Diwadalkeun ka Siluman (2)

September 23, 2010

Carita Nyambung Ki Umbara

Di jalan katingal ku kuring réa jelema nu balawiri, tapi teu aya nu barangbawa—teu aya nu nyuhun atawa nanggung, kabéh laléngoh baé. Jeung teu aya sasatoan ngulampreng. Ari imah mah rempeg.”

“Kumaha jelema-jelemana sarua jeung urang-urang?” Ki Lebé nanya.

“Sarua pisan, teu aya bédana, ngan teu aya nu wawuh. Pasarna, ramé deuih, boh ku nu baralanja boh ku nu daragang, teu bina jeung di Pasar Salasa. Ti kajauhan ku kuring katingal aya gedong dibénténg luhur, di hareupna maké lawang sakéténg. Ceuk kuring ka Sabakangkang: ‘Jauh kénéh kitu, ieu téh?’

Jawabna: ‘Tuh geuning geus katémbong!’ bari nunjuk kana gedong nu dibénténg téa. Teu lila geus nepi. Lawang sakéténg téa dijaga ku gulang-gulang kénca katuhu, bari nyarekel tumbak. Barang nénjo Sabakangkang, gulang-gulang téh tarungkul maréré hormat. Ari ka kuring pada marelong. Sup Sabakangkang asup, dituturkeun ku kuring. Enya agréng karatonna téh. Bus kuring arasup ka paséban. Harita Demang Kalangburang, diuk dina korsi gading, di hareupeunana hempak nu ngadareuheusan. Ningal Sabakangkang datang, tuluy ngahiap-hiap. Brek Sabakangkang sila hareupeunana.

‘Ari itu saha?’ omongna bari nunjuk ka kuring nu harita nangtung di gigir. Nu araya kabéh marelong.

‘Ki Maléndra, jelema jail! Témbalna.

‘Euh, Ki Maléndra urang Tegalampar anu kasohor rongkah téa?’

‘Enya!’ jawab Sabakangkang.

‘Diuk Maléndra!’ omongna ka kuring. Kuring brek diuk.

‘Kumaha lantaranana, nu matak manéhna bisa datang ka dieu?’

Derekdek Sabakangkang nyarita:

‘Tadi pabeubeurang kula ngalantung ka taman, niat nyalayakeun pikir. Teu lila katingal Ki Maléndra ngajega di jajalaneun, rék megat kaula. Ari rét kula ka luhur kana gawir, katingal Babah Kan Sun—nu kocap weduk téa, keur ngincer sirah kula ku tumbak. Kula taki-taki. Barang creb…tumbak milepas, sebrut…kula narajang. Ki Maléndra nu pajar gaga téa. Durukduk…digusur,’ omongna bari nyikikik seuri.

Haté kuring jadi panas, gereyem mapatkeun pituah aki. Héab hawa panas minuhan paséban. Nu karumpul kabéh arélékésékéng, sawaréh maruka kancing, tingharéwos nyebutkeun hareudang. Malah Demang jeung anakna ogé, késangna munggah ngalucur.

‘Na, aya panas kabina-bina teuing!’ omongna bari nyusutan késang.

Jawab nu hempak: ‘Enya! Munggah asa dirérab!’

Ceuk kokolot nu diuk gigireun Demang: ‘Itu sémah nu mawa sangar téh! Bari nunjuk ka kuring.

Demang Kalangburang neuteup ka kuring mani anteb pisan, omongna: ‘Maléndra!’

‘Andika di dieu nyémah. Ku kami diaku kalawan soméah. Didiukkeun, malah rék disuguhan. Tapi ku naon andika bet réa tingkah, nyieun sangar ka Limbungan. Témbongkeun, yén ndika sémah hormateun!’

‘Hadé!’ ceuk kuring. ‘Tapi Sabakangkang ulah sina sindir sampir baé ka kula!’

‘Moal, ditanggung ku kami! Omongna. Sabakangkang ngarérét ka kuring ku juru panon. Gereyem kuring mapatkeun pamepesna. Rep panas rerep, késang taruus deui.

Nu araya pada héran.

