Kulit Dampal Suku Leungit


Ku : N.DING MASKU

HIHIDEUNG panon Markum, nu geus bodas kabeh basa bantrok jeung panon kuring. Ngadadak awak ramohpoy, leungeun jeung suku lilinieun. Keteg jajantung motah. Dada karasa eungap siga katerap kasakit mengi. Leuwihna ti eta, kulit dampal suku ngadadak leungit.

Anehna, kulit dampal suku nu coplok teu ngaluarkeun getih. Pon kitu deui karasa nyeri. Ngan rokaya, kuring teu bisa nangtung. Komo leumpang mah. Kajeun dipaksakeun oge karasana linu jeung peureus. Siga leumpang atawa nangtung dina cucuk. Kapaksa kudu ngesod, siga jaman karajaan. Jauh ti Markum, kulit dampal suku bet balik deui sabihara-sabihari.

Pangalaman pikareuwaseun, ngabalukarkeun kuring bangbaungeun. Sieun kapanggih deui jeung Markum. Pangpangna paadu teuteup jeung matana nu matak kukurayeun, mibada pangaruh sihir. Komo mun kulit dampal suku leungit tur teu balik deui mah. Palias teuing. Kuring sieun hirup tanpa daksa, hirupna ngagumantung kana iteuk. Ngabayangkeunana oge matak kukurayeun.

Antukna hirup teh jadi marudah. Gulinggasahan. Hate teu bisa dibangbalerkeun tina kasieun. Sieun ku sorot panona nu matak ginggiapeun. Seuseukeut panona siga pucuk eurih, matak nurihan jajantung. Moncorong herang siga panon ucing di nu poek. Keletna nyacampah, katangen ambek pohara.

Markum, ngalangkang dina kongkolak panon lain bae keur nyileuk. Dalah keur sare oge datang kana impian. Siga ngahajakeun neror. Geus kitu mah tambuh laku. Karek muka panto hareup, rek nyiar kipayah. Barang bray, na sawangan Markum ngabedega bari nulak cangkeung. Panona nu geus bodas kabeh teh neuteup seukeut siga rek ngalegleg. Gebeg, jajantung ratug tutunggulan

Bulu punduk tuluy bae carengkat. Kulit leungeun kukurayeun. Kesang tiis renung dina tarang. Awak ngagibrik siga kabulusan. Geus kitu mah nyirekem deui di pangkeng. Poho ka anak pamajikan nu kudu dibayuan. Kasieun ngaleungitkeun rasa tanggung jawab ka kulawarga. Nu sawadina hirup ayem tengtrem teh ngadadak paburantak.

***

Geus tilu minggu, kuring teu ka luar ti imah. Pamajikan, Rohmaida masang beungeut kurawed haseum. Samutut siga tutut. Tapi teu daek nyarita sakemek-kemek acan. Nu nyarita teh ngan leungeun jeung suku wungkul. Kucara ngabantingkeun gelas katut piring kana ubin. Najong ember, panci, seeng jeung aseupan.

Kuring ngan bisa meungpeun panon carang. Api-api teu kadenge. Api-api ocon jeung budak. Unggal sora gelas ngemprang kana ubin. Si cikal Rahma, karek umur opat taun dileketek kulit beuteungna nepi ceuceuleukeuteukan, bari nyekelan beuteungna.

Lamun ngadenge seeng ditajong, tepi ngagolombrang matak murag jajantung. Gantian si Ragil, anak kadua, umurna karek sataun diciuman pipina. Ngan edas, Ragil mah sok males ngagegel. Huntuna nu karek bijil sababaraha siki digegelkeun kana pipi kuring sataker kebek. Karasana nyeri jeung darekok, matak seueul angen.

Sikep hare-hare kana kalakuan pamajikan lain matak pipikiran tenang. Hate beuki marudah. Pipikiran kalimpudan kahemeng. Utek karasana poek, teu bisa diajak mikir. Katambah talajak pamajikan ray poe-ray poe teh mingkin kokomoan. Lain barang-barang bae nu disiksana. Ka Rahma atawa Ragil sok luas ngajembel atawa nyiwit pingpingna nepi ngagelempeng hideung.

Komo waktu Rahma, ngarenghik menta dipangmeulikeun es bonbon. Basa tukang es bonbon nabeuh bonang nu digantung na gorobagna, hareupeun imah. Kuring ngan bisa ngabetem  Nepi ka tukang es bonbon ngiles di pengkolan.. Rahma, ceurik kanyenyerian teu bisa diupah-apeh.

Hate ngarakacak, seuseuitan asa digerihan hinis. Miceun katugenah, alatan teu mampuh mangmeulikeun es bonbon. Kuring kekedengan hareupeun televisi, ngagaelan acarana nu teu nyari deui. Matak seueul angen. Harepan hiji-hijina pitunduheun hayang gancang datang. Hayang ngaleupaskeun karudet nu ngagayot dina utek.

Harepan bet nyalahan. Beuteung kukurubukan menta di eusi. Lapar. Kapaksa hoream-hoream oge muru dapur. Turub sangu dibuka, nu kapanggih sangku kosong. Sababaraha siki remeh geus garing, nempel na sisi-sisina. Kitu deui mangkok jeung piring ngabagug kari gegedoh sayur. Panon kuring ngareret ka pamajikan nu keur nyusuan Ragil. Beungeutna ngabalieur, katangen juru panona ngembeng ku cai mata.

“Euweuh keur meulina,” pokna teugeug.

Keteg jajantung ngadadak rongkah. Getih nyeak gancang pisan kana sirah. Tetenjoan asa kararoneng. Kalimah antri pasesedek dina sirah hayang diutahkeun. Nu ka luar ngan ukur kekerot. Huntu diaradu pating rarekot. Ramo-ramo dikeupeulkeun ti pepereket. Urat-uratna ngabaranceng. Kulit beuteung karasa teuas. Jempol suku diteueulkeun kana ubin imah.

Ujug-ujug aya hawa tiis dina jeuro awak. Ti mimiti dampal suku, ngarayap naek kana bitis, pingping, beuteung, beuheung tuluy kana embun-embunan. Les. Sukma maksa ka luar tina raga. Sukma kuring, renung ku jangjang, siga carita malaikat dina bible. Ngalayang ka lalangit imah nepi ka kenteng.

Pamajikan, ujug-ujug ngagabrug awak kuring nu ngajengjen siga patung. Manehna ceurik ngabangingik. Rahma jeung Ragil oge kabawakeun milu ceurik. Dina ceurikna, kuring ngareungeu beuteungna kukurubukan. Rahma beakeun susu kaleng. Taya beas sapotong-potong acan. Minyak tanah ngolotrak. Rekening listrik jeung telepon ngabebengkang.

***

Markum, ngabedega siga patung di tengah-tengah jalan poros desa. Manehna geus teu madulikeun deui tirisna hujan, panasna panonpoe nu tuluy-tuluyan ngaletakan awakna. Pon kitu deui rasa lapar, hanaang, gateul jeung rasa bosen. Dalah panona oge geus teu bisa ngicep-ngicep acan, komo ngaluarkeun cai mata mah.

Masarakat Desa Kelingpurba, teu apaleun ti iraha manehna nangtung di eta patempatan? Teuing sapoe, dua poe, saminggu, sabulan, sataun atawa mang abad-abad. Ceuk caritaan turun tumurun. Inyana kungsi rek dipindahkeun ngan taya nu mampuheun. Padahal geus ngagunakeun becho jeung buldoser. Samalah nu rek mindahkeun sok katerap kasakit aneh. Kulit dampal sukuna leungit.

Padahal jalan poros desa eta, hiji-hijina jalan nu biasa dipake lalarliwat. Boh rek ka pasar, ka huma, ka sawah atawa ka kota kacamatan. Kiwari eta jalan arang langka dipake deui. Kaayaanana caraneom. Jukut, eurih, saliara jeung babadotan ngajejembrung. Dalah aspalna oge beak ku rinyuh.

Masarakat arembungeun deui ngaliwat ka dinya. Komo jalanna arula-arile muteran pasir. Leuwih milih nyieun jalan anyar nu lempeng tur leuwih hade. Di hotmik. Leuwihna motor katut mobil leuwih gancang jeung tara kacaturkeun ti juralit ka jurang atawa nabrak tatangkalan.

Markum, ku masarakat dikaramatkeun. Ngan taya nu wani nyeujakeun datang. Komo lamun bari mawa parukuyan, menyan, kekembangan katut saranduna. Keur dipenta karomahna sangkan naek pangkat, menta jodo, kabeungharan atawa nomer lotre. Markum, kabulen ku dedemit jeung misterius.

Di satukangeun lalangse eta, aya carita aneh. Manehanana boga kalakuan kitu teh alatan aya nu didago-dago. Ngan naon nu didagoanana taya nu apaleun. Kuring meunang carita kitu teu dihaja. Kabeneran ngareungeu wangkongan di warung kopi, basa tas ti kota. Ngan carita eta gantung dengeeun sabab nu nyaritana ngadadak jempe.

Sanajan kuring teu ngahalnakeun nyiar caritaan ngenaan Markum, sok aya bae beja. Boh teu kahaja ngadenge caritaan antartatangga nu keur gunem catur. Di sawah, huma, kantor bale desa. Samalah sok ngareungeu na angkutan kota, di pasar kacamatan. Nu nyaritana lain bae kaom lalaki, dalah awewe, kolot jeung budak sakola sok cacarita jeung pada baturna.

Antukna Markum, jadi katelah paragi nyingsieunan barudak. Lamun aya budak ceurik menta jajan. Ceuk kolotna teh, “Nu purah jajan mah bakal di datangan Markum.” Aya budak tengah peuting ceurik, dibebenjokeuna ku kecap. “Ulah nangis kasep, geulis bisi dibawa Markum.” Lamun aya nu keur ngalamun, nyarebutna teh. “Ulah ngalamun bisi diteureuy Markum.”

Atawa aya nu bobogohan di nu suni, omongna. “Kade ah direuneuhan Markum.” Markum jadi kacapangan. Letah masarakat Kelingpurba siga ngahajakeun nyieun hiji banyolan nu matak nereptep kana daun ceuli. Padahal lamun ditalek, naha pernah kapanggih jeung jinisna? Rata-rata ngajawabna, tacan kungsi.

Ku remen-remenna ngadenge ngaran Markum disebutan bae, kuring sok keuheul. Ujug-ujug angen murel, hayang utah. Ngarasa ceuceub jeung sebel. Rarasaan eta oge nu mawa kuring panggih jeung Markum. Mangsa, mitoha gering. Ngakuna mah. Teu bisa ka sawah, kapaksa kuring kudu nedunan panohona. Meresihan sawah lantaran rek dipelakan pare.

Kajeun asa kaluman macul teh, tapi ari dikeureuyeuh mah teu karasa layung geus ngajengjehe na galengan sawah. Panon poe dilegleg pasir tongggoheun sawah. Kari manuk kapinis nu neumbragan beungeut peuting. Mancal tina kotakan sawah, karasa ripuh. Pipikiran teh hayang geura-geura nepi ka imah. Suku disered, ka jalan nu ceuk caritaan, Markum jadi patung. Sadar-sadar geus pasarandog.

***

Rasa ceuceub ka Markum, beuki tumuwuh. Lantaran manehna pisan nu jadi cukang lantaran timbulna rasa sieun na diri kuring. Balukarna kuring ngan ukur mikirkeun diri sorangan. Sieun hirup tanpa daksa. Nu antukna nyirekem di imah, teu mikirkeun kaayaan kulawarga. Teu nyiar keur meuli beas, susu, minyak tanah jeung es krim.

Basa rasa ceuceub, nyengledkeun kasieun tumuwuh rasa kawani. Ceuk paribasa kop tah badak, kop tah maung lain babasan. Antukna nekad, nyampeurkeun Markum di tempatna. Jangjang nu renung dina awak bisa digeleberkeun. Beuki lila-beuki lila jangjang teh beuki rosa. Hiber, ngapung ngawang-ngawang. Nyuruwuk dina mega beuki gancang.

Ku tarik-tarikna hiber, bantrok jeung angin. Awak ujug-ujug renung ku bulu, nya heuras, nya kasar. Jangjang asa beuki ngagedean. Sedengkeun suku jeung leungeun mondokan. Awak ngaleutikan. Kulit beungeut asa ngandelan, jeung asa congoran tuluy ka luar sihung. Mata karasa ngaleutikan. Badis kalong.

Unggal deupa jalan ditengetan. Unggal jalan kahieuman jangjarongan di suaykeun. Unggal logak di longokan. Geus sabaraha puluh kali jalan poros desa diliwatan. Geus sabaraha puluh rungkun disingkabkeun. Tapi Markum tetep teu kapanggih, nepi lungse ngagangayong diri kuring.

Rasa panasaran keukeuh nyangkaruk na sirah. Sora jantung awor jeung renghap ka ceuceub taya wates wangen. Sakolebat, hayang mulang. Dina kongkolak pamajikan jeung anak keur rawah-riwih. Si cikal jeung si bungsi keur sumegruk paungku-ungku. Ah … karasa aya kasono nu nanceb jeuro iga. Sakedapan, jalan nu geus robah jadi warna beureum diletakan ku panon nu beuki leutik.

Geleber kuring hiber deui muru lembur. Karasa awak lungse. Beuteung kukurubukan menta dieusi. Pipikiran rada ngalamun. Beungeut peuting geus ngalangkang. Asup ka tungtung lembur, karasa haneuteun. Samalah kareungeu sora kendang penca sagala, siga keur kariaan. Kuring ngawelah jangjang beuki rosa hayang gancang-gancang nepi. Sora kendang penca beuki nongtoreng.

Barang srog ka pakarangan imah. Kuring olohok. Geuning kendang penca teh asalna ti imah kuring? Jeungna deui siga nu keur nanggap kariaan nu sakitu rokahana. Tamu laliud, boh di pakarangan atawa tepas imah. Kuring nyelendep di nu jalma rea, hayang nempo ka jeuro imah. Gebeg teh hate ngagebeg. Jantung mungguh ratug. Di tengah imah Markum keur oleng panganten jeung pamajikan.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: