Ha Ha Ha (12)

September 23, 2010

1. Henteu Bogaeun

Aram nyarita ka Udi, “Karunya ku si Badu, kakara tanggal 3 geus teu bogaeun duit sapuluh rebu sapuluh rebu acan”.
Naha nginjeum kitu ka ilaing?”
“Henteu. Ngan tadi basa dewek rek nginjeum duit ka manehna, cenah teu boga. Duit gajihna geus ambring.

2.Kabiasaan
“Ari maneh, naon sababna ari ditanya ngawalonna ku nanya deui?
“Naha henteu meunang kitu? Naon sababna?
3. Teu Kudu Dimandoran

Adil: “Euy silaing mah henteu kira-kira. Pamajikan disina migawe sagala rupa pagawean di imah sorangan bae: nyangu, nyeuseuh, sasapu, ngurus budak…. Ari ilaing kalah ulin teu uni!”
Diwalon, “Da pamajikan dewek mah geus hideng, henteu kudu dimandoran. Geus biasa sagala pagawean ditangkes ku manehna sorangan”.

4. Tolol
Gapur nyerenteng ka Tasim bari ambek, “Nanaonan maneh teh kamari carita ka dunungan yen dewek tolol?
Tasim, “alah punten bae. Sugan teh sanes rasiah!”

5. Nu Matak Henteu Dugul
Sastra ngagidig kaluar ti kantor, ditanya ku Bapa Kapala, “Rek ka mana, Sastra?”
“Bade dicukur,” walonna
“Naha dicukur dina waktu ngantor?”
‘Atuda buukna ge apan manjanganana dina waktos dines…..”
“Enya tapi apan henteu kabeh manjangan dina waktu di kantor, keur di luareun kantor oge buuk maneh teh terus manjangan”
“Nu mawi henteu didugulan…..” walonna bari terus ngingkig ka luar

6.Lamun
Neng Astri nganteuran tuang siang ka ramana anu ti isuk keneh ngedeluk nguseup di Talaga Sangiang.
“Kumaha Pa? Tos kenging sabaraha nguseup teh?” manehna nanya
Diwalon ku ramana, “Lamun anu ieu beunang serta ditambah tilu deui, poe ieu Bapa baris meunang opat…..”

7. Hayang Teu Gawe
Waktu keur ngilikan model komputer anu anyar, nu dagangna nyarita ka Tisna, “Model enggal teh. Upami ngagunakeun komputer model eta padamelan baris ngirangan satengahna”.
“Enya?”
“Leres pisan”.
“Ari kitu mah meser dua!”

Sumber cerita: Ajib Rosidi, 2008, Seuri Leutik, Kiblat, Bandung


Diwadalkeun ka Siluman (2)

September 23, 2010

Carita Nyambung Ki Umbara

Di jalan katingal ku kuring réa jelema nu balawiri, tapi teu aya nu barangbawa—teu aya nu nyuhun atawa nanggung, kabéh laléngoh baé. Jeung teu aya sasatoan ngulampreng. Ari imah mah rempeg.”

“Kumaha jelema-jelemana sarua jeung urang-urang?” Ki Lebé nanya.

“Sarua pisan, teu aya bédana, ngan teu aya nu wawuh. Pasarna, ramé deuih, boh ku nu baralanja boh ku nu daragang, teu bina jeung di Pasar Salasa. Ti kajauhan ku kuring katingal aya gedong dibénténg luhur, di hareupna maké lawang sakéténg. Ceuk kuring ka Sabakangkang: ‘Jauh kénéh kitu, ieu téh?’

Jawabna: ‘Tuh geuning geus katémbong!’ bari nunjuk kana gedong nu dibénténg téa. Teu lila geus nepi. Lawang sakéténg téa dijaga ku gulang-gulang kénca katuhu, bari nyarekel tumbak. Barang nénjo Sabakangkang, gulang-gulang téh tarungkul maréré hormat. Ari ka kuring pada marelong. Sup Sabakangkang asup, dituturkeun ku kuring. Enya agréng karatonna téh. Bus kuring arasup ka paséban. Harita Demang Kalangburang, diuk dina korsi gading, di hareupeunana hempak nu ngadareuheusan. Ningal Sabakangkang datang, tuluy ngahiap-hiap. Brek Sabakangkang sila hareupeunana.

‘Ari itu saha?’ omongna bari nunjuk ka kuring nu harita nangtung di gigir. Nu araya kabéh marelong.

‘Ki Maléndra, jelema jail! Témbalna.

‘Euh, Ki Maléndra urang Tegalampar anu kasohor rongkah téa?’

‘Enya!’ jawab Sabakangkang.

‘Diuk Maléndra!’ omongna ka kuring. Kuring brek diuk.

‘Kumaha lantaranana, nu matak manéhna bisa datang ka dieu?’

Derekdek Sabakangkang nyarita:

‘Tadi pabeubeurang kula ngalantung ka taman, niat nyalayakeun pikir. Teu lila katingal Ki Maléndra ngajega di jajalaneun, rék megat kaula. Ari rét kula ka luhur kana gawir, katingal Babah Kan Sun—nu kocap weduk téa, keur ngincer sirah kula ku tumbak. Kula taki-taki. Barang creb…tumbak milepas, sebrut…kula narajang. Ki Maléndra nu pajar gaga téa. Durukduk…digusur,’ omongna bari nyikikik seuri.

Haté kuring jadi panas, gereyem mapatkeun pituah aki. Héab hawa panas minuhan paséban. Nu karumpul kabéh arélékésékéng, sawaréh maruka kancing, tingharéwos nyebutkeun hareudang. Malah Demang jeung anakna ogé, késangna munggah ngalucur.

‘Na, aya panas kabina-bina teuing!’ omongna bari nyusutan késang.

Jawab nu hempak: ‘Enya! Munggah asa dirérab!’

Ceuk kokolot nu diuk gigireun Demang: ‘Itu sémah nu mawa sangar téh! Bari nunjuk ka kuring.

Demang Kalangburang neuteup ka kuring mani anteb pisan, omongna: ‘Maléndra!’

‘Andika di dieu nyémah. Ku kami diaku kalawan soméah. Didiukkeun, malah rék disuguhan. Tapi ku naon andika bet réa tingkah, nyieun sangar ka Limbungan. Témbongkeun, yén ndika sémah hormateun!’

‘Hadé!’ ceuk kuring. ‘Tapi Sabakangkang ulah sina sindir sampir baé ka kula!’

‘Moal, ditanggung ku kami! Omongna. Sabakangkang ngarérét ka kuring ku juru panon. Gereyem kuring mapatkeun pamepesna. Rep panas rerep, késang taruus deui.

Nu araya pada héran.

Sanggeus nu dariuk arayem deui, pok Demang Kalangburang nyarita ka anakna: ‘Kieu Kangkang, nu matak Bapa ngumpulkeun kokolot-kokolot téh, ieu keur ngabadamikeun ondangan ti Demang Tegal Ula. Ari perkara keur babawaaanana mah geus bérés. Ngan nu bingung kénéh téh éta di ditu poé-poé ieu ménta dikirim nu bisa meuncit hayam. Di urang teu aya pijelemaeunana!’

‘Kaula tukangna !’ ceuk kuring. Nu araya kabéh ngalalieuk.

‘Lakadalah, sukur lamun enya. Kami asa ditulungan kasusah !’ ceuk Demang Kalangburang bari ningal ka kuring.

‘Teu kudu!’ ceuk Sabakangkang sorana ngadégdég.

‘Teu kudu naon, Kangkang ?’ ceuk bapana kagét.

Nu araya kabéh curinghak.

‘Teu kudu ka ondangan jeung teu kudu ngirimkeun tukang meuncit hayam!’

‘Na, kunaon ?’ ceuk bapana deui.

‘Da Bapa mah teu milu ngarasakeun kanyeri anak. Piraku Bapa teu nyaho, kapan nu rék dikawinkeun téh … bébéné kaula, anu lucu Cilacingkrung. Ehm geulis … kieu geuning rasana ari euweuh nu nyaah. Bapa sorangan gé, sumawonna mun béla !’

Gempungan jempling.

Lila-lila Demang Kalangburang pok deui ngomong : ‘Enya Kangkang, Bapa gé lain teu nyaho. Tapi da salah manéh, naha heunteu nyarita ti baréto. Ayeuna mah geus leuir teuing, geus kapiheulaan ku Ki Bincuranghérang, anak Demang Warudoyong. Lamun urang ayeuna teu datang jeung teu nyumponan paméntana, kawas naon engké Demang Tegal Ula jeung Demang Warudoyong ka urang. Palang siang baris ngarurugan perang.’

‘Tapi … Jeneng Demang,’ ceuk hiji kokolot anu diuk tukangeun Sabakangkang,’ ceuk kaula mah tacan leuir, da Bincuranghérang jeung Cilacingkrung téh tecan karawin, kakara arék !’

‘Enya, tapi kapan geus ondang-ondang. Lamun ku urang di ganggu, pisakumahaeun teuing pigujrudeunana ?’

‘Gujrud heunteuna mah kumaha engké baé …. Jeneng Demang!’ ceuk nu nyarita tadi. ‘Atuh kudu baé perang, pan urang tukangna. Geuning baheula ogé basa urang hirup kénéh di alam manusa kawas naon katawuranana balad petol diubrak-abrik ku urang. Kasedekkeun soténan urang ka dieu, bané baé baladna ditambah mangéwon-éwon.’

‘Kumaha saenyana maksud andika téh?’ ceuk Ki Demang.

‘Ari ceuk kaula mah geus jadi kakuduan, urang mélaan anak!’

Reup geuneuk Demang Kalangburang beureum, nambaga atah beuleum! Éra jeung ambek, lantaran diweweléh. Omongna heuras:

‘Kami lain embung mélaan anak, tapi… mémang gampang ari ngomong mah. Inget, urang kudu nyanghareupan dua Kademangan. Na kira-kira urang baris kuat?’

Jempling.

‘Mun kaula meunang milu nyarita,’ ceuk kuring, ‘kaula boga pamanggih!’

Sabakangkang ngalieuk ka kuring.

‘Puguh baé meunang mah,’ ceuk Demang Kalangburang.

Ceuk kuring: ‘Mémang enya, Sabakangkang kudu dibélaan!’