Sanggeus nu dariuk arayem deui, pok Demang Kalangburang nyarita ka anakna: ‘Kieu Kangkang, nu matak Bapa ngumpulkeun kokolot-kokolot téh, ieu keur ngabadamikeun ondangan ti Demang Tegal Ula. Ari perkara keur babawaaanana mah geus bérés. Ngan nu bingung kénéh téh éta di ditu poé-poé ieu ménta dikirim nu bisa meuncit hayam. Di urang teu aya pijelemaeunana!’

‘Kaula tukangna !’ ceuk kuring. Nu araya kabéh ngalalieuk.

‘Lakadalah, sukur lamun enya. Kami asa ditulungan kasusah !’ ceuk Demang Kalangburang bari ningal ka kuring.

‘Teu kudu!’ ceuk Sabakangkang sorana ngadégdég.

‘Teu kudu naon, Kangkang ?’ ceuk bapana kagét.

Nu araya kabéh curinghak.

‘Teu kudu ka ondangan jeung teu kudu ngirimkeun tukang meuncit hayam!’

‘Na, kunaon ?’ ceuk bapana deui.

‘Da Bapa mah teu milu ngarasakeun kanyeri anak. Piraku Bapa teu nyaho, kapan nu rék dikawinkeun téh … bébéné kaula, anu lucu Cilacingkrung. Ehm geulis … kieu geuning rasana ari euweuh nu nyaah. Bapa sorangan gé, sumawonna mun béla !’

Gempungan jempling.

Lila-lila Demang Kalangburang pok deui ngomong : ‘Enya Kangkang, Bapa gé lain teu nyaho. Tapi da salah manéh, naha heunteu nyarita ti baréto. Ayeuna mah geus leuir teuing, geus kapiheulaan ku Ki Bincuranghérang, anak Demang Warudoyong. Lamun urang ayeuna teu datang jeung teu nyumponan paméntana, kawas naon engké Demang Tegal Ula jeung Demang Warudoyong ka urang. Palang siang baris ngarurugan perang.’

‘Tapi … Jeneng Demang,’ ceuk hiji kokolot anu diuk tukangeun Sabakangkang,’ ceuk kaula mah tacan leuir, da Bincuranghérang jeung Cilacingkrung téh tecan karawin, kakara arék !’

‘Enya, tapi kapan geus ondang-ondang. Lamun ku urang di ganggu, pisakumahaeun teuing pigujrudeunana ?’

‘Gujrud heunteuna mah kumaha engké baé …. Jeneng Demang!’ ceuk nu nyarita tadi. ‘Atuh kudu baé perang, pan urang tukangna. Geuning baheula ogé basa urang hirup kénéh di alam manusa kawas naon katawuranana balad petol diubrak-abrik ku urang. Kasedekkeun soténan urang ka dieu, bané baé baladna ditambah mangéwon-éwon.’

‘Kumaha saenyana maksud andika téh?’ ceuk Ki Demang.

‘Ari ceuk kaula mah geus jadi kakuduan, urang mélaan anak!’

Reup geuneuk Demang Kalangburang beureum, nambaga atah beuleum! Éra jeung ambek, lantaran diweweléh. Omongna heuras:

‘Kami lain embung mélaan anak, tapi… mémang gampang ari ngomong mah. Inget, urang kudu nyanghareupan dua Kademangan. Na kira-kira urang baris kuat?’

Jempling.

‘Mun kaula meunang milu nyarita,’ ceuk kuring, ‘kaula boga pamanggih!’

Sabakangkang ngalieuk ka kuring.

‘Puguh baé meunang mah,’ ceuk Demang Kalangburang.

Ceuk kuring: ‘Mémang enya, Sabakangkang kudu dibélaan!’

Sabakangkang ngalieuk deui ka kuring bari giak.

‘Tapi sabisa-bisa kudu hérang caina beunang laukna. Kudu ku akal anu lantip, ulah matak jadi kagoréngan, komo jeung ngajadikeun peperangan sagala mah. Kajaba lamun geus teu aya deui jalan!’

‘Taah, tah, alus pamanggih téh!’ ceuk Demang Kalangburang. ‘Cing, cing, kumaha akal nu lantip téh?’

‘Perkara akalna mah pasrahkeun ka kaula baé. Éngke kaula rék badami jeung Sabakangkang. Ngan kaula perlu indit ka ditu ayeuna-ayeuna, pikeun nalungtik kaayaanana.’

