Balakecrakan

Ieu bangku dihaturanan kanggo para saderek anu bade ngawangkong perkawis kagiatan-kagiatan anu parantos dilaksanakeun, sapertos gempungan, arisan, karumpul, atanapi rencana-rencana kanggo ngayakeun perkawis nu dimaksad. Sok mangga geura ngawarangkong, prung ah!

15 Responses to Balakecrakan

  1. Aang berkata:

    Enya nya, lawas pisan urang teh teu paamprok jonghok, moal enya ari kudu nungguan panon poe bijil ti kulon mah.

  2. Dian Ramdiani berkata:

    Aang….atuh rencanakeun reunian,supados balakecrakanna…rame…sapertos kapungkur geuning..di daerah mananya..asanamah…sateacan Cadas pangeran..kitu.

  3. Dian Ramdiani berkata:

    Iraha atuh bade paamprok jonghok deui?

  4. ani yunaningsih berkata:

    Kang Aang, kang Yan sareng teh Dian abdi ngadukung pisan kana ajakan ieu, hayu urang balakecrakan deui ngan ulah ngaremeh ah pamali mending urang tuang raos sareng pais oncom, karedok leunca, lauk peda teras naon deuinya sok atuh deeeeerrrrrr ach

  5. Dian Ramdiani berkata:

    Kang..Aang….abdimah da mani resep kana puisi,sok atuh ayakeun…puisi-puisi sunda .bari balakecrakan..teras maos puisi ….duh…saha atuh anu bade ngintunkeun eta puisi teh nya….abdimah teu tiasa.Hatur nuhun.

  6. Ani Yunaningsih berkata:

    eh naha kang yan mah kitu nyariosna ewon ah….. kasuat-suatnya kang lalakon jaman sma kapungkur…

  7. N. Andriyani berkata:

    Bapa …. aya aya wae si bapa mah.

  8. Otih Rostiana berkata:

    Punten tumaros….Dupi kang Van Baskom saderekna saha tea kang Yan?….matak gimir…… Hapunten bilih kirang upami…..

  9. smansalingga82 berkata:

    Hahahaha…… ieu teh rada lieur, Yan van Baskom ngawaler Yan, tapi nganggo email adress sami. Ari nilik kalimahna mah ditujukeun ka nu sanes….

  10. Uyeh berkata:

    Embah….kunaon amuk-amukan ? Nyaanan ieu teh ngambekna ?

  11. nono berkata:

    Bade tumaros dupi arti tina paribasa ‘ Didagoan lumpat diudag cicing ‘
    teh naon, punten nuhunkeun walerannana. Nuhun

  12. nono berkata:

    Punten dialat ‘ Diudag lumpat didagoan cicinga ‘ Naon nya hartosna paribasa ieu teh ??

  13. nono berkata:

    Punten diralat ‘ Diudag lumpat didagoan cicing ‘ Naon nya hartosna paribasa ieu teh ??

Tinggalkan komentar