Sabakangkang ngalieuk deui ka kuring bari giak.

‘Tapi sabisa-bisa kudu hérang caina beunang laukna. Kudu ku akal anu lantip, ulah matak jadi kagoréngan, komo jeung ngajadikeun peperangan sagala mah. Kajaba lamun geus teu aya deui jalan!’

‘Taah, tah, alus pamanggih téh!’ ceuk Demang Kalangburang. ‘Cing, cing, kumaha akal nu lantip téh?’

‘Perkara akalna mah pasrahkeun ka kaula baé. Éngke kaula rék badami jeung Sabakangkang. Ngan kaula perlu indit ka ditu ayeuna-ayeuna, pikeun nalungtik kaayaanana.’

Sabakangkang pindah diukna ka deukeut kuring, malah tuluy ngarangkul, bari ngomong: ‘Teu sangka, geuning ieu téh pi-nu béla-eun ka kaula. Boro tadi mah ku kaula dijejeléh. Hampura baé, nya!’

‘Can puguh hasil, Kangkang.’ Ceuk kuring.

‘Najan teu hasil, tetep andika rék diaku dulur!’

‘Hadé, Maléndra!’ ceuk Demang Kalangburang, ‘Kami masrahkeun ka andika sarta kami jangji, lamun usaha andika hasil, kula rék kaul: sakahayang andika rék dicumponan. Isuk andika rék dianteurkeun ka ditu ka Tegal Ula ku gulang-gulang, pikeun jadi jagal hayam….Hé, arandika kabéh’ omongna ka nu karumpul, ‘Ayeuna mah meunang balubar baé. Pagéto omat karumpul deui, urang bareng ka ondangan téa!’ Kumpulan bubar.

Kuring diaku di “kaputran” Sabakangkang. Sapeupeuting terus babadamian, piakaleun ngarebut bébénéna téa.

Isukna isuk-isuk, kuring geus saged. Nu rék jajap, gulang-gulang ngaran Balaketa jeung Balaketu, geus araya. Teu lila jol Demang Kalangburang jeung Sabakangkang daratang.

Ceuk Demang: ‘ Kumaha geus saradia?’

Dijawab ku Balaketa: ‘Sadia!’

‘Jung atuh geura arindit meungpeung iuh. Ambéh gancang, geura tarumpak Si Muih Kancang baé, tutunggangan kami!’ omongna bari tuluy gegereyeman. Teu lila. Gelebug…angin puyuh lilimbungan. Hiuk….nebak ka kuring jeung gulang-gulang. Belesat kuring jeung Balaketa-Balaketu…kebat, bari henteu napak lemah. Ku tarik-tarikna angin, panon gé méh teu bisa dibeuntakeun. Ceuli munggah hihiengan. Tirisna lain lumayan. Angin téh ngaliwat ka lebah dieu, ka wétaneun imah Ki Darma. Di dinya muihna tarik pisan, dapuran awi Ki Darma, nepi ka kawas pocongan paré. Ku kuring dirawél, durukduk…karabut ka akar-akarna…”

“Paingan, paingan!’ ceuk ki Darma bari gogodeg, “Tadi ogé geuning ku kaula geus dicaritakeun!” omongna deui ka nu réa.

Nu réa gogodeg.

“Teu lila, kuring jeung Balaketa-Balaketu, geus tepi ka nu dijugjug. Poé éta téh poé ngangkatna karia nu lilana baris tilu poé tilu peuting. Jelema-jelema geus réa. Dak-dék-dok anu narakolan suluh, wah-wih-weuh anu keur marapaésan balandongan jeung patengahan. Di pipir suluh geus numpuk, daun jati geus ngarungrung, cau turuyan geus ngahunyud. Dina sosompang Beulah katuhu, barudak ngora keur ngadarukduk nyirian barang-barang injeuman: aya korsi, samak, piring, gelas, sééng, aseupan, siwur, jeung réa-réa deui. Ari nyirianana ku apu campur gambir. Gamelan, ronggéng, geus lengkep katut panayaganana…”

‘Tuh, ceuk kaula ogé tadi!’ Aki Candra megat kalimah.

“Ti dinya kuring dideuheuskeun ka pribumi. Ku pribumi ditepungkeun jeung kokolot urusan lauk. Ari kuring geus ditarima mah, Balaketa-Balaketu tuluy baé aramitan marulang.

Ningal pigawéeun, matak wegah méméh prak. Tuda lain puluh deui atawa ratus, hayam peunciteun téh aya réwuna. Ti barang datang, teu eureun-eureun kuring meuncitan hayam. Leungeun mah mani geus asa cangkéwéng.

Na ana gebeg téh kuring ngagebeg, ningal Si Jelug jeung Si bibit cocooan kuring. Haté teu téga. Dagdagan dipénta ka kokolot lauk. Kabeneran dibikeun. Kop cenah itung-itung buruhna. Ku kuring sina dianteurkeun deui ku nu mawana…”

“Paingan Si Jelug jeung Si Bibit wararas deui,” ceuk Bapa Raksa.

“Ti jelema-jelema di dinya kuring meunang katerangan, cenah Nyi Cilacingkrung beurang peuting gawéna ngan ceurik baé, lantaran embungeun dikawinkeun ka Bincuranghérang, da geus pakait pikir jeung Sabakangkang.

Ku pitulung pangasuhna, kuring bisa rerencepan nepungan kobongna. Nampana daréhdéh pisan , da nyahoeun kuring utusan beubeureuhna.

Omongna: ‘Kumaha Kakang Kangkang cageur?’

‘Geuning?’

‘Cageur, da puguh teu gering, teu cageur, da puguh direbut bébéné!’

Cilacingkrung kembang irung.

‘Karunya,’ omongna deui lalaunan.

‘Ari parnana pisan mah, lantaran manéhna ngadéngé béja, cenah bébénéna mah geus teu ingeteun bari taeun.’

‘Ah, teungteuingeun nu méré béja!’ omongna, ‘Yeuh utusan, moal nepi ka carindul kieu uing téh, mun teu inget baé ka manéhna mah.’

“Geulis Mang, Cilacingrung téh?” Ki Sastra lulutu téa megat kalimah

“Ah, nya kitu, ukur jajar jarian. Teu jauh tina ngaranna!’ ceuk Ki Maléndra. Pok deui Ki Maléndra nuluykeun deui caritana:

“Ceuk kuring ka Cilacingkrung: ‘Ari geus, kahayang saha rék kawin ka Bincuranghérang téh?’

‘Kahayang kolot pada kolot,’ omongna ‘Da uing jeung manéhna mah boro-boro mun wawuh, papanggih ogé encan. Malah béjana, manéhna ogé geus boga kabogoh ka anak Kaliwon Tamiang ropoh. Cing atuh utusan, uing tulungan! Da Kakang Kangkang mah teu beunang diarep-arep!’

‘Puguh nya éta, nu matak ngirim utusan ogé, ku tina hayang mélaan.’

‘Hayu atuh urang minggat baé!’

‘Ké heula, sabar!’ Ulah gurung gusuh. Kahayang Sabakangkang, kudu hérang caina beunang laukna, ulah matak gujrud.’

‘Kumaha atuh? Mangkaning kapan, engké peuting dikawinkeun téh!’

‘Ulah salempang! Masih kénéh aya waktu, asal nurut baé ka kaula!’ tuluy kuring ngaharéwos, ngabéjaan anu ku manéhna kudu dijalankeun.

Sanggeus manéhna jangji rék tigin, buru-buru kuring kaluar ti kobongna, sabab di luar kadéngé jelema-jelema ngaguruh jeung gamelan nang-néng-nong lagu papalayon, tanda aya tamu datang.

Teu salah, horéng pangantén lalaki datang, digandéng ku awéwé-awéwé tengah tuwuh; diiring ku cawéné-cawénéna nu narangeuy baki kuéh; ditéma ku nu marawa barang-barang sipat nyamu, sababaraha telebug; sapandeurieun éta nu marawa parabot dapur: sééng jeung katél tambaga; aseupan, dulang jeung pangarihna; halu, lisung jeung nyiruna; gentong jeung siwurna; piring jeung séndokna; ditéma deui ku nu marawa pacul jeung kitrina; disambung ku gegedén-gegedén jeung kokolot-kokolot, di antarana indung-bapana, pangpandeurina pisan barudak bujang.

Waktu éta aleutan ngaliwat ka hareupeun kuring, kuring teu eureun-eureun mapatkeun ‘Si Balik Tingal’ bari dipelong panonna saurang-saurang.

Sanggeus diaku ku pribumi jeung didariukkeun, tuluy seserahan.

Reup peuting merul tatamu daratang, boh ti nu deukeut boh ti nu jauh.

Demang Bitungwulung satumenggungna, Demang Tamiangropoh sakorawana, Dalem Tuurpugur sabaturna, Ménak Putatsemplak sabaladna, Kalangburang Sabakangkang sapangiringna. Aya nu tarumpak angin barat, aya nu tarumpak angin puyuh, aya nu tarumpak angin topan.

Gamelan teu eureun-eureun Papalayon.


Pangeran Aria Suria Atmadja

September 23, 2010

ANTARA taun 1820-an, pangwangunan jalan ka Ciherang diteruskeun, nu nalingakeunana Bupati ku anjeun. Pangeran Kornel nalingakeun pangwangunan jalan Cadas Pangeran antara tanggal 21 Nopember 1821 dugi ka 12 Maret 1822. Sabada rengse jalan anyar teh dicoba dilangkungan ku Pangeran Kornel nyarengan Gupemur Jendral Van der Capellen 22 Juli 1822. Bupati Sumedang kadua anu ageung jasana ka rayat katut pangwangunan daerah Sumedang, Pangeran Aria Suria Atmadja anu langkung mashur jujulukna Pangeran Mekah. Ditelah Pangeran Mekah, sabada Kangjeng Dalem wafat di Mekah nuju nutaskeun Rukun Islam anu kalima Munggah Haji. Pangeran Aria Suria Amaja dibabarkeun 11 Januri 1851 di Sumedang. Ari ramana Pangeran Suria Kusumah Adinata atawa jenengan anu sohorna mah Pangeran Sugih tea. ibuna mah Raden Ayu Ratnaningrat, putri Demang Somawilaga Jaksa Sumedang. Bupati anu keur murangkalihna disebat Aom Sadeli teh ngewitan sakola dina yuswa 8 taun, saterusna diajar Basa Walanda dugi ka ngolotok. Yuswa 14 taun magang bari diajar basa Inggris jeung Perancis bari henteu lali ngulik bab elmu kaagamaan, kalebet ngaos. Al Qur’anul Karim. Ti Raden Ayu Ratnaningrum Pangeran Mekah kagungan putra istri hiji-hijina anu dipaparin jenengan Raden Ayu Yogjainten anu nikah sareng Raden Rangga Wirahadisurya. Yogjainten ti Raden Rangga kagungan putra jenengan Raden Achmad Basari, pupus taun 1917. Ku kituna, Pangeran Mekah henteu kagungan rundayan langsung anu manjangkeun lalakon. Pangeran Mekah benten ti ramana anu sok disalindir Pangeran Sugih ku istri, anjeunna mah geureuhana mung hiji-hiji-na Raden Ayu Ratnaningrum terahing menak Garut.

Tapi sok sanajan kitu, ari jasa Sang pangeran kana ngawangun daerahna mah tan wilangan. Dina jamanna pangwangunan ngageder ampir taya ngasona. Nya ti harita Sumedang ngudag ajen inajen hudang dangiang teh. Ti harita oge kuduna make SULUK “Nyandang Kahayang”, da ayeuna mah ngan tinggal lajuning lakuna. Pangwangunan anu pangdiutamakeu-na, pertanian, tug tepi ka ayeuna mashur pertanian di wewengkon Sumedang teh. Aya lajuning lakuna, malah manjang. Sumedang boga tangkil, jeruk Cikoneng, taleus Ganeas, boled Cilembu, jeruk Tanjungsari, Tacan bubuahan, di Tanjungsari aya perkebunan jeruk kajeun Jepang nu bogana, Buahdua jeung Conggeang boga salak jeung sajabana…jeung sajabana. tanah anu umumna lamping gunung atawa pasir anu nangtawing. Sang Pangeran henteu seepeun akal enggoning nuyun rayatna, tanah lamping nu sakumaha nangtawingna teh heug, disengked, ditangga-tangga anu sohor disebut Terasiring tea dina elmu tatanen anu moderen mah. tepi ka ahima tanah dengdek teh bisa dibebenah jadi sawah nu ngahasilkeun pare turta kualitas parena oge sohor tepi ka kiwari. Mun geus jadi beas disebutna “Beas Sumedang”. Hasilna mucekil saban panen teh sanajan sewahna. tadah hujan, saukur dicaian ku sih piwelasna hujan. Lian ti pare, Bupati. oge cumeluk sangkan patani marelak patawija, bibinihanana didatangkeun ti Indramayu, kalapa mah binihna ti Jawa jeung Bali. Bupati oge nyadiakeun bantuan modal keur petemakan, elmuna, “. padika diajar tatanen mangrupa anu dijudulan ” Mitra Noe Tani” karya K.F Holle.
Pangeran Mekah oge dina jamanna, ngawangun irigasi di Ujung keur ngaduum cai ka pasawahan Kebon awi di Cijambu jeung ‘Gunung Simpay dilegaan, tanah anger jeung tegal eurih dibukbak dijadikeun kentang jeung sayuran. Ari peternakan, kuda, sapi jeung munding usahana leuwih ditingkatkeun deui kawilang topek jeung ahli kana peternakan di Sumedang jaman hannah, 1903 peresisna, Naib Tanjungsari, Raden Haji Muhamad Usman jeung raina, Raden Muhamad Pesta, ku Bupati dijurung ngulik elmuning peternakan kuda ka Sumba jeung Sumbawa, marulangna dipentes mawa kuda jalu pejantan (Pamacek) anu hade.

Sapi mah taun 1908 ngadatangkeun ti Madura enggon sapi anu kualitasna hade. Mun ayeuna aya Sapi Banpres (Bantuan Presiden), jaman baheula jaman Pangeran Mekah aya Sapi Banbup atawa Sapi Bantuan Bupati. Pangeran Mekah ngabagikeun sapi Benggala ka patani, naurna dicicil, jiga jaman ayeuna we. Eta kawijakan tetela geus dipetakeun ti baheula di Sumedang. Malah aya Dokter Hewan anu husus dipapancenan milu mariksa jeung nalingakeun kasehatan ingon-ingon milik patani. Pikeun ngajurung ludeung jeung mere sumanget gawe ka rayat, Bupati ngahaja sacara mayeng ngagelar lomba temak rayat, hadiahna ti Pangeran Mekah mangrupa premi-remi jeung layang pangajen anu eusina diimplik-implikan ku nasehat-nasehat mangpaat keur bekel ludeung para patani. Taun 1898 Pangeran Mekah ngagaleuh 40 hektar tanah gundul mangrupa lamping-lamping nangtawing anu saterusna disengked-sengked mun disawang ti kaanggangan jiga tangga-tangga meulitan pasir, leuwih endah sabada cia sengkedan-sengkedan geus jadi pasawahan anu hejo ngemploh. Wewengkon anu ku rayat diculjeunieun lantaran diaranggap enggon memedi; siluman siluman jeung dedemit oge der weh ku Kangjeng Mekah mah disangling jadi pasawahan anu lendo jeung produktip.

Sakola Pertanian Tanjungsari
Sang Pangeran anu henteu tiasa tibra kulem awahing ku melang ka rayat teh ngemut anu langkung panjang deui, banget palay ningkatkeun elmu pangeweruh rayatna husus dina hal tatanen. Elmu teh penting keur ningkatkeun kualitas produksi jeung jumlah produksina. Ari elmu ayana ngan di sakola. Jorojoy we kagungan emutan anu ahirna jadi kawijakan jeung putusan, ngadegkeun Sakola Pertanian di Tanjungsari lembur anu subur tur lega padataranana. Nganggo modal pribadi anu ageungna 3.000 gulden keur waragad ngadegkeun sakola nu lawas dicita-citakeunana teh. Saenyana opat taun samemehna, dina raraga nataharkeun ngadegkeun sakola pertanian di Tanjungsari, Patih Sumedang Raden Rangga Wirahadisurya dijurung angkat ka Sakola Tani (Desa Lanbauwschootjes), di Ciparay, Soreang. Kumaha kira-kirana lamun di Tanjungsari diadegkeun sakola anu sarua. Tetela Tanjungsari jadi leuwih sohor jeung kajojo sabada sakola resmi dibuka turta narima murid ti mana-mendi.

Praktek gawe murid-muridna, rupaning hasil tatanen diborong ku Kangjeng Dalem. Saluyu jeung kamekaran sakola pertanian, lokasi sakolaan anu tadina legana ngan 6 bau teh dilegaan jadi 12 bau. Sakola-sakola anu sarua, husus keur rayat nu marangkuk di pasisian tepiswiring sisi lamping diadegkeun di sakuliah Kabupaten Sumedang. Tepi ka kawajiban diajar keur munggaran, dilarapkeun di Sumedang. Jadi mun ayeuna digembar-gemborkeun Wajib Belajar, bari jeung mahal teh waragadna, saenyana anu munggaran mah dilaksanakeun di wewengkon Kabupaten Sumedang dumasar kana kawijakan Bupati Sumedang Pangeran Mekah ti taun 1915 ti kata tepi ka desa-desa.

Taun 1915 di dayeuh Sumedang geus aye Hollandsch Inlandsche School. Kantor telepun dipasang di kamar Paseban beulah kaler keur leuwih lancarna komunikasi pamarentahan. Pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat, Pangeran Mekah ngawangun “Bank Prijaji” faun 1901 tukangeun kantor Jaksa Sumedang. Taun 1910 malah geus boga gedong sorangan Bank Priyayi teh, ngaranna ge diganti jadi “Soemedangsche Afdeeling Bank”. Taun 1915 5 Kangjeng Mekah ngadegkeun Bank desa di tiap desa, husus we eta mah peur nulung bantu rayat di padesaan. Henteu kapameng toweksa jung palamarta, Kangjeng Mekah boh ka para priyayi boh ka rayat. Emut kana pangabaktina para Kapala Onderdistrik nu pancen gawe di lembur-lembur, Bupati ngadamel perumahan husus keur para Kapala OndercEitnk, waragadna ti pribadi Kanjeng Dalem ku anjeun. Keur rayat leutik dibangun leuit miskin anu saterusna diganti jadi Leuit Desa. Lian ti kitu, diadegkeun oge Bale pangobatan gratis keur rayat anu teu marampuh. Taun 1897 burudul daratang sarombongan rayat Indramayu nu kalaparan. Ku Kangjeng Dalem diangken dihiap-hiap malah dibere laban garapan mangrupa pasawahan di Desa Sampora Distrik Tomo. Keur jagabaya, aya Siskamling anu ronda malem saban peuting sacara bagilir. Pikeun lancarna Siskamling nya diadegkeun garduh-garduh ronda di kata tepi ka kampung jeung desa-desa, kacamatan katut kawadanan.

Dumasar kana jasa-jasana eng-goning ngawangun Sumedang boh pisik boh manusana, Kanjeng Dalem Sumedang Pangeran Aria Suria Atmaja atawa Dalem Mekah tea dileler layang pangajan, Bentang Oranyeu jeung pajeng Kuning. Taun 1891 dileler Groot Goulden Ster, Taun 1903 Bintang Officier der Orde van Oranye Nassaum terus Bintang Agung Ridder der Orde van Nederhandschge Leeuw nu ku urang Sumedang mah disebutna teh Bentang Leo. Taun 1898 dileler gelar Adipati. Taun 1906 dileler gelar :ARIA”, Taun 1910 gelar “Pangeran sareng Pajeng Gilap” (Pangheran met de vergulde Pajong). Sabada pangsiun Pangeran Mekah munggah haji ka Tanah Suci Mekah, tapi nu mulih ukur jenengan margi Kangjeng Dalem anu rancage teh wapat di Tanah Suci ku sabab teu damang. Jasadna dipendem di Ma’la Mekah 1 Juni 1921. Sohor ditarelah Pangeran Sampuma Mekah. Pikeun mieling jasa-jasa Pangeran Mekah anu tan wilangan, April 1922 di tengah-tengah alun-alun kota Sumedang diadegkeun Monumen mangrupa Lingga oge Gupemur Jendral D.Fock disaksian ku para Bupati, Residen sa Tatar Priangan. Pangeran Mekah disebat Bupati anu pernah, henteu kagungan ambisi tapi loyalitasna luhur pisan, tepi ka dina jaman pamarentahanna henteu aya hiji oge Partey Pulitik anu bisa asup ka Sumedang. Kangjeng dalem Mekah memang anti Komunis, antipasi ka sawatara Partey, tepi ka anjeunna mah disebat “Bupati anu henteu berpulitik”.


