Ha Ha Ha (15)


OBAT KUAT

MUNAJAT teuing ku rajin pisan ngadatangan tabib jeung dukun. Ari kasakit anu karandapan ku manehna nya eta . . . peluh. Teuing geus sabaraha puluh urang tabib jeung dukun anu kungsi didatangan ku manehna, tapi angger bae kasakit peluhna teu cageur-cageur.
Meunang raratan ti babaturanana, cenah aya tabib teureuh India anu bisa ngubaran kasakit peluh. Atuh puguh bae asa mobok manggih gorowong, da teu kungsi didongengan dua kali, kencling bae Munajat muru ka tempat praktek eta tabib.
Singhoreng rada aneh prakprakan nambaan eta tabib teh. Lain diolesan sakumaha biasana, tapi “manuk” anu cindeten bae teh . . . disulingan. Enya, eta “manuk” anu paeh teh barang ku eta tabib ditiup ku sulingna dadak sakala jadi hirup tur maceuh.
Munajat ge kahayangna mah kitu, sugan jeung sugan enya eta tabib teh sakti. Atuh gagancangan manehna nangkarak. Calana panjangna mah dilaan, ngan kolorna mah teu dilaan, da ceuk eta tabib teu kudu, nyaho . . . gugurubugan bae cenah “manuk” euweuh guam teh.
Sabada eta tabib tipoporose niup suling, ujug-ujug kuniang we . . . tali kolor Munajat teh hudang. Terus ugal-igel nuturkeun wirahma suling. Ari “manuk”-na mah angger we . . . tibra sare dina jero kolor.

SOANG CILAKA

PIKEUN lalaki anu bobogaanana salawasna nguyung mah tangtu apal kana sakur ubar anu ditaksir bisa nimbulkeun kakuatan. Ti mimiti Viagra, Irex, Irexin (keur budak) jeung rupa-rupa ramuan nu dioleskeun, pasti pada-pada apal.
Hiji mangsa aya nu cocorowokan dumeh manehna nempo aya soang eueuleugeugan. Eta soang anu dipikameumeut teh siga-siga nu kacekek, beuheungna ngadadak heuras sarta tuluy eueuleugeugan.
Horeng simanahoreng eta soang teh kalawan teu ngahaja geus ngalodok . . . Viagra anu ragrag tina saku nu bogana kana tempat nyatu eta soang. Ku mujarabna Viagra, beuheung soang ge bisa ngadadak . . . heuras nya?

OBAT PINAREUP

LANTARAN hayang nyukakeun salaki, Nyi Eha luluasan datang ka tabib pikeun tatamba rek . . . ngabadagan pinareupna. Ku tabib Nyi Eha dibere ramuan anu diwadahan kana botol. Cenah mah eta ramuan teh kudu dioleskeun saban rengse mandi, biasana mah heuleut popoean ge pinareup teh bakal langsung ngabadagan.
Ari eta ramuan teh ku Nyi Eha ditunda di kamar mandi, direndengkeun jeung botol sampo. Dumadakan salakina salah nyokot sampo waktu rek diangir. Ngan ledak-ledak bae eta ramuan keur ngabadagan pinareup teh dipake diangir.
Orokata, heuleut dua poe ti harita dina sirah salakina mucunghul . . . pentil. Lila-lila eta pentil teh ngagedean. Geus sidik nu jadi dina si-rahna pinareup mah, atuh kapaksa lamun manehna iinditan teh sirahna kudu make . . . BH.***

AYA budak duaan, saurang urang Ciawi saurang deui urang Singaparna. Eta budak téh keur pacéntal-céntal ngeunaan kaluhungan kotana séwang-séwangan.
“Sabenerna mah Ciawi anu pantes jadi puseur kota Kabupatén Tasikmalaya téh, da Ciawi mah diliwatan ku jalan utama jeung deukeut ka Bandung,” ceuk budak urang Ciawi.
“His, nya Singaparna nu leuwih pantes mah! Ngaranna ge aya singaan, pasti leuwih galak.

Ceuk saha ka Bandung leuwih deukeut ti Ciawi? Coba geura jalanna ka Garut, pasti deukeut kénéh ti Singaparna,” ceuk budak urang Singaparna embung éléh.
“Tapi pan Singaparna mah teu diliwatan ku jalan karétaapi ?”
“Ah, keur naon tumpak karétaapi, da karétana gé mindeng tabrakan. Mending kénéh tumpak mobil!”
“ Di Ciawi mah tanahna masih kénéh lega, pantes pisan mun diadegan kantor-kantor pamaréntah téh. Lian ti éta sawahna subur, apan can lila ogé Présidén SBY ngahajakeun sumping ka Ciawi,”
“Mun enya sawahna subur, naha Pa SBY teu jadi mitembeyan panén di Ciawi ?”
“Éh enya nya. Eu, meureun . . . étémna tinggaleun di Cikéas,” ceuk budak urang Ciawi bari arapap-eureupeup, “geuning basa rombongan Pa SBY ka Cipasung bet disuguhan dahareun anu teu merenah didahar ?”
“Ah, eta mah olo-olo we. Kolek sakitu ngeunahna disangka ngabahayakeun. Geuning bapa urang ge beak tilu bungkus, teu nanaon?”
“Pokona mah Ciawi anu pantes jadi puseur kota Kabupatén Tasik mah,” deui-deui budak urang Ciawi téh nyarita bari morongos, “Ciawi mah boga cipanas, jeung tokoh-tokohna loba nu terkenal,”
“Urang Singaparna gé sarua, loba nu terkenal. Bupati Tasik nu ayeuna apan urang Singaparna, da calon bupati ti Ciawi mah dina pilbupna éléh,”
“Saha siah ngaranna Bupati Tasik téh ?”
“Pa Tatang Farhanul Hakim,”
“Ari ngaran geureuhana?”
Budak urang Sinaparna téh ngahuleng sajongjongan, tayohna manéhna teu apaleun.
“Apal kénéh déwék geuning urang Ciawi. Yeuh mun manéh hayang apal mah, jenengan geureuha Bupati Tasik téh . . .Ibu Tatang!”
“Aéh, enya nya. Naha déwék bet ngadadak poho?” ceuk budak urang Singaparna bari kalamas-kélémés.
Ngaranna gé budak, pasti nyaritana sabulangbéntor, saéngabna kamana karep.

AL MASOEM

SARÉRÉA moal aya anu bireuk ka Al Masoem, komo ka nu sok lalar liwat ka daérah Cipacing di wewengkon Bandung wétan mah. Ari sababna, di éta wewengkon urang bakal manggihan tulisan Al Masoem ngajareblag gedé pisan, boh di pom bénsin, sakola, kolam renang, Bank Perkréditan Rakyat, apoték atawa perséwaan alat-alat berat. Enya, apan Al Masoem téh kiwari geus ngajangélék jadi pausahaan raksasa anu pikareueuseun urang Sunda.
Naha bet kudu jadi pikareueuseun urang Sunda ?
Har, apan urang Sunda mah sok dilélécé, pajarkeun téh moal bisaeun dagang. Dina ayana gé pausahaan urang Sunda anu maju, umumna tara lila, da sok mojéjrét deui. Pangna kitu téh lantaran urang Sunda mah pohara percayana kana eusi hiji paribasa anu unggelna “ulah leumpang sasambayan, ulah dagang papatungan”. Matakna dina urusan bisnis mah, urang Sunda sok tara diperhitungkeun, béda pisan jeung urang Padang.
Tapi éta paribasa téh gugur ku ketakna Haji Masoem, pendiri Al Masoem Grup téa. Sabada kabuktian bisnis Al Masoem Grup sakitu suksésna, ayeuna mah urang Sunda teu bisa dilélécéh deui, urang Sunda gé bisa jadi konglomérat !
Saeutik nu nyaho yén Pa Haji Masoem téh asli bibit buit ti Ciawi. Ngamimitian bisnisna dagang . . . munding. Éta munding téh digiringkeun sapoé sapeuting ka . . . Bandung. Bisa dibayangkeun ku urang gé, kumaha sangsarana ngagiringkeun munding ka tempat anu sakitu jauhna, mangka harita mah masih kénéh meuweuh ku gorombolan.
Suksés dagang munding, saterusna Haji Masoem muka toko jeung ngagén minyak tanah. Tempatna di Cipacing téa. Sabada suksés, ahirna ngocal-ngocal muka pom bénsin nepi ka aya puluhna. Bakat ku loba-lobana pom bensin Al Masoem, nepi ka sok dijieun kaheureuyan dina tatarucingan. Soal tarucingna teh kieu: naon basa Arabna pom bénsin? Jawabanana téh . . . Al Masoem!

TAHU PARNA

LAMUN di Bandung tepung jeung tukang sol sapatu, tanyakeun wé geura asal lemburna, pasti éta tukang sol sapatu téh ti Sukarégang. Kitu deui lamun urang tepung jeung tukang rujak bebek, geus tangtu manéhna téh urang Limbangan. Ari tukang kupat tahu lembur asalna ti mana? Geus pasti ti Singaparna!
Di deukeut lapang Gasibu gé aya tukang kupat tahu diténdaan. Dina téndana dipasang spanduk, ditulisan dua jajar. Jajaran luhur unina téh KUPAT TAHU, ari jajaran handap unina SINGAPARNA. Ngan lantaran spandukna dilipet di tengah-tengah, éta uni tulisan téh jadi anéh. Ditempo ti  kidul mah unina téh KUPAT SINGA, ari ditempo ti kulon mah  unina téh TAHU PARNA.
Kitu tah resikona lamun tulisan dina spanduk dilipet téh.

Tinggalkan komentar

Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982