Sabakangkang pindah diukna ka deukeut kuring, malah tuluy ngarangkul, bari ngomong: ‘Teu sangka, geuning ieu téh pi-nu béla-eun ka kaula. Boro tadi mah ku kaula dijejeléh. Hampura baé, nya!’

‘Can puguh hasil, Kangkang.’ Ceuk kuring.

‘Najan teu hasil, tetep andika rék diaku dulur!’

‘Hadé, Maléndra!’ ceuk Demang Kalangburang, ‘Kami masrahkeun ka andika sarta kami jangji, lamun usaha andika hasil, kula rék kaul: sakahayang andika rék dicumponan. Isuk andika rék dianteurkeun ka ditu ka Tegal Ula ku gulang-gulang, pikeun jadi jagal hayam….Hé, arandika kabéh’ omongna ka nu karumpul, ‘Ayeuna mah meunang balubar baé. Pagéto omat karumpul deui, urang bareng ka ondangan téa!’ Kumpulan bubar.

Kuring diaku di “kaputran” Sabakangkang. Sapeupeuting terus babadamian, piakaleun ngarebut bébénéna téa.

Isukna isuk-isuk, kuring geus saged. Nu rék jajap, gulang-gulang ngaran Balaketa jeung Balaketu, geus araya. Teu lila jol Demang Kalangburang jeung Sabakangkang daratang.

Ceuk Demang: ‘ Kumaha geus saradia?’

Dijawab ku Balaketa: ‘Sadia!’

‘Jung atuh geura arindit meungpeung iuh. Ambéh gancang, geura tarumpak Si Muih Kancang baé, tutunggangan kami!’ omongna bari tuluy gegereyeman. Teu lila. Gelebug…angin puyuh lilimbungan. Hiuk….nebak ka kuring jeung gulang-gulang. Belesat kuring jeung Balaketa-Balaketu…kebat, bari henteu napak lemah. Ku tarik-tarikna angin, panon gé méh teu bisa dibeuntakeun. Ceuli munggah hihiengan. Tirisna lain lumayan. Angin téh ngaliwat ka lebah dieu, ka wétaneun imah Ki Darma. Di dinya muihna tarik pisan, dapuran awi Ki Darma, nepi ka kawas pocongan paré. Ku kuring dirawél, durukduk…karabut ka akar-akarna…”

“Paingan, paingan!’ ceuk ki Darma bari gogodeg, “Tadi ogé geuning ku kaula geus dicaritakeun!” omongna deui ka nu réa.

Nu réa gogodeg.

“Teu lila, kuring jeung Balaketa-Balaketu, geus tepi ka nu dijugjug. Poé éta téh poé ngangkatna karia nu lilana baris tilu poé tilu peuting. Jelema-jelema geus réa. Dak-dék-dok anu narakolan suluh, wah-wih-weuh anu keur marapaésan balandongan jeung patengahan. Di pipir suluh geus numpuk, daun jati geus ngarungrung, cau turuyan geus ngahunyud. Dina sosompang Beulah katuhu, barudak ngora keur ngadarukduk nyirian barang-barang injeuman: aya korsi, samak, piring, gelas, sééng, aseupan, siwur, jeung réa-réa deui. Ari nyirianana ku apu campur gambir. Gamelan, ronggéng, geus lengkep katut panayaganana…”

‘Tuh, ceuk kaula ogé tadi!’ Aki Candra megat kalimah.

“Ti dinya kuring dideuheuskeun ka pribumi. Ku pribumi ditepungkeun jeung kokolot urusan lauk. Ari kuring geus ditarima mah, Balaketa-Balaketu tuluy baé aramitan marulang.

Ningal pigawéeun, matak wegah méméh prak. Tuda lain puluh deui atawa ratus, hayam peunciteun téh aya réwuna. Ti barang datang, teu eureun-eureun kuring meuncitan hayam. Leungeun mah mani geus asa cangkéwéng.

Na ana gebeg téh kuring ngagebeg, ningal Si Jelug jeung Si bibit cocooan kuring. Haté teu téga. Dagdagan dipénta ka kokolot lauk. Kabeneran dibikeun. Kop cenah itung-itung buruhna. Ku kuring sina dianteurkeun deui ku nu mawana…”

“Paingan Si Jelug jeung Si Bibit wararas deui,” ceuk Bapa Raksa.

“Ti jelema-jelema di dinya kuring meunang katerangan, cenah Nyi Cilacingkrung beurang peuting gawéna ngan ceurik baé, lantaran embungeun dikawinkeun ka Bincuranghérang, da geus pakait pikir jeung Sabakangkang.

Ku pitulung pangasuhna, kuring bisa rerencepan nepungan kobongna. Nampana daréhdéh pisan , da nyahoeun kuring utusan beubeureuhna.

Omongna: ‘Kumaha Kakang Kangkang cageur?’

‘Geuning?’

‘Cageur, da puguh teu gering, teu cageur, da puguh direbut bébéné!’

Cilacingkrung kembang irung.

‘Karunya,’ omongna deui lalaunan.

‘Ari parnana pisan mah, lantaran manéhna ngadéngé béja, cenah bébénéna mah geus teu ingeteun bari taeun.’

‘Ah, teungteuingeun nu méré béja!’ omongna, ‘Yeuh utusan, moal nepi ka carindul kieu uing téh, mun teu inget baé ka manéhna mah.’

“Geulis Mang, Cilacingrung téh?” Ki Sastra lulutu téa megat kalimah

“Ah, nya kitu, ukur jajar jarian. Teu jauh tina ngaranna!’ ceuk Ki Maléndra. Pok deui Ki Maléndra nuluykeun deui caritana:

“Ceuk kuring ka Cilacingkrung: ‘Ari geus, kahayang saha rék kawin ka Bincuranghérang téh?’

‘Kahayang kolot pada kolot,’ omongna ‘Da uing jeung manéhna mah boro-boro mun wawuh, papanggih ogé encan. Malah béjana, manéhna ogé geus boga kabogoh ka anak Kaliwon Tamiang ropoh. Cing atuh utusan, uing tulungan! Da Kakang Kangkang mah teu beunang diarep-arep!’

‘Puguh nya éta, nu matak ngirim utusan ogé, ku tina hayang mélaan.’

‘Hayu atuh urang minggat baé!’

‘Ké heula, sabar!’ Ulah gurung gusuh. Kahayang Sabakangkang, kudu hérang caina beunang laukna, ulah matak gujrud.’

‘Kumaha atuh? Mangkaning kapan, engké peuting dikawinkeun téh!’

‘Ulah salempang! Masih kénéh aya waktu, asal nurut baé ka kaula!’ tuluy kuring ngaharéwos, ngabéjaan anu ku manéhna kudu dijalankeun.

Sanggeus manéhna jangji rék tigin, buru-buru kuring kaluar ti kobongna, sabab di luar kadéngé jelema-jelema ngaguruh jeung gamelan nang-néng-nong lagu papalayon, tanda aya tamu datang.

Teu salah, horéng pangantén lalaki datang, digandéng ku awéwé-awéwé tengah tuwuh; diiring ku cawéné-cawénéna nu narangeuy baki kuéh; ditéma ku nu marawa barang-barang sipat nyamu, sababaraha telebug; sapandeurieun éta nu marawa parabot dapur: sééng jeung katél tambaga; aseupan, dulang jeung pangarihna; halu, lisung jeung nyiruna; gentong jeung siwurna; piring jeung séndokna; ditéma deui ku nu marawa pacul jeung kitrina; disambung ku gegedén-gegedén jeung kokolot-kokolot, di antarana indung-bapana, pangpandeurina pisan barudak bujang.

Waktu éta aleutan ngaliwat ka hareupeun kuring, kuring teu eureun-eureun mapatkeun ‘Si Balik Tingal’ bari dipelong panonna saurang-saurang.

Sanggeus diaku ku pribumi jeung didariukkeun, tuluy seserahan.

Reup peuting merul tatamu daratang, boh ti nu deukeut boh ti nu jauh.

Demang Bitungwulung satumenggungna, Demang Tamiangropoh sakorawana, Dalem Tuurpugur sabaturna, Ménak Putatsemplak sabaladna, Kalangburang Sabakangkang sapangiringna. Aya nu tarumpak angin barat, aya nu tarumpak angin puyuh, aya nu tarumpak angin topan.

Gamelan teu eureun-eureun Papalayon.

Iklan

Diwadalkeun ka Siluman (1)

September 21, 2010

Carita Nyambung Ki Umbara

Bada isa di imah Bapa Raksa!

Di dapur jeung di patengahan, ramé kénéh ku nu paropolah. Peuting éta peuting katujuhna Ki Maléndra-anak Bapa Raksa. Ari Bapa Raksa téa, saturun-turunana kaceluk jelema garagah.

Di tepas hareup geus réa lalaki kolot ngora, hempak sarila pahareup-hareup. Sawaréh bari nyarandé kana bilik. Gor-gar ngawarangkong, bari ngadaragoan anu tacan datang.

Di luar poék bulan. Cihujan tina talang ngeclakan kénéh kana tarétépan. Angin anu asup tina sela-sela bilik, nyelesep mawa tiris munggah nyecep.

“Éta mah jurig cekak,” ceuk Ki Bangsa nu diuk gigireun pribumi, “Aya ku kokomoan béak karep, sapuluh teu dikarikeun hiji-hiji acan.”

“Komo kaula mah lima welas!” ceuk Ki wangsa ti kéncaeunana.

“Ari anu kaula mah Si Jelug jeung Si Bibit calageur deui, ngan tilu poé geringna téh,” ceuk pribumi.

“Bejana, lain ngan di lembur urang baé pagebug hayam téh,” ceuk Ki Nata nu diuk deukeut panto kaluar.

“Enya da, di unggal désa,” ceuk Ki Dipa ngéngklokan. Éta baé, sémah urang kidul nyaritakeun, sémah urang kalér kitu kénéh.”

“Ari nu anéh mah kaula,” ceuk Ki Waria nu diuk gigireun Ki lebé.

“Kumaha anéhna téh?” ceuk Ki Lebé.

“Aya samingguna kaula kaleungitan siwur ti dapur,” omongna, “Ditatanyakeun ka tatangga sugan aya anu nginjeum, weléh. Malah cenah aranuna ogé teu araya, arilang tanpa karana.”

“Tuluyna kumaha?” ceuk Ki Lebé deui.

“Ari tadi soré, bet kapanggih deui geus ngagantung dina parantina. Jeung anéhna sarua deuih nu tatangga-tatangga ogé araya deui.”

“Ih, sugan téh kaula baé!” ceuk Ki Wira.

“Ari kaula mah samak anu kitu téh!” Ki Saca nambahan.

“Kaula mah aseupan!” ceuk Ki Asta.

“Lain ngaléléwé, kaula gé piring sadua-dua!” omong Ki nangga.

Ki Lebé unggut-unggutan.

“Kuring deuih héran mah! Ki Sastra budak ngora ahli lalajo, milu némbrong.

“Naon héranna téh?” ceuk pribumi.

“Meureun saréréa ogé pada mireng—ngan peuting ieu nu henteu téh—di palih kalér ngageder gang-ging-gung sora gamelan.

“Enya kaula ogé ngadéngé,” ceuk nu diuk gigireunana.

“Kaula ogé! Kaula ogé!” raong nu ngaenyakeun.

“Ku kuring jeung babaturan kungsi dipaluruh,” ceuk Ki Sastra nuluykeun caritaanana. “Ingetan téh paling ogé di Gresik, da sada deukeut téh!”

“Tuluy?” ceuk Ki Lebé.

“Di Gresik…teu aya! Di Kalér kénéh. Dipapaykeun ka Kojéngkang…teu aya! Di Kalér kénéh. Panasaran terus ka Kalimanggis…teu aya kénéh! Masih di kalér kukupingan téh!”

“Tuluyna kumaha?” ceuk Ki lebé bangun panasaraneun pisan.

“Ku lantaran geus peuting teuing jeung geus capé kuring baralik deui baé. Éta héranna téh ku sada deukeut pisan. Isukna, kuring papanggih jeung urang kalér nu dagang pindang. Manéhna nanyakeun di mana cenah nu aya pésta, da kadéngéna ti lemburna mah gang-ging-gungna téh di beulah Kidul. Ari urang Kidul, nyangkana téh di urang!”

“Ceuk kolot mah éta téh siluman di Tegal Ula keur gawéan!” omong Aki Candra nu pangkolotna di dinya.

“Aya deui anu anéh téh!” ceuk Ki Darma.

“Naon?” ceuk pribumi bari seuri.

“Éta basa genep poé ka tukang aya angin puyuh ngaliwat, dapuran awi nu wétaneun imah kaula kawas anu dirabut baé, rungkad ka akar-akarna. Padahal anu séjén mah tiba busik.!”

“geus, ah!” ceuk Aki Candra, “Peuting teuing. Urang mimitian tahlil téh. Peundeutkeun pantona, Nata! Tiris!”

Ki Nata nutupkeun panto.

Nu ngarobrol jep jempé. Nu keur arudud, tuluy ngekesek rokona kana palupuh. Kuntungna ditareundeun tukangeunna, dina senténg.

Pok Bapa Raksa tindak:” Kaula bungah taya hinggana, andika saréréa geus merlukeun daratang nyumponan panéang kaula. Ku lantaran peuting ieu téh peuting katujuhna, dipénta kerna Allohna ka saréréa, hayang dipangratibkeun.muga-muga anak kaula Ki Maléndra, meunang rahmat kubur, dihampura sagala dosana, ditarima iman Islamna.”

Dijawab ku saréréa : “Amin ! Amin ! Amin !”

“Prak Lebé mimitian !” ceuk pribumi deui.

Song ti tukang nu nyodorkeun cikembang warna tujuh dina kendi, nu isukna rék di kucurkeun luhur pajaratan Ki Maléndra. Dituturkeun ku parupuyan ngebul. Seungit menyan meni mabek.

Pes damar dipareuman, poék teu katingal curuk-curuk acan. Gerendeng Ki Lebé ngamimitian …

Beuki lila nu ratib beuki husu’. Marujina beuki rosa. Dina palebah : La-ila-ha-ilal-loh ! La-ila-ha-ilal-loh ! La-ila-ha-ilal-loh ! … imah téh riyeg ka kénca, riyeg ka katuhu, wantu imah panggung enggeus kolot.

“Trok, trok, trok,” nu ngetrokan panto tilu kali ti luar.

Rekét Ki Nata muka panto lalaunan, omongna ngaharéwos :” Rampés asup baé.”

“Kaula … Ki Maléndra !” ceuk nu ngabelegedeg hideung dina golodog.

“Sa – – ha ?” ceuk Ki Nata, sorana ngadégdég.

“Kaula Ki Maléndra !”

Gurubug Ki Nata ngejat bari ngajerit : ”Jurigna da-taaang !”

Nu dariuk deukeut panto : lengo gurubug, lengo gurubug ; tuluy pagulung-gulung di nu poék, maruru panto ka patengahan. Nu ratib jep jempé.

Bapa Raksa nanya bedas : “Aya naon? Aya naon?”

“Itu jurigna dataaang ! Ngabelegeded hideung dina golodog!”

“Jurig naon ?”

“Jurig Ki Maléndra !”

Jelema-jelema jadi ribut, mangkaning poék letek. Atuh pagulung-gulung silih cekel silih puntangan, pakenyang-kenyang. Di luar kadéngé anu nyikikik, sorana pikasieuneun.

Béja aya jurig geus nyebar ka patengahan jeung ka dapur. Beuki ramé. Awéwé-awéwé pating jéréwét, barudak pating jarerit. Damar pas-pes kadupak ku nu pagulung-gulung. Brang-bréng-brong anu ngadupak sééng, anu ngadupak téténong, anu ngadupak idangan. Tingaraduh anu paadu tarang. Brag-brig-brug anu narutupkeun panto. Kolot-kolot pating gelendeng babacaan jeung paparancahan.

“Damar! Damar!” ceuk Bapa Raksa. Tapi bororaah aya nu wani nyeungeut damar, kalah ka pabuni-buni nyamuni.

Bapa Raksa satengah ngagorowok : “Caricing! Urang sidikkeun!”

Bapa Raksa maju ka hareup kana deukeut panto ka luar. Nu réa ngaharéphép.

Bapa Raksa : “Jurig nyingkir sétan leumpang ! Sétan wisésa, manusa kawasa. Saha éta?”

“Kuring, Pa!” ceuk nu ngabelegeded hideung dina taweuran.

“Kuring saha?”

“Kuring … Ki Maléndra!”

Jelema anu tadi ngaharéphép, ayeuna moyég. Nu barabacaan beuki baredas. Moal boa nu barorangan mah, karokoplokan birit.

“Ki Maléndra anak kami?” ceuk Bapa Raksa deui.

“Enya, Pa!”

“Lain! Ki Maléndra anak kami mah geus maot, tujuh poé ka tukang!”

Ki Lebé teu eureun-eureun istigpar.

Bapa Raksa ngusap beungeut: “Ya Alloh, muga-muga Si Ujang meunang rahmat kubur. Yeuh Maléndra, manéh ulah ganggu, da geus béda alam. Manéh mah geus jadi urang Kasucian. Nu matak kami tahlil unggal peuting ogé, mangnedakeun ka Nu Kawasa, muga manéh dihampura dosa.”

“Kuring henteu maot, Pa!” Ceuk nu ngabelegedeg hideung sakali deui.

“Jurig bungkeuleukan sugan ieu mah!”

Bapa Raksa awong-awongan.

“Lain, Pa, lain jurig. Tapi ieu kuring Ki Maléndra. Geura mangga acongan!”

Bapa Raksa: “Lamun bener manéh Ki Maléndra anak kami, tangtu aya cirina!”

“Naon cirina, Pa?”

“Sakti kawas akina, gagah kawas bapana!”

”Insya Allah!”

Teu antaparah deui, gampleng….anu ngabelegedeg hideung téh dipeupeuh lebah puhu ceulina. Anu lian, ulah bon diteunggeul kitu, kakara dicekel leungeun ogé ku Bapa Raksa mah geus ampun-ampunan. Da tangtu tutungna téh, wantu bapa Raksa ngagem aji Semu –Gunting. Ari ieu teu régrog-régrog acan, sumawonna mun rubuh, kalah ka nyikikik seuri. Omongna: “Kuring gagah kawas Bapa!”

Ceg cangkéngna dicekel ku Bapa Raksa ku dua leungeun, jung dijungjungkeun, keleweng dialungkeun ka pipir kana dapuran cau…gubrah!

“Hahahah, kuring sakti kawas Aki!”

Bapa Raksa: “Maléndra!”

“Nun!”

Bapa Raksa malik ka tukang, bari ngomong:” Kawas-kawas enya Ki Maléndra. Seungeut damar! Urang acongan beungeutna!”

Bapa Raksa turun ti imah, mawa cempor keur ngacongan. Nu séjén teu aya nu wani nuturkeun. Lebé ogé ngan ukur nangtung di golodog bari teu kendat babacaan.

Bapa Raksa: ”Maléndra! Di mana manéh?”

Jawabna: “Di dieu, Pa!”

“Ku naon cicing baé di dinya? Ka dieu kaluar!”

“Teu bisa, Pa! ieu suku duanana nyeblok kana taneuh nepi kana tuur!”

Ku Bapa Raksa disampeurkeun, tuluy didamaran. Mimitina beungeutna, tuluy sukuna. Sanggeus sidik, pok manéhna ngomong: “Teu salah deui, enya manéh téh Ki Maléndra anak Bapa.”

Bapa Raksa tuluy nyalukan nu réa: “Ka darieu, ulah sieun-sieun! Enya Ki Maléndra ieu téh! Mawa deui damar jeung pacul!”

Nu pangheulana nyampeurkeun Ki lebé, tuluy nu mawa damar, ditéma ku nu mawa pacul, ti dinya kakara nu réa. Malah awéwé-awéwé ogé nu teu barorangan mah, pada nyalampeurkeun, ngagembrong!

Ceuk Bapa Raksa: “lamun ieu lain Ki Maléndra, tangtu beungeutna geus tutung diteunggeul, jeung geus rikes awakna atawa potong bincurangna dibalangkeun. Tapi ieu mah kalah ka nyeblok sukuna. Pék geura kali, aya gancang urang nanggap lalakonna!”

Cruk-crek pacul nu ngali suku, pili genti bari teu ngomong sakemék. Teu lila polonyon-polonyon suku Ki Maléndra kénca-katuhu, ditarik ka luhur. Geus kitu Ki Maléndra dituyun ku bapana, dibawa asup ka imah, dituturkeun ku nu réa bari patingharéwos.

Ceg-ceg kana gamparan jeung bakiak, tuluy ngarumbah suku di pipir ku cihujan tina jambangan. Cut-cat arunggah deui ka tepas.

Di imah geus caang deui.

Di tepas hareup, lebu jeung areng parupuyan awur-awuran. Kembang warna tujuh acak-acakan, kendina peupeus, caina ngabayabah dina samak, kaleyek ku nu pagulung-gulung tadi.

Lalaki-lalaki tuluy dariuk deui, harempak sarila kawas tadi basa méméh aya jurig. Awéwé-awéwé arasup deui ka patengahan jeung ka dapur. Ki Maléndra diuk tungkul, da pada marelong.

Pok Bapa Raksa ngomong: “Méméh urang nanggap lalakon nu tas maot, “Ki Maléndra seuri, “Palajangkeun heula idangan—ulah anu kaleyek mah—urang muji sukur ka Pangéran, réhna Ki Maléndra geus hirup deui kalawan salamet.”

Tacan gé tuhur biwir nu nyarita geus sur-sor idangan dibéréskeun. Sanggeus bérés, pok deui Bapa Raksa nyarita: “Sok Lebé geurra maca do’a salamet!”

Galantang Lebé ngado’a kawas kacang ninggang kajang. Nu réa raong: “Amin! Amin! Amin ya Alloh!

Réngsé ngado’a brak balakécrakan. Sésana, tuluy dibarungkus ku berekat.

“Lain,” ceuk Bapa Raksa ngamimitian nanya Ki Maléndra, “Kumaha pangna manéh hirup deui? Da ceuk Babah Kan Sun mah, manéh téh tétéla geus maot kacéot ku cai museur.”

“Kieu, Pa!” témbal Ki Maléndra.

Awéwé-awewe pasedek-sedek ronghok dina panto ka patengahan, sawaréh naroong. Tuluy jarempé lir gang katincak. Kabéh paningal ngumpul ka Ki Maléndra.

“Geuning harita,” omong Ki Maléndra nuluykeun caritaanana, “Mun teu salah mah poé Jumaah isuk-isuk. Kuring jeung Bah Kan Sun arindit ka Situ Limbungan, niat numbak deleg nu sok ngangkang téa.”

“Enya teu salah, poé Jumaah harita téh,” ceuk bapana.

“Saréréa ogé pada terang,” ceuk Ki Maléndra deui, “Limbungan téh situ hiang. Situna aya dua. Nu hilir gedé jeung jero, ari nu girang leutik sarta déét. Lebah ngocorna cai ti nu girang ka nu hilir téh, nyurug sarta museur. Ti lebah dinya deleg téh kaluar asupna.

Lila kuring jeung bah Kan Sun ngadagoan ngangkangna téh. Eta baé ti jam dalapan, témbong-témbong ngangkang di nu leutik téh, kira-kira jam dua welas.

Aya ku gedé éta mah deleg, téténjoan téh huluna ogé sagedé kalapa. Bah Kan Sun ngaharéwos ka kuring: “Pegat ku manéh di lebah urut kaluarna. Bisi panumbak kami nyalahan, ulah mabal ka hilir!”

Bari teu némbalan, kuring ngeteyep ngadeukeutan liang paranti kaluar asupna téa. Crub kuring ancrub lalaunan, tuluy nangtung deukeut cai anu museur téa. Bah Kan Sun ngadodoho bari nyekel tumbak.

Teu lila Bah Kan Sun katingal ngangkat tumbakna ka luhur, mani tipepereket. Panonna teu ngiceup, museur kana sirah deleg. Héat…dilempagkeun, creb! Seblak…geduk kana tuur! Gujubar…rubuh nangkub. Durukduk…kagusur. Blus kuring kana cai museur!

‘Ha, ha, hah!’ di tukangeun aya nu seuri. Ari dilieuk sihoréng budak ngora belekesenteng. Jangkung gedé, awak busekel.

‘Baruk gagah Ki Maléndra téh!’ omongna.

‘Na, saha andika?’ ceuk kuring, ‘Jeung di mana ieu téh?’

‘Ngaran kami Sabakangkang. Bapa kami nu ngageugeuh di dieu.’

‘Saha nu ngageugeuh di dieu téh?’

‘Demang Kalangburang!’

‘Jadi ieu téh Kademangan?’

‘Enya, hayu urang ngadeuheus ka Bapa!’


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982