Basa Jang Aang Balanja Ka Pasar

Januari 31, 2010

Basa na Salasa jam dalapan Jang Aang ngahaja jalan-jalan ka pasar Darmaraja hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dadang mamawa anakna balanja kalapa salapan.

Jang Aang :”Naha kang balanja kalapa? Pan kang Dadang aya tangkalna dalapan?”

Kang Dadang :”Ah … nya jang babawaan ka baraya, mamang sayah hayang martabak kalapa…jang Aang balanja lalab? Mana samarana?”

Jang Aang :”Aya tah laja … salam.”

Kang Dadang :”Naha laja salam, jang Aang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah.”

Jang Aang :”Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang.”

Kang Dadang :”Mangga….”

Jang Aang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dadang mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan… TAMAT… dadaaaah….. calawak nya.


Ngala Suluh

Januari 31, 2010

NGALA suluh, keur urang lembur mah geus jadi pangabutuh. Puguhanan hawu paragi masak téh apan kudu diwewelan suluh keur ngahurungkeun sakadang seuneu, ngarah nu dipasak asak tur bisa kadahar ku nu masakna.

Di lembur kuring, tempat ngala suluh téh kaitung loba. Bisa di kebon, ka sawah, ka gunung, jeung ka leuweung. Alatan kitu, ngala suluh téh bisa saha waé, teu ngandelkeun lalaki kolot siga bapa. Indung, budak, rék lalaki rék awéwé, nya kitu deui nini-nini jeung aki-aki gé bisa. Luyu jeung kamampuhna.

Enya, mun kolot déwasa ngapruk ngala suluh nu aralus ka gunung, ka reuma, atawa ka leuweung, atuh barudak mah jeung awéwé kalis di kebon jeung di sawah da moal kurang pisuluheun mah. Éta téh bakating pentingna suluh keur kahirupan sapopoé. Sabisa-bisa unggal anggota kulawarga barisa ngala suluh.

Tuda nu ngaran pusuk-pasak téa apan sahanteuna sapoé dua kali mah kudu, isuk jeung soré. Can lamun usum nyawah boga pagawé atawa keur hajat, kapereluan suluh téh loba pisan. Cindekna mah tong salempang capé gawé teu kapaké ngala suluh mah. Dililakeun gé, asal ulah kahujanan, moal buruk, aya dudut-duduteun  usum ngijih nu biasana sok hésé néangan suluh garing.

Keur budak di lembur, kuring gé teu weléh dikukuprak ku kolot sina diajar ngala suluh. Sarua budak batur gé, boh anak jelema beunghar angot nu basajan, kudu barisa ngala suluh. Ngala suluhna nya diluyukeun baé jeung kamampuh budak, aya nu ukur ngaroroték di kebon aya nu ngaprak mulungan barangbang kalapa nu ragrag di sawah. Malah sakapeung mah ku bapa sok dibawa ngala suluh ka gunung atawa ka leuweung séjénna.

Ngaroroték di kebon, luyu jeung sesebutanana, nu diarah téh kitu wé sabangsaning rugung-régang awi nu geus gararing atawa pangpung nu ragragan tina tangkal kai. Kari nyokotan baé teu kudu maké bedog sagala najan bedog mah mawa   (dipangmeulikeun bedog leutik peresun keur budak ku bapa). Da ari meunang régang awi mah angger kudu dipahpral da puguh rogok ka ditu ka dieu matak riba mawana. Régang jeung pangpung téh heug digundukkeun. Néangan talina teu hésé najan jaman harita mah can ubyag tali rapia ogé, bisa ngarurud palapah tangkal cau nu geus kolot atawa areuy nu ngarambat dina pager. Geus meunang meungkeut clo baé dina sirah atawa dipanggul dibawa balik.

Atoheun pisan kolot disundang ngala suluh téh. Éta wé da mani sok dipuji béak karep. Sabalikna mun mumul da keur resep ulin, dicarékan bébéakan. Basana, “Ngaladu waé siah, ngaroroték ka dituh euweuh keur mirun seuneu!”

Suluh beunang ngaroroték mah sok diawét-awét ku indung téh da éta meureun perelu keur mitembeyan ngahurungkeun seuneu méh teu miceun minyak tanah kana lebu nu geus numpuk.

Ngaroroték téh aya ka kebon sorangan aya ka kebon nu saha bae da tara digeureuh-geureuh, puguhanan ukur mulungan pangpung atawa regang. Najan kitu, mun kapanggih ngaruksak pepelakan, ku nu bogana sok diomong, leuwihna sok dipager teu meunang diasupan deui. Malah lamun di kebon aya pelak bungbuahan, heug buahna ragrag, tara ieuh dikorétkeun, dipulung baé asal ulah mulung meunang ngadadak ngajul atawa malédog, éta mah kaasup maok.

Sok hayang seuri nempo nu puntu-pénta di kebon lamun nu bogana euweuh téh. Siga nu butuh daun cau, pok wé ngomong sorangan, “Mang Anu, ménta daun cau keur mais!” pokna. “Manggaaaa……!” dijawab ku sorangan kénéh. Tapi da ukur daun cau salambar dua lambar, tara leuwih. Nu boga kebon ogé ngama’lum sigana.

Demi ngala suluh di sawah nu diarah téh barangbang atawa dahan kalapa jeung daunna (baralak) nu geus garing atawa sintung kalapa. Kalan-kalan, kalapa garing gé sok dibawa. Teu kudu naék ngala barangbang téh da sok ngulapés sorangan kari metot wé ti handap mun tangkal kalapana pendék mah atawa kari mulung nu geus ragrag mah. Siga di kebon, barangbang gé bogana saha wé, tara digeureuh-geureuh, malah sok atoheun nu boga sawah téh barangbang ragrag kana kotakan nu parena keur jadi  heug aya nu nyokot téh da nyegah tangkal paré terus ayeuh.

Ngala suluh barangbang mun geus beubeunangan sakapeung sok langsung baé dipanggul bari semu digusur dibawa balik, ké di imah diteukteukanana mah. Tapi cara kitu téh sok barabé da ngadupakan paré sapaparat jalan, piomongeun. Nu matak mimindengna mah nya sok diteukteukan di sawah baé. Sok dipapagahan ku kolot cara meresan suluh barangbang téh atawa sok nempokeun kolot. Mimitina baralak dipahpral ti puhu tepi ka congo. Bedog seukeut mah mahpral téh gancang. Geus dipahpral baralakna kari diteukteukan dahanna, kira satengah tepi ka saméter. Mun gedé teuing, angot puhuna mah nya sok dibeulahan. Cara meulahna ngarah gampang ti puhu ka congo, ulah sabalikna sok hésé, teuas, angot bedog mintul mah barabé. Geus diteukteuk jeung dibeulahan kari meungkeut baé. Mun teu mawa tali, teu bingung néangan, kari ngahua tonggong dahan kalapa nu baseuh. Teu weléh kaakalan puguh ku kolot baheula mah naon-naon ogé, teu ngandelkeun sarupa. Manggul suluh barangbang sok ditogéngcang mun meunang saeutik mah. Maksud téh dihurunna mah ngan sabeulah, sabeulah deui mah tanggungan téh kosong. Tatanggungna nya ku dahan kalapa deui.

Ngala suluh ka gunung mah sok bareng jeung kolot, lobaan, mani ngalabring siga rék moro da sok aya nu mawa anjing sagala. Gunung nu disungsi téh Gunung Tampomas. Asupna ti wewengkon Narimbang, ka dituna mah blus baé ka jero leuweung. Iy, mani geueuman ningan jero leuweung téh. Ngan resep, cai hérang curcor, sora manuk ti ditu ti dieu, sorot panonpoé ti tebéh wétan na wanci isuk-isuk tingselepét nobros sela-sela tatanggkalan. Karasa hawana seger, kacapé urut netek nanjak téh kaubaran.

Sok carulang-cileung kolot téh ngala suluh di leuweung mah. Harita mah can ngarti kuring gé naha ngala suluh-ngala suluh baé siga aya nu dipikasieun. Sieun nu ngageugeuh sirah cai kitu? Ka dinya taksiran harita mah. Béh dieu-béh dieu kakara ngarti, manahoréng ngala suluh ka leuweung, pangpangna nuar tangkal kai téh kaasup pagawéan salah, dipahing ku pamaréntah. Mun kapanggih ku mandor leuweung, kajaba dicaram téh, patik jeung bedog paragi ngala suluh sok dirampas. Paingan atuh ngala suluh ka gunung mah sok ngalabring.

Tapi da sainget arang kajadian nu ngala suluh di lembur kuring nu nepi ka cangkalak ku mandor leuweung téh. Teuing kaina loba kénéh nu ngalana saeutik atawa bisa jadi ngalana jeung jeujeuhan. Da ningan ari geus manggih kai nu ngagolér mah nya éta waé nu diarah téh. Kajaba mun lebeng pisan, kolot-kolot téh sok nuar tangkal kai, kitu gé ukur nu sagedé puhu pingping kolot, luyu jeung kamampuh patik katut bedog.

Geus bareubeunangan suluh, brak dalahar, ngariung muka timbel bawana séwang-séwangan. Timbel pulen sangu beureum atawa bodas, deungeunna, asin jeung sambel, maké lalab seupan kacang panjang jeung daunna. Pédo élom naker.  Geus kitu mah bring baé mudun, mulang. Kolot-kolot naranggung suluhna téh mani tingbereyot da manggul hurunan suluh salayan. Puguh kai baseuh jeung aralus, katempo geutahan kénéh. Suluh kitu mah sok kapaké lila. Ari barudak mah sok dipanghancengankeun ku kolot diluyukeun jeung kamampuhna. “Cingan panggul, beurat teu?” ceuk bapa. Diajaran dipanggul, harita mah asa hampang da can leumpang. Ari geus  leumpang jauh mah nya engah-engeh. Ari suluhna lain beunang ngahurun da meureun lila uras-urusna, kitu wé barudak mah manggul pongkolan.

Basa kagunungkeun netek nanjak, matak horéam. Balikkeun gé tetep wé horéam najan mudun da dibeungbeuratan suluh téa. Mawa suluh rarampayakan da paur labuh, tuur gé tangka nyorodcod.Kiwari, urang lembur keur masak téh geus prah maraké minyak tanah. Hawu, parako, kadeseh ku kompor. Pawon gé rada bararesih da teu kapuput teuing ku haseup suluh nu sok matak harideung sagala-gala. Orokaya, minyak tanah téh jadi barang rebutan, haregana apung-apungan. Malah ayeuna mah minyak tanah téh  diganti ku gas. Nya meureun hawu jeung suluh gé ukur jadi panineungan.***


Lohika

Januari 31, 2010

Pagawé kantor pos nimbang bungkusan anu rék dikirimkeun ku Ibu Titin. Sabada niténan beuratna, pagawé kantor pos téh nyarita: “Kedah ditambihan parangkona, Bu.”

“Naha?”

“Margi beuratna langkung teuing.”

“Naha lamun parangkona ditambahan beuratna baris ngurangan kitu?”


Misteri Lembur Cipeuting 3

Januari 31, 2010

ENYA wé, sanggeus leumpang aya kana saratus méterna, reyem-reyem kaciri tangkal caringin, najan ukur ketémbong belegbegna. Teu kabeneranana téh, di langit euweuh béntang-béntang acan. Éstuning meredong téh lain bobohongan. Mawa sentér téh kalah ka nambahan keueung deuih. Sok sieun nyorot nu teu pararuguh.

Kaayaan teuing ku simpé. Anéhna téh, teu kadéngé sora gaang-gaang acan. Atuh sora sapatu nincak taneuh téh mani écés pisan. Teu wani ngarérét ka tukang, da pipikiran dipinuhan ku sawangan goréng. Sok ras kana dongéng, nu keur leumpang peuting kadangkala aya nu nuturkeun. Nya éta nu matak keueung téh. Dipapantes, barang ngalieuk ka tukang aya nu leumpang teu napak, awéwé maké baju sarwa bodas.

Asana mah da kuring téh teu kaasup borangan. Ngan keur kieu mah, carita nu tara bisa dipercaya téh bet ngadadak narémbongan. Siga dongéng Ki Lanceuk ti lembur. Cenah mun keur leumpang di nu poék ulah rarat-rérét.

“Naha, Kang?” cékéng bari seuri, da éta tuda, karesepna Ki Lanceuk mah ngadongéng bangsaning lelembut téh.

“Mang Mista, tatangga Akang, balik dagang kapeutingan. Nya kitu lah, kira-kira wanci tengah peuting. Palebah kebon awi nu rék ka lembur, panggih jeung sabubuhan jelema…”

“Atoh atuh, aya batur meureun…”

“Enya cenah mimitina mah. Ngan kacida ngaranjugna basa nu ngabring téh singhoréng… ngagotong pasaran. Basa papaliwat téh Mang Mista nepi ka ngayekyek. Komo basa dilieuk deui, nu ngabring téh ngiles, teuing ka mana…”

Ras ka nu rék disorang. Kebon awi!

Keur kitu mah sabisa-bisa sagala dipapatkeun. Aya kereteg rék balik deui, tapi geus kapalang. Ongkoh can aya dongéngna aya nu paéh dilegleg jurig mah. Ngan haté medenghel keuheul ka Si Among. Ngagawékeun pisan mangkeluk téh. Jinisna mah moal teu keur ocon jeung nu boga warung.

