangan
Bul kukus aing ka manggung
Ka handap ka kadatuan…

Huuung… ahung…
Guru iman guru putih iman putih lalakina
Nuhun di ijabna bubuana
Dipareng ku rarangtapa hanceuk cihaliwung
Cihaliwung nyakiduleun cisadane
Nyakaler belah cipakancilan nunjah ka salengpakujanohong
Kasalehgohgowong kamuara tongjawa
Miguru ka ujung guru
Ujung guru para bukit
Para bukit di garwangi mandala sura dipati
Arindit aringah kasangiang padungkukan
Pakuan pakudiranca cag poe ieu peuting ieu…


Harley Davidson

Maret 3, 2010

TILU nonoman anu kabeneran keur dina mobil sedan rareuwaseun, teuing timana datang na ujug – ujug aya motor Harley Davidson nyiap!. Anu numpakna ngajorowok meni tarik “Hoooi! Geus kungsi numpak Harley can?” geus nanya kitu, belenyeng ngagas motor tarik pisan.
“Naon jelema teh, karek naek Harley wae mani geus ujub, diudag siah kuaing!” Ceuk nonoman anu nyetir.
“Heueuh udag lah tuman!” Tembal baturna.

Eta mobil sedan teh ngabelenyeng ngudag Harley, teu kungsi lila eta Harley teh geus kasiap deui.Tapi teu lila, Harley teh ngudag deui mobil sedan, bari nyiap, anu naek na angger ngajorowok “Hoooi! Geus kungsi numpak Harley can?” geus nanya kitu, belenyeng nyiap tarik pisan.
“Sing tabrakan siah! meni olo – olo manusa teh!” Ceuk nonoman anu nyetir ambekeun pisan.

Na ari pek teh kabeneran , Harley anu tadi teh tabrakan. Anu numpak na katinggang ku motorna sorangan. Sanggeus nyaho anu tabrakan teh Harley anu tadi nyiap, tilu pamuda ngeureunkeun mobil na, terus turun nyampeurkeun kanu tabrakan.
“Hoooi! Geus kungsi numpak Harley can?” Ceuk anu numpak Harley bari pupuringisan nahan kanyeri.
“Na ari maneh sakitu geus tabrakan jaba katinggang motor masih keneh olo – olo! hayang naon maneh teh?” Ceuk salah sahiji nonoman bari molotot.
“Lain, uing mah nanya teh, lamun geus kungsi numpak Harley, pangbejaankeun ngerem na kumaha?” Ceuk anu tabrakan. ***


Pepes Lauk Cai

Februari 25, 2010

Bahan:

1kg lauk cai, disisit, dikumbah dugi ka beresih. Cukaan 1 sdt, kanggo ngicalkeun hanyirna antep 15 mnt. Tos 15 mnt, kumbah deui laukna, tuuskeun. Uyahan 1 sdm pinuh tambahan pecin. Galokeun. Pami hoyong nyerep simpen sawengi na kulkas.

Bungbu + Ngadamelna:
10 siki Muncang, 2 buku curuk koneng, 5 sihung bawang beureum, direndos dugi ka lemes. Goreng ku mantega campur minyak. Tos tiis lebetkeun bawang daun kenging nyiksik sareng daun surawung. Aduk dugi ka nyampur.
Sayogikeun daun cau manggala (upami aya). Lauk balur ku bungbu tadi, beuteungna dilebetan oge bungbu. Bungkuskeun ku daun cau bade janten sabaraha bungkuseun kumaha kapalay. Naha bade dua dua atanapi hiji-hiji sabungkusna. Tilepkeun tungtung sareng tungtung diseumatan. Buntel deui ku koran. Seupan upami hoyong empuk dugi kacucuk-cucukna, nyeupanna kirang langkung 5 jam. tiap sajam sakali tambihan cai bilih saateun.
Tos asak angkat. garang dina katel supados peungkeur.


Foto Jadul Kang Ronie

Februari 20, 2010


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982