Kagembang ku Tahu Sumedang

September 23, 2010

Diropea Tina Tulisan DHIPA GALUH PURBA

NYARITAKEUN dunya pariwisata, moal leupas tina urusan nu patula-patali jeung beuteung (baca: kadaharan). Méh saban wewengkon, pasti boga ciri has kadaharan istiméwa séwang-séwangan. Contona mah upama nyabit-nyabit ngaran kadaharan dodol, tangtu bakal inget ka Garut. Puguh baé lain hartina euweuh dodol jieunan wewengkon séjén di luareun Garut. Loba pisan dodol-dodol nu sumebar di pasar, kalawan dijieunna lain di Garut, malah di Dépok ge loba dodol mah, komo mun seg manjing lebaran. Tapi angger baé, anu kakoncara mah dodol Garut. Teu béda jeung tahu sumedang, pémpék Palémbang, Markisa Medan, galéndo Ciamis, hui Cilembu, taleus Bogor, tauco Cianjur, jeung sajabana.

Rupaning kadaharan nu kakoncara téh, tétéla bisa jadi sabangsaning iklan haratis pikeun ngawanohkeun hiji wewengkon. Malah teu saeutik, pangjurung laku para wisatawan mancanagara atawa wisatawan nusantara téh, awahing ku panasaran hayang ngasaan kadaharan kadaharan nu kakoncara téa. Ku ayana kitu, puguh baé kadaharan téh minangka bagéan tina poténsi wisata anu kudu dipiara kalawan daria.

Sangkan henteu barieukeun teuing nataanana, kuring rék milih salah sahiji kadaharan anu kacida raketna jeung kuring. Sabada diteuleuman, diimeutan, tug nepi ka nyawang ka mangsa tukang, moal salah deui anu pangraketna téh: tahu. Aya hadéna nulis dina basa Sunda, da moal kudu riweuh upama sakali mangsa rék nulis kecap: nyaho. Contona, kuring nyaho yén tahu téh kacida nikmatna. Upama ditulis ku basa Indonésia mah, tangtu bakal kieu: saya tahu bahwa tahu itu sangat nikmat.

Tahu. Ti mimiti inget kumelendang di alam dunya, kuring leuwih tiheula wawanohan jeung tahu, batan dodol, pémpék, donat, coklat, jeung sajabana. Najan lembur téh rada anggang ti Sumedang kotana, tapi asa mindeng pisan indung kuring milih tahu keur deungeun sangu. Malah satungtung diurus kénéh ku indung, alhamdulillah tacan kungsi sakali-kali acan ngalaman dibéré chicken naget pikeun deungeun sangu.

Geus puguh deungeun sangu téh tahu, ana jig ka sakola, sup ka warung, kop deui kana géhu (togé jeung tahu, dibulen tarigu). Ti mimiti nyorang SD, SMP, SMA, nepi ka kuliah, ngalanggan jajanan téh pasti géhu. Iwal ti regana kahontal ku pésak, katambah deui létah kuring mémang geus kacanduan ku géhu. Kajeun hot dog regana leuwih mahal, da kuring mah bakal kumétap kénéh kana géhu. Sakalieun rada incah tina géhu téh, paling ogé kana baso tahu, kupat tahu, atawa tahu gejrot. Angger-angger kénéh tahu.

Ka dieunakeun sok kerung jeung rada hémeng, upama jajan géhu di warung. Ongkoh géhu, tapi kabuktianna mah euweuh togéan. Aya kalana diganti ku bihun, wortel, emih, atawa ukur tahu dibulen ku tarigu. Padahal ari ngaranna mah angger wé géhu. Untung pisan, kuring tara hayang protés. Babaturan kuring ogé, jempling wé “dibobodo” ku nu dagang téh. Rék naon baé baturna, satungtung aya tahuan mah, tetep baé géhu. Tapi duka teuing, upama sakali mangsa tahu-na anu diganti atawa dieuweuhkeun mah. Bisa jadi, kuring moal daék nyebut géhu, lamun anu dibulen ku tarigu téh ukur togé, wortel, bihun, emih, jeung sajabana. Lebah dieu, kabuktian yén tahu leuwih nangtukeun kalumangsungan géhu, dibandingkeun jeung togé—najan togé disebut pangheulana: togé-tahu.

*

MALEM Kemis, tanggal 11 Méi 2005, aya talk show, anu digelar rampak gawé antara Komunitas Gerbang Unpad, Huria Mahasiswa Antropologi, jeung Jaringan Kekerabatan Indonésia. Demi jejer anu dipadungdengkeun téh taya lian perkara Tahu Sumedang, kalayan dijudulan: “Andai dia Tahu”. Anu kapeto jadi panyaturna aya tilu urang, nyaéta Hawé Setiawan, Setiaji, jeung Zarkasih, kalawan panumbu caturna Bérby (mahasisiwi geulis, urang Bangka asana mah).

Dina éta riuangan, Hawé ngasongkeun panyawang ngeunaan tahu anu geus jadi idéntitas kasundaan, hususna Sumedang. Ceuk Hawé, di Sumedang perelu dipikiran sangkan diwangun arca tahu. Tahu Sumedang leuwih suksés ngawanohkeun Sumedang, sanajan dibandingkeun jeung Séksi Humas Pemkab Sumedang.

Kaitung panjang rupaning dadaran Hawé ngeunaan tahu téh. Tapi kuring ngajenghok, basa Zarkasih nétélakeun yén kacang kadelé anu dijieun Tahu Sumedang téh mana horéng meunang ngimpor ti Jepang. Daék teu daék, kuring kudu percaya, da puguh Zarkasih mah sapopoéna ogé mémang icikibung di dunya tahu. Sebut baé, Zarkasih téh salahsahiji pangusaha Tahu Sumedang nu kaitung suksés.

Sajeroning ngasaan Tahu Sumedang jieunan Zarkasih, pikiran jadi mancawura ka mana karep. Kaya kieu mah, palangsiang isuk jaganing géto, teu pamohalan lamun Tahu Sumedang bakal kasilep ku Tahu Jepang. Apan kiwari ogé, bahan dasarna geus ti Jepang. Naha di lemah cai Pasundan nu kakoncara subur makmur, kalah meuli kacang kadelé ti Jepang? Lebah dieu, urang perelu maluruh kalawan daria, naha lahan tatanén di Sumedang anu legana 1.521,95 km téh, geus béak kaléléd ku jalan tol jeung real estate? Atawa mémang di antara 997.000 urang Sumedang, geus mumul melak kacang kadelé? Saliwatan, kuring sok rajeun nengetan para nonoman di pilemburan, anu leuwih reueus ngojég batan bobolokot di kebon atawa di sawah.

*

UPAMA cék Hawé Setiawan tahu téh minangka salahsahiji idéntitas kasundaan, kuring ogé mémang boga pikiran ka dinya. Tapi aya deui tambahna. Kuring boga pamadegan, yén Tahu Sumedang téh minangka hiji tanda raketna duduluran antara urang Sunda jeung Tionghoa. Pangna kitu, apan nu mimiti boga ideu nyieun tahu téh taya lian Ong Kino, urang Tionghoa nu ngumbara di Sumedang. Satuluyna disambung ku budakna, Ong Bung Keng, kira taun 1901 nepi ka 1993. Sajabana ti Ong Bung Keng, aya deui sawatara ngaran nu sarua ngamekarkeun usaha tahu, nyaéta Ong You Kim (Ukim), Ko Aniw, Ko Lento, Ko Jung Gong, jeung Babah Hek. Kilang kitu, ari anu popilér mah tetep baé Tahu Ong Bung Keng. Upama sakali mangsa ngaliwat ka Kota Sumedang, aya hadéna nganjang ka Jalan 11 April Nomor 53 (baheula mah Jl. Tegal Kalong, Kelurahan Kota Kaler). Pasti manggihan hiji plang ngajeblag, anu unina: “Tahu Bungkeng, Perintis Tahu Sumedang Sejak 1917“.

Dumasar kana sababaraha sumber anu bisa dipercaya, kaasup ngayakeun wawancara langsung ka praktisi tahu, mimitina mah ngaran tahu téh nyaéta tou fu. Pangna jadi tahu, lantaran diluyukeun jeung létah urang Sunda. Tapi aya deui carita nu sumedar, yén gumelarna ngaran tahu téh raket patalina jeung Pangéran Soeria Atmadja, Bupati Sumedang taun 1928. Harita, Pangeran Soeria Atmadja kataji ku tou fu buatan Ong Bung Keng. “Ngeunah tahu téh…” kitu saur Pangéran Soeria Atmadja. Anu antukna ti harita pisan, tou fu robah ngaran, jadi tahu.

Ku popilérna Tahu Sumedang, tangtu mawa berekah ka masarakat Sumedang. Kiwari, loba home industry anu ngokolakeun tahu, boh warga Sumedang atawa Tionghoa. Kapasitas produksina nepi ka 8,2 ton saban taun, kalayan ngahasilkeun duit Rp 11,5 miliar. Perkara tahu mah, mémang tacan aya nu bisa ngungkulan Sumedang.

Sawatara waktu kaliwat, Tahu Sumedang dicatet ku Musieum Rékor Indonésia (MURI), minangka tahu pang panjangna. Tahu Sumedang dicatet dina nomer rékor 1.506, sanggeus nyieun tahu anu panjangna 81 Meter, lébar 34 cm, jangkungna 5 cm, kalayan méakkeun 7,5 kintal Kadelé. Éta tahu nu ngageunjleungkeun téh dijieun ku 150 urang praktisi tahu, ti 20 pausahaan tahu di Sumedang. Tahu Sumedang ngungkulan rékor saméméhna dicangking ku Kabupatén Tegal (10/04/05), kalayan panjangna 43,5 Méter. Hartina, Sumedang geus suksés nyepeng rékor tahu pangpanjangna jeung rékor tahu pangbadagna, anu dicatet leuwih tiheula, taun 2004.

*

NILIK kasuksésan Tahu Sumedang, tangtu baé aya sawatara catetan anu perelu dipikiran ku lembaga atawa instansi nu patali jeung widang pariwisata. Pangpangna mah kuring manghariwangkeun Hak Kekayaan Intelektual (HKI) direbut ku urang deungeun. Komo deui sanggeus kacang kadelé-na ngimpor ti Jepang.

Nyarita perkara pariwisata, tangtu nyarita “kemasan”. Pihak pamaréntah kudu nyiar tarékah sangkan henteu kapiheulaan ku kaum kafitalis, dina raraga ngundakkeun “harga jual” tahu. Kamajuan jaman, teu bisa disingkahan deui, geus bisa ngarobah cara nyawang rupaning perkara, utamana anu nerekab ka para nonoman. Upama para nonoman ngarasa éra atawa géngsi meuli tahu di warung leutik—komo ti tukang dagang asongan, tangtu bakal béda lamun sakali mangsa tahu téh disalin jinis siga kadaharan nu nyampak di McDonald.

Kareueus para nonoman kana tahu, perelu diundakkeun deui. Kawasna kagiatan sobat-sobat di Unpad bisa dijieun conto pikeun para nonoman séjén, sangkan bisa ngajénan kana kadaharan lemah cai sorangan. Sabisa-bisa ma, para nonoman téh sing bisa “idéntik” jeung Tahu Sumedang, lain jeung Dunkin Donuts.

Lebah dieu, merelukeun rampak gawé ti rupaning unsur pamaréntah jeung masarakat. Patani mah tos diécéskeun tugasna, mikiran pepelakan kadelé, sangkan henteu kudu ngimpor ti Jepang. Lembaga kapariwisataan ogé, atos écés. Atuh komo deui diréktorat jéndral HKI. Tug nepi ka lembaga kaséhatan, teu meunang cicingeun. Lembaga kaséhatan ulah bosen ngadadarkeun pentingna nuang tahu. Apan tahu téh mibanda protéin nu kacida gedéna, malah satata jeung kualitas protéin hewani. Sakumaha anu bisa ditengetan dina NPU (net protein utility), yén sabagéan loba protéin tahu bisa mangfaat pikeun kabutuhan awak, kurang-leuwih 65 persén.

*

KURING moal ngarasa éra, upama aya nu nyebut “generasi tahu”. Mémang bener, kuring mah loba ngadahar tahu—sajabana ti sangu. Kacida ngahaturkeun nuhun ka para praktisi tahu, anu teu weléh satia nyadiakeun kadaharan murah tur ngandung giji. Tukang nyieun tahu, salah sahiji nu milu ngaréalisasikeun Undang-Undang Nomor 7 Tahun 1996, anu di antarana nétélakeun yén kualitas pangan anu dikonsumsi téh kudu nyumponan sababaraha kritéria. Di antarana aman, ngandung gizi, jeung bisa kahontal regana ku masarakat.***


Jauh ka Bedug

September 23, 2010

BEDUG mah geus papada terang. Sabangsaning dogdog, ngan ukuranana leuwih gedé. Diteundeunna di tajug atawa di masigit. Sok dipaké ngiberan waktu solat, ngabéjaan datangna bulan puasa, atawa ditabeuh sapeupeuting dina maleman lebaran. Baheula mah cenah bedug téh ngan aya di kota kacamatan atawa kawadanaan, da di pilemburan mah can aya masigit. Atuh nu nakolna gé teu sagawayah deuih, aya tukangna, merebot téa.

Ka dieunakeun, saprak aya sepéker toa, bedug téh langka dipaké, pangpangna di kota. Paling raména téh mun maleman lebaran, dipaké mirig nu keur takbiran. Komo apan ayeuna mah, henteu sakur masigit bogaeun bedug.

Bedug téh kungsi deukeut jeung hirup-kumbuh balaréa, sahenteuna dipaké keur nuduhkeun waktu. Bedug lohor, upamana, pikeun nuduhkeun wanci tengah poé. Bulan puasa, apan nu sok ditarungguan téh bedug magrib, minangka tangara waktuna buka puasa. Aya deui istilah “ngabedug”, buburuh digawé nu waktuna ngan nepi ka wanci lohor.

Ari paribasa “ngomong sabedug sakali” sok dipaké ngagambarkeun jalma nu carang takol, langka nyarita. Aya deui “jauh ka bedug anggang ka dulag”, sebutan keur jalma dusun urang kampung nu dianggap taya kanyaho.

Lian ti “jauh ka bedug”, dina basa Sunda aya sawatara idiom jeung paribasa nu ngagambarkeun kateunyaho jeung karipuh urang lembur. Upamana, aya istilah “urang kampung bau lisung”, “jalma dusun meledug”, “bulu taneuh”, “kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran”, “kokoro nyoso malarat rosa”, jsté. Malah remen pisan urang lembur jadi objék nu dipaké bahan guguyon, diseungseurikeun lantaran boloho jeung taya kanyaho. Geura wé, dina pilem atawa sinétron, urang Sunda (nu ti pilemburan) statusna téh tara leuwih ti bujang atawa babu, dibarengan ku paripolahna nu ngagambarkeun jalma “jauh ka bedug” téa.

Ngabéda-bédakeun jalma dumasar kana bodo-pinter, sangsara-beunghar, apan geus aya ti baheulana. Jaman cacah-ménak, nembrak pisan bédana status sosial téh, lain baé tina paripolah, tapi tina basa deuih. Cék nu teu satuju kana undak-usuk basa, apan di antara alesanana téh lantaran undak-usuk ngabéda-bédakeun kalungguhan sosial.

Dina hirup-kumbuh, ningkatkeun kalungguhan sosial téh sok dipaké udagan, bisa jadi sangkan henteu disebut “jauh ka bedug” teuing. Pan aya istilah “geus jadi jelema”, nu hartina geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Tapi jalma nu ngarasa “geus jadi jelema” téh sakapeung sok nganggap dirina geus aya di luareun kahirupan saméméhna. Teu kurang-kurang urang lembur nu boga milik terus jeneng di kota. Manéhna pamohalan daék disebut “urang kampung bau lisung”, da ngarasa geus béda kalungguhan téa.

Dina basa mah, sual diskriminasi téh mémang geus lumbrah. Mun aya nu “beurat beunghar”, aya deui “kokoro nyoso”. Tapi dina kahirupan sapopoé gé diskriminasi téh nembrak pisan deuih, pangpangna keur méré wates nu “nyaho” jeung “teu nyaho”, atawa nu “boga” jeung “teu boga”. Ajaran Islam mahing pisan ngabéda-bédakeun jalma maké ukuran status sosial téh.

Mun maké harti saujratna, sigana istilah “jauh ka bedug” téh ayeuna mah geus kurang merenah. Baheula bedug téh ngan aya di kota, ari ayeuna mah sabalikna. Da asa tara kaparengkeun di kota ngadéngé sora bedug lohor. Dina aya jugrugna gé, boa ngan dipaké papaés wungkul. Ari di lembur, di sawatara masjid, bedug téh dipaké kénéh.

“Jauh ka bedug”, boa ayeuna mah leuwih merenah keur ngagambarkeun jalma nu tara daék indit ka masjid, atawa nu kalékéd ngalaksanakeun ibadah. Ari bulan puasa téh kasempetan keur umat Islam ngaronjatkeun ibadah jeung amalan, da puguh bulan nu pinuh ku barokah. Kasempetan deuih ngarah leuwih “deukeut ka bedug”.***


Kabayan Mawa Carita

September 23, 2010

Carita 1

WARTA HA…HA…HA…

Si kabayan kakara datang ti Jepang. Di Jepangna teh manehna tas ngayakeun panalungtikan ngeunaan pertanian. Datang ka lemburna tuluy ngayakeun ceramah di hareupeun para patani. Ari ceramahna teh ku basa Jepang anu ditarjamahkeun ku Si Ibro.

Kabayan : Toshiba to kawasaki, watakushi, wa nipondenso no mitsubishi fuso desu neh……

Si Ibro : Bapa-bapa jeung aki-aki. Kuring kakara datang ti Jepang, ayeuna didieu rek ngayakeun ceramah ngeunaan hama fuso…..”

Kabayan : Chotto mitte Tohatsu to Komatu, Are wa Teijin Tetoron Colt mini.

Si Ibro : Kudu diconto Si Toha jeung Si Komar. Tadina rajin melak pare ayeuna ganti melak engkol”

Kabayan : Sanyo Fuji Color National Gobel…!

Si Ibro : Lamun halodo, nyebor kudu make Sanyo, ulah poho dikolor ambeh henteu gubal- gabel….!

Hadirin surak ayeuh-ayeuhan…………

CARITA 2

Si Kabayan nelepon redaksi mangle, maksudna rek ngirim naskah

Kabayan : Sareng redaksi Mangle?

Redaksi : Leres

Kabayan : Tiasa kitu ngintunkeun carita nyambung tina telepon?

Redaksi : Maksadna?

Kabayan : Sumuhun abdi macakeun carios nyambung tina telepon, saderek anu ngetikna ti dinya.

Redaksi tangka buncelik bakat ku ambek!

CARITA 3

NGAPALKEUN

Iteung : Teu rido siah aing mah! Ayeuna keneh gancang anteurkeun ka abah reujeung ka ambu!

Kabayan ( reuwas ) : Kunaon sia teh Iteung teu pupuguh?

Iteung ( ngabelehem ) : Keur ngapalkeun piomongeun, bisi kajadian abdi dicandung ku akang”

CARITA 4

NYANDU

Nyi Iteung : Cik atuh Kang, carek tukang ngarang teh ulah ngaromongkeun urang wae kituh!

Kabayan : Moal bisa, Teung…. maranehna geus nyandu kana ngomongkeun urang.


Moal Percaya

September 23, 2010

Ku EEP HIDAYAT

Mungguhing Nu Maha Tiasa, midamel sagala tos pasti tiasa. Ras inget ka manehna nu aya jeroeun hate, nu geus ngancik lila dina implengan diri hate sok ngocoblak nyarita, “bet aya nu kitu, endah malih warna, nu rengkakna estu pigeregeuteun.”

