Si Kabayan Dicukur

Februari 21, 2011

SI Kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae terus kerek.

Sakali mangsa Si Kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

Si Kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “Tah kacatur keun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay Si Kabayan nyarita “pondokeun wae mang…”  trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk Si Kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk Si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. kacaturkeun Sri Rama….” Si Kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk Si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap Si Kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk Si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa di paling ku Rahwana… antukna Si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret Si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae Si Kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” Si Kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae Si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”***


Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

April 5, 2010

SI Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.

Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.

Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.

Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.

“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.

Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.

Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.

“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”

Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”

Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.

“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.

Si Kabayan kacida atoheunana.


Kabayan jeung Santri Kalong

April 2, 2010

Ku M. Mansur S.

“Geus ngabudaya kawasna di urang mah, nya Més?”
“Naon téa, Kabayan?”
“Éta, panasan, embung éléh, atawa tuturut munding ari kitu téh pingaraneunana, Més?”
“Heueuh, naon téa? Sing jéntré ari nyarita téh atuh.”
“Éta téa geuning…heueuh… hayang nurutan batur, Émés.”
“Hayang nurutan batur kumaha ari énté, Kabayan?”
“Lah, sok api-api teu ngarti ilaing mah, Émés.”
“Har ituh, teu pupuguh…?”
“Geura wé tuh tempo ku ilaing. Mun dina salah sahiji  stasion tipi aya hiji acara anu loba nu mikaresep, geus tangtu wé stasion tipi nu séjén téh nurutan ngayakeun acara samodél kitu. Ukur dibédakeun ngaranna wé atawa istilahna. Padahal kitu kénéh kitu kénéh. Tipi nu séjénna deui deui téh embung éléh. Der ngayakeun deui anu teu béda ti kitu. Antukna mah kabéh station tipi aya acara nu kituan.”
“Da lain dina stasion tipi waé atuh, Bay…”
“Heueuh nu matak ceuk uing kawas nu geus ngabudaya téa ogé, Més.”
“Enya, ari kitu?”
“Kumaha tah ceuk ilaing salaku…santri kalong?”
“Nya kawasna mah pédah babari wé, Bay. Kapan ari nurutan mah ukur nurutan, nurutkeun nu geus aya, kitu, kitu wéh.”
“Kumaha tah ari kitu, Més?”
“Nyaaa, sigana ari dina urusan dunya mah…sah-sah sajaaaah. Ngan meureun sacara moral kasebut kurang atawa teu hadé.”
“Euh, enya, ceuk Tuan Hirbish téa mah, naon téh… mun dina karangan mah plagiat-plagiat kitu. Ari dina hal séjénna kumaha, Més?”
“Wallohu’alam! Dina Al-Qur’an surat Al-Isro ayat tilu puluh genep, Alloh Swt. ngadawuh: ‘Jeung poma manéh ulah sok tuturut kana saniskara anu manéh henteu boga pangaweruh perkara éta, karana saéstuna pangdéngé, panénjo, katut haté téh kabéhanana ogé bakal dipariksa, dipénta tanggungjawabna’. Tah kitu, Bay.”
“Jadi mun teu nyaho kana masalahna mah ulah sok tuturut, nya Més? Meulit ka bitis, meureun, nya? Ula-ilu, ula-ilu, bari teu nyaho nanaon, dina ayana hal-hal anu teu dipiharep, malindes ka diri sorangan, badan anu katempuhan…”
“Nyaa meureun kitu kira-kirana mah, Bay.”
“Heueuh, na atuh ari uing, Més, teu kaop aya béja kitu-kitu, atawa ngadéngé anu-anu, najan bari teu nyaho- teu nyaho ogé sok hayang wé milu nimbrung ceuk Mas Baligo téa mah.”
“Kapan dina surat An-Nur ayat lima belas ogé Alloh Swt. ngadawuh kitu, Bay. Wallohu’alam. Nyaéta:  ‘Sing inget nalika maranéh silih béjakeun éta pitenah ku létah maranéh sarta maranéh ngomongkeun ku sungut maranéh saniskara anu henteu dipikanyaho ku maranéh, turta maranéh nyangka yén éta perkara leutik, padahal éta téh mungguhing Alloh mah perkara gedé.”
“Siga teu pira, nya?” Padahal balukarna, wah! Da éta téa, nya, mungguhing Alloh mah perkara gedé. Matak sagala rupa ogé ulah sok dianggap énténg, nya Més?”
“Enya, jeung ulah pédah geus nyampak, tuluy wé…diteureuy buleud. Komo Bari jeung teu nyaho nanaon téa mah, Bay. Kapan dina surat Al-Maidah ayat saratus opat ogé disebutkeun kitu. Wallohu’alam: ‘Jeung upama dicaritakeun ka maranéhna: Hayu urang iman kana kitab anu diturunkeun ku Alloh ka Rosul. Jawabna téh: Cukup pikeun kaula saréréa mah nu katarima ti karuhun ogé.’ Naha rék ditarurut waé éta karuhun téh, sanajan karuhunna teu nyarahoeun naon-naon jeung teu meunang pituduh?”
“Euh komo kitu nya, Més, bari teu nyaho nanaon tuluy tuturut ka nu teu nyaraho nanaon. Bakal linglung wé, nya?”
“Enya, sedengkeun ceuk tadi ogé kapan pangdéngé, panénjo, katut haté téh baris dipariksa.”
“Tuluy wé meureun kadalon-dalon nya, Més? Ari kitu téh,…naon téh ceuk Mama Nu’ém téh, Més?”
“Lah, baku Kabayan mah ari geus kitu téh.”
“Geus kitu kumaha, Émés?”
“Heueuh ngalilieur! Ujug-ujug…ceuk Mama Nu’ém téh…naon téh…?”
“Euh enya karék inget…paingan aya nu nga-teu meunangkeun taklid téa, Més. Naon téh, taklid buta téa kitu?”
“Kateuing atuh, Bay! Étaaa ceuk énté kumaha?”
“Sameledok! bet kalah malikkeun ari ilaing, Émés? Nya ari ceuk uing mah meureun, nu disebut taklid buta téh…tuturut munding, bari jeung teu nyaho naon-naon, tuluy dilegleg diteureuy buleud, dijieun ageman, sok sanajan anu diturutanana téh teu nyaraho naon-naon deuih. Tuluy wé cilaka ku polahna téh, kitu atawa lain, Més?”
“Wallohu’alam urusan éta mah, Bay. Komo ana atuh kapan ceuk énté  ogé ukur santri kalong. Tah, nu puguh mah pidawuh Alloh Swt. Dina surat Lukman ayat dua puluh hiji, wallohu’alam: ‘Jeung upama dicaritakeun ka maranéhna: Geura narurut  kana saniskara anu diturunkeun ku Alloh. Jawabna téh, ‘Malah kaula saréréa mah nurut kana agama anu kasampak  geus diagem ku karuhun-karuhun kaula saréréa. Naha maranéhna narurut waé sanajan sétan ngajak ka maranéhna kana naraka Sa’ir?’ Tah kitu cenah, Bay.”
“Na’udzubillahimindzalik! Naraka-naraka kitu mah, komo naraka Sa’ir… Gusti, mugi ditebihkeun abdi téh. Jadi kumaha atuh ari kitu, Émés?”
“Nya kitu wé, Kabayan, sarua ana ogé mugi ditebihkeun.”
“Amin! Emh, paingan ceuk paraji nya Més?”
“Kumaha kitu. Bay?”
“Ulah sok saturut-turutna lamun lain turutaneunana, nya?”***

Tina Manglé, No.1983


Si Kabayan Ngala Tutut

Maret 28, 2010

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda.


Abong Kabayan

Januari 31, 2010

Di Bank
Si Kabayan indit ka bank rék nabung. Barang nepi ka deukeut panto bank, aya kana dua tilu léngkah deui, panto téh ujug-ujug muka, padahal euweuh deui jelema. Atuh nu di jero euweuh nu kaluar deuih. Barang bray panto bank muka, rikat Si Kabayan luncat ka tukang bari pasang kuda-kuda. Basa luncat ka tukang, panto bank téh nutup deui. “Ah, siah anéh ieu mah panto téh, pasti aya nu nyicingan,” ceuk Si Kabayan bari biwirna kunyam-kunyem tuluy undur-unduran. Geus rada jauh ngan beretek wé lumpat. Nabungna teu tulus, pajarkeun téh bank éta mah aya jurigan.

Kabita
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong, “Mang, isukan mah ulah dagang!”
“Naha ku naon, Jang?” ceuk tukang baso panasaran.
“Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga duit..Mun Emang dagang kuring pasti kabita,” ceuk Si Kabayan.
“Rék boga duit rék henteu lain urusan kuring!” Ceuk Si Emang bari ngadorong roda basona.

Aya Kahayang
Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup téh sing aya kahayang cara batur!”
Kabayan: “Na da uing gé aya kahayang mah.”
Iteung: “Hayang naon ari manéh?”
Kabayan: “Hayang nyandung deuleu!”

Kadunyaan
Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan: “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”

Teu ngeunah
Lamsijan: “Sisinarieun ngajentul bari manyun, pan sasari mah sok bari melenyun udud, kabayan?”
Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé.”
Lamsijan: “Sukur wé ari geus éling mah. Satadina mah rék dibéré, déwék boga roko pangmahalna.”
Kabayan: “Nu bener? Cingan ngasaan sabatang mah!”
Lamsijan: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Teu ngeunah sotéh mun digayem!”
Lamsijan: “Sugan téh heueuh geus éling.”

Dasar Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT: “Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti!”
Kabayan: “Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula.”
Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui, “Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.”
Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.”
RT (bari ngagerendeng): “Dasar Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah!”

Blék
Kabayan: “Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan.”
Nolédnad: “Lalawanan kumaha?”
Kabayan: “Kecapna sarua tapi hartina mani béda pisan.”
Nolédnad: “Saperti kecap naon tah?”
Kabayan: “Kecap blék.”
Nolédnad: “Kumaha kitu?”
Kabayan: “Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.”
Nolédnad: “Ari dina basa Sunda?”
Kabayan: “Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.”
Nolednad: “Ceuk saha blék hartina bodas?”
Kabayan: “Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kururpuk bodas. Jadi jelas, blék téh hartina bodas!”

Tina Barakatak Manglé


Si Kabayan Ngala Roay

Januari 29, 2010

Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”

Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.

Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.

“Mitoha! Mitoha!”

“Heuy!”

“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”

“Heug! Ulah lila teuing baé.”

“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”

Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.

Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.

Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”

Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.

Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”

“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”

“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”

“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”

“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”

Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.

Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.

“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.

“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”

“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.

“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.

“Heug, moal mitoha.”

Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.

Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.

“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”

Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.

“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”

Roay! Roay!” Bari terus digusur.

Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.

“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.

Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)


Si Kabayan Ngala Nangka

Januari 29, 2010

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk   mitohana.   Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)