Rusdi jeung Misnem


I

MUN aya nu nanya ka kuring, “Buku naon nu pangpikaresepeunana jeung pangalusna pikeun bacaan barudak di Sakola Ra’yat (Dasar)?”, moal hamham deui kuring tangtu ngajawab, “Buku Rusdi jeung Misnem.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab. Sabab nu pangutamana atuh pédah kuring urang Sunda; jadi dina nimbang-nimbang jeung nangtukeun jawaban téh maké babandingan jeung ukuran Sunda; jeung deui nya ku lantaran kuring urang Sunda, sakola di Sakola Ra’yat Sunda (sanajan di tapelwates béh wétan) sarta maca buku bacaan keur barudak Sunda. Tah Rusdi jeung Misnem téh ngagambarkeun kahirupan sapopoé barudak Sunda deuih.

Tapi na da salian ti Rusdi jeung Misnem téh aya Gandasari, Sumber Arum, Panggelar Budi jeung lian-lianna apan? Sarta kabéhanana ngagambarkeun urang Sunda; Jang Éman téh urang Sunda lain? Kitu deui Jang Sumitra; Si Empi jeung pada baturna.

Nya jawaban kana éta pananya pisan anu jadi lantaran nu kadua, naon sababna nu matak kuring nyebutkeun yén buku Rusdi jeung Misnem téh buku bacaan barudak pangalusna.

Sanajan Gandasari jeung Sumber Arum nyaritakeun barudak Sunda gé, Jang Éman jeung Jang Sumitra mah béda jeung Si Rusdi. Duanana putra lurah hormat, duanana bageur; duanana “bener” jeung nurut kana piwuruk sepuh. Cindekna duanana ogé hadé jeung alus, budak anu dipiangen-angen ku unggal sepuh. Ari Si Rusdi? Apan Si Rusdi mah budak bangor, ari ka sakola gé ngantongan wajit jeung kadaharan lianna. Dina ieu hal pangarang Rusdi jeung Misnem leuwih wanoh sarta leuwih bisa ngagambarkeun watek jeung kahirupan budak umumna, budak anu réa hojahnya sarta anu ku lantaran teu katuturkeun ku kolotna nya disebut “bangor”. Si Rusdi téh pinter ari pinterna mah, ngan sakarepna teuing. Hirup Si Rusdi mah pikasebeleun sing sakur anu biasa hirup dina lingkungan féodal harita, mutuh pikangéwaeun, tapi matak nineung ku lucuna. Hirup Si Rusdi istuning hirup “budak lembur anu dusun”, tapi bolostrong, budak anu hirupna masih deukeut kénéh ka alam.

Ari watek Jang Éman jeung Jang Sumitra mah rata, taya kaanéhanana pisan, sagalana geus diatur ku sepuhna, atuh anu dicaritakeunana gé istuning rata. Anéhna téh ngan lamun ngadongéng, nepi ka Gandasari mah unggal bab téh dongéng waé.
Nu ngarang Sumber Arum jeung Gandasari mah, katara pisan hayang “ngatik” barudak, supaya bageur, nurut kana piwuruk sepuh, getol diajar, bener, supaya hirupna lulus-banglus, jauh balai parek rejeki, sagalana kudu lumangsung saluyu jeung kahayang anu nyekel lalakon. Pantes pisan lamun anu nyusun Gandasari jeung Sumber Arum meunang béntang ti… gubernemén!

Ari nu ngarang Si Rusdi mah kawas nu rada mopohokeun kana éta hal; maksudna téh lain rék “ngatik”, tapi ngagambarkeun kahirupan sapopoé budak Sunda, adi-lanceuk ngaranna Si Rusdi jeung Si Misnem (aya deui lanceukna Ramlan, tapi tara aya di lembur). Atuh Rusdi jeung Misnem mah leuwih deukeut kana harti sastra manan Gandasari atawa Sumber Arum. Sundana mah Rusdi jeung Misnem literér, ari Gandasari jeung Sekar Arum didaktis.

Ayeuna mah barudak téh di Sakola Ra’yat geus henteu maca deui Rusdi jeung Misnem. Boa angkatan kuring barudak pangahirna maca Rusdi jeung Misnem di Sakola Ra’yat téh. Ari Sumber Arum jeung Gandasari mah dicitak deui sabada perang gé.

Kuring kiwari inget-inget poho kana carita Rusdi jeung adina Misnem téh, saking heubeul-heubeulna henteu maca. Inget sotéh éta kana kabiasaan Si Rusdi ari ka sakola, jeung kana pupuh kinanti dina panungtung jilid katilu, basa Rusdi kudu terus tetep-tumetep di kota nuluykeun sakola ka kelas opat (vervolgschool), ari Misnem katut kolot-kolotna mulang deui ka lemburna:

Rusdi ku Ramlan ditungtun,
dikaléng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan paman jeung bibi,
dipapalér dibubungah,
ulah nyantél ka nu balik.

Inget sotéh pédah baé baheula sering ngahariringkeunana, laguna kinanti buhun. Ana ngong téh Pa Guru méré conto ka barudak kumaha nembangkeunana, kuring mani ngerik, ati asa digerihan, ku karunya Si Rusdi nyorangan di kota, papisah jeung adina Si Misnem… lieuk leuweung lieuk lamping téa meureun. Mun kaduga mah harita hayang hing baé ceurik.
Aya deui dongéng anu nepi ka ayeuna teu bisa poho, sanajan ari susunan caritana mah geus teu inget, tapi aya fragmén tina éta dongéng anu tetep nyantél teu laas ku geus lawas. Mun teu salah mah éta dongéng téh nyaritakeun dua budak pahatu-lalis di leuweung. Lanceukna lalaki ngala buah loa, adina awéwé di handap diteureuy oray, mimitina sukuna heula, nyalukan lanceukna:
“Kang, kang tulungan
aya nu gagarayaman
kana suku jeung ngégélan.
Cing geuwat kuring tulungan.”

Lanceukna keur kapalang ngala loa, ngajawab tina luhur tangkal:

“Usap baé nyai, meureun sireum.”

Macana dikawihkeun, laguna basajan pisan, tapi harita mah mutuh mawa suasana ngenes-ngangres.

Barang éta budak awéwé téa geus kateureuy kabéh ku sakadang oray, kakara lanceukna nyahoeun. Hadéna aya manuk disada kawas nu mapatahan:

“Cukrih! Cukrih! Cukrih!
Turih ku pucuk eurih!”

Sakadang oray diturih beuteungna ku pucuk eurih, si budak awéwé geus taya nyawaan. Tapi da tuluy hirup deui, digeberan ku hihid kabuyutan bari dikawihan:

“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking…”
jeung saterusna.

Éta téh kabéh gé diturun saingetna baé, boa aya nu salah. Tapi kakeueung jeung kangenes anu baheula kungsi karasa basa mimiti maca éta dongéng sok karasa deui ari ayeuna inget téh.


II

Kiwari beunang disebutkeun Sakola Ra’yat (jeung sakola-sakola lianna) teu bogaeun buku bacaan basa Sunda. Anu aya ngan nyukupan pikeun ubar puruluk wungkul. Naha kira-kirana moal hadé lamun buku Rusdi jeung Misnem, anu sidik hadé sarta alus, dicitak deui bacaeun barudak kiwari?

Sanajan kuring mikaresep pisan kana éta buku, tapi mun kuring kudu ngajawab éta pananya sarta mun pangna dicitak deui téh diancokeun pikeun bacaan barudak Sakola Ra’yat, kuring bakal ngajawab, “Henteu.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab deuih. Sabab anu pangutamana, ku lantaran kahirupan barudak Sunda kiwari geus béda pisan jeung kahirupan barudak Sunda dina jaman Si Rusdi jeung Si Misnem. Hirupkumbuh urang Sunda dina jero limabelas taun pangahirna téh ngalaman parobahan anu kacida gedéna. Nepi ka lamun barudak kiwari maca kahirupan Si Rusdi téh, moal ngalartieun. Tangtu haréraneun aya kahirupan cara kitu—taya bédana jeung alam dongéng. Pangaruh ti luar geus ngaraksuk asup ka pakumbuhan urang Sunda di tutugan gunung jeung lamping. Pakumbuhan urang Sunda anu tadina ayem-tengtrem, sepi-tingtrim téh, kiwari kaweur, komo ku ayana kakacowan di padésan anu jauh ti kota mah. Mun baheula kahirupan urang Sunda téh pakumbuhan kahirupan kampung atawa padésan anu masih kénéh “weuteuh”, ayeuna mah geus direumbeuy ku kahirupan kota, tapi ari enya-enya mangrupa kahirupan cara di kota-kota (Éropah) mah tacan deuih. Antara kota jeung désa di urang kiwari mah taya wates-wates anu tétéla. Éta Dua rupa kahirupan téh awor pabaur, kitu deui ku barobahna susunan masarakat padésan di urang, ku ngaraksukna tatacara jeung ukuran-ukuran kahirupan anyar ka jero padésan (jalma-jalmana arindit ka kota lantaran hirupkumbuh di lemburna sorangan kaganggu ku ayana kakacowan gorombolan), ana marulang deui ka tempatna asal, éta jalma-jalma téh geus barobah, boh tatacarana boh kapercayaanana, kitu deui ukuran-ukuran jeung cita-cita hirupna.

Éta prosés téh gancang pisan ngarobah pakumbuhan masarakat padésan urang. Anu baheula mah teu kenal kana lagu-lagu lian kajaba ti lagu-lagu Sunda, Cianjuran, Degung jeung sapadana ayeuna mah milu ngahariringkeun lagu-lagu India jeung Malaya. Anu baheula mah cukup ditarumpah karét (urut ban mobil), ayeuna mah kudu maké sapatu nu disemir bari dikaoskaki nylon nanaon. Anu baheula mah cukup ku lalajo ketuk-tilu atawa pantun, ayeuna mah kudu lalajo bioskop (“gambar iduk” cenah). Anu baheula mah cukup disarung jeung dikamprét, ayeuna mah kudu sing sarwa wolita, didasi sagala. Anu baheula kamamana cukup ku leumpang ayeuna kudu maké karéta mesin, motor, bis atawa karéta api malah kapal udara. Anu baheula mah cukup ku nyaho béja-béja ngeunaan urang lemburna sorangan, ayeuna maké hayang maca suratkabar ngarah terang béja-béja ti sakuliah dunya. Anu baheula mah cukup ku udud kolobot, ayeuna kudu ngaroko “putih”…

Basa Si Rusdi ditinggalkeun ku kolot katut adina di dayeuh, manéhna ceurik, tangtu inget kana sagala pangalaman jeung karesepna basa masih kénéh mangkuk di lembur. Keur Si Rusdi mah harita, antara dayeuh (kota) jeung désa téh lain baé jauh tempatna, tapi ogé aya perbédaan kahirupan. Kahirupan dayeuh jeung kahirupan padésan. Papisahna Si Rusdi jeung Si Misnem téh nya papisahna jeung kahirupan padésan, diganti ku kahirupan dayeuh anu harita mah masih kénéh sing sarwa ahéng pikeun Si Rusdi.

Kasedih, katineung nu harita kaalaman ku Si Rusdi pédah kudu ngumbara nuluykeun sakola di dayeuh, moal kaalaman moal karasa ku barudak padésan jaman kiwari. Barudak kiwari mah ti masih kénéh bau jaringao geus ngimpi ngumbara ka kota. Apan hirupna sapopoé di padésan ogé geus niron-niron kahirupan di kota. Jadi mun sakali mangsa dibéré kasempetan indit ka atawa ngumbara di kota téh, atuh taya bédana jeung umat Islam sina indit ka Mekah.

Tah faktor-faktor éta téh milu nangtukeun kana hadé-henteuna bacaan barudak, komo bacaan munggaran di Sakola Ra’yat, anu tinangtu nyantél dina haté tepi ka maranéhanana galedé.

Tapi sabalikna, na kira-kirana hadé deuih lamun ayeuna aya jalma anu nulis buku bacaeun barudak anu ébréh ngagambarkeun kakacowan jeung kakaweuran hirupkumbuhna?

Bisa jadi hadé, bisa jadi henteu. Hadé ku lantaran hal éta bakal bisa méré gambaran ka barudak nu macana ngeunaan kaayaan kahirupanana sapopoé dina jamanna. Goréngna ku lantaran mun éta buku disusun ku jalma anu teu bisa nénjo kakacowan jeung kaayaan anu pikangeneseun téa kalawan ngristal, bakal méré gambaran salah ka barudak, nya temahna melak binih mumusuhan atawa ngunek-ngunek silih arah.

Tapi mun aya jalma nu usaha ka palebah dinya, di dieu kuring hayang némbongkeun pamapag pangbagéa ka manéhna: “Rampés!”

Jakarta, 1957

(Dicutat tina buku Dur Pandjak! wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, 1966, kaca 42-48)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: