Misteri Lembur Cipeuting 3


ENYA wé, sanggeus leumpang aya kana saratus méterna, reyem-reyem kaciri tangkal caringin, najan ukur ketémbong belegbegna. Teu kabeneranana téh, di langit euweuh béntang-béntang acan. Éstuning meredong téh lain bobohongan. Mawa sentér téh kalah ka nambahan keueung deuih. Sok sieun nyorot nu teu pararuguh.

Kaayaan teuing ku simpé. Anéhna téh, teu kadéngé sora gaang-gaang acan. Atuh sora sapatu nincak taneuh téh mani écés pisan. Teu wani ngarérét ka tukang, da pipikiran dipinuhan ku sawangan goréng. Sok ras kana dongéng, nu keur leumpang peuting kadangkala aya nu nuturkeun. Nya éta nu matak keueung téh. Dipapantes, barang ngalieuk ka tukang aya nu leumpang teu napak, awéwé maké baju sarwa bodas.

Asana mah da kuring téh teu kaasup borangan. Ngan keur kieu mah, carita nu tara bisa dipercaya téh bet ngadadak narémbongan. Siga dongéng Ki Lanceuk ti lembur. Cenah mun keur leumpang di nu poék ulah rarat-rérét.

“Naha, Kang?” cékéng bari seuri, da éta tuda, karesepna Ki Lanceuk mah ngadongéng bangsaning lelembut téh.

“Mang Mista, tatangga Akang, balik dagang kapeutingan. Nya kitu lah, kira-kira wanci tengah peuting. Palebah kebon awi nu rék ka lembur, panggih jeung sabubuhan jelema…”

“Atoh atuh, aya batur meureun…”

“Enya cenah mimitina mah. Ngan kacida ngaranjugna basa nu ngabring téh singhoréng… ngagotong pasaran. Basa papaliwat téh Mang Mista nepi ka ngayekyek. Komo basa dilieuk deui, nu ngabring téh ngiles, teuing ka mana…”

Ras ka nu rék disorang. Kebon awi!

Keur kitu mah sabisa-bisa sagala dipapatkeun. Aya kereteg rék balik deui, tapi geus kapalang. Ongkoh can aya dongéngna aya nu paéh dilegleg jurig mah. Ngan haté medenghel keuheul ka Si Among. Ngagawékeun pisan mangkeluk téh. Jinisna mah moal teu keur ocon jeung nu boga warung.

Lebah kebon awi, satékah polah mopohokeun dongéng Ki Lanceuk. Nya éta atuh, da sasarina mah tara inget ka Mang Mista. Mani geus asa jol ti hareup aya nu ngabring, mawa pasaran. Nyobaan bari hahariringan, kalah asa nambahan keueung. Ongkoh dongéng Ki Lanceuk nu séjénna ngaronghéap deui. Cenah mun leumpang ti peuting ulah sok bari hahariringan, bisi aya nu nurutan.

Rada longsong basa geus ngaliwatan kebon awi mah. Euweuh nanaon geuning. Ayeuna nyorang kebon sampeu. Teu canéom teuing. Jalan nu disorang éstuning batu taringgul, teu diaspal. Ngan rada lega wungkul, sigana asup mobil mah.

Asa geus leuwih ti sapuluh menit leumpang téh, tapi can aya tanda-tanda geus nepi ka Lembur Cipeuting. Aéh, enya, naha tadi mani teu ditanyakeun ka Sumi, naon sababna bet dingaranan lembur Cipeuting?

Rada ngajenghok, basa rét deui ka hareup, katémbong aya cahaya mani hibar. Moal kitu aya imah nu kahuruan mah? Tapi kawas lain cahaya tina seuneu éta mah, siga lamun néon nu caang naker. Beuki deukeut, cahaya téh beuki caang. Hibarna nepi ka langit. Geus mimiti cul-cel manggih imah. Tiiseun, teu kadéngé aya nu nyaring. Ngan anéhna téh, unggal imah katémbong sidik pisan. Buruanana, pipirna, hateupna. Beuki ngagebeg téh, geuning ieu mah asa ti beurang. Enya, beurang geuning. Najan teu katémbong aya panonpoé, tapi téténjoan mani écés.

