Asal Usul Ngaran Rancamaya


Bahan carita ti saderek DIDI HIDAYATUL KHOLIS Kepala Kampung Kersamenak Wilayah Departemen P dan K Kecamatan Tarogong. Nu nyepeng Riwayat Ajengan H. HASBULLAH Rancamaya, kalayan aya titinggalna mangrupa daun lontar, baju kere, kitab-kitab, Bonang, cucuk konde jeung sobrah.

Sababaraha ratus taun ka tukang, nalika bangsa urang umumna, khusus di wewengkon Kabupaten Garut masih keneh ngagem Agama Hindu; numutkeun sejarah mah Kecamatan Bayongbong, Cisurupan, Samarang jeung Kecamatan Tarogong ka asup ka karajaan Timbanganten nu Agamana Hindu, ku kira-kira ieu carita teh mungkin bae jaman eta. Ari laku lampah jalma beh ditu nepi ka ayeuna jigana sarua bae, aya nu milampah hade jeung aya nu milampah goreng sok sanajan diuger ku aturan-aturan agama atawa darigama. Keur jalma nu nagalampahkeun goreng cek inyana mah hade bae, sabab tujuannana ngan nepi ka nyumponan ka butuh hirup, asal pake pageuh, dahar seubeuh, imah weuteuh, anak pamajikan kaparadah sapopoena. Nyakitu deui jaman harita oge di wewengkon Desa Kersamenak jeung Sukalilah ayeuna kaayaan daerahna teu aman, unggal peuting kudu bae aya paling, bray beurang loba padagang nu dibegal, teu sirikna unggal golodog geus kaunggahan rampog. Pantes wae mun rahayat sawewengkon eta ngarasa pugag dina enggoning nyiar kipayah, para padagang hoream lunta, patani sungkan ancrub ka cai teu saeutik kaom buruh gawena ngan nangkeup tuur. Nitenan kaayaan balarea jiga nu peunggas harepan, Ki Sumeren Kawalangket, kumaha narekahannana sangkan rahayat laluasa dina kahirupannana. Sanggeusna dipikir di bulak-balik diitung untung-rugina, ditimbang-timbang pibalukareunana, Ki Sumeren sapada harita ngondang tatanggana nu kawilang ku manehna boh ti pihak kolot nu geus boga wiwaha, oge para nonoman nu miboga wanda tanggung-jawab ka balarea. Atuh dina barengna teh babadamian jol mupakat bae da puguh eta pisan nu ku rahayat dipakahayang. Ti harita ngaran Ki Sumeren kagurnita ka balarea, ari sababna manehna pisan nu ngatur cara ngajaga jeung ngariksa boh rahayat boh pakaya, oge ngadidik jeung ngalatih ka para nonoman nu dibutuhkeun tanagana tur kabisana, nya Ki Sumeren pisan nu ngagemleng beurang peuting dina aturan ulin maenpo, pikeun numpes jalma-jalma nu jarahat. Murid-murid Ki Sumeren lila-lila mah sumebar ka unggal desa, tur mawa pangabisa pikeun ngajaga ngariksa tur ngabela kulawarga katut balarea dina mangsa aya maung ngamuk, gajah meta aya siku siwulu-wulu. Ku sumebarna murid-murid Ki Sumeren nu nyarahcal di unggal tempat mawa pangaruh anu kacida gedena keur rahayat di tempat eta boh ngeunaan sabilulungan dina nyinghareupan jalma-jlama jahat atawa tulung – tinulung ka sasama nu merlukeun bantuan boh tanaga, boh harta. Nya kitu dina prak-prakannana sumembah kana kapercayaan alam harita (mun ayeuna mah disebut animisme). Murid-murid Ki Sumeren mangrupa pamanggulna. Ku ayana murid-murid Ki Sumeren nu geus sabilulungan jeung rahayat, atuh keur jalma-jalma jarahat oge mangrupa hiji pangajaran pikeun maranehannana ngayakeun komplotan keur usaha babarengan , sabab ari seang-sewangan mah geus teu kauntup geusan ngalawan dimana kaperegonakeun ngarampog. Mimitina mah komplotan rampog teh aya dina kaunggulan tur kauntungan dina enggoning ngalaksanakun kajahatannana, malah di sawatara kampung mah aya jalma nu nepi ka tampadaksa disiksa jeung ditandasa pedah teu masrahkeun harta bandana. Dina mangsa meuweuhna jalma-jalma jarahat ngaranjah mah ka unggal imah, Ki Sumeren harita keur ngayakeun babadamian jeung samurid-muridna kalayan nu dumasar kana wangsit roh suci nurutkeun kapercayaan alam harita. Sanggeusna Ki Sumeren mere mangrupa-rupa cara pikeun nyanghareupan lawan sangkan aya dina kaunggulan, pungkasanana carita Ki Sumeren nandeskeun, yen taun ieu taun munggaran pikeun numpes jalma-jalma nu jarahat, kalayan taun ieu pisan mimiti ngalaksanakeun seba, nu mangrupa nunggel janggana jalma nu kawilang jahat dina sataun saurang. Satutasna rampung babadamian kalayan ngabogaan tekad anu moal laas pikeun ngabasmi jalma-jalma nu jarahat ku rupa-rupa tarekah. Tarekah nu munggaran tina hasil babadamian tea nya salah saurang murid Ki Sumeren kudu ngayakeun hiji upacara perkawinan kalayan diayakeun hiburan mangrupa maenpo, nu dipalar supaya karaman ngarampog kanu keur hajat dina mangsa eta Ki Sumeren pikeun nguji murid-muridna hasil didikannana. Tarekah munggaran bener-bener keuna kanu diduga jalma-jalma nu jarahat daratang ngabubuhan, ngaranjah ka imah nu keur hajat. Bubuhan hajat ngan ukur mangrupa pitapak, nu boga imah mere tanggara ka baturna nu geus sayaga samemehna. Ki Durganda kapala kaamanan lain deui ngarejagna ari sababna kakara waktu harita aya nu nyoba-nyoba ngalawan tur ngagagalkeun maksudna. Murid-murid Ki Sumeren geus teu sabar hayang mere pangajaran susuganan jalma-jalma nu jarahat jadi insap. Teu sawatara lilana Ki Durganda sabaladna geus laluncat ti imah nu boga hajat bari ngalalugas pakarangna, di luar balad Ki Sumeren geus ngaregreg lir pager nu kekep rekep. Ki Durganda hemar hemir arek tanding asa wegah rek ngalawan, tapi dasar Ki Durganda boga adat bahula tungtungna lahlahan narajang pangheulana dituturkeun ku baladna. Ki Durganda sabaladna tambah-tambah ngarasa heran sabab nu dianggap musuhna estu teu mawa pakarang, tur lobana sarua jeung jumlah balad manehna; geus tinangtu pihak musuh rek ngajajal pangaweruh. Teu sabaraha lilana der tarung campuh, iyeu patutunggalan, ari Ki Durganda sabaturna tarungna bener-bener boga maksud muputkeun umur musuh, ngarah nyawa pihak lawan. Sabalikna ari murid-murid Ki Sumeren ngalaksanakeun usaha nu munggaran, mangrupa mere pangajaran susuganan maranehna insap tina kajahatan. Ki Durganda sabaturna ngarasa jengkel, kabeh kabisana digunakeun tapi teu matak nyugemakeun, kalah maranehannana beak tanaga, rea daiantara balad Ki Durganda nu ngalungkeun pakarangna bari lumpat ngarasa teu kuat ngalawan ku pangawasa lawanna, lila-lila balad Ki Durganda beak kalabur ninggalkeun tarung, bari nandangan kanyeuri, rarasaan panon asa narolol urut katonjok, ka tojos, taktak walikat asa semplak urut kasepak ka tongtak, mun gado asa nyengsol mun careham asa semplak, pipi peurih lir digerih urut panampiling semu gunting. Balad-balad Ki Durganda teu saeutik nu ngadak-ngadak muringis, sungkan nuluykeun kajahatan sabab ku maranehannana karasa geuning kiti jajatena pihak lawan, muji sajeroning ati cacak-cacak pihak lawan mun aya maksud nandasan pinasti maranehna palastra, ku cara eta pisan diantarana aya nu ngadadak insap sapadaharita, turta balik kana jalan nu matak nyalametkeun ka dirina tur ka kulawargana. Tapi aya diantarana nu  boga rasa hayang mulangkeun kanyeri, hutang uyah taur uyah, hutang pati bayar pati, basana kagok barontak kapalang carambang, kumaha geletuk batuna kecebur caina. Ki Durganda nu geus ditaringgalkeun ku sabaturna harita masih ragot tarungna. Ki Durganda sababaraha kali ganti pakarang tapi can bisa ngungkulan musuh sok sumawona ngarubuhkeun Ki Pasrana tetep lemor jiga nu ngahaja ngala tanaga lawan ngarah musuh lusuh napsuna. Barang keur ragot nu tarung Ki Sumeren gancang mere tangara ka Ki Pasrana. Cukup Pasrana, barang Ki Pasrana ngadenge basa guruna, teu talangke Ki Durganda dirapetan bisi srog suku kencana dikahareupkeun dina waktu nu sakiceup bedog Ki Durganda geus murag, bareng jeung muragna Ki Durganda nyuuh adug lajer gegerungan teu kuat nahan kanyeri nu nyaliara sakujur awak. Ki Durganda diparayang dibawa ka imah Ki Pasrana, tuluy digolerkeun di tengah imah, dijaga ku Ki Pasrana sabaturna. Poe isukna sanggeus Ki Durganda pulih deui, dibawa ka imahna Ki Sumeren sakumaha amanatna tadi peuting, sarengsena nyerenkeun Ki Durganda Ki Pasrana mah baralik deui ka saimah-imahna. Ari pangna Ki Durganda diserenkeun ka guruna taya lian pikeun ngalaksanakeun tarekah nu kaduana. Dina waktu saminggu dua minggu mah sangeusna kajadian di imahna Ki Pasrana mah taya beja boh nu dirampog atawa ditandasa ku jalma-jalma jahat. Lilia teu lila der bae beja pabeja-beja yen rampog geus meuweuh deui, anu diluluguan ku Ki Durgandi adina Ki Durganda, anu tindakannana leuwih-leuwih ti lanceukna paribasa sahaok kadua gaplok teh saenyana. Ki Durgandi mimpin anak buah lanceukna anu ngan kari saeutik deui ditambah deui ku anak buah manehna nu jumlahna oge teu pati loba. Dina mangsa meuweuhna jalma-jalma nu jarahat ngalaksanakeun kajahatannana, harita Ki Sumeren keur gunem catur jeung Ki Pasrana pikeun ngalaksanakeun tarekah saterusna. Isukna kendang geus ngungkung tanggara rek aya upacara seba anu dikokolotan langsung ku Ki Sumeren sakur rahayat nu aya di dinya kabeh patanya-tanya, naha rek uapacara seba tai sepi teu aya jalma nu mawa sasajen jeung sajabana kabiasaan nu rek seba. Teu lila jol Ki Sumeren asup ka tengah-tengah wewengkon upacara bari pok nyarita :”He dulur-dulur nu pada karumpul, balarea nu pada daratang kana upacara, geus tinangtu ku kula kasawang aranjeun nganaha-naha upacara beda ti adat nu biasa, sabab kula kudu nohonan sakumaha nyaring jeung antipati kudu ngalaksanakeun seba ku mangrupa manusa. Kukituna kula baris ngadukeun jajatenna dua jago murid kaula nu ngaran Ki Pasrana jeung Ki Durganda, ngan dina engke prakna tarung Ki Pasrana mah teu meunang mawa pakarang sabalikna Ki Durganda mah meunang mawa pakarang sa kasukana, taya lian supaya aranjeun nyaksian kana upacara ieu.pangna Ki Sumeren ngalaksanakeun cara kieu ulah aya basa ti balarea telenges

1 Responses to Asal Usul Ngaran Rancamaya

  1. Scheidungsanwalt berkata:

    It’s awesome in support of me to have a site,
    which is beneficial in support of my knowledge.
    thanks admin

Tinggalkan komentar

Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982