Ha Ha Ha (10)

Juli 24, 2010

Sendal Kuring

Di hiji poe juma’ah saberes juma’ahan, si ucok (orang batak nu karek pindah ka bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit. Si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong;

Si Ucok: “Heh kau barudak, ninggali sendal kuring teu?”
Barudak: “Sendal nu kumaha bang?”
Si Ucok: “Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk”
Barudak: “Wah teu apal bang”

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok.

Si Ucok: “Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji”
Pa Haji: “Pahili meureun bang”
Si Ucok: “Bah..! Siapa pula eta pa hili?”
Pa Haji: “Eh si abang, Pahili teh Pagentos”
Si Ucok: “Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??”
Pa Haji: “Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh…Assalamualaikum..”
Si Ucok: “Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??”

Budak Angkot

Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. Tapi tisabareng naek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae, tayohna mah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh.
Tuluy we ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna teh. Nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikaluarkeun tuluy diasongkeun ka budakna bari tuluy dirungkupan ku samping.

Teu kungsi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena “ngalaleueut a ……”

Nuntut Elmu

Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.

Bu Mirna, “Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?”

Barudak, “Maneeehh……!” Ceuk barudak saur manuk.

Bu Mirna baeud.

Basa Lemesna

Ua Sas: “Cik, ari lemesna leungeun naon?”
kang Hendri : “Pananganan”
Ua Sas: “Lemesna suku?”
kang Hendri: “Sampeyan…”
Ua Sas: “Tah ayeuna…ari lemesna beas, naon?”
kang Hendri mikir…uleng lila….naon nya?
Ua Sas: “Tipung…!!!!”

EUIS Jeung ASEP

Cik…rek kumaha lamun baraya jadi ASEP terus EUIS bebene ASEP anu rada
mahiwal nyarita jiga kieu :

Tong bendu,!.kang ASEP !..Sanajan urang sami-sami mikanyaah, EUIS micinta kang ASEP,! Tapi dalah kudu dikumahakeun ! Jangji pasini boa moal bisa ngajadi !..Lain EUIS teu nyaah !.Tapi …tali paranti karuhun…kang !.Mangga reungeukeun ! Di kulawedet EUIS mah gulangkep, geura EMANG nikah jeung BIBI, AKI ngadahup ka NINI atuh kitu deui BAPA apan nikah ka EMA ! ari kang ASEP apan…lain baraya EUIS! Hampura kang ASEP !.EUIS..hampura!

SIEUN JEBOL

Meri keur uplek ngobrol jung puyuh.
“Percumah anjeun mah, ngendog teh meni laleutik.” ceuk meri ngamimitian nyarita.

“Tah tempo atuh kuring. Ngendog mah kudu badag kieu.”
Puyuh cicing we teu nembalan.
“Dina urusan ekonomi oge kuring mah tangtu leuwih alus batan didinya. Endog kuring mah bisa di jual sarebu perak. Ari didinya mah ngan bisa dijual saratus perak!” meri nyarita deui.
“Jadi sabaraha bedana endog kuring jeung endog didinya mun dijual?” Puyuh tungtungna nanya.
“Salapan ratus perak atuh!” tembal meri.
“Yeuh, dengekeun! kurng mah pang hoream-horeamna migawe pagawean nu picilakaeun teh.” ceuk puyuh nyarita deui.
“Maksud anjeun naon?”
“Enya, sabenerna mah gampang. Kuring ge bisa ngendog anu gedena sagede endog anjeun. Ngan hoream we.”
“Naha hoream?” meri jadi panasaran.
“nya hoream atuh. Pira ge ngudag duit salapan ratus perak, ari heug bujur kudu jebol mah.” ceuk puyuh bari ngaleos.

WILUJENG SUMPING


Kacaritakeun aya urang Batak nyaba ka Bandung. Beuki dahar jelemana teh. Teu sirikna ampir kabeh restoran jeung rumah makan nu aya di Bandung dianjangan kumanehna.
Hiji mangsa manehna mulang deui ka Medan, jeung ku kabeneran panggih jeung urang Sunda nu keur bubuara di Medan. Saterusna eta dua jelema teh ngobrol ngalor ngidul sual kadaharan.
“Waktu aku datang ke Bandung, hampir semua restoran aku datangi. Bah, enak-enak semuanya. Kalau nanti aku datang ke Bandung lagi, pasti aku akan makan lagi di restoran-restoran itu.” ceuk urang Batak teh.
“Restoran apa saja yang anda datangi?”
“Hampir semuanya lah. Pokoknya semuanya enak-enak.”
“Laksana? Ampera? Ponyo? Sindangreret? Saung Kabayan?”
“Bah! apapula itu? Gak ngerti aku Sindangreret, Kabayan dan lain-lainnya.”
“Lho, itu kan nama-nama restoran terkenal di Bandung?”
“Bah! bukan lah. Aku tahu persis semua restoran Sunda di Bandung namamya.. Wilujeng Sumping.” tembal urang Batak mani yakin pisan


Lagu Sunda Dibajak ti Baheula

Juli 24, 2010

Lagu Sunda : Pileuleuyan
Lagu Bajakana : Goodbye
Borokokok Nu Ngabajakna : Air Supply

Lagu Sunda : Neng Geulis
Lagu Bajakana : Beautiful Girl/Pretty Woman
Borokokok Nu Ngabajakna : Jose Maari Chan/Roy Orbison

Lagu Sunda : Potret Manehna
Lagu Bajakana : Picture of You
Borokokok Nu Ngabajakna : Westlife

Lagu Sunda : Awewe Sapi Daging
Lagu Bajakana : Material Girl
Borokokok Nu Ngabajakna : Madonna

Lagu Sunda : Eplok Cendol
Lagu Bajakana : Fat Bottom Girl
Borokokok Nu Ngabajakna : Queen

Lagu Sunda : Cing Tulungan
Lagu Bajakana : Save Me
Borokokok Nu Ngabajakna : Queen