Haben dipikiran, da leumpang téh asa sakeudeung, piraku ayeuna geus beurang deui. Tah, tah, mimiti aya nu kadéngé ayeuna mah. Kentrungna sora lisung, sora ingon-ingon, sora cai ngérélék.

Gebeg téh, basa ngaliwat ka hiji imah. Dina tihang tepas, katémbong aya lalaki ngagantung. Leungeunna ditalian ku tambang kana usuk. Sukuna guwang-gawing. Henteu dibaju, ka handapna ukur maké calana pondok. Sirintil aya awéwé mamawa bébékan awi. Jebrod, lalaki nu keur ngagantung téh diteunggeul satakerna. Goak, bangun anu nyeri naker. Jebrod deui. Goak. Kitu jeung kitu wé. Mani asa linu nénjona gé.

“Karasa siah? Karasa ku bebengok sia?” éta awéwé gogorowokan.

“Cik atuh Icih, mani teu ngahampura ka aing téh!”

“Alah, aing mah nyerina leuwih ti kitu, deuleu. Na dika manakeun pipikiran téh, anak pamajikan bangkaréakan, ari sia ngamonyah-monyah duit dipaké rucah. Yeuh sakali deui! Karasa siah!”

Gancang baé indit ti dinya. Asa paur nénjona gé. Naha atuh, ari jog deui imah séjénna, bet réa lalaki nu keur disiksa. Aya nu dikunclungkeun ka balong. Aya nu sukuna asupkeun kana lisung, terus diténggor ku halu. Méh kabéh awéwé nu keur nyiksa téh bari awong-awongan.

Nu teu kaharti, naha awéwé di ieu lembur teuing ku bedas, nepi ka si lalaki teu bisa ngalawan. Siga nu sadaya-daya.

Belesat, kagigireun asa aya nu ngaliwat. Basa dilieuk, hiji lalaki lumpat mani ngabiur, diudag ku awéwé nu ngamang-ngamang bedog. Si lalaki lumpatna bari tulung-tulungan, sagala didupak.

Rét deui ka gigir, aki-aki ngajurahroh deukeut pager. Beungeutna barengep. Sukuna ditalian kana tangkal jambu. Di hiji pakarangan, aya nu keur naék kana tangkal kalapa. Di handapeunana, awéwé keur nyekelan kampak. Gedok, tangkal kalapa téh siga nu rék dituar.

Nu lumpat kana suhunan, nu digusur di buruan, éstuning matak ketir nénjona. Sajongjongan mah kasima, colohok mata simeuteun.

Éling sotéh, basa gigireun katénjo wangunan leutik. Aya tulisan “sayagi béngsin mur”. Enya, aing téh apan rék meuli béngsin.

Teu kudu gegedor, da katémbong nu dagangna diuk gigireun émbér gedé naker. Éta sigana Ceu Emur téh. Tapi teu waka disampeurkeun, da katémbong aya kénéh nu balanja. Awéwé ngora kénéh.

“Rék diduruk waé, Nyai?”

“Enya, Ceu. Tuman! Ngarah senget urang awuran heula ku béngsin!”

Basa Si Awéwé ngaléos, gancang nu dagang béngsin disampeurkeun. Mani olohok basa nangénan kuring datang téh. Sajongjongan alak-ilik, siga nu nyidik-nyidik.

“Ujang? Rék naon ka dieu?” pokna, bangun nu manghariwangkeun.

“Badé mésér béngsin, Ceu. Puguh mobil séépeun béngsin…”

“Mawa wadahna?”

“Ngabantun…” jawab téh bari ngasongkeun jarikén. Ku manéhna dieusian nepi ka pinuh. Teuing sabaraha léter, teu milu ngitung. Sajeroning ngaladangan téh panonna mah rét deui-rét deui, nelek-nelek.

Song mikeun duit saratus rébu. Ku manéhna disidik-sidik, tarangna mani kerung.

“Ieu téh naon, Sujang?” pokna siga nu bingung.

“Duit, Euceu!”

“Har, naha rupana kieu. Asa kakara nénjo. Sabaraha sén pangajina?”

“Sén?” bagéan kuring ayeuna mah nu kerung téh.

“Enya. Ku duit nu ilahar wé atuh, Ujang…”

“Har, apan ieu gé ilahar. Ari kitu sabaraha béngsin saléterna?”

“Sapuluh sén, Sujang!”

Leng wé geus kitu mah. Moal kitu aing téh balik deui ka jaman Walanda? Atawa Ceu Emur nu keur ngalindur?

“Lah, ulah heureuy, Euceu. Ieu téh duit saratus rébu pérak. Hartina sapuluh juta sén. Ana kitu mah kuring bisa meuli béngsin sajuta léter!” pok téh bari nyakakak.

“Candak heula wé atuh, lieur Euceu mah. Teu bisa ngitung nepi ka juta-juta…”

“Terus mayarna kumaha?”

Can gé anggeus babayar, ti tonggoh katémbong sabubuhan awéwé leumpang ngagedig. Ceu Emur ngadadak pias.

“Ujang geus boga pamajikan?” Ceu Emur ujug-ujug nanya.

“Mun geus boga teu meunang meuli béngsin kitu?”

“Ih, ditanya sabener-bener…”

“Enggeus, Ceu. Boga anak dua…”

“Cilaka. Cilaka ieu mah. Buru milu ka Euceu!”

“Milu ka mana?”

“Tuturkeun wé… kitu gé mun hayang salamet.”

Ceu Emur ngenyang leungeun kuring. Bus dibawa ka jero imah.

“Nyumput di kolong pago!”

Bari jeung teu ngarti gé, digugu wé. Ceu Emur mah gagancangan kaluar deui. Sajeroning ngahéphép téh, bet asa keur nyorang lalampahan ahéng. Rék meuli béngsin, kalah ka dititah nyumput.

Teu kungsi lila, Ceu Emur geus asup deui ka imah.

“Aman ayeuna mah…” pokna.

“Ari kitu aya naon, Ceu?”

“Biasa, nu keur ngaronda.”

“Ngaronda?”

“Enya, nu tadi ngabring réh keur ngaronda. Mun aya lalaki manjang-munjung sok terus dicerek. Mun éta lalaki geus boga pamajikan, dijamin biheung bisa balik deui.”

“Har? Naha bet bisa kitu?”

“Kitu aturanana di Lembur Cipeuting mah…”

“Ké, ari tadi kuring nénjo réa lalaki disiksa, naon maksudna?”

“Enya, nu sok nyéléwér éta téh. Ku pamajikanana tara dibéré mingé!”

“Mun kapanggih kitu gé…”

“Kapanggih waé, da béda haté awéwé mah…”

“Naha Euceu teu nyiksa salaki atuh?”

“Geus teu boga salaki Euceu mah. Akangna geus lila maot…”

“Budak?”

“Teu boga budak…”

“Mun kuring kacerek ku maranéhna, bakal disiksa?”

“Tangtu. Ujang nganjang ka dieu lain wayah lain mangsa. Jeung pangpangna mah, ninggalkeun nu di imah, lin?”

“Asa anéh lembur téh. Bet aya awéwé nu téga nyiksa salakina, nepi ka baloboran getih, nepi ka barengep…”

“Cék Euceu mah, awéwé, disiksa haté nyerina boa leuwih ti kitu…”

“Enya… tapi pan kuring mah ka dieu sotéh keur néangan béngsin…”

“Nyaho Euceu gé. Nu matak tadi gagancangan disumputkeun. Da mun nyaho Ujang boga niat séjén mah, ku Euceu disiksana gé…”

“Eum, ulah kitu, Ceu…”

“Buru atuh geura balik, lain mobil béakeun béngsin?”

“Pan can babayar?”

“Keun baé. Iraha wé mayarna mah, mun Ujang ka dieu deui. Ngan jalanna ulah ka tengah lembur. Mending malibir ka solokan…”

Kakara gé rék cengkat, di luar kadéngé sora awéwé mani sahéng.

“Ceu Emur! Kaluar siah! Euceu kudu dihukum lantaran ngampihan lalaki!”***(hanca)

Satu Balasan ke Misteri Lembur Cipeuting 3

  1. Ani Yunaningsih mengatakan:

    alah kumaha atuh nasibnanya ceu emur jeung semahna teh, diantos pisan sambunganana…!!!!!!!!!!

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: