Akal Lalaki

Februari 28, 2010

MIMITINA mah teu pira. Hiji waktu Jang Oding menta idin ka pamajikanana rek meuli roko ka kios hareup.  Na atuh, di deukeut kios roko manehna diajak ku babaturanana ka diskotik. Di dinya manehna dugem nepi ka teu inget waktu. Jaba deuih di diskotik teh manehna make jeung ajojing heula jeung awewe.

Jang Oding reuwas nalika nempo jam geus jam 3 janari.  Manehna buru-buru ngaluarkeun sapidol tina sakuna. Beungeutna diurat-oret, kitu deui leungeuna.  Geus kitu, biur bae balik ka imahna. Bener we, pas mukakeun panto  pamajikanana geus masang beungeut jamotrot.

“Balik ti mana siah, wayah kieu hah? Cenah tadi rek meuli roko ka kios hareup?” Tanya pamajikanan bari hohoak.

“Euh, tos…. tos… ti diskotik, ajojing…. ulin jeung awewe terus nginum saeutik…” Jawab Jang Oding.

Pamajikanana ngahuleng sakedapan bari nilik-nilik.

“Make teu ngaku sagala siah! Gede bohong gableg salaki teh! Eta teu sadar beungeut jeung leungeun camerong ku coretan sapidol ? Laaah aing ge nyaho sia mah geus eleh maen gapleh di pos ronda nya! Meunggeus asup! Ngerakeun boga salaki teh, men gapleh wae elehan. Awas mun isukan kabur deui ka pos ronda!”.

Iklan

Digusuran Jurig

Februari 28, 2010

Ku Ki Umbara

Ari batur mah cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadèngè sora goong tèh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garètèk. Keur digawè ogè teu welèh èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè, malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat tèh nyaèta asa boga hutang. Lain babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan papayungan tèh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!

Lain sakali dua kali, tampolana keur gering ogè kuring mah ari ngadèngè sora goong tèh sok ngadak-ngadak cageur.

Teu anèh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring ogè tara ambek da enya.

Kawasna kuring resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manèhna meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo tèh, resep ngibing, resep … mabok!”

Simana deuih cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa, “Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”

Kaharti mun Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti bubudak.

“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang masantrèn.

Aki tèh teu damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu taunna. Dina sakitu lilana, ngan kuring anu langka absèn ngemitan ari peuting tèh. Anak jeung incu-incu nu sèjènna mah teu cara kuring, ngaremitanana tèh ngan ari katingal rèpot baè.

Mun panyawatna keur aso, Aki sok ngagelendut ngadongèngkeun pangalamanana. Resep ngadèngè dongèng Aki mah, pitunduheun ogè sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara ngadèngèkeun dongèng Nini, ngan raja-jeung raja, ngan putri jeung putri baè, jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah deuih, matak bosen jeung matak ngajak heuay. Nu didongèngkeun ku Aki mah kabèh ogè pangalamanana. Kayaning basa gelut jeung bagong, gelut jeung bègal, dikoroyok ku limaan alatan parebut … ronggèng. Nyaritakeun resep ngibing, pokna, “Mun Aki keur ngèjèr ngigel, kabèh nu gareulis nareuteup ka Aki, marèntah diajak … imut!”

Geus lima taun Aki tèh pupusna.

Bada isa bulan kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun ngagarayot. Gang-ging-gungna sora goong, di Dèsa Sèdaraja, geus kadèngè hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus kekejetan, hayang jung hayang jung geura indit. Tapi Bapa can sumping kènèh baè ti masigit, teuing tuluy ka mana. Ari rèk indit baè, karunya Ema sorangan keueungeun. Babaturan tangtuna ogè geus birat marangkat. Kacipta nu baroga kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring geus teu ngeunah cicing …

Kurutak Bapa sumping. Lakadalah, ceuk hatè.

“Tuluy ka mana Bapa tèh?” ceuk Ema bari mangnyampaykeun sajadah dina parantina.

“Nyèta tuluy ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah.”

Ki Arma tèh incu Aki kènèh,anak Bibi. Saenyana dulur kuring tèh ngan kari èta-ètana, da lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot, malah bibi jeung paman ogè geus teu araya di kieuna. Ari kuring puguh budak nunggal, teu lanceuk teu adi.

“Kumaha ayeuna?” Ema nanya deui.

“Rada aso basa ditinggalkeun mah …Pèsta di mana tatèh, bangun ramè-ramè teuing?” Bapa nanya ka kuring.

“Wartosna mah pèsta bujang di Sèdaraja.”

“Geuning teu lalajo?”

“Ngantosan Bapa.”

“Da Bapa mah moal lalajo.”

“Ema keueungeun nyalira.”

“Euh, sugan tèh …” pokna deui bari brek calik dina korsi. “Diuk heula di dinya, Bapa boga picaritaeun!”

Beu, peuting teuing atuh, ceuk hatè. Brek kuring diuk dina panuduhanana.

“Barèto kira-kira genep bulan sadugna aki manèh pupus, Bapa keur nagog di sisi balong. Teu kanyahoan ti mana jolna , gigireun geus aya lalaki kereng pikasieuneun. Manèhna nyarita kieu, “Kaula tèh jauh ti Karawang.”

“Di mana Karawangna?” ceuk Bapa.

“Moal disebutkeun,” tèmbalna, “Da teu kabèh jelema terang lebah-lebahna, ari teu kawènèhan-kawènèhan teuing mah. Ngan bapa andika di antarana nu geus terangeun tèh.”

“Jenatna Aki barudak?” ceuk Bapa.

“Enya. Malah pangna ayeuna kaula ka dieu ogè rèk ngala barang nu baheula diinjeum ku inyana.”

“Barang naon?” Da kula mah teu kapasrahan.”

“Bener teu kapasrahan?” omongna bari merong.

Sanggeus Bapa sumsumpahan, èta jelema ngati-ngati, pokna, “Mun andika bohong, rasakeun ulah sambat kaniaya!” Les manèhna ngiles, teu puguh ka mana ngalèosna.

Bapa lila ngaheneng.

“Ari tadi sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah manèhna papanggih jeung jelema makè pakèan sarwa hideung, nananyakeun incu Aki Jaya, basana rèk diala. Ari Aki Jaya tèh kapan aki manèh. Matak ulah lalajo peuting ieu mah, sieun, bisi enya.”

Meg asa ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarèk dahar saminggu batan dicarèk lalajo mah. Da kaharti Bapa tèh nyingsieunan. Tapi lain gè incu Aki, ari mundur ku disingsieunan mah.

Waktu Bapa asup ka pangkèng kuring ngojèngkang kaluar bari ngarawèl batrè anu digantungkeun dina bilik. Mangkat lalajo.

Babaturan geus teu aya sapotong-sapotong acan, kabèh geus naringgalkeun.

Poèk, poèk lètèk. Jeung pras-pris deuih.

Samping dibebentingkeun, baju diparèt dikancingkeun, totopong diteregoskeun. Gidig leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poèk teuing, rada ogè remeng-remeng. Goak…. Beluk sataker kebek.

Pohara atohna, katingal remeng-remeng di hareup aya nu ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku batrè. Jauh kènèh. Kuring gogorowokan mènta didagoan, tapi teu aya nu nèmbalan jeung terus baè laleumpang. Bari ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki digancangan, hayang geura-geura nyusul. Beuki deukeut beuki deukeut. Jep kuring eureun tetembangan, lantaran kadèngè hawar-hawar  sora nu jejeritan mènta tulung. Bari nyorotkeun batrè terus, derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut pisan katingal dina caangna cahaya batrè, jelema duaan marakè pakèan hideung ngabèbètèng nu teterejelan jeung jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu keur di bèbètèng tèh … Ki Arma dulur misan kuring. Pudigdig kuring ambek. Nyay-nyay batrè ngacongan bengeut-beungeut nu ngabèbètèngna. Masya Alloh …. Barosongot, halisna karandel, panonna balèèr beureum. Pada-pada nyarekel pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rantè anu tingbaranyay hèrang, Bareng jeung bregna hujan, kuring narajang … Habek pepentung kana sirah …leng kapoèkan. Teuing sabaraha lilana teu inget tèh. Inget-inget awak ngahodhod, pakèan rancucut. Hujan geus raat, di langit bèntang ancal-ancalan, malah bulan ogè geus tèmbong ngelemeng sagedè sisir. Sirah karasa lieur, tapi kuring maksakeun balik sasat ngorondang ….

Nepi ka imah kuring ema-emaan, mènta dilaan tulak. Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka. Lain Ema nu muka tèh, tapi anak tatangga—Nyi Enèh.

“Geuning Nyai, ari Ema ka mana?” ceuk kuring ka Nyi Enèh. Geus biasa pisan mun Ema jeung Bapa angkat wengi sarta kuring teu aya di imah, Nyi Enèh tèh sok kapeto nungguan.

“Tadi aya nu nyusulan cenah, … Ki Arma maot!”

Leng…leng… golèdag kuring meubeutkeun manèh kana tempat sarè. Sirah lenglengan, titinggalan kararonèng.

Ti harita kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang peuting ditarungguan. Ema teu eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung pisan. Mun peuting taya kendatna ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah ngalandongan, ngesèh unggal Jumaah, tapi…

Inget kènèh harita tèh bada isa, nu ngaraos rèang kènèh. Torojol-torojol … gulang-gulang duaan marakè sing sarwa hideung. Nu saurang ngajingjing rantè munggah babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung. Ningal beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarèbètèng Ki Arma barèto. Bari teu ngomong sakemèk, reketek leungeun kuring dibakèkèng. Kuring adug-adugan jeung jejeritan ogè teu dipalirè. Geredeg digusur ka luar. Kadèngè Ema aluk-alukan, nu sèjèn rèang maridangdam.

Di buruan nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring ditaèkkeun ka nu hiji. Sala saurang gulang-gulang tèa mancal kana kuda nu ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun,. Nu saurang deui nyorangan. Kuda digaredig … ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mèngkol ka Sumber, Paselaran, Palimanan …. Bray beurang tèh geus nepi ka Kadipatèn. Anèhna najan kuring tulung-tulungan sapanjang jalan, kabèh jelema anu kaliwatan saurang ogè teu aya nu mirosèa, arongkoh-ongkoh baè. Ti Kadipatèn terus ka Nyalindung. Liwat kota Sumedang. Mèngkol ka katuhu mapay jalan dèsa, bras ka Subang. Ti Subang ka Kalijati, Cikampèk, Dawuan, Karawang … gampleng kuring diteunggeul sirah satakerna. Lengngng…teu  inget di bumi alam.

Inget-inget geus dirariung ku jelema-jelema anu teu warawuh. Ningal beungeut-beungeutna, bangun anu careuceubeun ka kuring tèh. Di antarana aya anu geus kolot pisan. Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina palebah cungcurunganana terus-terusan merebey getih.

Ana gerem tèh nu gigireunana ngagerem, peresis sora maung, “Silaing tèh bener incu Aki Jaya?”

“Bener!” tèmbal kuring, males teugeug.

“Nyaho ka Nyi Sarni?”

“Nyaho, bibi kami, tapi geus maot!”

“Nyaho ka Ki Nata?”

“Nyaho, salaki Bibi Sarni, ogè geus maot!”

“Nyaho ka Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?”

“Nyaho, kabèh anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabèh geus maraot.”

“Kabèh digusuran ka dieu!”

“Hah?”

“Bongan Aki manèh, Aki Jaya teu nohonan jangjina.”

Na jangji naon aki kami tèh?”

“Ayeuna ogè  manèh digusur ka dieu,”  manèhna teu mirosè pertanyaan kuring. “Moal dipulangkeun deui, mun manèh cara dulur-dulur,  bibi jeung paman manèh teu  bisa nuduhkeun di mana disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku Aki manèh rèk dipulangkeun ka bapa kami.”

“Naon barangna tèh?”

Sakali deui manèhna teu mirosèa pertanyaan kuring, kalah ka pokna, “ Baheula, aki manèh meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibèrè jimat anu maunatna matak dipikagigis ku sasama. Nya dibèrè kalawan perjangjian. Kahiji, anak incuna teu beunang dipasantrènkeun. Kadua, Sanggeus aki manèh maot, èta barang kudu dipulangkeun.”

“Naon sababna anak incuna teu beunang dipasantrènkeun?”

“Lantaran nu ngigama mah moal bisa digusur ka dieu, saperti Bapa jeung indung manèh. Untung nu sèjèn-sèjèn mah teu ngarigama, manèh ogè henteu.”

Mèmang Bibi Sarni, Mang nata jeung anak-anakna tèh henteu ngarigama pisan. Nya kitu deui kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun mun kuring barèto daèk mah dipasantrènkeun ku Bapa, ayeuna tèh moal kasarad kieu.

“Ayeuna aki manèh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi èta barang tèh lain dipulangkeun, malah disumputkeun. Ayeuna kami rèk nanya, di mana èta barang disumputkeunana? Mun manèh teu bisa nuduhkeun, sirah manèh baris dipakè tatapakan di dieu, cara bibi, paman, jeung dulur-dulur manèh.”

“Enya, naon atuh barangna tèh?”

“Tuh tènjo!” bari nunjuk ka aki-aki  nu kawas rorongkong tèa. “Geus mangtaun-taun bapa kami disiksa, diteukteuk tungtung cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana dibikeun ka aki manèh dijadikeun jimat tèa. Ayeuna èta kokolot nu telenges tèh geus diganyang ku kami sarèrèa, ku rahayatna. Pok sebutkeun, di mana disumputkeunana èta barang ku Aki manèh?!

Leng kuring nginget-nginget …. Tapi asa taca kungsi nènjo Aki kagungan jimat nu kitu. Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa … tungtung cungcurungan-cungcurungan kitu mah … buntu. Ras kuring inget, mèmèh pupus tèh Aki maparin iteuk ka kuring. Saurna, “Sumputkeun sing buni!”

“Teu nyaho ari nu kitu mah,” tèmbal kuring, “Aya sotèh nu dipiwarang disumputkeun tèh … iteuk.”

“Iteuk naon?”

“Waregu.”

”Kumaha rupana?”

“Lorèng-lorèng kawas buntut maung.”

”Enya, èta!” omongna giak pisan. Nu sèjèn caruringhak. Komo si aki mah. “Di mana ayeuna?”

“Di imah, diselapkeun di jero bilik.”

Gancangna èta jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik kuring. Maranèhna dititah mulangkeun kuring bari nyokot iteuk tèa.

Kuring ditaèkkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti imah. Berengbeng-berengbeng kuda dilumpatkeun …

Nepi ka imah kasampak waruga kuring geus digojodkeun nyanghulu ngalèr, bari pada nyaleungceurikan.

“Itu iteuk waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun, alungkeun kaluar ka nu poèk!” ceuk uring bari nunjuk. Puguh baè rèa nu tibuburanjat, malah teu saeutik anu alumpatan sarieuneun.

“Hirup deui! Hirup deui! Allohu Akbar!” Kolot-kolot mani rècok.

Uwa marebot ngojèngkang, ngadudut  iteuk tina jero bilik, sakumaha panuduhan kuring. Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.

“Aya nu nyanggap ti nu poèk!”  omongna ka nu araya.

Ayeuna kuring jadi wekel solat, da sieun kasarad deui.

Tina Jurig Gedong Sètan, Karya Ki Umbara


Kulit Dampal Suku Leungit

Februari 27, 2010

Ku : N.DING MASKU

HIHIDEUNG panon Markum, nu geus bodas kabeh basa bantrok jeung panon kuring. Ngadadak awak ramohpoy, leungeun jeung suku lilinieun. Keteg jajantung motah. Dada karasa eungap siga katerap kasakit mengi. Leuwihna ti eta, kulit dampal suku ngadadak leungit.

Anehna, kulit dampal suku nu coplok teu ngaluarkeun getih. Pon kitu deui karasa nyeri. Ngan rokaya, kuring teu bisa nangtung. Komo leumpang mah. Kajeun dipaksakeun oge karasana linu jeung peureus. Siga leumpang atawa nangtung dina cucuk. Kapaksa kudu ngesod, siga jaman karajaan. Jauh ti Markum, kulit dampal suku bet balik deui sabihara-sabihari.

Pangalaman pikareuwaseun, ngabalukarkeun kuring bangbaungeun. Sieun kapanggih deui jeung Markum. Pangpangna paadu teuteup jeung matana nu matak kukurayeun, mibada pangaruh sihir. Komo mun kulit dampal suku leungit tur teu balik deui mah. Palias teuing. Kuring sieun hirup tanpa daksa, hirupna ngagumantung kana iteuk. Ngabayangkeunana oge matak kukurayeun.

Antukna hirup teh jadi marudah. Gulinggasahan. Hate teu bisa dibangbalerkeun tina kasieun. Sieun ku sorot panona nu matak ginggiapeun. Seuseukeut panona siga pucuk eurih, matak nurihan jajantung. Moncorong herang siga panon ucing di nu poek. Keletna nyacampah, katangen ambek pohara.

Markum, ngalangkang dina kongkolak panon lain bae keur nyileuk. Dalah keur sare oge datang kana impian. Siga ngahajakeun neror. Geus kitu mah tambuh laku. Karek muka panto hareup, rek nyiar kipayah. Barang bray, na sawangan Markum ngabedega bari nulak cangkeung. Panona nu geus bodas kabeh teh neuteup seukeut siga rek ngalegleg. Gebeg, jajantung ratug tutunggulan

Bulu punduk tuluy bae carengkat. Kulit leungeun kukurayeun. Kesang tiis renung dina tarang. Awak ngagibrik siga kabulusan. Geus kitu mah nyirekem deui di pangkeng. Poho ka anak pamajikan nu kudu dibayuan. Kasieun ngaleungitkeun rasa tanggung jawab ka kulawarga. Nu sawadina hirup ayem tengtrem teh ngadadak paburantak.

***

Geus tilu minggu, kuring teu ka luar ti imah. Pamajikan, Rohmaida masang beungeut kurawed haseum. Samutut siga tutut. Tapi teu daek nyarita sakemek-kemek acan. Nu nyarita teh ngan leungeun jeung suku wungkul. Kucara ngabantingkeun gelas katut piring kana ubin. Najong ember, panci, seeng jeung aseupan.

Kuring ngan bisa meungpeun panon carang. Api-api teu kadenge. Api-api ocon jeung budak. Unggal sora gelas ngemprang kana ubin. Si cikal Rahma, karek umur opat taun dileketek kulit beuteungna nepi ceuceuleukeuteukan, bari nyekelan beuteungna.

Lamun ngadenge seeng ditajong, tepi ngagolombrang matak murag jajantung. Gantian si Ragil, anak kadua, umurna karek sataun diciuman pipina. Ngan edas, Ragil mah sok males ngagegel. Huntuna nu karek bijil sababaraha siki digegelkeun kana pipi kuring sataker kebek. Karasana nyeri jeung darekok, matak seueul angen.

Sikep hare-hare kana kalakuan pamajikan lain matak pipikiran tenang. Hate beuki marudah. Pipikiran kalimpudan kahemeng. Utek karasana poek, teu bisa diajak mikir. Katambah talajak pamajikan ray poe-ray poe teh mingkin kokomoan. Lain barang-barang bae nu disiksana. Ka Rahma atawa Ragil sok luas ngajembel atawa nyiwit pingpingna nepi ngagelempeng hideung.

Komo waktu Rahma, ngarenghik menta dipangmeulikeun es bonbon. Basa tukang es bonbon nabeuh bonang nu digantung na gorobagna, hareupeun imah. Kuring ngan bisa ngabetem  Nepi ka tukang es bonbon ngiles di pengkolan.. Rahma, ceurik kanyenyerian teu bisa diupah-apeh.

Hate ngarakacak, seuseuitan asa digerihan hinis. Miceun katugenah, alatan teu mampuh mangmeulikeun es bonbon. Kuring kekedengan hareupeun televisi, ngagaelan acarana nu teu nyari deui. Matak seueul angen. Harepan hiji-hijina pitunduheun hayang gancang datang. Hayang ngaleupaskeun karudet nu ngagayot dina utek.

Harepan bet nyalahan. Beuteung kukurubukan menta di eusi. Lapar. Kapaksa hoream-hoream oge muru dapur. Turub sangu dibuka, nu kapanggih sangku kosong. Sababaraha siki remeh geus garing, nempel na sisi-sisina. Kitu deui mangkok jeung piring ngabagug kari gegedoh sayur. Panon kuring ngareret ka pamajikan nu keur nyusuan Ragil. Beungeutna ngabalieur, katangen juru panona ngembeng ku cai mata.

“Euweuh keur meulina,” pokna teugeug.

Keteg jajantung ngadadak rongkah. Getih nyeak gancang pisan kana sirah. Tetenjoan asa kararoneng. Kalimah antri pasesedek dina sirah hayang diutahkeun. Nu ka luar ngan ukur kekerot. Huntu diaradu pating rarekot. Ramo-ramo dikeupeulkeun ti pepereket. Urat-uratna ngabaranceng. Kulit beuteung karasa teuas. Jempol suku diteueulkeun kana ubin imah.

Ujug-ujug aya hawa tiis dina jeuro awak. Ti mimiti dampal suku, ngarayap naek kana bitis, pingping, beuteung, beuheung tuluy kana embun-embunan. Les. Sukma maksa ka luar tina raga. Sukma kuring, renung ku jangjang, siga carita malaikat dina bible. Ngalayang ka lalangit imah nepi ka kenteng.

Pamajikan, ujug-ujug ngagabrug awak kuring nu ngajengjen siga patung. Manehna ceurik ngabangingik. Rahma jeung Ragil oge kabawakeun milu ceurik. Dina ceurikna, kuring ngareungeu beuteungna kukurubukan. Rahma beakeun susu kaleng. Taya beas sapotong-potong acan. Minyak tanah ngolotrak. Rekening listrik jeung telepon ngabebengkang.

***

Markum, ngabedega siga patung di tengah-tengah jalan poros desa. Manehna geus teu madulikeun deui tirisna hujan, panasna panonpoe nu tuluy-tuluyan ngaletakan awakna. Pon kitu deui rasa lapar, hanaang, gateul jeung rasa bosen. Dalah panona oge geus teu bisa ngicep-ngicep acan, komo ngaluarkeun cai mata mah.

Masarakat Desa Kelingpurba, teu apaleun ti iraha manehna nangtung di eta patempatan? Teuing sapoe, dua poe, saminggu, sabulan, sataun atawa mang abad-abad. Ceuk caritaan turun tumurun. Inyana kungsi rek dipindahkeun ngan taya nu mampuheun. Padahal geus ngagunakeun becho jeung buldoser. Samalah nu rek mindahkeun sok katerap kasakit aneh. Kulit dampal sukuna leungit.

Padahal jalan poros desa eta, hiji-hijina jalan nu biasa dipake lalarliwat. Boh rek ka pasar, ka huma, ka sawah atawa ka kota kacamatan. Kiwari eta jalan arang langka dipake deui. Kaayaanana caraneom. Jukut, eurih, saliara jeung babadotan ngajejembrung. Dalah aspalna oge beak ku rinyuh.

Masarakat arembungeun deui ngaliwat ka dinya. Komo jalanna arula-arile muteran pasir. Leuwih milih nyieun jalan anyar nu lempeng tur leuwih hade. Di hotmik. Leuwihna motor katut mobil leuwih gancang jeung tara kacaturkeun ti juralit ka jurang atawa nabrak tatangkalan.

Markum, ku masarakat dikaramatkeun. Ngan taya nu wani nyeujakeun datang. Komo lamun bari mawa parukuyan, menyan, kekembangan katut saranduna. Keur dipenta karomahna sangkan naek pangkat, menta jodo, kabeungharan atawa nomer lotre. Markum, kabulen ku dedemit jeung misterius.

Di satukangeun lalangse eta, aya carita aneh. Manehanana boga kalakuan kitu teh alatan aya nu didago-dago. Ngan naon nu didagoanana taya nu apaleun. Kuring meunang carita kitu teu dihaja. Kabeneran ngareungeu wangkongan di warung kopi, basa tas ti kota. Ngan carita eta gantung dengeeun sabab nu nyaritana ngadadak jempe.

Sanajan kuring teu ngahalnakeun nyiar caritaan ngenaan Markum, sok aya bae beja. Boh teu kahaja ngadenge caritaan antartatangga nu keur gunem catur. Di sawah, huma, kantor bale desa. Samalah sok ngareungeu na angkutan kota, di pasar kacamatan. Nu nyaritana lain bae kaom lalaki, dalah awewe, kolot jeung budak sakola sok cacarita jeung pada baturna.

Antukna Markum, jadi katelah paragi nyingsieunan barudak. Lamun aya budak ceurik menta jajan. Ceuk kolotna teh, “Nu purah jajan mah bakal di datangan Markum.” Aya budak tengah peuting ceurik, dibebenjokeuna ku kecap. “Ulah nangis kasep, geulis bisi dibawa Markum.” Lamun aya nu keur ngalamun, nyarebutna teh. “Ulah ngalamun bisi diteureuy Markum.”

Atawa aya nu bobogohan di nu suni, omongna. “Kade ah direuneuhan Markum.” Markum jadi kacapangan. Letah masarakat Kelingpurba siga ngahajakeun nyieun hiji banyolan nu matak nereptep kana daun ceuli. Padahal lamun ditalek, naha pernah kapanggih jeung jinisna? Rata-rata ngajawabna, tacan kungsi.

Ku remen-remenna ngadenge ngaran Markum disebutan bae, kuring sok keuheul. Ujug-ujug angen murel, hayang utah. Ngarasa ceuceub jeung sebel. Rarasaan eta oge nu mawa kuring panggih jeung Markum. Mangsa, mitoha gering. Ngakuna mah. Teu bisa ka sawah, kapaksa kuring kudu nedunan panohona. Meresihan sawah lantaran rek dipelakan pare.

Kajeun asa kaluman macul teh, tapi ari dikeureuyeuh mah teu karasa layung geus ngajengjehe na galengan sawah. Panon poe dilegleg pasir tongggoheun sawah. Kari manuk kapinis nu neumbragan beungeut peuting. Mancal tina kotakan sawah, karasa ripuh. Pipikiran teh hayang geura-geura nepi ka imah. Suku disered, ka jalan nu ceuk caritaan, Markum jadi patung. Sadar-sadar geus pasarandog.

***

Rasa ceuceub ka Markum, beuki tumuwuh. Lantaran manehna pisan nu jadi cukang lantaran timbulna rasa sieun na diri kuring. Balukarna kuring ngan ukur mikirkeun diri sorangan. Sieun hirup tanpa daksa. Nu antukna nyirekem di imah, teu mikirkeun kaayaan kulawarga. Teu nyiar keur meuli beas, susu, minyak tanah jeung es krim.

Basa rasa ceuceub, nyengledkeun kasieun tumuwuh rasa kawani. Ceuk paribasa kop tah badak, kop tah maung lain babasan. Antukna nekad, nyampeurkeun Markum di tempatna. Jangjang nu renung dina awak bisa digeleberkeun. Beuki lila-beuki lila jangjang teh beuki rosa. Hiber, ngapung ngawang-ngawang. Nyuruwuk dina mega beuki gancang.

Ku tarik-tarikna hiber, bantrok jeung angin. Awak ujug-ujug renung ku bulu, nya heuras, nya kasar. Jangjang asa beuki ngagedean. Sedengkeun suku jeung leungeun mondokan. Awak ngaleutikan. Kulit beungeut asa ngandelan, jeung asa congoran tuluy ka luar sihung. Mata karasa ngaleutikan. Badis kalong.

Unggal deupa jalan ditengetan. Unggal jalan kahieuman jangjarongan di suaykeun. Unggal logak di longokan. Geus sabaraha puluh kali jalan poros desa diliwatan. Geus sabaraha puluh rungkun disingkabkeun. Tapi Markum tetep teu kapanggih, nepi lungse ngagangayong diri kuring.

Rasa panasaran keukeuh nyangkaruk na sirah. Sora jantung awor jeung renghap ka ceuceub taya wates wangen. Sakolebat, hayang mulang. Dina kongkolak pamajikan jeung anak keur rawah-riwih. Si cikal jeung si bungsi keur sumegruk paungku-ungku. Ah … karasa aya kasono nu nanceb jeuro iga. Sakedapan, jalan nu geus robah jadi warna beureum diletakan ku panon nu beuki leutik.

Geleber kuring hiber deui muru lembur. Karasa awak lungse. Beuteung kukurubukan menta dieusi. Pipikiran rada ngalamun. Beungeut peuting geus ngalangkang. Asup ka tungtung lembur, karasa haneuteun. Samalah kareungeu sora kendang penca sagala, siga keur kariaan. Kuring ngawelah jangjang beuki rosa hayang gancang-gancang nepi. Sora kendang penca beuki nongtoreng.

Barang srog ka pakarangan imah. Kuring olohok. Geuning kendang penca teh asalna ti imah kuring? Jeungna deui siga nu keur nanggap kariaan nu sakitu rokahana. Tamu laliud, boh di pakarangan atawa tepas imah. Kuring nyelendep di nu jalma rea, hayang nempo ka jeuro imah. Gebeg teh hate ngagebeg. Jantung mungguh ratug. Di tengah imah Markum keur oleng panganten jeung pamajikan.***


Kisah Karsih di Sakola

Februari 25, 2010

CEUK batur, mung uing direndengkeun jeung Dian Sastro cenah kawas beubeulahan terong. Tapi aya oge nu ngomong mirip Bella Saphira, atuh ceuk sawareh deui uing teh leuwih mirip bentang sinetron kawin gantung Nathalie Sarah. Ah mana nu bener ieu teh? Keun we , matak disangka mirip artis ge meureun uing teh geulis. Paingan atuh saban aya lalaki teu kolotna teu budakna teu aki-akina sok marelong wae ka uing. Malahan guru olahraga uing pa’ Somad song olohok lamun uing keur make kaos jeung calana trening teh, kitu deui pa Kardi guru matematika, tara ieuh nyarekan mun uing teu ngerjakeun peerna, malahan sabalikna sok mere pijawabeunana. Ah boa boa naksir ka uing, tapi maenya aya guru bogoh ka murid.

Bodi okeh, panampilan okeh tapi naha ngaran uing bet Karsih, teu mecing teuing jeung teu gaul. Heueuh nu kitu tea mah bapa uing, mere ngaran budak teh jangji jle wae, cik atuh mere ngaran teh nu rada komersil Desi, Dona, atawa Euis aya saleuheung. Teu kabayang mun engke lulus sakola, heug ngalamar gawe jadi sekertaris. Kira kira ditarima kitu jadi sekertaris?

Keun wae, da ceuk mang Shakespir ge, cenah apa arti sebuah nama, batur ge aya nu ngarana Casingkem geuning teu disangka sangka bisa sasalaman jeung ibu persiden tur naek pasawat ti Riyad ka Jakarta kalayan haratis. Sabalikna nu ngarana hade, tingkah polahna loba nu teu hade malah unggal poe jadi tontonan batur di acara Buser, Patroli, jeung Sergap. Mun seug uing siga kitu, mana teuing pada ngajejelehna. Teu jauh ti ngaran Karsih. “Karsih-Karsih…. karsihan deh luh !” Kitu meureun sing kecewisna batur.

Kawas geus diatur tidituna, nurubcupu deuih boga kabogoh teh ngarana Dudun, najan ngarana teu sakeren Thomas Djhorgy, tapi tagogna mah beda ipislah jeung Anjasmara mah. Malah sok seuri sorangan ngaran papanjangna teh sarua deuih, ari uing Karsih Setiawati ari kabogoh uing mah Dudun Setiawan. Enya sarua tipe satia. Buktina basa Aa Dudun ngajak nyalingker heula kapipir wc sakola, uing teh teu nolak da bakating ku satia tea. Teu pira di pipir wc teh, ngan ukur titah ngadengekeun manehna ngahariring laguna Obbie Mesakh, nu kawas kieu tea geuning.
” Kisah Karsih di sekolah tak kan terlupa…tiada kisah paling indah kisah Karsih di sekolah..tiada kisah paling indah kisah Karsih di sekolah !”
Nya kuing teh dialokan kawas kieu.
” Malu aku malu pada semut merah, yang berbaris didinding, seakan curiga, sedang apa disana? Sedang ngabuburit jawabku!”

Harianeun kabogoh teh, batur mah ngajak ngabuburit teh ka mol, ieu mah ngajak nyalingker kapipir wc sakola. Kumaha mun geus dur bedug magrib, heug euweuh jeung ngabatalan, ari pokna teh ngagampangkeun pisan.
” Gampang atuh urang silih cabut bulu irung we !”
Puguh irung uing mah tibaheula ge euweuh buluan, kitu deui bulu sejenna can jadi. Teu percaya ? Pek we toong mun uing keur mandi ! Bit ketah.


Surat Katresna Kelas IPS

Februari 25, 2010

Sareng hormat,
Hal : Panawaran Kamupakatan

Kuring ngarasa kacida gumbirana dina ngajentrekeun yen kuring ngarasa tresna ka anjeun kaitung ti tanggal 17-04-1982 (tujuh welas April sarebu salapan ratus dalapan puluh dua) tug dugi ka kiwari.

Dumasar kana hasil rapat kulawarga tanggal 15 Mei 1982, kuring netepkeun kaputusan, pikeun nyieun ieu panawaran prospektif dina raraga tender vendor anu jadi rekanan tetep kadeudeuh anjeun. Ieu panawaran ngawengku term and conditions kieu:

  1. Hubungan katresna dimimitian ku probation 3 (tilu) bulan samemeh ngasupan tahap
    permanen.
  2. Rengse probation disambung ku on the job training sacara intensif tiap malem minggu
  3. Tiap tilu bulan dilaksanakeun performance evaluation dina raraga naekeun credit point nepikeun ka nyukupan sarat pikeun ngarobah status tina bebene jadi batur sakasur.
  4. Sagala biaya nu dikaluarkeun dina raraga jajan jeung jalan-jalan bakal dibagi rata diantara para pihak, nu bakal ditingkatkeun jadi tanggung jawab kuring mun para pihak geus sapuk kauntun tipung katambang beas, laksana kapiduriat.

Kuring miharep jawaban ti anjeun dina waktu kurang ti 30 poe. Lamun dina tanggal nu geus ditangtukeun, kuring can narima balesan ti anjeun, ieu surat panawaran dianggap batal demi hukum sarta kuring ngabogaan hak pikeun nyieun panawaran kanu lian.

Mung sakitu kapihatur, sareng hatur nuhun kana perhatosanana.

Salam,

Nu mikadedeuh


Surat Katresna Kelas IPA

Februari 25, 2010

Archimedes jeung Newton hamo paham kana induksi Medan magnet
urang duaan
Einstein jeung Edison hamo sanggup ngarumuskeun E=mc2
moal sabanding jeung momen katresna urang

Dimimitian ku kalangkang anjeun nu nanceb di fokus kalbu
Nyata, ajeg, leuwih eces ku kakuatan lensa maksimum
Lir ibarat keclakna minyak milikan nu murag di ruang hampa
Katresna urang leuwih badag tibatan  bilangan avogadro…

Sok sanajan jarak di antara urang lir ibarat Panonpoe jeung Pluto
dina mangsa aphelium
Amplitudo geter hate urang silih interfensi

Ngawangun kasampurnaan endahna gerak harmonik tanpa gaya pamulih
Lir ibarat kopel gaya dina kecepatan angular nu taya watesna.

Energi mekanik kaasih moal kabendung ku friksi
Energi potensial katresna moal kapangaruhan ku konstanta gaya
Energi kinetik kadeudeuh = -mv~
Malah mah hukum kekekalan energi moal bisa nandingan
hukum kekekalan katresna urang.

Mun nalungtik hukum katresna urang,
Momen asih kuring ajeg lempeng dina kadeudeuh anjeun
Ngajadikeun katresna urang lir ibarat titik ekuilibrium nu sampurna
Dina inersia nu taya watesna
Anu moal kaendagkeun impuls atawa momentum gaya

Tah ieu teh resultan momentum katresna urang duaan…


Pepes Lauk Cai

Februari 25, 2010

Bahan:

1kg lauk cai, disisit, dikumbah dugi ka beresih. Cukaan 1 sdt, kanggo ngicalkeun hanyirna antep 15 mnt. Tos 15 mnt, kumbah deui laukna, tuuskeun. Uyahan 1 sdm pinuh tambahan pecin. Galokeun. Pami hoyong nyerep simpen sawengi na kulkas.

Bungbu + Ngadamelna:
10 siki Muncang, 2 buku curuk koneng, 5 sihung bawang beureum, direndos dugi ka lemes. Goreng ku mantega campur minyak. Tos tiis lebetkeun bawang daun kenging nyiksik sareng daun surawung. Aduk dugi ka nyampur.
Sayogikeun daun cau manggala (upami aya). Lauk balur ku bungbu tadi, beuteungna dilebetan oge bungbu. Bungkuskeun ku daun cau bade janten sabaraha bungkuseun kumaha kapalay. Naha bade dua dua atanapi hiji-hiji sabungkusna. Tilepkeun tungtung sareng tungtung diseumatan. Buntel deui ku koran. Seupan upami hoyong empuk dugi kacucuk-cucukna, nyeupanna kirang langkung 5 jam. tiap sajam sakali tambihan cai bilih saateun.
Tos asak angkat. garang dina katel supados peungkeur.