Sapi Ngencar

Maret 30, 2010

Carpon Dadan Sutisna

“Geura jung atuh rék digadag mah, lain kalah ka ngalulungkut!”

“Mangké heula, sidik aing téh baruruten kénéh. Abong biwir teu diwengku!”

“Kéjo geus haneut, deungeunna geus diasakan, rék naon deui?”

“Aéh-aéh, na ka salaki téh, mani poporongos kitu?”

“Kaluman wé nénjona. Hudang héés téh lain buru-buru ka tampian. Batur mah geus kamana boa!”

“Kakara ogé jam genep,”

“Ngadagoan beurang mah kaburu horéam mantén. Nu boga sawah ngadagoan meureun. Si Darmita mah rebun-rebun ogé geus ngagiringkeun sapi!”

“Keun baé da Si Éta mah biasana oge sok nyubuh!”

“Enya, kuduna diturutan. Kadé Kang, sapina paraban heula!”

“Apan jukutna ogé geus béak. Kamari ku Si Darmita dieurihkeun kabéh kana pamakanan. Engké baé di sawah rék dibéré jarami!”

“Karunya, Kang. Ti subuh kénéh disada waé. Matak naon mun ngala heula daun cau dua ponggol mah,”

“Beurang mantén. Di mana kéjo téh?”

“Naha kawas di imah batur baé, maké tatanya sagala rupa. Sangu dina gayoran, deungeunna dituruban ayakan!”

“Ayakan urut nyair téa?”

“Nu mana deui atuh,”

“Beu, na ari Si Kénoh, hanyir temen atuh. Jariripen aing mah ngadaharna ogé,”

“Kadé Kang, sibeungeut heula rék dahar téh!”

“Beu, ngahariwangkeun pisan. Geura indit ka dituh, gandéng!”

“Heueuh, da kami mah rék ka Posyandu, budak rada harééng,”

“Sabaraha poé deui, ngahuripan budak téh?”

“Kami ngajuru teh kakara 25 poé. Nya 15 poe deui meureun!”

“Euleuh, geuning lila kénéh?”

“Wayahna wé atuh, Kang, puasa sakeudeung mah. Barina ogé, kami mah hayang di-KB heula, ngarah teu rendey. Tuh, Si Narsih ogé, sakitu ripuhna loba budak mah. Indit heula, Kang, bisi beurang mantén!”

Kénoh ngaléos bari ngais budak. Rasta nguliat. Sarungna diudar, digawingkeun dina sasampayan nu manteng di tengah imah. Bus ka dapur, kurah-koréh kana sangu. Kakara ogé rék am, pamajikanana geus datang deui.

“Aya nu tinggaleun? Masing tarapti atuh, tuh bedog dina bilik, dingkul deukeut hawu,”

“Keur nanahaon bedog, da lain rék ka kebon. Kami mah rék papagah ka Akang!”

“Naha kawas ka budak baé?”

“Kadé Kang, mun balik mideur montong terus sumpang-simpang. Kamari ogé aya béjana, Akang eureun lebah imah Mang Oji!”

“Aéh-aéh, naha eureun-eureun baé mani jadi omong. Naha teu meunang aing reureuh?”

“Béjana Mang Oji téh boga anak awéwé!”

“Keun baé atuh, anak batur ieuh!”

“Béjana mah geus jadi randa. Léngér naker deuih, teu kaop nénjo lalaki, sok alangah-éléngéh. Randa ateul, Kang!”

“Baruk?”

“Tuh, nya, mani curinghak kitu. Mun wani-wani deui eureun di dinya, ku kami moal dipangéjokeun. Tulak panto moal dilaan!”

“Jeun teuing, da aya panto dapur ieuh. Geura jung atuh rék ka Posyandu mah, ulah ngaganggu nu keur dahar!”

“Tarab-turub geus dahar téh, bisi aya ucing garong!”

“Ambuing, abong aya turunan céréwéd sia mah!”

Kénoh ngaléos. Bérés dahar, Rasta turun ka buruan. Kuliwed ka pipir. Palebah pongpok imah ngarandeg. Sajongjongan mah ngajanteng di dinya. Nyérangkeun kandang sapi anu siga parongpong.

“Cilaka, sapi aing ngencar!” pokna, gegerendengan sorangan. “Paingan teu kadéngé sorana. Beu, na aya-aya baé, boa-boa aya nu maling?”

Rasta ngadeukeutan kandang sapi. Hég ditelek-telek. Enya baé, sapi nu ngan hiji-hijina téh geus euweuh ti kandangna. Ukur manggihan hayam wé, keur ngoréhan jarami garing sésa parab. Dina pamakanan lingih, euweuh jukut. Teg baé, boa sapina téh ngencar, pédah hayang baranghakan.

Rasta terus mariksa kandang. Katémbong palangna aya nu rujad. Sigana mah diséréd ku tandukna. Malum palang tina awi ngora atuh, kurang weweg. Ongkoh henteu pati pageuh deuih nalianana, da apan sasarina ogé tara nepi ka ngencar.

Basa aya nu ngaliwat nanggung carangka, ku Rasta digeroan.

“Kasim, henteu nénjo sapi?”

“Puguh wé nénjo mah,” cék nu nanggung carangka bari nyelang heula ngécagkeun babawaanana. “Tadi téh rebun-rebun geus digiringkeun ku Si Darmita. Teuing rék dibawa ka mana!”

“Heueuh, da sapi nu manéhna éta mah!”

“Ari kitu sapi nu mana?”

“Sapi kuring, Si Danten téa. Subuh mah aya kénéh, da cék Si Kénoh kadéngé sorana. Ari bieu ditéang, geus euweuh buntut-buntutna acan!”

“Naha atuh, lain sasarina ogé sok dibaturan saré?”

“Lain kalah ka ngabojég, Sim. Ieu mah dines deuleu, sapi déwék leungit!”

“Teuing atuh!” walon Kasim bari nanggung deui carangka.

Puguh baé Rasta beuki geumpeur. Ari harga sapi téa, apan aya jutana. Mangkaning nu nitah mideur bakal geus ngadagoan. Mangkaning garu jeung wuluku rék dibawa ku manéhna.

“Si Darmita deuih, mani euweuh néang. Kawas lain ka batur digawé baé!” Rasta kutuk gendeng.

Keur kitu, katémbong rentang-rengtang aya nu ngadigleu. Lalaki jangkung gedé, nyorén pasrén, kumisna mani centang, beungeutna beureum siga nu keuheul.

“Bah Wirya! Rék kamana?” Rasta gegeroan.

“Rék ka silaing puguh!” cék Bah Wirya rada teugeug. “Sapi silaing kitu, anu ngencar téh?”

“Enya, Bah, di mana ayeuna?”

“Tuh, nya, teu jauh tina sangkaan. Paingan bangor naker, léngér, ari silaing nu gablegna mah!” kumis Bah Wirya beuki centang.

“Cik atuh, Bah, ari sapi mah tong disebut léngér. Enya éta ogé, sapi kuring kakara beger, tapi asa pamohalan ari bogoheun ka Abah mah!”

“Nyao siah! Montong diangon baé atuh sapi téh, teu kaparaban meureun, nya?”

“Aéh-aéh, lain diangon, Bah. Kabur ti kandang!”

“Déwék mah teu hayang apal. Rék ngencar, rék kabur, kumaha karep. Ngan éta sapi geus ngaruksak pepelakan. Jagong kakara mongkok diranjah, dihakanan daunna. Déwék ogé boga sapi aya tiluna, tara diabur kitu, tara sina ngencar!”