“Ah sia mah keur bogoh we meureun,” ceuk Si Asep ka Si Somad babaturanana.

“Eh, maneh mah can pernah ningali tuda, coba lamun geus ningali mah pamohalan lamun maneh teu mere nilai salapan”

“Teu… teu percaya dekah mah, maenya aya awewe siga titisan dewi?”

“Ah, hese aing rek nyaritakeun kumaha oge da puguh maneh mah can ningali bukti.”

“Lain euy masalahna mah, moal aya ari nilai salapan teh, paling gede oge nilaina tujuh satengah!”

Dina hiji waktu Si Somad mawa Si Asep minangkana mah rek ngenalkeun anu ceuk Si Somad disebut ‘titisan dewi tea’. Balikna Si Somad mere katangtuan ka Si Asep, ulah nyarita di jalan ambeh salse jeung lamun rek mere pameunteun ka di imah wae supaya salse.

“Ayeuna we.” “Teu bias, ku maneh kudu dianalisa heula, ieu mah lain ulangan Matematika jeung Basa Inggris, elmu eksak, elmu ‘sosial komplek’ anu meunteuna kudu ditingali tina berbagai disiplin ilmu social.”

“Ah sia mah, kawas rek ngawangun masarakat madani wae”

“Nya ari maneh bodo teh nataku, meunteun jalma mah anu aya patalina jeung kaendahan di sagigireun make elmu jiwa kudu make ilmu ladzuni, ringkesna maneh kudu bias nyieun analisa komprehensif”

“Geus edan meureun maneh mah!”

“Eta geura ari ngomong teh sok asal engab wae, ari meunteun Si Soronok kabogoh maneh mah memang cukup ku elmu raga wungkul da ngan sakitu buktina, tapi ari meunteun titisan dewi…?”

“Aing mah ka Si Soronok mah ngan saukur heureuy wungkul, teu siga singa mani jero pisan!”

“Tong disaruakeun atuh maneh jeung ngaing, bias jadi pola pandang maneh ngeunaan awewe ngan saukur objek panalungtikan keur hiburan dunya wungkul, aing mah lalaki nu pinuh ku ajen diri, pola pandang ka awewe euweuh basa sapiheureuyeun, objektifitasna aing mah tinggi!”

“Bisa wae, ari ahli kawanitaan mah, barina debat jeung maneh mah moal manggih tungtung. Heueuh lah ke we di imah aing rek ngasongkeun analisa komprehensif ka maneh, ngan waragadna keur nyieun proposal!”

“Da pagawean singatuda nyieunan proposal mah, mentaan ka DPRD, Bupati, para Kapala Dinas. Puas siah basa maneh ngajukeun proposal ka Sekda ditolak teu dibere saperak-perak acan, barina da dibere oge tara ieuh ku singa dilaksanakeun!”

“Ngaranna oge usaha, dibere ditarima teu dibere ku aing dibejerbeaskeun kasalahan para pejabat jeung DPRD!”

“Salah euy pagawean kitu teh. Tapi ketang coba ku maneh bejaan Ketua DPRD teh montong sok make baju sangeunahna pisan, nu era mah urang sobat-sobatna.”

“Heueuh si eta mah ari make baju teh disaruakeun wae keur aktif di LSM, sangeunahna pisan!”

“Lain euy dipikir-pikir Pamarentah Pusat mere duit ka Daerah di Era Otda sebenerna gede pisan, ngan di daerahna pangwangunan can keuna kana ajen luhur kepentingan rahayat, kapikir ku silaing?”

“Lah urusan pulitik nu kitu mah. Nu penting aing salah saurang rahayat leutik kabagean leletak sanajan tina duit KKN. Barina ari maneh kumaha ieu teh kalah ngomong sual pulitik kawas pulitikus wae!”

“Ke … ke … ulah melebar teuing diskusi teh nepi ka teu focus kieu, kapan focus diskusi urang teh ngeunaan titisan dewi tea, balik deui euy omongan kana masalah poko.”

“Teu nanaon ngalebaran mah ambeh jadi wacana. Loba siah proyek pangwangunan anu leading sektorna teu saalur jeung tupoksi. Lemah keneh nya euy pamarentah urang dina ngalarapkeun pangwangunan terpadu teh!”

“Heueuh koordinasina amburadul, maenya bagian non teknis anggaranna nepi ka miliaran!”

“Kurud we atuh ku sia!”

“Heueuh lamun aing anggota dewan mah!”

“Wah singa we, poho siah lamun jadi dewan mah. Paling-paling model maneh mah kolusi we jeung eksekutif dina naekeun anggaran dewan jeung gajih bupati!”

“Gelo, aing kajebak wacana pulitik. Balik deui euy kana masalah poko anu acan rengse.”

“Apan ceuk maneh engke di imah. Inkonsistensi pisan maneh teh, bahaya laten ceuk aing mah lamun maneh jadi pejabat. Karakter model maneh kitu para pejabat anu sok KKN teh. Ari maneh jadi siga nu bener ari geus jadi mah poho siah ka nu leutik, ‘pulitik’ dihartikeun poho ka nu leutik, ‘pulitik dima’naan nipu ka nu leutik!.”

“Barina aing mah moal jadi pejabat.”

“Cenah maneh rek nyalonkeun jadi Bupati?”

“Isu eta mah euy anu dihumbuskeun ku lawan-lawan pulitik dewek, ti mana duitna atuh keur mayar anggota dewan!”

“Ah sia make ngomong lawan pulitik sagala, memangna maneh teh aktifis pulitik? Nu puguh mah lawan pulitik maneh mah Ma Icih, sebab kamari ka aing ngomong kieu, lamun Si Somad teu mayar wae hutang nganjuk hakaneun ka Ema nepi ka Maret 2003 ku Ema mah bakal direformasi! Tapi euy, memangna ari anggota dewan teh bisa dibeuli sagala rupa?”

“Ngadenge beja we aing mah.”

“Tapi ngomong-ngomong, Bupati Kabupaten Sialan cenah beak beak tujuh miliar, bener tateh euy?”

“Aing mah lamun boga duit sakitu, nini sia ku dewek dipangmeulikeun tarasi lima treuk keur nyambel salapan belastauneun.”

“Ari ceuk dewek mah lain kitu. Lamun boga duit sakitu, ku dewek mah aki sia dioperasi plastik supaya kulitna anu geus kariput karenceng deui, ngan palebah teunna mah moal dioperasi, supaya ulah mahabu neangan ABG.”

“Ah, na ari geus gelo teh!”

“Da rek teu gelo kumaha, ngomong we reformasi, ari nu dipentingkeun ngan saukur peujit!”

“Heuheuh apan reformasi peujit.”

“Na aya kitu reformasi peujit. Fitnah singa mah. Yeuh nu sabenerna aya mah lain reformasi peujit, tapi … ke aing mikir heula … reformasi pabeulit!”

“Geus … geus moal aya tungtung, peujit murilit, tuh tingali bala-bala, gehu jeung sambel alakadarna ngagupayan hayang dihakan ku sia!”.

* * *

“BENER Mad euy anu diomongkeun ku maneh, titisan Dewi landihan maneh teh memang natrat pisan bedana jeung para wanoja sejen. Geulis lain caritekun nepi ka aing teu bisa mere peunteun sabab lain peunteuneun aing kitu tah kaendahan ciptaan Anu Kagungan teh, kakara ningali samodel kitu mah!” Gerentes Si Asep dina hatena, henteu ieuh ari wakca balaka ka Si Somad mah da puguh gengsi.

“Man, kabogoh Si Somad kieu euy,” ceuk Si Asep ka Eman Basari babaturanana bari ngacungkeun jampolna.

“Maneh mah kakara nyaho, bogoheun ka aing eta teh,” Si Nano mairan.

“Heueuh aing ge keur nalungtik jeung nganalisa sarta ngayakeun seminar perkara pakuat pakaitna ilmu pelet. Sebab ceuk Profesor Mutiyono mah kieu cenah euy, tatung jeung putasor ditambah ku cico bari jeung tapa tilu poe oge bakal jadi pengaweruh pellet anu moal aya duana,” ceuk Si Suganda.

“Ari geus ngaco teh. Naon tatung, putaso jeung cico teh?” Si Eman Basari naya. Hatena rada panasaran.

“Tarasi tutung, pucuk tai sorangan jeung cai koco … ha … ha … ditambah daging sigung anu bauna bisa kaangseu salembur maneh, baledogkeun ka nu … ha … ha … ka panutan maneh … diudag-udag geura mawa peso paranti ngeureutan bawang!” Suganda nerangkeun bari nyakakak. “Sia mah hayang nyaho wae tuda elmu kaasih dewek teh!”

Garonjakan kitu teh geus biasa di PT Barakatak mah, dumeh pagawean pokona ngan saukur ngadorong pedes ti Subang ka Jakarta ku halu, memang lumayan ari gajihna mah nepi ka lima jutana. Kabeneran harita Si Somad mah teu milu balagonjakan sabab teu asup gawe.

Beda jeung anu keur dilakukeun ku balad-baladna, Somad mah keur anteng neuteup kakasih anu dipikameumeutna. Teu eureun-eureun hate Somad mapaes basa ngalarapkeun jadi carita anu endah ngeunaan Titisan Dewi.

“Geulis, lalakon urang ngumbara dina katresna anu pinuh ku wening ati parantos kacida panjangna. Urang parantos ngahiji dina panyangcang sukma nu hamo dilaaskeun nu hamo dipalerkeun nu hamo dipapalerkeun, dunya asa bakal runtag upami katresna, kaasih, kanyaah anu parantos diwangun pageuh nanceb dina hate sewang-sewangan henteu laksana,” ceuk Somad bari ngusapan buuk titisan Dewi.

“Kang, iraha atuh urang bade ngajetrekeun katresna dipirig ku sora degung, kacapi Cianjuran?”

“Nya eta geulis, di payunkeun lengkah urang masih keneh aya batu golobogan, aya leuweung geledegan, jeung aya sagara lautan anu can katigal tungtungna. Tapi Nu Maha Kawasa Uninga naon anu dipimaksad ku urang duaan, pamugi ngajurung kana pasini anu parantos diwangun ku kaikhlasan.”

