Obrolan Wa Oding (6)


Walapiduha

ARI sugan téh ngaran sabangsaning ajaran aliran anyar nu dianggap nyasabkeun umat. Hanas geus geumpeur, sok sieun lembur téh ujug-ujug dijorag ku nu dijarubah tur kakoncara sahaok kadua gaplok. Mangkaning anu ngaluluguanna Bah Oding, kasebutna manten dukun pélét pangsohorna di tatar Warung Situ jeung Cangkudu. Tapi haté ngemplong sabada maluruh maksud tina pakumpulan “Walapiduha” anu diluluguan ku Bah Oding jeung Aki Musani. 

Ngadegna pakumpulan “Walapiduha” téh mareng pisan jeung mimiti éarna World Cup alias piala dunya téa. Nurutkeun katerangan Aki Musani, “Walapiduha” diadegkeun dina raraga milu ngareuah-reuah piala dunya tur ngawadahan aspirasi sakur aki-aki di Warung Situ. Luyu jeung ngaranna, “Walapiduha” téh singgetan tina “Wadah Lalajo Piala Dunya Husus Aki-aki”.

Mémang rupa-rupa pisan kamonésan mapag piala dunya téh, nepi ka aki-aki cadu kudu tinggaleun ku barudak ngora. Ti mimiti pupuhu nepi ka anggotana husus aki-aki, teu hayangeun ngalibetkeun budak ngora, komo ABG mah. Ngahaja cenah, ceuk Bah Oding, ngarah “Walapiduha” henteu kakiruhan ku oknum-oknum anu sok tawuran, korupsi, kolusi, atawa neupotisme. Ari kagiatan “Walapiduha” téh henteu kurang, henteu leuwih, ukur lalajo bareng mangsana maén piala dunya. Aki Sarnapi anu teu resep lalajo maén bal ogé, milu ngagabung jeung éta pakumpulan. “Ari aki mah lain resep lalajo maén bal. Miluan sotéh pédah wé ngaran pakumpulanna: Walapiduha. Apan kieu-kieu ogé aki téh rajin solat duha, ngarah loba rejeki,”

Kakara ogé “Walapiduha” diresmikeun di Warung Situ, isukna Aki Idod ngaluluguan pikeun ngadegkeun “Walapiduha Perjuangan” di Cangkudu. Ari alesanna, “Walapiduha” anu diluluguan ku Bah Oding mah kurang démokratis tur dianggap henteu bisa ngawadahan aspirasi aki-aki Cangkudu. Sangkan ambahanna leuwih lega, Aki Idod ngarékrut aki-aki ti lembur tatangga, kayaning Gunung Puyuh, Cipada, malah nepi ka Cipameungpeuk sagala. Puguh baé aki-aki ti Warung Situ ogé loba anu ngagabung jeung “Walapiduha Perjuangan”.

Minangka kantor pusatna, Aki Idod kapaksa kudu ngajabel heula imah minantuna, Jang Adang. Mangkaning Jang Adang téh apan kakara saminggu dikawinkeun jeung anakna, Néng Tati téa. Kasebutna kakara kawin saminggu, keur meujeuhna ocon sosonoan panganténan. Tapi Aki Idod teu paduli kana urusan panganténan. “Perkara bulan madu mah bisa diisuk-pagétokeun deui. Anu leuwih penting mah piala dunya deuleu…! Piala dunya! Piraku bakal ngantepkeun Si Messi jeung Si Higuain. Mangkaning Si Messi mah tara bisa ngasupkeun lamun henteu dilalajoanan ku aki téh…” kitu ceuk Aki Idod, basa Néng Tati rada protés.

Atuh teu bisa baha deui. Jang Adang jeung Néng Tati kapaksa kudu sosonoan bari kuriak, nyayagikeun opieun keur sakur aki-aki anu lalajo maén bal. Ngaladénan aki-aki téa atuh, kurang-kurangna mah matak jangar. Komo deui Aki Samhari, anu geus teu anéh deui, keudeung-keudeung peledos, nyaho-nyaho bauna wéh ngahiliwir angin-anginan. Pokona lamun kurang kuat méntal mah sigana geus matak utah-uger. Ninggang ka nu keur panganténan, teu kaur rék “ngalalanyahan”, kateug deui, kateug deui, kagareuwahkeun ku nu sarusak bari tingjaregoh ngéhkéh batuk atawa sora brat-brét-brot anu patémbalan.

Dina kaayaan “Walapiduha” kabagi dua kubu, meunang sababaraha poé mah loba aki-aki anu ngarasa bingung. Kudu milih pakumpulan mana anu luyu jeung jiwa aki-aki. Mangkaning di unggal pakumpulan ogé diayakeun taruhan, tur disayagikeun susuguh sabangsaning bubuy hui, bubuy sampeu, seupan taleus, jeung sabangsana. Malah béjana di “Walapiduha” kubu Aki Idod mah dibibita ku bonus. Sing saha anu pangjétuna neguh skor, saumur hirup bakal dibébaskeun: ngala sampeu jeung ngala hui di kebon anu beulah girang. Teuing enya, teuing bohong. Nu écés mah da éta kebon téh apan keur disaeur, rék dijieun imah ku incuna. Sajabana ti éta, ceuk Aki Idod kénéh, sing saha anu pangcapétangna nyaritakeun perkara maén bal, bakal dibéré kalaluasaan pikeun numpak motor ojég anu minantuna kalayan gratis. Ninggang ka Aki Samhari anu saumur hirup tacan kungsi numpak motor, tangtu baé matak pikabitaeun. Aki Samhari  mani geus riweuh ngabayangkeun kumaha éndahna numpak ojég, ngurilingan Warung Situ-Cangkudu dibarengan ku Nini Uti.

Bah Oding jeung Aki Musani ogé embung éléh. Awahing ku ngahéab ngadéngé rupaning bonus di kubu Aki Idod,  harita kénéh Aki Musani susumbar, “Sok lah, Aki mah moal kapalang ngabélaan Si Kaka jeung Si Robinho. Lamun perelu, kop tah Si Nini dibikeun!” kituna téh bari némbong-némbong poto Nini Eros anu (béjana mah) ngahaja dipotrét di studio poto. Tivina anu mindeng leungit gambarna ogé, ayeuna mah geus dioméan.  Najan kasebutna tivi hitam-putih, tapi ari gambarna mah da kaitung cékas kénéh. Najan ku aya wé gogodana téh. Rajeun alus gambarna,  sorana ngadadak leungit. Nurutkeun Nini Eros mah, pangna euweuh soraan téh, lantaran tivina henteu maké rémot. Puguh baé ditémpas ku Aki Musani, ” Rémot mah euweuh patula-patalina jeung kualitas tivi! Anu nyababkeun tivi euweuh soraan mah, pédah kandang domba dipindahkeun ka beulah kidul.” Kitu pokna bari rada muncereng.

Mémang ari urusan tivi mah euweuh anu sahulueun pisan. Kaasup anu Aki Idod ogé, teuing kumaha mimitina, gambarna jol ngiles. Ari sorana mah atra  tur streo sagala cenah mah. Kungsi dibongkar ku Jang Uyeh, minantu nu keur meujeuhna pupujieun téa. Tapi batan bener mah kalah beuki euweuh gambaran. Malah masangkeunana ogé, Jang Uyeh téh pohoeun-pohoeun acan. Da éta wé, barang dihurungkeun téh gambarna jadi tibalik. Sajongjongan mah lalajo tivi téh kapaksa kudu bari nonggéng, atawa tivina dibalikeun. Cacak lamun euweuh Jang Adul mah, boa moal kapuluk deui tivi anu Aki Idod téh.

Mangsa nyanghareupan pertandingan kasawelasan Brazil ngalawan Koréa Utara, dua pakumpulan aki-aki, geus mimiti silih lédék, lantaran geus sapuk taruhan. Teu pira taruhanna ogé ukur taruhan dikangkalung tali rapia nu gagantélna urut kaléng susu. Sing saha nu éléh taruhan, wayahna kudu make kongkorong éta. Kubu Aki Musani mah écés pisan nyepeng Brazil, da puguh pamaén favorit Nini Eros téh Kaka jeung Robinho. Majarkeun téh lamun ningali beungeut Kaka, sok inget ka jaman Aki Musani keur ngora. “Tah, baheula mah Si Aki téh mirip pisan jeung Si Kaka…  Tapi teuing kumaha mimitina beuki dieu téh asa leuwih deukeut ka Si Éto’o…” pokna Nini Eros.

Kubu Aki Idod kapaksa kudu nyepeng Koréa Utara, sanajan anu dijagokeunna mah Argéntina. “Keun baé, da anak aki jadi TKI di Koréa. Jadi, urang ngadukung Koréa wé! Boh Koréa Selatan atawa Koréa Utara, urang dukung ku urang saréréa…” kitu ceuk Aki Idod. Nurutkeun pamajikanana, basa manéhna lalajo Koréa Selatan  ngalawan Kamérun, anakna téh kasorot kaméra. Kaciri wé cenah cudag-cideugna. Lalajona ogé gigireun pisan pelatih Koréa Selatan, mamaké kaos Persib. Teuing enya, teuing ukur titingalian Nini Sarmi’ah wungkul. Tapi piraku ari ngabohong mah, da harita téh Nini Sarmi’ah nepi ka adug lajer. Tivina ogé sakilat dipangku, tuluy dibalangkeun kana kasur. Tah, sigana ti harita pisan pangna tivi Aki Idod jadi euweuh gambaran téh.

Basa pertandingan geus dimimitian, Aki Idod teu burung rada paciweuh, da tivina euweuh gambaran téa. Pikeun ngakalanana, Aki Samhari kapaksa kudu nanggap Nini Sarmi’ah, ngigel hareupeun tivi. Batan euweuh tingalieunna pisan. Aki-aki ukur ngabandungan réporterna anu ngagunakeun basa deungeun. Najan basana teu kaharti, tapi tetep wé surak mani ayeuh-ayeuhan. Minangka patokanna, lamun kadéngé reporter nyebut “gol”, hartina éta téh asup. Anu kapapancénan nyatetkeun skor téh nyaéta Aki Ikin. Pokona mah saban ngadéngé reporter paciweuh jeung nyebut “gol”, langsung wé dicatet.

Beda deui jeung di imah Aki Musani, anu tivina euweuh soraan. Teu pati bingung teuing éta mah. Kabeneran Bah Oding rada pangalaman dina widang pidato, kakoncara tukang  pidato seserahan pangantén. Nya, langsung wé Bah Oding kapilih jadi réporterna. Saméméhna, Aki Musani biantara heula, sabangsaning sambutan mapag pertandingan Brazil jeung Koréa Utara. Teu kaliwat, nanggap heula Bah Suhadma, anu ngadadarkeun prédiksi pertandingan.

Maén bal geus dimimitian. Bah Oding buru-buru nyepeng mik, manco kana tivi bari ngaréporteran. Puguh baé rada ngacaprukna mah. Pangpangna palebah nyebutan ngaran pamaén. Moal enya maké jeung nyebutan ngaran Gonzales, Atép, jeung Éka Ramdani. Nurutkeun Bah Oding, Éka Ramdani pisan anu geus ngajebol gawang Koréa Utara téh. “Hidup Éka Ramdani…! Hidup Brazil…!!!” sakur aki-aki sarurak.

Réngsé pertandingan, nurutkeun catetan Aki Ikin di kubu Aki Idod, skor ahir téh 37-0,  Koréa Utara nu meunang. Puguh baé saréréa ngarasa bungah, sarta langsung tatahar pikeun ngajorag kubu Aki Musani. Demi di kubu Aki Musani mah, skor ahir téh 1-0, Brazil anu meunangna cenah, kalayan gulna ditémbak ku Éka Ramdani. Geus puguh kitu mah, aki-aki ti kubu Aki Musani ogé langsung ngabring rék nagih ladang taruhan ka imah Aki Idod.

Dua kubu aki-aki amprok di satengahing jalan. Reg, saréréa eureun. Tuluy silih pencrong.

“Hayoh geura paké kangkalungna! Sugema pisan nepi ka 37-0 éléhna ogé!” ceuk Aki Idod.

“Kumaha? 37-0? Sugan rieut aki-aki téh! Sidik 1-0, éléh tah Koréa Utara! Sok buru, geura paké kangkalungna!” témbal Aki Musani.

“Har… 1-0 timana horéng? Sidik 37-0!” pokna Aki Idod.

Dua kubu aki-aki hog-hag silih sémpas, marebutkeun skor ahir. Malah beuki lila, mingkin ragot paréa-réa omong. Dina kaayaan kitu, Hansip Adul jeung Cép Dadan kabeneran ngalalar ka lebah dinya.

“Aya naon ieu téh? Naha bet siga nu paraséa?” Tanya Cép Dadan.

 “Geus antep, ulah sok pipiluaeun kana urusan kolot. Hayu, bisi kaburu maén! Pokona uing nyekel Brazil nya…” ceuk Hansip Adul bari ngajéwang pigeulang leungeun Cép Dadan.

Sakedapan sakur aki-aki ngahuleng. Jep, simpé. Rét ka Hansip Adul, bari pok nanya, “Rék lalajo naon silaing téh, Adul?” Tanya Aki Musani.

“Badé nongton maén bal, Ki. Pan ayeuna Brazil ngalawan Koréa Utara… sakedap deui maénna, siaran langsung dina tivi, Ki…” témbal Hansip Adul.

“Ké… ké… ari bieu anu dilalajoanan téh apan Brazil ngalawan Koréa Utara?’ Tanya Aki Musani.

“Oh… anu nembé disiarkeun mah siaran ulang, Ki. Brazil mah nembé bade maén ayeuna…” ceuk Cép Dadan.

Ngadéngé kitu, sakur aki-aki silih pencrong. Geus kitu, teu kudu diparéntah deui, kabéhanana tinglaléos ninggalkeun éta patempatan.*** 

2 Balasan ke Obrolan Wa Oding (6)

  1. Otih Rostiana mengatakan:

    Pantesna….saderek urang di pawetanan (Indonesia Timur) nu parasea alatan piala dunya teh, moal tebih ti versi obrolan wa oding, panginten kitu…..

  2. Ani Yunan mengatakan:

    kutan aki musani nuju anomna sapertos ‘kaka’ aduh abdi mani hoyong papendaknya sareng aki maklum ‘kaka’ teh idola pribados, tapi ayeuna janten sapertos E to’o, kumahanya ieu teh, bingung ah, Dasar aki2…..

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: