Perkawis Blog

Ieu warung disanggakeun kanggo para saderek sadayana, utamina alumni SMA Negeri Sumedang tahun1982. Di ieu warung urang tiasa mapatkeun tali katineung bari babagi sagala informasi, saran, sareng sajabana kanggo kahadean urang sadaya.

Kanggo anu resep gogonjakan, mangga linggih di bangku Gogonjakan. Oge kanggo para saderek anu parantos ngayakeun tepang sono, mangga linggih di bangku Balakecrakan. Atuh kanggo para saderek anu micinta sajarah Sumedang, dihaturanan linggih di bangku Sajarah Sumedang.  Sadayana tiasa ngobrol sasarengan di bangku-bangku anu parantos disebat.

Kanggo samentawis warung urang masih nyantol di toko wordpress.com. Insyaallah manawi aya kamajengan, kapayun urang tiasa gaduh toko nyalira supados merk-na mandiri.

Atuh pon kitu deui, kanggo para saderek anu bade ngirim tulisan, atanapi foto-foto lawas dina warsa urang SMA, sumangga dikirim ka meja redaksi nganggo email dialamatkeun ka smansalingga82@yahoo.com. Tangtos sadayana bakal dimuat, malah moal diedit pisan. Pokonamah asli pisan sakumaha nu diserat.

Salajengna, kritik sareng saran ti para saderek diantos pisan kanggo kasampurnaan warung urang. Mung sakitu anu kapihatur, mugia sadayana ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan. Hatur nuhun.

24 Responses to Perkawis Blog

  1. Otih Rostiana berkata:

    dupi rengrengan “redaksi” na aya dimana kang?

  2. smansalingga82 berkata:

    Kanggo samentawis nembe tukang Admin Milist dina raraga design & dev’t dicepeng ku alpuketna Maxi Diding Vabola urang Desa Siluman (hiiiiyyy…), kecamatan Pabuaran, Kabupaten Subang. Kapayun urang dibadantenkeun wae kumaha saena. Anu matak anu mawi (hulu butak katinggang awi), ku teu ayana redaktur teh sagala anu diterbitkeun janten amburadul. Paralun ampun kasuhun, hampura anu diteda.

  3. Tia Kustiadi berkata:

    Asa hoyong riung mungpulung, heg sing lengkep angkatan 82 teh..Tiasa moal nya..????

  4. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Naon tia.. gening lamun aya reuni tara datang, nyaho ari rek ditagihmah… ari ayeuna dimana?

  5. smansalingga82 berkata:

    Niw, aya foto jadul Aniw, meunang teu mun di upload?

  6. Ani Yunaningsih berkata:

    hayu atuh akang2 srng teteh2 urang copy darat (patepung lawung paamprok jonghok) derrr ah …..milarian waktos anu sae

  7. Ani Yunaningsih berkata:

    tah eta kang leres pisan alok sanes breaker..ti sanggar seni loka ananta ( sanes lokananta )..hehe…

  8. Otih Rostiana berkata:

    Kang admin…usul: kumaha carana supados urang terang dimana nyawahna (saur kang yan tea mah), kulawarga smansalingga82, panganjrekan sareng info nu sanesna, kumaha upami disayogikeun ruang? Supados teu nyasar sapertos kang yan nu milarian teh ani di gembiraloka….?????

  9. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Ari N. Andriyani teh nudipaseh atanapi nudigalunggung, hilap deui (Neni atanapi Nani ?)

    • N. Andriyani berkata:

      Nani , Kang. Rerencangan sabangku Teh Ecin, sapalihna Kang Isep nuju dikelas mah. Sanes di Paseh sanes di Galunggung tapi caket Teh Otih. Kade nyasar ah.

  10. Aang berkata:

    Nu jelas mah sanes ti Pantura Kang Aniw.

  11. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Nani… Naniii… keukeuh teu apal Nan. Dibayang-bayang teh lebet wae ka Desy Ratna Sari ….
    Teh Otih kumaha “CIKUR TEH” ? Abdi kantos maos buku pengarangna teh Otih Rostiana. Padahal di Sumedang seeur tegalan, tiasa panginten diberdayakeun. Keun Si Abah Uyeh jeung Dodi nungurusna.

    • Otih Rostiana berkata:

      Aduh eta kang Aniw…siga kumahanya ayeuna? Cikur jahe sareng rerencanganana eta objek padamelan abdi…mangga bade melak mah mung teu tiasa ngamodalan abdi mah…cik atuh kang Aniw nu janten bandar na, abdi mah kantun supervisi (deuhhh gaya supervisi…,nya maksad na mah urun rembug dina masalah teknis panginten)…..

  12. N. Andriyani berkata:

    Aduh, mani hilapnya, teganya … teganya. Abdi mah apal pisan ka Kang Agus teh , malah foto nuju perpisahan di kgs aya, kang agus nuju 2an tah. Bumi abdi pan handapeun gunung cupu Kang.

  13. Neni Yuhaenah berkata:

    Kang Aniw. N Andriyani mah nu ti rumah sakit, aya deui eni yuhaeni ti legok, eta panginten nya nu kang aniw emut mah . . .

  14. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Enya.. Nen… dimarana nya ayeuna.. upami hoyong terang rupa pribados, bayangkeun we rano karno nganggo rambut adnan buyung nasution..

  15. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Enya teh otih engke urang rempugan heula sareng rerencangan, da jigana prospekna saenya…kumaha kang admnin tertarik ? ulah kana lauk emas wae atuh keur usum banjir….komo dicikarangmah tos ditaringgalkeun

  16. smansalingga82 berkata:

    Kana gurame ayeuna mah Niw

  17. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Ari bibitna timana…ngahaja neang sorangan mah gening sok hese, meunang ge binih sepat.. eta ge laletik keneh kakara 13th..per kilo

  18. ani yunaningsih berkata:

    punten ah nembe ngalokan deui yeuh…tah kitu cocok ngobrol teh tina jahe sareng cikur digabungkeun sareng lauk gurame…duh nikmat pisan janten pais gurame cirata leres teu kang admin? iraha atuh bade kintun2na

  19. Ani Yunaningsih berkata:

    abdi saluyu sareng kang Yan Van Rantang eh lepat Van Baskom, aya kolom biodata anu kumplit pisan supados aya nanaon gampil ngahubungna

Tinggalkan komentar