Cimata Indung

Februari 21, 2011

Ku Komalawati. S

Bari angkaribung ku babawaan, gagancangan kuring leumpang mapay galengan, ninggalkeun lembur. Di hareupeun warung Ceu Enok, kuring eureun bari ngecagkeun dua jingjingan. Gek diuk dina bangku panjang paragi dariuk nu ngaradon ngopi bari nyegat mobil elep atawa beus.

“Na… asa suwung kieu, ieu teh, Ceu?” cekeng bari top nyokot bala-bala haneut hiji, tuluy dihuapkeun. Biasana tabuh sakitu, di warung Ceu Enok sok pinuh ku nu barang beuli utamana nu rek nyaba, sok ngadon ngopi heula cara kuring ayeuna, bari nyegat mobil.
“Tadi… Kang Karna jeung Mang Amud, ngaropi. Rek nyaraba ka Bekasi. Cenah aya pagawean. Dulurna nu ngumbara di ditu, rek ngadegkeun deui imah. Karek bieu pisan naek beus.
“Oooh…! Ceu, nyungkeun cai!”

Ceu Enok ngasongkeun gelas balingbing eusi cienteh panas. Saeutik-saeutik, kuring ngaregot. Tuluy nyokot goreng ketan. Am, disamualkeun. Untung teu meleg, da ketanna leutik. Lapar, atuda ti imah can sempet sasarap. Rurusuhan, bisi tinggaleun beus. Ari tepi ka jalan gede, beuteung karasa lapar. Antukna, ngetem heula di warung ieu. Kabita ningali bala-bala jeung ketan.

“Rek ka mana ari Nyai Ipah?” Ceu Enok nelek-nelek kuring nu dangdan beda ti sasari. Sanajan anyar balik ti Saudi, panampilan kuring teu kawas TKW nu lian. Sakapeung sok marahiwal, sagala dipasangkeun. Make pakean nu moronyoy jeung hurung ku papaesan. Oge wedak jeung lipensetip nu kandel. Kuring mah basajan we da tadina ge ti lembur, teu hayang ningalikeun boga duit, malah kalah ngabibita bangsat.
“Eu… ka… Cianjur, Ceu!”
“Ka saha?” Ceu Enok kerung.
“Ka…” luk, kuring tungkul. Sok sieun pajarkeun rek nepungan popotongan. “Hayang tepung jeung budak, Ceu.”
“Ooooh… enya, kakara inget budak Nyi Ipah teh di Cianjur. Geus badag meureun budak teh?”
“Genep taunan, Ceu.”
“Ari Wawan, geus boga deui pamajikan?”
“Haaar…ari Ceu Enok na teu terang? Pan abdi diserenkeun teh alatan Kang Wawan kawin deui ka nu sejen! Batur sapagaweanna di pabrik sapatu.”
“Ku nurustunjung ari lalaki!”

Kuring nyerengeh, sanajan hate nyeredet. Ras inget, waktu Kang Wawan kawin deui tanpa sakanyaho kuring. Nyeri hate teh lain bobohongan. Kuring menta diserahkeun. Teu sudi didua. Teu suka dipangwayuhkeun. Hate dirarajet matak begang awak. Leuwih hade kuring hirup sorangan tibatan jadi nu kolot bari teu kungsi dicukupan pangabutuh. Harita Kang Wawan daek nyerenkeun asal make sarat, budak kudu milu ka manehna, dibawa ka Cianjur, lemburna. Tadina kuring teu narima, tapi sanggeus pihak kulawarga kuring jeung Kang Wawan badami, yen budak tetep rek cicing jeung bapana, tapi kuring bebas nepungan ka Cianjur. Jangji kulawargana, budak ge bakal mindeng dianjangkeun ka Panamur, lembur kuring, supaya bisa panggih jeung kuring, tur silaturahmi bisa manjang. Mudah-mudahan. Ku kituna mah kaharti. Leuwih hade budak nu datang ka Panamur, da ari kudu kuring nu ka Cianjur mah, euh…pimanaeun ongkosna. Ongkos ka Cianjur teh pan mahal, kudu buburuh tandur heula sababaraha minggu.

Najan rada medenghel, ahirna kuring ngelehan. Dua bulan ti harita, kuring didaftarkeun ka sponsor nu aya di Malangbong, jadi calon TKW, bari guling diri. Malah mun fit, kolot kuring ditinggalan kana sajutana. Kuring kabita. Sanggeus di Jakarta cicing di PT, kuring dinyatakeun fit. Teu lila, kuring ngapung ka Saudi. Saenyana, kuring bari mapalerkeun kakuciwa, ngubaran kapeurih hate nu geus dirarajet ku Kang Wawan.

Karasa, aya cai dina kongkolak panon kuring.

“Nyi Ipah!” Ceu Enok ngagebah lamunan kuring bari katingali carinakdak. Meureun ngarasakeun kapeurih hate kuring.
“Nyi Ipah ngora keneh. Panjang keneh lalakon. Jaba geulis, tangtuna rea lalaki nu miharep!” Ceu Enok kawas nu ngupahan.
“Saha atuh Ceu, lalaki nu miharep abdi? Abdi saukur rangda ti kampung, anak jalma malarat.”
“Tong kitu, Nyi Ipah!” Ceu Enok diuk gigireun kuring, “Ayeuna Nyi Ipah geus beda jeung baheula. Nyi Ipah geus bisa ngadegkeun imah kolot sakitu agrengna. Nyi Ipah geus ngabagjakeun nu jadi kolot. Bagja!”
“Tapi kabagjaan kulawarga di lembur can sampurna, Ceu, lamun budak masih keneh jeung bapana.”
“Aeh… apan Nyai teh lain rek ka Cianjur?” Ceu Enok ngagareuwahkeun. “Jung atuh, bisi kaburu beurang. Ku Euceu didu’akeun, sing salamet di jalan!”
“Euleuh… enya, Ceu Enok!” kuring geuwat nangtung bari ngodok saku calana lepis, ngaluarkeun duit rebuan dua lambar urut ngopi bala-bala jeung ketan. Bakating anteng ngobrol jeung Ceu Enok bari nyawang mangsa ka tukang nu pikasediheun, poho kuring keur ngadagoan beus nu bakal mawa ka Cianjur. Apan kuring teh hayang geura panggih jeung beubeulahan hate kuring.

Reg, beus Merdeka jurusan Banjar Jakarta, eureun hareupeun warung. Kuring naek. Babawaan anu loba, dikana bahasikeun ku kondektur.

***

Salila di perjalanan, kuring nyipta-nyipta bakal panggih jeung Abang, buah hate kuring. Harita waktu dibawa ka Cianjur, umur budak teh opat taun. Keur meujeuhna capetang sagala dicaritakeun. Keur meujeuhna barang dahar, sagala sedep. Mangsana kembang buruan.

Kumaha rupa budak ayeuna sanggeus ditinggalkeun dua taun ka Saudi? Keur leutik mah Abang teh awakna lintuh pikaresepeun. Kulitna hideung santen, tapi katingali manis. Lamun nyerengeh, katembong aya kempot dina pipina. Lucu budak teh, pikageugeuteun, pikanineungeun. Emh, barina ge saha atuh jalmana anu teu nyaah ka anak? Sato wae nyaah, komo manusa….

Beus eureun di Cipatat. Nurunkeun panumpang, tuluy nyemprung deui. Ret kana arloji, satengah sawelas. Wayah kieu mah, bangunna Abang geus mulang ti sakolana. Pan geus sakola ayeuna mah, geus kelas hiji. Didu’akeun Ucu ku indung. Sing tepi ka jucung sakola teh, tong kawas indung hidep nu ngan saukur bisa di lembur jauh ka bedug. Ucu mah sing bisa ngahontal naon nu dicita-citakeun. Peupeuriheun indung nu teu tamat SD-SD acan da teu kawaragadan. Antukna, ukur bisa jadi TKW, jadi bujang di nagara deungeun. Taya pilihan deui.

Beungeut budak ngolebat deui. Beungeut dua taun katukang. Manis, lucu, alewoh tur pikaresepeun. Beurat kuring teh ninggalkeun budak. Ngan kapaksa ingkah, bakating ku kabelit ku pangabutuh. Enya ge cicing di kampung, tapi kuring katut kolot teu boga sawah kawas batur. Beas tangtuna kudu meuli. Kadua kolot kuring kuli ka batur, purah macul, ngarambet, tandur jeung naon we sagawe-gawe, pikeun bisa nedunan eusi peujit. Bari angger teu cumpon, da kudu sagala dibeuli sanajan cengek oge. Loba pepelakan di buruan batur sabangsaning kaperluan nyambel jeung lalab, tapi maenya ari kudu barangpenta wae mah.

Lian ti hayang nyugemakeun nu jadi kolot, nekad indit ka Saudi seja mapalerkeun bangbaluh hate. Seja mopohokeun kanyeri jeung kapeurih alatan dihianatan ku Kang Wawan.

Alhamdulillah, mulang ti Saudi, kuring bisa meuli tanah jeung ngadegkeun imah. Imah nu tiheula, nu bilik, panggung tur leutik dirobah jadi kandang domba. Jero imah oge dieusian ku rupa-rupa parabot nu anyar meuli ti mebel di Malangbong. Korsi, lomari, risbang, tipi jeung sabangsana. Teu, kuring teu hayang balik deui ka Kang Wawan. Kuring ngarasa reugreug ningali kolot bungah. Ngan hanjakal, aya nu kurang dina hate. Buah hate kuring teu aya di dieu, nyicingan imah nu bisa disebut sigrong, ngadiukan korsi anyar, sare dina risbang nomer hiji, lalajo tipi dua puluh hiji inci nu cekas.

Ah, Abang….

Umurna geus genep taun. Jadi ras inget genep taun katukang. Ngandung tepi ka brolna, hirup teh mani werit pisan. Seuseut seuat, dahar isuk sore henteu lain bobohongan. Kang Wawan teu aya gawe, geus meh satengah taun di-PHK ti tempat gawena, pabrik tekstil di Racaekek, bari tanpa pesangon. Kahayang teh aya gadag. Keun sual milu ngaheurinan imah butut kolot kuring mah, teu nanaon. Tapi, cing atuh gawe naon we sagawe-gawe. Tapi da, lebeng we. Ancrub ka sawah, teu daek. Dititah ngarit sakali-kali ge, kaleked. Atawa milu ngaduk atuh ka nu keur ngadegkeun imah. Di lembur ge sok pirajeuneun aya nu ngajak nyaba ka dayeuh jadi kuli bangunan, tapi gideung jeung gideug we. Cape cenah gawe kitu mah. Abong urang kota, pipilih kana pakasaban. Padahal sanajan manehna boga ijazah SMP ge, can karuhan kabeh pabrik nu aya di Bandung, daek narima.

Waktu Abang gubrag ka dunya, tada teuing sedihna. Teu boga perenel-perenel acan. Orok beureum dibungkus ku samping kebat butut. Eta oge nginjeum ti paraji. Hadena aya nu haat mere sarigen rupa-rupa pakean orok ti mimiti baju, popok, gurita jeung nu lianna. Sanajan urut, geus taya warnaan baris mindeng diseuseuh, tapi ku kuring disuhun dina embun-embunan. Nu mere ngaran budak teh sabenerna mah lain kuring atawa bapana. Tapi Bu Yati, tatangga di lembur nu kacida bageurna. Nyeumpal orok ge tepi ka saratus rewu. Karunyaeun meureun ningali kaayaan kuring nu rudin tur prihatin ka orok. Ukuran di lembur mah kacida gedena. Bu Yati mah jalma ngarti. Atudan pensiunan guru SD. Cenah baheulana sakola di SPG. Hebat, bagja pisan. Tanda kaasih, Bu Yati mere ngaran anak kuring sakitu alusna, tapi weleh kuring teu nyaho hartina. Bangkit Andika Putra, ngan nenehna Abang. Saur Bu Yati, orok teh lahirna ping 20 Mei, bareng jeung mepeling hari Kebangkitan Nasional. Ari dina sirah kuring, ngaran budak nu geus disiapkeun teh iwal Mulyana, Nurdin, Sulaeman atawa Solihin we. Teu aya deui.

***

“Teh botolna… teh botolna… teh botolna… nu dingin….”
“Mocina Ibu… asli Sukabumi….”
“Tauco, tauco, tauco….”
“Gehu, gehu, gehu….”
“Sayang anak, sayang anak….”
“Jeruk, jeruk, jeruk asli Pontianak. Mirah geura… mangga diraosan heula….”
“Assalamu’alaikum, Bapak Ibu punten sakedap ngaganggu….”

Song-song, ngabagi panumpang amplop hiji sewang.

“Selamat siang!” jreng jreng… “Mobil butut… kaluaran baheula….”

Ceuli asa bonge. Teu puguh dedengean. Nyung nyeng, reang… Matak racleng tai ceuli. Kahayang mah, beus teh tong kudu eureun di pasar Ciranjang. Kagok, sakeudeung deui ge tepi ka Cianjur.

Kuring ngageberan beungeut nu pinuh ku kesang, ku kipas meunang meuli tadi ti nu ngasong di parapatan tol Cileunyi. Awak karasa bayeungyang. Tuluy ngodok tina tas dina lahunan, botol aqua urut nu ti imah meunang ngeusian ku ciherang tina kendi. Regot nginum. Seger, waktu cai ngabaseuhan tikoro nu garing.

Teu kungsi lila, beus ngageuleuyeung. Hate kekejotan teu kuat hayang panggih jeung Abang. Kacipta atohna budak nempo kuring angkaribung ku babawaan. Aya mobil remot, meulina ge nitip ka Bu Yati waktu anjeunna nyokot pensiun ka Garut kota. Aya playstation katut kaset-kasetna. Eta ge meulina nitip ka Jang Dedi, putra Pa Lebe nu kuliah di Bandung tur nyahoeun tempat meuli barang elektronik nu murah. Lain kuring hayang gagayaan, abong balik ti nagara deungeun, mere cocooan nu marahal. Di Panamur ge teu aya nu ngaboaan cocooan nu mahal cara kitu. Bubuhan ngobrol jeung batur sarua bujang di Saudi, nu sarua boga budak sapantar kuring. Mobil remot jeung playstation cocooan budak ayeuna di kota mah cenah. Atuh kuring ge hayang nyugemakeun nu jadi anak. Maenya we balik ti Saudi, ukur mere cocooan momobilan tina kulit jeruk. Teu usum!

Minggu kamarina ge, kuring ka pasar Lewo, meuli pakean Abang sababaraha setel. Teu poho, kantong jeung sapatu bari dikira-kira nomerna da puguh teu nyaho. Tada teuing bungahna budak teh. jabaning Ema mahanan rupa-rupa kadaharan ti mimiti pais lauk, sambel oncom, goreng ulen, opak ketan, kiripik sampeu, ladu, jeung wajit olahan Ema sapeupeuting. Hayang ngabagjakeun incu nu jauh, nu ngan hiji-hijina. Peupeuriheun, salila dua taun kuring di Saudi, Kang Wawan teu kungsi datang ka Panamur sakumaha jangjina baheula. Kolot kuring ge ngarasa boga hak, hayang panggih jeung incu. Sabenerna mulang ti Saudi teh geus aya dua mingguna, tapi ku cape… ngadon ngahenang-ngahening we bari ngamandoran nu barang gawe waktu ngadegkeun imah, bari neuteup balong meunang meuli kuring. Lain teu inget ka budak. Ingetna mah nataku, ngan nunggu waktu nu salse.

“Ma, ari Abang apal keneh kituh ka abdi?” tanya kuring waktu karek datang.
“Tangtu we atuh, Ipah. Maenya ka indung poho!”
“Pedah we harita budak teh leutik keneh.”
“Leutik teuing henteu. Umur opat taun mah geus inget ieuh… da geus hideng….”
“Ari poto Ipah aya kituh di Cianjur? Bisi Abang hayang ningali rupa abdi.”
“Duka teuing atuh, Pah. Maenya we… tapi sigana mah aya. Najan Wawan mah da moal ngampihan. Paling, di urut mitoha maneh mah jigana aya!”

Kuring ngarenjag. Beus geus aya di terminal Rawabango. Gura-giru kuring turun, tuluy kondektur nurunkeun babawaan tina bahasi. Ti jalan gede, kuring naek angkot nu ka Cikidang-keun.

Reg, angkot ngarandeg di sisi jalan. Kuring can waka ngalengkah, anggur nangtung bari nyipta-nyipta budak. Kacipta budak ayeuna keur ulin di buruan jeung batur sapantarna.

Kuring keketeyepan nyampeurkeun Abang nu keur nukang. Rek dipeungpeun panonna.

“Ieu saha?” tanya kuring.
“Nini.”
“Sanes.”
“Ua Iyam?”
“Sanes!”
“Bi Tati!”
“Sanes!”
“Sanes!”
“Ceu Iroh?”
“Sanes!”
“Teh Neni nya?”
“Salah sadayana. Nu leres… ieu Ibu.”
“Ibu?” Budak siga nu heran. “Ibu saha?”
“Ibu…Abang!” cekeng.
“Bohong!”
“Leres!”
“Pan Ibu Abang mah teu aya. Nyaba tebih ka ditu… ka Arab!”

Hate ngageuri, sedih.

“Tingali geura…” kuring ngaleupaskeun peungpeunan tuluy malikkeun awak budak. Celengok, tarang budak dicium.
“Ieu Ibu, Abang!”
“Ibuuu!” budak ngagabrug. Ku kuring diusapan. Deudeuh teuing anaking…

Kuring muka panon. Emh, na… lamunan teh. mani teu sabar ari kuring, kapan ayeuna ge bakal panggih jeung Abang?

Atuda, geus kaimpi-impi wae budak teh, katembong wae dina kongkolak panon….

Kuring muru imah kolot Kang Wawan. Bejana, Abang mindeng ulukutek di dinya. Sanggeus uluk salam, kuring diuk dina korsi tengah imah. Kolot Kang Wawan duanana aya, teu aya riuk-riuk atoh kadatangan kuring. Kitu oge lanceuk jeung adi Kang Wawan nu nyampak di dinya, jajauheun ka someah ngabageakeun semah nu jauh bari urut dahuan. Ieu mah, kurawed haseum… bari dulak-delek. Kuring nyoba sabar. Keun da niat kuring ka dieu soteh hayang panggih jeung budak.

“Kahayang teh budak mah tong kudu diteteang!” urut mitoha lalaki muka carita. Kuring ngusap dada.
“Barina ge di dieu mah budak teh kacida kajaminna. Jaba Nunung mah geten….” urut mitoha awewe ngagulkeun pamajikan Kang Wawan.
“Dupi Abang… ayeuna mana?” kuring nyalenggorkeun obrolan.

Teu aya nu nembal.

“Assalamu’alaikum…” aya sora budak lalaki, uluk salam. Tuluy panto muka. Kuring cengkat. Budak lintuh, make pakean bola. Surungah-serengeh ka nu di jero imah, tapi ngadadak baeud waktu ningali kuring.
“Abang….” kuring nangtung. Dua leungeun dikahareupkeun, ngadago budak nyampeurkeun. Teu kuat hayang ngagabrug. Tapi ningali pasemon nu boga imah…
“Eta culik nya?” Abang mencrong ka kuring bari siga nu sieun.
“Sanes, kasep. Ieu Ibu. Ibu Ujang. Yap ka dieu bageur…”
“Alim! Eta mah culik! Abang ge terang! Eta nu aya dina poto!” budak ngagorowok.
“Abang….” kuring nginghak.
“Saur Apa, nu dina poto teh culik!”
“Sanes!”
“Meunggeus!” indung Kang Wawan nyentak tarik. “Geus puguh budak teh sieun!”
“Culik… culik… sieun culik….” budak murungkut. Kuring maksakeun nyampeurkeun. Ari berebet teh, budak lumpat kaluar bari gogorowokan, culik culikan.

Hate ngajerit. Gustiii… ku harianeun ari Kang Wawan. Kuring teh indungna, indung nu kungsi ngandung salila salapan bulan. Deudeuh teuing anaking… ieu indung.

Hate ngalaketey, bari terus nginghak.***


Aya Carita di Terminal

Februari 18, 2011

Ku Dian Ratnaningsih

Ti sanggeus narima beja yen indung gering, kuring teu genah hate. Sabenerna mah mun harita bisa hiber jigana geus hayang ngawang-ngawang ngabelesat ka lembur tapi dalah dikumaha kaayaan teu merean. Komo kitu harita di sakola keur meujeuhna loba pagawean, katambah deuih Si Cikal keur ngahareupan USBN, asa teu tega ninggalkeunana oge.

“Kumaha, Bu janten teu ka lembur teh?” cek salaki, bari melong ka kuring.
“Kumaha tauh, Pa…?” walon teh, ret ka salaki bangun anu hayang manggih kakuatan.
“Har ari Ibu, sok araraneh atuh, kieu bae cek Bapa mah jig bae Ibu jeung Eneng ka lembur keun Aa mah dihareupan ku Bapa, pan poe saptu kabeneran saur Ibu teu aya jam ngajar, jadi ka lembur teh bisa jumaah pabeubeurang ngadagoan Eneng ti sakola, kumaha…?” tembal salaki, kawas nu apal kana kaayaan hate kuring harita.

Sakedapan kuring ngahuleng, kawas nu nimbang-nimbang pamadegan salaki, “Leres atuh kitu bae, pami Bapa ngawidian mah.”

“Nya pek geura beberes pakean Eneng anu kira-kira diperlukeun mah, tong poho bawaeun keur ka Mamih, lah ketang eta mah leuwih apal Ibu.” Tembalna, bari leos bae manehna mah ka luar.

Peutingna kuring beberes keur bawaeun ka lembur pangpangna mah baju budak keur salin da di lembur teh kira-kira rek dua peutingeun. Teu pati loba babawaan teh, ukur kantong baju jeung dus nu eusina gorengan katambah apel beureum eta oge ukur sakilo satengah keur Mimih pedah cenah diabetes, kuring kungsi maca apel beureum bisa jadi ubar keur panyakit diabet. Ketang ari Mimih mah tara ieuh ngarep-ngarep babawaan tapi ku geus bisa panggihna oge sok katingali marahmay, komo kitu apan kanyaah kolot mah asa moal bisa kagantian komo ukur ku sakilo satengah apel mah.

“Naon deui babawaan teh, Bu?” cek salaki, bari gog nagog hareupeun kuring nu keur nutupkeun seleting kantong.
“Ah, mung sakieu.” tembal teh bari cengkat.
“Keun ku Bapa urang talian dusna, cikan Aa pangnyandakkeun rapia dina laci meja tukang!” cek salaki, bari ngareret ka Si Cikal nu keur lalangkarakan bari maca buku.
“Mah, engke pami sareng Ua Oni salam tempel kanggo Aa kitu,” ceuk Si Cikal bari song ngasongkeun rapia ka bapana.
“Moal ah, moal diwartoskeun ka Uana oge yey,” tembal Si Bungsu, mari terus nyumput tukangeun kuring.
“Ih…, Eneng mah licik, apan Aa mah moal ngiring, muhun lah engke ku Mamah diwartoskeun ka Ua Oni.” tembal teh.

Barudak jarempe, tapi keukeuh bae masih keneh silih jebian.

Bada jumaah nu geus dibadamikeun, kuring jeung Si Bungsu geus anjeucleu dina beus DAMRI jurusan Bandung-Kuningan. Alhamdulillah teu pati lila ngetemna, ukur dua puluh menitan oge geus ka luar ti terminal, ongkoh geus pinuh penumpangna oge. Poe nu kacida panasna teu matak pugag lalampahan wuwuhan dina beus teh genaheun teu karasa hareudang, eta bae kakara tepi ka Jatinangor Si Bungsu mah geus kerek sirahna ngagoloyoh na lahunan kuring ari sukuna ngalonjor. Sigana mah budak teh capeeun balik sakola langsung dahar terus mangkat deui, asa diayun-ayun sigana teh.

Lila-lila mah kuring oge lelenggutan sakadang pitunduheun mimiti tingkuniang, ngan bae asa teu tenang rek reup teh malaur budak tigejut kana beusi tatahanan korsi. Antukna mata teh dibelel-belelkeun sina tetep molotot, untung tadi Si Bungsu mekel sukro, lumayan tamba nungdutan.

Lebah jalan cagak Majalengka-Cirebon mobil teh eureun sabab aya sababaraha pulisi anu keur ngawal lajuna rombongan bupati jeung stafna, apanan teu beunang aya nu ngahalangan estuning jalan teh kudu ngabulungbung. Teu wudu lila oge nungguan teh.

“Mah, tos dugi?” cek budak anu harita kakara nyaring, sigana mah kagandengan ku serine.
“Teu acan, tebih keneh.” walon teh bari ngusap tarang budak nu renung ku kesang.
“Macet, Mah…?” kituna teh bari nangtung na jok terus nempoan jalan.
“Eneng lapar…?” kuring neuteup budak nu keur nangtung.
“Muhun, hoyong roti ah…,” tembalna bari ngalieuk ka kuring. Kuring gura-giru muka kantong terus nyokot roti, song dibikeun ka budak.

Teu lila ti harita beus teh geleser deui maju mimitina mah lalaunan terus ngagancangan. Kuring ngareret kana jam nu aya hareupeun supir euleuh geus satengah tilu, mudah-mudahan teu sore teuing nepi ka terminal Cirendang teh, sabab ti dinya kudu naek angkot deui anu ka jurusan jalan Pramuka.

“Bu, Angsulanana nu tadi, mana karcisna?” cek kenek.
“Mangga, ieu…” walon kuring bari song mikeun karcis. Tadi teu kaburu di pulangan lantaran can aya receh.

Jatiwangi jeung Bongas geus liwat, kitu deui Kedawung jeung Plered. Beus teh teu liwat terminal Cirebon tapi laju ka jalan tol, lumayan rada gancang tepina ka daerah beber teh. Ti dinya nyemprung ka terminal Cirendang.

Jam satengah genep kuring tepi ka Cirendang jrut turun, tapi teu gancang naek angkot sabab Si Bungsu hayang ka cai heula. Harita di terminal geus rada sepi maklum kudu dibawa asup da moal lila ieuh. Gusti dasar keur tiis diri barang ka luar ti WC geuning geus euweuh dus teh, sakedapan kuring olohok terus kokotetengan neangan dus bisi poho neundeun tapi sisid hareupeun panto.

“Punten Bapa manawi ningali dus di dieu?” cek kuring ka saurang lalaki anu keur nagog teu pati jauh ti WC.
“Henteu, Ibu nuduh ka kuring…?” tembalna tipupuncereng.
“Eh, aduh ampun paralun teuing teu maksad kitu, nanging…,” teu kebat kuring teh rada ngarengkor ningali pangawakan anu gede tur perenges sarta sorot panonna anu beureum bangun nu keur teler. Hate beuki ratug basa manehna ngadeukeutan bari melong, Si Bungsu tipepereket nyumput tukangeun kuring, tapi kuring nyoba neger-neger maneh sangkan tong kaciri sieun ku manehna.
“Punten atuh, Pa.” cek kuring.
“Aya naon ieu, Gani…?” cek hiji sora ti tukangeun kuring. Barang direret teh, “Komara… ieu teh Komara… leres Komara…?” cek kuring melong eta lalaki.

Nu dipelong sakedapan ngahuleng, terus neuteup kuring bangun nyidik-nyidik. Ret ka luhur ret deui ka handap terus nyureng “Ke…ke…saha tea nya…Asih…bener…Asih…Kinasih,” walonna semu nu asa-asa.

“Leres Kinasih, aduh Komara… ieu teh?” kuring ngayakinkeun.

Najan ayeuna geus aya nu robah tapi kuring teu kapalingan ku sorot panonna, sorot panon anu seukeut tapi kiwari bangun anu ngemu hiji rusiah.

Manehna unggeuk terus melong ka Si Bungsu, aya cimata nu meh rag-rag, gog nagog panonna terus neuteup Si Bungsu. Budak beuki murungkut lantaran teu kenaleun, ret ka kuring rada tanggah.

“Asih, ieu saha? Pastina batina jeung Heri nya…?” walonna, bari noel pipi Si Bungsu.
“His…, lain jeung Heri eta mah masa lalu atuh, ke…ke asa teu pantes ngobrol hareupeun WC…” cek kuring.
“Aeh kelanan, ari tadi ku naon bet parea-rea omong jeung Gani?” ceuk Komara, bari nunjuk ka Gani.
“Nya eta kurang ajar Si Ibu bet nuduh ka kuring maok dus babawaanana pedah kuring aya di deukeut panto WC.” tembal Gani poporongos.
“Bener kitu, Sih…?” tembal Komara ngareret ka kuring.
“Ah, teu nuduh ngan naroskeun.” cek kuring.

Sakedapan Komara ngahuleng terus metot leungeun Gani dibawa rada anggang ti kuring, teuing ngomong naon da teu pati jelas gandeng ku sora mobil, ngan nu kaciri ku kuring mah. Komara bangun nu ambek, teu lila Gani ngaleos.

“Kumaha atuh Sih, dus tea… oleh-oleh sigana mah.” ceuk Komara.
“Lah…lain milik meureun, Komara kenal jeung lalaki tadi?” tembal teh, bari melong ka nu ngaleos.
“Oh, kenah…kenal…, biasa jalma keur mabok sigana mah, aeh Sih… cenah di Bandung nya, ka urang mana atuh ari lain jeung Heri mah?” cek Komara.
“Muhun di Bandung, ari bapana budak mah urang Ciamis, panggih harita keur kuliah bae, tapi lain ti UPI baheula mah IKIP ketang, kumaha wartosna Nanih, Mar?” tembal kuring.

Nu ditanya ukur mesem bari ngulinkeun roko.

“Nanih, Nanih mah damang, sabaraha taun nya teu pendak, terahir basa reuni di Palutungan taun 1993, Asih mah tos senang nya… ari Komara kieu bae… geuning,” kituna teh bari luk tungkul nyumputkeun paromanna.

Komara teh sobat kuring keur di SMA. Ketang lain ukur Komara tapi aya limaan nyaeta Sri, Nanang, Lasmi, jeung Heri. Lulus ti SMA taun 1990 kuring jeung Sri mah neruskeun ka IKIP, Nanang mah ka UNDIP, ari Heri manehna mah milu test ka bintara terus ayeuna tugasna di Surabaya. Lasmi neruskeun di Jakarta ka sakola perawat, sedengkeun Komara harita teh milu UMPTN ka UNPAD ngan teu lulus, lain pedah teu mampuh nu puguh mah can keuna kana milikna lantaran di antara nu limaan Komara teh pangpinterna. Ti kelas hiji nepi ka lulusna kaasup siswa pinunjul. Ti harita kuring jeung ki sobat nu tilu teh ukur bisa silih suratan. Ari jeung Sri mah mindeng panggih lantaran sa-Fakultas ukur beda jurusan, kuring di Basa Sunda manehna di Basa Inggris.

Taun 1993 kuring, Sri, Nanang, Lasmi, jeung Komara ngayakeun reunian, tapi Heri mah teu bisa datang sabab katalian ku dines. Harita kuring kakara apal yen Komara teh diteruskeun di STAIN Cirebon malah nya harita pisan panggih jeung Nanih teh. Reuni di Palutungan kacida gumbirana silih tukeur pamanggih bari silih guar pangalaman, ti harita pleng bae teu aya beja teu aya carita ngeunaan Komara mah duka ka mana, surat-surat ti kuring oge tara dibales. Unggal kuring balik ka Kuningan beja ngeunaan Komara lebeng teu kapanggih. Panggih deui teh meureun ayeuna di terminal, tapi tangtungan Komara bet beda kacida. Papakean nu kucel pangaliwota jeung tato na awakna, bet jauh tina tangtungan Komara bentang kelas sobat kuring, harita hate kuring kebek ku rupaning panasaran ngan hanjakal poe geus reup-reupan.

“Aduh… tos sonten geuning Mar, sono…sono kacida Asih teh.” cek kuring bari ngasongkeun leungeun ka manehna. Komara ukur neuteup kuring.
“Sih, ayeuna ka bumi Mimih?” tembalna, bari ngusapan buuk Si bungsu nu harita diuk gigireun kuring.
“Muhun… aya keneh angkot kitu, Mar?” walon kuring lantaran harita geus reup-reupan.
“Aya, ke urang megatna beh ditu bae, lantaran sok langsung tara ngetem heula mun tos sonten mah,” Tembalna bari nunjuk ka beh wetan. Kuring nuturkeun Komara, teu lila jol angkot jurusan Pramuka.
“Hey…, geuning maneh Kom, jeung saha euy, asa karek panggih sayah mah… kenalkeun atuh, nu anyar…?” cek supir angkot bari ngareret ka kuring.
“Geus tong loba omong, barina oge tong sangeunahna nyarita teh, cicing teu apal mah bisi jadi pidorakaeun.” tembal Komara bari semu nu kaeraan.

Kuring ukur seuri, tapi hate mah keukeuh kebek ku kapanasaran ningali polah Komara harita.

“Sih, sok geura naek tos magrib.” cek Komara.

Kuring jeung Si Bungsu diuk di hareup, lantaran di tukang geus rada pinuh, jeungna deui meh tenang teu pasesedek.

“Rud, titipnya nepi ka pengkolan Sarmadi rek terus ka Sidapurna,” tembal Komara bari seuri, song manehna ngasongkeun leungeun ka kuring, “Sih, tong dipikiran dus mah sugan aya milik engke dianteurkeun ku Komara,” Cek manehna.
“Keun bae Mar, nuhun nya… mun aya waktu ka Sidapurna atuh apal keneh lain, ka bumi Mimih, sono hoyong ngobrol sakantenan sareng Nanih ajakan geura teu burung rame sigana teh” cek kuring.

Komara ukur mesem, paromanna semu nu alum, sareretan aya cimata nu nyalangkrung dina juru panonna, teu pati sidik lantaran manehna kaburu ngabalieur.

Geus kitu mah geleser angkot teh maju.

Hawa kota Kuningan mimiti karasa nyecep wantu harita geus magrib, najan kitu nyecepna kota Kuningan karasa seger beda jeung nyecepna kota Bandung nu geus beurateun ku haseup kandaraan.

“Punten Bu, tepang sareng Komara?” cek supir semu nu asa-asa.

Sakedapan kuring melong ka supir, kunaon bet tumanya kitu, “Muhun aya naon kitu, Kang?”

“Rerencangan atanapi calon….” cek supir, teu kebat.
“Calon…, calon naon Kang, abdi sareng Komara teh rerencangan nuju di SMA.” walon teh, bari seuri.
“Oh, manawi teh calon istrina.” tembal supir.
“Har, apanan Komara mah tos nikah sareng Nanih sakaterang abdi mah,” kapanasaran kuring beuki nambahan.
“Eh…, manawi teh Ibu terang, apan Nanih mah parantos maot opat taun ka pengker, waktos aya kahuruan di Pasar Baru tea….”
“Ke…ke…ke…leres eta teh Kang, Innalillahiwainnaillaihi rojiun?” karewas, kasedih, kapanasaran nyelek na angen.
“Muhun Bu,” tembal supir, bari ngalieuk ka kuring.
“Ke…, pami teu lepat mah kapungkur Komara teh damel di Pemda bagian naon nya hilap deui, tapi geuning tadi….” kuring teu kebat kalah ka melong supir.
“Muhun, nyaeta ti barang Nanih maot tea, Komara janten stres kenging sataun teu tiasa diajak nyariosna oge, damang-damang soteh saentos tatamba ka Jawa Timur, ka Pasantren naon lah…,” cek supir, bangun nu apal pisan ka Komara teh.
“Sakedap, pami Akang rerencanganana?” cek kuring.
“Abdi mah tatanggana pisan, malah nya rerencangan nuju di SD mula.” kitu cek Supir teh.

Leng, kuring ngahuleng rasa nu teu percaya pagaliwota jeung kanyataan anu tadi katingali jeung kadenge.

“Kang pami putrana sareng saha atuh, ayeuna?” cek kuring.
“Putra saha?” supir teh bet malik nanya.
“Muhun putra Komara?” Walon teh.
“Har…, apanan sami maot, harita teh Arif sareng Nanih nuju di kios waktos aya kahuruan tea, duanana teu kabujeng disalametkeun.” tembal supir.

Ya Alloh kutan kitu carita hirup Komara.***


Suptapada

Februari 17, 2011

Carita Pondok DADAN SUTISNA

(DIAH datang ka kontrakan basa kuring keur ngahurungkeun komputer. Kagok, manéhna terus dititah saré.)

Matak gogodeg nénjo beubeunangan Collen Sire. Beuki engeuh, pangaweruh téh tangéh kénéh ka bisa mapakan manéhna.

Animasi nu cenah meunang ngadekul sabulan campleng téh teu burung ngabetot imajinasi. Lebah ngimpleng sétting, katémbong Collen beunghar ku reférensi. Pangpangna dina ngagambarkeun kaayaan dunya abad ka-14, najan bisa jadi henteu persis kitu.

Éndingna deuih nu matak ngangres téh. Haté lir nu digenyot, asa dibawa ka alam mana boa. Basa Nyi Putri newekkeun patrem kana angenna, gambar nu dicokot téh tina cangkéng nepi kana suku nu ditilaman ku jukut garing. Getih patingkareclak maseuhan lemah. Ti dinya gambar zoom out, Nyi Putri ngarumpuyuk. Beuki jauh, katémbong amparan bugang nu patulayah. Beuki jauh, layung hurung ngarérab langit, tuluy fade-out kana warna hideung.

Cursor mouse ngajorélat kana tombol exit. Teu kungsi sadetik, nu katémbong dina layar monitor ukur wallpaper. Diteuteup sajongjongan mah. Dina layar monitor asa ngalangkang kénéh animasi beunang Si Collen.

(Diah ngulisik, ngarérét. Panonna ceuleuyeu. “Kumaha atuh, Kang?”)

Mimiti wanoh jeung Collen téh basa milu aub dina panglawungan website were-here, salah sahiji situs di internét nu sok dipaké adurényom ku programmer di sakuliah dunya. Collen Sire, cenah mah urang Éropah nu matuh di Amérika, weruh pisan kana seluk-beluk program komputer, pangpangna ngeunaan téknologi animasi tilu diménsi. Basa dikiriman é-mail, diajak wawanohan, manéhna gasik ngajawab, malah ngajak chatting sagala rupa. Nya ti dinya mimiti ngobrol ngalér-ngidul téh.

(Diah cengkat. Baeud.)

Nu matak kayungyun, najan sapopoéna ngagugulung script program nu sagemblengna maké kodeu logika, Collen ngahargaan pisan kana titinggal para karuhun. Cenah karesepna téh ngoléksi barang-barang kuno, atawa naon baé titinggal mangsa bihari.

“Biheung aya urang mun euweuh karuhun. Nu ngalalanyah téknologi gé apan karuhun urang,” pokna, hiji mangsa. “Titinggal karuhun téh surahaneun urang. Di nagara kuring mah, nalungtik paradaban bihari téh jadi proyék nomer hiji.” cenah, bari barabat manéhna nyebutan panalungtikan nu keur dihanca ku pamaréntah jeung para ahli di nagarana. Enya, da manéh mah cicing di nagara beunghar, cék haté. Tong boroning keur kapentingan bangsana sorangan, dalah nyieun website all-languages, nu bisa narjamahkeun sakur basa di sakuliah dunya gé apan dikeureuyeuh. Tangtu modalna henteu saeutik.

Collen terus nanyakeun kaayaan di Ttatar Sunda. Sajarahna, jelemana, nepi ka mojang-mojangna. Geus nyahoeun sabagian mah, pangpangna tina katerangan nu dimuat dina énsiklopédi digital kayaning britannica, encharta, atawa ancient world nu husus ngamuat sajarah purba.

Manéhna nanyakeun, naon baé titinggal paradaban bihari di Tatar Sunda téh? Ku kuring dijawab, sajarah Tatar Sunda dialamatan ku kapanggihna sawatara naskah kuno. Sawaréh geus ditalungtik ku para ahli filologi, tapi nu can kacabak gé réa kénéh.

“Téknologi bisa mantuan keur ngaguarna…” pokna, ngahatéan. “Kuring ngama’lum, di nagara anjeun mah panalungtikan masih kénéh maké padika nu konvénsional. Mun di nagara kuring mah, naskah kuno nu ngahunyud téh tangtu moal diantep kitu waé…”

(Diah neuteup. Biwirna ngawed. “Kumaha atuh, Kang?”)

“Sanés diantep, tapi dikeureuyeuh…”

“Tapi nembé ngalibetkeun filolog wungkul, sanés? Saha deui nu titén kana éta naskah salian ti filolog? Teras, naskah nu tos ditarjamahkeun téh dikumahakeun? Naha mung janten dokuméntasi sajarah, ditalungtik leuwih teleb, atanapi dikumaha?”

(Diah neuteup kénéh. Leungeunna ngebugan bantal.)

“Rupina teu acan dugi kana waktos baé…”

Collen bangun nu panasaran, malah hayang nyaho siga kumaha naskah Sunda kuno téh. Ku kuring dikiriman vérsi digitalna, kaasup nu geus ditarjamahkeun. Manéhna bangun kataji ku sempalan Pasunda-Bubat, da terus tetelepék, malah ménta tulisan-tulisan nu patali jeung éta.

Teu nitah teu sing, basa manéhna nyieun rékonstruksi Perang Bubat téh. Tapi teu burung olohok nénjo hasilna.

(Diah ngageuri. “Opat sasih, Kang…!”)

Internét disambungkeun deui, gasik muka Program Messenger. Collen geus online.

Well done… saé pisan!” cékéng téh sanggeus mencétan keyboard.

“Nuhun!” mani gancang dijawab.

“Nganggo program tridi nu mana?”

“Ngadamel sorangan programna, teu aya icalan. Diical mah sok seueur nu ngabajak…” dina tungtungna titik maké smile, gambar sirah budak keur seuri. “Pilem-pilem animasi beunang urang Amérika, programna seuseuseurna mah ngadadak nyieun. Nu mawi hésé diturutanana. Urang Amérika langkung punjul dina ngawasa program komputer, margi aranjeunna mah gaduh kakeyeng sangkan hasil gawéna teu wawayagon. Bill Gates, enya gé pausahanana sok pada nyebut monopolis, tapi titén kana poténsi manusa di sakuliah dunya. Nu didamel di microsoft téh barudak jenieus ti unggal nagara. Rupina ti nagara Sadérék gé aya…”

Donlod-na langkung ti sajam geuning, horéng file-na ageung pisan,” ngahaja méngkolkeun obrolan.

“Kantenan. Nu dikintunkeun nganggo résolusi pangluhurna, ngarah gambarna langkung écés. Sanés, éta téh leres kajantenan?”

(Diah beuki ngageuri. Kamar kontrakan geus simpé. “Iraha atuh, Kang?”)

“Leres henteuna mah teu terang. Mung di tatar Sunda mah tos sabiwir hiji. Pasunda-Bubat, sok disebat Perang Bubat…”

“Nanging sigana panalungtikan éta kajadian teu acan asak, maksad téh… teu acan dugi ka ngahasilkeun kacindekan émpiris. Naskah nu dikintunkeun ku anjeun, nu jadi bahan rujukan kajadianana Perang Bubat, teu acan masihan gambaran kajadian nu sanyatana. Sanés hartina urang ulah percaya kana éta naskah, nanging saéstuna naon nu ditulis ku jalma bihari téh guareun urang ayeuna, kaasup kajadianana Perang Bubat.”

“Maksadna?”

“Kuring ngadamel animasi Perang Bubat, sangkan anjeun mikir…”

“Sangkan mikir nyieun pilem Perang Bubat? Nurutan di nagara anjeun nu saban kajadian teu weléh dipilemkeun?”

“Sanés kitu. Tapi sabada ningal animasi beunang kuring, meureun anjeun boga pamanggih séjén, salian ti nyebut well done téh. Kahayang kuring, anjeun ngiritik bébéakan…”

“Naon nu kedah dikiritikna. Di nagara anjeun sagala reférensi nu aya di dunya geus nyampak. Lebah nyieun karakter urang Sunda bihari, beungeutna, pakéanana, leumpangna, cék kuring mah geus siga. Kuring yakin anjeun lain saukur maca naskah ngeunaan Perang Bubat, tapi néangan bahan séjénna…”

“Mun kuring nyarita yén kuring teu percaya kana kajadian Perang Bubat?”

“Hartina anjeun teu percaya kana sajarah, kana titinggal paradaban bihari.”

“Naon nu ku anjeun bisa ditémbongkeun keur ngayakinkeun kuring?”

“Apan geus dikirim naskahna!”

“Can cukup. Naskah mah cékéng gé guareun kénéh. Pararaton jeung Carita Parahyangan, ditulis ampir dua abad sabada kajadian Perang Bubat. Hartina meunang dua abad mah sempalan Perang Bubat téh ukur jadi gunem catur jalma-jalma mangsa harita. Sakitu gé aya nu leukeun kénéh mindahkeun kana tulisan. Kuring ngahaja mangnyieunkeun rékonstruksina, ngarah dina haté anjeun timbul sababaraha pertanyaan, nu jadi pangjurung anjeun atawa saha baé keur nalungtik éta kajadian leuwih teleb.”

“Naon nu kudu ditalungtikna? Téknologi komputer can bisa ari ngadatangkeun deui kajadian mangsa bihari mah. Sok ku anjeun jieun script-na, sangkan waktu bisa mundur tur urang nyaho kana kajadian nu saenyana.”

Mun keur adu-hareupan mah, sigana manéhna téh nyakakak. Dina layar monitor katémbong gambar sirah budak keur ngagakgak.

(Diah ngaléndé. Paromanna alum. Milu nyekelan mouse. “Mun ningal kasur nu itu, abdi mah sok émut ka lalakon bihari…”)

“Lain ka dinya maksudna. Paradaban bihari téh diguarna henteu cukup ku macaan naskah. Upamana, anjeun tangtu nyaho yén aya bangsa-bangsa nu diancurkeun, terus sempalanana dicatet dina kitab suci. Dina al-Qur’an disabit, Kaum Luth di Kota Sodom diancurkeun lantaran pangeusina méngpar tina ajaran agama. Éta katerangan jadi pamiangan para ahli keur ngayakeun panalungtikan. Nepi ka manggihan bukti-bukti arkéologisna. Cék logika, lian ti hukuman Pangéran téh, Kota Sodom nu diwangun panceg luhureun gurat téktonik, méré kamungkinan ayana lini nu rohaka. Handapeun Kota Sodom pinuh ku gas métana nu babari kahuru, méré kamungkinan kajadianana gunung bitu. Hartina, urang bisa manggihan bukti-bukti logisna…”

“Terus anjeun nitah kuring indit ka Bubat keur néangan bukti-bukti arkéologis? Beurat sigana… ongkoh éta mah lain pagawéan kuring. Geus réa deuih arkéolog nu mondok moék di Bubat téh…”

“Enya, ngan cék sawatara tulisan nu ku anjeun dibikeun, Perang Bubat masih kénéh nimbulkeun pro-kontra. Cék ieu kajadian, cék itu henteu. Ku nu hiji ditembrakkeun, ku nu hiji deui ditutupan. Bisi jadi lantaran aya pakaitna jeung aib mangsa bihari. Tur anjeun aya di pihak nu percaya kana éta kajadian…”

“Geus réa buktina…”

“Enya, tina naskah téa, pan? Ka dituna mah diwawaas. Dipasieup ngarah tragis. Kuring nu geus mulak-malik éta naskah, bisa waé nepikeun pamadegan. Upamana, kuring nyebutkeun yén saenyana aya hiji perjurit Pajajaran nu salamet. Manéhna terus nyamur, ngarah teu kapanggih ku urang Majapait. Anjeun nyaho, naon sababna Diah Pitolaka maéhan manéh?”

(Diah nangkeup. Tipepereket. “Tos tilu sasih abdi teu ka kampus, isin… Kumaha skripsi Akang, tos dugi ka mana? Sing énggal réngsé atuh, Kang…”)

“Kuciwa, tugenah, maténi diri demi nanjeurkeun Pajajaran…”

“Mun saenyana aya kajadian nu leuwih tragis, kumaha?”

“Maksud anjeun?”

“Upamana, maténi diri téh lain saukur kuciwa jeung tugenah, tapi…”

Manéh nulis maké simbul, tapi kuring nyaho hartina.

(Aya nu ngeclak tina panon Diah. Kana taktak. “Kang, putusan téh apan kacida pentingna…”)

“Digadabah? Digadabah ku perjurit Majapahit? Anjeun teu boga hak pikeun méngkolkeun sajarah!”

Késang mimiti renung. Ngaragajag saawak-awak. Mun aya hareupeun mah hayang sabekbekkeun nonjok Si Collen nu geus mangtaun-taun jadi sobat chatting.

(Leungeun Diah nyampay dina taktak. Beuki murubut cai tina panonna. “Akang bisa nyumput sotéh, tapi dina awak nembrak pisan. Kajeueung, Kang, ladang ngésang peuting mangsa bihari téh. Tilu sasih abdi teu ka kampus…”)

Collen idel heula sakeudeung. Siga nu méré lolongkrang keur ngarénghap. Teu lila ngurunyung deui. Lain saukur ngirim hurup, némbongkeun potrét deuih, ngajeblag dina rohangan chatting. Potrét hiji perjurit nu samakta ku pakarang.

“Naon maksudna?” cékéng téh, ngahaja ditulis ku maké hurup ukuran 30 point, sugan manéhna engeuh yén kuring keur guligah.

(“Énjing nya, Kang. Balaka wé ka Apa, piraku teu narima…”)

“Rékonstruksi perjurit Pajajaran nu teuneung ludeung. Meunang ngawawaas ti nu naskah nu ku anjeun dibikeun… Rék nempo gambar Pitolaka?”

(Diah nginghak kénéh.)

“Teu kudu! Tapi kuring sapamadegan, yén urang perlu deuih néangan bukti-bukti émpiris keur nyindekkeun hiji kajadian téh,” bari panon ngulincer ka sabudeureun kamar, néangan barang sabangsaning patrem. Bedog nu ukur dipaké hiasan ngagawing kénéh dina dingding.

“Bukti émpiris Perang Bubat mah apan geus aya…”

“Can aya!”

“Tapi hiji waktu bakal aya!”

(Diah ngegeblug kana kasur.)

“Énding animasi beunang kuring téa, cék anjeun kumaha?”

“Alus, alus pisan… tragis…” idel sababaraha jongjongan.

“Kira-kira kitu meureun nya, kajadianan téh?”

(Diah ngajerit. Kaméra dina panon nyokot angle tina cangkéngna kana ubin. Ukur ngarekam sababaraha keclak. Ti dinya mah terus fade-out.)

Bari ngahégak, ngarérét kana layar monitor. Collen geus offline.***


Moal Percaya

September 23, 2010

Ku EEP HIDAYAT

Mungguhing Nu Maha Tiasa, midamel sagala tos pasti tiasa. Ras inget ka manehna nu aya jeroeun hate, nu geus ngancik lila dina implengan diri hate sok ngocoblak nyarita, “bet aya nu kitu, endah malih warna, nu rengkakna estu pigeregeuteun.”

“Ah sia mah keur bogoh we meureun,” ceuk Si Asep ka Si Somad babaturanana.

“Eh, maneh mah can pernah ningali tuda, coba lamun geus ningali mah pamohalan lamun maneh teu mere nilai salapan”

“Teu… teu percaya dekah mah, maenya aya awewe siga titisan dewi?”

“Ah, hese aing rek nyaritakeun kumaha oge da puguh maneh mah can ningali bukti.”

“Lain euy masalahna mah, moal aya ari nilai salapan teh, paling gede oge nilaina tujuh satengah!”

Dina hiji waktu Si Somad mawa Si Asep minangkana mah rek ngenalkeun anu ceuk Si Somad disebut ‘titisan dewi tea’. Balikna Si Somad mere katangtuan ka Si Asep, ulah nyarita di jalan ambeh salse jeung lamun rek mere pameunteun ka di imah wae supaya salse.

“Ayeuna we.” “Teu bias, ku maneh kudu dianalisa heula, ieu mah lain ulangan Matematika jeung Basa Inggris, elmu eksak, elmu ‘sosial komplek’ anu meunteuna kudu ditingali tina berbagai disiplin ilmu social.”

“Ah sia mah, kawas rek ngawangun masarakat madani wae”

“Nya ari maneh bodo teh nataku, meunteun jalma mah anu aya patalina jeung kaendahan di sagigireun make elmu jiwa kudu make ilmu ladzuni, ringkesna maneh kudu bias nyieun analisa komprehensif”

“Geus edan meureun maneh mah!”

“Eta geura ari ngomong teh sok asal engab wae, ari meunteun Si Soronok kabogoh maneh mah memang cukup ku elmu raga wungkul da ngan sakitu buktina, tapi ari meunteun titisan dewi…?”

“Aing mah ka Si Soronok mah ngan saukur heureuy wungkul, teu siga singa mani jero pisan!”

“Tong disaruakeun atuh maneh jeung ngaing, bias jadi pola pandang maneh ngeunaan awewe ngan saukur objek panalungtikan keur hiburan dunya wungkul, aing mah lalaki nu pinuh ku ajen diri, pola pandang ka awewe euweuh basa sapiheureuyeun, objektifitasna aing mah tinggi!”

“Bisa wae, ari ahli kawanitaan mah, barina debat jeung maneh mah moal manggih tungtung. Heueuh lah ke we di imah aing rek ngasongkeun analisa komprehensif ka maneh, ngan waragadna keur nyieun proposal!”

“Da pagawean singatuda nyieunan proposal mah, mentaan ka DPRD, Bupati, para Kapala Dinas. Puas siah basa maneh ngajukeun proposal ka Sekda ditolak teu dibere saperak-perak acan, barina da dibere oge tara ieuh ku singa dilaksanakeun!”

“Ngaranna oge usaha, dibere ditarima teu dibere ku aing dibejerbeaskeun kasalahan para pejabat jeung DPRD!”

“Salah euy pagawean kitu teh. Tapi ketang coba ku maneh bejaan Ketua DPRD teh montong sok make baju sangeunahna pisan, nu era mah urang sobat-sobatna.”

“Heueuh si eta mah ari make baju teh disaruakeun wae keur aktif di LSM, sangeunahna pisan!”

“Lain euy dipikir-pikir Pamarentah Pusat mere duit ka Daerah di Era Otda sebenerna gede pisan, ngan di daerahna pangwangunan can keuna kana ajen luhur kepentingan rahayat, kapikir ku silaing?”

“Lah urusan pulitik nu kitu mah. Nu penting aing salah saurang rahayat leutik kabagean leletak sanajan tina duit KKN. Barina ari maneh kumaha ieu teh kalah ngomong sual pulitik kawas pulitikus wae!”

“Ke … ke … ulah melebar teuing diskusi teh nepi ka teu focus kieu, kapan focus diskusi urang teh ngeunaan titisan dewi tea, balik deui euy omongan kana masalah poko.”

“Teu nanaon ngalebaran mah ambeh jadi wacana. Loba siah proyek pangwangunan anu leading sektorna teu saalur jeung tupoksi. Lemah keneh nya euy pamarentah urang dina ngalarapkeun pangwangunan terpadu teh!”

“Heueuh koordinasina amburadul, maenya bagian non teknis anggaranna nepi ka miliaran!”

“Kurud we atuh ku sia!”

“Heueuh lamun aing anggota dewan mah!”

“Wah singa we, poho siah lamun jadi dewan mah. Paling-paling model maneh mah kolusi we jeung eksekutif dina naekeun anggaran dewan jeung gajih bupati!”

“Gelo, aing kajebak wacana pulitik. Balik deui euy kana masalah poko anu acan rengse.”

“Apan ceuk maneh engke di imah. Inkonsistensi pisan maneh teh, bahaya laten ceuk aing mah lamun maneh jadi pejabat. Karakter model maneh kitu para pejabat anu sok KKN teh. Ari maneh jadi siga nu bener ari geus jadi mah poho siah ka nu leutik, ‘pulitik’ dihartikeun poho ka nu leutik, ‘pulitik dima’naan nipu ka nu leutik!.”

“Barina aing mah moal jadi pejabat.”

“Cenah maneh rek nyalonkeun jadi Bupati?”

“Isu eta mah euy anu dihumbuskeun ku lawan-lawan pulitik dewek, ti mana duitna atuh keur mayar anggota dewan!”

“Ah sia make ngomong lawan pulitik sagala, memangna maneh teh aktifis pulitik? Nu puguh mah lawan pulitik maneh mah Ma Icih, sebab kamari ka aing ngomong kieu, lamun Si Somad teu mayar wae hutang nganjuk hakaneun ka Ema nepi ka Maret 2003 ku Ema mah bakal direformasi! Tapi euy, memangna ari anggota dewan teh bisa dibeuli sagala rupa?”

“Ngadenge beja we aing mah.”

“Tapi ngomong-ngomong, Bupati Kabupaten Sialan cenah beak beak tujuh miliar, bener tateh euy?”

“Aing mah lamun boga duit sakitu, nini sia ku dewek dipangmeulikeun tarasi lima treuk keur nyambel salapan belastauneun.”

“Ari ceuk dewek mah lain kitu. Lamun boga duit sakitu, ku dewek mah aki sia dioperasi plastik supaya kulitna anu geus kariput karenceng deui, ngan palebah teunna mah moal dioperasi, supaya ulah mahabu neangan ABG.”

“Ah, na ari geus gelo teh!”

“Da rek teu gelo kumaha, ngomong we reformasi, ari nu dipentingkeun ngan saukur peujit!”

“Heuheuh apan reformasi peujit.”

“Na aya kitu reformasi peujit. Fitnah singa mah. Yeuh nu sabenerna aya mah lain reformasi peujit, tapi … ke aing mikir heula … reformasi pabeulit!”

“Geus … geus moal aya tungtung, peujit murilit, tuh tingali bala-bala, gehu jeung sambel alakadarna ngagupayan hayang dihakan ku sia!”.

* * *

“BENER Mad euy anu diomongkeun ku maneh, titisan Dewi landihan maneh teh memang natrat pisan bedana jeung para wanoja sejen. Geulis lain caritekun nepi ka aing teu bisa mere peunteun sabab lain peunteuneun aing kitu tah kaendahan ciptaan Anu Kagungan teh, kakara ningali samodel kitu mah!” Gerentes Si Asep dina hatena, henteu ieuh ari wakca balaka ka Si Somad mah da puguh gengsi.

“Man, kabogoh Si Somad kieu euy,” ceuk Si Asep ka Eman Basari babaturanana bari ngacungkeun jampolna.

“Maneh mah kakara nyaho, bogoheun ka aing eta teh,” Si Nano mairan.

“Heueuh aing ge keur nalungtik jeung nganalisa sarta ngayakeun seminar perkara pakuat pakaitna ilmu pelet. Sebab ceuk Profesor Mutiyono mah kieu cenah euy, tatung jeung putasor ditambah ku cico bari jeung tapa tilu poe oge bakal jadi pengaweruh pellet anu moal aya duana,” ceuk Si Suganda.

“Ari geus ngaco teh. Naon tatung, putaso jeung cico teh?” Si Eman Basari naya. Hatena rada panasaran.

“Tarasi tutung, pucuk tai sorangan jeung cai koco … ha … ha … ditambah daging sigung anu bauna bisa kaangseu salembur maneh, baledogkeun ka nu … ha … ha … ka panutan maneh … diudag-udag geura mawa peso paranti ngeureutan bawang!” Suganda nerangkeun bari nyakakak. “Sia mah hayang nyaho wae tuda elmu kaasih dewek teh!”

Garonjakan kitu teh geus biasa di PT Barakatak mah, dumeh pagawean pokona ngan saukur ngadorong pedes ti Subang ka Jakarta ku halu, memang lumayan ari gajihna mah nepi ka lima jutana. Kabeneran harita Si Somad mah teu milu balagonjakan sabab teu asup gawe.

Beda jeung anu keur dilakukeun ku balad-baladna, Somad mah keur anteng neuteup kakasih anu dipikameumeutna. Teu eureun-eureun hate Somad mapaes basa ngalarapkeun jadi carita anu endah ngeunaan Titisan Dewi.

“Geulis, lalakon urang ngumbara dina katresna anu pinuh ku wening ati parantos kacida panjangna. Urang parantos ngahiji dina panyangcang sukma nu hamo dilaaskeun nu hamo dipalerkeun nu hamo dipapalerkeun, dunya asa bakal runtag upami katresna, kaasih, kanyaah anu parantos diwangun pageuh nanceb dina hate sewang-sewangan henteu laksana,” ceuk Somad bari ngusapan buuk titisan Dewi.

“Kang, iraha atuh urang bade ngajetrekeun katresna dipirig ku sora degung, kacapi Cianjuran?”

“Nya eta geulis, di payunkeun lengkah urang masih keneh aya batu golobogan, aya leuweung geledegan, jeung aya sagara lautan anu can katigal tungtungna. Tapi Nu Maha Kawasa Uninga naon anu dipimaksad ku urang duaan, pamugi ngajurung kana pasini anu parantos diwangun ku kaikhlasan.”

Somad gelut jeung dirina, hate pagalowota dumeh kakara manggihan carita cinta anu pinuh ku salaksa kaendahan. Salila ngumbara dina ngundar tali carita katresna, memang keur Somad kakara anu dibarung ku rasa jeroeun hate anu kacida ma rina nepi ka pamohalan bisa kapopohokeun, bisa kalalaaskeun.

Dimana wae kuring ayana, anjeun maturan dina pipikiran. Tuda lepat dina pipikiran. Tuda lepat anjeun, naha atuh make ngagaduhan kanyari anu ngagurilap dina implengan sakabeh jalma, naha atuh make mukakeun hate keur ngancik na hate kuring anu moal tiasa diudar deui. Tos pageuh geulis … tos moal tiasa diudar ku pahat kalalaworaan, gerents hate Somad bari neuteup anteb ka Titisan Dewi.

Lalakon hirup terus nyuruwuk ganti poe ganti peuting tapi na hate Somad teu pernah aya saeutik oge ganti katresna, ganti kadeudeuh, estu geus pageuh pisan tumerep dina jeroeun batinna. “Kedah terang deudeuh,” harewos Somad dina hatena bari neuteup pokahareupeun anu pinuh kayakinan rehna asal keying tangtu pareng.

Puguh tuda, kahayang Somad teh asa minculak pisan, bogoh ka titisan dewi anu aya di langit hamo kahontal ku leungeun laip, apan Somad mah ngan saukur meujeuh dahar.

“Tapi teu kitu Mad ari bogoh mah. Ceuk Undang-undang Ham dina bab katresna, hak papada jalma ngabogaan rasa jeung micinta sanajan ka turunan dewi, komo deui ieu mah katingalina manehna oge ngabogaan rasa anu sarua jeung maneh,” ceuk Si Asep sobatna mere pangbubungah.

“Bener kitu manehna teh lain ngan saukur karunya ka dewek?”

“Teuing ari palebah dinyana mah, ngan eta karasana?”

“Ragu wae euy, tuda eta naha make bogoh ka aing naha make bogoh ka aing, teu kaharti ku akal dewek mah, sabab anu bogoheun ka manehna teh kacida lobana.”

“Kieu we atuh ayeuna mah urang kerja sama jeung Dipenda, nyieun karcis eta ka nu barogoheun teh, supaya bisa nambahan PAD, sakali konsultasi kudu mayar!”

“Ari geus ngaco teh!”

“Tapi bener euy Mad, nuluykeun omongan harita, memang aing ge teu bisa mere peunteun malah kalahka mikir nu teu kahontal ku akal, naha enya eta nu ku maneh disebut titisan dewi teh, bener-bener turunan dewi? Aya heuheuh, nu kitu?”

Somad teu jelas ngadenge omongan Si Asep, manehna kiwari keur naratas jalan kumaha carana pasini bisa ngajadi lain ngan saukur dina kahayang jeung dina sawangan tapi bener-bener ngawujud jadi tatali asih anu pageuh tur teu udar deui.

Tapi carita manusa sakapeung manggih gorowong, kadangkala manggih rungkang anu pamohalan bisa kasorang, “ku tega titisan dewi ninggalkeun aing,” gerentes hate Somad. Antukna Somad asruk-asrukan maluruh unggal pilemburan make baju butut bari teu boga tujuan sabab akalna geus euweuh dina raga badagna, sakapeung leungeuna gugupay bari ngaharewos dina hatena, “titisan dewi …” Lamun geus kitu hate kamanusaanana kumpul deui, clak cipanonna maseuhan harepan.

“Ngalamun, gelo geura!” Si Asep ngagebahkeun lawang panglamunan.

“Lain Sep euy, aing sok tara ngarti di jaman komputerisasi sok masih keneh aya kolot anu tega megatkeun duriat anak.”

“Heuheuh siga kolot Si Dulaif, apan Si Dulaif kalahka jadi owah, batan bisa ngabina rumah tangga jeung Si Mira Holen anu turunan Walanda mah da dumeh teu bogoh.”

“Kitu nya euy ari cinta mah, teu bisa dipegatkeun lamun geus ngajadi tetali batin. Aing ge bisa gelo lamun Titisan Dewi ninggalkeun aing.”

Moal percaya … ?


Lebaran Poe Juma’ah

September 21, 2010

Carpon : Ahmad Bakri

CILAMPING téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua.

Imah-imahna kabaheulaan kénéh, hateup injuk julang ngapak, bilikna képang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gedé sakitu mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Lebé waé jeung nu dareukeut ka dinya. Barudak lembut waéh nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak bujang nu ngadon marondok.

Tapi dina tanggal lilikuran Puasa mah masjid nu sasarina cakueum tiiseun téh ngadak-ngadak hégar, bilikna dikapur, buruanana dikoréd lening.

Tanggal tujuh likur pasosoré loba jelema ngarariung di balé malang bari gorgar ngawarangkong. Di juru deukeut bedug sa­watara urang ngadareluk ngaroméan terebang pakéeun eng­ké ari nyalawat maleman Lebaran. Lebé andekak nyarandé kana tihang, ngagigirkeun boboko tilu wadah béas jeung blék urut minyak tanah, wadah duit.

“Ség-ség atuh rék saletor pitrah mah, meungpeung beu­rang,” cék Lebé, “sor ka dieu, Arjangi, tong asa-asa …. Sabaraha jiwa nya? Tujuh lain?”

“Tilu, Kiai …. Kuring, budak nu cikal jeung indungna ….”

“Ari nu opatan deui?”

“Har, ari Kiai, pan can manjing puasa éta mah …. Pitrah kuma urusanana, bolon kénéh sasatna!”

“Nya atuh, kuma nyanéh waé ari kitu mah …,” cék Lebé, “tilu kulak nyah rék meuli téh?”

“Tilu,” cék Arjangi bari ngudar cangreud rajut, dicicikeun, borolo bénggol wungkul. Milihan genep, sésana diasupkeun deui, purilit ret dicangreudkeun deui. “Tah, Kiai, kuring seja mésér béas tilu kulak ku duit limalas sén ….”

“Genep bénggol kitu, pan éta duitna gé bénggol wungkul!” cék Lebé bari kerung.

“Seug atuh …, kana duit genep bénggol,” cék Arjangi mindo ijab bari ngéntépkeun bénggol dua-dua, sakulakeun-sakulakeun.

“Kula ngajual béas tilu kulak kana duit genep bénggol …. Tah rawatan, tilu boboko …. Sing percaya, geus meunang ngayon éta téh, jejeg sakulak-sakulak …. Sok ayeuna geura setorkeun deui ka kaula …. Setor pitrah kitu!”

“Kuring setor pitrah tiluaneun …. Ieu kawajiban kuring, ngaran Arjangi …. Nu ieu kawajiban awéwé, Si Narti …., tah nu ieu kawajiban anak nu cikal, Si Awisah …. Lain kawajiban popotonganana kénéh, Kiai…? Dan can lubar idah!” cék Arjangi bari tanggah neuteup beungeut Lebé, “teu datang-datang si selud téh, katempuhan bapana waé tungtungna téh!”

“Tarima kaula pitrah Arjangi jeung Nyi Narti jeug Nyi Awisah …. Sok kadinyah amin urang dungaan,” cék Lebé bari nandékeun dampal leungeun duanana.

“Ké heula, Kiai, tobat sanés nyanyahoanan …. Ulah ku dunga indal-maot, kuring mah sok kukurayeun ….”

“Ari geus …. Dunga naon kahayang téh …?”

“Indal-salamet waé atuh sugan, ambéh salamet panjang umur ….”

Lebé kapaksa ngéléhan. Bérés ngadunga, bénggol nu genep téh dirawatan, goloprak-goloprak diasupkeun kana blék téa.

Geus dimimitian ku Ki Arjangi mah sungsong paheula-heula, rata ukuran sakulak lima sén. Nu ngurung budak waé aya, nu geus rada enyay-enyay ngarti mah, nu nurutan Ki Arja­ngi waé loba.

“Punten, ah, kuring mah ti dieu waé ti luar, sangeuk siba­nyo,” cék lalaki tengah tuwuh bari melenyun udud. Leungeun­na ngarongkong nyodorkeun duit lima sén ka nu diuk pang­deukeutna, ménta ditepikeun ka Lebé.

“Geuning sia geus udud, Adma? Kakara gé asar ahir, deulu!” cék Lebé.

“Har, ari Kiai, lalay geus rabeng ti tadi tukangeun imah kuring mah …,” cék Adma bari ngenyot rokona.

“Baruk lalay …? Lain gugueun, deuleu, nu kitu mah! Da kudu geus reup-reupan …. Malah cék sakaol mah kudu geus teu kadeuleu bulu bitis …!”

“Ari kitu …, matak batal deuih udud téh?” cék Adma bengong.

“Puguh waé, deuleu!” cék Lebé nyereng.

“Ké … ké … ké … Kiai, da cék nu nyarios mah sami sareng nyusur cénah …. Éta duit kuring ulah dipésakan, Harip, bisi kapopohokeun,” cék Adma bari ngarérét ka nu mang­nam­panan­keun duitna tadi.

“Dipesakan sotéh lain rék diarah, bisi Kiai kaliru kaasup­keun kana kaléng, pajar geus diijabkeun,” cék Sanharip moro­ngos, teu ngeunah disangka boga niat goréng.

“Euh …, heug … heug … atuh …. Bisi waé kuring mah, bisi poho,” cék Adma ngélémés éra.

“Sarua jeung nyusur kumaha tadi téh, Adma?” cék Lebé panasaran.

“Sumuhun … sami … bako-bako kénéh …. Bédana téh dikemil jeung diseuneuan ….”

“Ari kitu … teu batal ari nyisig?”

“Pédah waé Pa Mukasan nyisig waé sapopoé bari puasa téh ….”

“Paingan atuh ari nyanghulu ka dinya mah …. Pan si éta mah manggih gaang gé sok didéang dina cempor, ditambul harita kénéh …. Sia beuki nya, gaang?”

“Yéy … palias nagir, keuyeup gé loba kénéh, teu kudu nam­bulan gaang …. Diturutan sotéh pédah waé tukang bilal tukang ngunggahkeun, sahenteuna meureun aya taram-taram kana ajian ….”

“Sok dititah nunggahkeun sotéh tamba wudu, pédah taya deui nu daékeun,” cék Lebé, “baliju-baliju gé lumayan ku sona­garna.”

“Mun nyana batal mah, nyatu waé sakalian tadi téh,” cék Adma bari miceun rokona.

“Unggal poé nya sia sok udud téh?”

Teu némbal, anggur malik ka Sanharip. “Sok, Harip, seren­keun duit kuring ka Kiai …. Ijabkeun sakalian, kawajiban Si Anisah kituh!”

“Ari kawajiban sia mana, Adma?” cék Lebé.

“Moal tulus kuring mah, Kiai …. Pan cék Kiai gé baréto, pitrah téh nyampurnakeun puasa, sanés? Ari kapalang batal balas udud, nyampurnakeun naon atuh …? Péngkolkeun waé ka Si Anisah …. Tadina mah manéhna nu moal, da cék mitoha gé rubiah mah karawu kapangku ku salakina …. Ari geus kieu mah jadi teu bisa mangku kuring téh. Nu matak manéhna ayeuna mah nu ka hareup ….”

“Deulu ituh, Juragan Kuwu ka dieu!” cék nu diuk tukang­eun Lebé. Saréréa tinglalieuk ka jalan. Lebé ngésod rada mun­dur, nu séjén-séjén nyedek ngumpul di juru. Sup Juragan Kuwu ka masjid, jémprak sila nyarandé kana sarigsig.

“Geuning sisinarieun Juragan angkat ku anjeun?” cék Lebé, “pan sasarina gé sok ditéang ku abdi ka bumi.”

“Ah, entong, da rék ditajongkeun …. Dipikir-pikir asa réncéd. Ayeuna kami setor ka Lebé, engké bulan Hapit, usum dibagikeun, kami narima pancén ti Lebé. Kadang-kadang duit kami kénéh pulang deui ka kami …. Tajongkeun waé ayeuna mah. Kawajiban kami jeung Nyi Kuwu potong engké tina pancén ….”

“Dupi ijabna kumaha atuh ayeuna?” cék Lebé sanggeus ngahuleng sajongjongan.

“Geuning belet Lebé mah …. Ayeuna mah kami béré nganjuk béas dua kulak, bayarna engké nyontang pancén kami kénéh …!”

“Euh … leres …, mangga!” cék Lebé bari ngésérkeun boboko dua ka hareupeun Kuwu.

Dirongkong, dirampa béasna dipuruluk-puruluk kawas nu hayang naksir béar-béarna, pok nyarita, “Tarima kami nganjuk béas dua kulak, bayareun engké nyontang tina pancén kami nu sok katarima dina bulan Hapit ….”

Dijawab ku Lebé, “Tarima abdi nganjukkeun béas dua kulak kana harga dua kali lima bénggol ….”

“Lain dua kali lima sén …? Pan ka batur gé sakitu, lain?” cék Kuwu nyelang.

“Ka Juragan mah ngabantun pangaos pasar, margi … margi ….”

“Pédah nganjuk …? Seug atuh, kuma dinya waé, da bayar­na ogé ti dinya-dinya kénéh ….”

“Ngeunah kadéngéna ari kieu mah …. Mun ka urang dirag­ragkeun sarega pasar, kana luput meureun moal setor, nya Harip!” cék Adma ceuleungeung ti luareun bilik cabol.

“Ka somah mah diragragkeun lima sén sakulak sotéh sarat wungkul. Wajibna pitrah téh sakulak, ari saletor lima sén waé ti baheula. Diijabkeun waéh kana sakitu ….”

“Tuda enya kudu kitu, kudu heman ari ka somah,” cék Adhani ti juru, “malah mun nuluy mah unggal poé Kiai dagang béas murah, saréréa gé moal ngaléok ka nu séjén, nya Harip …. Malaur jauh ka pasar ari di dieu aya nu murah mah.”

Lebé ngalieuk ka lebah nu ngomong bari seuri konéng. “Dibéré sajeungkal hayang sasiku, dirugal-rigel diéénténgan sataun sakali hayang mayeng unggal poé …. Ku salebaran sakali gé sabaraha pirugieunana. Kurang-kurang bisa ngatur laporan mah, rugi tilu bénggol tina sajiwa, jaba barudak nu can manjing puasa loba nu teu dipitrahan, malah Si Adma mah angkohna rubiahna gé moal disetoran ….”

“Tuda cék mitoha kitu …, geus karawu kapangku ku kuring …. Ayeuna onaman da enggeus, lain?”

“Heueuh, meunang méngkolkeun …! Pan salakina bélaan henteu!”

“Ari kitu sia teu setor, Adma?” cék Kuwu bari ngarérét ka nu nyangheuy dina bilik cabol.

“Ah juragan, da abdi mah puasana gé lapur …. Sugan ari udud téh cara nyisig teu matak batal ….”

Ger pada nyeungseurikeun, kayungyun ku beletna.

“Aéh-aéh …, na ieu béas dikukucel waé …. Reungeukeun, Lebé, kami setor kawajiban kami jeung kawajiban Nyi Kuwu, sakulak séwang,” cék Kuwu bari nyodor-nyodorkeun boboko béas.

“Nampi …,” cék Lebé bari nampanan. Gorolang, nga­dunga, diaminan ku saréréa.

“Horeng babari ari ménak mah, teu maké duit gé hadé ditujang-tajong,” cék Si Adma teu kireum-kireum kawas nu euweuh waé kaserab ku dunungan téh.

“Babari sotéh lebah dieuna, pédah boga pancén sampeur­eun, kituna gé pan regana sabaraha tikeleun ka batur. Kadéngé lain tadi?”

“Kakuping …,” cék Si Adma, “ngan leuheung waé sotéh, Juragan mah teu kudu ngodok saku ….”

“Heueuh, lebah dinyana meureun pikabitaeun sia téh, Adma. Tapi lebah gawéna mah paralun ampun, aing téh nepi ka kuru cileuh kentel peujit balas mikiran somah sadésa …. Nepi ka teu kaduga … aéh, teu meunang puasa-puasa acan Kuwu mah, da éta cénah matak panas héabna ka somah ….”

“Tah geuning, Kiai,” cék Si Adma bangun giak, “hadéna atuh puasa kuring teu kaci, mangkaning pamajikan keur bulan alaeun. Mun seug téh cara batur, mana teuing héabna ka si utuh ka si inji ….”

“Hih, sia onaman teu ngurung batur, da anak-pamajikan sia gé dina seuhseuhanana mah angger tanggungan aing, pupuhu sadésa ieu …!”

“Rugi atuh nya abdi mah, Juragan. Hanas lentah-lentéh, teu nyatu teu nginum, puasa teu jadi, da kagoda ku udud …,” cék Si Adma kerung bangun sedih, “cék abdi gé tadi …, sugan kawas nyisig pédah sarua bako …, kacek diseuneuan wungkul. Duka upami seuneuna nu matak batal téh, nya Juragan!”

“Nyao ah, hésé ngomong jeung sia mah!” cék Kuwu bari ngalieuk ka Lebé, “ngadéngé guyur-guyur di balé désa pajar Lebaran ninggang kana poé Jumaah?”

“Leres …,” cék Lebé.

“Angsrodkeun kana Saptu, ulah sina ninggang poé Juma­ah, pamali!”

“Atuh langkung panginten puasana jadi tilupuluh hiji din­ten. Teu kénging ongkoh puasa poéan Lebaran ….”

“Kana Kemiskeun atuh, kajeun ngurangan sapoé …. Matak naon?”

“Panginten moal jejeg sasasih …. Hanas kental-kentél salapan likur dinten …. Abot ongkoh ka abdina, margi seu­seueurna nu setor pitrah téh dintenan ka tilupuluhna paso­son­ten. Ninggang dinten Kemis panginten taun ieu mah. Upa­mi dilebarankeun dinten éta téh, mana teuing hapana moal aya setorkeuneun ka ditu ….”

“Enya … tapi kami teu idin Lebaran poé Jumaah,” cék Kuwu kereng, “meureun kudu hutbah dua kali. Hutbah raya ongkoh, hutbah Jumaah ongkoh. Pantang di désa urang mah, matak dilongokan maung …. Pan aya maung ngamuk gajah meta mah Kuwu bagianana. Mangkaning kami geus kolot, teu cara baheula keur ngora, diganda léngoh ngudag maung sasiki mah ….”

“Kitu waé atuh, Kiai, sered kana Kemis, ti batan kaanjangan urang leuweung mah. Hampang ongkoh ka somah …,” cék Adtari.

“Ngomong naon tatéh, Tari?” cék Lebé bari malik ka nu ngomong di juru.

“Muhun kitu, Kiai, sakumaha kasauran Juragan Kuwu …. Saé diséréd kana Kemis …. Hampang ongkoh ka somah, moal harénghéng ongkoh, da sahanteuna kaanjangan ku urang leuweung mah pisakumahaeun, ari cadu mah di urang sapoé hutbah dua kali …. Leres kitu éta téh, Juragan?” cék Adtari bari neuteup ka Kuwu.

“teu percaya sia ka aing?” cék Kuwu rada kereng. Adtari tungkul, sérab ku nu siga nyeuneu.

“Kieu atuh,” cék Arjangi bari ngésod meueusan, “urang sina éléd waé salasahiji. Hutbah raya atuh entong ari rék ngarah sakali waé mah, boh Jumaahan nu entong teuing, remen ieuh ….”

“Ari Jumaahan ka mana ngeunteupkeunana …? Lumrah ti mana Jumaahan poé Kemis atawa Saptu …! Talung Lebaran, bisa dikasar-késér, da baheula gé tara angger,” cék Lebé.

“Tah geuning énténg ari Lebaran bisa poé naon waé mah …. Geus waé lah poé Kemis, kurang sapoé mah itung-itung nyombo waé ka anu tas kental-kentél sakitu lilana …,” cék Arjangi.

“Bisa kasar-késér sotéh teu kudu matok poéna, deuleu, lain hadé dikabiri. Lumrah ti mana puasa teu jejeg tilu puluh …. Pan cék kitab gé, rumadon salasin …, eu … kuma geuning, poho deui ….. Salasin atawa salasun …?” cék Lebé rada ram­pang-reumpeung bari neuteup nu dariuk di juru saurang-sa­urang.

“Kuring mah angot atuh nyaho ti mendi …. Boro-boro maca, sakieu kakolotan kangaranan kitab mah neuleu gé can kawénéhan …,” cék Anjangi.

“Heueu …, kitu waé …. Kami manggih dalil dina kitab, romadon salasin … nyao … salasun … atawa salasatun kitu …? Aya poho-poho teuing …. Ngan kitu waéh maksudna mah ….” Cék Lebé.

“Ah sanés Salasa ieuh,” cék Adtari bari ceuleungeung, “inget pisan kuring mah, poé Rebo ngamimitian puasa téh, da basa munggah téh kuring muru saur ka warung Si Iboh, sa­kalian ka pasar ….”

“Lain poé Salasa, deuleu, ari salatun téh. Mun rék basa urang mah hartina tilu puluh. Jadi bulan puasa téh umurna jejeg tilu puluh …. Geura urang itung … Rebo-Rebo Kemis Jumaah …. Sapuluh tah …. Saptu-Saptu Ahad Senén …, sa­puluh deui, jadi dua puluh jeung nu tadi …. Salasa-Salasa Rebo Kemis …, sapuluh deui, jadi tilu puluh …. Jejeg waéh dina poé Kemis téh, nu matak Lebaranana ninggang poé Jumaah …. Tah, dalilna aya réngkolna, diitung teu géséh ning­gang poé éta … rék kumaha deui …?”

“Jadi keukeuh waé nyah kudu poé Jumaah?” cék Kuwu kereng.

“Sumuhun, upami numutkeun dalil éta mah,” cék Lebé.

“Tapi kami teu idin ari kudu hutbah dua kali mah …. Pamali di désa urang mah, pamali, matak dilongokan maung …. Talung ari semet lolongok wungkul, da cék pacaduanana ogé tara daékeun balik léngoh.”

“Perkawis hutbah dua kali mah teu jadi pambengan. Jura­gan, da cék jenatna pun bapa gé pantang sotéh upami dihéng­goy ku sorangan. Ambéh teu ngarempak pacaduan, hutbah lebaranana kedah ku pupuhu lembur …. Kapungkur gé sang­gem jenatna pun bapa téh … aéh baheula kétah, jaman tuang éyang ngeuyeuk désa ieu kantos lebaran dinten Jumaah. Hut­bah teu dikirangan, hutbah raya hutbah Jumaah gé taya nu di­langkung, salamet waé teu sakara-kara, da hutbah Leba­ranana ku tuang éyang téa …. Ayeuna gé mangga waé nyang­gakeun hutbah lebaranana mah …,” cék Lebé bari ceuleu­ngeung.

“Baruk kami kudu maca hutbah ..? Teu … kami mah teu sararanggup teuing …. Enya waé aki mah jenatna pinter béjana, da kungsi masantrén ka Demak ka Jombang naon ku hanteu cénah …. Ari kami apal ti mana aksara Arab, da teu ngaji teu masantrén? Teu … kami mah teu sanggup, kajeun ngurangan puasa sapoé kana poé-Kemiskeun, dunya-ahératna tanggungan kami!” cék Kuwu, beungeutna euceuy.

“Hih ari Juragan, perkawis padamelan mah tiasa diwakil­keun ieuh. Keur naon seueur ponggawa? Pan séba distrik gé ari aya pambengan mah sok ngawakilkeun ka Jurutulis. Nu matak naon ieu ogé digenténan ku nu sanés nu sakira sang­gemeun, asal ponggawa désa waé nu merenah ngawakilan Kuwu,” cék Lebé ngabongbolongan.

“Meunang kitu disulurkeun ka batur …?” cék Kuwu, beungeutna marahmay, “kuma cik carana sangkan punah ka­wajiban kami …! Boa kudu méré panajir kawas ari sulur séba?”

“Kieu sanggem jenatna pun bapa mah,” cék Lebé bari ngésod maju, “ponggawa nu badé ngawakilan téa kedah didangdanan, sina nyeplés anggoan Juragan ari nuju dines kanagaraan. Udengna, raksukan hideungna katut solémpang emasna, kebat naon ku hanteu. Kitu deui tudung polét teu kénging lésot …. Turun ti rorompokna, muru ka masigit téh dipapag pajeng kamantrén, digondeng ku ponggawa-pong­gawa nu sanés. Kapaksa Juragan gé harita mah kedah ngiring ngagondéng, ngagenténan gawé itu …. Méméh bring, ikrarkeun heula sing asak … dijenengkeun cindékna mah …. Kitu sanggem pun bapa mah jenatna.”

“Saha atuh ponggawa di urang nu bisaeun hutbah?” cék Kuwu, tarangna kerung, “asa euweuh deui ari lain Lebé mah ….”

“Hih, abdi onaman pan siangna dina Jumaahan kedah hutbah deui.”

“Heueuh pan harita mah geus jadi Lebé deui …! Turun imbar gé gawé Kuwu mah geus bubar, lain?”

“Aéh muhun nya …. Kitu saé atuh …,” cék Lebé éléh déét.

“Heueuh, kitu waé, pek émbarkeun ka sadésa, Lebaran engké mah Kuwu kitu nu rék hutbah téh, nyingkahan paca­duan, pédah lebaran ninggang poé Jumaah,” cék Kuwu bari cengkat, léos balik.

“Sihoréng loba pisan unak-anikna nya ari agama téh,” cék Adtari ka batur-baturna.

“Rumasa balilu puguh gé kami mah, da teu ngaji, teu nyaho alip bingkeng-alip bingkeng acan …, témbal Arjangi.

“Tapi kawilang pinter nya Lebé téh …. Juragan Kuwu mah siga nu geus poékeun kacida tadi téh …, ieu mah hih kawas nu babarieun pisan mesék mas’alah téh …,” cék Sanharip.

“Tuda teu samanea, ti buyutna kénéh turun-tumurun jadi Lebé. Piraku waé mun teu kakocoran komara téh,” cék Adtari.

Lebé jongjon waé mulungan béas nu marurag kana palu­puh. Api-api tu ngadéngé pada muji téh. Tapi kaciri irungna mah beukah.

***

Malem Jumaah, maleman lebaran. Lembur Cilamping nu sasarina combrék tiiseun téh ngadak-ngadak haneuteun. Di unggal buruan raang palita dina duwegan sabeulah, malah nu werat meuli minyak lantung mah aya nu nyieun damar séwu naon ku hanteu. Kolot-budak pada bungah. Nu puasana belang-betong atawa nu teu pisan ogé, nu ngalap cukup ku setor pitrah lima sén ka Lebé, peuting éta mah kawas nu dikariaankeun. Geus lir nu kasebut leket mah, najan loba nu bari udud atawa nyisig ogé.

Di masjid caang mabra diseungeutan lampu gambréng sadua-dua. Barudak lembut ngagonyo di hareup, ciweuh naréwakan siraru, jorojos-jorojos dirérab dina damar, belewek ditambul bari cingeus néangan deui téwakeun.

Barudak bujang maturan kolot di tengah masjid, takbiran ditabeuhan ku terebang. Luluguna Ki Mukasan, biwirna nga­jendol ngemil sisig. Nu nerebang kawas bari narundutan, awak lénjong ngénca-ngatuhu nuturkeun lagu. Béda jeung nu na­beuh dogdog, jaringas pisan éta mah. Dogdog dihompét ku suku kénca, leungeun pakupis duanana, awakna reureun­deukan kawas nu ngigel.

Ka-peutingnakeun takbiran ditunda, diganti ku lagu-lagu tandak buhun nu ilahar dina gembyungan. Tamba tunduh cénah. Lagu Dongdonghéjo, Rincik Manik, Karembong Lokcan jeung réa deui. Naék kana lagu Kéwér-kéwér

Juljol nu nganteuran dahareun, aya lalawuh aya sangu katut tumas-tumisna, paalus-alus pangeunah-ngeunah, da niatna gé hayang katuang ku nu ibadah di masigit.

Brak dalahar balakécrakan. Nu geus seubeuh mundur ngadon nyarandé kana bilik. Rék malikan deui, nerebang kaburu ku tunduh, tinggolédag saurang-saurang, tungtungna gempar samasigit. Nu pandeuri kabagéan bébérés, sésa dahareun dikumpulkeun, diwadahan ku dogdog.

Tengah peuting loba nu lilir kagebah, ngadéngé nu ribut-ribut. Rék hudang horéam ku tunduh, reup waéh tibra deui, parat nepi ka subuh.

Lebaran gedé taun éta mah cék saréréa ogé. Ti jaman akina Kuwu nu ayeuna, kakara harita pareng deui ninggang poé Ju­ma­ah. Nu sasarina tara mantra-mantra ka masigit ogé harita mah merlukeun indit, panasaran hayang ngadéngé Kuwu hutbah.

Ti janari kénéh masigit geus pinuh, barudak bujang kabagian di tukang, ditéma ku nu lembut ngadeukeutan be­dug. Nu talakbir loba nu geus peura balas ti peuting kénéh. Perbawa poé Lebaran, sora kitu, laguna kitu, ngagalindeng wanci kitu, tingsariak waas pabaur jeung ketir, rusras inget ka nu geus taya di kieuna. Loba nu teu kawawa ku cipanon.

Wanci carangcang tihang rombongan nu didadago téh da­tang, srog ka lawang. Pangheulana Kuwu digondeng kénca-katuhu, maké papakéan dines. Raksukan takwa kamhar hi­deung, kancing welem duawelas, solémpang érmas, sinjang kebat lépé satampah. Dibendo ongkoh, didudukuy ongkoh, dudukuy dines polét érmas, jaba dipayungan deuih.

Sup ka masigit, nu asa rék kaliwatan hideng méléd méréan jalan. Jelema-jelema tingkecewis tingharéwos pada baturna. Srog ka hareupeun paimbaran, ngajanteng heula ngadagoan anu komat.

Na atuh ari pok téh aya nu ngomong kalepasan, “Geuning siga kiai Lebé …? Lain Juragan Kuwu nu rék hutbah téh?”

Ditémbalan ku baturna ti juru, “Puguh heueuh deudeu­leuan téh siga Kiai Lebé …. Nanahaonan cénah maké dang­danan Kuwu?”

Ari porongos téh nu ngagondéng beulah kénca nyenghor ka nu ngomong pandeui, “Ngomong naon? Baruk Kia Lebé …? Deuleu tah kadinesanana! Nu maké dangdanan kitu Kuwu ngaranna …!”

“Ké … ké … ké …,” cék nu panasaran ngaludeung-ludeung manéh, “sanés éta Juragan Kuwu mah nu sasauran …?”

“Lain …! Kami mah keur teu jadi nanaon …! Tah ieu Kuwu mah nu disolémpang …!”

“Naha da rarasaan mah awas kénéh amta téh,” cék nu keukeuh panasaran awahing ku handeueul asa dibobodo, tepung jeung Lebé unggal poé, piraku maké kalinglap.”

“Heueuh ieu gé Lebé … Lebé …! Tapi geus dijenengkeun Kuwu kamari, disaksian ku kokolot-kokolot …!”

“Euh …, duka atuh ari kitu mah …. Teu kawartosan ti tadina.”

“Tuda lalawora pisan ngajenengkeun jelema téh, ting­haréwos maranéhanana waé. Mun di dieu mah hareupeun sa­réréa, moal cékcok,” cék nu di gigireunana kukulutus lalaunan.

Rérés salat sunat, imam ngalieuk ka tukang nitah ngung­gahkeun.

Srog Ki Mukasan ka paimbaran, tumpa-tempo, katatang-kotéténg ….

“Lain geuwat …! Néangan naon?” cék nu diuk pang­hareupna.

“Ecis …! Ecisna euweuh!” témbal Ki Mukasan.

“Beu édas, gogoda téh aya-aya waé …! Gara-gara Lebaran poé Jumaah!” cék tukang gondeng, “ka manakeun ecis, baru­dak?”

Taya nu némbal. Barudak tingkecewis bari nunjuk buni ka Si Ékom.

“Aya naon …, aya naon?” cék nu panasaran ngaharéwos.

“Ku Si Ékom peuting dipaké ngarojok anjing. Bongan tuda ngadon ungas-ingus ka masigit. Digebah, nyelap kana sarigsig, rojok waéh!”

“Ari ecisna ka manakeun?”

“Dipiceun …! Geuleuh tuda mani lamokot, da kitu saka­dang asuna kabeuratan …. Kasima meureun!”

“Kumaha ari geus kieu?” cék tukang gondeng téh.

“Kumaha upami diganti waé heula ku itu …? Siga aya halu meujeuhna di saung lisung Madsahri,” cék Ki Mukasan bari nunjuk ka saung lisung tukangeun paimbaran.

Tukang gondeng nu nyeplés Kuwu tulén téh gogodeg bari camberut. “Gogoda Lebaran poé Jumaah …! Hadé kitu diganti­an ku halu?”

“Tibatan luput mah atuh …. Hutbahna gé teu kaci teu maké ecis mah, sanés?” cék saurang ti jajaran panghareupna.

Ki Mukasan kalur ti lawang gigireun paimbaran, milihan halu di saung lisung, néangan nu hampang.

“Rék dikamanakeun éta halu kuring?” cék pamajikan Mad­sahri norojol ti pawon.

“Nginjeum sakeudeung rék dipaké ecis!”

“Ulah nu éta, rék dipaké nutuan kopi ayeuna …. Tah nu éta, halu panguguran, nganggur éta mah.”

Ki Mukasan balik deui ka masigit, manggul halu pangu­guran, nya badag nya panjang. Telenjeng ka paimbaran rék ngunggahkeun.

“Ké heula ulah satorojogna teuing ti saung lisung …. Urang ijabkeun heula ambéh rengrem kana haté,” cék nu nyeplés Kuwu tulén téh bari ngaréwak halu tina leungeun Ki Mukasan. Ned … rempod awakna doyong ka hareup, teu nyangka halu sakitu beuratna. “Kaula neda panyaksén,” cénah bari tipe­pereket ngacungkeun halu, ku lantaran ecis leungit, kapaksa diganti ku ieu …. Saayeuna ieu ecis ngaranna!”

“Nyakséniiii …!!!”

“Sebut ku saréréa, ulah kurang ti opat puluh urang ambéh sah …. Ieu naon ngaranna …?”

“Eciiiiissss …!!!”

“Kurang loba nu nyebutna …! Sakali deui …!”

“Eciiiiiiissssss …!!!”

“Héy … tah barudak nu deukeut bedug! Sia hareureuy waé teu milu ngomong …! Deuleu ka dieu …! Ieu naon …?”

Nu ditanya tingraringeuh.

“Naon ieu …?”

“Haluuuuu !!!”

“Cungur sia! Lain halu, deuleu! Sakali deui sing bener …. Naon?”

“Paranti nutuuuu …!”

“Bangus sia …! Kitu tah ari teu ngajedingkeun téh …! Ecis …. Ecisss cekéng gé egis …! Pok sebut deui ku saréréa …!”

“Eciiiiissss ….!” Cék samasigit mani ngegeder.

“Tah kituh …. Pok geura ngunggahkeun, Mukasan! Yeuh haluna … … éh … ecisna!” cénah bari ngélémés, éra tisolédat létah.

“Annutuuu bilhaluuuu walbakaaaatul …!” cék Si Sukri di tukang ditompokeun kana ceuli baturna.

“Cungur sia …!” cék kolot nu diuk gigireunana, “doraka siah!”

Batur-batur Si Sukri narungkup sungut.

Rérés hutbah brak dalahar, da ti tadi gé nu nganteuran da­hareun geus ngarédés di luar nyaruhun baki. Samasigit récok parewog-rewog. Sidekah Lebaran cénah.

Désa Cilamping salamet teu kungsi kaanjangan maung.

***


Dulur

Agustus 21, 2010

Carpon Tien Kustini Maskar

DIANJANGAN teh kasampak Kang Usep keur sila tutug. Ti kajauhan katenjo nyerengeh. Kumisna nu kandel nyingsat. Sanggeus deukeut ompongna kaciri. Unggal papanggih huntuna beuki ngurangan. Kang Usep ngiap-hiap. Sanggeus sasalaman gek diuk gigireunana. Bangku nu heureut teh ngan cukup dipake diuk duaan, pagegeye kawas keur ocon. Rek diuk di handap asa ngewa kawas keur ngadeuheus ka raja.

“Hayu atauh di jero, aceukna keur di cai… nyeuseuhan…” pokna bari nepak tuur kuring.

“Lah di dieu we hareudang…”

“Tas ti mana atuh, ngahaja bae ka dieu?”

“Ah nuturkeun indung suku we, sukur ari sehat mah Akang.”

“Ih, cageur, pan kamari kakara mulang ti Jakarta…” leungeunna kadak-kodok kana pesak kaos oblong nu warnana kiruh bals dipake ka sawah. Roko nu kari dua batang dipaut.

“Ti Kang Umar?” kuring nanya.

“Enya, ka saha deui,” angger nyerengeh.

“Yeh, bisi perlu ka Akang?!” Kang Usep nanya.

“Ah ngalongok we, eta sakalian tas ti Jang Elan, nempoan tangkal alba, majar rek dijual, butuh keur usuk.”

“Butuh sabaraha tangkal? Atuh itu we nu Akang ge rea nu geus manjing dituar, sagede nu itu tuh!” curukna nunjuk ka palebah tangkal alba nu pernahna teu jauh ti dinya.

“Sabaraha satangkalna?”

“Lah kumaha umumna bae, atuh kamahalan lain jeung sasaha ieuh, kari ilikan ka ditu taneuhna rek dijual, bisi rek dipikiran ku adi?” Leungeunna mautan jangot nu ngan sababaraha lambar. Make ngingu jangot leuheung mun pantes, cek hate.

“Duit ti mendi Kang, sakieu keur parait teh.”

“Ih, bisi butuh memeh di ka baturkeun.”

“Paling ge kaina kitu moal loba pira ge saimaheun.”

“Ilikan bae heula.”

“Eh, Kang! Majar Kang Umar ngawayuh ka Ceuk Odah?” Kuring tetelepek.

“Enya. Lah keun bae, malah dirojong ku Akang mah. Kahiji manehna mampuh rek boga panajikan salosin ge moal teu kaparaban. Kaduana, cua akang mah ka ngaran Ceuk Munah teh. Nyeri atuh da ngingetkeun kumaha sikepna ka kulawarga urang mah, ka kabeh oge lain dingeng, nganggap badega. Boh ucap boh sikep geus pada ngarasakeun. Pek tanyakeun ka sakur nu geus nganjang ka ditu, teu cara ka dulur jeung barayana ti pihak manehna. Pagawe hotel jeung rumah sakit sasat dulurna wungkul.”

“Enya bejana mah disakolakeun nepi ka paguron luhur kabeh oge.”

“Bener Adi, Ceuk Munah sorangan anu nyaritakeun eta teh. Sedengkeun Si Dani mah anak akang katut ka sikat gigi oge ti Akang. Di ditu mah saukur milu cicing. Akang oge mimiti mah teu percaya. Basa Danni keur di ditu ari mulang teh reumbay bae, ari sugan pedah pajauh jeung kolot. Balaka soteh sanggeus manehna tamat sakolana sarta geus digawe. Paingan manehna kekepehan embung digawe jeung Uana. Padahal rumah salit swasta bari mewah, pasilitasna alus. Nyakitu deui hotel kari milih rek di kota mana. Na ari pok  ngawalon, ayeuna mah pangarti boga, digawe mah di mana we dapon ngeunah hate, hoream jadi kekesed saumur-umur mah. Tuluy balaka yen sabot di imah Uana dikekeyek alah batan ka rencang. Tapi ari ka dulur ti pihak Ceuk Munah mah henteu kitu. Maranehna malah sok wani nitah ka Dani teh. Komo mun sagala nurut. Ieu mah kadaharan ti dieu diangkutan, nya beasna nya laukna.”

“Enya nya Kang, apan Kang Umar bisa jadi kitu teh mimitina mah jasa Akang ngorbankeun takajar ti Ua Hasan nya.”

“Lah, heueuh, matak oge mun ngarah ungka-ungkalan mah. Tapi Akang mah teu kitu. Manehna oge manusa tangtu boga rasa rumasa, paling henteu dina hatena.”

“Naha Kang Umar kitu nya?”

“Lain Kang Umarna, tapi Ceuk Munah nu goreng adat mah. Sabaraha kali Kang Umar ngahiyap sangkan milu deui di pausahaan, teu hayang lah Adi, nyeri hate ari dipitnah teh.” Kuring nyaho caritana yen kang Usep disangka korupsi. Tapi sanggeus kanyahoan nu boga dosana, Kang Usep kalah pundung.”

“Kang Jaja oge kanyenyerian pan…”

“Eh, enya kumaha eta, bejana Yati kalah pindah?” Kang Usep nanya.

“Pan kieu eta teh, Kang Jaja ngalongok Yati, ari budakna kuliah nepi ka burit. Eta ti isuk, diuk di luar teu aya anu ngahayap, boro-boro mun disuguhan, dahar oge di warung.”

“Ari ceuk Munahna aya eta teh?”

“Aya, tapi sanggeus nyebutkeun Yati keur kuliah terus indit kana mobil. Teu mikirkeun jelema datang ti jauhna. Cindekul we di luar. Tuluy cacaduan moal hayang deui nganjang deui ka imah Kang Umar. Nu matak kadelasan teu nincak deui nepi ka maot oge.”

“Kaayeunakeun mah ari nganjang teh sok ka kantor Kang Umar. Hiji waktu kungsi ngagorowok, naha nganjang teh ka darieu bae, pan dewek teh boga imah cenah.”

“Pan hoream nempo paroman Ceuk Munah kawas nu curiga rek barang penta.”

Keur kitu jol Ecin ngelek seuseuhan balik ti tampian. Solongkrong sasalaman.

Basa pangaosan di kaum pendak jeung nyi Nining teh,” Ceuk Ecin nyaritakeun pamajikan.

“Muhun pun bojo oge nyarioskeun.”

“Naon atuh suguhna, yu atuh sina di lebet bapana, tuh Aceuk gaduh pindang lauk.”

“Ih, ti tadi oge diajakan,” cek Kang Usep.

“Ngiring jajap seserahan, Jang Dadang?” Ceuk Ecin nanya. “Kumaha Ceuk?”

“Eta henteu ngiring jajap seserahan Kang Umar?”

“Euh, henteu, aya wartosna mah.” Kuring nyerengeh. Kabayangkeun mun panganten aki-aki diabringkeun. “Abong-abong lalaki nya, teu kaop di bere senang gancang nyandung.” ceuk Ceu Ecin bari meureut samping, tuluy disampaykeun dina tambang nepi ka rantuy di buruan teh.

“Teu senang oge ari niat mah,” ceuk Kang Usep. Ceuk Ecin ngadelekan.

“Atuh sering ka dieu ayeuna mah Kang Umar.”

“Nya sering ari kilir. Tapi da tara kaburueun ka dieu mah, enya oge kaliwatan.”

“Harianeun atuh.”

“Eta pan keur rarepot ngawangun hotel mewah di Pangandaran.”

“Beuki seueur bae atuh, ampir diunggal kota.”

“Bejana mah…”

“Kasieunan, Jang Dadang,” Ceuk Ecin mairan.

“Ah kasieunan pedah naon, ari urusan barangbere mah ari niat, da batur teh moal kadak-kodok kana pesakna, ari teu bro mere mah, lain kitu Jang Dadang?” Kang Usep nyeungeut deui roko .

“Sumuhun, sugan ka Akang mah geten pedah ka dulur pet ku hinis. Ka abdi onaman tara nganjang oge pantes saukur supat-sipat keur mah teu  aya tempoeunana,” ceuk kuring.

“Sarua bae ka dieu oge. Enya ari ma’lumeunana mah jalma sibuk ku pagawean, lebah urangna nu sarua delitan.” Kang Usep ngabela dulurna.

“Ngeunah we nya, Ceuk Odah mah, kawas kawin ka jin, jol jleg gedongna, geuleuyeung mewah, perhiasan hurung-herang,” Ceuk Ecin kawas nu kabita. Abong awewe sok panasbaran.

“Heueuh, komo mun kawin ka jin mah geura…”

Kang Usep ngareret ka pamajikanana.

Wanci lohor kakara pamitan. Nyimpang heula ka balong bisi caina saat aran usum halodo. Sakalian solat di bale kambang. Sajajalan rurat-reret sihoreng lelegana mah tanah Kang Umar. Atuh da unggal nu ngajual pasti dibeuli. Saharita mah asa katulungan. Antukna patani leutik mah beuki ripuh sabab jadi henteu boga tanah garapan. Ari taneuhna teu digarap rea nu digamblungkeun.

Heuleut dua bulan ti harita tepung deui jeung Kang Usep teh di Bale desa  basa upacara ngaresmikeun gedong olah raga. Harita Kang Umar ge aya jeung Ceuk Odah. Meunangkeun randa ge teu rugi da geulis Ceuk Odah mah. Ngaranda soteh ditinggalkeun maot alatan cilaka.

Turun tina mobil mewah Kang Umar dipapag ku inohong ti kacamatan jeung Pa Kuwu. Basa Kang Usep datang mah da ka dinyana kana motor bebek, padahal adi lanceuk tapi ka kang Usep mah arapi lain. Kuring jeung Kang Usep oge nyampurkeun Kang Umar. Sasalaman. Saukur imut sarenyu da kaburu dikaleng ku Pa Kuwu. Kang Umar jeung Ceuk Odah diuk di jajaran hareup ngarendeng jeung Pa Camat.

Basa Pa Kuwu biantara langsung nganuhunkeun ka Kang Umar anu jadi donatur panggedena nepi ka bisa ngawujud gedong olah raga.

“Kang, tuh geuning sakitu uduhna Kang Umar teh disangka rek nyumbang sajuta malah jadi tilupuluh juta rupia,” cek kuring.

“Ih, ari Jang Dadang ari mere ka dulur mah moal diumumkeun kawas bieu, moal nyahoeun batur, mubah!” pokna bari seuri.

Kang Umar pamitan ka sararea.

“Moal ka ditu heula, Kang?” Kang Usep nanya.

“Engke deui lah, tos sonten.” Pokna bari ngasngkeun leungeun sasalaman. Karasa aya nu nyangked dina dampal leungeun.

“Lumayan keur roko,” saur Kang Umar bari ngusap tonggong. Kuring nganuhunkeun.

Muka leungeun rerencepan meh bareng jeung Kang Usep. Sarua saratus rebuan salambar.

“Alhamdulillah,” meh bareng deui bae.

“Yu ah mulang, mahi yeuh dua poeeun, ti mana we milik mah.” Kang Usep ngacungkeun duit nu ti Kang Umar. Tuluy ngahirupkeun motor bebek nu geus capeeun mamawa Kang Usep. Ti bareto can ganti-ganti padahal merk motor loba nu anyar. Kawas teu kabitaeun.

Asa enya boga dulur jeung Kang Usep mah, bisa dipake batur pakumaha. Najan sakapeung mah kawas pajengut-jengut jeung nu gundul.***


Boa Manehna

Juli 24, 2010

KARETA api nu indit jam tujuh peuting geus ngadius ka wetankeun. Simpe deui kaayaan di setatsion teh. Padahal aya keneh jalma nu ngajanteng lebah peron. Tapi kabeh oge jempling taya nu lemek. Taya nu batuk-batuk acan. Sabudeureun setatsion masih keneh dibanjur girimis. Ti sore keneh hujan teh can raat bae.

Najan henteu gede, tapi matak wegah rumingkang. Poe ieu mah, waktu teh beak dipake ngajentul di setatsion. Mun teu salah, mimiti anjog teh jam dalapan isuk-isuk. Wanci haneut moyan. Teuing geus sabaraha hiji kareta api nu datang jeung nu indit teh. Tapi nepi ka kiwari, tacan panggih keneh jeung nu didagoan.

Kuring neuteup ka jalma-jalma nu ngajanteng dina peron. Boa maranehna oge aya nu saniatan jeung kuring, ngadagoan hiji jalma, nganti anu mere jangji. Beda we patingharuleng, bangun hanjelu. Katembongna lieuk deui, lieuk deui, nenjoan kareta anu datangna ti wetankeun.

Poe tadi, basa rek indit ka kantor, manehna nelepon.
“Kang, dinten ieu abdi ka Bandung. Kaleresan enjing teh ngawitan lebet kuliah. Papagkeun nya, di setatsion!”
“Jam sabaraha angkatna?”
“Ayeuna oge tos bade jung!”
Telepon ditutup. Kuring pindah mobil, kana angkot jurusan setatsion. Keun bae teu miluan apel oge. Angkeuhan teh, engke we asup mah jam dualas. Nelepon heula ka kantor, dadakuna mah ka rumah sakit, nganteur pamajikan kontrol.
“Kade euy, mun aya pamajikan nelepon, ulah dibejakeun euweuh!” ceuk kuring, ka sobat dalit di kantor, basa nelepon.
“Beres lah. Asal sing inget we!”
Ceuk itungan, sajauhna oge Tasik-Bandung, kana kareta api mah dua jam oge nepi. Dina elatna tilu jam. Tapi jam sabelas beurang, anu didagoan tacan ngurunyung. Padahal apan ti Tasik-na mah jam tujuh isuk-isuk. Ari ngadagoan tea apan keselna teh leuwih-leuwih ti nu didagoan. Dicobaan dikontak kana HP-na, henteu nyambung bae. Mailbox.
Udud mah teuing geus beak sabaraha batang. Tina awahing kesel ngadagoan, jadi terus narawangan, nginget-nginget beungeut manehna. Geulis keneh kitu? Piraku ari robah mah, enya oge sabulan teu panggih. Ongkoh apan manehna mah tara sabaraha dangdan, basajan bae. Make tiung, diwedak ipis, dilipstik ipis.
Sanggeus liburan semester, manehna tangtu sono ka kota Bandung jeung ka “nu aya” di Bandung. Lain hayang-hayang teuing panggih jeung babaturanana di kampus kawasna mah. Atawa geus teu kuat kitu, hayang midang deui dina televisi, luyu jeung pancenna jadi penyiar acara kasundaan.
Ceuk kitu ceuk kieu oge, ayeuna kuring keur mapagkeun manehna, keur nganti-nganti manehna. Bongan geus dijangjian. Satungtung can tepung mah, kuring rek terus cicing di dieu, di setatsion kareta api. Upama terus ngejat, heg manehna datang, meureun kuring anu disebut jalir jangji teh.
Kira-kira wanci asar, setatsion mimiti dibanjur cihujan. Bet jadi inget kana catetan katukang. Enya, hujan teh apan bisa dijieun kasempetan. Bisa ngarendeng bari dipayung. Kikicipritan kaluar ti kampus.
Tepung jeung manehna teh mimindengna mah di kampus. Da kitu ari ngajangjian teh, sok di kampus bae. Ari kampus Unpad, apan almamater kuring. Aya alesan upama mindeng jadi mahasiswa tanpa identitas teh. Ongkoh barudak Sanggar Seni masih keneh ngagupayan kuring, ngajak ilubiung deui. Daek we, da dadakuna mah hayang nepungan manehna, lain jadi aktivis kampus.
Teuing kumaha mimitina deuih, manehna bet bisa jadi penyiar televisi. Mawa acara kasundaan saban poe Kemis. Nya dina televisi, kuring bisa neuteup manehna leuwih eces, leuwih leleb, da euweuh nu ngaharu-biru. Ari lalajo televisi mah apan pagawean anu lumbrah. Pamajikan oge moal nyarek, jeung moal apaleun upama anu keur dilalajoan awewe anu mindeng ditepungan ku kuring.
Dina televisi, kuring sok ngadenge sorana anu halimpu. Puguh we, da diracik ongkoh make sound system. Matak jadi penyiar oge, meureun sorana teh henteu kasebut goreng, pon kitu deui rupana. Geus lain rusiah, hayang jadi penyiar mah kudu hade sora hade tangtungan.
Basa geus kadenge adan asar, aya telepon ti pamajikan.
“Di kantor keneh, Pa?”
“Euh, sumuhun,”
“Tabuh sabaraha mulih?”
“Teu acan tangtos, Mah. Sigana mah aya lembur wengi ieu teh!”
“Oh, kitu nya. Mun uih, kade meser fried chicken tea. Si bungsu nanaroskeun wae. Geura yeuh dangukeun!”
Telepon jempe sakeudeung. Teu lila aya sora budak. Moal salah Si Bungsu.
“Pa, meser ciken, nya!”
“Muhun!”
“Awas mun bohong!”
“Muhun!”
Angkeuhan teh, memeh magrib oge manehna bakal ngurunyung. Piraku elat-elat teuing. Tapi nepi ka sareupna, malah nepi ka kiwari, teu katembong tiung-tiungna acan. Saban aya kareta api eureun, kuring teu weleh neges-neges awewe nu make tiung.
*
Girimis masih keneh turun. Katembong patingborelak, kasorot ku lampu. Jalma di lebah peron tinggal sababaraha urang deui. Teuing ka marana, teu kanyahoan inditna. Gebeg teh, basa nenjo nu ngajanteng pangtungtungna. Sidik ditiung. Boa enya manehna, mani teu kanyahoan datangna. Tapi basa disampeurkeun, horeng kasamaran, ukur sisigaan, pedah sarua ditiung.
Keur kitu hand-phone disada deui. Ti imah horeng teh. Moal dijawab tadina mah, sieun ngabolaykeun acara. Tapi bisi penting deuih, bisi Si Bungsu gering, atawa aya mitoha nganjang.
“Pa!”
“Enya,”
“Di kantor keneh?”
“Sumuhun,”
“Kieu Pa, di bumi teh aya tamu!”
“Si Abah ti lembur?”
“Sanes!”
“Bejakeun we atuh, keur lembur kitu!”
“Parantos eta oge, tapi bade ngantosan cenah. Istri, Pa. Ari nyaurkeunana mah mahasiswi Bapa. Abdi teh kerung, da raraosan, Bapa mah henteu kantos jadi dosen. Ngangge kerudung, jangkung alit, nyandak tas ageung,”
“Saha cenah?”
“Teu acan ditaroskeun jenenganana mah. Ngan mani nyopan pisan, Pa. Resep abdi mah. Atos we atuh, sina kost di imah urang, apan aya kamar kosong. Itung-itung purah ngasuh Si Bungsu. Tuh, da mani ujug-ujug apet. Bapa bade nyarios sareng anjeunna?”
“Moal sigana mah,”
“Enya, enggal we mulih, bisi penting pisan. Kade fried chicken tea!”
Telepon ditutup. Ngahuleng sakedapan mah. Enya kitu manehna? Asa cangcaya. Lain, lain manehna.
Kuring angger ngajanteng. Ngadagoan. Sabab engke, kareta api nu ti wetankeun, bakal cunduk jam dalapan peuting. Sugan bae manehna aya di dinya.
***


Indung

Juli 22, 2010

Carpon Holisoh MÉ

BALIK tandur téh mawa belut opat siki, paméré adi beuteung. Ditalian ku jukut, keur si Nyai. Heug kabeukina téh beuleum belut diawur­an uyah. Puguh geus sababaraha poé mondok di imah, datangna gé  so­rangan bari panon carindul. Kuring surti. Meureun paséa jeung salakina. Tapi teu ieuh tunyu-tanya. Nepi ka kiwari gé  teu ditanya. Baé! Engké gé  geus leler mah tangtu nyarita so­rangan.

Ngan salaki nu gereget téh.

“Geura talék si Nyai téh, Iyeung!” omongna basa si Nyai keur meuli sambeleun ka warung.

“Teu kudu ditalék, engké gé ngomong sorangan!” témbal téh.

“Hih, ari nyanéh sok didadago nepi ka nyaritana! Anggursi tanya méh pararuguh. Jeung teu hadé wé awéwé ngejat ti imah, pajar ku urang teu diwarah!” ceuk salaki daria.

“Ké meureun da salakina gé  nyusul ka dieu!” tempas téh.

“Iraha? Ning geus aya opat poéna taya nyusul!” nyureng salaki téh ngomongna. Jep wé teu nembalan. Sangheuk paréréa omong. Da nu leuwih ngageremet na haté mah kuring nu jadi indungna. Ngan nyabar-nyabar manéh.

“Dana! Dana!” kadéngé sora Kang Muhtar di tepas.

“Buka wéh, Akang! Da tara disosi,” kuring némbalan, bari ngisedkeun bujur, ngajauhan salaki.

Reket… panto tepas dibuka. Sup Kang Muhtar ngajing­jing kérésék leutik.

“Ngirim naon, Kang?” ceuk salaki bari nyéréngéh seuri.

“Bako… paméré si Adun,” témbalna bari gék diuk sila tutug gigireun salaki kuring.

 “Sok ngeunah meunang ngabungbuan si Adun mah,” ceuk salaki kuring bari muka kérésék. Ngajewol saeutik, pek diambeuan.

“Bener, mani seungit kieu,” omongna deui. Panasaran, kuring pipilueun ngajewol sagedé sisig. Terus diambeuan. Enya wé mani seungit panéli. Mun kongang mah hayang ngahuapkeun.

“Boga daun kawungna?” Kang Muhtar nanya bari ngarérét ka salaki.

“Aya. Cokot geura Iyeung dina palang dada!” ceuk salaki bari ngarérét. Kuring cengkat. Koloyong ka enggon, nyokot daun kawung meunang neukteukan, terus dibeungkeutan. Celenun dicokot dua beungkeut.

Léos ka tepas deui. Sok daun kawung digolérkeun hareupeunana.

“Dibawa sabeungkeut nya ku uing! Puguh teu boga daun kawung-daun kawung acan di imah téh. Meulian pahpir, ngadat nu di imah,” omongna bari ngalinting bako.

“Sarua awéwé mah di mana-mana gé kitu! Teu kaop kacocéng duit balanja!” ceuk salaki bari ngarérét ka kuring. Kuring jamedud.

“Heueuh. Padahal kudu ngarti, usum ngijih kieu mah hésé ngala daun kawung téh. Nya hese ngalana, nya hésé ngarautanana.” témbal Kang Muhtar daria.

Kuring ngaléos ka dapur nyokot téko jeung kurud gula kawung sésa tadi isuk. Sok disodorkeun.

“Si Nyai di dieu kénéh?” tanya Kang Muhtar rada ngaharéwos.

“Di dieu!” témbal téh heureut.

“Kamari tepung jeung salakina deuk menerkeun cai, nanyakeun si Nyai. Sok tepung jeung si Nyai?”

“Dibéjakeun sok tepung?” tanya kuring panasaran.

“Nya dibéjakeun atuh. Malah tunda talatah, iraha hayang dipapagkeun cenah!” omong Kang Muhtar daria. Kuring ngahuleng. Sarua salaki gé ngahuleng. Na bet nanya iraha hayang dipapagkeun? Belegug béak karep boga minantu téh.

“Nurustunjung nya kalah nyarita kitu. Téang kuduna mah ka dieu!” ceuk kuring kuraweud.

“Heueuh da si Nyai téh puguh indung-bapana. Puguh padumukanana. Lamun geus teu suka sok nyarita. Meungpeung tacan boga anak.” sora salaki ngageter bangun nahan kakeuheul.

“Geus ditanya anak urang aya naon masalahna?” ceuk Kang Muhtar kalem.

“Acan!” témbal téh heureut.

“Kuduna mah tanya heula anak urangna, bisi sual leutik digegedékeun. Malum barudak, tara asak pikir!” ceuk Kang Muhtar bari kop kana gula meunang ngurud, nyomot saeutik terus dibaheum.

“Nya éta acan!” témbal salaki daria.

“Salah kitu téh! Mana kudu diajar ka nu geus boga minantu. Sagala gé  aya téhnikna,” ceuk Kang Muhtar bari seuri. Kuring jeung salaki seuri konéng. Karék nyaho, nyanghareupan minantu gé aya téhnikna. Boa nyaah ka incu gé  aya téhnik, méh teu nyaah dulang.

Haté beuki marojéngja. Hayang nalék si Nyai, tapi ti mana mimitina muka obrolan. Moal mungkin lamun ujug-ujug nanyakeun, ku naon maké pundung. Bisa-bisa si Nyai ngadon ceurik aleuk-aleukan, ngagareuwahkeun tatangga.

Na da reup peuting téh taya kangeunahan. Hésé saré. Padahal biasana gé tibra-tibra waé ti entas solat isa téh. Capé apan beurangna. Ari ieu mah capé ogé henteu tunduh. Panon teu bisa saré, haté ngabacéo. Boa si Nyai téh dipangnyaléwéngkeun! Boa si Nyai téh unggal poé dipaséaan! Boa si Nyai téh dikaniaya awakna!

Mun geus boga pikiran kitu, isukna beungeut si Nyai ditelek-telek, bisi aya geuneuk tapak neunggeul. Leungeunna, sukuna, kabéh ditelek-telek nu sakirana teu ka tutupan ku baju mah.

Rebun kénéh si Nyai geus saged. Bangun deuk ngilu ka kebon. Puguh deuk ngaseukan palawija, beak disurungkuy anak bagong.

“Amah, Nyai deuk milu ka kebon!” omongna bari gék diuk dina jojodog hareupeun hawu.

“Hayu wé,” témbal téh bari jongjon nimbel sangu. Deuk mumuluk di kebon, méh ngeunah. Jaba keur loba téspong keur coél sambel. Lakar daék metik.

“Atuh timbelna émbohan deui, da Nyai gé deuk mumuluk di ditu,” omongna bari ngarérét. Sieun ukur mawa satimbel meureun.

“Puguh atuh, da si Apa gé deuk milu ka kebon. Pan comrang, mani mayakpak, sina dialaan keur juaIeun ka pasar,” témbal téh.

“Ngeunah nya Amah angeun lodéh maké comrang,” omongna bari ngoérkeun ruhak. Combrang, kembang honjé téa.

 “Tangtu wé ngeunah mah! Nyai osok kitu ngangeun lodéh maké comrang?” Kuring malik nanya.

“Osok. Pan si Aa mah kabeukina,” omongna daria. Asa mobok manggih gorowong nyebut-nyebut si Aa téh. Geuning manéhna nu muka obrolan téh. Teu kudu lieur-lieur kuring néangan piomongeun.

“Karunya atuh Nyai, si Aa taya anu mangngangeunkeun lodéh dicomrangan!” ceuk kuring bari ngarérét.

“Baé, aya si Lilis sok ka imah!” témbalna bari bangkenu. Meg kana haté téh. Ieu inti pasualan téh. Si Nyai teu sadar mukakeun eusi haténa.

“Teu kudu ambek, da ari jeung tatangga mah biasa sili-anjangan,” ceuk kuring datar.

“Aya leuwihna ieu mah! Kahiji randa gélényé! Kaduana, mun geus ngobrol jeung si Aa téh mani sok poho waktu, uplek naker. Si Aa-na gé mani sok pogot-pogot ngobrolna téh. Jaba tepak-toél, ih sebel Nyai mah!” omongna jejebris.

Kuring ngarénghap. Haté kuring bisa ngarasakeun héabna haté anak. Panas kahuru. Tapi kuring teu meunang némbongkeun katungenah haté ka si Nyai.

“Na Nyai tara milu ngariung?” tanya téh.

“Osok, tapi ukur sakeudeung-sakeudeung, da loba pagawéan. Nyangu téa, kukumbah téa, jajait popoéan. Remenna mah diculkeun wé duaan. Ijid!” omongna teugeug.

“Sok di mana ngobrolna?”

“Di balé, osok ogé ngobrolna di dapur mun pareng si Aa keur di dapur mah. Teu ngarti sakitu Nyai sok buad-baeud téh, haré-haré wé,” omongna bangun gemes.

“Si Aa geus ditanya, aya hubungan naon remen ngobrol jeung si Lilis téh?”

“Remen. Tapi da jawabanana téh, mun urang aya hubungan jeung Lilis moal teuing ngobrol dibawa ka imah, enggeus wé di saung atawa di imah kolot si Lilis. Da taya nanaon cenah gé, ukur curhat si Lilis téh, pédah popotong­anana téh babaturan si Aa keur di ésdé. Sobatna.” témbal si Nyai daria.

Kuring répéh. Leungeun jongjon mungkusan lauk asin jeung sambel oncom.

Haté bisa ngararasakeun panas peurihna, mun kalakuan salaki kawas kitu. Kuring gé kungsi nyorang kapeurih ti salaki, basa si Nyai karék kelas dua ésdé. Salaki katohyan bobogohan jeung si Érma ungkluk kahot pindahan ti kota. Nyingkah sotéh meureun ka lembur pédah di kotana geus teu payu, da geus umuran. Ngan salaki kuring wé lolong mata, ngora-ngora daék ka ungkluk nini-nini. Ari cenah mah kabéh lalaki di lembur téh kaparélét, da puguh beungeutna pinuh ku susuk. Malum awak dagangan, kumaha carana méh payu.

Kuring gé harita asa rék édan dipangnyéléwéngkeun téh. Nyeriii… moal aya tandingna. Meureun si Nyai gé, moal jauh ti kitu haténa. Asa rék gélo, asa rék édan, dunya asa heureut, langit gé asa dina tuur.

Na atuh lalakon kuring bet kaalaman ku anak?

“Tong waka goréng sangka, bisi enya saukur curhat,” ceuk kuring neger-neger manéh. Tapi da haté teu beunang dibohongan, kuring yakin minantu jeung si Lilis téh aya pakuat-pakait ati.

“Haté pamajikan teu bisa dibohongan Amah. Teu bisa dipaling!” témbal si Nyai daria. Jep wé kuring teu nyarita deui. Timbel jeung bungkusan asin diasup-asupkeun kana boboko. Méh engké datang salaki ti pancuran kari jung indit.

Karék gé  deuk mangku boboko deuk dipindahkeun kana bangku, kadéngé panto tepas aya nu muka. Saha? Da salaki mah sok jalan ka dapur balik ti pancuran téh.

Kuniang kuring nangtung. Karék gé  deuk ngaléngkah, geus rerekétan palupuh di tengah imah. Panon neges-neges nu keur leumpang muru dapur. Ning Jang Sobur, minantu kuring, salaki si Nyai. Na ngadak-ngadak nyel téh ambek. leu Ialaki anu ngaraheutan haté si Nyai téh! leu mangkelukna. Mun teu boga wiwaha mah hayang nampilingan. Hayang nyabok. Hayang ngarangsadan, méh raca beungeutna ku kuku. Tapi minantu ngarawu leungeun kuring bari nyuuh.

“Hampura abdi Amah! Niat mapagkeun si Nyai!” omongna daria.

Biwir cakep teu némbalan. Jung si Nyai nangtung. Katémbong ngahégak nahan kaambek.

“Na maké los-los ka dieu? Sing jongjon wé di imah ngawadul jeung si Lilis!” Omong si Nyai teugeug.

“Heueuh hampura Aa, Nyai!” sora Jang Sobur laun.

“Hampura, hampura, geus seubeuh?” sora si Nyai ayeuna mah dareuda semu rék ceurik.

“Demi Alloh, Nyai! Seubeuh naon? Da Aa mah teu ngalakukeun nanaon. Teu mapagkeun sotéh, éra ku Amah jeung Apa, Nyai balik teu dianteurkeun. Bongan Nyai hayang ka dieu, teu bébéja ka Aa kalah ngabongohan,” omong minantu daria. Sirah asa ngadak-ngadak pinuh ku getih.  Lieur.

Kuring ngaléos, api-api ka luar. Padahal ngajengjen nangtung di pipir bari ngadéngékeun nu hog-hag.

*

Si Nyai teu daék dibawa balik. Jang Sobur ngéléhan, mondok di imah kuring. Saréna teu dibawa di enggon ku si Nyai, tapi ngaringkuk di tengah imah.

Salaki sok ninitah sangkan Jang Sobur saréna di enggon. Tapi si Nyai kalah jejebris, teu daékeun. Kuring mah teu pipilueun, da karasa ku sorangan, mun haté geus raheut ku salaki, dideukeutan gé embung. Mun hayang jejem deui haté téh butuh waktu taun-taun.

Mun isuk-isuk minantu mulang ka lemburna da puguh boga uruseun, ngebon tomat jeung cabé. Seug kudu dipiara diapik-apik tangkal tomat jeung cabé mah. Nyemprot teu meunang sagawayah. Karasa, kuring gé kungsi ngebon tomat jeung cabé, taun tukang mah kalah buntung hayang untung téh, kaburu ngijih mantén.

Bari jeung haté bayeungyang gé ku minantu, teu weléh wé ari deuk indit mah disadiaan sangu haneut anu pulen meunang ngakeul jeung beuleum asin. Da si Nyai mah tara daék pisan mairan. Kalah ngaringkuk wé, dikarimbun samping di enggonna.

Ku kituna mah pantes da asa diteungteuinganan. Nyolok mata buncelik. Moal ngabibisani.

Mun Jang Sobur geus indit, karék si Nyai ka luar ti enggonna.

“Tuluy, Amah?” pokna, nu dimaksud téh salakina.

“Tuluy!” témbal téh bari pépérén piring kalotor. Sup-sup diwadahan kana boboko parantina, boboko buntung taya sokoan.

“Nyeri haté Nyai mah enya gé ari di imah téh saukur ngobrol. Da sok aya béja, aya nu manggihan di émpang Mang Udi keur ngalobrol handapeun tangkal kalapa. Nu kitu taya hubungan nanaon? Sok wé pikiran ku Amah!” omong si Nyai bari ngoér-ngoér ruhak nu beureum burahay.

“Amah teu nanaon, kumaha Nyai. Hayang pegat, hempék! Deuk manjang, éta nu diteda, da nu ngarasakeun mah Nyai sorangan,” ceuk kuring bari regeyéng mindah­keun boboko nu dieusi piring kotor ka deukeut lawang panto dapur. Si Nyai ayeuna mah nu sok gégéroh ka pan­curan téh. Nya engké mah si Nyai mulang deui ka salakina, kapaksa wé ku sorangan deui.Si Nyai kalah ngahuleng. Sirahna ngeluk tungkul neuteup lebu tiis hareupeun sungut hawu, dikoér-koér ku régang awi.

Beurat meureun pipisahan jeung salaki nu geus ngahiji aya tilu taunna. Acan sotéh boga anak, bané wé turunan carang. Kuring gé  boga si Nyai téh geus kawin tujuh taun, bari ukur saésé-éséna, geus boga si Nyai téh teu kungsi kakandungan deui. Mana kacida beuratna ku anak téh. Ceuk nu bohong mah kawas nanggeuy endog beubeureum­na, dienod naker. Disusuan gé  nepi ka umur tilu taun satengah. Nepi ka saat cisusu téh lin bobohongan.

Tapi ning ari geus sawawa mah ku batur ngadon dinyényeri. Deuk teu hanjelu kumaha? Enya ari ningali sareat mah ngeunah. Karék kawin dalapan bulan gé  geus dipangnyieunkeun imah ku mitohana téh. Lega, ukuran salapan ka dualas méter imahna gé. Atuh keur dahar sapopoé apan salakina dititah ngagarap sawah jeung kebon ku kolotna. Lakar daék ngaluarkeun tanaga téh lin bobohongan. Tapi nya kitu ari haté rungsing teu ngeunah mah, balik wé ka kolot.

“Amah!” sora si Nyai laun. Kuring ngarérét.

“Naon, Nyai?” pok téh.

“Amah, Nyai téh teu héd bulan ieu. Jaba ngaruy waé sararebel,” omongna bari angger tungkul.

Kakeuheul ka minantu leungit. Haté surak. Biasana mun telat héd bari dibarengan sararebel téh cirining nyiram. Baréto gé  kuring kitu. Tapi biwir teu daék engab, da haté ngaguruh ku kabungah. Boga incu! Alhamdulillah. Tapi ras deuih, kana kaayaan rumah tangga si Nyai, na Gusti mani saimbang méré kasusah jeung kabungah téh.

“Nyiram kitu Nyai téh, Amah?” sora si Nyai tatag naker.

“Enya. Enya nyiram mun kitu téh!” témpas kuring daria.

“Atuh Amah téh bakal boga incu nya!” Omong si Nyai bari seuri konéng. Manéhna gé  sarua meureun haténa jeung kuring, marojéngja.

Incu! Kuring bakal boga incu! Bakal ngangais incu. Deuk dibawa balanja sambeleun ka warung si Ipah. Deuk dibawa ulin ka tatangga, diaais. Deuk dibawa ka kebon, digolér­keun dina saung. Ih, ih naba bet dibawa ka kebon? Atuh dicoco reungit digolérkeun di jero saung mah. Seug di kebon mah reungitna gé sagedé-gedé anak bedul. Moal ah, moal dibawa ka kebon. Moal dibawa ka sawah.

Hayang lalaki hayang awéwé incu téh? Baé lah sajolna waé, deuk lalaki deuk awéwé gé  sarua. Nya lamun meunang nawar mah mending awéwé waé. Téréh hideng, téréh aya nu nalang-nalang gawé dapur. Ngan meureun Iamun hayang hajat téh tangtu lila ari anak awéwé mah, ngadagoan welas-welas taun. Lalaki baé kitu? Heueuh méh téréh hajat. Umur opat taun disunatan. Sina naék kuda rénggong, nanggap golék sapoé sapeuting. Kacipta, nyieun balandongan hareupeun imah, maké rarangkén keretas warna-warni. Kaupahan meureun capé jeung tunduh téh. Nya kudu ti ayeuna meureun ngeureut neundeun téh keur nyunatan incu. Ulah gampil ngaluarkeur segon ti leuit. Seug lin waragad saeutik hayang hajat rongkah téh. Domba gé  moal cukup dua.

Pikiran ngalayang, nepi ka rencana dék nyunatan. Nepi ka domba nu aya di kandang gé  geus kabayang téh keur disisit di pipir imah ku si Momod, jago meuncit domba di lembur kuring. Tara kaambeu bau dagingna.

“Amah, ku naon sura-seuri sorangan?” jéntré sora si Nyai. Gebeg, haté ngaranjug. Reuwas asa katohyan.

“Astagfirulloh.” ukur sakitu nu kedal tina biwir kuring.

“Ngalamun naon, Amah? Ngalamun Nyai boga anak taya bapaan? Na da bapana mah sidik aya si Aa.” omongna bari seuri konéng. Ah, tojaiah pisan jeung pamikir anak. Puguh kuring mah keur mikiran nyunatan incu.

“Lin mikiran nu kitu Amah mah Nyai!”  témpas téh bari jung nangtung. Boboko nu dieusi wadah kumbaheun dikélék, deuk ka pancuran.

“Biasana gé  ku Nyai kukumbah mah Amah!” ceuk si Nyai daria.

“Ku Amah wé! Nyai mah teu meunang loba nanjak-mudun, bisi udulan,” témbal téh bari ngingkig ka lebakeun.

Leumpang rurusuhan naker. Hayang geura-geura tepi ka pancuran. Hayang geura gok jeung nu keur galégéroh di cai. Deuk dicaritakeun yén si Nyai keur nyiram. Deuk dibéjakeun yén kuring sakeudeung deui boga incu. Deuk ngabuis wé nyarita. Moal éléh ku si Kokoy. Ning manéhna gé basa anakna nu cikal ngajuru, mani nepi ka ngacay nyaritakeun incu téh. Teu di mana-teu di mana. Ngan incu jeung incu wé nu dicaturkeun téh. Tangka dijarebéngan ku kuring jeung si Una mah. Bakat ku bosen caritana. Ih, ari pék ning karasa ku sorangan, karek nyiram gé  geus édan sungut. Komo mun geus ngajuru, tangtu bakal leuwih édan batan si Kokoy.

Biwir nyéréngéh sorangan.

Datang ka pancuran téh kosong taya sasaha. Na da mani hanjelu béak tikarep. Diwalah-walah aya si Empat, aya si Jéjén, kalah lowong. Bé lah, engké di warung si Ipah bari balanja. Sugan wé loba kénéh jelema nu baralanja.

Gura-giru naker kukumbah piring téh. Hayang geura ka warung si Ipah. Hayang geura ngumumkeun ka urang lembur, yén kuring deuk boga incu.

Kapopohokeun pasualan si Nyai mah. Kapopohokeun katugenah ku minantu mah. Nu aya na pikiran kuring iwal ti orok lalaki nu bonyo roroésan bari ngéar ceurik hayang nyusu.

Wadah nu geus beresih diasup-asupkeun kana boboko. Sok ditunda na batu lémpar paranti ngagiles seuseuhan. Kalacat naék ka luhur, metik daun sélong keur ngasay. Teu jauh da mun jangkung mah kadongkang da dahanna téh ngaroyom ka pancuran.

Mandi gé  gancang naker. Asal suku jeung beungeut dikasay, méh rada lemes.

“Hih, geuning manéh Inah! Sugan téh kunti kabeurang­an keur mandi,” ceuk si Dédah bari iirihilan. Dasar si Goté. Si Centil. Batur sabangku keur di ésdé manéhna téh.

“Goblog siah Dedah, ngareureuwas batur!!” ceuk kuring, bari ngéprétkeun cai tina dampal leungeun kana sukuna.

“Mani anteng mandi téh. Kawas parawan jekékan,” omong Dédah bari nambrukeun baju kalotor na batu lémpar.

“Parawan jekékan tiono, sakieu susu geus rayud téh,” témbal téh.

“Heueuh, da kabéh gé nu geus boga anak mah sok rarayud!” omongna bari nandékeun émbér karét kana pancuran. Geus pinuh diangkat, dipaké maseuhan seuseuhan.

“Komo uing deuk incuan, Dédah!”

“Hah, deuk incuan? Téréh jadi nini atuh? Sukur wé lah. Batur mah ning sapantar si Nyai téh geus aranakan aya nu dua. Si Nyai mah elat. Sabaraha taun nya kosongna?” tanya si Dédah daria.

“Tilu taun.”

“Jaman kiwari mah kosong tilu taun téh rékor, Inah! Pan kaloloba-anana mah, kawin opat bulan geus brul-brol ngajuru,” ceuk si Dédah bari nyeuleukeuteuk seuri.

“Éta mah nu maké persekot meureun,” témpas téh.

“Heueuh dipersekotan. Da éta ning ayeuna mah di lembur urang téh sok aya nu usaha kana pilem cabul tina pisidi,” ceuk si Dédah daria.

Kuring curinghak. Karék ngadéngé, di lembur aya nu usaha kitu.

“Nu balég nyarita téh Dédah?”

“Daék medu! Aing gé  karék nyaho ti si Érté. Geus kaambeu ayeuna téh ku aparat. Aya bahan digerebeg. Boa dilaporkeun ka pulisi,” omongna daria.

“Urang mana Dédah?” tanya téh panasaran.

“Urang Lembur Cikadu. Inget baréto salaki manéh kagémbang ku ungkluk nini-nini urang Cikadu? Tah, anakna si ungkluk éta nu di imah muter pilem cabul, bari dipéntaan bayaran téh. Mahal mayar na gé  mun hayang lalajo pilem cabul téh, dua létereun béas!” ceuk si Dedah bangun nyaho pisan.

“Manéh sok milu lalajo boa?” tanya téh bari seuri.

“Na ari sia nuduh téh sangeunahna. Aing mah Inah teu kudu lalajo, da sorangan gé  sok maén pilem cabul jeung bapana si Ujang!” omongna bari seuri. Kuring gé  seuri, kacipta.

“Ari dina pilem kumaha, nya? Ditémbongkeun beu­ngeut­na? Iy, rujit aing mah!” ceuk kuring bari kecrot nyiduh.

“Nanyakeun ka aing manéh mah, Inah! Teu sudi teuing kudu lalajo nu kitu. Ti jaman baheula gé, lembur urang mah beresih. Ayeuna wé dikotoran ku nu anyar daratang. Pan maru manéh gé  aslina mah ti dayeuh lin?” ceuk si Dédah bari seuri. Kuring baeud.

“Ungkluk nini-nini goblog nya si Érma mah. Amit-amit. Kalakuanana gé  nurun ning ka anakna. Abong uyah mah tara téés ka luhur,” ceuk kuring bari ngajéwang daun sélong tina luhureun bak, sok dipiceun di jalan, da bisi murag kana cai.

“Nya heueuh, da ceuk béja gé  anakna nu awéwé nu geus rumaja, nuluykeun pagawéan indungna, jadi palacur di tempat.”

“Nu mana Dédah?”

“Nu buukna sok dibeureuman. Ah, moal nyaho manéh mah. Da mantogna ka lembur gé  ukur sabulan sakali, setor ka indungna.” pokna, daria naker sora si Dédah téh. Deuk teu percaya kumaha. Jeung pantes si Dédah mah sagala nyaho kalakuan urang lembur Cikadu, apan remen bulak-balik ka Cikadu dagang kutang jeung calana budak. Baréto gé  kuring, nyahona salaki kaédanan ku si Erma téh ti manéhna. Da geunjleung atuh. Budak ngora kaédanan ka ungkluk nini-nini. Mani sok ijid mun ngadéngé ngaran Érma téh. Ijid, cua. Komo mun nempo beungeutna. Iy, jiga kumaha nya ayeuna, geus welasna taun teu nempo? Ruksak meureun beungeutna. Da loba diropéa. Loba diomé. Kacipta harita basa keur ngontrog, nempo beungeutna kawas barongsay. Luhureun panon téh hejo, sakuriling sisi-sisi matana hideung kawas bueuk. Ari wedak aya opat dimna, da mani nepi ka maplak bodas. Padahal aslina mah ceuk si Dédah gé  hideung bari loba kokoloteun. Komo ayeuna. Awakna gé geus eunyeuh meureun, urut dipaké lalaki batur.

Nepi ka balikna ti pancuran, obrolan jeung si Dédah ma­sih dédéngétun. Gusti mah bisa nyurupkeunana, indung ungkluk kahot, anakna nu awéwé dibentuk sina jadi ungkluk generasi penerus. Nu lalaki jadi tukang ngaruksak jiwa barudak, muka pilem cabul. Pararantes.

Di tepas, si Nyai keur uplek ngobrol jeung salakina. Angger wé si Nyai mah bubudénna kuraweud hangseur. Tapi aya mendingna kétang, sabada ku kuring di ubar-abér ka nu bisa, jadi robah saeutik. Da puguh duanana diubaran téh. Anak jeung minantu. Anak sina cageur haténa, minantu sina soléh sina tamplok kanyaahna ka si Nyai. Ulah beunang kagoda ku awéwé séjén.

Satadina mah teu hayang uubar ka nu bisa téh. Tapi si Dédah keukeuh ngajak. Da cenah minantu manéhna gé  kungsi kabéngbat ku awewé bangor, tapi ukur bubulanan, kaburu diubaran ka Cigadog, dukun wacis nu geus sohor ka mana-mana.

Mémang teu bohong, da basa kuring uubar gé  semah téh geus loba, ngantri. Malah aya urang kota sagala.

“Na teu ka sawah, Ujang?” tanya téh.

“Geus bérés, Amah. Kari ngadagoan rambéteun. Jeung ongkoh rada muriang ieu téh!” témbal minantu daria.

“Pangmeulikeun ubar atuh, Nyai!” ceuk kuring bari ngarérét ka si Nyai. Tapi nu dirérét angger wé manyun, bangkenu.

“Sina meuli wé sorangan! Boga cokor!” omong si Nyai heuras. Salakina ukur nyéngir.

“Ulah kitu eum, pamali!”

“Wah, pamali téh ka salaki nu kumaha atuh Amah!” ceuk si Nyai bari ngarérét ka salakina. Kuring geuwat ngaléos ka jero. Sangheuk papanjangan. Apan kudu dipahing papaséaan keur kakandungan mah, bisi matak goréng ka nu watek orok.

Léos baé ka dapur. Tacan ngahaneutkeun sangu ongkoh. Lebar sangu kamari soré loba kénéh.

Karek gé  gap kana korék api, deuk ngahurungkeun seuneu, kadéngé panto tepas ngageblug, dibantingkeun.

Astaghfirulloh, tangtu tatéh kalakuan si Nyai! Goréng adat pisan. Kuring lumpat ka hareup. Enya wé si Nyai lumpat ka enggonna bari ceurik. Geuwat disusul, bisi kuma onam.

Si Nyai nginghak dina kasur lépét nu ngagelar na palupuh, nangkuban. Katémbong tonggongna eundeur.

“Ku naon deui, Nyai? Lin bieu téh keur ngalobrol di balé?” tanya téh leuleuy.

“Angger kalakuan si Aa téh, Amah! Aya nu bébéja digawé di kebon téh dibaturan ku si Lilis!” omong si Nyai bari nginghak.

“Mana gé  balik atuh, ari deuk manjang mah,” témpas téh.

“Nyai téh geuleuh nempo beungeut si Aa téh. Amah!” omongna semu nyéntak. Biwir nyéréngéh.

“Biasa anu keur kakandungan mah sok kitu. Ké gé  mun kakandungan geus opat-lima bulan mah, leungit rasa ceuceub téh. Eta mah gogoda, Nyai!”  ceuk kuring bari mencétan sukuna.

“Jeung lamun rumah tangga ulah sok sadéngé-déngéna, Nyai. Boa tatéh nu hayang ngaruntagkeun rumah tangga Nyai. Nu sirik nempo Nyai rumah tangga anyar geus boga imah, boga pacabakan. Saha nu nyaho eusi haté jelema.”

“Da Nyai mah ceuk sobat,” témbalna heureut.

“Eta sobat Nyai téh nu sok ka dieu? Kutan boga kurir Nyai téh? Tong percaya teuing, saha nu nyaho éta sobat téh boga haté béngkok. Urang teu bisa ngabadé,” ceuk kuring daria. Ah, na bet mangmeunangkeun minantu? Lin keuheul ka minantu téh? Atawa pédah si Nyai reuneuh, rék boga anak kudu aya bapana?

Mémang sakumaha ambekna gé  ka minantu, moal bisa ambek pisan, sabab tacan yakin enya henteuna minantu téh nyéléwéng.

Kuring ka luar ti enggon si Nyai, nyampeurkeun Jang Sobur nu keur ngahuleng di balé sorangan.

Gék diuk gigireunana.

“Apa ka mana, Amah?” tanyana bari ngarérét. Mani ngadak-ngadak ratug haté téh, inggis nyérénkeun si Nyai ka bapana. Seug si Nyai téh keur kakandungan. Kumaha lamun diserahkeun?

“Ka kebon deuk ngagemuk céngék. Melak céngék lima puluh tangkal, sugan wé kajadian. Seug ayeuna gé  keur ngaraja regana!” témbal téh.

“Sukur wé Amah melak céngék mah, da di ditu mah teu ngebon céngék, keur usum cacar daun.”

“Heueuh barina gé  tong sarua ngebon téh, méh bisa silikirim.” ceuk kuring bari nyéréngéh, manéhna seuri.

“Enya, ngan moal bisa silipentaan obat-obatan.” témpasna.

“Na teu maké gemuk kandang?” tanya téh daria.

“Ari gemuk mah dicampur, nya ti toko nya gemuk kandang. Ngan obat nu disemprotkeun mah pasti ti toko.”

“Heueuh da urang mah tacan bisa nyieun sorangan! Lain, Ujang. Amah mah teu daék pipilueun kana urusan rumah tangga Ujang, ngan dék nanya ka Ujang!” ceuk kuring daria. Ayeuna giliran minantu nu reuwaseun ku omongan kuring.

“Aya naon, Amah?”

“Ari Ujang atoh si Nyai keur nyiram? Deuk boga anak?” tanya téh bari mencrong beungeutna.

“Puguh wé atoh mah, Amah! Lalaki gélo deuk boga anak teu atoh mah. Komo ieu ngadagoan tilu taun,” omongna teu éléh daria. Plong haté rada ngemplong.

“Sukur we, ngan meureun Ujang kudu nyaho. Nu keur nyiram mah sok unggah adat, sok teu pikahartieun adatna. Amah gé baréto kitu, keur nyiram ku si Nyai. Mun saré téh embung dideukeutan. Hayang papisah paparahna mah. Da ngambeu késang salakina asa cua, asa geuleuh. Komo nempo beungeut salaki mah embung pisan. Ah, teuing kumaha bet sok kitu. Ké eureun-eureun panyakit cua téh geus beuteung opat atawa lima bulan,” ceuk kuring bari ngarénghap heula. Nempo minantu cicing waé, kuring neruskeun deui nyarita.

“Komo mun salaki aya kasalahan, dalah taya kasalahan gé  sok ceuceub jeung rujit wé.”

“Kutan kitu, Amah?” tanyana bangun panasaran.

“Enya.”

“Paingan si Nyai embung waé dibawa balik.” omongna lalaunan.

“Wayahna. Komo, lin boga pasualan jeung si Nyai téh?’’ tanya kuring. Minantu tungkul.

“Rumaos abdi salah, Amah. Bébas teuing jeung babaturan. Satadina da pira ngobrol, ngadédéngékeun nu keur ngumbar kasedih. Sugan téh moal jadi mamala. Tapi da abdi téh geus sundak-sanduk ménta dihampura, najan abdi teu ngalakukeun nanaon gé. Ngan si Nyai teuas pisan haténa.” omong minantu bangun nu sedih. Rét ditempo beungeutna, enya wé ning nguyung. Panonna carelong, kurang saré. Saha nu ngeunah atuh saré saukur ngaringkel di juru imah, bari dikarimbung sarung. Da kuring mah yakin, lin saré tapi nyileuk bari ngaringkuk.

Aya rasa karunya. Tapi nu kuat lain rasa karunya ka minantu, da bongan geus cohék kalakuanana ngaraheutan haté si Nyai. Éta rasa nu kuat téh, karunya ka incu bisi gubrag ka dunya taya bapana, da geus papisah! Tah rasa éta nu nyababkeun kuring ayeuna daék diuk ngaréndéng bari ngobrol pipilueun kana urusan rumah tanggana. Sakumaha geus kuciwana gé  ka minantu, ditahan wé.

“Geus aya sawelas poé si Nyai di dieuna téh, nya?” ceuk kuring datar.

“Tos badé dua minggu, Amah!” témpasna.

“Hih, asa cikénéh rarasaan téh.”

“Abdi mah puguh asa tos mulan-malén ditinggalkeun ku si Nyai téh. Imah tiiseun. Hawu tiis, da tara aya nu niup seuneu. Asa kiamat sugro!” omongna semu nalangsa.

“Tah kitu awéwé mah, Ujang. Lamun meunang kateungeunah téh sok poho kana nanaon. Dalah imah ublug-ablag gé  tangtu bakal ditinggalkeun! Da kabéh awéwé gé  bakal kitu, ari rumah tangga téh néangan kasukaan, kabagjaan haté, katengtreman batin. Mana Amah peupeujeuh ka Ujang, ulah sok ngamomorékeun haté awéwé. Lin mangmeunangkeun si Nyai pédah sarua awewé atawa pédah anak Amah, lain! Ngan diajar tina pangalaman hirup mah kitu! Tapi hampura, nya. Lin maksud Amah deuk pipilueun kana urusan rumah tangga Ujang jeung si Nyai! Da teu bisa didikté ku batur kangeunahan rumah tangga mah. Teu karasa ku batur deuih. Ari kolot mah sakadar ngélingan bisi kadalon-dalon!” ceuk kuring bari ngaréng­hap panjang. Da mani asa plong haté téh longsong, sagala anu diheungheum welas-welas poé téh, kaluar kabéh, budal.

Katémbong panon minantu carinakdak.

“Nyai! Nyai! Ka dieu?” rada tarik ngageroan si Nyai téh bisi teu kadéngéeun.

Lila naker, karék nyampeurkeun. Gek diuk, ngaréndéng jeung kuring. Si Nyai diteuteup salila-lila. Kahayang mah si Nyai téh cicing di dieu. Saimah jeung kuring nu kungsi ngakandung, nu kungsi tihothat ngurus sagalana. Tengtrem aya anak téh. Tapi teu meunang égois! Teu meunang hawek! Si Nyai geus boga salaki, geus boga rumah tangga sorangan. Malah sakeudeung deui si Nyai téh bakal jadi indung. Kuring teu meunang ngeukeuweuk waé si Nyai. Entong jadi jelema katilu anu ngaruksak rumah tangga. Kadar minantu aya kasalahan, nya hampura wé, asal ulah deui-deui. Piraku si Nyai teu bisa ngahampura, ning kuring gé baréto bisa ngahampura ka salaki. Éta nu kudu dipelakkeun kana haté anak téh. Lain amarah jeung dengdam.

“Nyai, geus lila teuing ninggalkeun lembur téh, pamali! Lin Amah ngajujurung. Ngan teu pantes awéwé ninggal­keun salaki, ninggalkeun imah tanpa sabab. Sok wé urusan Nyai jeung salaki béréskeun di imah. Sing karoloteun, pan urang téh deuk boga turunan. Sing nyaah kana turunan. Éta téh titipan ti Gusti nu kudu dimumulé ku duaan. Jung geura marulang. Silihampura, da urang mah umat muslim,” ceuk kuring daria. Si Nyai nyegruk ceurik. Salakina gé bedah cimatana. Sarua kuring gé hayang ceurik, tapi ditahan. Maenya indung kudu épés méér nyanghareupan pasualan anak. Indung kudu jadi conto anak dina nyanghareupan ombak kahirupan rumah tangga, anu sakumaha gedéna gé. Sabab rumah tangga anak karék sirungna, saha nu nyaho ka hareupna bakal manggih ombak nu leuwih gangas.

Bari masih ngaringhak si Nyai ngaléos ka enggonna, nyokot kantong wadah pakéan.

Basa duanana paramitan, katémbong si Nyai juuh deui cimatana.

“Ka Apa wartoskeun, Amah. Si Nyai dicandak ku abdi!” Ceuk minantu daria.

“Heug da ku nu hakna. Ngan mihape, pangjagakeun haténa. Pangjagakeun awakna. Seug keur kakandungan.” ceuk kuring daria. Minantu ukur unggeuk. Leos duanana arindit.

Cimata juuh teu kabendung. Cimata kabungah. Kuring geus salamet bisa jadi indung anu bijaksana. Bisa jadi indung anu teu égois. Bisa jadi indung anu adil, teu biluk ka anak sorangan.

Haté surak ayeuh-ayeuhan balap jeung cimata anu beuki juuh.***

 Dimuat dina majalah Sunda Midang No. 40, 41, 42 taun  2008


Jajap Nu Mulang

Mei 2, 2010

Carpon H. Usép Romli

TEU burung datang nu lila didagoan téh. Layon Obid ti Ban­dung. Dibawa kana ambulan. Sora héong sirineu geus kadéngé ti kajauh­an. Blus ka jalan pilemburan. Heureut. Ukur asup samobileun. Bari gerenjul ku batu. Leuheung usum halodo. Mun usum hujan nyeblok. Pinuh ku leutak.

Beuki tarik sora sirineu. Komo le­bah tanjakan. Sora nu nambag kana lamping kénca katuhu lir ngajerit­keun hariring  peurih nu lila ka­pen­dem satukangeun lulurung waktu.

Tapi éta mah ngan rarasaan Apin sorangan, nu harita milu mapag di sisi jalan. Bareng  jeung urang lembur séjénna. Réréana dulur baraya Obid nu kaamanatan ngurus layon. Pikeun Apin, datangna Obid nu geus ngababatang satukangeun boéh, asa nyebit-nyebit tatu nu geus lawas lipur. Tatu nu kungsi gudawang opat puluh lima taun ka tukang.

“Saha nu hayangeun Obid dikurebkeun di dieu?”Nudin, batur sakulah-sakolih Apin, nanya semu panasaran.

Apin ukur ngajawab  ku gideug. Kawas nu embung kaganggu, duméh pipikiranana keur kumalayang ka mangsa-mangsa ka tukang. Sanajan geus maot, Obid asa ngingetan Apin pikeun eling kana bingbilangan umur.

“Sabaraha taun umur, Jang?” opat puluh tujuh taun ka tukang, Obid kungsi nanya. Dibarung nyéréngéh, rada nyengir saeutik. Nepi ka tembong huntu caréhamna na nu dilapisan pérak.

Sanggeus ngahuleng sakeudeung, Apin nembalan :

“Tilu belas taun.”

“Tilu belas? Akang dua lima. Béda dua belas taun,” Obid nyéréngéh deui, kawas hayang némbongkeun huntu pérakna.

Dua lima tambah opat tujuh, hartina nepi ka maot téh, umur Obid tujuh puluh dua taun. Apin genep puluh taun.

“Geus papada kolot, “Apin ngagerendeng. Bareng jeung anjogna ambulan. Jalma-jalma pahibut. Rek milu ngago­tong layon. Patugas ambulan mukakeun lawang tukang. Metot brangkar sina nolol gagangna. Ku duaan lembur nu geus pangdeukeutna ka dinya, dibetot deui. Duaan asup ka jero.

“Siap?”cék nu ti luar.

“Siap!”jawab nu ti jero.

Regeyeng gotongan layon dijungjungkeun.

“Ka mana ieu téh?”

“Ka masjid jami wé,” salah saurang dulur Obid ném­balan.” Da geus dimandian, geus diboéhan. Tinggal nya­latkeun.”

Haté Apin ngageter. Uteukna pinuh ku rupa-rupa wangwangan ka jenatna Obid

“Tungtungna mah, teu burung asup ka masjid. Teu burung disalatkeun, da basa lahir dina kaayaan Islam. Naha keur hirupna kungsi Islam, jeung maotna Islam? Tapi salila mangsa opat puluh tujuh taun, bisa jadi Obid ngalaman parobahan kajiwaan.”

Sanajan geus liwat opat puluh tujuh  taun basa mimiti pisan tepung jeung Obid, Apin inget kénéh pisan. Umur dua puluh lima pikeun Obid harita, kacida pisan harga­anana. Manéhna nyicingan imah panggung ukuran sedeng, sisi susukan irigasi. Pamajikanana, tara ka mamana. Beda jeung kabiasaan awéwé pilemburan, nu sok indit ka sawah ka kebon. Jongjon bae ngasuh budak umur tilu taunan. Keur meujeuhna pikalucueun. Bohono donto. Mun keur kikilitikan, ku Apin sok dijawéng. Dicium pipina nu tembem. Najan semu-semu hanyir jeung baseuh ku aday, teu jarijipen teu sing. Geugeut we nu aya.

Imah téh pagigir-gigir jeung tajug. Émpérna, dipasang­an ontob. Di dinya Obin muka tempat nyukur. Atuh mindeng kaseundeuhan ku nu lalar liwat. Pangpangna lalaki nu rék ka carai. Ngadon niiskeun heula awak, dina bangku awi nu ngahaja dipasang di sisi émpér kénca katuhu. Boh nu rék dicukur, boh saukur milu ngawangkong, mindeng ngagelek.

Kawilang mindeng Apin datang ka tempat pangcukuran Obin. Diuk dina bangku awi salila-lila. Sakapeung ngahaja dicukur mun buukna geus rogok pisan. Mimindengna mah ngadon milu maca. Sanajan hirup di pilemburan, jeung ukur gawé nyukur nu hasilna teu sabaraha, di imah Obin réa bacaeun. Buku, suratkabar, majalah. Buku-bukuna dijéngjréngkeun dina méja tengah imah. Suratkabar jeung majalah mah,dibarakkeun dina erak panyukuran. Mun Apin datang, geus hideng deui Obin ngasongkeun suratkabar atawa majalah nu kasebut anyar kénéh.

“Ngahaja ti Bandung kamari, Akang mawa majalah jeung suratkabar anyar bacaeun Jang Apin,” kawas sasari Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham ngaborélak warna pérak.

Unggal poé Jumaah Obin sok indit ka Bandung. Balik-balik Saptu soré atawa Minggu pabeubeurang. Nepi ka tara kungsi kapanggih jumaahan di masjid lembur. Ti barang datang sapiri umpi, kurang leuwih dua taun, tacan sakali-kali acan Obin salat jumaah di lembur. Da sok nyaba téa. Ku dulur-dulur jeung barayana sok diaromongkeun. Pajah téh, ngeunah Obin mah, digawéna saminggu sakali. Unggal Jumaah. Tapi teu kungsi nyarahoeun, gawé naon sa­benerna.

Apin ge teu kungsi tatanya, gawé naon Obin unggal Jumaah di Bandung. Nu sok ditanyakeun téh, ukur aya euweuhna koran atawa majalah anyar. Ku Obin salawasna dijawab, aya. Nu matak, unggal poé Minggu pasosoré, Apin sok ngahajakeun datang. Ngadekul maca bari sidéngdang dina bangku awi. Teu maliré Obin keur nyukuran batur. Atawa pamajikanana cilingcingcat ti imah ka luar, atawa sabalikna, bari ngéngéngklék budak. Keur anteng maca mah, Apin gé teu hayang pangangguran nyium pipi budak nu tembem, sanajan budakna ngaléndotan kana suku ogé.

“Jang Apin mah resep maca, nya?” Obin ngebing-ngebing lawon paranti nutupan awak nu keur dicukur tina lawang ontob.

“Resep, Kang,”Apin ngarérét sakeudeung. Gancang neruskeun deui hanca.

“Aya perpustakaan di sakola?” Obin nanya deui. Gék diuk dina korsi paranti nyukur. Cekés, cekés, ngahurung­keun bénsin. Nyeungeut udud pahpir nu ti tadi geus di­jieun, tapi karék kaburu dikenyot sanggeus bérés nyukur.

“Aya ge kurat-karét. Ukur sababaraha judul buku.”

“Boa pepek kénéh nu Akang,  nya, “Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak.

“Rupina mah. Nu Akang, buku-buku naon baé?”Apin panasaran. Najan mindeng milu maca surat kabar jeung majalah di dinya, tacan kungsi dibéré nginjeum maca buku mah.

“Rupa-rupa wé, Jang. Sastra, kabudayaan, politik, elmu pangawéruh. Sabaraha taun umur téh, Jang?”

“Tilu belas.”

“Akang dua lima. Béda dua belas taun. Ceuk aturan mah, karék meunang maca buku-buku sastra, pangpangna roman, lamun geus tujuh belas taun.”

“Opat taun deui atuh?”Opin kerung.

“Nya kitu, lah. Geus di SMA. Ayeuna Jang Apin kelas hiji SMP?”

“Kelas dua.”

“Tapi da di kampung. Hésé bacaeun. Kawasna meunang budak kelas dua SMP maca buku-buku roman atawa politik, ari Jang Apin daék mah,”Obin ngojéngkang ka jero imah.

Puguh wé Apin giak. Diasongan buku Tenggelamnya Kapal van der Wijck karangan Hamka jeung Subuh karangan Pramudya Ananta Toer.

“Baca di dieu wé, satamatna nepi ka iraha. Ulah dibawa mulang”

“Naha?”Apin ngajenghok.

“Dibawa mulang mah sarua jeung nginjeumkeun”

“Naha ari nginjeumkeun, ulah kitu, Kang?”

“Ulah pisan. Sabab, jalma nu nginjeumkeun buku sarua jeung belegug.”

“Kutan?”

“Leuwih belegug deui, jalma nu mulangkeun buku beunang nginjeum.”

Apin nyalakatak. Obin neruskeun caritana :

“Nu matak langka jalma mulangkeun buku meunang nginjeum da sieun dianggap pangbelegug-belegugna. Ari Akang sieun dianggap belegug mu  nginjeumkeun buku ka Jang Apin.”

Jadi unggal poé, Apin idek liher di émpér imah Obin. Namatkeun buku Hamka jeung Pramudya, saminggu cam­pleng. Ti barang balik sakola, nepi ka liwat asar. Salat lohor jeung asar gé di tajug gigireun imah Obin wé. Sakapeung sok diajak dahar. Karasa daréhdéh soméahna salaki-pama­jikan téh. Budakna gé milu apét. Geus teu asa-asa nirilik mapagkeun mun nénjo Apin datang. Hayang dirawu di­pang­ku. Hayang dicelengok pipina nu tembem semu ba­seuh jeung hanyir. Geus rada capétang nyarita deuih. Mindeng ngaganggu kaantengan maca ku pertanya­an-pertanyaan nu teu pikahartieun. Sok gancang dicokot ku indungna, atawa ku bapana bari diomonganan:

“Ulah ngaganggu Mamang Apin. Keur maca.”

Tamat Hamka jeung Pramudya, réa deui buku séjén nu kapapay kabaca. Henteu kudu ngadagoan diasongan deui. Obin ngahempékkeun milih sorangan.

“Resep kana politik, Jang?”Obin nanya, biasa bari nyéréngéh, barang nénjo Apin muka-muka buku “Doktrin Politik” susunan Comite Central Partai  Komunis Indonesia, nu jilidna beureum. Maké gambar “Palu Arit”.

“Ah, hayang terang wé, Kang,”jawab Apin  bari pipi­kiran­ana ngabanding-banding jeung buku nu kungsi ka­ténjo dina méja bapana. Buku nu jilidna héjo, maké gambar “Bulan Béntang”. Bapana nyaram. Ngajéwang éta buku. Bus kana laci. Jeprét dikonci. Apin teu ngarti, naha bapana kawas nu ulah kailuan maca. Béda jeung Obin nu terus-terusan méré sumanget sangkan réa maca.

*

SATAUN kalarung. Biasa, Minggu pasosoré, Apin keur jongjon maca di émpér panyukuran imah Obin. Suratkabar “Warta Bandung jeung “Harian Rakyat” nu medal tilu opat poé saméméhna, geus  réngsé dipapay. Obin ngasongkeun suratkabar “Warta Bhakti”.

“Tah, Jang kitu geuning kabuktianana mah,” Obin nyarita daria. Henteu nyéréngéh kawas sasari.

“Naon, Kang?”

“éta roman karya Hamka nu dipikaresep ku Ujang téa?”

Tenggelamnya Kapal van der Wijck?”

“Enya. Sihoréng meunang niron eta téh geuning…!”

“Kutan?”

Tacan béak kahéran Apin, Obin nuduhkeun tulisan dina rubrik “Lentéra” suratkabar “Warta Bhakti”. Di dinya aya tulisan Abdullah Said Patmaji nu nétélakeun yén buku Teng­gelam­nya Kapal van der Wijck karya Hamka, mangrupa plagiat tina roman Magdaléna karya pangarang Mesir, Lutfi al Manfaluthi.

Balik ka imah, Apin gancang cacarita ka bapana ngeu­na­an papanggihanana bieu. Wani jeung daék sotéh cacarita, lantaran Apin nyaho, bapana sok katénjo macaan karangan-karangan Hamka. Nu kungsi kapanggih, bapana anteng pisan maca buku “Bohong di Dunia” . Mun tas dibaca, buku téh gancang disumputkeun.

Bari rada nyureng, bapana ngaéyahkeun.

“Pagawéan jalma nu  ngéwa ka Hamka jeung ka umat Islam éta mah,” jawab bapana tandes.

Hanjakal ogé Apin enggeusna mah. Sabab isukna ba­rang rék indit ka imah Obin, bapana nyalukan:

“Ulah idek liher teuing di imah Si Obin!”

“Naha?”

“Kominis si éta mah.”

Sakikituna. Taya penjelasan nanaon deui. Nambah panasaran dina diri Apin.

Tapi teu dipaliré. Angger baé datang. Babakuna kataji ku bacaeun. Lantaran geus omhang, selang-selang tina maca téh,  basa tempat panyukuran keur suwung, jeung Obin katingal salsé, Apin lahlahan tumanya:

“Kang, ari Akang muhun kominis?”

“Ari kitu?” Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu ca­réham pérak. Cirining keur lugina.

“Ah. Henteu. Aya wé nu nyarios.”

“Mun enya rék kumaha? Mun henteu rék kumaha?” Obin nyéréngéh deui. Malah dituluykeun ku ngahahah.

“Moal kukumaha. Rék angger wé milu maca.”

“Alus, Jang,” Obin nepakan taktak Apin. “Kudu kitu tah. Boga jiwa progrésip revolusionér. Henteu heureut deuleu jeung sumpek pamadegan. Enya, ku urang dieu Akang dianggap kominis. Pédah tara salat. Ka tajug tara, salat lima waktu unggal poé tara Jumaahan ka masjid jami tara. Da enya Akang mah kominis. Anggota partéy. Malah jadi anggota pangurus “Pemuda Rakyat” di Bandung”.

Karék harita Obin terus terang. Tapi teu matak ngaro­bah sikep Apin. Malah beuki osog kana maca. Komo sang­geus ku Obin dibébaskeun maca naon baé, jeung meunang mawa buku nu can tamat dibaca dibawa ka imah.

“Sajaba ti réa maca, urang kudu bisa nulis. Nulis naon baé nu aya dina kereteg haté jeung  pikiran urang,” cék Obin hiji poé, bari némbongkeun suratkabar mingguan nu dieusi tulisan ngeunaan kahirupan di pakampungan. Nu nulisna tétéla Obin.

“Akang gé sok ngarang?”Apin rada colohok.

“Pasti atuh. Apan kudu téa. Kudu maca, kudu nulis. Pikeun ngabuktikeun diri urang téh aya. Lain ukur aya ku jentul wungkul. Tapi ku karya. Ku kabisa nu katangar ku balaréa. Carana, nulis dina suratkabar, majalah atawa bu­ku. Ujang hayang jadi pangarang? Hayang jadi wartawan?”

Apin unggeuk. Obin asup ka kamarna. Teu lila ka luar deui. Mawa dua buku. Nu hiji Dunia Jurnalistik karya Jawoto. Nu hiji deui Salam dari Kawan Mao. Song ka Apin bari nerang­keun pinuh kareueus :

“Jawoto téh wartawan kahot. Ayeuna Kepala Lembaga Kantor Berita “Antara” di Jakarta. Sakeudeung deui rék di­ang­kat jadi duta besar di Tiongkok. Ari Mao téh, Mao Tse Tung, pamingpin kominis Tiongkok. Duanana barisa ngarang, nulis gagasan-gagasan, di sagigireun pinter nya­rita di podium-podium rapat raksasa.”

Buku ditampanan, bari ménta idin rék dibaca di imah. Obin nyaluyuan.

Sajajalan muru balik ka imah—rada anggang ti imah Obin, misah lembur tapi natangga kénéh—uteuk Apin asa mepeg. Hémeng ku rupa-rupa hal. Naha bapana, nu saimah sagulung-sagalang, henteu brukbrak. Mun teu penting-penting teuing, ngobrol gé langka. Ari Obin mani sagala dijéntrékeun. Nepi ka kayakinanana ogé dibalakakeun. Teu lebar ku kaboga deuih. Buku, majalah, suratkabar teu di­empét-empét dikokorét. Malah dikubrakeun.

Loba méré béja anyar jeung pararenting deuih. Pang­pang­na dina ngeunaan kamekaran kabudayaan jeung kasusastraan. Apin jadi wanoh pisan ka Obin ngaliwatan karangan-karanganana nu jadi mindeng kabaca. Boh arti­kel, sajak, carita, boh bahasan. Obin némbongkeun raga katineung anu gédé pisan kana karaharjaan rahayat. Dina hiji tulisanana Obin ngungkab nasib rahayat di pasisian nu hirupna koréh-koréh cok. Réa nu dahar soré, henteu isuk. Padahal di sisi-sisi lemburna, ngaplak lega pasawah­an. Subur tur mucekil. Saban panén ngahasilkeun paré mangketon-keton. Tapi rahayat mah ukur kahieuman bangkong. Da nu baroga éta sawah ayana di kota. Atawa aya ogé di désa, ngan kumed, pedit. Teu daék babagi kala­wan adil. Ukur méré garapan nengah mertelu nu leuwih matak ripuh patani tinimbang nu bogana.

“Ieu nu disebut “sétan désa” bungkeuleukan.  Gun­tayang­an nyerot getih rahayat. Ieu nu kudu dibabad di­basmi, sangkan rahayat bagja raharja. Bébas tina panandasa para juragan tanah. Ieu nu kudu diléléd ku révolusi sosialis. Révolusi rahayat leutik, kawas révolusi Bolsjewik di Rusia!” kitu eusi tulisan Obin dina hiji suratkabar mingguan wedalan Jakarta, nu kungsi kabaca ku Apin. Nu ngajurung sumanget Apin pikeun bisa nulis kawas kitu.

Béda ti sasari, hiji poé bapana nyalukan. Ngajak nyarita daria.

“Ari manéh getol-getol teuing macaan buku kominis. Ti Obin?”

Apin unggeuk. Moal bisa ngahélah, sabab bapana geus nyenyekel buku Salam dari Kawan Mao nu karék dibaca dua lambar kamari.

“Pulangkeun gancang. Mun hayang maca, bacaan buku-buku Bapa nu aya dina peti. Pék ludang tuh dina peti. Tah koncina.”

Geus bapana ngaléos, indit méré pangajian partéy “Nah­dlatul Ulama” di désa séjén, Apin gancang ngagusur peti di goah padaringan. Mani pinuh ku kekebul. Tapi eusina mah beresih kénéh. Bangsaning buku jeung majalah Islam. Di antarana beundeul majalah “Al Imtisal” wedalan Tasik­ma­laya, beundeul majalah “Al Hikmah” wedalan Masyumi, jeung réa-réa deui buku karangan para kekentong Masyumi.

Teu apal pisan Apin ogé. Ukur sasangkaanana dumasar kana ingetan jeung béja hawar-hawar. Baréto inget-inget poho, ku bapana kungsi digandong ka alun-alun kacamat­an. Nyaksian kampanyeu “Masyumi”. Nu pidatona Isa Ansyori, jeung “Ajengan Cilik”. Sanggeus “Masyumi” di­larang ku pamaréntah Sukarno—basa Apin karék asup ka SMP taun 1960—bapana aktip di NU. Malah jadi pangurusna di kacamatan.

“Mun ti baréto nitah macaan  buku téh. Ari geus diba­ladah ku Obin kakarék engeuh,” Apin rada kukulutus. Tapi bungah ogé meunang idin muka peti jeung ngamang­paatkeun eusina. Hartina beuki réa bacaan, jeung lain ti sapihak.

Geus aya bacaan di imah mah, ka Obin teu noron teuing. Heuleut tilu atawa opat poé. Mulangkeun bari nginjeum deui buku anyar. Geus ningkat deuih obrolan gé. Henteu ukur tukang narima béja wungkul. Tapi bisa méré béja, nu engkena bakal dipadungdengkeun jeung Obin.

“Naha ari sakur kominis kudu athéis. Teu percaya ka Gusti Alloh?”Apin nyoba-nyoba ngasongkeun masalah ka Obin. Pertanyaan meunang nyutat tina buku ipis “Hati-Hari Terhadap Ideologi Komunis” wedalan “Front Anti Komunis” Jawa Barat taun 1954.

Saperti biasa Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak. Terus ngajawab kalem pisan :

“Ah, henteu. Aya nu kominis tapi teu athéis. Kitu deui, aya nu athéis, tapi lain kominis.”

“Ari Akang?”Apin semu panasaran.

“Lantaran Akang mah hayang jadi kominis saéstu-éstuna, nya Akang mah athéis wé. Nu matak tara salat ogé. Ieu némbongkeun sikep jujur. Henteu munapék atawa lo­lon­dokan.”

“Jujur?”Apin kerung.

“Tangtu, jujur. Sabab dina kahirupan mah, Jang, ukur aya dua pilihan. Halal-haram. Salah-bener. Jujur-hianat. Munapék, hipokrit, mangrupa sikep jahat pisan. Leuwih jahat ti batan hianat. Tah Akang mah hayang jujur. Embung munapék atawa hianat. Akang komunis. Risikona Akang kudu athéis. Kudu kapir. Teu ngigama jeung teu boga agama. Sabab dina Islam ogé, ukur aya dua pilihan. Fal yu’min awu fal yakfur. Iman atawa kapir.

Lantaran Akang komunis, teu iman, Akang kudu kapir. Kudu athéis,” Obin nerangkeun bari terus nyéréngéh. Hun­tu pérakna beuki katémbong boborélakan.

“Hébat, Kang !”Apin muji.

“Akang embung jiga karéréanana umat Islam,” Obin nerus­keun kalawan tatag. “Ngaku Muslim, ngaku iman, tapi teu penceg kamusliman jeung kaimanana. Isuk-isuk iman, soré kapir. Peuting tahajud, ti beurang nganiaya rahayat. Réa babaturan Akang ngaraku Islam. Tapi tara salat, tara jumaah, puasa gé tara. Réa nu ngaku Kristen, ka garéja tara nincak-nincak acan. Akang kataji ku kominis, ku PKI, lantaran jalma-jalmana jalujur. Maranéhna athéis. Kapir. Atuh tara salat, tara puasa, tara ngalakonan ritual ibadah. Cirining jujur étah.”

Ngabandungan logika nu diasongkeun ku Obin, Apin kataji. Sanajan nolak kana bebeneranana. Sajajalan muru balik, haténa nganuhunkeun ka bapana nu geus ngeuyeub­an pangawéruhna ku cara méré bahan bacaan nu béda tina bacaan-bacaan ti Obin.

*

GEUS lulus SMP, Apin neruskeun ka sakola guru di Garut. Milu ilubiung dina rupa-rupa kagiatan, Kaasup politik jeung kabudayaan. Jeung Obin mindeng panggih lamun kabeneran di Garut aya kagiatan kabudayaan nu digugulu­an ku Lembaga Kabudayaan Rakyat (Lékra). Obin  teu weléh ngajak hadir. Sanajan réa kader-kader PKI, pangpangna “Pemuda Rakyat” jeung “IPPI” (Ikatan Pemuda Pelajar Indonesia) nu tingdarilak jeung tingharéwos mun nénjo Apin milu pajemuhan kaum kominis, teu dipaliré. Asa dijamin ku Obin nu tétéla di lingkungan éta mah, lain Si Itu Si Éta. Kungsi aya budak IPPI ngaharéwos tarik ka Obin,  yén Apin mah aktivis Gerakan Pamuda Anshor, murid KH Anwar Musaddad, naha bet disina milu aub kana kagiatan PKI?

“Di luar GP Anshor sotéh. Di dieu mah “kawan”, nya Jang?” Obin malik. Biasa dibarung nyéréngéh. Nu ngaharé­wos tadi, teu ngemék deui.

Terus terang Apin kataji ku cara kagiatan urang kominis nu teu panta-panta. Harita nyaksian, anggota Lékra ti pasisian Garut Kidul, meunang kasempetan caca­rita haréupeun gegeden Lékra ti Jakarta, Hesri Setiawan jeung Hr. Bandaharo nu geus kasebut sastrawan hébat. Tulisan-tulisanana réa kabaca ku Apin. Ampir unggal poé aya dina suratkabar “Harian Rakyat”, “Warta Bhakti”, majalah “Zaman Baru” jeung sajabana. Éstuning produktip pisan. Éta urang pakidulan Garut téh, cukup ku nyebut “Kawan Hésri”, “Kawan Bandaharo”. Teu kurang teu leuwih. Atuh Hésri jeung Bandaharo teu asa diunghak. Malah leleb pisan nyebut “kawan pedésaan” ka anggota Lékra nu aktip dina seni réog téh.

Hiji hal nu teu kapanggih ku Apin dina lingkungan partéy Islam. Nu cacarita téh para kiyai jeung pangurus wungkul. Anggota kuricakan samodél Apin mah, nu kasebut budak kénéh, ti awal nepi ka ahir, ukur semet ngeluk ngabandungan. Kungsi Apin usul ka salah saurang kekentong partéy Islam Jawa Barat, sangkan para mustami nu ngarora kénéh, dibéré kasempetan ngaluarkeun pa­mang­gih di hareupeun forum, kawas nu sok kapanggih di lingkungan PKI.

Ngajawabna singget pisan:

“Justru di dinya bédana partéy Islam jeung PKI.”

Keur kelas dua Apin téh, basa kajadian reuweuh-reu­weuh Gerakan 30 Séptémber di Jakarta, nu diluluguan PKI sabalad-balad. Inggeungna karasa ka sakuliah nagara. Kaasup ka padésaaan-padésaan.

Ti bapana, Apin meunang béja, yén di Pasir Geulis kapanggih lombang badag anyar meunang ngali. Ditalung­tik, aya nu ngaku, cenah diparéntah ku Kuwu Sumad. Geus kitu mah teu hésé matula-matalikeun. Apan Kuwu Sumad téh PKI. Sarua jeung Obin. Sarua jeung Hunang, jeung Ajut, nu sok ngaréog jeung  nyalung.

Teu reuwas teu sing meunang béja kitu téh. Da tina suratkabar gé kabaca. Ti mimiti jéndral-jéndral diculik terus dipaéhan di Lubang Buaya. Mayitna digebruskeun ka sumur. Béja ngeunaan kakacowan pamaréntahan deuih. Bung Karno ngungsi ka Halim Perdanakusumah. Mayor Jéndral Suharto, Panglima Kostrad tandang makalangan ngababad karaman.

Sabulan tas kajadian, Apin teu ngahaja panggih jeung Obin di péngkolan. Awakna begang. Seurina henteu suranyeh. Malah diajak nyarita, biwirna semu-semu balem. Nepi ka teu katémbong naha dina huntu caréhamna aya kénéh lapis pérak atawa geus euweuh.

“Akang mah keur tunggara,” Obin semu ngahalengis. Matak watir nu ngadéngé.

“Abdi ngama’lum, Kang. Sing atos-atos wé,” Apin ngupahan. Ras inget ka budakna. Nu pipina tembem. Nu baseuh jeung semu hanyir. Meureun geus lima taunan. Téréh disakolakeun.

Bisa disebut tepung panungtungan. Sabab saminggu ti harita, Apin kadatangan bapana nu tas rapat di kantor NU Garut.

“Imah Obin diduruk,” béja pangheulana nu katarima, matak ngajewaw.

“Kumaha buku-bukuna?” ujug-ujug éta nu dipikainget ku Apin.

“Lapur teu nyésa. Malah tajug gé milu kaduruk.”

“Ari Obin?”

“Salamet. Da didurukna peuting. Isuk-isukna Obin ditéwak. Dibawa ka Kodim.  Anak pamajikanana mah diungsikeun ka imah dulur-dulurna.”

Nyoba-nyoba Apin datang ka kantor Kodim. Hayang ngalongok. Tapi ku nu jaga dilarang. Sakur tahanan anyar anggota PKI, masih kénéh diisolasi. Tacan didaptar saha-sahana jeung ti mana-manana. Jadi hésé néanganana.

“Jeung kudu ati-ati, ulah dapon hayang tepung,” kopral patugas jaga ngingetan. “Bisi hayoh ké énté kababawa di-pé-ka-i-keun. Daék?”

Apin nu harita mamaké jékét KAPI – Kesatuan Aksi Pelajar Indonesia – gideug. Haténa murengked. Kawanina péot. Gura-giru ka luar ti buruan kantor Kodim. Muru pos komando nu jadi panonoban anyar salila kaayaan gunjang-ganjing.

Pleng les teu aya béja teu aya carita. Basa meneran balik, ngalanglang ka urut imah Obin. Tinggal ruruntuk sésa ngahuru. Kabéh geus rénghék géhéng. Nu gampil kateu­reuy seuneu, tinggal kekebul mangrupa lebu hideung. Meureun pasésaan buku-buku, suratkabar, jeung majalah bogana Obin. Kacipta ku Apin, sut hurung téh enyaan. Asa disuluhan ku keretas.

Tajug gigireun imah Obin, milu kaduruk. Bubuhan kawilang antel pisan. Ceuk Mujab, babaturan Apin nu nyaksian éta kajadian, tajug mah teu tuah teu dosa. Bet angger kababawa.

“Imah katut eusina sapuratina ogé teu dosa. Mun rék disebut dosa, meureun Obin sorangan, da manéhna jadi kominis. Naha mani kudu jeung imahna di sina ledis?”Apin ngaheruk.

“Teu nyaho urang mah. Sakabéh urang dieu gé teu nyaho. Ujug-ujug datang saabrulan jalma. Bada isa harita téh. Tinggorowok “ganyang PKI, ganyang PKI”. Gur baé imah Obin. Imah Kuwu Sumad sarua. Ngan imah Hunang jeung Ajut nu henteu téh. Bubuhan ukur kominis pepetékna meureun,” Mujab nerangkeun.

“Urang dieu teu nyaho. Komo urang jauh, teu nyaho pisan. Naha wani-wani ngaduruk, nya? Lain nanaon urang mah, euy. Kahayang téh ulah dapon émosi. Keun wé imah jeung eusina mah, teu kudu digunasika. Cukup ku jele­ma­na, nu kominisna, ditéwak.”

“Teuing atuh. Pédah usum dudurukan wé meureun. Ilu-iluan.”

Nepi ka opat puluh dua taun pleng les. Apin ukur meu­nang béja saliwat-saliwat. Cenah, Obin dipindahkeun ka panjara Kebon Waru. Ti dinya ka Nusa Kambangan. Te­rus ka Pulo Buru.

Aya deui béja kamari. Di pangjumaahan. Yén Obin gering ripuh di Bandung. Keukeuh meredih, mun puput umur hayang dikubur di lembur. Aya titahan kulawargana datang ka Ajengan Muhlis.  Nyaritakeun kahayang nu keur nyanghareupan ajal.

“Ari Emang mah, pék téh teuing. Dikubur di mana-mana ogé, sarua jalma mah. Nu béda téh amal-amalanana di dunya, nu baris kabawa ka alam nu bakal datang,” putusan Ajengan Muhlas nu jadi cecekelan kulawarga Obin.

Ayeuna layon datang. Apin milu mapag. Mun bisa hayang muka heula boéhna lebah beungeut. Hayang nyaho rurupaan pamungkas Obin nu kungsi sagulung-sagalang opat puluh tujuh taun ka tukang. Dina henteuna rék milu nyalatan. Sanajan kungsi apal, yén Obin ngaku kapir. Ngaku athéis. Piraku sugan dina mangsa ampir satengah abad, tur ngalaman rupa-rupa pait peuheur kahirupan nu pangpait-paitna jeung pangpeuheur-peuheurna, taya parobahan pamadegan jeung pamanggih. Bari Obin mah ukur saurang pribadi. Sajarah geus ngabuktikeun, kominis nu mangrupa idéologi internasional, jadi anutan nagara jeung bangsa, bisa runtag sapisan. Bangsa-bangsa jeung nagara-nagara komunis réa nu ancur lebur. Uni Sovyét, Yugoslavia, Jerman Wetan, Rumania, Hungaria, jeung sajabana. Komo deui ukur sadirieun Obin nu geus kaluar asup panjara, pangbuangan, terus hirup deui di pakumbuh­an nu geus barobah ku perjalanan jaman.

Ti sisi jalan, layon digotong ka masjid jami. Patempatan nu baréto teu weléh disingkahan ku Obin. Sabab unggal poé Jumaah, manéhna indit waé ka Bandung. Apin apal pisan. Sabab kungsi jadi tukang ngarep- ngarep sangkan Obin gancang mulang poé Saptu atawa Minggu. Hayang geura moro oléh-oléhna. Suratkabar, majalah atawa buku bacaeun anyar.

Datang deui mobil séjén. Sababaraha urang turun. Aya nini-nini kolot. Aya awéwé tengah tuwuh umur lima puluh­an. Apin geus teg. Nini-nini kolot moal salah pamajikan Obin. Ari nu tengah tuwuh, anakna, nu bareto bohono, pipina tembem, baseuh ku aday jeung semu hanyir ari dicium. Ayeuna jigana geus dituturkeun ku incu-incuna. Aya nu bohono di antarana. Ngan pipina beresih hadé urus. Henteu baseuh ku aday jeung moal semu hanyir. Malum hirup di kota.

Teu lila di masjid téh. Layon gancang dibawa ka pakuburan nu geus réngsé dikali ti tadi. Bada ngurebkeun, Apin teu buru-buru balik. Ngahaja mandeurikeun manéh. Itung-itung jarah. Sakalian tafakur. Neuteup hiji-hiji tutunggul parentul. Neuteup patempatan nu isuk pagéto jaganing jaga, baris jadi panonoban dirina.

“Kitu ge lamun ku Gusti Alloh ditakdirkeun maot di dieu, di lembur, tur aya kasempetan dikubur di dieu. Kawas Obin. Nganclang ka mamana dina kaayaan nandangan lara tunggara, jasadna bisa kénéh mulang ka sarakan baligeus­an,” Apin ngaheneng. Rét ka kuburan anyar nu dieusi layon Obin. Nu opat puluh dua taun ka tukang kungsi nyarita yakin pisan. Yén hirup di dunya mah ukur dua pilihan. Kaasup dina soal akidah. Mun teu kapir,  nya iman. Ulah satengah sapotong. Sakapeung iman sakapeung kapir.

Apin sorangan teu nyaho. Naha dirina boga pamilih nu panceg kitu? Atawa mindeng luak-léok pucuk awian? Atawa kawas éngkang-éngkang? Rumasa, sapanjang hirup genep puluh taun, tacan boga pamilih nu luyu jeung kanyataan. Ngaku iman, padahal ukur wawayagon. Disebut kapir, nolak entangan-entangan.

Obin mah, ti opat puluh tujuh taun ka tukang geus boga pamilih tur wani ngabuktikeunana dina kahirupan sapopoé. Malah geus deukeut ka maot ogé, wani nangtu­keun panonoban pamungkas pikeun ragana nu geus ngababatang. Henteu di Nusa Kambangan. Henteu di Pulo Buru. Tapi di lembur nu kungsi jadi pamatuhanana  ba­heula.

Angin nebak ti lebak. Muragkeun kembang-kembang sa­moja nepi ka mayak dina astana. Sora situncuing lir nurih langit. Apin ngagerentes :

“Kang Obin, Akang geus tinemu jangji ahir. Pek sing tagen nyangharéupan tanggungjawab pribadi Akang ka Gusti Alloh nu ku Akang baréto dianggap euweuh. Mugi-mugi baé salami Akang ngumbara di dunya, kungsi anjog ka lahan nu nganyatakeun ayana Dzat Nu Maha Kawasa, tur jadi kayakinan anyar nu ku Akang bisa dibuktikeun sabada nyawa katut —amal-amalan pegat, jeung awak nyangkorah dina logak sacangkowak”

Dimuat dina Manglé No. 2133


Kembang Keretas

Mei 2, 2010

Carpon Ai Koraliati

DITA, jadi dirawat di Jakarta téh? Tadi beurang urang ngahaja ka rumah sakit rék ngalongok, tapi manéh euweuh geuning. Ceuk suster jaga mah manéh dipindahkeun ka rumah sakit séjén.

Wanci sareupna datang ka imah téh. Urang keketeyepan ngaliwatan kamar si Bapa, bisi gareuwah. Ti jero kamar hawar-hawar kadéngé lagu “Ucing Garong”. Kawasna mah keur aya sémah, da pantona rékép. Pasti Tante Tina, kabogoh si Bapa.

Blus ka kamar, gubrag ngabeubeutkeun awak kana kasur. Suku karasa paranas nyanyautan balas leuleum­pangan. Geus saminggu urang kekeleyengan waé néné­ang­an manéh, Dit. Reup peureum. Bakat ku capé, les wé kasaréan.

Ngoréjat téh kahudangkeun ku sora jam. Di kamar pararoék. Cetrék ngahurungkeun lampu. Uluh hordéng gé can ditutupkeun! Geus tabuh sabelas. Sanggeus nutupan hordéng, gék di sisi ranjang. Sirah karasa lalendeng.

Di téras kadéngé aya nu nyarita, “Iraha urang tepang deui?” Urang kerung. Sémah si Bapa nu tadi beurang téa kitu? Geuning lalaki, lain Tante Tina. Panasaran, jung leumpang ngadeukeutan kaca jandéla. Lalaunan hordéng dipéléngékeun. Sémah téh keur dongko disapatu, si Bapa ngajanteng haréupeunana, disasarung.

Nempo dedeganana mah asa bapa manéh, Dit! Can pati sidik kana rupa bapa manéh téh da langka di imah kapan. Urang ngucek-ngucek panon bisi salah tetempoan. Enya kitu bapa manéh, Dit? Naha bet wawuheun ka si Bapa, nya?

“Akang édun, ih!” Bapa manéh nyawél gado si Bapa. Jajantung ujug-ujug ratug tutunggulan. Sajongjongan urang ngajengjen kawas patung. Leungeun muntangan gordéng. Bapa manéh ngaléos ti buruan bari gugupay ka si Bapa. Leumpangna semu ngageblay. Siak, awak ngadadak tingsariak.

Paingan ceuk manéh baheula, “Win, bapa urang mah gagah téh, siga Ivan Gunawan.” Sugan téh bohong, ari pék téh enya siga pisan. “Siga Ivan Gunawan atawa siga, itu tuh!” Urang nurutan iklan. “Naon siah, ka bapa urang nyebut béncong!” Manéh molototan. “Saha nu nyebut béncong? Ih, ari manéh sok sénsi!”

Teu kanyahoan, bray panto kamar aya nu mukakeun. Urang ngarénjag. Si Bapa haha-héhé nyampeurkeun. Gajleng urang luncat. tuluy nyempod di juru. “Ampun Pa, ampun Pa!” Urang ngarapetkeun awak kana témbok nukangan si Bapa. Dina beuteung karasa aya ngaganjel. Angen ratug. Si Bapa ngarangkul ti tukangeun. Urang adug songkol jejengkengan. Lila-lila rangkulan si Bapa mimiti ngendoran. Awak urang dibalikkeun. Ngadadak asa jadi gedé tanaga, gampleng pipi si Bapa dicabok sahabek­na! Si Bapa ngabangkieung. Durugdug urang lumpat ka luar ti kamar.

*

Dit, poé ieu urang datang ka sakola. Rék ngadon ngum­bar panineungan. Ti saprak dikaluarkeun ku sakola, kakara ayeuna urang ngalanto deui ka dieu. Ngahaja poé Minggu, ngarah teu panggih jeung babaturan sakelas, sanajan boa maranéhna mah geus lalulus meureun.

Panonpoé keur meujeuhna haneut moyan. Gog nagog dina tétécéan luhureun tihang bandéra. Kelas nu sasarina ramé téh ayeuna mah simpé. Kitu deui buruan sakola, katempona leuwih lalening ari teu aya nu sarakola mah.

Dit, inget teu, lamun keur istirahat, urang sok naragog duaan di dieu. Ti dieu mah plung-plong tetempoan téh, da puguh di mumunggang. Paneuteup lempeng ka Pasir Astana. Lamun aya nu maot téh, sok atra tinglaliungna nu keur ngurebkeun. Itu gé tuh, kawas nu keur ngarali kuburan.

Bet ras ka manéh basa urang keur ngadaweung duaan di dieu. Harita téh aya nu maot. Manéh ujug-ujug nyikikik seuseurian. “Iraha nya manéh dikubur di dinya, Win? Nu awakna kawas jarapah mah sok leuwih gancang maotna.”

“Siah, dasar ébél. Nya pasti heula manéh, atuh. Puguh nu awakna bayuhyuh kawas manéh kitu nu téréh maot mah.” Jep téh manéh jempé. Ari dirérét nyampak geus rambisak. Urang ngaranjug, manéh dirangkul. “Alah hampura, heureuy urang mah, Dit!” Urang rampang-reumpeung ngupahan manéh. Lila-lila manéh gé seuri, sanajan bangun kapaksa.

Jeletit aya nu nyoco kana suku. Sireum géhél! Jung nangtung. Ngised ka beulah kénca. Nu maot téh kawasna mah jalma beunghar. Nu jarajapna gé mani ngaleut kitu.

Teu karasa panonpoé geus manceran. Angin Lémbang ngendagkeun kembang kertas beureum nu tinggaruyun. Haréudang, tapi jékét kalah dirérékép ngabunian beu­teung nu beuki belenu. Urang ngarahuh miceun babangba­luh jeroeun dada. Panon ngadadak peurih. Buru-buru tanggah nahan cipanon nu rék ngeclak.

Salila-lila neuteup tihang bandéra nu ngalekeceng teu aya bandéraan. Teu karasa biwir ngarenyu. Inget ka manéh nu hayang jadi anggota Paskibra. Piraku aya Paskibra awakna sagedé gajah kitu! Boro-boro jadi patugasna, upacarana ogé cadu. Kapan keur diajar gé sok kabur waé, lin!

Kawas basa hiji mangsa, basa Bu Ina nuju nerangkeun. Teu pupuguh manéh ujug-ujug mérésan buku dikana-kantong-keun, “Win, urang mah rék balik,” léos wé. “Dita, badé ka mana?” Bu Ina nerangkeunana lirén heula. “Uih, Bu.” Manéh ngabéngbéos dituturkeun ku paneuteup babaturan sakelas. Bu Ina ukur colohok bari gogodeg.

Kungsi urang diseleksek ku Bu Nani guru BP. Maluruh ku naon pangna Dita sok balik teu pupuguh bari tara bébéja ka guru nu keur ngajar harita. “Cing sugan Wina terang ku naon Dita téh sok kabur waé?” Urang ngabigeu, da puguh sarua teu nyaho. Rék nanya langsung ka manéh téh sieun dibaeudan. Atuh engké moal dijajanan deui. Teu sudi teuing lamun urang kudu  malakan deui babaturan kawas baheula mah. Héos bau kawah. Urang curinghak, asa nyay-nyayan aya nu kapikir.

“Bu, bau nya?” Bu Nani ungas-ingus, tuluy unggeuk semu kerung. “Tah Bu, pami Dita badé ngaléos ti kelas téh sok bau kawas kieu, kitu da unggal-unggal ogé.” Bu Nani beuki kerung. Tapi laun-laun mah anjeunna gé unggut-unggutan.

Kadieunakeun mah mun manéh ngaléos ti kelas téh geus tara aya nu ngageureuh-geureuh. Bisi kababayan deui kawas harita meureun. Kapan dirawatna gé nepi ka dua bulan. Horéng dina awak manéh nu katempo sakitu séhatna téh nyalingker rupa-rupa kasakit. Jantung, darah tinggi, diabétés, asam urat, koléstérol, jeung teuing naon deui atuh. Campur-campur wé pokona mah. Huh, dasar panyakit jalmi nyondong!

Basa urang ngalongok manéh di rumah sakit katempo awak manéh téh ngorotan. “Wina, tempo urang jadi lang­sing kieu!” Manéh cengkat rék diuk, tapi katahan ku selang imfusan. Golédag deui kana bantal semu nyanda. “Dua puluh kilo turunna ogé.” Hah, dua puluh kilo? Tapi angger waé sagedé buta. Éta geuning gado ngagarayot kénéh!

“Ayeuna mah dahar urang téh digram, Win. Sapopoé ngan ukur ngemil apel wungkul.” Urang ngahuleng. Atuh ayeuna mah urang gé bakal kalaparan? Moal seubeuh deui cara baheula. Harita mah salian ti seubeuh téh, saku sok mérékis waé. Boh indit boh balik ti sakola sok ngilu ka manéh, turun-unggah mobil sédan. Wah pokona mah asa jadi borju wé urang téh!

“Matak gé tong loba teuing barangdahar, bisi kaba­bayan deui di kelas! Bekel atuh sakalian WC-na ka sakola!” Si Dadang jeung si Agus ngoconan manéh basa keur istirahat. Urang keur ngadalaharan anggur bekel manéh ti imah. “Naon siah?” Si Dadang jeung si Agus kalah tingcalengir teu miroséa manéh anu muncereng, léos ka luar rék jarajan. Manéh ngoréjat ngudag bari memener seragam nu nyingsat katarik lebah bujur. Ceg, ngarawél jidar kai tina méja guru. Urang ngalenyap, rék nyarék teu kaburu. Beledag sirah si Dadang ditakol sahabekna. Si Dadang muringis bangun nu nyeri pisan.

“Aduh siah getihan, Dita!” Si Agus molotot ka manéh. Urang neuteup manéh nu rénghap ranjug kénéh nahan napsu. Tapi riuk manéh bangun kaduhung. Haté teu kuat hayang nyarékan, sok sasangkleng da manéh mah. Barudak ngarogrog ngarilikan getih dina leungeun jeung dina kerah baju si Dadang. Barudak naruyun si Dadang rék diubaran di ruang UKS. Ari urang jeung manéh dititah ka kantor BP.

Angin ngahiliwir, cep tarang karasa tiis. Buuk nu teu kabeungkeut ting-alewir kana pipi jeung irung. Ngaréng­hap, ngumpulkeun deui pangacian. Nu ngurebkeun di Pasir Astana geus balubar. Teuing geus sabaraha jam nga­je­jen­tul di dieu téh, nyaho-nyaho suku karasa singsireum­eun. Léos ninggalkeun tihang bandéra.

Gék diuk dina babangkuan haréupeun kelas urut urang harita. Tonggong karasa panas. Késang lapar nu renung dina beungeut diusapan. Ti peuting kénéh teu kararaban sangu. Si Bapa can datang ti kamari kénéh. Sasarina mah sok mawa sangu pincuk. Teuing ti mana meunangna téh. Ti supir angkot meureun. Bubuhan calo sénior si Bapa mah. Dipikagimir ku sasaha. Nu matak pantes wé si Mamah rék ngagerebeg teu waras ogé, da baluas ku kalakuan si Bapa jeung nasib urang meureun. Nepi ka ayeuna gé si Mamah can cageur kénéh.

Ti saprak mérégo urang keur dikeukeupan ku si Bapa mimiti kanceuhna mah. Ti harita gawéna ngajubleg huleng-jentul. Ari urang da puguh budak kénéh can ngarti nanaon, dikitu-kieu ku si Bapa téh teu weléh nurut waé. Sugan téh akibatna moal kieu.

Dit, sanasib urang téh. Bapa manéh jeung bapa urang sarua teu eucreugna.

Méméh ngaléos ninggalkeun sakola, ceg metik kembang kertas sagagang. Diambeuan. Ras ka manéh. “Bau, tapi da resep urang mah,” manéh gulak-gilek bari nyelapkeun kembang kertas kana ceuli. Geulis manéh téh, Dit. Komo mun teu buleud mah.

Awak karasa lalungsé. Sajajalan leumpang téh raran­deg­an, jog ka tempat parkir handapeun Pasir Astana. Mobil nu tas jarajap ti kuburan ngajajar. Bakat ku nahnay, gék diuk di sisi jalan. Nyangsaya kana sisi témbokan tempat parkir. Reup peureum. Tingkalosrékna nu laleumpang hawar-hawar ngadareukeutan. Hayang cengkat da éra bisi aya nu nanya, tapi teu kawawa.

Asa keur ngimpi basa taktak karasa aya nu nyagap. “Wina ieu téh?” Nyah urang beunta. Urang ngalenyap, mamah manéh, Dit! Sakedapan colohok.  Gabrug mamah manéh ngarontok urang bari ceurik. Urang kuram-kireum teu ngarti. Bari sisimekeun mamah manéh nyarita, “Win, Dita téh ngantunkeun.”

Leng tetempoan ngadadak pararoék. Ceuli nga­jelengéng katorékan. Leungeun tikekereket ngaranggeum kembang kertas. Haté teu eureun jejeritan.

Dita, urang milu!

Kalayang, awak asa kakalayangan. Urang tuluy hayang leumpang, —ngadigleu ka Pasir Astana. Bru, nyuuh dina kuburan manéh.

Dimuat dina majalah Manglé No. 2148