Lagu Sunda : Teu Honcewang
Lagu Bajakana : Disposable Heroes
Borokokok Nu Ngabajakna : Metallica

Lagu Sunda : Emen
Lagu Bajakana : Supermen
Borokokok Nu Ngabajakna : Five For Fighting

Lagu Sunda : Berenyit
Lagu Bajakana : So Young
Borokokok Nu Ngabajakna : The Corrs

Lagu Sunda : Linu
Lagu Bajakana : Unwell
Borokokok Nu Ngabajakna : Matchbox 20

Lagu Sunda : Jol
Lagu Bajakana : Welcome Home
Borokokok Nu Ngabajakna : Metallica

Lagu Sunda : Bajing Lincat
Lagu Bajakana : Jump
Borokokok Nu Ngabajakna : Van Halen

Lagu Sunda : Kamana
Lagu Bajakana : Why Go
Borokokok Nu Ngabajakna : Pearl Jam

Lagu Sunda : Es Lilin
Lagu Bajakana : Ice Ice Baby
Borokokok Nu Ngabajakna : Vanilla Ice

Lagu Sunda : Sagagang Kembang
Lagu Bajakana : Bed of Roses
Borokokok Nu Ngabajakna : Bon Jovi

Lagu Sunda : Bangbung Ranggaek
Lagu Bajakana : Bang Bang
Borokokok Nu Ngabajakna : Gorky Park

Lagu Sunda : Ngantosan
Lagu Bajakana : Right Here Waiting
Borokokok Nu Ngabajakna : Richard Marx


Wisdom Words

Juli 24, 2010

Palakiah Wijaksana ti Wa Oding saparantosna ngabiasakeun nuang roti:

JUST BE YOURSELF
“Seureudkeun diri sorangan kana nyiruan”, hartina: Jadi diri sorangan, mun ngarasa goreng patut kudu syukur, lantaran mun hade rupa bisi loba dosa hehehe ….

THE RIGHT MAN IN THE WRONG PLACE
“Jelema nu lebah katuhu,salah tempat..kuduna cicing di kenca”, hartina: kasep/geulis jeung goreng patut eta gumantung kana lingkungan, misalna aranjeun didieu panggorengna, tapi bisa jadi di Afrika
mah pangkasepna/panggeulisna, matakna pindah geura ka ditu.

DON’T JUDGE THE BOOK BY ITS COVER
“Montong ngahukum buku make koper”, hartina: Ulah pegat harepan, teu kabeh jalma nempo tina pisikna, saha nu nyaho tina imahna, mobilna, pagaweanana, atawa tabunganana.

LIKE FATHER LIKE SON
“Suka ka bapana, suka oge ka anakna”, hartina: Tong nyalahkaeun sorangan mun goreng patut, salahkeun kolot wae sabab goreng patutmah da turunan

THE BEAUTY IS UNDER THE SKIN
“Jadi geulis mun geus ganti kulit”, hartina : Omean inner beauty aranjeun, eta mun ngarasa sisi luar geus ancur teu katulungan deui….

NO GAIN WITHOUT PAIN
“moal meunang duit mun teu nyeri heula…jiga kuda lumping”, hartina: tong nyeri hate mun dipoyokan goreng patut, cuek wae lah, urang kudu inget  film The Beauty and The Beast (nu geulis pasti loba beasna).

THE TRUTH IS OUT THERE
“Nu ngajawab bener, meunang kaluar”, hartina:  Tah ieu mah kabiasaan Teh Neni Yuhaenah mun keur ngayakeun ulangan .

LOVE IS BLIND
“Micinta nu lolong”, hartina : Cinta teu nempo kasep atawa goreng,  teu percaya?  tanyakeun wae ka Wa Oding. Ceuk Wa Oding: “Memang kasep atawa geulis mah relatif…tapi mun goreng patut mah MUTLAK”.
Hidup goreng patut…!!! .***


Uga Wangsit Siliwangi

Juli 24, 2010

Pun, sapun kula jurungkeun… Mukakeun turub mandepun… Nyampeur nu dihandeuleumkeun… Teundeun poho nu baréto… Nu mangkuk di saung butut… Ukireun dina lalangit… Tataheun di jero iga!

Pidawuh Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia kudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon! Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada! Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal! Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang.

Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!“.***


Tambihan Perkawis Hitut

Juli 24, 2010

Jalma nu sholeh (teuing..), mun tos hitut langsung wudlu.

Jalma nu tos operasi, biasana ngantosan hitut heula nembe tiasa emam bubur..(nyambung teu…??)

Jalma nu hitut wae, anu teu miceun 3 dinten (ngawartosan ieu mah…)

Jalma nu efisein, bari hitut bari miceun

Jalma nu kreatif, bari ngalukis hitut

Jalma nu ngarusak suasana, nuju sapatemon hitut

Jalma nu teu eling, hitutna di rekam

Jalma teu sopan, hitut dina pangambung mitoha

Jalma burung, hitutna nganggo toa di masjid

Jalma boloho, hitutna diambeuan ku sorangan

Jalma hawek, lamun hitut di harudum ku sarung ulah ku batur

Jalma telenges, hitut dina sarung duaan jeung pamajikan, sanajan pamajikan teterejel teu buru-buru dikaluarkeun tepi ka bau hitutna beak

Jalma belegug, nu geus hitut di ambuan

Jalma euweuh gawe, neangan saha nu hitut (moal kapanggih, da nu hitut na ge ngilu neangan)

Hitut persib, etamah hidup persib

Hitut adianto, etama utut adiyanto pemaen catur

Jalma tukang fitnah, Hitut anu melepes, teu disada (jadina patuding – tuding), biasana hitut anu kieu bau pisan

Jalma pelit, Sosoranganan di juru nepi beak bauna diambeuan ku sorangan

Jalma jail, Lamun keur ngariung hayang hitut, api – api ngageserkeun korsi supaya teu ka denge dutna

Jalma nekad, hitut dikana irung presidenkeun

Jalma murtad, hitut ditungkup ku sorban di ambeukeun ka ajengan

Jalma ahli hikmah, hitutna seungit japaron

Jalma handap asor, lamun hitut sosoranganan, tapi mun geus hitut nyilikitik seuri sorangan

Jalma  buraong, hitut gede oge teu karasaeun

Jalma nyantri,  hitut oge pura-pura teu hitut

Jalma gumasep, hitut bau oge ceuk manehnamah seungit

Jalma goblog, hitut bari nonggeng

Katerangan ihwal hitut:

Dina kitab bulugul oding hitut kabagi 4 bagian:
Nukahiji, hitut mu’min nyaeta hitut anu teu disada oge henteu bau ( melepes haneut )
Nukadua hitut muslim ieumah disada ( duuuuut ) tapi teu bau
Nukatilu hitut kafir etamah nya ngabeledug jeung mulek kaambeuna
Nukaopat hitut munapik ieumah teudisada ngan bauna jiga cubluk

Aya oge hitut walaubikuladah, nyaeta hitut anu kacandak sareng rerencangannana

Ari pardu hitut aya 5:
1. Niat anu ta’zim
2. Narik nafas anu panjang
3. Muntang kana barang anu aya di sagigireun
4. Ngadegeng (ngaheujeun) sataker kebek
5. Ngararaoskeun sabari narik napas panjang lalaunan

Mangga geura dilarapkeun, nu dipamrih kanggo kaberekahan urang sadaya, tug dugi ka tiasa brut dijuru brot dipanto, kababayan di tengah imah. Wassallam.


Boa Manehna

Juli 24, 2010

KARETA api nu indit jam tujuh peuting geus ngadius ka wetankeun. Simpe deui kaayaan di setatsion teh. Padahal aya keneh jalma nu ngajanteng lebah peron. Tapi kabeh oge jempling taya nu lemek. Taya nu batuk-batuk acan. Sabudeureun setatsion masih keneh dibanjur girimis. Ti sore keneh hujan teh can raat bae.

Najan henteu gede, tapi matak wegah rumingkang. Poe ieu mah, waktu teh beak dipake ngajentul di setatsion. Mun teu salah, mimiti anjog teh jam dalapan isuk-isuk. Wanci haneut moyan. Teuing geus sabaraha hiji kareta api nu datang jeung nu indit teh. Tapi nepi ka kiwari, tacan panggih keneh jeung nu didagoan.

Kuring neuteup ka jalma-jalma nu ngajanteng dina peron. Boa maranehna oge aya nu saniatan jeung kuring, ngadagoan hiji jalma, nganti anu mere jangji. Beda we patingharuleng, bangun hanjelu. Katembongna lieuk deui, lieuk deui, nenjoan kareta anu datangna ti wetankeun.

Poe tadi, basa rek indit ka kantor, manehna nelepon.
“Kang, dinten ieu abdi ka Bandung. Kaleresan enjing teh ngawitan lebet kuliah. Papagkeun nya, di setatsion!”
“Jam sabaraha angkatna?”
“Ayeuna oge tos bade jung!”
Telepon ditutup. Kuring pindah mobil, kana angkot jurusan setatsion. Keun bae teu miluan apel oge. Angkeuhan teh, engke we asup mah jam dualas. Nelepon heula ka kantor, dadakuna mah ka rumah sakit, nganteur pamajikan kontrol.
“Kade euy, mun aya pamajikan nelepon, ulah dibejakeun euweuh!” ceuk kuring, ka sobat dalit di kantor, basa nelepon.
“Beres lah. Asal sing inget we!”
Ceuk itungan, sajauhna oge Tasik-Bandung, kana kareta api mah dua jam oge nepi. Dina elatna tilu jam. Tapi jam sabelas beurang, anu didagoan tacan ngurunyung. Padahal apan ti Tasik-na mah jam tujuh isuk-isuk. Ari ngadagoan tea apan keselna teh leuwih-leuwih ti nu didagoan. Dicobaan dikontak kana HP-na, henteu nyambung bae. Mailbox.
Udud mah teuing geus beak sabaraha batang. Tina awahing kesel ngadagoan, jadi terus narawangan, nginget-nginget beungeut manehna. Geulis keneh kitu? Piraku ari robah mah, enya oge sabulan teu panggih. Ongkoh apan manehna mah tara sabaraha dangdan, basajan bae. Make tiung, diwedak ipis, dilipstik ipis.
Sanggeus liburan semester, manehna tangtu sono ka kota Bandung jeung ka “nu aya” di Bandung. Lain hayang-hayang teuing panggih jeung babaturanana di kampus kawasna mah. Atawa geus teu kuat kitu, hayang midang deui dina televisi, luyu jeung pancenna jadi penyiar acara kasundaan.
Ceuk kitu ceuk kieu oge, ayeuna kuring keur mapagkeun manehna, keur nganti-nganti manehna. Bongan geus dijangjian. Satungtung can tepung mah, kuring rek terus cicing di dieu, di setatsion kareta api. Upama terus ngejat, heg manehna datang, meureun kuring anu disebut jalir jangji teh.
Kira-kira wanci asar, setatsion mimiti dibanjur cihujan. Bet jadi inget kana catetan katukang. Enya, hujan teh apan bisa dijieun kasempetan. Bisa ngarendeng bari dipayung. Kikicipritan kaluar ti kampus.
Tepung jeung manehna teh mimindengna mah di kampus. Da kitu ari ngajangjian teh, sok di kampus bae. Ari kampus Unpad, apan almamater kuring. Aya alesan upama mindeng jadi mahasiswa tanpa identitas teh. Ongkoh barudak Sanggar Seni masih keneh ngagupayan kuring, ngajak ilubiung deui. Daek we, da dadakuna mah hayang nepungan manehna, lain jadi aktivis kampus.
Teuing kumaha mimitina deuih, manehna bet bisa jadi penyiar televisi. Mawa acara kasundaan saban poe Kemis. Nya dina televisi, kuring bisa neuteup manehna leuwih eces, leuwih leleb, da euweuh nu ngaharu-biru. Ari lalajo televisi mah apan pagawean anu lumbrah. Pamajikan oge moal nyarek, jeung moal apaleun upama anu keur dilalajoan awewe anu mindeng ditepungan ku kuring.
Dina televisi, kuring sok ngadenge sorana anu halimpu. Puguh we, da diracik ongkoh make sound system. Matak jadi penyiar oge, meureun sorana teh henteu kasebut goreng, pon kitu deui rupana. Geus lain rusiah, hayang jadi penyiar mah kudu hade sora hade tangtungan.
Basa geus kadenge adan asar, aya telepon ti pamajikan.
“Di kantor keneh, Pa?”
“Euh, sumuhun,”
“Tabuh sabaraha mulih?”
“Teu acan tangtos, Mah. Sigana mah aya lembur wengi ieu teh!”
“Oh, kitu nya. Mun uih, kade meser fried chicken tea. Si bungsu nanaroskeun wae. Geura yeuh dangukeun!”
Telepon jempe sakeudeung. Teu lila aya sora budak. Moal salah Si Bungsu.
“Pa, meser ciken, nya!”
“Muhun!”
“Awas mun bohong!”
“Muhun!”
Angkeuhan teh, memeh magrib oge manehna bakal ngurunyung. Piraku elat-elat teuing. Tapi nepi ka sareupna, malah nepi ka kiwari, teu katembong tiung-tiungna acan. Saban aya kareta api eureun, kuring teu weleh neges-neges awewe nu make tiung.
*
Girimis masih keneh turun. Katembong patingborelak, kasorot ku lampu. Jalma di lebah peron tinggal sababaraha urang deui. Teuing ka marana, teu kanyahoan inditna. Gebeg teh, basa nenjo nu ngajanteng pangtungtungna. Sidik ditiung. Boa enya manehna, mani teu kanyahoan datangna. Tapi basa disampeurkeun, horeng kasamaran, ukur sisigaan, pedah sarua ditiung.
Keur kitu hand-phone disada deui. Ti imah horeng teh. Moal dijawab tadina mah, sieun ngabolaykeun acara. Tapi bisi penting deuih, bisi Si Bungsu gering, atawa aya mitoha nganjang.
“Pa!”
“Enya,”
“Di kantor keneh?”
“Sumuhun,”
“Kieu Pa, di bumi teh aya tamu!”
“Si Abah ti lembur?”
“Sanes!”
“Bejakeun we atuh, keur lembur kitu!”
“Parantos eta oge, tapi bade ngantosan cenah. Istri, Pa. Ari nyaurkeunana mah mahasiswi Bapa. Abdi teh kerung, da raraosan, Bapa mah henteu kantos jadi dosen. Ngangge kerudung, jangkung alit, nyandak tas ageung,”
“Saha cenah?”
“Teu acan ditaroskeun jenenganana mah. Ngan mani nyopan pisan, Pa. Resep abdi mah. Atos we atuh, sina kost di imah urang, apan aya kamar kosong. Itung-itung purah ngasuh Si Bungsu. Tuh, da mani ujug-ujug apet. Bapa bade nyarios sareng anjeunna?”
“Moal sigana mah,”
“Enya, enggal we mulih, bisi penting pisan. Kade fried chicken tea!”
Telepon ditutup. Ngahuleng sakedapan mah. Enya kitu manehna? Asa cangcaya. Lain, lain manehna.
Kuring angger ngajanteng. Ngadagoan. Sabab engke, kareta api nu ti wetankeun, bakal cunduk jam dalapan peuting. Sugan bae manehna aya di dinya.
***


Prabu Siliwangi

Juli 24, 2010

PRABU Siliwangi mangrupakeun hiji tokoh anu kamashur dina kasusastraan Sunda,  nujul ka tokoh sajarah anu gelarna Sri Baduga Maharaja (sakumaha dina prasasti Batu Tulis) atawa Jayadéwata (dina Carita Parahyangan), ti karaton Pakuan Pajajaran, puseur pamaréntahan Karajaan Sunda. Sumber sajarah pangbuhunna nu nyabit-nyabit kecap “Siliwangi” nyaéta naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (1518 M) nu maksudnya nyebutkeun hiji lalakon pantun, éta ogé lalakonna mah teu dicaritakeun. Nu kadua nyaéta Carita Purwaka Caruban Nagari (1720) nu ditulis ku Pangeran Arya Cirebon, nu ngadadarkeun yén Prabu Siliwangi téh putra Prabu Anggalarang  ti Galuh, nu kungsi matuh di karaton Surawisésa, Parahyangan Wetan.

Prabu Siliwangi ngadeg naléndra di Pakuan Pajajaran nganggo jenengan Prabu Déwatawisésa, linggih di kadaton Pakuan nu ngaranna “Sri Bhima”. Prabu Siliwangi jeneng ratu di Pakuan teu lila satutasna nikah ka Subanglarang di Singapura (1422), dina jaman Prabu Niskala Wastu Kancana mingpin kénéh karajaan Sunda ti Kawali (1371-1475). Lian ti Subanglarang, Prabu Siliwangi ogé nikah ka Ambetkasih. Numutkeun naskah ieu kénéh, nalika Prabu Siliwangi ngalih ka Pakuan téh, agama Islam geus sumebar di masarakat.

Dina naskah Carita Ratu Pakuan  (Kr. 410, ditulis kira ahir abad ka-17 atawa awal abad ka-18), Prabu Siliwangi téh nujul ka Ratu Pakuan, nu gaduh istri Ambetkasih jeung Subanglarang. Katerangan ieu cocog jeung eusi naskah Cirebon nu kasebut tadi, sahingga écés yén Ratu Pakuan téh Prabu Siliwangi alias Sri Baduga Maharaja. Dina prasasti Batutulis disebutkeun yén Jayadéwata téh diistrénan dua kali: “Prabu Guru Déwataprana” (kira taun 1420-an ahir atawa awal 1430-an) jeung “Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Déwata” (1482). Anu munggaran, diistrénan kalawan jenengan “Prabu Guru Déwataprana” téh sigana ku Prabu Susuktunggal raja Sunda, ramana, nu ngadegkeun kadaton Sri Bhima Punta Narayana Madura Suradipati. Sedengkeun anu kadua, nyaéta nalika ngaganti Ningrat Kancana (nu gelarna “Prabu Déwa Niskala” di Galuh) sakaligus ngahijikeun (deui) kakawasaan Sunda-Galuh.Catetan ti Portugis (Summa Oriental karya Tome Pires) nyebutkeun yén (1513) Karajaan Sunda téh diparéntah kalawan adil, jalmana jalujur. Kagiatan dagang Sunda jeung Malaka téh nepi ka Maladewa. Produksi pedesna (cenah kualitasna leuwih hadé batan produksi India) nepi ka 1000 bahar (1 bahar = 3 karung) per taun, malah asemna mah bisa minuhan 1000 kapal, nu dimuat di palabuan Banten, Kalapa, Cimanuk, Tangerang, jeung Cigedé. Komoditas lianna di antarana emas murni, kaén, daging (bagong, domba, embé, sapi),sayuran, jeung bubuahan. Ogé ngeunaan kaayaan Pakuan, nu disebutkeun pangeusina aya 50 rébu urang, sedengkeun angkatan nu siap perangna aya 10 rébu urang, nu dirojong ku 4000 kuda ti Pariaman jeung 40 gajah.Prabu Siliwangi mingpin karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran salila 39 taun (1482-1521), dikurebkeun di Rancamaya (wewengkon nu kiwari mangrupa padumukan méwah Rancamaya, deukeut Ciawi, Bogor), sedengkeun pamaréntahan Sunda salajengna diteruskeun ku Surawisesa.



Obrolan Wa Oding (6)

Juli 22, 2010

Walapiduha

ARI sugan téh ngaran sabangsaning ajaran aliran anyar nu dianggap nyasabkeun umat. Hanas geus geumpeur, sok sieun lembur téh ujug-ujug dijorag ku nu dijarubah tur kakoncara sahaok kadua gaplok. Mangkaning anu ngaluluguanna Bah Oding, kasebutna manten dukun pélét pangsohorna di tatar Warung Situ jeung Cangkudu. Tapi haté ngemplong sabada maluruh maksud tina pakumpulan “Walapiduha” anu diluluguan ku Bah Oding jeung Aki Musani. 

Ngadegna pakumpulan “Walapiduha” téh mareng pisan jeung mimiti éarna World Cup alias piala dunya téa. Nurutkeun katerangan Aki Musani, “Walapiduha” diadegkeun dina raraga milu ngareuah-reuah piala dunya tur ngawadahan aspirasi sakur aki-aki di Warung Situ. Luyu jeung ngaranna, “Walapiduha” téh singgetan tina “Wadah Lalajo Piala Dunya Husus Aki-aki”.

Mémang rupa-rupa pisan kamonésan mapag piala dunya téh, nepi ka aki-aki cadu kudu tinggaleun ku barudak ngora. Ti mimiti pupuhu nepi ka anggotana husus aki-aki, teu hayangeun ngalibetkeun budak ngora, komo ABG mah. Ngahaja cenah, ceuk Bah Oding, ngarah “Walapiduha” henteu kakiruhan ku oknum-oknum anu sok tawuran, korupsi, kolusi, atawa neupotisme. Ari kagiatan “Walapiduha” téh henteu kurang, henteu leuwih, ukur lalajo bareng mangsana maén piala dunya. Aki Sarnapi anu teu resep lalajo maén bal ogé, milu ngagabung jeung éta pakumpulan. “Ari aki mah lain resep lalajo maén bal. Miluan sotéh pédah wé ngaran pakumpulanna: Walapiduha. Apan kieu-kieu ogé aki téh rajin solat duha, ngarah loba rejeki,”

Kakara ogé “Walapiduha” diresmikeun di Warung Situ, isukna Aki Idod ngaluluguan pikeun ngadegkeun “Walapiduha Perjuangan” di Cangkudu. Ari alesanna, “Walapiduha” anu diluluguan ku Bah Oding mah kurang démokratis tur dianggap henteu bisa ngawadahan aspirasi aki-aki Cangkudu. Sangkan ambahanna leuwih lega, Aki Idod ngarékrut aki-aki ti lembur tatangga, kayaning Gunung Puyuh, Cipada, malah nepi ka Cipameungpeuk sagala. Puguh baé aki-aki ti Warung Situ ogé loba anu ngagabung jeung “Walapiduha Perjuangan”.

Minangka kantor pusatna, Aki Idod kapaksa kudu ngajabel heula imah minantuna, Jang Adang. Mangkaning Jang Adang téh apan kakara saminggu dikawinkeun jeung anakna, Néng Tati téa. Kasebutna kakara kawin saminggu, keur meujeuhna ocon sosonoan panganténan. Tapi Aki Idod teu paduli kana urusan panganténan. “Perkara bulan madu mah bisa diisuk-pagétokeun deui. Anu leuwih penting mah piala dunya deuleu…! Piala dunya! Piraku bakal ngantepkeun Si Messi jeung Si Higuain. Mangkaning Si Messi mah tara bisa ngasupkeun lamun henteu dilalajoanan ku aki téh…” kitu ceuk Aki Idod, basa Néng Tati rada protés.

Atuh teu bisa baha deui. Jang Adang jeung Néng Tati kapaksa kudu sosonoan bari kuriak, nyayagikeun opieun keur sakur aki-aki anu lalajo maén bal. Ngaladénan aki-aki téa atuh, kurang-kurangna mah matak jangar. Komo deui Aki Samhari, anu geus teu anéh deui, keudeung-keudeung peledos, nyaho-nyaho bauna wéh ngahiliwir angin-anginan. Pokona lamun kurang kuat méntal mah sigana geus matak utah-uger. Ninggang ka nu keur panganténan, teu kaur rék “ngalalanyahan”, kateug deui, kateug deui, kagareuwahkeun ku nu sarusak bari tingjaregoh ngéhkéh batuk atawa sora brat-brét-brot anu patémbalan.

Dina kaayaan “Walapiduha” kabagi dua kubu, meunang sababaraha poé mah loba aki-aki anu ngarasa bingung. Kudu milih pakumpulan mana anu luyu jeung jiwa aki-aki. Mangkaning di unggal pakumpulan ogé diayakeun taruhan, tur disayagikeun susuguh sabangsaning bubuy hui, bubuy sampeu, seupan taleus, jeung sabangsana. Malah béjana di “Walapiduha” kubu Aki Idod mah dibibita ku bonus. Sing saha anu pangjétuna neguh skor, saumur hirup bakal dibébaskeun: ngala sampeu jeung ngala hui di kebon anu beulah girang. Teuing enya, teuing bohong. Nu écés mah da éta kebon téh apan keur disaeur, rék dijieun imah ku incuna. Sajabana ti éta, ceuk Aki Idod kénéh, sing saha anu pangcapétangna nyaritakeun perkara maén bal, bakal dibéré kalaluasaan pikeun numpak motor ojég anu minantuna kalayan gratis. Ninggang ka Aki Samhari anu saumur hirup tacan kungsi numpak motor, tangtu baé matak pikabitaeun. Aki Samhari  mani geus riweuh ngabayangkeun kumaha éndahna numpak ojég, ngurilingan Warung Situ-Cangkudu dibarengan ku Nini Uti.

Bah Oding jeung Aki Musani ogé embung éléh. Awahing ku ngahéab ngadéngé rupaning bonus di kubu Aki Idod,  harita kénéh Aki Musani susumbar, “Sok lah, Aki mah moal kapalang ngabélaan Si Kaka jeung Si Robinho. Lamun perelu, kop tah Si Nini dibikeun!” kituna téh bari némbong-némbong poto Nini Eros anu (béjana mah) ngahaja dipotrét di studio poto. Tivina anu mindeng leungit gambarna ogé, ayeuna mah geus dioméan.  Najan kasebutna tivi hitam-putih, tapi ari gambarna mah da kaitung cékas kénéh. Najan ku aya wé gogodana téh. Rajeun alus gambarna,  sorana ngadadak leungit. Nurutkeun Nini Eros mah, pangna euweuh soraan téh, lantaran tivina henteu maké rémot. Puguh baé ditémpas ku Aki Musani, ” Rémot mah euweuh patula-patalina jeung kualitas tivi! Anu nyababkeun tivi euweuh soraan mah, pédah kandang domba dipindahkeun ka beulah kidul.” Kitu pokna bari rada muncereng.

Mémang ari urusan tivi mah euweuh anu sahulueun pisan. Kaasup anu Aki Idod ogé, teuing kumaha mimitina, gambarna jol ngiles. Ari sorana mah atra  tur streo sagala cenah mah. Kungsi dibongkar ku Jang Uyeh, minantu nu keur meujeuhna pupujieun téa. Tapi batan bener mah kalah beuki euweuh gambaran. Malah masangkeunana ogé, Jang Uyeh téh pohoeun-pohoeun acan. Da éta wé, barang dihurungkeun téh gambarna jadi tibalik. Sajongjongan mah lalajo tivi téh kapaksa kudu bari nonggéng, atawa tivina dibalikeun. Cacak lamun euweuh Jang Adul mah, boa moal kapuluk deui tivi anu Aki Idod téh.

Mangsa nyanghareupan pertandingan kasawelasan Brazil ngalawan Koréa Utara, dua pakumpulan aki-aki, geus mimiti silih lédék, lantaran geus sapuk taruhan. Teu pira taruhanna ogé ukur taruhan dikangkalung tali rapia nu gagantélna urut kaléng susu. Sing saha nu éléh taruhan, wayahna kudu make kongkorong éta. Kubu Aki Musani mah écés pisan nyepeng Brazil, da puguh pamaén favorit Nini Eros téh Kaka jeung Robinho. Majarkeun téh lamun ningali beungeut Kaka, sok inget ka jaman Aki Musani keur ngora. “Tah, baheula mah Si Aki téh mirip pisan jeung Si Kaka…  Tapi teuing kumaha mimitina beuki dieu téh asa leuwih deukeut ka Si Éto’o…” pokna Nini Eros.

Kubu Aki Idod kapaksa kudu nyepeng Koréa Utara, sanajan anu dijagokeunna mah Argéntina. “Keun baé, da anak aki jadi TKI di Koréa. Jadi, urang ngadukung Koréa wé! Boh Koréa Selatan atawa Koréa Utara, urang dukung ku urang saréréa…” kitu ceuk Aki Idod. Nurutkeun pamajikanana, basa manéhna lalajo Koréa Selatan  ngalawan Kamérun, anakna téh kasorot kaméra. Kaciri wé cenah cudag-cideugna. Lalajona ogé gigireun pisan pelatih Koréa Selatan, mamaké kaos Persib. Teuing enya, teuing ukur titingalian Nini Sarmi’ah wungkul. Tapi piraku ari ngabohong mah, da harita téh Nini Sarmi’ah nepi ka adug lajer. Tivina ogé sakilat dipangku, tuluy dibalangkeun kana kasur. Tah, sigana ti harita pisan pangna tivi Aki Idod jadi euweuh gambaran téh.

Basa pertandingan geus dimimitian, Aki Idod teu burung rada paciweuh, da tivina euweuh gambaran téa. Pikeun ngakalanana, Aki Samhari kapaksa kudu nanggap Nini Sarmi’ah, ngigel hareupeun tivi. Batan euweuh tingalieunna pisan. Aki-aki ukur ngabandungan réporterna anu ngagunakeun basa deungeun. Najan basana teu kaharti, tapi tetep wé surak mani ayeuh-ayeuhan. Minangka patokanna, lamun kadéngé reporter nyebut “gol”, hartina éta téh asup. Anu kapapancénan nyatetkeun skor téh nyaéta Aki Ikin. Pokona mah saban ngadéngé reporter paciweuh jeung nyebut “gol”, langsung wé dicatet.

Beda deui jeung di imah Aki Musani, anu tivina euweuh soraan. Teu pati bingung teuing éta mah. Kabeneran Bah Oding rada pangalaman dina widang pidato, kakoncara tukang  pidato seserahan pangantén. Nya, langsung wé Bah Oding kapilih jadi réporterna. Saméméhna, Aki Musani biantara heula, sabangsaning sambutan mapag pertandingan Brazil jeung Koréa Utara. Teu kaliwat, nanggap heula Bah Suhadma, anu ngadadarkeun prédiksi pertandingan.

Maén bal geus dimimitian. Bah Oding buru-buru nyepeng mik, manco kana tivi bari ngaréporteran. Puguh baé rada ngacaprukna mah. Pangpangna palebah nyebutan ngaran pamaén. Moal enya maké jeung nyebutan ngaran Gonzales, Atép, jeung Éka Ramdani. Nurutkeun Bah Oding, Éka Ramdani pisan anu geus ngajebol gawang Koréa Utara téh. “Hidup Éka Ramdani…! Hidup Brazil…!!!” sakur aki-aki sarurak.

Réngsé pertandingan, nurutkeun catetan Aki Ikin di kubu Aki Idod, skor ahir téh 37-0,  Koréa Utara nu meunang. Puguh baé saréréa ngarasa bungah, sarta langsung tatahar pikeun ngajorag kubu Aki Musani. Demi di kubu Aki Musani mah, skor ahir téh 1-0, Brazil anu meunangna cenah, kalayan gulna ditémbak ku Éka Ramdani. Geus puguh kitu mah, aki-aki ti kubu Aki Musani ogé langsung ngabring rék nagih ladang taruhan ka imah Aki Idod.

Dua kubu aki-aki amprok di satengahing jalan. Reg, saréréa eureun. Tuluy silih pencrong.

“Hayoh geura paké kangkalungna! Sugema pisan nepi ka 37-0 éléhna ogé!” ceuk Aki Idod.

“Kumaha? 37-0? Sugan rieut aki-aki téh! Sidik 1-0, éléh tah Koréa Utara! Sok buru, geura paké kangkalungna!” témbal Aki Musani.

“Har… 1-0 timana horéng? Sidik 37-0!” pokna Aki Idod.

Dua kubu aki-aki hog-hag silih sémpas, marebutkeun skor ahir. Malah beuki lila, mingkin ragot paréa-réa omong. Dina kaayaan kitu, Hansip Adul jeung Cép Dadan kabeneran ngalalar ka lebah dinya.

“Aya naon ieu téh? Naha bet siga nu paraséa?” Tanya Cép Dadan.

 “Geus antep, ulah sok pipiluaeun kana urusan kolot. Hayu, bisi kaburu maén! Pokona uing nyekel Brazil nya…” ceuk Hansip Adul bari ngajéwang pigeulang leungeun Cép Dadan.

Sakedapan sakur aki-aki ngahuleng. Jep, simpé. Rét ka Hansip Adul, bari pok nanya, “Rék lalajo naon silaing téh, Adul?” Tanya Aki Musani.

“Badé nongton maén bal, Ki. Pan ayeuna Brazil ngalawan Koréa Utara… sakedap deui maénna, siaran langsung dina tivi, Ki…” témbal Hansip Adul.

“Ké… ké… ari bieu anu dilalajoanan téh apan Brazil ngalawan Koréa Utara?’ Tanya Aki Musani.

“Oh… anu nembé disiarkeun mah siaran ulang, Ki. Brazil mah nembé bade maén ayeuna…” ceuk Cép Dadan.

Ngadéngé kitu, sakur aki-aki silih pencrong. Geus kitu, teu kudu diparéntah deui, kabéhanana tinglaléos ninggalkeun éta patempatan.*** 


Neang Paraji

Juli 22, 2010

SI Oding Keur maturan ngaronda peuting eta teh. Atuda di lembur keur meujeuhna usum bangsat.
“Geus jam sabaraha, Dul?” cek Si Oding, ka Si Sadul.
“Kakara oge jam sapuluh. Ku naon, geus hayang balik Ding?”
“Teu pisan-pisan ari hayang balik mah, kuriak digelendeng ku Pa Erte, heg didengda, apan cilaka tah!”
“Keun bae, da silaing mah lain bagean ngaronda ieuh. Ukur maturan lin, di dieu oge?”
“Heueuh, nyingkahan mitoha puguh oge. Lain, meujeuhna meureun mun ngadurukan. Geura ngumpulkeun regang ka dituh, urang meuleum sampeu!”
“Sampeu ti mana?”
“Naha make tatanya sagala, biasana oge apan nyabut ti kebon Mang Haji. Geus apaleun ieuh, sok diala ku nu ngaronda!”
“Dagoan atuh!” Si Sadul ngaleos rek ngumpulkeun regang. Ari Si Uyeh mah keur ngaringkuk disimbut sarungna. Kerekna mani kuar-kieur.
Sabot Si Sadul neangan regang, katembong rentang-rentang aya nu leumpang ngagedig. Sugan teh bangsat. Basa geus nepi ka nu caang, katembong kumisna jalatreng. Nyoren bedog, make calana kampret. Sidik pisan Bah Wira, mitoha Si Oding.
“Aya Si Oding di dieu?” pokna, satengah ngagorowok. Si Uyeh nu keur hees nepi ka ngorejat atuh, asa kagareuwahkeun.
“Mana bangsatna, ku aing urang bebek!” Si Uyeh hut-het.
“Sare deui, Uyeh. Euweuh nanaon da!” cek Si Oding.
“Tah geuning, kalahka ngajedog di dieu. Na aya minantu nurustunjung teuing!” Bah Wira ngadeukeutan.
“Aya naon, Bah?” Si Oding rada murengked. Mani asa sabekbekeun ditonjok ku peureupna nu sagede sirah orok.
“Lain aya naon-aya naon. Cik atuh, kawas hirup lalagasan bae. Teu karuh-karuh ngajedog di garduh. Bagean ngaronda lain. Piraku ku aing diserahkeun!”
“Har, da uing mah lain pamajikan Abah. Pantesna oge uing nu nyerahkeun mah, nyerahkeun anak Abah. Tapi da moal, bogoh keneh!”
“Teu uyahan, siah. Piraku dicacag mah ku aing. Ukur ngariweuhkeun kolot pagawean teh!”
“Enya, aya naon atuh?”
“Si Nyai karasa beuteung!” pokna, bari muril-muril kumis, siga adu-hareupan jeung satru bae. Rada ngagebeg ngadenge kitu mah.
“Nu bener, Bah?”
“Iraha kitu aing ngabohong?”
“Kamari. Cenah Abah rek ka sawah, geuning kalah ka nyimpang ka randa Esih?”
“Gandeng, siah. Kumaha mun aya Si Ambu!”
“Enya kitu Si Nyai teh karasa beuteung?”
“Ambuing, acan percaya keneh?”
“Enya, percaya, percaya. Jadi ayeuna teh kudu neang paraji meureun. Kitu pan maksud Abah teh. Siap lah!” kop kana senter, gedig waeh indit. Katembong sareretan Bah Wira olohok, siga engab rek nyarita, tapi teu kaburu da Si Oding ngaleos manten. Basa Si Oding ngareret ka tukang, Bah Wira siga rek nyusul. Atuh Lengkahna gancang dikerepan.
Misah lembur imah Nini Paraji teh. Kudu ngaliwatan heula sawah, kebon, meuntas walungan, terus nanjak. Jalan satapak nu disorang poek mongkleng. Cacak lamun henteu mawa senter mah, boa kudu kakarayapan. Boa terus tikosewad mah, ngajuralit kana gawir. Palias teuing.
Basa Si Oding keketrok, Nini Paraji siga geus bebenah rek sare. Eta we, mukakeun panto teh siga lulungu keneh.
“Rek dibawa ka mana Si Nini, ulah diiwat Sujang!” cek salakina.
“Na aki-aki teh, kawas nu ngalindur bae. Aya nu rek ngajuru deuleu!” Nini Paraji muncereng. “Hayu Sujang, antepkeun weh aki-aki tujuh mulud mah!”
Leumpang sakitu jauhna, bari nuturkeun nini-nini, puguh bae lila. Tengah peuting kakara nepi ka lembur. Nu ngaronda geus euweuh di garduh, sigana mah keur ngurilingan lembur. Basa rek nepi pisan ka imahna, katembong aya nu mawa obor. Kang Idod singhoreng teh.
“Rek kamana Kang?” cek Si Oding, basa geus aduhareupan.
“Rek neang paraji puguh oge. Pamajikan karasa beuteung,”
“Ieu Nini Paraji mah geus kabawa ku kuring,”
“Etah geuning hideng?” Kang Adang semu bungah.
“Lain hideng, da kuring mah dititah Si Abah!”
“Baruk, Si Abah rek boga deui budak. Na iraha Si Ambu kakandungan, asa teu katembong bureuyeungna?”
Henteu diwaro.
Basa rek nepi pisan ka golodog, Bah Wira geus ngajanteng bari nulak cangkeng.
“Na aya minantu nurustunjung teuing. Keur nanahaon make neang paraji?” pokna, bari jalang-jeleng.
“Har, apan Si Nyai karasa beuteung, lin?”
“Abong jelema ngalindur. Kawas lain ka pamajikan bae. Na iraha Si Nyai kakandungan? Nyeri beuteung soteh, lantaran beurangna tas ngadahar rujak. Ka dieu siah, disurilam ku dewek geura!”
“Aeh, heueuh, nya!” Si Oding nepak tarang, kakara sadar. “Tapi Bah, da kuring mah mangneangkeun paraji soteh, keur Kang Adang, pamajikanana rek ngajuru!”
“Wadul siah. Ka dieu, tuh Si Nyai haharegungan keneh. Ngala pucuk jambu anggursi!”
Si Oding ngareret ka Kang Adang.
“Mangga bae candak Nini Paraji mah, Kang. Ngan engke balikna, wayahna panganteurkeun!”
“Nuhun atuh!”
Nini Paraji tibang gogodeg.***


Kidung Basa Indung

Juli 22, 2010

Kénging Étti R.S.

Bismillah nyanggakeun kidung
‘na hariring tepiswiring
dina tembang banjar karang
rumpaka rajah talari
pangrajah ngarumat basa
basa warisan bihari.

Basa warisan luluhur
tegesna paparin Gusti
rawayan pikeun manusa
tah asih eusi bumi
miwanoh papada bangsa
mihéman papada abdi

Basa indung urang jungjung
urang jurung manjang manjing
urang raksa dina nyata
ngajirim ‘na tata titi
ngawujud ‘na paripolah
ngawaris ka seuweu siwi

Basa indung masing nanjung
muga mekar hirup hurip
hirup ‘na mangsa ayeuna
hurip ‘na mangsa kiwari
waluya dugi ka jaga
walagri saumur bumi

Amin ya Alloh Nu Agung
Hurip abdi waras nagri.***