Somad gelut jeung dirina, hate pagalowota dumeh kakara manggihan carita cinta anu pinuh ku salaksa kaendahan. Salila ngumbara dina ngundar tali carita katresna, memang keur Somad kakara anu dibarung ku rasa jeroeun hate anu kacida ma rina nepi ka pamohalan bisa kapopohokeun, bisa kalalaaskeun.

Dimana wae kuring ayana, anjeun maturan dina pipikiran. Tuda lepat dina pipikiran. Tuda lepat anjeun, naha atuh make ngagaduhan kanyari anu ngagurilap dina implengan sakabeh jalma, naha atuh make mukakeun hate keur ngancik na hate kuring anu moal tiasa diudar deui. Tos pageuh geulis … tos moal tiasa diudar ku pahat kalalaworaan, gerents hate Somad bari neuteup anteb ka Titisan Dewi.

Lalakon hirup terus nyuruwuk ganti poe ganti peuting tapi na hate Somad teu pernah aya saeutik oge ganti katresna, ganti kadeudeuh, estu geus pageuh pisan tumerep dina jeroeun batinna. “Kedah terang deudeuh,” harewos Somad dina hatena bari neuteup pokahareupeun anu pinuh kayakinan rehna asal keying tangtu pareng.

Puguh tuda, kahayang Somad teh asa minculak pisan, bogoh ka titisan dewi anu aya di langit hamo kahontal ku leungeun laip, apan Somad mah ngan saukur meujeuh dahar.

“Tapi teu kitu Mad ari bogoh mah. Ceuk Undang-undang Ham dina bab katresna, hak papada jalma ngabogaan rasa jeung micinta sanajan ka turunan dewi, komo deui ieu mah katingalina manehna oge ngabogaan rasa anu sarua jeung maneh,” ceuk Si Asep sobatna mere pangbubungah.

“Bener kitu manehna teh lain ngan saukur karunya ka dewek?”

“Teuing ari palebah dinyana mah, ngan eta karasana?”

“Ragu wae euy, tuda eta naha make bogoh ka aing naha make bogoh ka aing, teu kaharti ku akal dewek mah, sabab anu bogoheun ka manehna teh kacida lobana.”

“Kieu we atuh ayeuna mah urang kerja sama jeung Dipenda, nyieun karcis eta ka nu barogoheun teh, supaya bisa nambahan PAD, sakali konsultasi kudu mayar!”

“Ari geus ngaco teh!”

“Tapi bener euy Mad, nuluykeun omongan harita, memang aing ge teu bisa mere peunteun malah kalahka mikir nu teu kahontal ku akal, naha enya eta nu ku maneh disebut titisan dewi teh, bener-bener turunan dewi? Aya heuheuh, nu kitu?”

Somad teu jelas ngadenge omongan Si Asep, manehna kiwari keur naratas jalan kumaha carana pasini bisa ngajadi lain ngan saukur dina kahayang jeung dina sawangan tapi bener-bener ngawujud jadi tatali asih anu pageuh tur teu udar deui.

Tapi carita manusa sakapeung manggih gorowong, kadangkala manggih rungkang anu pamohalan bisa kasorang, “ku tega titisan dewi ninggalkeun aing,” gerentes hate Somad. Antukna Somad asruk-asrukan maluruh unggal pilemburan make baju butut bari teu boga tujuan sabab akalna geus euweuh dina raga badagna, sakapeung leungeuna gugupay bari ngaharewos dina hatena, “titisan dewi …” Lamun geus kitu hate kamanusaanana kumpul deui, clak cipanonna maseuhan harepan.

“Ngalamun, gelo geura!” Si Asep ngagebahkeun lawang panglamunan.

“Lain Sep euy, aing sok tara ngarti di jaman komputerisasi sok masih keneh aya kolot anu tega megatkeun duriat anak.”

“Heuheuh siga kolot Si Dulaif, apan Si Dulaif kalahka jadi owah, batan bisa ngabina rumah tangga jeung Si Mira Holen anu turunan Walanda mah da dumeh teu bogoh.”

“Kitu nya euy ari cinta mah, teu bisa dipegatkeun lamun geus ngajadi tetali batin. Aing ge bisa gelo lamun Titisan Dewi ninggalkeun aing.”

Moal percaya … ?


Ramalan Piala Dunya

September 23, 2010

MOAL siga Deddy Corbuzier, anu mrédiksi maén bal téh ngadagoan bérés babak final. Atuh ari kitu mah, budak lemét ogé bisaeun. Jadi, teu kudu ahéng kana prédiksi Deddy Corbuzier mah, da engké ngajawabna sanggeus bérés piala dunya.

Paralun lain abah  rék adigung adiguna atawa agul ku payung butut, tapi Abah mah mémang geus kakoncara salaku dukun lepus di tatar Warung Situ, anu moal aya duana. Pangalaman abah teu kudu dicaritakeun deui. Pokona abah kasebutna legok tapak genténg kadék kana rupaning urusan, kayaning: nu hayang buru-buru meunang jodo, nu hayang maju usaha, jeung sajabana.

Komo deui pilakadar neguh piala dunya, abah pisan manukna. Tah, saréngséna babak kualifikasi grup, kalayan ngaloloskeun 16 tim pikeun marebutkeun karcis ka babak perempat final.

Anu asup 16 besar téh diantarana:

Grup A: Uruguay jeung Mexico

Grup B: Argéntina jeung Koréa Selatan

Grup C: USA jeung Inggris

Grup D: Jérman jeung Gana

Grup E: Walanda jeung Jepang

Grup F : Paraguay jeung Slovakia

Grup G: Brazil jeung Portugal

Grup H: Spanyol jeung Cili

TAH IEU RAMALAN ABAH:

  • Uruguay ngalawan Koréa Selatan, nu unggulna pasti Uruguay
  • Argéntina ngalawan Mexico, nu unggulna tangtu baé bakal Argéntina, lantaran moal kuat ngalawan Méssi, Higuain, Tépéz, jeung Milito.
  • USA ngalawan Gana, nu bakal médok téh USA, lantaran Amérika mah ngabalad jeung Si Anjing Israél. Jadi wé nu unggulna bakal Gana.
  • Inggris ngalawan Jérman, sigana bakal meunang Jérman,  lantaran di Jérman aya pamaén nu ngaranna Podol Ski. Jadi, Inggris mah dipodolan wé.
  • Walanda ngalawan Slovakia, nu unggulna pasti wé Walanda, lantaran Slovakia mah kakara miluan ayeuna piala dunya, cukup nepi ka babak 16 besar ogénan.
  • Jepang ngalawan Paraguay, nu meunangna asa bakal Jepang. Sabab, ti Jepang mah motor ogé milu maén, nyaéta Honda.
  • Brazil ngalawan Cili, geus tangtu nu bakal meunang téh Brazil. Lantaran di Brazil mah aya Kaka. Moal aya adi nu bisa ngéléhkeun kaka mah.
  • Portugal ngalawan Spanyol, nu bakal meunangna Spanyol. Sanajan di Portugal aya Ronaldo, tapi di Spanyol ogé aya Torés. Ditilik tina ngaranna, asa hade kénéh Torés.

Jadi, nurutkeun abah, nu asup kana babak perempat final téh nyaéta:

  1. Uruguay
  2. Argéntina
  3. Gana
  4. Jérman
  5. Walanda
  6. Jepang
  7. Brazil
  8. spanyol

RAMALAN BABAK PEREMPAT FINAL

alanda ngalawan Brazil, sigana bakal unggul Brazil

Uruguay ngalawan Gana, pasti nu meunangna Gana

Argéntina ngalawan Jérman, geus jelas bakal meunang Argéntina

Spanyol ngalawan Jepang, pasti unggul Spanyol

Jadi, nu asup ka babak semi final:

  1. Brazil
  2. Gana
  3. Argéntina
  4. Spanyol

RAMALAN BABAK SEMI FINAL

Brazil ngalawan Gana, pasti bakal meunang Brazil

Argéntina ngalawan Spanyol, tangtu baé Argéntina anu unggul

Jadi nu asup babak final mah  Brazil jeung Argéntina

RAMALAN JUARA 3

Nu juara katilu téh bakal ditangtukeun ku Gana ngalawan Spanyol. Lebah dieu mah wayahna nu bakal meunang téh Gana.

RAMALAN JUARA 1

Babak final bakal nepungkeun Argéntina ngalawan Brazil. Sabenerna abah téh dina hate leutik mah ngadukung Brazil. Tapi… rada poék dina babak final mah. Katingalina nu bakal unggul téh Argéntina. Jadi, ramalan Abah téh:

Juara 1: Argéntina

Juara 2: Brazil

Juara 3: Gana

REVISI RAMALAN

Hampura abah aya kasalahan teknis, anu antukna ramalan abah kudu robah deui. Kasalahan teknis lain bae tumiba dina kacilakaan kareta api, tapi di dunya perdukunan oge bisa wae kajadian. Atuh lamun ramalan direvisi, eta sah-sah wae, sabab buku oge sok aya edisi revisi. Lamun buku meunang direvisi, piraku ramalan teu bisa?

Brazil bet eleh ku Walanda,  Ghana bet eleh ku Uruguay, sarta Argentina ngadon eleh ku Jerman. Alesan pangna Brazil eleh ku Walanda, geus didadarkeun ku abah. Ari Ghana bet eleh ku Uruguay mah lantaran ramalan abah dirobah ku adu finalti. Sabenerna Ghana teh kudu unggul lamun pamaen Uruguay henteu ngahalalkeun sagala cara. Piraku pamaen bet hayang jadi kiper? Memang Uruguay meunang, tapi meunangna henteu ksatria. Pokona abah mah mengutuk kemenangan Uruguay. Nepi ka rup ku padung rap ku lemah oge, abah mah tetep ngadukung Ghana.

Ari Argentina mah memang kasalahan pemain, bet sorangan-sorangan maenna, henteu kolektip siga Jerman. Sanajan Si Messi, Higuain, atawa Tevez maenna hade oge, ari teu gawe bareng mah moal jalan. Lebah dieu, wajar we lamun ahirna dipodolan ku Jerman. Memang beurat ngalawan si Podol Ski mah. Jaba aya si Klose, nu bogaeun jurus pamungkas.  Tapi anu ngalantarankeun Jerman unggul mah ku lantaran pamaenna lain jalma wungkul, da bohlam oge milu maen, malah jadi kaptenna, nyaeta Philip, anu kakoncara di urang: terus terang terang terus.

Ramalan abah nu asup babak semi final, nu benerna ukur SPANYOL. Geus jelas eta mah, Paraguay pasti medok, da puguh ti Spanyol mah Sapi oge milu maen. Saterusna abah bakal ngarevisi pinunjulna.

RAMALAN BABAK SEMI FINAL EDISI REVISI

URUGUAY  ngalawan WALANDA katingalina bakal meunang Walanda. Sabab Uruguay mah ngalicik basa ngalawan Ghana oge. Memang sabenerna Walanda oge rada ngalicik basa ngalawan Brazil, biasa lah ngagunakeun taktik adu-domba. Matak,  budak satepak Si Robinho oge nepi ka amuk-amukan. Kaasup si Kaka oge ngambek, da pamaen Walanda ngalalicong. Iraha teuing si Kaka ngambek lamun teu dimimitian mah. Tapi keun wae lah, henteu nyolok mata buncelik siga Uruguay.

JERMAN ngalawan SPANYOL ngitungna rada bingung yeuh. Kuduna ieu dua kasawelasan teh papanggihna di babak final. Di Jerman aya si Podol, tapi di Spanyol oge aya Sapi. Asa kudu imbang ieu mah. Tapi pan kalah kumaha oge kudu aya nu unggul. Tah, ti baheula oge murid-murid Abah mah arapaleun yen abah sok nyepeng Jerman. Tara nyepeng tim mamana deui, estuning saukur Jerman. Ku kituna abah geus buleud patekadan yen ramalan abah ayeuna bakal JERMAN anu unggul. Alesan kadua, abah kudu konsisten kana ramalan. Dina ramalan munggaran, abah nyebutkeun yen anu bakal jadi juara teh Argentina. Ari pek Argentina eleh ku Jerman. Logikana, Jerman otomatis kudu jadi juara. Ramalan oge kudu konsesten tur kudu logis.

TAh, engke anu maredokna, Spanyol ngalawan Uruguay, geus jelas bakal meunang Spanyol. Teuing kunaon, abah mah teu simpati ka Uruguay teh, saprak pamaen hayang jadi kiper kabehanana tur mani nyolok mata buncelik.

RAMALAN BABAK FINAL EDISI REVISI

JERMAN ngalawan WALANDA, luyu jeung ramalan munggaran abah, abah tetep bakal konsisten tur logis. JERMAN bakal unggul. Pek we barandungan, ramalan abah mah tara nyalahan, paling oge sok aya kasalahan teknis. Kacindekanna, nu bakal jadi juara piala dunya teh:

Juara 1: JERMAN

Juara 2: WALANDA

Juara 3: SPANYOL

RAMALAN BABAK FINAL EDISI REVISI KADUA

Ku lantaran aya kasalahan teknis nu ngakibatkeun Jerman medok, antukna ramalan abah perelu direvisi deui. Tapi ieu mah revisi pamungkas anu jadi tur moal nyalahan deui. Sing saha nu rek tumpangan duit, silih jenggut, atawa naon wae, pek jieun jadi  referensi. Tapi lamun tumpanganna pamajikan mah, wayahna abah teu rido mun ramalan abah dipake referensi.

Dina babak grand final, nu tandang teh SPANYOL VS KOMPENI WALANDA. Puguh bae nu bakal medok mah Kompeni Walanda. Jadi, nu bakal jadi juarana PERSIB… aeh… SPANYOL. Pek abah gugat, lamun ramalan abah nyalahan. Nu enggeus-enggeus oge, lain salah, tapi eta mah abah keur meujeuhna loba pikiran tur aya oknum nu ngarobah ramalan abah. Siga kamari, basa Spanyol ngalawan Jerman, oknumna teh Si Puyol pamaen Barcelona. Mun si eta teu ngasupkeun mah, pasti bakal adu finalti tur nu unggulna Si Podolski saparakanca. Jadi, hampura ramalan abah aya nu ngagagalkeun.

Kaptusanna juara Piala Dunya:

1. Spanyol

2. Walanda

3. Jerman

Lamun ramalan abah nyalahan, abah kajeun rék pangsiun jadi dukun.***


Ha Ha Ha (11)

September 21, 2010

Suing 1

pa guru : “saha jenengan teh, jang ?”
memet : “meme’ nuni’mat..”
pa guru : “halah siah budak teu uyahan nyebut meme’ ka kolot !”
si memet malik ka tukang, napelkeun curuk na suing na, tuluy malik deui bari ngomong ..
memet : “memet nurhikmat, pa guru !”

Suing 2

aya preman suing naek angkot, diukna di lawang deuih, atuh pas mobil maju teh suing na disada kawas hatong “hiiiiiiiiinng !!!”.
preman : “kiwi piw …”
supir : “pabrik kiwi mah tebih keneh A’ ”
preman : “piw…kiwi piw…”
supir : “eeeh dibejaan teh, tebih keneh pabrik kiwi mah …”
bari keuheul si preman napelkeun curuk na suing na bari ngajejekeun suku “geblig !!!” terus ngomong…
preman : “kiri anjink !!!”

Suing 3

aya hiji mobil norobos lampu beureum, teulila “priiitt priit !!” dieureunkeun ku pulisi suing .. priwit na nyelap na suing na … tuluy
supir : “aduh pa hampura teu katinggal lampu beureumna …”
pulisi : “mana him..” si pulisi masang beungeut galak..
supir : “kulan pak ?”
pulisi : “hiiim…”
supir : “aduh punten pak abi teu ngartos…”
si pulisi kesel, manehna malik ka tukang, napelkeun curuk na suing, tuluy malik nyentak ka si supir …
pulisi : “Siiiim… goblooog…”

Suing 5

Pa Ustad : Muh …turutan Bapa nya
Emuh : Nya Pa Ustad
Pa Ustad : Alif…
Emuh : Alif
Pa Ustad : ‘Ba…
Emuh : ‘Mpa..
Pa Ustad : ‘Ba….
Emuh : ‘Mpa
Pa Ustad : Sanes Pa,,,tapi ‘Ba…
Emuh : ‘Mpa
Pa Ustad : (Rada ngamaklum)..he..geus tuluy keun we. Ta’
Emuh : Taaa
Pa Ustad : Bentes geuning..?! harkat na ulah panjang teuing. ayeuna ‘Tsa..
Emuh : saaa….
Pa Ustad : (bari ngusap dada,sing sabar aing teh).ayeuna Jim
Emuh : Jip….
Pa Ustad : Jim
Emuh : Jip
Pa Ustad : (kasabaran na beak) Treuk goblog..***


Heureuy Sunda

September 21, 2010

CENAH urang Sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Nepi ka ayeuna kuring teu nyaho, ku naon pangna kitu.

Dina dunya lawak nasional, pangaruh heureuy Sunda teu bisa dilalaworakeun. Sebut wae upamana grup lawak de Bodor (Abah Us us saparakanca) atawa de Kabayan (Kang Ibing saparakanca). Maranehanana bisa disebut panaratas dina ngawanohkeun kasundaan sacara nasional. Mun teu salah, De Kabayan lahir tina acara bobodoran di radio Mara Bandung. Malah nepi ka kiwari, Kang Ibing jeung Aom Kusman, dua di antara personil De Kabayan, masih pirajeunan siaran di Radio Mara.

Taun 90-an, grup bodor Sunda kungsi nyirorot pamorna, kasilih ku Srimulat, bobodoran dina nuansa Jawa. Mahabu malah, nepi ka acara-acara bodor atawa lawak dina TV didominasi ku Srimulat atawa para anggotana sacara pribadi.

Basa Srimulat mimiti nyirorot pamorna, grup bodor Sunda nguniang deui. Upamana bae grup P Project, nu sanajan ngaranna make basa Inggris, tapi bobodoranana tetep nyoko dina bobodoran Sunda nuansa modern. Idiom-idiom Sunda mimiti akrab dina pentas bodor nasional. Grup anu tadina dingaranan Padhyangan ieu oge asalna tina acara bobodoran di radio Oz Bandung, Ozerba. Personilna campuran mahasiswa Unpad jeung Unpar. Sering manggung di kampus kampus di Bandung. Awal karir nasionalna dimimitian basa dikontrak ku SCTV. Ti dinya ngaran Iszur, Denny Chandra, jeung Joe saparakanca geus jadi sabiwir hiji. Nya kelompok ieu pisan nu mimiti ngagarap bodor sacara daria. Maranehanana ngabogaan sababaraha divisi pikeun ngagarap ilustrasi musik, sound effect, kostum, naskah jsb.

Kabehdieunakeun aya acara Extravaganza di Trans TV. Pamaenna didominasi ku urang Sunda. Beda ti kalolobaanana grup lawak saperti Srimulat upamana, extravaganza ngandelkeun script tur teu kaci loba teuing improvisasi. Ku sabab loba urang Sundana, grup atawa acara ieu oge karasa pisan nuansa Sundana.

Basa TPI ngayakeun Lomba Lawak API (Audisi Pelawak Indonesia), loba grup lawak asal Bandung (baca: Sunda) nu katembong potensina. Malah juarana ge ti Bandung, SOS. Nu kaitung nyongcolang ti grup SOS, aya personilna nu alus ngawih Sundana, Sule. Ngadenge gelak-gelikna Sule nembang Sunda, kuring jadi inget ka Mang Ukok jeung Mang Utun ti Jenaka Sunda (mun teu salah). Jaman kiwari geus arang pisan budak ngora nu mibanda kamampuh saperti Sule. Lian ti eta, aya Oni anu ti rupa nepi ka rengkak paripolahna nyeples Kang Ibing.

Mun nengetan hal-hal anu ditataan di luhur, asa teu salah mun urang ngarasa reueus. Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Buktina maranehanan bisa kitu teh salah sahujuna ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul.

Lamun dina dunya hiburan (dina hal ieu: lawak) urang Sunda bisa nembongkeun ‘sihung’, asa piraku mun dina ambahan sejen urang teu bisa kitu. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan. Tong era ngaku urang Sunda, tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan.

Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan: Basa Sunda. Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda. Ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti urang pribadi pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, insya Alloh urang Sunda teh moal pareumeun obor. Mudah-mudahan.***