Uniko

Mei 2, 2010

UNIKO katelahna. Singgetan tina Usaha Nipu Kolot. Teu di kota, teu di lembur, Uniko geus dianggap trend. Pangpangna mah anu sok jadi ulon-ulonna téh sabagéan barudak sakola jeung mahasiswa (anu can bisa ngala duit sorangan). Bingung tayohna mah. Mangkaning kabutuhan materi keur bobogohan beuki marahal baé. Komo deui ninggang ka nu geus bareuki udud atawa anu kagegeloan ku PS. Apan éta téh merelukeun waragad anu teu saeutik. Lamun teu Uniko, rék ti mana atuh meunangna?

Si Oding contona mah. Sanajan kolotna teu sabaraha beunghar ogé, ari urusan kana Uniko mah geus katelah pangpinterna. Lain sakali dua kali, Si Oding ménta uang good morning, atawa uang pus-ap ka indungna. Pajarkeun téh dititah ku guru cenah. Atuh Indungna deui, bubuhan kurang wanoh kana basa Inggris, nya antukna mah sok méré. Bi Eha, indungna Si Oding belaan nepi ka ngeclok heula ka Mang RT keur neduanan uang good morning jeung uang pus-ap téh. Inggis ku bisi, rémpan ku sugan, sieun anakna teu ditaékeun, atawa dikaluarkeun sakolana.

Si Aniw ogé, anu kungsi kedal jangji, moal ngabohongan ka kolot, poé éta mah ngadadak perang sabil. Anu jadi cukang lantaranna téh, alatan poé mangkukna wawanohan jeung murid kelas sahandapeun. Ngaranana Néng Déwi (alias Lidya Kandau). Hiji mojang lenjang anu méncrang tur hérang. Seurina, imutna, dilakna, malah nepi ka urengihna ogé matak pikaresepeun jeung matak deungdeuleueun sakur lalaki anu keur meujeuhna séngsérang panon. Ngan hanjakal aya balas bogoan.

Malem minggu anu didagoan ku Si Aniw, ahirna mah teu burung cunduk. Manéhna geus jangji, rék nganjang ka imahna Néng Déwi di Kebon Kol. Mangkaning jangjina ogé rék ngirim coklat jeung mangnyewakeun kaset VCD sagala rupa. Kituna téh ari keur waragadna mah can aya sapérak-pérak acan. Kilang kitu, Si Aniw geus ngararancang pikeun Uniko. Teu paduli, sanajan poé kamari, bapana digugujeg kiriditan sééng jeung panci ku Mang Ubéd ogé. Nu penting mah, apél munggaranna bisa kalaksanakeun kalayan suksés.

Mimitina Si Aniw rada mandeg mayong. Kawasna mah trik Uniko-na sieun katohyan ku Mang Kohar, anu jadi bapana. Sajabana ti kurang pangalaman jam terbang Uniko, katambah inget kana jangjina téa. Tapi lila-lila mah, Si Aniw nyieun kasimpulan sorangan. Ceuk pamikirna, lain rék ngabohongan kolot ieuh, sabab ieu mah rék Uniko. Antara ngabohongan kolot jeung Uniko béda pisan, boh dina tulisanana atawa dina cara ngucapkeunana. Ngabohong tetep ngabohong. Uniko mah usaha. Kitu tah pamikirna téh.

“Apan minggu kamari ogé, geus dibayar satauneun?” Mang Kohar ngahuleng, basa Si Aniw ujug-ujug ménta duit keur bayaran.

“Da kedah duapuluh opat sasiheun, Pa, upami hoyong lunas satauneun mah,” témbal Si Aniw kalawan daria naker.

” Ké ké, ke…naha sataun téh mani duapuluh opat bulan? Apan ari sataun mah ukur duabelas bulan lin? Ti bulan Januari nepi ka bulan Desember,” Mang Kohar nyaritana rada nyeuneu. Mangkaning keur ngasur-ngasurkeun suluh.

” Apan teu acan kaétang sasih Muharam dugi ka sasih Rayagung-na, Pa,” ceuk Si Aniw teu éléh géléng.

“Aéh heueuh, nya. Aya ku poho-poho teuing.” Mang Kohar nepak tarangna sorangan. Tuluy cengkat tina jojodog, rék nyokot duit ka kamarna. Puguh wéh Si Aniw mani ocrak. Teu sirikna ajrag-ajragan, nepi ka méh tikusruk kana hawu.***


Embe Banggala

Mei 2, 2010

MANG Enoh boga embé banggala, teuing ku bau, da tara aya nu wani ngadeukeutan. Dini hiji poé, jorojoy aya kahayang, pangangguran rék ngayakeun saémbara, saha nu kuat 10 menit dikerem dina kandang embé.

Béwarana ditulis dina papan, disebutkeun yén saha-saha nu kuat 10 menit di jero kandang embé, bakal dibéré duit Rp 50.000.

Ku sabab loba nu panasaran, teu kungsi lila di hareupeun kandang embé téh mani ngaliud jelema nu lalajo. Sawaréh rék milu saémbara. Ari kandang téa ku Mang Enoh téh ditutup ku papan mani rékép pisan. Sanggeus réngsé, diwawarkeun ku nu boga embé, kumaha prakprakanana éta saémbar, tuluy nu rék nyobaan téh dititah ngantay ngarah bérés. Ti dinya saurang-saurang asup kana kandang nu dieusi embé téa.

Lapur ngan karuateun 2 menit, paling lila 3 menit. Unggal nu ka luar tina kandang kudu we orolo utah. Bororaah bisa ditanya ku nu lian, dan kabéh kawas nu mabok. Tungtungna jelema budal, sieun, nénjo “kasaktianana” éta embé banggala.

Barang geus paburencay, pék Mang Enoh ngomong, “Saha nu badé nyobi deui, teu aya?”

“Cik emang ngajaran, panasaran,” ceuk saurang. Duka urang mana, da teu aya nu wawuheun ka manéhanana téh. “Mangga,” jawab nu boga embé.

Kacida wé karegéteunana, barang geus 8 menit di jero kandang, jempling kénéh. Kitu deui nu boga alpukah geus lieuk deui, lieuk deui kana érloji.

Barang geus 9 menit, kadéngé dor-dar dina kandang, atuh pantona tuluy dibuka. Na ana gajleng téh ayeuna mah…………………………embéna nu ka luar, tuluy utah-utahan. Sihoreng embe nu eleh. Ceuk beja, eta jelema teh ngarana Wa Oding, cadu mandi.***


Maung Lodaya

Mei 2, 2010

Lodaya atawa maung lodaya (Panthera tigris) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora.

Lodaya lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sadaya ucing badag, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaeun ngojay, sakumaha urang biasa manggihan lodaya keur ngojay di situ atawa wahangan. Lodaya ilaharna moro soranganan, ngamangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator lodaya, nu sok moro pikeun ngarah siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupakeun afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi lodaya beuki nyirorot nepi ka asup kana daptar spésiés nu kaancam punah. Lodaya mangrupakeun salasahiji sato nu aya dina puncak ranté kadaharan.

Ciri pisik lodaya gumantung kana subspésiésna. Umumna, nu jalu beuratna 150 – 310 kg (330 lb – 680 lb), sedengkeun nu bikang 100 – 160 kg (220 lb – 350 lb). Panjangna, nu jalu 2.6 – 3.3 méter (8’6″ – 10’9″), sedengkeun nu bikang 2.3 – 2.75 méter (7’6″ – 9′). Ti antara subspésiés lodaya nu aya, Lodaya Corbetts téh nu pangleutikna, sedengkeun nu pangbadagna mah Amur.

Warna dasar bulu lodaya nyaéta antara konéng nepi ka semu beureum, kalawan bodas lebah dada, beuheung, jeung sela suku. Varian résésif nu ilahar nyaéta bodas, nu bisa borojol ti campuran nu cocok; bodas ieu lain albino. Lodaya hideung melanistik ogé kungsi kabéjakeun, tapi conto hirupna teu kungsi karékam. Aya ogé lodaya emas (Ing. golden tabby tigers, golden tigers, atawa tabby tigers) nu buluna warna emas nu leuwih caang batan warna lodaya biasa, sedengkeun welangna coklat. Variasi warna ieu jarang pisan, nu ukur aya di panginguan.

Polét lodaya warnana rupa-rupa, ti hawuk nepi ka hideung meles. Bentuk jeung kandelna béda gumantung subspésiésna, ilaharna leuwih ti saratus polét (Lodaya Jawa mibanda polét nu leuwih loba). Pola welang lodaya unik béda di unggal sato, kukituna bisa dipaké pikeun ngabédakeun hiji hijina, sakumaha sidik ramo dipaké pikeun ngabédakeun hiji jalma. Tapi, cara ieu teu dipiresep alatan héséna ngarékam pola welang lodaya liar. Welang ieu kamungkinan penting pikeun kamuflase, supaya lodaya bisa nyumputkeun manéh ti mangsana.

