Wawacan Gagak Lumayung (I)


Dangdanggula

1. Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit “dongeng Karuhun”, nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saéstu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan.
2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, réh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah éta téh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu percéka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat.
3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun saé. Hak hukumna bener Wujud, bebeneran purwaning Kawit, Kawit babatan Asal, Kama-Kami-Kamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka parawargi, nyanggakeun saterasna.
4. Kieu kawit ujar ki Musanip, nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu, nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah teu aya tandingna, Radén Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah Kiansantang.
5. Kakoncara harita sa-Jawi, Majapait sadérékna kalah ku Radén Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya nu wantun ngunghak, ka Radén Lumayung, malah danget harita mah, ku ramana dijenengkeun Sénapati, Pahlawan Pajajaran.
6. Waktos éta Radén runtik galih, tina margi keukeuh hoyong terang, getih salirana tulén, teu acan terang saumur, ti aalit gé can ningali, na kumaha rupina, weléh tacan weruh, gaduh raos panasaran, tina margi pakarang taya nu mahi, bakating ku gagahna.
7. Mangsa éta di sa-Pulo Jawi, tacan aya Islam nu sumebar, Agamana Hindu kénéh, nya kitu Gagak Lumayung, harita téh ujub sareng dir, raosna panggagahna, suwung anu pamuk, n-tung anjeunna anu gagah, anumawi can terang getih pribadi, dugi ka medal sumpah.
8. “Saumur gé moal rék rarabi, mun can nyaho ka getih sorangan.” Éta kitu saurna téh, lami-lami teras ngangluh, gulangguling siang lan wengi, damelna gulinggasah, galih teu kaasuh, keukeuh manah panasaran, lajeng baé ngadeuheus ka rama Aji, ku rama dipariksa.
9. Ayeuna téh ama rék meredih, kudu walon anu sabenerna, kusabab béda pasemon, naon nu dianggo ngangluh, bilih hoyong Putri nu geulis, da moal matak susah. Pajajaran mamur, moal kurang mojang lenjang, nu gareulis kapan di dieu ngabaris, nu ginding gé gedongna.
10. Nu lalucu Putri nu maranis, kantun milih rék ka putra saha, lamun di dieu geus poos, geura milih putra Ratu, nu caraket anu tarebih, putra Raja talukan, kénging Radén tarung, pék pilih ka putra saha?” Kiansantang ka ramana nyembah tadim, kinanti nu balaka.

Kinanti

11. Piunjuk Gagak Lumayung, “Kaulanun rama Gusti, sim abdi sanés teu niat, tobat teu ngémut rarabi, mung aya nu panasaran, ku abdi nu dipiati.
12. Kieu anu dipiémut, siang atanapi wengi, taya sanés nu kacipta, abdi jadi Sénapati, perang henteu mendak lawan, sepi nu ngajadi tanding.
13. Mung ayeuna perang buntu, teu aya lawanna deui, jadi alatan kapalang, tacan wareg ngabén jurit, kamana nyiar nu gagah, kanggé pitandingeun abdi.
14. Réh saémut abdi hirup, ti alit dugi birahi, can terang getih sorangan, sakitu nu dipiati, kumaha atuh akalna, milari nu gagah sakti.
15. Réhing suwung anu pamuk, sepi nu sakti pinilih, anu gagah gé teu aya, milari sa-Pulo Jawi, téh kitu nu janten marga, anu mawi abdi runtik.”
16. Hémeng galih Kanjeng Ratu, sakedapan henteu muni, wekasan nyaur Dén Patya, miwarang milari Resi, para Ajar nu koncara, kelun Nujum nu waracis.
17. Maksad badé neda tulung, torah dimana nu sakti, pilawaneun Radén Putra, harita Dén Patih amit, medal ti payuneun Raja, kebat nyiar nujum sidik.
18. Ka anu jauh dijugjug, ka nu tarebih disungsi, énggalna lampah Dén Patya, tugas parantos tarapti, anu waracis darongkap, dideuheuskeun ka Sang Aji.
19. Sujud nyembah para Nujum, bingah Prabu Siliwangi, harita kénéh mariksa, “Bagja sadayana sumping, pangna andika diala, kaula rék merih pati.
20. Geura torah mangka weruh, ieu sawewengkon Jawi, dikira saha jalmana, nu patut ngayonan juru, nu saimbangan gagahna, nu tanding jeung anak kami.
21. Ka Radén Gagak Lumayung, geura unjukkeun ka kami, pok kadinyah ulah éra, atawa gimir wawarti, sab kaula panasaran, hayang manggih tanding jurit.”
22. Tungkul sadaya pra Nujum, sami ngémut lebet galih, ngahuleng teu sasauran, réh sesah badé wawarti, badé unjukan waregah, réh teu aya tanding deui.
23. Kocap aya hiji Nujum, ngiring campur nyiliwuri, henteu manon jeung nu réa, Malaikat salin rupi, badé ngantunkeun lantaran, pok unjukan aki-aki.
24. “Kulanun dawuh Sang Ratu, menggah émutan sim abdi, ngoréhan di Pulo Jawa, tangtos moal aya tanding, anu gagah téh mung putra, sakti manggulang-mangguling.
25. Aya ogé kaulanun, pitandingeun putra Gusti, mung sanés di Pulo Jawa, aya di Mekah nagari, wastana Ali Murtada, Bagénda Ali bin Tolib.
26. Mung tebihna sakalangkung, ayana di Puseur Bumi, nya éta di nagri Arab, tah ieu mah tangtos tanding, pilawaneunnana putra, tangtos ramé ngabén jurit.
27. Itu ieu tacan tangtu, anu unggul apes jurit, duka mana anu kalah, mung tangtos ka dinya tanding, sakitu abdi unjukan.” Bingah Prabu Siliwangi.
28. Ngalahir deui ka Nujum, “Terangkeun baé sakali, tiap aki bisa norah, pilawaneun kitu deui, tangtu katorah ayeuna, saha nu unggul nu sisip.
29. Pihak mana anu unggul, ku aki kudu pilahir.” Ki Nujum barang dipaksa, sina nerangkeun nu sisip, harita kénéh ge musna, ti payuneun Siliwangi.
30. Ngagebeg manah Sang Prabu, nya kitu Nujum nu hadir, réhna aki tos teu aya, léosna teu katingali, para Nujum pok unjukan, “Kulanun Paduka Gusti.
31. Sim abdi héran kalangkung, pami ngémut aki-aki, anu nembé norah téa, henteu wanoh sareng abdi, duka ti mana dongkapna, sapertos nu nyiliwuri.
32. Matak hémeng kaulanun, saha éta aki-aki, nyanggakeun sadaya-daya, rumaos bodo sim abdi, marga bobot pangayonna, henteu ngalangkungan Gusti.”
33. Ngahuleng Gagak Lumayung, hanjakal ku aki-aki, dugi ka kumejot manah, panasaran liwat saking, harita teras unjukan, “Kaulanun rama Gusti,
34. Jisim abdi amit mundur, rék ngabujeng torah aki, ka mana gé rek ditéang, nyusul anu wasta Ali.” Sang Prabu alon ngandika, “Kuma karep Radén pasti.
35. Ngan sambung salamet maksud, mangka karep Radén hasil, moal nyarék moal nitah.” Kiansantang nyembah amit, mundur ti payuneun rama, teu nganggo ngénjingkeun deui.
36. Harita kénéh gé laju, kaluar ti lebet nagri, ngantun dayeuh Pajajaran, lumampahna kadya angin, ka kalér kulon angkatna, nyorang hiji tempat resik.
37. Sisi cai sisi gunung, angin leutik ngahiliwir, sok matak seger salira, Radén lirén teras calik, mepet pancadria muja, neda-neda ka Déwa Di.
38. Ka Déwa nu Marawolu, ka Marasanga Mamalih, nyaur salebeting manah: “Duh Déwa sembaheun abdi, mugia masihan terang, mun leres di Puseur Bumi.
39. Aya pilawaneun pupuh, nu ngaran Bagénda Ali, mugi dipasihan terang.” Teu lami waktosna deui, aya sora teu katingal, tah kieu anu kakuping,
40. “Hé Radén Gagak Lumayung, anu gagah pilih tanding, ieu kula lain Déwa, tapi Rat Sukma nu Suci, ka Radén ngawaris ngaran, Dén Garantang Sétra nami.
41. Nya di dieu tempat linduk, nelah Ujungkulon nami, Ujung tungtung panganggeusan, nganggeuskeun kasengsrem galih, kulon nyata keur kaula, milari getih pribadi.
42. Nyata Sétra bersih ngempur, milari marganing Suci, nya karep Radén ayeuna, ngabujeng Bagénda Ali, nu aya di nagri Mekah, pasti jeung Radén téh panggih.
43. Garantang nyatana maksud, tangtu papanggih jeung Suci, geura bral ayeuna iang, kebatkeun saniat kami.” Ngoréjat Radén tos gugah. ti Ujungkulon geus indit.
44. Jol dongkap ka sisi laut, teu kandeg kapegat cai, Raden teras napak sancang, najan ngapung nerus bumi, Radén moal kapetolan, tawisna nu gagah sakti.
45. Kantun Dén Gagak Lumayung, nuju ngambah di jaladri, urang diselang sakedap, gentos anu kocap deui, Kangjeng Gusti Rosullulah, kasinoman anu Suci.

Sinom

59. Tangtos bapa moal terang, enya ieu kula urang tanah Jawi, katelah Gagak Lumayung, atawa Gagak Lumajang, nu ka telah Prabu Kiansantang éstu, nu gagah Garantang Sétra, Sénapati Siliwangi.
60. Pamukna di Pulo Jawa, nu kaceluk teu aya tandingna deui, jauh-jauh pangdijugjug, anggang-anggang ditéang, anu ngaran Bagénda Ali nu pamuk, kaula hayang ngayonan nu gagah di Puseur bumi.
61. Sabab kaula di Jawa, nyata kurang taya pitandingeun deui, kitu margana dijugjug, tah kitu maksud kula,” Ali imut ngadangu anu cacatur, ngaosna Alhamdulillah, teka ing Robbul ‘Alamin.
62. Muji kana Dat Yang Sukma, dina galih Bagénda Ali nu lantip, henteu pisan gaduh unggul, anging Kersaning saha, anu gagah anging Dat Alloh nu Agung, raga nyawa gagaduhan, titipan nu Maha Suci.
63. Bagénda Ali ngandika, “Atuh Agus sumangga pun bapa ngiring, kana maksad Agus kitu, tinangtos tiasa tepang, namung engké di payuneun Gusti Rosul, sinareng Ali Murtada, keur ngadegkeun enok Masjid.
64. Jung angkat Gagak Lumayung, kitu deui Bagénda Ali diiring, Gagak Lumayung ti pungkur, can patos tebih angkatna, Sang Bagénda émut kana tongkat kantun, lajeng ngalirik ka tukang, imut barina ngalahir.
65. “Masya Alloh Agus hilap, ieu bapa kakantun iteuk pandeuri, abong-abong anu pikun, Radén pangnyandakkeun heula, ngarah gancang angkatna nu anom tangtu, itu nu nancleb na lemah.” Gagak Lumayung pék malik.
66. Ngabujeng ka iteuk téa, barang dongkap teras dicabut sakali, namung pageuh sakalangkung, sanaos pageuh dipaksa, nojér lemah mani nyeblok semet tuur, namung pageuh iteuk téa, bumi inggeung lir ku lini.
67. Keukeuh pageuh keukeuh maksa, késang ngoprot teu bénten siga nu mandi, séép késang gétih ngucur, kagét manahna Lumajang, tina margi harita nembé saumur, ningal ka gétih sorangan, sabulu-bulu barijil.
68. Reuwas di lebet manahna, harita gé teras nyambat ka Dewa Di, “Duh Déwa nu Marawolu, hamba neda kadigjayan.” Namung tetep teteken henteu kacabut, kabedasanana mubah, kantun lesu tulang sandi.
69. Bagenda Ali jol dongkap, bari nyaur, “Naha Agus lami teuing.” Ngawalon Gagak Lumayung, “Aduh bapa henteu kuat, kula mopo teteken henteu kacabut.” Saur Ali, “Na kumaha, kapan Agus gagah sakti.
70. Koncara satanah Jawa, geuning kitu nyabut iteuk gé teu hasil, bapa mah heran kalangkung, cing ku bapa urang jungkat,” Bérés nyaur Bagénda Ali seug tungkul, bari ngawejang Kalimah, sinareng Solawat Nabi.
71. “Allohuma Sholli ‘ala, Muhammad wa’alaa aali Muhammadin, asyhadu allaa ilalloohu, wa asyhadu anna Muhammad, Rosuulullooh.” Kitu lisan Ali pamuk, saparantos ngaos du’a, teras nyabut iteuk kénging.
72. Kitu deui Kiansantang, kawit lesu harita tos jagjag deui, sinareng hemeng pangkalbu, nguping Kalimah Sahadat, tina margi saumur nembé ngadangu, harita teras ngandika, tumaros ka aki-aki.
73. “Lisan naon bieu bapa, henteu puguh ku kula henteu kaharti, palakiah naon kitu, kula ngadak-ngadak jagjag, sarta iteuk ku bapa geuning kacabut.” Bagénda Ali ngandika, disarengan imut manis.
74. “Bisi Agus can uninga, nu dibaca ku bapa Kaliniah Kalih, nyatana panglesu musuh, tangtu apes digjayana.” Saur Raden, “Euleuh euleuh kutan kitu, kaula ogé kabita, keur engké tepung jeung Ali.
75. Sarta cing kumaha bapa, naha aya harti jaba éta deui, lian pangapésan musuh?” Bagénda Ali ngandika, “Atuh puguh éta téh Sahadat Rosul, nya cepengan umat Islam, nyata Agama nu Suci.
76. Saha nu lisan Sahadat, éta pasti ginanjar Rokhmat Yang Widi, Hirup-Hurip pasti Hurup, Islam Agama Mulya, béda pisan sareng nu Agama Hindu, pasti dila’nat ku Allah, bongan percaya ka Sihir.”
77. Tungkul Prabu Kiansantang, tina margi anjeunna rumaos isin, réh nyepeng Agama Hindu, Bagénda Ali seug angkat, bari mésem ningal ka Radén ti pungkur, nuju ngiring ka anjeunna, angkatna tungkul ka bumi.
78. Harita parantos dongkap, Ali sareng Kiansantang ka Jeng Nabi, Rosulluloh pok ngadawuh, “Naha Ali elat pisan, mani kesel ngantosan ti isuk-isuk, kapan rék ngadegkeun téa, nyekel tihang masing-masing.”
79. Bagénda Ali unjukan, “Kaulanun, mugi ulah rengat galih, ku margi aya tatamu, ngahaja ti Pulo Jawa, mung hanjakal Agamana masih Hindu, wawangina Kiansantang, nu hoyong nyobi ka abdi.
80. Anjeunna ngahaja dongkap, tebih-tebih pang ka Puseur Bumi dugi, rehing kaceluk tos pamuk, di Jawa taya tandingna, nu diseja hoyong sareng abdi pupuh, badé mecak kasakténna, tah kitu purwana lami.”
81. Kangjeng Nabi Rosullulah, mésem leleb barang nguping saur Ali, sareng ngarérét ka tamu, Kiansantang nu miarsa, lingsem pisan midanget anu sumaur, ngeluk semu ajrih pisan, réhing teu sangka sakedik.
82. Horéng aki-aki téa, nu ngabantun ka anjeunna geuning Ali, nu badé diajak tarung, nu dianjam ti anggalna, kadalangsok anjeunna tos langkung saur, temahna mendak wiwirang ngahuleng teu yasa muni.
83. Nyaur manis Rosullulah, “Hé tatamu maksad anjeun engké deui, mun jeung Ali hoyong tarung, margina waktos ayeuna, ieu kula meujeuhna aya perelu, malah nuhun sakalian, aya anu gagah sakti.
84. Kaula ngahiras saya, pangnangtungkeun ieu tihang anu kuning, keur bagéan Ali éstu, ayeuna anjeun gentosna, étang-étang wakil ngahormat nu pamuk,” Kiansantang unjuk sembah, “Kaulanun mangga ngiring.”
85. Énggal sadaya sadia, nyepeng tihang hiji-hiji masing-masing, lengkep tihang anu tujuh, sadaya para Sahabat, sareng Mumin ngaos sahadat ngajungjung, jung ngaradeg genep tihang, kantun tihang anu hiji.
86. Nu dicepeng Kiansantang, tacan ngadeg ku margi henteu kaindit, raos abot sakalangkung, dumugi ka dodogéran, nojér lemah dugi nyeblok semet tuur, cikaringet barijilan, sabulu-bulu jeung getih.
87. Rembes getih ti salira, namung tihang keukeuh baé teu kaungkil, harita teras sumaur, “Tulung teu kawawa beurat, ieu kula tanaga parantos suwung.” Gumujeng Ali Murtada, nguping nu sasambat tarik.
88. Sinareng teras ngandika, “Henteu sangka perjurit ti Tanah Jawi, nu kamashur pamuk pupuh, ayeuna éléh ku tihang.” Nyaur kitu bari moro tihang agung, sinareng ngaos Kalimah, tihang henteu mundur deui.

(Hanca)

Tinggalkan komentar

Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982