Asal Usul Ngaran Rancamaya

Februari 18, 2011

Bahan carita ti saderek DIDI HIDAYATUL KHOLIS Kepala Kampung Kersamenak Wilayah Departemen P dan K Kecamatan Tarogong. Nu nyepeng Riwayat Ajengan H. HASBULLAH Rancamaya, kalayan aya titinggalna mangrupa daun lontar, baju kere, kitab-kitab, Bonang, cucuk konde jeung sobrah.

Sababaraha ratus taun ka tukang, nalika bangsa urang umumna, khusus di wewengkon Kabupaten Garut masih keneh ngagem Agama Hindu; numutkeun sejarah mah Kecamatan Bayongbong, Cisurupan, Samarang jeung Kecamatan Tarogong ka asup ka karajaan Timbanganten nu Agamana Hindu, ku kira-kira ieu carita teh mungkin bae jaman eta. Ari laku lampah jalma beh ditu nepi ka ayeuna jigana sarua bae, aya nu milampah hade jeung aya nu milampah goreng sok sanajan diuger ku aturan-aturan agama atawa darigama. Keur jalma nu nagalampahkeun goreng cek inyana mah hade bae, sabab tujuannana ngan nepi ka nyumponan ka butuh hirup, asal pake pageuh, dahar seubeuh, imah weuteuh, anak pamajikan kaparadah sapopoena. Nyakitu deui jaman harita oge di wewengkon Desa Kersamenak jeung Sukalilah ayeuna kaayaan daerahna teu aman, unggal peuting kudu bae aya paling, bray beurang loba padagang nu dibegal, teu sirikna unggal golodog geus kaunggahan rampog. Pantes wae mun rahayat sawewengkon eta ngarasa pugag dina enggoning nyiar kipayah, para padagang hoream lunta, patani sungkan ancrub ka cai teu saeutik kaom buruh gawena ngan nangkeup tuur. Nitenan kaayaan balarea jiga nu peunggas harepan, Ki Sumeren Kawalangket, kumaha narekahannana sangkan rahayat laluasa dina kahirupannana. Sanggeusna dipikir di bulak-balik diitung untung-rugina, ditimbang-timbang pibalukareunana, Ki Sumeren sapada harita ngondang tatanggana nu kawilang ku manehna boh ti pihak kolot nu geus boga wiwaha, oge para nonoman nu miboga wanda tanggung-jawab ka balarea. Atuh dina barengna teh babadamian jol mupakat bae da puguh eta pisan nu ku rahayat dipakahayang. Ti harita ngaran Ki Sumeren kagurnita ka balarea, ari sababna manehna pisan nu ngatur cara ngajaga jeung ngariksa boh rahayat boh pakaya, oge ngadidik jeung ngalatih ka para nonoman nu dibutuhkeun tanagana tur kabisana, nya Ki Sumeren pisan nu ngagemleng beurang peuting dina aturan ulin maenpo, pikeun numpes jalma-jalma nu jarahat. Murid-murid Ki Sumeren lila-lila mah sumebar ka unggal desa, tur mawa pangabisa pikeun ngajaga ngariksa tur ngabela kulawarga katut balarea dina mangsa aya maung ngamuk, gajah meta aya siku siwulu-wulu. Ku sumebarna murid-murid Ki Sumeren nu nyarahcal di unggal tempat mawa pangaruh anu kacida gedena keur rahayat di tempat eta boh ngeunaan sabilulungan dina nyinghareupan jalma-jlama jahat atawa tulung – tinulung ka sasama nu merlukeun bantuan boh tanaga, boh harta. Nya kitu dina prak-prakannana sumembah kana kapercayaan alam harita (mun ayeuna mah disebut animisme). Murid-murid Ki Sumeren mangrupa pamanggulna. Ku ayana murid-murid Ki Sumeren nu geus sabilulungan jeung rahayat, atuh keur jalma-jalma jarahat oge mangrupa hiji pangajaran pikeun maranehannana ngayakeun komplotan keur usaha babarengan , sabab ari seang-sewangan mah geus teu kauntup geusan ngalawan dimana kaperegonakeun ngarampog. Mimitina mah komplotan rampog teh aya dina kaunggulan tur kauntungan dina enggoning ngalaksanakun kajahatannana, malah di sawatara kampung mah aya jalma nu nepi ka tampadaksa disiksa jeung ditandasa pedah teu masrahkeun harta bandana. Dina mangsa meuweuhna jalma-jalma jarahat ngaranjah mah ka unggal imah, Ki Sumeren harita keur ngayakeun babadamian jeung samurid-muridna kalayan nu dumasar kana wangsit roh suci nurutkeun kapercayaan alam harita. Sanggeusna Ki Sumeren mere mangrupa-rupa cara pikeun nyanghareupan lawan sangkan aya dina kaunggulan, pungkasanana carita Ki Sumeren nandeskeun, yen taun ieu taun munggaran pikeun numpes jalma-jalma nu jarahat, kalayan taun ieu pisan mimiti ngalaksanakeun seba, nu mangrupa nunggel janggana jalma nu kawilang jahat dina sataun saurang. Satutasna rampung babadamian kalayan ngabogaan tekad anu moal laas pikeun ngabasmi jalma-jalma nu jarahat ku rupa-rupa tarekah. Tarekah nu munggaran tina hasil babadamian tea nya salah saurang murid Ki Sumeren kudu ngayakeun hiji upacara perkawinan kalayan diayakeun hiburan mangrupa maenpo, nu dipalar supaya karaman ngarampog kanu keur hajat dina mangsa eta Ki Sumeren pikeun nguji murid-muridna hasil didikannana. Tarekah munggaran bener-bener keuna kanu diduga jalma-jalma nu jarahat daratang ngabubuhan, ngaranjah ka imah nu keur hajat. Bubuhan hajat ngan ukur mangrupa pitapak, nu boga imah mere tanggara ka baturna nu geus sayaga samemehna. Ki Durganda kapala kaamanan lain deui ngarejagna ari sababna kakara waktu harita aya nu nyoba-nyoba ngalawan tur ngagagalkeun maksudna. Murid-murid Ki Sumeren geus teu sabar hayang mere pangajaran susuganan jalma-jalma nu jarahat jadi insap. Teu sawatara lilana Ki Durganda sabaladna geus laluncat ti imah nu boga hajat bari ngalalugas pakarangna, di luar balad Ki Sumeren geus ngaregreg lir pager nu kekep rekep. Ki Durganda hemar hemir arek tanding asa wegah rek ngalawan, tapi dasar Ki Durganda boga adat bahula tungtungna lahlahan narajang pangheulana dituturkeun ku baladna. Ki Durganda sabaladna tambah-tambah ngarasa heran sabab nu dianggap musuhna estu teu mawa pakarang, tur lobana sarua jeung jumlah balad manehna; geus tinangtu pihak musuh rek ngajajal pangaweruh. Teu sabaraha lilana der tarung campuh, iyeu patutunggalan, ari Ki Durganda sabaturna tarungna bener-bener boga maksud muputkeun umur musuh, ngarah nyawa pihak lawan. Sabalikna ari murid-murid Ki Sumeren ngalaksanakeun usaha nu munggaran, mangrupa mere pangajaran susuganan maranehna insap tina kajahatan. Ki Durganda sabaturna ngarasa jengkel, kabeh kabisana digunakeun tapi teu matak nyugemakeun, kalah maranehannana beak tanaga, rea daiantara balad Ki Durganda nu ngalungkeun pakarangna bari lumpat ngarasa teu kuat ngalawan ku pangawasa lawanna, lila-lila balad Ki Durganda beak kalabur ninggalkeun tarung, bari nandangan kanyeuri, rarasaan panon asa narolol urut katonjok, ka tojos, taktak walikat asa semplak urut kasepak ka tongtak, mun gado asa nyengsol mun careham asa semplak, pipi peurih lir digerih urut panampiling semu gunting. Balad-balad Ki Durganda teu saeutik nu ngadak-ngadak muringis, sungkan nuluykeun kajahatan sabab ku maranehannana karasa geuning kiti jajatena pihak lawan, muji sajeroning ati cacak-cacak pihak lawan mun aya maksud nandasan pinasti maranehna palastra, ku cara eta pisan diantarana aya nu ngadadak insap sapadaharita, turta balik kana jalan nu matak nyalametkeun ka dirina tur ka kulawargana. Tapi aya diantarana nu  boga rasa hayang mulangkeun kanyeri, hutang uyah taur uyah, hutang pati bayar pati, basana kagok barontak kapalang carambang, kumaha geletuk batuna kecebur caina. Ki Durganda nu geus ditaringgalkeun ku sabaturna harita masih ragot tarungna. Ki Durganda sababaraha kali ganti pakarang tapi can bisa ngungkulan musuh sok sumawona ngarubuhkeun Ki Pasrana tetep lemor jiga nu ngahaja ngala tanaga lawan ngarah musuh lusuh napsuna. Barang keur ragot nu tarung Ki Sumeren gancang mere tangara ka Ki Pasrana. Cukup Pasrana, barang Ki Pasrana ngadenge basa guruna, teu talangke Ki Durganda dirapetan bisi srog suku kencana dikahareupkeun dina waktu nu sakiceup bedog Ki Durganda geus murag, bareng jeung muragna Ki Durganda nyuuh adug lajer gegerungan teu kuat nahan kanyeri nu nyaliara sakujur awak. Ki Durganda diparayang dibawa ka imah Ki Pasrana, tuluy digolerkeun di tengah imah, dijaga ku Ki Pasrana sabaturna. Poe isukna sanggeus Ki Durganda pulih deui, dibawa ka imahna Ki Sumeren sakumaha amanatna tadi peuting, sarengsena nyerenkeun Ki Durganda Ki Pasrana mah baralik deui ka saimah-imahna. Ari pangna Ki Durganda diserenkeun ka guruna taya lian pikeun ngalaksanakeun tarekah nu kaduana. Dina waktu saminggu dua minggu mah sangeusna kajadian di imahna Ki Pasrana mah taya beja boh nu dirampog atawa ditandasa ku jalma-jalma jahat. Lilia teu lila der bae beja pabeja-beja yen rampog geus meuweuh deui, anu diluluguan ku Ki Durgandi adina Ki Durganda, anu tindakannana leuwih-leuwih ti lanceukna paribasa sahaok kadua gaplok teh saenyana. Ki Durgandi mimpin anak buah lanceukna anu ngan kari saeutik deui ditambah deui ku anak buah manehna nu jumlahna oge teu pati loba. Dina mangsa meuweuhna jalma-jalma nu jarahat ngalaksanakeun kajahatannana, harita Ki Sumeren keur gunem catur jeung Ki Pasrana pikeun ngalaksanakeun tarekah saterusna. Isukna kendang geus ngungkung tanggara rek aya upacara seba anu dikokolotan langsung ku Ki Sumeren sakur rahayat nu aya di dinya kabeh patanya-tanya, naha rek uapacara seba tai sepi teu aya jalma nu mawa sasajen jeung sajabana kabiasaan nu rek seba. Teu lila jol Ki Sumeren asup ka tengah-tengah wewengkon upacara bari pok nyarita :”He dulur-dulur nu pada karumpul, balarea nu pada daratang kana upacara, geus tinangtu ku kula kasawang aranjeun nganaha-naha upacara beda ti adat nu biasa, sabab kula kudu nohonan sakumaha nyaring jeung antipati kudu ngalaksanakeun seba ku mangrupa manusa. Kukituna kula baris ngadukeun jajatenna dua jago murid kaula nu ngaran Ki Pasrana jeung Ki Durganda, ngan dina engke prakna tarung Ki Pasrana mah teu meunang mawa pakarang sabalikna Ki Durganda mah meunang mawa pakarang sa kasukana, taya lian supaya aranjeun nyaksian kana upacara ieu.pangna Ki Sumeren ngalaksanakeun cara kieu ulah aya basa ti balarea telenges


Uga Wangsit Siliwangi

Juli 24, 2010

Pun, sapun kula jurungkeun… Mukakeun turub mandepun… Nyampeur nu dihandeuleumkeun… Teundeun poho nu baréto… Nu mangkuk di saung butut… Ukireun dina lalangit… Tataheun di jero iga!

Pidawuh Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia kudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon! Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada! Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal! Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang.

Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!“.***


Prabu Siliwangi

Juli 24, 2010

PRABU Siliwangi mangrupakeun hiji tokoh anu kamashur dina kasusastraan Sunda,  nujul ka tokoh sajarah anu gelarna Sri Baduga Maharaja (sakumaha dina prasasti Batu Tulis) atawa Jayadéwata (dina Carita Parahyangan), ti karaton Pakuan Pajajaran, puseur pamaréntahan Karajaan Sunda. Sumber sajarah pangbuhunna nu nyabit-nyabit kecap “Siliwangi” nyaéta naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (1518 M) nu maksudnya nyebutkeun hiji lalakon pantun, éta ogé lalakonna mah teu dicaritakeun. Nu kadua nyaéta Carita Purwaka Caruban Nagari (1720) nu ditulis ku Pangeran Arya Cirebon, nu ngadadarkeun yén Prabu Siliwangi téh putra Prabu Anggalarang  ti Galuh, nu kungsi matuh di karaton Surawisésa, Parahyangan Wetan.

Prabu Siliwangi ngadeg naléndra di Pakuan Pajajaran nganggo jenengan Prabu Déwatawisésa, linggih di kadaton Pakuan nu ngaranna “Sri Bhima”. Prabu Siliwangi jeneng ratu di Pakuan teu lila satutasna nikah ka Subanglarang di Singapura (1422), dina jaman Prabu Niskala Wastu Kancana mingpin kénéh karajaan Sunda ti Kawali (1371-1475). Lian ti Subanglarang, Prabu Siliwangi ogé nikah ka Ambetkasih. Numutkeun naskah ieu kénéh, nalika Prabu Siliwangi ngalih ka Pakuan téh, agama Islam geus sumebar di masarakat.

Dina naskah Carita Ratu Pakuan  (Kr. 410, ditulis kira ahir abad ka-17 atawa awal abad ka-18), Prabu Siliwangi téh nujul ka Ratu Pakuan, nu gaduh istri Ambetkasih jeung Subanglarang. Katerangan ieu cocog jeung eusi naskah Cirebon nu kasebut tadi, sahingga écés yén Ratu Pakuan téh Prabu Siliwangi alias Sri Baduga Maharaja. Dina prasasti Batutulis disebutkeun yén Jayadéwata téh diistrénan dua kali: “Prabu Guru Déwataprana” (kira taun 1420-an ahir atawa awal 1430-an) jeung “Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Déwata” (1482). Anu munggaran, diistrénan kalawan jenengan “Prabu Guru Déwataprana” téh sigana ku Prabu Susuktunggal raja Sunda, ramana, nu ngadegkeun kadaton Sri Bhima Punta Narayana Madura Suradipati. Sedengkeun anu kadua, nyaéta nalika ngaganti Ningrat Kancana (nu gelarna “Prabu Déwa Niskala” di Galuh) sakaligus ngahijikeun (deui) kakawasaan Sunda-Galuh.Catetan ti Portugis (Summa Oriental karya Tome Pires) nyebutkeun yén (1513) Karajaan Sunda téh diparéntah kalawan adil, jalmana jalujur. Kagiatan dagang Sunda jeung Malaka téh nepi ka Maladewa. Produksi pedesna (cenah kualitasna leuwih hadé batan produksi India) nepi ka 1000 bahar (1 bahar = 3 karung) per taun, malah asemna mah bisa minuhan 1000 kapal, nu dimuat di palabuan Banten, Kalapa, Cimanuk, Tangerang, jeung Cigedé. Komoditas lianna di antarana emas murni, kaén, daging (bagong, domba, embé, sapi),sayuran, jeung bubuahan. Ogé ngeunaan kaayaan Pakuan, nu disebutkeun pangeusina aya 50 rébu urang, sedengkeun angkatan nu siap perangna aya 10 rébu urang, nu dirojong ku 4000 kuda ti Pariaman jeung 40 gajah.Prabu Siliwangi mingpin karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran salila 39 taun (1482-1521), dikurebkeun di Rancamaya (wewengkon nu kiwari mangrupa padumukan méwah Rancamaya, deukeut Ciawi, Bogor), sedengkeun pamaréntahan Sunda salajengna diteruskeun ku Surawisesa.



Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982