Subspésiés

Lodaya kabagi kana dalapan subspésiés, tilu di antarana geus dianggap lastari, sarta hiji ampir punah. Lodaya (kungsi) hirup di Rusia, Sibéria, Iran, Afganistan, India, Cina, jeung Asia tenggara, kaasup kapuloan Sunda. Di antara nu aya kénéh, nyaéta:

  • Lodaya Bengali (Panthera tigris tigris) kapanggih di sapanjang leuweung jeung tatar jukut Bangladés, Butan, Cina, India, jeung Népal, nu diaku salaku sato nasional ku Bangladés jeung India. Populasi liarna kira 3000 nepi ka 4600, lolobana aya di India jeung Bangladés. Ieu lodaya kiwari keur kadéséh pisan boh alatan ngurangan habitatna jeung diporo; sababaraha resép kadokteran Cina (hususna pikeun nambaan peluh) merlukeun bagian awak lodaya. Project Tiger, hiji proyék konservasi nu medal taun 1972, saeutikna geus bisa ngabantu pikeun ngajaga subspésiés ieu.
  • Lodaya Indocina (Panthera tigris corbetti), ogé disebut lodaya Corbetts, hirup di Kamboja, Cina, Laos, Malaysia, Myanmar, Muangtai, jeung Viétnam. Populasina antara 1200–1800, tapi sigana mah kurang ti sakitu. Populasi panglobana aya di Malaysia, nu ngontrol pamoroanana kalawan ketat, tapi tetep baé populasina kaancam ku fragmentasi habitat jeung inbreeding. Di Viétnam, ampir sapertilu lodaya ditelasan pikeun masok farmasi Cina, sarta pikeun masarakat miskin dianggap salaku sumber upajiwa.
  • Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae) ukur aya di pulo Sumatra, Indonésia. Populasi liarna kira ukur 400 – 500, nu utamana aya di lima taman nasional. Uji genetik geus hasil ngagali ayana marka genetik unik, nu nandakeun prosés tumuwuhna spésiés anyar (mun teu kaburu punah). Hasil ieu nunjukkeun pentingna ngaheulakeun konservasi Lodaya Sumatra batan subspésiés séjén. Diranjahna habitat jadi sabab utama ancaman kana kahirupan Lodaya Sumatra (ngabalak leuweung, kaasup di taman nasional), najan kabéjakeun aya 66 nu ditémbak/diboro antara taun 1998 jeung 2000—ampir 20% tina populasi total.
  • Lodaya Sibéria (Panthera tigris altaica), ogé katelah lodaya Amur, Mansuria atawa lodaya Cina Kalér, ampir sagemblengna aya di Rusia wétan nu kiwari dijaga. Kiwari aya kurang ti 400 nu liar, nu sigana populasi-populasina geus teu bisa dipaké sacara genetik, alatan geus lobana inbreeding.
  • Lodaya Cina Kidul (Panthera tigris amoyensis), ogé katelah lodaya Amoy atawa Siamén, subspésiés nu paling kaancam punah, malah nu liar mah ti saprak kapanggih terus ditémbak nepi ka paéhna taun 1994, teu kungsi kawénéhan deui di habitat alamina nepi ka kiwari. Taun 1959, Mao Setung ngumumkeun yén lodaya dianggap hama, sahingga jumlahna nyirorot pisan, ti 4000-an leuwih jadi 200-an taun 1976. Taun 1977 pamaréntah Cina malikkeun undang-undang ieu, sarta nyaram diborona lodaya liar, tapi kawijakan ieu geus telat teuing pikeun nyalametkeun subspésiés ieu. Kiwari, di Cina aya 59 lodaya Cina inguan, nu borojol ukur ti genep indung. Balukarna, karageman genetik nu dipikabutuh pikeun mertahankeun subspésiésna geus teu aya, sahingga kapunahanana geus aya na lawang panto.

Lastari


Jajap Nu Mulang

Mei 2, 2010

Carpon H. Usép Romli

TEU burung datang nu lila didagoan téh. Layon Obid ti Ban­dung. Dibawa kana ambulan. Sora héong sirineu geus kadéngé ti kajauh­an. Blus ka jalan pilemburan. Heureut. Ukur asup samobileun. Bari gerenjul ku batu. Leuheung usum halodo. Mun usum hujan nyeblok. Pinuh ku leutak.

Beuki tarik sora sirineu. Komo le­bah tanjakan. Sora nu nambag kana lamping kénca katuhu lir ngajerit­keun hariring  peurih nu lila ka­pen­dem satukangeun lulurung waktu.

Tapi éta mah ngan rarasaan Apin sorangan, nu harita milu mapag di sisi jalan. Bareng  jeung urang lembur séjénna. Réréana dulur baraya Obid nu kaamanatan ngurus layon. Pikeun Apin, datangna Obid nu geus ngababatang satukangeun boéh, asa nyebit-nyebit tatu nu geus lawas lipur. Tatu nu kungsi gudawang opat puluh lima taun ka tukang.

“Saha nu hayangeun Obid dikurebkeun di dieu?”Nudin, batur sakulah-sakolih Apin, nanya semu panasaran.

Apin ukur ngajawab  ku gideug. Kawas nu embung kaganggu, duméh pipikiranana keur kumalayang ka mangsa-mangsa ka tukang. Sanajan geus maot, Obid asa ngingetan Apin pikeun eling kana bingbilangan umur.

“Sabaraha taun umur, Jang?” opat puluh tujuh taun ka tukang, Obid kungsi nanya. Dibarung nyéréngéh, rada nyengir saeutik. Nepi ka tembong huntu caréhamna na nu dilapisan pérak.

Sanggeus ngahuleng sakeudeung, Apin nembalan :

“Tilu belas taun.”

“Tilu belas? Akang dua lima. Béda dua belas taun,” Obid nyéréngéh deui, kawas hayang némbongkeun huntu pérakna.

Dua lima tambah opat tujuh, hartina nepi ka maot téh, umur Obid tujuh puluh dua taun. Apin genep puluh taun.

“Geus papada kolot, “Apin ngagerendeng. Bareng jeung anjogna ambulan. Jalma-jalma pahibut. Rek milu ngago­tong layon. Patugas ambulan mukakeun lawang tukang. Metot brangkar sina nolol gagangna. Ku duaan lembur nu geus pangdeukeutna ka dinya, dibetot deui. Duaan asup ka jero.

“Siap?”cék nu ti luar.

“Siap!”jawab nu ti jero.

Regeyeng gotongan layon dijungjungkeun.

“Ka mana ieu téh?”

“Ka masjid jami wé,” salah saurang dulur Obid ném­balan.” Da geus dimandian, geus diboéhan. Tinggal nya­latkeun.”

Haté Apin ngageter. Uteukna pinuh ku rupa-rupa wangwangan ka jenatna Obid

“Tungtungna mah, teu burung asup ka masjid. Teu burung disalatkeun, da basa lahir dina kaayaan Islam. Naha keur hirupna kungsi Islam, jeung maotna Islam? Tapi salila mangsa opat puluh tujuh taun, bisa jadi Obid ngalaman parobahan kajiwaan.”

Sanajan geus liwat opat puluh tujuh  taun basa mimiti pisan tepung jeung Obid, Apin inget kénéh pisan. Umur dua puluh lima pikeun Obid harita, kacida pisan harga­anana. Manéhna nyicingan imah panggung ukuran sedeng, sisi susukan irigasi. Pamajikanana, tara ka mamana. Beda jeung kabiasaan awéwé pilemburan, nu sok indit ka sawah ka kebon. Jongjon bae ngasuh budak umur tilu taunan. Keur meujeuhna pikalucueun. Bohono donto. Mun keur kikilitikan, ku Apin sok dijawéng. Dicium pipina nu tembem. Najan semu-semu hanyir jeung baseuh ku aday, teu jarijipen teu sing. Geugeut we nu aya.

Imah téh pagigir-gigir jeung tajug. Émpérna, dipasang­an ontob. Di dinya Obin muka tempat nyukur. Atuh mindeng kaseundeuhan ku nu lalar liwat. Pangpangna lalaki nu rék ka carai. Ngadon niiskeun heula awak, dina bangku awi nu ngahaja dipasang di sisi émpér kénca katuhu. Boh nu rék dicukur, boh saukur milu ngawangkong, mindeng ngagelek.

Kawilang mindeng Apin datang ka tempat pangcukuran Obin. Diuk dina bangku awi salila-lila. Sakapeung ngahaja dicukur mun buukna geus rogok pisan. Mimindengna mah ngadon milu maca. Sanajan hirup di pilemburan, jeung ukur gawé nyukur nu hasilna teu sabaraha, di imah Obin réa bacaeun. Buku, suratkabar, majalah. Buku-bukuna dijéngjréngkeun dina méja tengah imah. Suratkabar jeung majalah mah,dibarakkeun dina erak panyukuran. Mun Apin datang, geus hideng deui Obin ngasongkeun suratkabar atawa majalah nu kasebut anyar kénéh.

“Ngahaja ti Bandung kamari, Akang mawa majalah jeung suratkabar anyar bacaeun Jang Apin,” kawas sasari Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham ngaborélak warna pérak.

Unggal poé Jumaah Obin sok indit ka Bandung. Balik-balik Saptu soré atawa Minggu pabeubeurang. Nepi ka tara kungsi kapanggih jumaahan di masjid lembur. Ti barang datang sapiri umpi, kurang leuwih dua taun, tacan sakali-kali acan Obin salat jumaah di lembur. Da sok nyaba téa. Ku dulur-dulur jeung barayana sok diaromongkeun. Pajah téh, ngeunah Obin mah, digawéna saminggu sakali. Unggal Jumaah. Tapi teu kungsi nyarahoeun, gawé naon sa­benerna.

Apin ge teu kungsi tatanya, gawé naon Obin unggal Jumaah di Bandung. Nu sok ditanyakeun téh, ukur aya euweuhna koran atawa majalah anyar. Ku Obin salawasna dijawab, aya. Nu matak, unggal poé Minggu pasosoré, Apin sok ngahajakeun datang. Ngadekul maca bari sidéngdang dina bangku awi. Teu maliré Obin keur nyukuran batur. Atawa pamajikanana cilingcingcat ti imah ka luar, atawa sabalikna, bari ngéngéngklék budak. Keur anteng maca mah, Apin gé teu hayang pangangguran nyium pipi budak nu tembem, sanajan budakna ngaléndotan kana suku ogé.

“Jang Apin mah resep maca, nya?” Obin ngebing-ngebing lawon paranti nutupan awak nu keur dicukur tina lawang ontob.

“Resep, Kang,”Apin ngarérét sakeudeung. Gancang neruskeun deui hanca.

“Aya perpustakaan di sakola?” Obin nanya deui. Gék diuk dina korsi paranti nyukur. Cekés, cekés, ngahurung­keun bénsin. Nyeungeut udud pahpir nu ti tadi geus di­jieun, tapi karék kaburu dikenyot sanggeus bérés nyukur.

“Aya ge kurat-karét. Ukur sababaraha judul buku.”

“Boa pepek kénéh nu Akang,  nya, “Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak.

“Rupina mah. Nu Akang, buku-buku naon baé?”Apin panasaran. Najan mindeng milu maca surat kabar jeung majalah di dinya, tacan kungsi dibéré nginjeum maca buku mah.

“Rupa-rupa wé, Jang. Sastra, kabudayaan, politik, elmu pangawéruh. Sabaraha taun umur téh, Jang?”

“Tilu belas.”

“Akang dua lima. Béda dua belas taun. Ceuk aturan mah, karék meunang maca buku-buku sastra, pangpangna roman, lamun geus tujuh belas taun.”

“Opat taun deui atuh?”Opin kerung.

“Nya kitu, lah. Geus di SMA. Ayeuna Jang Apin kelas hiji SMP?”

“Kelas dua.”

“Tapi da di kampung. Hésé bacaeun. Kawasna meunang budak kelas dua SMP maca buku-buku roman atawa politik, ari Jang Apin daék mah,”Obin ngojéngkang ka jero imah.

Puguh wé Apin giak. Diasongan buku Tenggelamnya Kapal van der Wijck karangan Hamka jeung Subuh karangan Pramudya Ananta Toer.

“Baca di dieu wé, satamatna nepi ka iraha. Ulah dibawa mulang”

“Naha?”Apin ngajenghok.

“Dibawa mulang mah sarua jeung nginjeumkeun”

“Naha ari nginjeumkeun, ulah kitu, Kang?”

“Ulah pisan. Sabab, jalma nu nginjeumkeun buku sarua jeung belegug.”

“Kutan?”

“Leuwih belegug deui, jalma nu mulangkeun buku beunang nginjeum.”

Apin nyalakatak. Obin neruskeun caritana :

“Nu matak langka jalma mulangkeun buku meunang nginjeum da sieun dianggap pangbelegug-belegugna. Ari Akang sieun dianggap belegug mu  nginjeumkeun buku ka Jang Apin.”

Jadi unggal poé, Apin idek liher di émpér imah Obin. Namatkeun buku Hamka jeung Pramudya, saminggu cam­pleng. Ti barang balik sakola, nepi ka liwat asar. Salat lohor jeung asar gé di tajug gigireun imah Obin wé. Sakapeung sok diajak dahar. Karasa daréhdéh soméahna salaki-pama­jikan téh. Budakna gé milu apét. Geus teu asa-asa nirilik mapagkeun mun nénjo Apin datang. Hayang dirawu di­pang­ku. Hayang dicelengok pipina nu tembem semu ba­seuh jeung hanyir. Geus rada capétang nyarita deuih. Mindeng ngaganggu kaantengan maca ku pertanya­an-pertanyaan nu teu pikahartieun. Sok gancang dicokot ku indungna, atawa ku bapana bari diomonganan:

“Ulah ngaganggu Mamang Apin. Keur maca.”

Tamat Hamka jeung Pramudya, réa deui buku séjén nu kapapay kabaca. Henteu kudu ngadagoan diasongan deui. Obin ngahempékkeun milih sorangan.

“Resep kana politik, Jang?”Obin nanya, biasa bari nyéréngéh, barang nénjo Apin muka-muka buku “Doktrin Politik” susunan Comite Central Partai  Komunis Indonesia, nu jilidna beureum. Maké gambar “Palu Arit”.

“Ah, hayang terang wé, Kang,”jawab Apin  bari pipi­kiran­ana ngabanding-banding jeung buku nu kungsi ka­ténjo dina méja bapana. Buku nu jilidna héjo, maké gambar “Bulan Béntang”. Bapana nyaram. Ngajéwang éta buku. Bus kana laci. Jeprét dikonci. Apin teu ngarti, naha bapana kawas nu ulah kailuan maca. Béda jeung Obin nu terus-terusan méré sumanget sangkan réa maca.

*

SATAUN kalarung. Biasa, Minggu pasosoré, Apin keur jongjon maca di émpér panyukuran imah Obin. Suratkabar “Warta Bandung jeung “Harian Rakyat” nu medal tilu opat poé saméméhna, geus  réngsé dipapay. Obin ngasongkeun suratkabar “Warta Bhakti”.

“Tah, Jang kitu geuning kabuktianana mah,” Obin nyarita daria. Henteu nyéréngéh kawas sasari.

“Naon, Kang?”

“éta roman karya Hamka nu dipikaresep ku Ujang téa?”

Tenggelamnya Kapal van der Wijck?”

“Enya. Sihoréng meunang niron eta téh geuning…!”

“Kutan?”

Tacan béak kahéran Apin, Obin nuduhkeun tulisan dina rubrik “Lentéra” suratkabar “Warta Bhakti”. Di dinya aya tulisan Abdullah Said Patmaji nu nétélakeun yén buku Teng­gelam­nya Kapal van der Wijck karya Hamka, mangrupa plagiat tina roman Magdaléna karya pangarang Mesir, Lutfi al Manfaluthi.

Balik ka imah, Apin gancang cacarita ka bapana ngeu­na­an papanggihanana bieu. Wani jeung daék sotéh cacarita, lantaran Apin nyaho, bapana sok katénjo macaan karangan-karangan Hamka. Nu kungsi kapanggih, bapana anteng pisan maca buku “Bohong di Dunia” . Mun tas dibaca, buku téh gancang disumputkeun.

Bari rada nyureng, bapana ngaéyahkeun.

“Pagawéan jalma nu  ngéwa ka Hamka jeung ka umat Islam éta mah,” jawab bapana tandes.

Hanjakal ogé Apin enggeusna mah. Sabab isukna ba­rang rék indit ka imah Obin, bapana nyalukan:

“Ulah idek liher teuing di imah Si Obin!”

“Naha?”

“Kominis si éta mah.”

Sakikituna. Taya penjelasan nanaon deui. Nambah panasaran dina diri Apin.

Tapi teu dipaliré. Angger baé datang. Babakuna kataji ku bacaeun. Lantaran geus omhang, selang-selang tina maca téh,  basa tempat panyukuran keur suwung, jeung Obin katingal salsé, Apin lahlahan tumanya:

“Kang, ari Akang muhun kominis?”

“Ari kitu?” Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu ca­réham pérak. Cirining keur lugina.

“Ah. Henteu. Aya wé nu nyarios.”

“Mun enya rék kumaha? Mun henteu rék kumaha?” Obin nyéréngéh deui. Malah dituluykeun ku ngahahah.

“Moal kukumaha. Rék angger wé milu maca.”

“Alus, Jang,” Obin nepakan taktak Apin. “Kudu kitu tah. Boga jiwa progrésip revolusionér. Henteu heureut deuleu jeung sumpek pamadegan. Enya, ku urang dieu Akang dianggap kominis. Pédah tara salat. Ka tajug tara, salat lima waktu unggal poé tara Jumaahan ka masjid jami tara. Da enya Akang mah kominis. Anggota partéy. Malah jadi anggota pangurus “Pemuda Rakyat” di Bandung”.

Karék harita Obin terus terang. Tapi teu matak ngaro­bah sikep Apin. Malah beuki osog kana maca. Komo sang­geus ku Obin dibébaskeun maca naon baé, jeung meunang mawa buku nu can tamat dibaca dibawa ka imah.

“Sajaba ti réa maca, urang kudu bisa nulis. Nulis naon baé nu aya dina kereteg haté jeung  pikiran urang,” cék Obin hiji poé, bari némbongkeun suratkabar mingguan nu dieusi tulisan ngeunaan kahirupan di pakampungan. Nu nulisna tétéla Obin.

“Akang gé sok ngarang?”Apin rada colohok.

“Pasti atuh. Apan kudu téa. Kudu maca, kudu nulis. Pikeun ngabuktikeun diri urang téh aya. Lain ukur aya ku jentul wungkul. Tapi ku karya. Ku kabisa nu katangar ku balaréa. Carana, nulis dina suratkabar, majalah atawa bu­ku. Ujang hayang jadi pangarang? Hayang jadi wartawan?”

Apin unggeuk. Obin asup ka kamarna. Teu lila ka luar deui. Mawa dua buku. Nu hiji Dunia Jurnalistik karya Jawoto. Nu hiji deui Salam dari Kawan Mao. Song ka Apin bari nerang­keun pinuh kareueus :

“Jawoto téh wartawan kahot. Ayeuna Kepala Lembaga Kantor Berita “Antara” di Jakarta. Sakeudeung deui rék di­ang­kat jadi duta besar di Tiongkok. Ari Mao téh, Mao Tse Tung, pamingpin kominis Tiongkok. Duanana barisa ngarang, nulis gagasan-gagasan, di sagigireun pinter nya­rita di podium-podium rapat raksasa.”

Buku ditampanan, bari ménta idin rék dibaca di imah. Obin nyaluyuan.

Sajajalan muru balik ka imah—rada anggang ti imah Obin, misah lembur tapi natangga kénéh—uteuk Apin asa mepeg. Hémeng ku rupa-rupa hal. Naha bapana, nu saimah sagulung-sagalang, henteu brukbrak. Mun teu penting-penting teuing, ngobrol gé langka. Ari Obin mani sagala dijéntrékeun. Nepi ka kayakinanana ogé dibalakakeun. Teu lebar ku kaboga deuih. Buku, majalah, suratkabar teu di­empét-empét dikokorét. Malah dikubrakeun.

Loba méré béja anyar jeung pararenting deuih. Pang­pang­na dina ngeunaan kamekaran kabudayaan jeung kasusastraan. Apin jadi wanoh pisan ka Obin ngaliwatan karangan-karanganana nu jadi mindeng kabaca. Boh arti­kel, sajak, carita, boh bahasan. Obin némbongkeun raga katineung anu gédé pisan kana karaharjaan rahayat. Dina hiji tulisanana Obin ngungkab nasib rahayat di pasisian nu hirupna koréh-koréh cok. Réa nu dahar soré, henteu isuk. Padahal di sisi-sisi lemburna, ngaplak lega pasawah­an. Subur tur mucekil. Saban panén ngahasilkeun paré mangketon-keton. Tapi rahayat mah ukur kahieuman bangkong. Da nu baroga éta sawah ayana di kota. Atawa aya ogé di désa, ngan kumed, pedit. Teu daék babagi kala­wan adil. Ukur méré garapan nengah mertelu nu leuwih matak ripuh patani tinimbang nu bogana.

“Ieu nu disebut “sétan désa” bungkeuleukan.  Gun­tayang­an nyerot getih rahayat. Ieu nu kudu dibabad di­basmi, sangkan rahayat bagja raharja. Bébas tina panandasa para juragan tanah. Ieu nu kudu diléléd ku révolusi sosialis. Révolusi rahayat leutik, kawas révolusi Bolsjewik di Rusia!” kitu eusi tulisan Obin dina hiji suratkabar mingguan wedalan Jakarta, nu kungsi kabaca ku Apin. Nu ngajurung sumanget Apin pikeun bisa nulis kawas kitu.

Béda ti sasari, hiji poé bapana nyalukan. Ngajak nyarita daria.

“Ari manéh getol-getol teuing macaan buku kominis. Ti Obin?”

Apin unggeuk. Moal bisa ngahélah, sabab bapana geus nyenyekel buku Salam dari Kawan Mao nu karék dibaca dua lambar kamari.

“Pulangkeun gancang. Mun hayang maca, bacaan buku-buku Bapa nu aya dina peti. Pék ludang tuh dina peti. Tah koncina.”

Geus bapana ngaléos, indit méré pangajian partéy “Nah­dlatul Ulama” di désa séjén, Apin gancang ngagusur peti di goah padaringan. Mani pinuh ku kekebul. Tapi eusina mah beresih kénéh. Bangsaning buku jeung majalah Islam. Di antarana beundeul majalah “Al Imtisal” wedalan Tasik­ma­laya, beundeul majalah “Al Hikmah” wedalan Masyumi, jeung réa-réa deui buku karangan para kekentong Masyumi.

Teu apal pisan Apin ogé. Ukur sasangkaanana dumasar kana ingetan jeung béja hawar-hawar. Baréto inget-inget poho, ku bapana kungsi digandong ka alun-alun kacamat­an. Nyaksian kampanyeu “Masyumi”. Nu pidatona Isa Ansyori, jeung “Ajengan Cilik”. Sanggeus “Masyumi” di­larang ku pamaréntah Sukarno—basa Apin karék asup ka SMP taun 1960—bapana aktip di NU. Malah jadi pangurusna di kacamatan.

“Mun ti baréto nitah macaan  buku téh. Ari geus diba­ladah ku Obin kakarék engeuh,” Apin rada kukulutus. Tapi bungah ogé meunang idin muka peti jeung ngamang­paatkeun eusina. Hartina beuki réa bacaan, jeung lain ti sapihak.

Geus aya bacaan di imah mah, ka Obin teu noron teuing. Heuleut tilu atawa opat poé. Mulangkeun bari nginjeum deui buku anyar. Geus ningkat deuih obrolan gé. Henteu ukur tukang narima béja wungkul. Tapi bisa méré béja, nu engkena bakal dipadungdengkeun jeung Obin.

“Naha ari sakur kominis kudu athéis. Teu percaya ka Gusti Alloh?”Apin nyoba-nyoba ngasongkeun masalah ka Obin. Pertanyaan meunang nyutat tina buku ipis “Hati-Hari Terhadap Ideologi Komunis” wedalan “Front Anti Komunis” Jawa Barat taun 1954.

Saperti biasa Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak. Terus ngajawab kalem pisan :

“Ah, henteu. Aya nu kominis tapi teu athéis. Kitu deui, aya nu athéis, tapi lain kominis.”

“Ari Akang?”Apin semu panasaran.

“Lantaran Akang mah hayang jadi kominis saéstu-éstuna, nya Akang mah athéis wé. Nu matak tara salat ogé. Ieu némbongkeun sikep jujur. Henteu munapék atawa lo­lon­dokan.”

“Jujur?”Apin kerung.

“Tangtu, jujur. Sabab dina kahirupan mah, Jang, ukur aya dua pilihan. Halal-haram. Salah-bener. Jujur-hianat. Munapék, hipokrit, mangrupa sikep jahat pisan. Leuwih jahat ti batan hianat. Tah Akang mah hayang jujur. Embung munapék atawa hianat. Akang komunis. Risikona Akang kudu athéis. Kudu kapir. Teu ngigama jeung teu boga agama. Sabab dina Islam ogé, ukur aya dua pilihan. Fal yu’min awu fal yakfur. Iman atawa kapir.

Lantaran Akang komunis, teu iman, Akang kudu kapir. Kudu athéis,” Obin nerangkeun bari terus nyéréngéh. Hun­tu pérakna beuki katémbong boborélakan.

“Hébat, Kang !”Apin muji.

“Akang embung jiga karéréanana umat Islam,” Obin nerus­keun kalawan tatag. “Ngaku Muslim, ngaku iman, tapi teu penceg kamusliman jeung kaimanana. Isuk-isuk iman, soré kapir. Peuting tahajud, ti beurang nganiaya rahayat. Réa babaturan Akang ngaraku Islam. Tapi tara salat, tara jumaah, puasa gé tara. Réa nu ngaku Kristen, ka garéja tara nincak-nincak acan. Akang kataji ku kominis, ku PKI, lantaran jalma-jalmana jalujur. Maranéhna athéis. Kapir. Atuh tara salat, tara puasa, tara ngalakonan ritual ibadah. Cirining jujur étah.”

Ngabandungan logika nu diasongkeun ku Obin, Apin kataji. Sanajan nolak kana bebeneranana. Sajajalan muru balik, haténa nganuhunkeun ka bapana nu geus ngeuyeub­an pangawéruhna ku cara méré bahan bacaan nu béda tina bacaan-bacaan ti Obin.

*

GEUS lulus SMP, Apin neruskeun ka sakola guru di Garut. Milu ilubiung dina rupa-rupa kagiatan, Kaasup politik jeung kabudayaan. Jeung Obin mindeng panggih lamun kabeneran di Garut aya kagiatan kabudayaan nu digugulu­an ku Lembaga Kabudayaan Rakyat (Lékra). Obin  teu weléh ngajak hadir. Sanajan réa kader-kader PKI, pangpangna “Pemuda Rakyat” jeung “IPPI” (Ikatan Pemuda Pelajar Indonesia) nu tingdarilak jeung tingharéwos mun nénjo Apin milu pajemuhan kaum kominis, teu dipaliré. Asa dijamin ku Obin nu tétéla di lingkungan éta mah, lain Si Itu Si Éta. Kungsi aya budak IPPI ngaharéwos tarik ka Obin,  yén Apin mah aktivis Gerakan Pamuda Anshor, murid KH Anwar Musaddad, naha bet disina milu aub kana kagiatan PKI?

“Di luar GP Anshor sotéh. Di dieu mah “kawan”, nya Jang?” Obin malik. Biasa dibarung nyéréngéh. Nu ngaharé­wos tadi, teu ngemék deui.

Terus terang Apin kataji ku cara kagiatan urang kominis nu teu panta-panta. Harita nyaksian, anggota Lékra ti pasisian Garut Kidul, meunang kasempetan caca­rita haréupeun gegeden Lékra ti Jakarta, Hesri Setiawan jeung Hr. Bandaharo nu geus kasebut sastrawan hébat. Tulisan-tulisanana réa kabaca ku Apin. Ampir unggal poé aya dina suratkabar “Harian Rakyat”, “Warta Bhakti”, majalah “Zaman Baru” jeung sajabana. Éstuning produktip pisan. Éta urang pakidulan Garut téh, cukup ku nyebut “Kawan Hésri”, “Kawan Bandaharo”. Teu kurang teu leuwih. Atuh Hésri jeung Bandaharo teu asa diunghak. Malah leleb pisan nyebut “kawan pedésaan” ka anggota Lékra nu aktip dina seni réog téh.

Hiji hal nu teu kapanggih ku Apin dina lingkungan partéy Islam. Nu cacarita téh para kiyai jeung pangurus wungkul. Anggota kuricakan samodél Apin mah, nu kasebut budak kénéh, ti awal nepi ka ahir, ukur semet ngeluk ngabandungan. Kungsi Apin usul ka salah saurang kekentong partéy Islam Jawa Barat, sangkan para mustami nu ngarora kénéh, dibéré kasempetan ngaluarkeun pa­mang­gih di hareupeun forum, kawas nu sok kapanggih di lingkungan PKI.

Ngajawabna singget pisan:

“Justru di dinya bédana partéy Islam jeung PKI.”

Keur kelas dua Apin téh, basa kajadian reuweuh-reu­weuh Gerakan 30 Séptémber di Jakarta, nu diluluguan PKI sabalad-balad. Inggeungna karasa ka sakuliah nagara. Kaasup ka padésaaan-padésaan.

Ti bapana, Apin meunang béja, yén di Pasir Geulis kapanggih lombang badag anyar meunang ngali. Ditalung­tik, aya nu ngaku, cenah diparéntah ku Kuwu Sumad. Geus kitu mah teu hésé matula-matalikeun. Apan Kuwu Sumad téh PKI. Sarua jeung Obin. Sarua jeung Hunang, jeung Ajut, nu sok ngaréog jeung  nyalung.

Teu reuwas teu sing meunang béja kitu téh. Da tina suratkabar gé kabaca. Ti mimiti jéndral-jéndral diculik terus dipaéhan di Lubang Buaya. Mayitna digebruskeun ka sumur. Béja ngeunaan kakacowan pamaréntahan deuih. Bung Karno ngungsi ka Halim Perdanakusumah. Mayor Jéndral Suharto, Panglima Kostrad tandang makalangan ngababad karaman.

Sabulan tas kajadian, Apin teu ngahaja panggih jeung Obin di péngkolan. Awakna begang. Seurina henteu suranyeh. Malah diajak nyarita, biwirna semu-semu balem. Nepi ka teu katémbong naha dina huntu caréhamna aya kénéh lapis pérak atawa geus euweuh.

“Akang mah keur tunggara,” Obin semu ngahalengis. Matak watir nu ngadéngé.

“Abdi ngama’lum, Kang. Sing atos-atos wé,” Apin ngupahan. Ras inget ka budakna. Nu pipina tembem. Nu baseuh jeung semu hanyir. Meureun geus lima taunan. Téréh disakolakeun.

Bisa disebut tepung panungtungan. Sabab saminggu ti harita, Apin kadatangan bapana nu tas rapat di kantor NU Garut.

“Imah Obin diduruk,” béja pangheulana nu katarima, matak ngajewaw.

“Kumaha buku-bukuna?” ujug-ujug éta nu dipikainget ku Apin.

“Lapur teu nyésa. Malah tajug gé milu kaduruk.”

“Ari Obin?”

“Salamet. Da didurukna peuting. Isuk-isukna Obin ditéwak. Dibawa ka Kodim.  Anak pamajikanana mah diungsikeun ka imah dulur-dulurna.”

Nyoba-nyoba Apin datang ka kantor Kodim. Hayang ngalongok. Tapi ku nu jaga dilarang. Sakur tahanan anyar anggota PKI, masih kénéh diisolasi. Tacan didaptar saha-sahana jeung ti mana-manana. Jadi hésé néanganana.

“Jeung kudu ati-ati, ulah dapon hayang tepung,” kopral patugas jaga ngingetan. “Bisi hayoh ké énté kababawa di-pé-ka-i-keun. Daék?”

Apin nu harita mamaké jékét KAPI – Kesatuan Aksi Pelajar Indonesia – gideug. Haténa murengked. Kawanina péot. Gura-giru ka luar ti buruan kantor Kodim. Muru pos komando nu jadi panonoban anyar salila kaayaan gunjang-ganjing.

Pleng les teu aya béja teu aya carita. Basa meneran balik, ngalanglang ka urut imah Obin. Tinggal ruruntuk sésa ngahuru. Kabéh geus rénghék géhéng. Nu gampil kateu­reuy seuneu, tinggal kekebul mangrupa lebu hideung. Meureun pasésaan buku-buku, suratkabar, jeung majalah bogana Obin. Kacipta ku Apin, sut hurung téh enyaan. Asa disuluhan ku keretas.

Tajug gigireun imah Obin, milu kaduruk. Bubuhan kawilang antel pisan. Ceuk Mujab, babaturan Apin nu nyaksian éta kajadian, tajug mah teu tuah teu dosa. Bet angger kababawa.

“Imah katut eusina sapuratina ogé teu dosa. Mun rék disebut dosa, meureun Obin sorangan, da manéhna jadi kominis. Naha mani kudu jeung imahna di sina ledis?”Apin ngaheruk.

“Teu nyaho urang mah. Sakabéh urang dieu gé teu nyaho. Ujug-ujug datang saabrulan jalma. Bada isa harita téh. Tinggorowok “ganyang PKI, ganyang PKI”. Gur baé imah Obin. Imah Kuwu Sumad sarua. Ngan imah Hunang jeung Ajut nu henteu téh. Bubuhan ukur kominis pepetékna meureun,” Mujab nerangkeun.

“Urang dieu teu nyaho. Komo urang jauh, teu nyaho pisan. Naha wani-wani ngaduruk, nya? Lain nanaon urang mah, euy. Kahayang téh ulah dapon émosi. Keun wé imah jeung eusina mah, teu kudu digunasika. Cukup ku jele­ma­na, nu kominisna, ditéwak.”

“Teuing atuh. Pédah usum dudurukan wé meureun. Ilu-iluan.”

Nepi ka opat puluh dua taun pleng les. Apin ukur meu­nang béja saliwat-saliwat. Cenah, Obin dipindahkeun ka panjara Kebon Waru. Ti dinya ka Nusa Kambangan. Te­rus ka Pulo Buru.

Aya deui béja kamari. Di pangjumaahan. Yén Obin gering ripuh di Bandung. Keukeuh meredih, mun puput umur hayang dikubur di lembur. Aya titahan kulawargana datang ka Ajengan Muhlis.  Nyaritakeun kahayang nu keur nyanghareupan ajal.

“Ari Emang mah, pék téh teuing. Dikubur di mana-mana ogé, sarua jalma mah. Nu béda téh amal-amalanana di dunya, nu baris kabawa ka alam nu bakal datang,” putusan Ajengan Muhlas nu jadi cecekelan kulawarga Obin.

Ayeuna layon datang. Apin milu mapag. Mun bisa hayang muka heula boéhna lebah beungeut. Hayang nyaho rurupaan pamungkas Obin nu kungsi sagulung-sagalang opat puluh tujuh taun ka tukang. Dina henteuna rék milu nyalatan. Sanajan kungsi apal, yén Obin ngaku kapir. Ngaku athéis. Piraku sugan dina mangsa ampir satengah abad, tur ngalaman rupa-rupa pait peuheur kahirupan nu pangpait-paitna jeung pangpeuheur-peuheurna, taya parobahan pamadegan jeung pamanggih. Bari Obin mah ukur saurang pribadi. Sajarah geus ngabuktikeun, kominis nu mangrupa idéologi internasional, jadi anutan nagara jeung bangsa, bisa runtag sapisan. Bangsa-bangsa jeung nagara-nagara komunis réa nu ancur lebur. Uni Sovyét, Yugoslavia, Jerman Wetan, Rumania, Hungaria, jeung sajabana. Komo deui ukur sadirieun Obin nu geus kaluar asup panjara, pangbuangan, terus hirup deui di pakumbuh­an nu geus barobah ku perjalanan jaman.

Ti sisi jalan, layon digotong ka masjid jami. Patempatan nu baréto teu weléh disingkahan ku Obin. Sabab unggal poé Jumaah, manéhna indit waé ka Bandung. Apin apal pisan. Sabab kungsi jadi tukang ngarep- ngarep sangkan Obin gancang mulang poé Saptu atawa Minggu. Hayang geura moro oléh-oléhna. Suratkabar, majalah atawa buku bacaeun anyar.

Datang deui mobil séjén. Sababaraha urang turun. Aya nini-nini kolot. Aya awéwé tengah tuwuh umur lima puluh­an. Apin geus teg. Nini-nini kolot moal salah pamajikan Obin. Ari nu tengah tuwuh, anakna, nu bareto bohono, pipina tembem, baseuh ku aday jeung semu hanyir ari dicium. Ayeuna jigana geus dituturkeun ku incu-incuna. Aya nu bohono di antarana. Ngan pipina beresih hadé urus. Henteu baseuh ku aday jeung moal semu hanyir. Malum hirup di kota.

Teu lila di masjid téh. Layon gancang dibawa ka pakuburan nu geus réngsé dikali ti tadi. Bada ngurebkeun, Apin teu buru-buru balik. Ngahaja mandeurikeun manéh. Itung-itung jarah. Sakalian tafakur. Neuteup hiji-hiji tutunggul parentul. Neuteup patempatan nu isuk pagéto jaganing jaga, baris jadi panonoban dirina.

“Kitu ge lamun ku Gusti Alloh ditakdirkeun maot di dieu, di lembur, tur aya kasempetan dikubur di dieu. Kawas Obin. Nganclang ka mamana dina kaayaan nandangan lara tunggara, jasadna bisa kénéh mulang ka sarakan baligeus­an,” Apin ngaheneng. Rét ka kuburan anyar nu dieusi layon Obin. Nu opat puluh dua taun ka tukang kungsi nyarita yakin pisan. Yén hirup di dunya mah ukur dua pilihan. Kaasup dina soal akidah. Mun teu kapir,  nya iman. Ulah satengah sapotong. Sakapeung iman sakapeung kapir.

Apin sorangan teu nyaho. Naha dirina boga pamilih nu panceg kitu? Atawa mindeng luak-léok pucuk awian? Atawa kawas éngkang-éngkang? Rumasa, sapanjang hirup genep puluh taun, tacan boga pamilih nu luyu jeung kanyataan. Ngaku iman, padahal ukur wawayagon. Disebut kapir, nolak entangan-entangan.

Obin mah, ti opat puluh tujuh taun ka tukang geus boga pamilih tur wani ngabuktikeunana dina kahirupan sapopoé. Malah geus deukeut ka maot ogé, wani nangtu­keun panonoban pamungkas pikeun ragana nu geus ngababatang. Henteu di Nusa Kambangan. Henteu di Pulo Buru. Tapi di lembur nu kungsi jadi pamatuhanana  ba­heula.

Angin nebak ti lebak. Muragkeun kembang-kembang sa­moja nepi ka mayak dina astana. Sora situncuing lir nurih langit. Apin ngagerentes :

“Kang Obin, Akang geus tinemu jangji ahir. Pek sing tagen nyangharéupan tanggungjawab pribadi Akang ka Gusti Alloh nu ku Akang baréto dianggap euweuh. Mugi-mugi baé salami Akang ngumbara di dunya, kungsi anjog ka lahan nu nganyatakeun ayana Dzat Nu Maha Kawasa, tur jadi kayakinan anyar nu ku Akang bisa dibuktikeun sabada nyawa katut —amal-amalan pegat, jeung awak nyangkorah dina logak sacangkowak”

Dimuat dina Manglé No. 2133


Lalampahan Si Oding Jadi Pangarang

Mei 2, 2010

PAIT peuheurna jadi pangarang, ku Si Oding mah geus kaalaman. Ti mimiti dicarékan ku Kadus Akim (alatan mindeng teuing ngritik kawijakanana), dibaeudan ku Jang Uyéh (pédah ngaranana remen dijieun tokoh carita), nepi ka diudag-udag ku kabogoh Néng Nani, basa nyieun karangan anu judulna ‘Semalam Di Kamar Néng Nani’. Geus karuhan ari urusan jeung tukang warung mah, lain sakali dua kali. Kungsi sakali mangsa diriungkeun ku Mang RT, alatan nganjukan baé udud jeung kopi. Ari palebah mayarna, kudu ngadagoan heula karanganana dimuat dina koran atawa majalah. Mangkaning dimuatna tara tangtu iraha-irahana.

Cita-citana hayang jadi pangarang, geus ti jaman harga béas salapan ratus. Diajarna ogé kaasup otodidak. Kungsi mati geni di para seuneu, tapa di luhur caringin, saré di Makam Syech Quro, meuting di Manganti, jeung ngadeuheusan tempat-tempat karamat. Beungeutna nepi ka barengep ogé, apan bati néangan inspirasi, basa manéhna mujasmedi dina dahan kiara, handapeun pisan sayang nyiruan. Satuluyna mah Si Oding remen ngayakeun observasi ka tepis wiring. Ngadon leuleumpangan bari mawa ransel anu eusina: pulpén, keretas, gula-kopi, bako sebul, bantal, sarung, béas, jeung (teu poho) potrét Néng Iis.

Satengah taun katukang, Si Oding nékad pikeun ninggalkeun bali geusan ngajadina, Lembur Situ. Manéhna ngumbara ka Bandung, bari mawa harepan hayang jadi pangarang kakoncara. Naskah-naskahna dikirimkeun ka sababaraha média massa. Mémang teu pati gaplah. Karanganana aya anu dimuat. Atuh tina ladang ngarang téh, Si Oding geus bisa ngiridit calana jin, nganjuk tivi séken dua welas in satengah, tug nepi ka bisa meuli hand phone sagala rupa. “Ngarah gampang komunikasi,” kitu ceuk Si Oding bari némbong-némbong Handphone, anu dikangkalungkeun dina beuheungna. Tapi gara-gara handphone, béjana Si Oding téh kungsi ditegor ku salah saurang tim redaktur majalah sastra, alatan ngirimkeun cerpén ngaliwatan SMS.

Dina hiji poé, basa Si Oding keur ngahuleng hareupeun tukang bajigur, Manéhna patepung jeung Néng Lilis. Puguh baé panonna mani molotot mata simeuteun, ningali rupa Néng Lilis anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, mapaésan tangtunganna anu jangkung lenjang, pakulitan bodas beresih, taya cawadeunana. Dasar Si Oding (anu salawasna sok ditampikan baé ku awéwé), ningali Néng Lilis téh langsung baé katarik ati, kapentang asmara. Malah awahing ku husuna neuteup Néng Lilis, Si Oding katutuluyan nuturkeun Néng Lilis nepi kana lawang pager imahna. Éling-éling sotéh, basa tukang bajigur nyusulan Manéhna bari kutuk gendeng, alatan gelas bajigur ngadon diasupkeun kana jero kantongna. Leuheung basa lamun geus dibayar.

Teuing kumaha prosésna. Sakali ieu mah, Si Oding meunang kabagjaan dina urusan cinta. Néng Lilis teu nampik, basa Si Oding ngedalkeun kereteg haténa anu nyangkaruk dina asmara. Matak hémeng taktagé. Lain indung bapa Néng Lilis wungkul anu ngarasa héran téh. Malah tatanggana ogé tingharuleng basa nyaksian Si Oding jeung Néng Lilis, anu keur ngumbar katresna di sisi wahangan.

Mémang ari gosip mah éta ogé aya. Nurutkeun tukang cingcaw anu biasa mangkal di Kubang Selatan; basa rék ngedalkeun cintana ka Néng Lilis, Si Oding téh nyelang heula balik ka Lembur Situ. Rék ménta bantuan jangjawokan ka Bah Pian cenah mah. Tapi teuing bener, teuing henteu. Kilang kitu, Jang Ucup, anu geus aya kana dua taunna miharep Néng Lilis, ngahaja ngadegkeun TPDSO (Tim Penyelidik Dukun Si Oding). Awahing ku timburuan sigana téh.

Hanjakal pisan. Sanggeus Si Oding hahadéan jeung Néng Lilisi, Manéhna jadi teu bisaeun ngarang. Sanajan geus nyieun sababaraha rupa tarékah ogé, tetep bae taya inspirasi atawa ideu carita keur karangan. Mémang sabada dititenan téh, karangan anu saméméhna geus dijieun, ukur nyaritakeun kapeurih tina perkara ditampik sapajodogan ku awéwé. Tangtu bae, ari geus boga bébéné mah, asa pamohalan rék nyaritakeun katunggaraan asmara.

Teu bisa ngarang deui, pikeun Si Oding mah kana tangtu ngadatangkeun hiji mamala anu lain lumayan. Pangpangna mah moal boga honor keur waragad sapopoé. Anu ngalantarankeun Si Oding jadi mindeng huleng jentul bari nyanghareupan mesin tik anu geus aya sabulanna tara pisan dicabak. Mangkaning méh unggal mangsa, tukang warung ngagugujeg hutangna anu geus numpuk. Rét, panonna neuteup kana céngcéléngan anu geus parongpong. Nyoba-nyoba céngcéléngan téh dijieun sajak, tapi batan bisa mah kalah lieur anu aya. Écésna mah Si Oding téh ngarasa bingung anu lain dikieuna. Nepi ka ahirna Si Oding nyieun kaputusan anu papalimpang jeung kereteg haténa.

Bari nyurucudkeun cipanon, Si Oding nyuratan ka Néng Lilis, anu eusina ménta sangkan Manéhna diputuskeun tur dinyenyeri. Malah lamun bisa mah, ménta dicarékan lak-lak dasar jeung dijejeléh. Pang kitu, ngarah manéhna bisa ngarang deui.***


Kembang Keretas

Mei 2, 2010

Carpon Ai Koraliati

DITA, jadi dirawat di Jakarta téh? Tadi beurang urang ngahaja ka rumah sakit rék ngalongok, tapi manéh euweuh geuning. Ceuk suster jaga mah manéh dipindahkeun ka rumah sakit séjén.

Wanci sareupna datang ka imah téh. Urang keketeyepan ngaliwatan kamar si Bapa, bisi gareuwah. Ti jero kamar hawar-hawar kadéngé lagu “Ucing Garong”. Kawasna mah keur aya sémah, da pantona rékép. Pasti Tante Tina, kabogoh si Bapa.

Blus ka kamar, gubrag ngabeubeutkeun awak kana kasur. Suku karasa paranas nyanyautan balas leuleum­pangan. Geus saminggu urang kekeleyengan waé néné­ang­an manéh, Dit. Reup peureum. Bakat ku capé, les wé kasaréan.

Ngoréjat téh kahudangkeun ku sora jam. Di kamar pararoék. Cetrék ngahurungkeun lampu. Uluh hordéng gé can ditutupkeun! Geus tabuh sabelas. Sanggeus nutupan hordéng, gék di sisi ranjang. Sirah karasa lalendeng.

Di téras kadéngé aya nu nyarita, “Iraha urang tepang deui?” Urang kerung. Sémah si Bapa nu tadi beurang téa kitu? Geuning lalaki, lain Tante Tina. Panasaran, jung leumpang ngadeukeutan kaca jandéla. Lalaunan hordéng dipéléngékeun. Sémah téh keur dongko disapatu, si Bapa ngajanteng haréupeunana, disasarung.

Nempo dedeganana mah asa bapa manéh, Dit! Can pati sidik kana rupa bapa manéh téh da langka di imah kapan. Urang ngucek-ngucek panon bisi salah tetempoan. Enya kitu bapa manéh, Dit? Naha bet wawuheun ka si Bapa, nya?

“Akang édun, ih!” Bapa manéh nyawél gado si Bapa. Jajantung ujug-ujug ratug tutunggulan. Sajongjongan urang ngajengjen kawas patung. Leungeun muntangan gordéng. Bapa manéh ngaléos ti buruan bari gugupay ka si Bapa. Leumpangna semu ngageblay. Siak, awak ngadadak tingsariak.

Paingan ceuk manéh baheula, “Win, bapa urang mah gagah téh, siga Ivan Gunawan.” Sugan téh bohong, ari pék téh enya siga pisan. “Siga Ivan Gunawan atawa siga, itu tuh!” Urang nurutan iklan. “Naon siah, ka bapa urang nyebut béncong!” Manéh molototan. “Saha nu nyebut béncong? Ih, ari manéh sok sénsi!”

Teu kanyahoan, bray panto kamar aya nu mukakeun. Urang ngarénjag. Si Bapa haha-héhé nyampeurkeun. Gajleng urang luncat. tuluy nyempod di juru. “Ampun Pa, ampun Pa!” Urang ngarapetkeun awak kana témbok nukangan si Bapa. Dina beuteung karasa aya ngaganjel. Angen ratug. Si Bapa ngarangkul ti tukangeun. Urang adug songkol jejengkengan. Lila-lila rangkulan si Bapa mimiti ngendoran. Awak urang dibalikkeun. Ngadadak asa jadi gedé tanaga, gampleng pipi si Bapa dicabok sahabek­na! Si Bapa ngabangkieung. Durugdug urang lumpat ka luar ti kamar.

*

Dit, poé ieu urang datang ka sakola. Rék ngadon ngum­bar panineungan. Ti saprak dikaluarkeun ku sakola, kakara ayeuna urang ngalanto deui ka dieu. Ngahaja poé Minggu, ngarah teu panggih jeung babaturan sakelas, sanajan boa maranéhna mah geus lalulus meureun.

Panonpoé keur meujeuhna haneut moyan. Gog nagog dina tétécéan luhureun tihang bandéra. Kelas nu sasarina ramé téh ayeuna mah simpé. Kitu deui buruan sakola, katempona leuwih lalening ari teu aya nu sarakola mah.

Dit, inget teu, lamun keur istirahat, urang sok naragog duaan di dieu. Ti dieu mah plung-plong tetempoan téh, da puguh di mumunggang. Paneuteup lempeng ka Pasir Astana. Lamun aya nu maot téh, sok atra tinglaliungna nu keur ngurebkeun. Itu gé tuh, kawas nu keur ngarali kuburan.

Bet ras ka manéh basa urang keur ngadaweung duaan di dieu. Harita téh aya nu maot. Manéh ujug-ujug nyikikik seuseurian. “Iraha nya manéh dikubur di dinya, Win? Nu awakna kawas jarapah mah sok leuwih gancang maotna.”

“Siah, dasar ébél. Nya pasti heula manéh, atuh. Puguh nu awakna bayuhyuh kawas manéh kitu nu téréh maot mah.” Jep téh manéh jempé. Ari dirérét nyampak geus rambisak. Urang ngaranjug, manéh dirangkul. “Alah hampura, heureuy urang mah, Dit!” Urang rampang-reumpeung ngupahan manéh. Lila-lila manéh gé seuri, sanajan bangun kapaksa.

Jeletit aya nu nyoco kana suku. Sireum géhél! Jung nangtung. Ngised ka beulah kénca. Nu maot téh kawasna mah jalma beunghar. Nu jarajapna gé mani ngaleut kitu.

Teu karasa panonpoé geus manceran. Angin Lémbang ngendagkeun kembang kertas beureum nu tinggaruyun. Haréudang, tapi jékét kalah dirérékép ngabunian beu­teung nu beuki belenu. Urang ngarahuh miceun babangba­luh jeroeun dada. Panon ngadadak peurih. Buru-buru tanggah nahan cipanon nu rék ngeclak.

Salila-lila neuteup tihang bandéra nu ngalekeceng teu aya bandéraan. Teu karasa biwir ngarenyu. Inget ka manéh nu hayang jadi anggota Paskibra. Piraku aya Paskibra awakna sagedé gajah kitu! Boro-boro jadi patugasna, upacarana ogé cadu. Kapan keur diajar gé sok kabur waé, lin!

Kawas basa hiji mangsa, basa Bu Ina nuju nerangkeun. Teu pupuguh manéh ujug-ujug mérésan buku dikana-kantong-keun, “Win, urang mah rék balik,” léos wé. “Dita, badé ka mana?” Bu Ina nerangkeunana lirén heula. “Uih, Bu.” Manéh ngabéngbéos dituturkeun ku paneuteup babaturan sakelas. Bu Ina ukur colohok bari gogodeg.

Kungsi urang diseleksek ku Bu Nani guru BP. Maluruh ku naon pangna Dita sok balik teu pupuguh bari tara bébéja ka guru nu keur ngajar harita. “Cing sugan Wina terang ku naon Dita téh sok kabur waé?” Urang ngabigeu, da puguh sarua teu nyaho. Rék nanya langsung ka manéh téh sieun dibaeudan. Atuh engké moal dijajanan deui. Teu sudi teuing lamun urang kudu  malakan deui babaturan kawas baheula mah. Héos bau kawah. Urang curinghak, asa nyay-nyayan aya nu kapikir.

“Bu, bau nya?” Bu Nani ungas-ingus, tuluy unggeuk semu kerung. “Tah Bu, pami Dita badé ngaléos ti kelas téh sok bau kawas kieu, kitu da unggal-unggal ogé.” Bu Nani beuki kerung. Tapi laun-laun mah anjeunna gé unggut-unggutan.

Kadieunakeun mah mun manéh ngaléos ti kelas téh geus tara aya nu ngageureuh-geureuh. Bisi kababayan deui kawas harita meureun. Kapan dirawatna gé nepi ka dua bulan. Horéng dina awak manéh nu katempo sakitu séhatna téh nyalingker rupa-rupa kasakit. Jantung, darah tinggi, diabétés, asam urat, koléstérol, jeung teuing naon deui atuh. Campur-campur wé pokona mah. Huh, dasar panyakit jalmi nyondong!

Basa urang ngalongok manéh di rumah sakit katempo awak manéh téh ngorotan. “Wina, tempo urang jadi lang­sing kieu!” Manéh cengkat rék diuk, tapi katahan ku selang imfusan. Golédag deui kana bantal semu nyanda. “Dua puluh kilo turunna ogé.” Hah, dua puluh kilo? Tapi angger waé sagedé buta. Éta geuning gado ngagarayot kénéh!

“Ayeuna mah dahar urang téh digram, Win. Sapopoé ngan ukur ngemil apel wungkul.” Urang ngahuleng. Atuh ayeuna mah urang gé bakal kalaparan? Moal seubeuh deui cara baheula. Harita mah salian ti seubeuh téh, saku sok mérékis waé. Boh indit boh balik ti sakola sok ngilu ka manéh, turun-unggah mobil sédan. Wah pokona mah asa jadi borju wé urang téh!

“Matak gé tong loba teuing barangdahar, bisi kaba­bayan deui di kelas! Bekel atuh sakalian WC-na ka sakola!” Si Dadang jeung si Agus ngoconan manéh basa keur istirahat. Urang keur ngadalaharan anggur bekel manéh ti imah. “Naon siah?” Si Dadang jeung si Agus kalah tingcalengir teu miroséa manéh anu muncereng, léos ka luar rék jarajan. Manéh ngoréjat ngudag bari memener seragam nu nyingsat katarik lebah bujur. Ceg, ngarawél jidar kai tina méja guru. Urang ngalenyap, rék nyarék teu kaburu. Beledag sirah si Dadang ditakol sahabekna. Si Dadang muringis bangun nu nyeri pisan.

“Aduh siah getihan, Dita!” Si Agus molotot ka manéh. Urang neuteup manéh nu rénghap ranjug kénéh nahan napsu. Tapi riuk manéh bangun kaduhung. Haté teu kuat hayang nyarékan, sok sasangkleng da manéh mah. Barudak ngarogrog ngarilikan getih dina leungeun jeung dina kerah baju si Dadang. Barudak naruyun si Dadang rék diubaran di ruang UKS. Ari urang jeung manéh dititah ka kantor BP.

Angin ngahiliwir, cep tarang karasa tiis. Buuk nu teu kabeungkeut ting-alewir kana pipi jeung irung. Ngaréng­hap, ngumpulkeun deui pangacian. Nu ngurebkeun di Pasir Astana geus balubar. Teuing geus sabaraha jam nga­je­jen­tul di dieu téh, nyaho-nyaho suku karasa singsireum­eun. Léos ninggalkeun tihang bandéra.

Gék diuk dina babangkuan haréupeun kelas urut urang harita. Tonggong karasa panas. Késang lapar nu renung dina beungeut diusapan. Ti peuting kénéh teu kararaban sangu. Si Bapa can datang ti kamari kénéh. Sasarina mah sok mawa sangu pincuk. Teuing ti mana meunangna téh. Ti supir angkot meureun. Bubuhan calo sénior si Bapa mah. Dipikagimir ku sasaha. Nu matak pantes wé si Mamah rék ngagerebeg teu waras ogé, da baluas ku kalakuan si Bapa jeung nasib urang meureun. Nepi ka ayeuna gé si Mamah can cageur kénéh.

Ti saprak mérégo urang keur dikeukeupan ku si Bapa mimiti kanceuhna mah. Ti harita gawéna ngajubleg huleng-jentul. Ari urang da puguh budak kénéh can ngarti nanaon, dikitu-kieu ku si Bapa téh teu weléh nurut waé. Sugan téh akibatna moal kieu.

Dit, sanasib urang téh. Bapa manéh jeung bapa urang sarua teu eucreugna.

Méméh ngaléos ninggalkeun sakola, ceg metik kembang kertas sagagang. Diambeuan. Ras ka manéh. “Bau, tapi da resep urang mah,” manéh gulak-gilek bari nyelapkeun kembang kertas kana ceuli. Geulis manéh téh, Dit. Komo mun teu buleud mah.

Awak karasa lalungsé. Sajajalan leumpang téh raran­deg­an, jog ka tempat parkir handapeun Pasir Astana. Mobil nu tas jarajap ti kuburan ngajajar. Bakat ku nahnay, gék diuk di sisi jalan. Nyangsaya kana sisi témbokan tempat parkir. Reup peureum. Tingkalosrékna nu laleumpang hawar-hawar ngadareukeutan. Hayang cengkat da éra bisi aya nu nanya, tapi teu kawawa.

Asa keur ngimpi basa taktak karasa aya nu nyagap. “Wina ieu téh?” Nyah urang beunta. Urang ngalenyap, mamah manéh, Dit! Sakedapan colohok.  Gabrug mamah manéh ngarontok urang bari ceurik. Urang kuram-kireum teu ngarti. Bari sisimekeun mamah manéh nyarita, “Win, Dita téh ngantunkeun.”

Leng tetempoan ngadadak pararoék. Ceuli nga­jelengéng katorékan. Leungeun tikekereket ngaranggeum kembang kertas. Haté teu eureun jejeritan.

Dita, urang milu!

Kalayang, awak asa kakalayangan. Urang tuluy hayang leumpang, —ngadigleu ka Pasir Astana. Bru, nyuuh dina kuburan manéh.

Dimuat dina majalah Manglé No. 2148


Sapasang Soca Wanoja

Mei 2, 2010

SAKALI mangsa Malik bin Dinar kungsi nyaritakeun yén anjeunna nyaksian hiji wanoja di Mekah. Éta wanoja téh mibanda sapasang soca anu éndah, matak tingsariak lamun kabeneran paadu teuteup.

Harita éta wanoja téh nuju nangis, budal cisoca. Pada ngariung, pada ngahibur sangkan eureun nangisna. Tapi sanajan dikukumaha ogé, éta wanoja téh henteu eureun nangis, malah cisocana beuki bedah kaluar tina juru soca anu éndah téa. Dina kaayaan kitu, aya di hiji jalma anu nyarita ka éta wanoja, “Geulis, tos ulah nangis baé. Upami salira hayoh baé nangis, lami-lami éta soca anu sakitu éndahna téh bakal ilang kaéndahanana, malah boa bakal sirna…” kitu pokna.

Dina kaayaan masih kénéh nangis, éta wanoja ngawaler, “Upami abdi calon ahli surga, Alloh baris ngagentosan sapasang soca abdi ku nu langkung éndah. Pon kitu deui, upami abdi calon pangeusi naraka, mangka abdi bakal katibanan musibah anu lamgkung rohaka batan sakadar kaleungitan ieu sapasang soca…” réngsé ngawaler, éta wanoja nuluytkeun deui nangis. Teu nolih ka nu ngarérépéh, da mémang haténa nuju manteng ka Nu Maha Kawasa, menekung mundut pidu’a kasalametan dunya miwah akhérat.

Kacindekanna, éta wanoja téh nangis lantaran sieun ku Alloh SWT. Ari numutkeun dawuhan Nabi Muhammad Saw., aya dua soca anu moal kabeuleum seuneu naraka. Kahiji, soca anu nangis lantaran sieun ku Alloh. Kadua, soca anu tetep beunta dina raraga berjoang di jalan Alloh. Kilang kitu, éta wanoja henteu ujub ngarasa dirina bakal jadi ahli sawarga, sabab nétélakeun kamungkinan anu bakal kajadian upama anjeunna digebruskeun ka naraka.

Anu matak kataji tur narik kana ati, taya lian cara mikir éta wanoja anu réalis, henteu dijieun-jieun, tapi sabenerna mah kalintang jero. Cara mikirna, bisa diteuleuman tina jawaban anjeunna basa aya nu manglebarkeun sapasang socana anu sakitu éndah lantaran hayoh baé nangis. Tapi éta wanoja, sakali deui, henteu ngarasa lebar da boga pangrasa yén sagala rupina ogé kagungan Alloh Swt. Naha bet kudu lebar ku sapasang soca, upama kudu ruksak alatan miharep rido-Na? Lamun kitu mah, éta wanoja téh geus siap toh pati jiwa raga pikeun nanjeurkeun Islam. Taya karingrang atawa hariwang leungit kaéndahanana, sabab anjeunna geus pasrah sadrah ka Nu Maha Kawasa.

Perkara budal cisoca, jaman kiwari ogé loba wanoja anu babari budal cimata. Boh anu paturay jeung salaki atawa kulawargana, kaleungitan barang anu dipikacintana, diputuskeun ku lalaki nu dipikabogohna, lantaran henteu lulus ujian di sakolaan, jeung rupa-rupa kasangtukang séjén. Malah anu teu kua-kieu ogé bisa budal cisoca, contona aktris anu geus weruh ékting dina panggung atawa hareupeun kaméra. Hanjakal pisan, budal cisoca lebah dieu mah kalintang béda jeung budal cisocana hiji wanoja saperti anu  kasaksian ku Malik bin Dinar. Jadi, lamun kitu mah sanés palebah budal cisocana, tapi anu utama mah kasangtukang pangna cisoca bisa budal.

Anu leuwih utama pikeun lenyepaneun urang sadaya taya lian sikep éta wanoja, anu teu ngarasa gimir, henteu sieun leungit kaéndahanana dina raraga milari rido-Na. Sabenerna, boh wanoja komo lalaki, henteu kudu ngarasa sieun warugana jadi ruksak satungtung dipaké merjoangkeun Islam. Naon anu rék dipaké agul ku urang? Sakali mangsa geus cunduk waktu mulang ka alam kalanggengan, soca nu éndah atawa waruga anu sampulur bakal dibalitungkeun jeung laku-lampah salila kumelendang di alam dunya.

Heup, eureunan ngagul-ngagul kaéndahan waruga. Hayu urang tobat, mundut pangampura ka Nu Maha Kawasa. Pantengkeun batin urang tug dugi ka urang ngarasa sieun ku Alloh Swt. Upama nu mundut pangampura nepi ka budal cisoca, tangtu baé hadé. Tapi poma, dipahing ngabudalkeun “cisoca buhaya” payuneun Alloh Swt. Apan Alloh Maha Uninga, kalebet naon rupa anu nyangkaruk dina saban dada manusa.***