Lebah kebon awi, satékah polah mopohokeun dongéng Ki Lanceuk. Nya éta atuh, da sasarina mah tara inget ka Mang Mista. Mani geus asa jol ti hareup aya nu ngabring, mawa pasaran. Nyobaan bari hahariringan, kalah asa nambahan keueung. Ongkoh dongéng Ki Lanceuk nu séjénna ngaronghéap deui. Cenah mun leumpang ti peuting ulah sok bari hahariringan, bisi aya nu nurutan.

Rada longsong basa geus ngaliwatan kebon awi mah. Euweuh nanaon geuning. Ayeuna nyorang kebon sampeu. Teu canéom teuing. Jalan nu disorang éstuning batu taringgul, teu diaspal. Ngan rada lega wungkul, sigana asup mobil mah.

Asa geus leuwih ti sapuluh menit leumpang téh, tapi can aya tanda-tanda geus nepi ka Lembur Cipeuting. Aéh, enya, naha tadi mani teu ditanyakeun ka Sumi, naon sababna bet dingaranan lembur Cipeuting?

Rada ngajenghok, basa rét deui ka hareup, katémbong aya cahaya mani hibar. Moal kitu aya imah nu kahuruan mah? Tapi kawas lain cahaya tina seuneu éta mah, siga lamun néon nu caang naker. Beuki deukeut, cahaya téh beuki caang. Hibarna nepi ka langit. Geus mimiti cul-cel manggih imah. Tiiseun, teu kadéngé aya nu nyaring. Ngan anéhna téh, unggal imah katémbong sidik pisan. Buruanana, pipirna, hateupna. Beuki ngagebeg téh, geuning ieu mah asa ti beurang. Enya, beurang geuning. Najan teu katémbong aya panonpoé, tapi téténjoan mani écés.

Haben dipikiran, da leumpang téh asa sakeudeung, piraku ayeuna geus beurang deui. Tah, tah, mimiti aya nu kadéngé ayeuna mah. Kentrungna sora lisung, sora ingon-ingon, sora cai ngérélék.

Gebeg téh, basa ngaliwat ka hiji imah. Dina tihang tepas, katémbong aya lalaki ngagantung. Leungeunna ditalian ku tambang kana usuk. Sukuna guwang-gawing. Henteu dibaju, ka handapna ukur maké calana pondok. Sirintil aya awéwé mamawa bébékan awi. Jebrod, lalaki nu keur ngagantung téh diteunggeul satakerna. Goak, bangun anu nyeri naker. Jebrod deui. Goak. Kitu jeung kitu wé. Mani asa linu nénjona gé.

“Karasa siah? Karasa ku bebengok sia?” éta awéwé gogorowokan.

“Cik atuh Icih, mani teu ngahampura ka aing téh!”

“Alah, aing mah nyerina leuwih ti kitu, deuleu. Na dika manakeun pipikiran téh, anak pamajikan bangkaréakan, ari sia ngamonyah-monyah duit dipaké rucah. Yeuh sakali deui! Karasa siah!”

Gancang baé indit ti dinya. Asa paur nénjona gé. Naha atuh, ari jog deui imah séjénna, bet réa lalaki nu keur disiksa. Aya nu dikunclungkeun ka balong. Aya nu sukuna asupkeun kana lisung, terus diténggor ku halu. Méh kabéh awéwé nu keur nyiksa téh bari awong-awongan.

Nu teu kaharti, naha awéwé di ieu lembur teuing ku bedas, nepi ka si lalaki teu bisa ngalawan. Siga nu sadaya-daya.

Belesat, kagigireun asa aya nu ngaliwat. Basa dilieuk, hiji lalaki lumpat mani ngabiur, diudag ku awéwé nu ngamang-ngamang bedog. Si lalaki lumpatna bari tulung-tulungan, sagala didupak.

Rét deui ka gigir, aki-aki ngajurahroh deukeut pager. Beungeutna barengep. Sukuna ditalian kana tangkal jambu. Di hiji pakarangan, aya nu keur naék kana tangkal kalapa. Di handapeunana, awéwé keur nyekelan kampak. Gedok, tangkal kalapa téh siga nu rék dituar.

Nu lumpat kana suhunan, nu digusur di buruan, éstuning matak ketir nénjona. Sajongjongan mah kasima, colohok mata simeuteun.

Éling sotéh, basa gigireun katénjo wangunan leutik. Aya tulisan “sayagi béngsin mur”. Enya, aing téh apan rék meuli béngsin.

Teu kudu gegedor, da katémbong nu dagangna diuk gigireun émbér gedé naker. Éta sigana Ceu Emur téh. Tapi teu waka disampeurkeun, da katémbong aya kénéh nu balanja. Awéwé ngora kénéh.

“Rék diduruk waé, Nyai?”

“Enya, Ceu. Tuman! Ngarah senget urang awuran heula ku béngsin!”

Basa Si Awéwé ngaléos, gancang nu dagang béngsin disampeurkeun. Mani olohok basa nangénan kuring datang téh. Sajongjongan alak-ilik, siga nu nyidik-nyidik.

“Ujang? Rék naon ka dieu?” pokna, bangun nu manghariwangkeun.

“Badé mésér béngsin, Ceu. Puguh mobil séépeun béngsin…”

“Mawa wadahna?”

“Ngabantun…” jawab téh bari ngasongkeun jarikén. Ku manéhna dieusian nepi ka pinuh. Teuing sabaraha léter, teu milu ngitung. Sajeroning ngaladangan téh panonna mah rét deui-rét deui, nelek-nelek.

Song mikeun duit saratus rébu. Ku manéhna disidik-sidik, tarangna mani kerung.

“Ieu téh naon, Sujang?” pokna siga nu bingung.

“Duit, Euceu!”

“Har, naha rupana kieu. Asa kakara nénjo. Sabaraha sén pangajina?”

“Sén?” bagéan kuring ayeuna mah nu kerung téh.

“Enya. Ku duit nu ilahar wé atuh, Ujang…”

“Har, apan ieu gé ilahar. Ari kitu sabaraha béngsin saléterna?”

“Sapuluh sén, Sujang!”

Leng wé geus kitu mah. Moal kitu aing téh balik deui ka jaman Walanda? Atawa Ceu Emur nu keur ngalindur?

“Lah, ulah heureuy, Euceu. Ieu téh duit saratus rébu pérak. Hartina sapuluh juta sén. Ana kitu mah kuring bisa meuli béngsin sajuta léter!” pok téh bari nyakakak.

“Candak heula wé atuh, lieur Euceu mah. Teu bisa ngitung nepi ka juta-juta…”

“Terus mayarna kumaha?”

Can gé anggeus babayar, ti tonggoh katémbong sabubuhan awéwé leumpang ngagedig. Ceu Emur ngadadak pias.

“Ujang geus boga pamajikan?” Ceu Emur ujug-ujug nanya.

“Mun geus boga teu meunang meuli béngsin kitu?”

“Ih, ditanya sabener-bener…”

“Enggeus, Ceu. Boga anak dua…”

“Cilaka. Cilaka ieu mah. Buru milu ka Euceu!”

“Milu ka mana?”

“Tuturkeun wé… kitu gé mun hayang salamet.”

Ceu Emur ngenyang leungeun kuring. Bus dibawa ka jero imah.

“Nyumput di kolong pago!”

Bari jeung teu ngarti gé, digugu wé. Ceu Emur mah gagancangan kaluar deui. Sajeroning ngahéphép téh, bet asa keur nyorang lalampahan ahéng. Rék meuli béngsin, kalah ka dititah nyumput.

Teu kungsi lila, Ceu Emur geus asup deui ka imah.

“Aman ayeuna mah…” pokna.

“Ari kitu aya naon, Ceu?”

“Biasa, nu keur ngaronda.”

“Ngaronda?”

“Enya, nu tadi ngabring réh keur ngaronda. Mun aya lalaki manjang-munjung sok terus dicerek. Mun éta lalaki geus boga pamajikan, dijamin biheung bisa balik deui.”

“Har? Naha bet bisa kitu?”

“Kitu aturanana di Lembur Cipeuting mah…”

“Ké, ari tadi kuring nénjo réa lalaki disiksa, naon maksudna?”

“Enya, nu sok nyéléwér éta téh. Ku pamajikanana tara dibéré mingé!”

“Mun kapanggih kitu gé…”

“Kapanggih waé, da béda haté awéwé mah…”

“Naha Euceu teu nyiksa salaki atuh?”

“Geus teu boga salaki Euceu mah. Akangna geus lila maot…”

“Budak?”

“Teu boga budak…”

“Mun kuring kacerek ku maranéhna, bakal disiksa?”

“Tangtu. Ujang nganjang ka dieu lain wayah lain mangsa. Jeung pangpangna mah, ninggalkeun nu di imah, lin?”

“Asa anéh lembur téh. Bet aya awéwé nu téga nyiksa salakina, nepi ka baloboran getih, nepi ka barengep…”

“Cék Euceu mah, awéwé, disiksa haté nyerina boa leuwih ti kitu…”

“Enya… tapi pan kuring mah ka dieu sotéh keur néangan béngsin…”

“Nyaho Euceu gé. Nu matak tadi gagancangan disumputkeun. Da mun nyaho Ujang boga niat séjén mah, ku Euceu disiksana gé…”

“Eum, ulah kitu, Ceu…”

“Buru atuh geura balik, lain mobil béakeun béngsin?”

“Pan can babayar?”

“Keun baé. Iraha wé mayarna mah, mun Ujang ka dieu deui. Ngan jalanna ulah ka tengah lembur. Mending malibir ka solokan…”

Kakara gé rék cengkat, di luar kadéngé sora awéwé mani sahéng.

“Ceu Emur! Kaluar siah! Euceu kudu dihukum lantaran ngampihan lalaki!”***(hanca)


Smoking Room

Januari 31, 2010

Khusus kanggo anggota Dewan Suro (Suka Roko) sareng Ahli Hisap


Tutug Oncom

Januari 31, 2010

BUBUHAN kuring mah urang lembur, jadi sasarap gé teu jiga barudak di kota ayeuna. Atuh sakola ogé sakitu ngangkleung jauh bari jeung badarat, taya tutumpakan, mapay-mapay jalan sawah.

Rebun-rebun kénéh Ema geus namplokkeun sangu kana dulang, diakeul. Tah, mangsana sangu diakeul, tangtu nya panas nya ngebul. Katiténan sok dicampuran oncom beuleum beunang ngaréndos. Sambarana ogé teu bangga, ukur uyah, cikur, bawang beureum, jeung céngék sababaraha guluntung. Diréndos dina coét batu rada gedé disakaliguskeun jeung beuleum oncom téa. Saterusna mah nya digalokeun kana sangu dina dulang atawa dina boboko. Tah, kaolahan jiga kitu téh disebutna tutug oncom.

Mun kira aya kénéh waktu, nya sasarap heula di imah. Tapi, mun rada elat sarta bakal kabeurangan, tutug oncom téh sok dibungkus wé ku daun cau, didahar bari leumpang di jalan. Diambéng téa ngaranna téh. Ngan rokaya ninggang leumpang lebah galengan, tampolana sok tigedebut labuh bubuhan tara pati nénjo tincakeun.


Abong Kabayan

Januari 31, 2010

Di Bank
Si Kabayan indit ka bank rék nabung. Barang nepi ka deukeut panto bank, aya kana dua tilu léngkah deui, panto téh ujug-ujug muka, padahal euweuh deui jelema. Atuh nu di jero euweuh nu kaluar deuih. Barang bray panto bank muka, rikat Si Kabayan luncat ka tukang bari pasang kuda-kuda. Basa luncat ka tukang, panto bank téh nutup deui. “Ah, siah anéh ieu mah panto téh, pasti aya nu nyicingan,” ceuk Si Kabayan bari biwirna kunyam-kunyem tuluy undur-unduran. Geus rada jauh ngan beretek wé lumpat. Nabungna teu tulus, pajarkeun téh bank éta mah aya jurigan.

Kabita
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong, “Mang, isukan mah ulah dagang!”
“Naha ku naon, Jang?” ceuk tukang baso panasaran.
“Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga duit..Mun Emang dagang kuring pasti kabita,” ceuk Si Kabayan.
“Rék boga duit rék henteu lain urusan kuring!” Ceuk Si Emang bari ngadorong roda basona.

Aya Kahayang
Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup téh sing aya kahayang cara batur!”
Kabayan: “Na da uing gé aya kahayang mah.”
Iteung: “Hayang naon ari manéh?”
Kabayan: “Hayang nyandung deuleu!”

Kadunyaan
Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan: “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”

Teu ngeunah
Lamsijan: “Sisinarieun ngajentul bari manyun, pan sasari mah sok bari melenyun udud, kabayan?”
Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé.”
Lamsijan: “Sukur wé ari geus éling mah. Satadina mah rék dibéré, déwék boga roko pangmahalna.”
Kabayan: “Nu bener? Cingan ngasaan sabatang mah!”
Lamsijan: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Teu ngeunah sotéh mun digayem!”
Lamsijan: “Sugan téh heueuh geus éling.”

Dasar Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT: “Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti!”
Kabayan: “Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula.”
Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui, “Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.”
Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.”
RT (bari ngagerendeng): “Dasar Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah!”

Blék
Kabayan: “Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan.”
Nolédnad: “Lalawanan kumaha?”
Kabayan: “Kecapna sarua tapi hartina mani béda pisan.”
Nolédnad: “Saperti kecap naon tah?”
Kabayan: “Kecap blék.”
Nolédnad: “Kumaha kitu?”
Kabayan: “Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.”
Nolédnad: “Ari dina basa Sunda?”
Kabayan: “Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.”
Nolednad: “Ceuk saha blék hartina bodas?”
Kabayan: “Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kururpuk bodas. Jadi jelas, blék téh hartina bodas!”

Tina Barakatak Manglé


Ciung Wanara

Januari 31, 2010

KACATURKEUN di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.

Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.

Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Tina Pangajran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.


Jelema nu Sabenerna

Januari 31, 2010

AYA hiji jelema teuing ku malarat. Cek babasan téa mah nyatu soré henteu isuk. Kahirupanana tina ngala kai. Ku walurat-waluratna, parabot usahana ogé ngan baliung baé sahiji. Dina hiji poé manéhna nuar kai di jero leuweung, sisi talaga nu jero pisan, caina ngajumbleng pikakeueungeun. Dasar tariking cilaka, barang baliungna diheumbatkeun kana tangkal kai téa, polonyon baé locot tina perahna, kecemplung ragrag kana talaga. Manéhna rampohpoy bawaning ku handeueul. Brek diuk bari ngahuleng semu bingung, mencrong kana lebah muragna baliung téa. Rék diteuleuman, lain teuleum-teuleumaneun, kawantu talaga sakitu jerona. Curudcud cipanonna bijil, ku tina teu kuat nahan kasedih. Sabot keur kitu, teu kanyahoan jebul baé aya aki-aki nyampeurkeun. Janggotna bodas ngeplak kawas kapas, pipina kemong, sarta kulitna beresih. Aki-aki téh pok nanya, “Ku naon manéh bet ceurik, kawas anu susah-susah teuing?” Barabat ku tukang ngala kai dicaritakeun satarabasna yén manéhna keur sedih lantaran baliungna murag kana talaga, mangkaning teu boga deui parabot séjénna. Ceuk aki-aki, “Sing sabar tawekal baé atuh, ulah aral ku sakitu. Pamali! Keun ku aki dipangneuleumankeun!”Sanggeus ngomong kitu aki-aki téh tuluy ancrub, lep teuleum. Teu lila ronghéap deui hanjat bari ngajingjing baliung pérak. Tuluy diasongkeun ka tukang ngala kai, bari ngomong, “Ieu baliung Ujang téh?” Walon tukang ngala kai, “Euleuh geuning ieu mah baliung pérak! Sanés Aki, nu kuring mah sanés ieu. Éta mah duka baliung saha. Moal enya jelema malarat gaduh baliung pérak!”
Ku aki-aki teu dijawab, anggur lep teuleum deui. Si Aki mucunghul deui bari ngacungkeun baliung emas. “Sanés, Aki! Éta mah sanés baliung nu kuring. Duka nu saha.” Aki-aki téh lep deui teuleum cara tadi. Ngendék sajongjongan geus pucunghul deui bari ngacungkeun baliung biasa, rompang-rompang acan.“Ieu kitu baliung Ujang mah?” “Leres éta, Aki!” Ceuk tukang ngala kai téh. Leungeunna ngadégdég bari nampanan baliung rompang, bakating ku atoh.“Nuhun Aki, nuhun parantos mangneuleumankeun talaga nepi ka baliung kuring kapimilik deui. Aki téh sasat parantos numbu umur kuring. Naon atuh pamulang tarima kuring ka aki? Da puguh kuring mah apan sakieu buktina. Muga-muga baé Gusti Alloh ngaganjar kana kasaéan Aki!” Walon aki-aki, “Aki bungah nu taya hinggana ngadéngé omongan Ujang bieu. Ari mungguh Aki mah leuwih bungah narimakeun ku basa nu utama, tinimbang dipulang ku dunya barana. Ieu baliung pérak jeung emas kop méré, ganjaran keur jelema anu sabenerna, anu suci bersih, cadu ngaku barang batur, tara ngagasab banda nu lian. Jeung éta téh pikeun tanda yén Aki bungah duméh geus bisa nulungan papada kaula.” Sajongjongan mah tukang ngala kai téh teu wanieun nampanan, olohok baé kawas nu kasima, ku tina atoh-atohna. Lila-lila baliung emas jeung pérak téh ditampanan bari ngadégdég. Segruk ceurik bari nyuuh ku gedé-gedéna kabungah.Barang manéhna cengkat rék nganuhunkeun kadua kalian, aki-aki téh geus euweuh mantén, geus leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
(Tina “Dongeng-dongeng Nini”, karya Ki Umbara)


Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

Januari 31, 2010

KACATURKEUN di hiji leuweung aya bagong putih. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.
Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka hiji tegalan, deukeut walungan Citarum. Barang datang ka dinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut nu moro uncal ka dinya. Aya hiji batok balokan urut tuang Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang, leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh baé.
Lila-lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé geulis. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan. Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi.
Nalika geus gedé, pok Dayang Sumbi téh nanyakeun bapa, “Ibu, ari bapa kuring téh saha? Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu?”
“Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa, meureun aya di dieu,” témbal bagong putih.
“Euh, piraku Ibu, sakabéh mahluk gé kapan pada boga bapa, boh manusa boh sato héwan. Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah.”
Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun saban waktu, ahirna bagong putih téh balaka. “Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana di karaton,” cék bagong putih. Ngadéngé kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaran, hayang nepungan bapana.
“Lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék ditepungan,” cék Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi kebat baé indit, ngajugjug ka karajaan. Ku Kangjeng Prabu tuluy diaku anak, diperenahkeun di hiji tempat sarta dititah diajar ninun ka tukang ninun. Teu lila ogé Dayang Sumbi geus mahér ninun kaén. Ku Kangjeng Prabu tuluy dipangnyieunkeun saung ranggon anu luhur di tengah leuweung. Ari baturna ngan ukur anjing hideung nu ngaran Si Tumang.
Dina hiji waktu nalika Dayang Sumbi keur ninun, taropongna murag ka kolong saung. Lantaran seunggah kudu turun, pok baé manéhna ngomong sorangan.
“Leuh, mun aya nu daék mangnyokotkeun éta taropong, tangtu bakal diaku salaki ku kuring.”
Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngékeun omongan Dayang Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, rék ngaku salaki.
Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu katangtuan ti Déwata, manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu kakandungan. Brol ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sangkuriang.
Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah lantaran tumbakna meneran. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat, ngudag kana tangkal kai, bangun keur ngudag sato boroan.
Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mimiti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon baé, careuh, peucang, atawa mencek.
“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” cék Dayang Sumbi hiji waktu.
Sangkuriang tuluy indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang.
Anéh pisan poé éta mah sasatoan téh henteu aya nu katénjo ngaringkang hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di tegalan. Poé harita mah kawas ngaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato boroeun.
Awahing ku jéngkél teu beubeunangan, ngan lékék baé Si Tumang téh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé kacida atohna, dagdag-dégdég ngasakan éta ati. Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta ati téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getihan.
Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ngajugjug ka tebéh wétan. Mangtaun-taun leuleuweungan tepi ka ahirna bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru élmu kasaktén ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik élmu Tumbul Muda. Jalma anu miboga éta élmu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.
Dina hiji waktu manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga élmu kasaktén, Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman nu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa lelembut téh tuluy tunduk ka Sangkuriang.
Demi Dayang Sumbi, sanggeus ditinggalkeun ku anakna, manéhna ngarasa kaduhung kabina-bina. Hirupna éstu nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon, rék néangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung raja jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus tamat guguruna, manéhna dijurungan sina indit deui ka tebéh wétan. Di hiji tempat nu katelah Gunung Bohong manéhna nganjrek bumetah.
Kocapkeun Sangkuriang terus baé ngalalana. Mileuweungan migunungan tepi ka puluh-puluh taun, tepi ka ahirna anjog ka hiji gunung. Manéhna patepung jeung awéwé anu kacida geulisna. Sangkuriang bogoh sarta ngajak kawin ka éta awéwé, anu saenyana éta awéwé téh Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, bubuhan geus papisah mangpuluh-puluh taun, manéhna kalinglap. Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rék diala kutu, dina sirahna katénjo bet aya céda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manéhna kakara inget, moal salah ieu lalaki téh anak aing gerentesna, Sangkuriang anu baheula kungsi ditoktrok sirahna ku sinduk.
Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anak pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh baé ngajak kawin. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi nyiar akal.
“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting,” ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.
Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh tuluy ditilasan régangna sarta dipapas dijieun parahu.
Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung parahu bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus ngabagug rék anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha carana, sangkan aing teu tulus kawin, cék pikirna. Ras manéhna inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna dikebut-kebutkeun, tepi ka bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.
Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat. Manéhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng awahing ku reuwas. Bijil balébat tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, hartina manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi.
Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahuna ditajong satakerna. Bubuhan jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkuban parahu. Ari talaga nu ngemplang ku Sangkuriang didupak tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sangkuriang tuluy ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkuban Parahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh Kulon.