Bengkong Wanoja Ti Tanjungsari


Ku: Tedi Permadi

Duméh kacaritakeun di lebah terminal angkutan kota Kecamatan Tanjungsari, Kabupatén Sumedang, aya béngkong wanoja nu pada ngadeugdeug ti mana-mana, boh ti nu deukeutna boh ti nu jauhna, Kuring ngahajakeun ngulampreng ka lebah dinya.

Alatan teu apal di mana perenahna, nya mapaykeun ka warung sangu nu aya di sabudeureun terminal. Enya waé, ngaran Bu Épong téh geus teu bireuk deui, da saha-saha nu aya di dinya pada nunjukkeun ka lebah Gang Masjid nu paeunteung-eunteung jeung pom bensin.

Barang anjog ka bumina nu liuh ku tutuwuhan tur matak pikabetaheun, bengkong nu boga ngaran Épong Atikah Rostiana (42 thn), ngahiap kuring bari nyuguhan tur ngajak ngobrol sabudeureun pangabisana dina marajian.

Nyunatan ti saprak SD
“Aduh hilap deui nya, da saleresna mah nuju kelas 5 SD oge tos jalan kana nyepitan téh, harita kinten yuswa 11 taun, namung masih kénéh disarengan ku pun bapa. Ari nyepitan nyalira mah saparantosna abdi nincak SMP nuju taun 1970an, da harita dina sadinten téh sok aya kana 10 dugi ka 15 urang nu disepitan tur tempatna ogé patebih, nya abdi ka kalér pun bapa ka kidul” kitu jawaban Épong basa ditanya ti mimiti iraha bisa nyunatan téh.

“Ari nu jadi sarat pikeun jadi bengkong mah nya kudu luas waé, teu aya nu sanésna. Atuh nuju abdi ngawitan diajarna mah, nya ningalikeun waé waktos ngingiring ka pun bapa upami aya nu nyepitan, da ti putra-putrana nu sapuluh téh, nu sok dicacandak mah mung abdi wungkul. Harita, nuju ngawitan mah, abdi mung nyepengan murangkalih nu badé disepitan sareng ngasong-ngasongkeun alat, sapertos babango, tanduk, sareng péso tikel nu diperyogikeun ku pun bapa” ceuk Épong nerangkeun deui.

Sanggeus dipercaya ku bapana kalayan meunang peupeujeuh sangkan ulah ngahargakeun jeung pipilih jalma, Épong mimiti lalampahan nyunatan sosoranganan; nu deukeutna di daérah Genténg, Pasanggrahan, jeung Sumedang, atuh nu jauhna ka daérah Tasikmalaya, Sindanglama, jeung Bantarujeg.

Ari dina prakna nyunatan, Épong bisa diangkir ka tempat nu boga hajat atawa nu boga hajat ngahajakeun datang ka Tanjungsari, malah aya ogé nu mondok nepi ka walagri deui. Nurutkeun pangalaman Épong, umur budak sunat nu merenah mah ulah kagok, upama orok, nya sakira umur dua bulan atawa tacan nangkuban, upama budak leutik ulah nu keur meujeuhna kembang buruan, atuh upama geus sawawa, nya moal susah deui kana ngurusna.

Dina lebah nyunatan, Épong éstu digawé ukur ngan manéhna sorangan kalayan taya asistén atawa pembantu. Kitu deui dina sababaraha kali kagiatan sunatan massal nu kungsi diiluan ku Épong, boh nu di Bandung, Kadungora Garut, atawa Sumedang. Épong kakara ngarasa perlu aya nu mantuan mun aya nu ngadon nyunatan di imahna, nya éta lebah ngurus budak sunat nepi ka walagri anu karepna sok diladenan ku adina. Upama diangkir ka nu jauh, Épong kakara merlukeun dibarengan ku salakina.

Ti saprak mimiti nyunatan tug nepi ka ayeuna, Épong nerangkeun yén geus aya kana duapuluh rebuna nu disunatan ku manéhna, malah baréto mah sok rajeun ditulis ngaran-ngaran budak sunat téh. Ngan kabehdieunakeun, tara pirajeuneun alatan ku sibuk téa.

Budak Sunat Sawawa
Siga béngkong atawa paraji sunat lianna, Épong ogé tangtuna kungsi nyunatan budak sunat nu umurna geus sawawa, “Malah lain ngan saukur sakali dua kali, aya kana ratusna mun dicatetkeun mah” ceuk Épong mairan.

Ari budak sunat nu geus sawawa mah, biasana sok ngahajakeun ngadon ka Tanjungsari malah nepi ka mondokna sagala, aya nu ngan tilu poé, aya ogé nu nepi ka saminggu. Ngan Épong nambahkeun, tacan kungsi kapaluruh naon anu jadi marga lantaranana loba budak sunat nu sawawa apaleun ka manéhna. Ngan nu pasti mah, budak sunat nu geus sawawa téa, lolobana mah urang non-muslim nu arék asup kana agama Islam atawa turunan etnis Cina jeung non-muslim nu kudu disunatan lantaran keuna ku alesan kasehatan. Jeung deui, lolobana nu daratang téh ti nu jauhna, saperti Bandung, Bogor, Sukabumi, Jakarta, malah mah ti Surabaya ogé kungsi aya nu datang.

Dina nyunatan nu geus sawawa, Épong nyebutkeun yén manéhna teu ngarasa ragab ku itu ku ieu sarta taya bédana jeung nyunatan budak leutik. “Dalah nu umurna geus sawawa ogé ari dina prakna mah siga budak leutik waé satungtung tacan cageur mah, taya kaéra deuih. Atuh upama aya nu hayang nyahoeun kana bobogaanana, si budak sunat téh teu kireum-kireum sok rajeun mukakeun sarungna ku sorangan” ceuk Épong deui.

Ngan leuwihna dina nyunatan nu geus sawawa, nya éta ngantengna tali duduluran tur manjang nepi ka ayeuna. Malah Épong mah nyebutkeun “Resepna janten paraji sunat téh, Alhamdulillah janten seueur baraya, contona waé, upama mareng kana lebaran téh sok aya waé nu barangkirim”

Épong Jeung Dokter
Dina biaya nyunatan atawa ipekah nu katampa, lebah Épong kacida béda pisan jeung prakték dokter nu matok harga pikeun sakali sunat, jeung deui pikeun Épong mah nu ngaranna ipekah téh tara diwatesanan tur sagemblengna disérénkeun kana kasanggupan nu boga hajat. “Ti payun dugi ka ayeuna ogé abdi mah tara mangaoskeun, ah sapadipasihanna waé, ageungna aya nu masihan saratus rébu atuh dina alitna nya aya nu lima puluh rébu, malih mah aya anu kirang, ditampi wé da abdi mah henteu mangaoskeun” kitu ceunah.

Atuh dina mangsa kiwari ku lobana dokter nu muka prakték sunat di mana-mana, budak leutik nu disunatan ku Épong mingkin saeutik waé, komo dina bulan Sapar mah taya pisan saurang-urang oge. Atuh dina bulan-bulan sejenna paling loba nepi ka sapuluh urang.

Basa ditanyakeun naha aya karep pikeun nurunkeun pangabisana ka barudak ngora, Épong ngarasa wegah, pokna téh “Henteu ari maksad ngalungsurkeun mah, margina moal katurutan sareng karunya waé ku capéna, komo murangkalih ayeuna mah bénten sareng anu kapungkur, sok babari barosénan!”***

Tinggalkan komentar

Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982