“Ngaranna ogé sapi atuh, Bah. Teu boga pipikiran!”

“Heueuh ari sapi mah, ngan ngukutna wé atuh, kudu boga cedo. Yeuh, Rasta, éta jagong téh geus dijual ka Mang Dohing. Duitna geus dipaké meuli kamprét jeung padudan. Kari-kari ayeuna jagongna diruksak sapi, aya bahan bolay jual-beuli téh. Gantian siah!”

“Naha bet nyalahkeun kuring, da teu rumasa ngaruksak jagong. Kuduna Abah téh nyarékan sapi!”

“Na ari sia, kawas ka nu burung baé,” Bah Wirya ngagidir. Gap kana pérah bedog.

“Sabar, Bah. Keun urusan jagong mah engké deui. Ari sapi kuring ayeuna di mana?”

“Dibuburak ku déwék!”

“Étah, kalah ka dibuburak, lain pangnéwakeun atuh!”

“Sapi édan kitu kudu ditéwak? Kuriak ngagadil!”

Keur kitu aya deui nu ngurunyung.

“Rasta! Upahan siah budak déwék,” cék Kang Obay. “Sapi silaing asup ka dapur, budak déwék nepi ka ngalenggerek,”

Jol hiji deui.

“Lamun henteu digantian ayeuna kénéh, kajeun galungan aing mah!” cék Mang Dohing. “Geura Bah, rék teu asa diteungteuingan kumaha. Kuring téh rék ngiangkeun daun kangkung ka pasar, ditunda diburuan, da kitu sasarina ogé. Pira diselang heula madang, teu kanyahoan geus ludes dihakan sapi,”

“Atuda loba gijina meunang kangkung mah, Jang!” cék Bah Wirya.

“Si Juhri deuih anu cilaka téh. Keur ngala gedang, tarajéna didupak sapi. Atuh puguh, nepi ka ngajuralit kana kamalir. Sakeudeung deui ogé mawa bedog geura!”

“Aya naon ieu téh, ujug-ujug narapsu baé?” Rasta katémbong geumpeur.

“Na ari sia Rasta, can ngarti kénéh? Sapi silaing ngencar, ngagujrudkeun urang lembur!” cék Bah Wirya satengah gogorowokan.

Cacak mun henteu buru-buru diriungkeun ku Pa Érté mah, teuing kumaha kajadianana.

Buritna, sapi téh can kapanggih baé. Puguh atuh Kénoh nepi ka garo singsat.

“Gancang téangan, manéhna! Bisi ngaruksak kebon batur!”

“Eudeuk atuh!”

“Étah geuning kalah ka diuk dina bangbarung, hayang nongtot jodo?”

“Kamana néanganana?”

“Teu nyaho kami mah. Papaykeun ka urang lembur!”

Sanggeus ngajéwang sarung mah, léos Rasta indit. Tapi nepi ka tengah peuting can balik baé. Kénoh mani geus lengo deui-lengo deui. Tungtungna mah dug saré, najan bari hariwang ogé.

Isukna, rebun-rebun kénéh, basa Kénoh rék ka tampian, kadénge di buruan aya nu gegerendengan.

“Sing bageur, Danten, ulah ngider waé. Aing apan nu riweuhna mah. Enya, aing ogé apal, sia téh keur begér. Tapi sabar wé atuh, engké oge aya waktuna,”

“Aéh-aéh, naha Kang Rasta bet ngomong jeung sapi. Kawas jelema sédéng bae!” Kénoh ngagerendeng. “Enya, sabar sakeudeung mah, pira ogé 14 poé deui!”

Rasta ngalieuk.

“Naha mani sapeupeuting?” cék Kénoh.

“Euh … apan kapanggihna ogé bieu!”

“Ti mana?”

“Euh … apan ti sawah. Sigana mah teu kuat hayang magawé,”

“Sukur ari kapanggih mah. Geus diparaban?”

“Enggeus meureun …”

“Naha bet meureun, apan ku Akang kapanggihna ogé, lin?”

Rasta teu nembalan. Sapi dicangcang di buruan. Bus ka imah, rap maké kamprét paranti ka sawah. Teu lila geus kaluar deui. Wuluku nu nyarandé kana bilik dipanggul.

“Rék ka mana deui?” Kénoh kerung.

“Rék mideur. Apan kamari mah teu tulus!”

“Ké atuh, urang ngéjo heula!”

“Apan … eng…” nyaritana teu kebat.

“Enggeus di mana?”

“Di tukang surabi!”

Rasta terus nungtun sapi, indit bangun rurusuhan. Kénoh tibang gogodeg.

Datang ka sawah, kasampak Si Darmita keur diuk dina galeng bari udud. Mani curinghak basa nangénan Rasta ngiringkeun sapi téh.

“Sabaraha kotak deui pigawéeun téh? Bakal anggeus poé ieu?” cék Rasta. Wuluku diécagkeun, ari sapi sina nyatuan.

“Dua kotak deui. Anggeus poé ieu ogé, mun loba nu maculna mah. Lain, kumaha lalakon sapi ngencar téh?”

“Heuheuy deuh, hayang seuri déwék mah!”

“Ulah waka seuri di dieu, naon pikaseurianana barina ogé. Prak geura ngadongéng, meungpeung isuk kénéh!”

“Silaing moal bébéja ka sasaha?”

“Aéh-aéh, kawas rusiah baé. Apan salembur geus guyur, geus pada apal kana kajadianana,”

“Enya moal bébéja ka sasaha?”

“Enya atuh!”

“Ka Si Kénoh moal dibéjakeun?”

“Moal,”

“Kieu, euy …” Rasta luak-lieuk heula. “Tina kajadian sapi ngencar téh, déwék mah maké ngalaman saré di imah randa!”

“Kutan?”

“Enya, Nyi Lilis budak Mang Oji téa. Silaing apal meureun?”

“Puguh baé apal mah. Apan Bah Wirya oge unggal soré ngahéroan, sakitu geus boga incu téh. Sebel aing mah!”

“Ké, ké, ulah waka ambek ka Bah Wirya!”

“Teu ngeunah atuda, mani teu ngagéhan budak ngora. Aéh, apan basa mangkukna urang eureun lebah imah Mang Oji, Nyi Randa téh siga kulat-kelét geuning!”

“Taktagé. Kieu lalakonna mah. Sanggeus diuruskeun ku Pa Érté, buritna déwék néangan sapi. Jam tujuh peuting kakara kapanggih raratanana. Manahoréng diampihan ku Mang Oji. Karunya cénah ka nu bogana, bisi néangan. Sapi téh sina meuting, da kabeneran Mang Oji boga kandang kosong …”

“Terus kumaha?”

“Teu panggih jeung Mang Oji mah, da bada magrib ogé geus indit, rék mondok di nu gering, di lembur Ciseureuh. Tadi kuring rék nganuhunkeun, cacak mun teu dirawatan ku manéhna mah, geus ka mana boa. Kapaksa baé déwék nepungan Nyi Lilis. Naha atuh, tina rék nyokot sapi téh kalah ka uplek ngobrol nepi ka peuting. Basa rék balik, ku Nyi Lilis dicaram, magarkeun téh keueung euweuh batur. Apal sorangan meureun, Nyi Lilis mah borangan pisan. Nya kapaksa wé déwék téh, ngadon heuheuy … saré. Isukna rebun-rebun geus disampakkeun kéjo haneut jeung deungeunna. Puguh atuh, sapi kabawa, beuteung seubeuh, saré tibra …”

“Nu bener, Rasta?”

“Naha iraha déwék ngabohong. Tanyakeun wé ka jinisna teu percaya mah. Ngan omat, ieu béja ulah nepi ka Si Kénoh. Aya bahan moal dipangéjokeun Si Éta apaleun mah!”

Sakedapan Darmita ngahuleng, siga aya nu dipikiran.

Dua poé ti harita. Pabuburit, Rasta geus ngajanteng deukeut kandang Si Danten. Ceg kana palang kandang, talina dilaan.

“Sia apal kénéh jalanna, Danten?” pokna, kawas ka jelema baé.

Tapi kakara ogé rék nyekelan tambang, ti lebah jalan kadéngé sora nu patinggorowok. Berebet Rasta ka buruan.

“Aya naon euy?”

“Sapi Si Darmita ngencar!” cék anu di jalan.

“Iraha?”

“Cikénéh. Lain nu Si Darmita wungkul kétang, béjana nu Bah Wirya jeung nu Si Obay ogé areuweuh ti kandang. Kadé ati-ati Rasta, sigana ayeuna mah keur usum bangsat sapi!”

“Naha bet ngalencar, nya?” Rasta kerung.

“Kateuing atuh, teu apal déwék mah!”

Keur kitu, Aki Dasmin nyampeurkeun, kundang iteuk, leumpangna rarampéolan.

“Sujang, henteu nénjo sapi aki?”

“Baruk? Sapi Aki ogé ngencar?”

“Puguh baé atuh, da di … aéh … ngencar. Mudah-mudahan wé léosna ka kidulkeun, da cénah alamatna di beulah kidul!”

Rasta ngahuleng.

“Aya naon, Kang?” Kénoh ngelol ti lawang, bari ngais orok.

“Sapi Si Darmita ngencar!”

“Boa nu urang ogé ngencar deui?”

Rasta asa kaingetan. Berebet ka pipir. Enya baé, Si Danten téh geus euweuh di kandangna.***


Sateuacan – Saparantos

Maret 30, 2010

Sateuacan nikah:

Pameget: “Ahirna kajawab oge!, saleresna akang teh tos lami  ngantos-ngantos peristiwa bersejarah ieu”.

Istri: “Kang,… akang rido mun nyai ninggalkeun akang?”

Pameget: “Tangtos henteu atuh Nyi!…Ah, tong dugi ka gaduh pikiran sapertos kitu!”

Istri: “Leres Akang teh cinta ka Nyai?”

Pameget: “Puguh atuh!, salamina Akang bakal kitu…….”

Istri: “Dupi Akang kantos salingkuh sareng istri sejen?”

Pameget: “Ih, bararaid teuing!, Akang alim ngalakukeun nu sapertos kitu atuh Nyi!”

Istri: “Akang kersa nyium Nyai?”

Pameget: “Muhun, Nyi!”

Istri: “Kaaaaang!!!”.

Saparantos 15 taun nikah, kondisina jadi benten. Mangga diaos ti handap ka luhur. Guprakkkk!!!.***


Aji Rempug Galunggung

Maret 30, 2010

IEU ajian teh asli ti tatar Sunda. Tujuannana ngajak nu gaib (baca Jin) supaya gotong  royong ngabantuan urang mereskeun masalah badag nu kaalaman ku urang tug nepi ka rengse. Ceuk sakaol, ieu ajian the digunakeun ku Sangkuriang basa keur ngabendung walungan Citarum jeung nyieun parahuna dina wanci sapeuting.

Bilih bade nyarobian, mangga ieu bacaanana:

“BISMILLAH HIROHMANIRROHIIM
REMPUG GUNUNG TI GALUNGGUNG
REMPUG JAMI TI JAKSANI
AWAKING TERUNG NGAMBUNG
PANGMAMANGKEUN SORA AWAKING
KULA IBU NGIMPI NGADU DIPICIS DI LANGIT,
MASANG DI AWANG-AWANG
BOGA HUTANG TEU MAYAR
MAYAR KUTANGGA TILEPAN
SAKURUPUK JADI PUYUH
SAGARAPAK JADI HEULANG
MORO MUNDING JANGGAWATI
MAJAPAHIT
MORO BADAN KAULA….. (sebut ngaran urang)
RET JLEG SAJAGAT KABEH,
ASHADU ALLA ILAHA ILALLAH
WAASHADU ANNA MUHAMMADARASULULLAH.”

Cara ngamalkeunana:
1. Puasa biasa 7 poe
2. Maca surah Al-Ikhlas, Alfatihah, jeung An-Nas, masing-masing 7 x tiap ba’da sholat Maghrib.
4. Sholat Tahajud 17 peuting noron.

Ieu ajian bakal aktif mun dibacana bari nahan nafas nyahareup ngulon.

Pantrangan:
Teu meunang ngalanggar aturan agama, nyaeta milaku MALIMA: MADAT, MADON, MATENI, MALING, MAEN (Ngonsumsi narkoba – teu kalebet narik kolor bapa mah-, lacur, maehan, ceceremed, jeung ngadu.***


Jumlah Jamleh

Maret 30, 2010

HIJI waktu, pamajikan Bah Juned meuli peralatan kosmetik jeung pakean. Unggal poe manehna dangdan ngarias diri. Geus beres ngarias diri di kamar, manehna nanya ka salakina: “Kang tos dangdan sapertos kieu, kinten-kinten yuswa nyai janten katingalina sepertos sabaraha taun?” Tanya pamajikanana rada ogo.

Salakina nilik-nilik sakedapan.

“Duh nyi…. Mani asa pangling pisan. Upami ditingal kulitna, nyai the sapertos rumaja yuswa 17 taun. Upamu ditingal tina rambut….. nyai the sapertos yuswa 22 tahun. Malah mun ditelek-telek.. pameunteu nyai sapertos yuswa 20 taun”. Walon Bah Juned.

Na atuh, beres Bah Juned ngawalon kitu, ana gantawang the pamajikanana ngagantawang heuras:

“Lah si akang mah sok gede rahul…. Gede bohong pisan!!! Tong sok pura-pura muji kitu! Muji sok dileuleuwihkeun, memangna nyai masih ABG?”.

“ke….ke…ke heula Nyi, apan akang can ngajumlah jamleh sakabeh angka nu disebutkeun tadi. 17 + 22 + 20 =……..”. Jawab Bah Juned bari lumpat ti kamar.***


Balakacomprang

Maret 30, 2010

Waria di Toilet

BASA baheula, Bah Ba’un babaladan bareng Bang Bono. Badan Bah Ba’un beuki begeng bawaning balangsak. Bah Ba’un berewit bakating beuki beas bakatul. Badanna beye, biwirna beleweh. Bongoh-bongoh…. brat bret brot bujurna bobos bentes.

Biasana, beukina boled. Barjamaah babarengan beuleum buruy bucitreuk, beunteur, beurit, betok,  bareng balad-balad bangorna. Beasna? Baluas, bisa babadog beasna Bang Bono.

Bah Ba’un beungeutna buringas, basa Bang Bono beunghar bati barang beuli berlian. Bang bono, bubuhan beunghar, biheung bagja berehan bisa bunta bantu Bah Ba’un buka bengkel bajay. Bah Ba’un bungah, Bang Bono beuki bingbang. Bubuhan benten, Bah Ba’un bawaanana barangasan, babari bangkenu. Bengkel bajay Bah Ba’un bangkrut. Bah Ba’un boro-boro barobah;  baketut, belikan, benclang benclung, babasaanana bawel-baceo-bacokak.

Buritna, Bah Ba’un beberengkes beberes buntelan. Basa Bang Bono bobo bareng bikang bengsrat budak babuna, Bah Ba’un babangsat buka-buka bupet. Barang-barang Bang Bono badogan! bawa berlian, bedog, boneka biruang. Basa Bah Ba’un beres beberengkes, Bang Bono bonceret beunta. Bah Ba’un balaham belehem…. beungeutna beureum… bahamna bungkem. Balukarna bablas, Bang Bono bencina budal, bengis. Bang Bono bawa batu bata beureum….. beletuk! Bah Ba’un benjol … biwirna bocek… beuheungna bohak. Bang Bono beungeutna beuki bendu, babarayaan bubar! Berebet… Bah Ba’un birat basa Bang Bono bawa bedil badag.

Bah Ba’un butek, badana beuki begeng bae, bajuna busik bin busil. Basa boboreh bungkusan barang-barang bawaan, breh bae berlian beunang babadog bandana Bang Bono. Bah Ba’un beberes, bebenah… berrrrr bubuara bujeng Bandung. Barang bus Bandung, Bah Ba’un bosen balangsak. Bah Ba’un beberesih, balangsiar belaan boborong butik, beubeulian baju bikang. Bajuna bungur, blusna bulao, beubeurna beureum, BH-na biru bengras. Bah Ba’un barobah busanana. Beuteungna bendeleh, bujalna bijil, bitisna boro-boro buluan, biwirna baseuh, bujurna…. bohay…. bahenol.  Beu, Bah Ba’un bibilitik bareng banci. Beurang Bah Ba’un, ba’da burit: Baesye!!!.***


Ajian Gelap Ngampar

Maret 30, 2010

GELAP hartina guludug, ngampar hartina nyamber. Ieu ajian mawa kakuatan tina guludug nyamber nu digunakeun keur ngalawan musuh. Saperti cameti seuneu nu dipecutkeun nepi ka badan musuh geseng lir kabeuleum. Mun digorowokkeun di pangperangan, ngakibatkeun wadya bala musuh paburincay barantakan. Ieu ajian luar biasa sarta dipimilik ku para senopati perang jaman buhun.

Diantara para senopati perang nu ngagaduhan ieu ajian, nyaeta Mahapatih Gajah Mada jeung Raden Ronggo, putrana Panembahan Senopati. Dina khasanah elmu kedigdayaan, aya dua versi ajian Gelap Ngampar. Nu asli diciptakeun dina jaman Hindu ari nu kadua disipuh ku Sunan Kalijaga.

Versi Hindu
HONG, INGSUN AMATEK AJIKU SI GELAP NGAMPAR,
GEBYAR-GEBYAR ANA ING DADAKU,
ULA LANANG GULUKU,
MACAN GALAK ANA RAIKU,
SURYA KEMBAR ANA NETRAKU,
DURGADEGLAK ANA PUPUKU,
GELAP NGAMPAR ANA PENGUCAPKU,
GELAP SEWU SUWARAKU,
AH AKU SI GELAP SEWU.

Carana:
Puasa 40 poe 40 peuting. Buka puasana sakali tiap tengah peuting. Diteruskeun ku puasa ngolowong 7 poe 7 peuting dimimitian ti poe Saptu Kaliwon.

Versi Sunan Kalijaga
BISMILLAAHIRROHMAANIRROHIIM,
GELAP NGAMPAR KUWANG-KUWANG,
MIDAKU RAKU,
GELAP NGAMPAR PENGUCAPKU,
NYAUT ORA NYUNDUK,
GAJAH META
KALA ANEMBAH
REP SIREP SAKING KERSANING ALLAH.

Carana:
Puasa sunnah 40 poe diteruskeun matigeni sapoe sapeuting. Puasana dimimitian ti poe kalahiran urang.***


Ha Ha Ha (7)

Maret 30, 2010

Pasen Dokter Gigi 1

Saperti biasa drg. Reza unggal pasosore praktek ngubaran waos di panganjrekanana. Harita teh wanci asar, kabeneran pasen keur suwung, sabatae jongjon kutrat-kotret nyieun naskah drama, dokter gigi nu ieu mah sapopoena nyeniman.

Keur jongjon ngimpleng, kuruduk aya pasen ibu-ibu tengah tuwuh ngarana Ibu Elis, can oge dimanggakeun, gorolang nyarita mani nyoroscos:

“Dok! Ibu keur rusuh, 30 menit deui kedah tos aya di Bandara Khusen, bisa teu nyabut waos dua sakaligus dina waktos 5 menit? Wios teu dibius oge da pasti kiat.” Nyaritana tatag taya karingrang.

“Mangga, cobi waos nu mana nu karaos teh?” Dokter Reza mariksa.

“Ieu waos pun lanceuk.” Ngomong kituna bari nunjuk ka carogena.

Pasen Dokter Gigi 2

“Dok, kunaon sabada nganggo gigi palsu sok kumetap upami mendak tulang, pon kitu oge kana barang nu aya dipacilingan?” Ceuk Neng Odah ka dokter Budi dokter langganana.

“Tangtos bakal kitu, da nu dianggo ku Ibu didamelna tina waos gogog.” Ngadenge kitu Neng Odah kapiuhan.

Pasen Dokter Gigi 3

“Dok naha anu nyeri waosna gugusi nu luhur,nu dicabutna bet jeung nu handap?” Gan Beny protes ka dokter gigi Reza.

“Punten..! Nu nyabut waos Bapa murangkalih sakola perawat nunuju praktek.” Ngomongna kalem.

Pasen Dokter Gigi 4

“Dok, tiwas obat perangsang tumbuh gigi dianggo ngisang atanapi cecebok ku pun bojo, katohyan ku abdi sabada ngawajiban, wengi tadi, ayeuna gagaduhan abdi barocok sapertos tapak digegel ku waos.” Jang Hadi nepikeun bangbaluhna ka dokter gigi Reza.


Palakiah Wa Oding

Maret 30, 2010

Palakiah Ngubaran Budak Badeur

Upami saderek ngagaduhan putra anu bangor jeung badeurna nataku, tong hariwang, Wa Oding gaduh resep anu jetu.

Sayogikeun lawon hideung tilu meter, sisina kaput ku benang koneng, lajeng pilarian kembang samboja seueurna tujuh siki, omat kedah sareng gagangna, teras sayogikeun bata beureun seueurna gumantung kana weton putra Bapa.

Carana : Murangkalih anu bade dilandongan diibakan heula, waktosna kedah panceg jam 5 subuh, teras disimbutan ku lawon hideung tea, salajengna ditawur ku kembang samoja. Saparantos kitu bata beureum.. prekprekeun kana mastaka eta murangkalih, insya allah eta budak bakal kalengger.

Palakiah Supados Salamet Upami Tumpak Kareta Api

Usahakeun sateuacana tumpak, parios heula eta kareta, naha aya masinisan atawa henteu? Sareng naha aya lok atanapi hulu karetaaan anatapi henteu, aya rodaan atawa henteu? Eta roda nempel dina rel atawa henteu? Teras pariksa masinisna, bisi teu bisaeun ngajalankeun kareta. Tah upama tos kitu tumpakna panghareupna deukeut masinis ngarah pangheulana tepi, jeung ngarah apal kana talajak masinis, mun nundutan elingan, teu bisa dielingan saderek nyuhunkeun turun, tapi sateuacana suntrungkeun heula masinisna.

Resep Ngadamel Empal atanapi Gepuk

Geus dua minggu Wa Oding ditinggalkeun nyaba ku bojona, atuh upama hayang barangtuang kedah ku nyalira, mangkaning karesepna kana empal, kana karesep tea teu bisa disisilihan, sanajan teu biasa masak Wa Oding maksakeun. Kabeneran kana empal teu apal cara jeung bahana. Kusabab kacida hayangna kana Empal, jauh-jauh oge kapaksa ngadatangan Kang Aang sobatna. Kacaturkeun geus paduhareupan jeung sobatna.

Wa Oding : Cik, sugan di dinya apal kana resep nyieun empal.

Kang Aang : Cetek nu kitumah, siapkeun daging sapi sacukupna, laja dua sihung, sereh dua tangkal, pedes sacanggeum, gula satengah gandu, uyah saparapat gandu, awi sabebek jeung tambang sadepa. Carana : daging dikulub heula, mun katara hipu, gancang jait, tuluy eta daging diprek-prekan nepi ka bubuk, sanggeus kitu asupkeun kana katel, bungbu nu disebutkeun tadi galokeun.

Wa Oding: Ke..! Ke..! Ari awi jeung tambang keur naon?

Kang Aang : Keur nalian, jeung ngababuk nu rek nyoro empal.***


Pajar Kuring Gelo

Maret 29, 2010

Ku Ki Umbara

Pédah kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan, barudak awéwé lalaki ramé aréak-éakan salusurakan, sawaréh patingcorowok: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!” Ari kolot-kolot nu ngarégrég ti kajauhan, teu kendat garogodeg bangun nu haréraneun pisan. Malah nu narangtungna rada dareukeut mah, kadéngé alistigfar nyarebut jenengan Alloh.

“Emh, deudeuh. Karunya teuing ngora-ngora tur kasép, ari taeun bet kurang saeundan.” Ceuk Bi Aning nu nangtung teu jauh, bari ngusapan dadana. Tapi kurimg teu paduli, mangsa bodo, kuring teu rék ambil pusing: rék disarbut gélo – rék disarebut kurang saaeundan . Da kuring pribadi mah ni’mat pisan igel-igelan jeung tetembangan téh. Padahal maranéhna ogé mun manggih kabungah jeung kani’matan téh, réa nu sok réréngkénékan jeung hahariringan; tapi tara disarebut gélo, komo maké disarurakan mah. Naha, naon bédana jeung kuring, pada sarua mahluk Pangéran? Moal gana-gana kuring igel-igelan jeung tetembangan, mun teu manggih kabungah jeung kani’matan paparin Pangéran. Ku lantaran kitu kuring teu paduli, kuring terus-terusan ngigel jeung ceuceuleuweungan:

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

Ngaran kuring Dipa, sok di-Dip-dip-Dip-dip. Ti leuleutik ngaran Dipa téh. Béjana, hartina Dipa téh tai munding. Kungsi ku kuring ditanyakeun ka Ema, basa anjeunna aya kénéh dikieuna. Kieu waleranana téh: “Réa jelema nu ngaranna alus, upamana: Haji Sobar, tapi manéhna barangasan: “Haji Ma’mur tapi hirupna kékéréhét: “Radén Darmawan, tapi korétna udubillah, ka musapir ogé kolu ngusir.

Nya kitu deui aya nu nyieun perusahaan Rikrik-Gemi, tapi nu bogana nya awuntah nya rucah. Aya nu nyieun ngaran gedong Répéh-rapih, tapi ripuh, da usaha teu kaur ku paséa. Tah, nu matak Awak mah dingaranan téh Dipa. Enya Dipa téh tai munding, barang kotor luyu jeung asal manusa. Tapi muga-muga ku maké ngaran kotor téh jadi sabalikna Awak jadi jelema beresih haté.”

Waktu umur kuring nincak ka sapuluh taun, Ema téh pupus. Sapupusna Ema, Bapa cruk-crek baé. Éta baé nepi ka kuring bujang téh, ngalaman tilu indung téré. Ari indung téré téa réréana mah nya kitu. Tapi kuring teu ngaleungitkeun kana kanyaahna, kuring disakolakeun jeung dipasantrénkeun, najan ukur tamat sakola dasar jeung khatam Kur’an.

Waktu kuring “disapih” ku Bapa jeung indung téré, kuring teu boga naon-naon, lungah-lingeuh teu puguh gawé. Rék tani teu boga sawah, rék dagang teu boga modal. Hirup di lembur asa sundul, dunya asa jadi heureut. Beng kuring indit milu jeung batur usaha ka peuntas, ka Jambi. Tapi najan cenah di Jambi téh réa duit, ari keur jelema bodo cara kuring mah di mana-mana ogé sarua baé. Éta baé dagang és genep bulan téh ukur boga saongkoseun balik ka lembur.

Hiji mangsa kuring ditéang ku Mang Haji paman kuring adina Bapa. Anjeunna nganaséhatan, kieu pokna téh: “Diténjokeunana ku Emang, Ujang téh bangun teu maju-maju. Maksud téh tina kahirupan, di dieu susah, di peuntas ogé susah. Kieu ayeuna mah, turutkeun omongan Emang. Ti ayeuna Ujang kudu ngisat diri. Ujang geura meresihan awak. Muga-muga Allah maparin pijalaneun Ujang mulya.”

“Kumaha carana, Mang? Hoyong ti kapengker abdi téh.”

“Sukur atuh ari aya karep sorangan mah, leuwih utama. Kieu carana, sakumaha anu dilakonan ku Emang, basa Emang keur prihatin kawas Ujang ayeuna. Mimiti salila opat puluh poé Ujang kudu mutih, hartina teu meunang ngadahar naon-naon, iwal ti cai hérang jeung sangu. Ari sanguna méméh didahar téh tinyuh heula ku cai. Tamat éta, geura mandi unggal tengah peuting di balong sarta maju ka hareup. Hartina peuting kahiji di balong nu pangdeukeutna, peuting kadua maju di nu ditueunana deui, jeung saterusna. Beuki jauh, beuki jauh, nepi ka opat puluh peuting. Omat ulah kapanggih ku jelema.

Sanggeus tamat sarta teu aya halangan naon-naon, Ujang kudu nutup manéh di kamar, ulah kaluar-luar sarta kudu mati geni teu meunang dahar teu meunang nginum, saminggu lilana. Mun anu sakitu henteu batal, insya Allah sagala pamaksudan Ujang baris dikabul.” Tuluy Mang Haji téh miwarang nyatetkeun babacaan-babacaanana., sarta kudu diapalkeun.

Poé isukna ogé kuring geus prung ngalakonan papagah Emang. Malah matuh ogé henteu di Bapa, tapi di bumi anjeunna. Nu kahiji nya éta mutih opat puluh poé téa, berekah teu aya halangan harungan nanaon, tamat. Nya kitu deui nu kadua, mandi unggal peuting di unggal balong téh, teu kungsi panggih jeung jelema, kari anu beuratna nya éta ngaringkeb manéh di kamar bari mati geni. Sapeuting, dua, tilu, nepi ka peuting kalima mah, ripuh pisan. Panas bayeungyang, peujit asa dirérab, keselna lain lumayan, sapeuting téh ngan henteu asa sapuluh taun mah. Titingalan rupa-rupa, pikasieuneun, pikaseurieun, pikarujiteun, jeung rupa-rupa deui.

Tah dina peuting kagenep, rupana mah tanaga jeung napsu téh geus béak, awak tiis teu panas teu hareudang, teu halabhab teu lapar, haté manteng ka Nu Hiji. Titingalan nu teu paruguh teu aya deui, langit pinuh ku béntang nu tingkariceup,cahyana aya nu héjo, aya nu konéng emas, kayas, bungur, jeung bodas malati; tingsirorot maruragan kana sirah, tiis ni’mat teu aya babandinganana. Peuting katujuh, awak geus teu bisa walakaya, haté pasrah ka Nu Kagungan. Jempling, teu aya nu kadéngé, teu aya nu karasa, tiis dingin paripurna, suwung, nu aya ngan ka-Akbaran Nu Maha Kawasa…

Katingal leungeun Mang Haji ngarampa dada kuring, tuluy tonggong leungeunna diantelkeun kana liang irung kuring. Lalaunan awak kuring ngangkat, pung ngapung beuki lila beuki muluk. Mang Haji katingalna beuki leutik, nepi ka lesna pisan.

Bus kuring ka karaton sigrong. Gulang-gulang nu ngajaga kabéh maréré hormat. Kuring leumpang di tengah-tengah barisan mojang gareulis, anu teu eureun-eureun ngalawuran kembang malati ka kuring bari rampak ngarawih, sorana halimpu angin-anginan:

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

Burudul para gegedén nu mapag, kuring dideuheuskeun ka nu boga karaton. Pameget anu linggih dina korsi gading éstu matak sérab ningalna. Lain baé panganggona anu hurung hérang sarwa héjo, tapi pameunteuna hurung mancur pinuh ku wibawa jeung komara. Anjeunna ngahiap-hiap, miwarang kuring ngadeuheusan. Kuring didiukkeun milu hémpak jeung gegedén anu caralik di handap di payuneunana. Breng istri-istri téh rampak ngarawih. Pok-pokanana persis saperti anu dikarawihkeun ku mojang-mojang tadi.

Jep nu ngarawih, jung Raja ngadeg, tuluy lungsur nyampeurkeun ka kuring. Ceg pananganana duanana nyepeng kana sirah, bari deku anjeunna niupan embun-embunan. Tuluy sasauran ditompokeun kana ceuli:

“Muga hidep sing jadi jelema soléh. Keun ku Éyang diaping-dijaring.”

Ari nyah beunta, kuring pohara kagétna, da geuning keur pada ngariung-riung. Kadéngé hawar-hawar Bapa kuring nyarita ka Mang Haji, “Lain atuh Ki Haji, kumaha mun urang inuman citajén baé sugan budak téh?”

“Ulah Ka, kapalang, kapan ngan sababaraha jam deui baé. Moal, moal nanaon.”

“Enya, kapan geus sakitu ripuhna. Malah kapan tadi mah sugan téh geus tuluy. Bisi kumaonam Kaka mah, sieun katempuhan ku indungna.”

Ngadéngé kasauran Bapa kitu, kuring maksakeun imut. Atuda kapan Ema téh geus lila taya dikieuna.

Tapi Mang Haji keukeuh teu mikeun. Najan mikeun ogé, kuring nu moal daék, atuda ceuk kuring gé tadi ayeuna kuring téh geus teu ngarasa halabhab teu ngarasa lapar, teu boga-boga acan parasaan. Komo maké aya kahayang mah.

Gelendung Magrib, kawas nu papaheula pada hayang ngahuapan citajén ka kuring. Mang Haji nadahkeun panangan ka luhur, bari ngucap Alhamdulillah.

Saminggu ti harita, kuring geus jagjag waringkas deui sakumaha sasari. Saminggu deui ti dinya, ka kuring aya nu ngajak nganemer ka Jambi. Beng kuring indit deui ka Jambi ngadua-kalian. Ku nu boga duit pohara kuring dipercayana. Kauntungan kawas nu dikedukkeun baé. Sataun borongan téh kakara anggeus. Kuring balik ka lembur téh rébo ku babawaan. Barang sipat nyamu, wol mah wol. Aya lima koperna. Barang-barang emas perhiasan, aya dua kilona. Duit ngan teu pinuh baé sakoper.

Tepi ka lembur, ngendék popoéan, kuring kawin. Kabéh babawaan dipasrahkeun ka pamajikan., sanggeus misahkeun keur Bapa jeung Mang Haji, itung-itung pamulang tamba kana kahadéanana. Malah indung téré ogé disalinan ku perhiasan-perhiasan. Pohara aratoheunana. Pamajikan téh koloteun, maké meuli imah sawah, meuli balong ogé, aya tiluna, komo domba mah mani gereyek.

Hiji mangsa karék pisan awéh salam tas salat Subuh, aya sora kana ceuli mani atra pisan: “Hidep téh lain rék jadi jalma soléh téa?”

“Sumuhun.”

“Rék ti iraha ngamimitian?”

“Raraosan mah parantos.”

“Enya rarasaan wungkul. Ti poé ieu, nya!”

“Mangga”

“Bedahkeun balong nu di girang. Pilihan laukna nu galedé, tuluy bawa ka pasar. Nitah mawana ka nu séjén, buruhan baé sing peryoga.”

“Mangga.”

“Sasauran sareng saha, Akang?” ceuk pamajikan nu geus nangtung di panto musolah.

“Ah, teu nyarita jeung sasaha!”

“Geuning…?”

“Geus tong réa cacarita awéwé mah. Anggur sadiakeun cikopi. Akang rék ka sawah.”

Sanggeus dangdan jeung réngsé ngopi, kencling kuring ka balong, der ngabedahkeun dibantuan ku barudak tatangga anu disampeuran sapanjang jalan. Pamajikan mah teu nyahoeun kuring ngabedahkeun téh. Laukna diakut dina karamba ka pasar aya tilu tanggunganana. Nepi ka pasar, ceuk nu nelepon kana ceuli téh kudu dibagikeun ka nu teu baroga jeung ka tukang baramaén.

Nya dibagikeun, aya nu dua aya nu tilu, pohara aratoheunana. Narampanana ogé réréana bari ngadarégdég, tayohna bawaning ku atoh. Kacipta ku haté mana teuing nari’mateunana engké ngadalaharna, atuda meureun saumur-umur kakara rék ngadahar lauk pungkil. Haté kuring jadi kebek ku kabungah jeung kani’matan, lantaran geus bisa méré kabungah jeung kani’matan ka sasama kaula. Nepi ka éta rasa téh ku kuring teu katahan deui, réngkénék kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

Jelema sapasar kabéh ngadeugdeug, barudakna pating corowok: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!” Tapi kuring teu paduli, sungut-sungutna ieuh.

Isukna, der deui balong nu tengah dibedahkeun. Laukna, nya kitu dibagikeun deui. Ni’mat rarasaan téh, réngkénék deui kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan cara kamari. Barudak ngéak-ngéak jeung nyurakan beuki réa ti kamari, tapi nu aratoheun ogé, aratoh baris dalahar jeung lauk pungkil.

“Ku naon balong téh, bet laukna dibagikeun? Kapan éta téh meunang meulian burayakna ogé?” ceuk pamajikan bangun keuheuleun naker.

“Na, balong saha kituh?”

“Kapan balong urang.”

“Ceuk saha, hah balong urang?” Bari ngomong kitu téh ngan gampleng-gampleng baé pamajikan ditampilingan. “Bisi teu nyaho, éta téh balong titipan Pangéran., nya kitu deui eusina. Urang mah darma katitipan.”

Naringal kuring nampilingan pamajikan, tatangga-tatangga paring jarerit sing éling sing éling. Breg ngarogrog.

Tapi nu ditampilinganana mah teu naha- teu néhé, ditanya naon nu nyeri ogé ku tatangga, kalah ku rungah-ringeuh.

“Baruk naon nu nyeri?” Nyeri ku naha>”

“Rék naon arandika ka dieu?” ceuk kuring morongos ka nu araya, bari dipelong beungeutna saurang-saurang. “Pamajikan-pamajikan kuring…!”

“Iiih, abong-abong nu burung,” témbalna bari tinglaléos ngajarauhan.

Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, haté ni’mat ku geus bisa ngawarah pamajikan nu geus wani-wani aku-angga kana barang-barang titipan Pangéran.

Tah kajadian harita nu ku kuring dicaritakeun dina awal ieu carita téh.

Keur ni’mat-ni’matna motah, aya telepon kana ceuli: “Tuh barudak nu ingkud-ingkudan parieuskeun sukuna nu cacad téh!” Kabireungeuh ti kajauhan Si Odon anak tatangga budak lalaki umur welasan taun, ingkud-ingudan ka lebah dieu. Meureun di dituna mah rék milu jeung babaturanana ngaréak-réak kuring. Sakanyaho, Si Odon téh geus tanpadaksa ti leuleutik, dampal sukuna anu katuhu teu bisa napak kana taneuh, tapi nyangigir nyanghareup ka jero. Atuh ari leumpang téh nya pengkéh nya ingkud-ingkudan, da nincakna suku nu katuhu mah lain ku dampalna téa, tapi ku gigirna.

Bari terus igel-igelan jeung tetembangan, kuring ngadeukeutan gumplukan barudak. Geus deukeut pisan, buriak barudak téh lalumpatan bari salusurakan. Ku lantaran Si Odon mah teu bisa lumpat tarik, atuh ceg baé pundukna ku kuring ditéwak. Manéhna teterejelan bari jejeritan. Kolot-kolot anu tadi narangtung baé di kajauhan, ayeuna ngambreg nyalampeurkeun, tingcorowok nitah ngalésorkeun Si Odon. Persis waktu maranéhna daratang ka hareupeun kuring, nu paparahna mah rék narulungan, dampal suku Si Odon ku kuring diparieuskeun, satakerna. Lain ukur ngaderekdek, tapi sorana pating beletok, sada tulang potong. Atuh jelema-jelema anu ngadeugdeug téh pohara rareuwaseunana, malah réa nu tingjarerit. Anéhna, Si Odonna mah anu tadi teterejelan jeung tilung-tulungan ogé, kalah ka cicing, bangun teu nyeri-nyerieun sukuna diparieuskeun nepi ka ngabeletok téh.

Ajaib, kuring ogé da ngarasa anéh, sanggeus Si Odon ku kuring dilésotkeun, manéhna lumpat cara nu séjén. Sukuna nu tanpadaksa téh, ngadak-ngadak cageur teu béda jeung sukuna nu kénca, teu béda jeung suku urang.

Naringal suku Si Odon jadi cageur téh, nu araya di dinya euweuh nu lémék sungutna marolongo nangtang laleur. Ari kuring tuluy igel-igelan jeung ceuceuleuweungan deui, atuda haté ni’mat ku geus bisa nyageurkeun budak anu tanpadaksa, anu saumurna jadi pamoyokan babaturanana.

Isukna waktu manceran, kencling kuring indit ka pasar, da aya telepon kana ceuli ngabéjaan harita pisan kudu lalajo nu balanja. Datang téh ka pasar, nénjo nu keur oray-orayan ngantri béas. Awéwé lalaki, di antarana réa aki-aki-nini-nini jeung barudak, mangkaning di nu panas nongtoréng. Jorojoy haté karunya. Buru-buru kuring asup ka toko béas langganan, trét nyieun bon dua kintaleun, mayarna kumaha pamajikan. Tara sok teu percayaeun, da nyahoeun kuring réa duit bawa ti Jambi.

Nu keur alantri ku kuring dicalukan, leut ngabrul nyampeurkeun. Béas nu dua kintal téh ku kuring dibagikeun, aya nu tilu léter, aya nu opat léter. Henteu meuli, gratis. Ngan sajongjongan geus amrin. Ningal maranéhna aratoheun, atra kagambar dina beungeut-beungeutna anu sarepa, haté kuring pohara ni’matna.Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan. Anu tadi dibaréré béas ogé, komo barudakna, bari naranggeuy boboko béas téh milu nyarurakan jeung maroyokan: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo.

Datang ka imah pamajikan nganaha-naha, saha cenah ngebon béas réa-réa teuing, keur naon. Teu dijawab ieuh, malah kuring malik nanya: “Kumaha geus dibayar?”

“Parantos,” walonna.

“Ku duit saha?”

“Ku artos…titipan Pangéran.”

Réngkénék kuring igel-igelan, da ni’mat atuh ngadéngé jawab pamajikan anu sakitu simpatikna.

Ngéng telepon kana ceuli, kudu indit ka tatangga désa, nepungan Ki Jaya, nanyakeun imahna téh imah saha. Ki Jaya téh jelema beunghar jeung pamingpin. Malah beunghar téh, nyieun gedong sagala sanggeus manéhna jadi pamingpin, da saméméhna mah jelema kokoro nyoso. Kencling kuring nepungan. Sanggeus pahareup-hareup, pok kuring nanya:

“Ieu téh bumi saha, Ka?”

“Naha kitu?” jawabna morongos.

“Ah, hayang terang baé.”

Imah déwék!”

Ngéng deui telepon: “Jelemana mah tong dinanaon, imahna baé duruk!”

Kuring ngaléos bari teu pemisi-permisi acan. Kadéngé Ka Jaya gegelendeng: “Abong-abong nu gélo…”

Balik deui kuring ngajingjing minyak tanah sakaléng meunang ngebon ti Si Bopéng. Bur-bur minyak ku kuring diséblok-séblokkeun kana imah Ki Jaya, méméh nu bogana jeung tatangga-tatanggana bisa ngahalangan, geus gur mantén ku kuring disundut. Seuneu ngabela-bela….Réngkénék kuring igel-igelan, teuing da rarasaan téh ni’mat téh. Jelema-jelema jeung Ki Jaya, lain ribut mareuman seuneu, tapi kalah ka ngaraponan kuring. Atuh gedong jeung eusina téh ledis jadi lebu.

Kana awak mimiti bak-buk-bek nu nonjok, nu neunggeul, malah aya nu ku batu sagala. Tapi teuing bet teu karasa nyeri. “Ulah ngalawan! Turutkeun baé kana kahayang maranéhna,” ceuk telepon kana ceuli téh. Reketek-reketek kuring diborogod, leungeun dibakeukeung ditalian kana tangkal buah, suku dibeungkeut dicangcang kana tangkal jambu, bari hantem pada neunggeulan. Kuring peureum bari ngahénén, rarasaan pohara ni’matna.

Nyah beunta, katingal aya pulisi tiluan, tukangeunana jelema-jelema anu tadi ngaraponan mani ngarégrég.

“Udaran panyangcangna, tuluy gotong asupkeun kana jip!” salasaurang pulisi ti nu tiluan maréntah ka nu araya di dinya.

“Lawan!” ceuk telepon téh kana ceuli kuring.

Kuring usik, brét-brét tambang-tambang nu nalian téh paregat sorangan. Pulisi jeung nu araya kabéh arolohok, areungeuheun sotéh sanggeus ku kuring ditangtang. Breg maranéhanana rampak maju, ngangseg ngoroyok. Sebrut kuring narajang, ngamuk nguwak-ngawik. Nu disépak ngajengkang, nu ditajong ngajolopong, nu dijejek ngajehjer.

…Batu jeung paneunggeul bak-bik-bek kana awak jeung kana sirah, tapi taya nu karasa nyeri. Ningal kitu jelema-jelema réa nu mimiti nungtutan lalumpatan, tapi ku kuring terus dibeledig diubrak-abrik. Dor! Dor! Pulisi ngabekaskeun péstolna, tapi taya nu keuna. Némbak ka luhur meureun nyingsieunan. Ayeuna jelema-jelema birat, malah pulisi-pulisi ogé ngalacir. Kadéngé jipna ngagerung, baralik kawasna mah… Kuring balik ka lembur bari igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

Isukna janari kénéh, kuring gé can hudang-hudang acan geus aya nu pupuntenan. Nyah kuring beunta, ngéng telepon kana ceuli: “Turutkeun kahayang tamu téh, da ieu mah pamingpin bener.”

Teu mandi-mandi acan, ukur sibeungeut, buru-buru kuring nepungan tamu téa ka hareup. Kasampak téh Bapa Bupati geus calik. Dicalikkeun ku pamajikan tayohna mah.

“Cageur Mang Dipa téh?” Saur bari ngasongkeun pananganana ngajak sasalaman.

“Pangésto, nun,” témbal kuring bari munjungan.

“Tadina mah kuring ka dieu téh rék engké pabeubeurang, tapi lantaran ngadadak aya interlokal jam tujuh kudu ka Jakarta, nya maksakeun ayeuna subuh-subuh. Ku kuring gé kapikir, tangtu baris ngabarubahkeunana ka Mang Dipa téh, tapi, kumaha da kapaksa téa.

“Teu sawios, malah nuhun baé nu aya kanggo abdi mah, Bapa parantos rurumpaheun ka rorompok butut.”

“Malah ti baréto aya maksud nepungan téh, basa Mang Dipa kakara datang ti Jambi, rék ménta oléh-oléh béjana rada mucekil usaha téh?”

“Kaleresan baé abdi téh dipercanten katitipan dunya ku Pangéran. Teu bénten sareng Bapa., kaleresan ku Alloh swt, dipercanten katitipan pangkat.”

Bapa Bupati ngahuleng bari unggut-unggutan. Tuluy neuteup seukeut pisan ka kuring, tapi bari teu lémék.

Ayeuna kuring nu réa nyarita, nyaritakeun pangalaman babakuna mah.

Dina tungtung obrolan, Bapa Bupati ngajak kuring sangkan daék dibawa ka dayeuh. Ku lantaran cék telepon ogé kudu nurut kana kapalayna, nya kuring daék milu. Sihoréng anjeunna téh dikawal ku pulisi anu samagréng, satilu-tilu, ngadaragoan dina jip. Caritana dius kuring milu ka dayeuh. Nepi ka dayeuh, kuring diasupkeun kana sél paranti nutup nu gélo.

“Poé kaopat kuring ditahan, kira-kira pecat sawed… ngéng baé aya telepon kana ceuli: “Geura balik, pamajikan mamataeun!”

“Enya, kumaha kaluarna, da sél disosi pageuh, jeungna mun bisa kaluar ogé tina ieu sél, moal bisa kaluar ka jalan, nu jaraga sakitu ngarégrégna.”

“Hayang henteu balik?”

“Puguh hayang mah.”

”Sok atuh meungpeung isuk kénéh.”

Jung kuring nangtung, ceg kana panto sél digujrag-gujrag, bray muka. Tuluy kaluar, nu jaraga bangun api lain pisan. Datang kana panto kaluar, golotrak anu ngajaga panto téh mangmukakeun, léos kuring ka jalan. Clak kana oplét nu kabeneran keur nurunkeun panumpang saurang.

Datang ka imah. Pamajikan nyarita tas mayar parurugi ka Ki Jya, nu imahna diduruk téa. Teu dijawab ieuh, da kitu alusna.

Kabeneran harita téh poé Jumaah. Jelema-jelema anu rék Juma’ahan geus mimiti ngaleut. Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, ngadatangan jelema-jelema nu teu arindit ka Masjid. Nu katéwak, gampleng-gampleng diteunggeulan, nu séjénna birat lalumpatan arindit ka masigit jumaahan. Unggal poé Jumaah kuring sok ngeleyeng baé, mapayan imah-imah, bisi aya nu teu jumaahan. Nu teu boga samping jeung kerepus, ku kuring dipangmeulikeun. Mun kabéh jelema-jelema sadésa awéwé lalaki kolot budak geus arindit ka masigit, haté ngarasa pohara ni’matna…réngkénék kuring igel-igelan bari tétémbangan:

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!.***

Tina Sawidak Carita Pondok


Kabita ku Onta

Maret 29, 2010

KEUR rame-ramena Perang Teluk, loba tentara asing nu kalibet perang, diantarana tentara ti Indonesia. Kabeneran eta soldadu teh bibit buitna ti Sumedang. Eta Soldadu diterjunkeun di tengah sagara keusik, barang jrut kana lemah kasampak aya tentara ti Afrika, awakna hideung pikagilaeun.

Eta tentara Afrika ngokangkeun bedilna ka soldadu Urang Sumedang, saterusna ngancam, “He..! ente kudu nurut kana kahayang kula, ente kudu metot suku onta, nepi ka bujur eta onta kadongkang ku  ana, ana geus teu tahan, ana hanaang ku syahwat, sabab, geus dua taun ana teu papanggih jeung bikang, hayoh geuwat!”

Nyaritana teh bari sesentak tur ngamang-ngamang-ngamang bedil. Tumibana ka tentara urang, awakna ngahodhod, bujurna kokompodan, kusabab sieun, nya nurut kana kahayang si tentara Afrika tea. Kakara ge nepi ka tempat onta, teu kanyahoan aya nu terjun sasab, mangkaning pangawakanana awewe.

Ninggali keureut beungeutnamah moal salah eta awewe nu sial teh urang Amerika. Palangsiang, eta awewe pasti diperkosa ku si negro. Enya bae barang jrut, si awewe urang Amerika ditodong ku bedil ku si negro.

“Kabeneran, ana keur hanaang ku syahwat, kari-kari aya andika ka dieu, wayahna sagala kahayang kula kudu diturut ku andika, ngarti?”

Ngomongna sesentak, pikagilaeun. Si awewe urang Amerika katingali pias, ngomongna ngadegdeg.

“Ampun, kula sanggup nedunan kana kahayang andika, asal tong dipaehan bae,” ceuk eta mojang Amerika pasrah.

“Sukur, ayeuna geuwat bantuan tuh soldadu Indonesia, ti tatadi teu metu merod suku onta, sugan dibantu ku andikamah, eta suku onta bisa katarik, gancang! Kula geus teu tahan.”

“Dasar uteukna geus kana onta, aya mojang nu mencrang oge, tetep bae napsuna kana onta,” ceuk soldadu urang Sumedang bari kukulutus.***