Bulan Puasa Baheula


BULAN puasa téh pohara dianti-antina, komo keur barudak di lembur mah. Atuh komo lebaran, weu, puseurna kabagjaan. Kitu deui anu kaalaman ku kuring harita mangsa keur budak, loba kalangenan bulan puasa anu matak waas, hésé dipopohokeunana. Bisa jadi keur barudak ayeuna mah bulan puasa téh taya bédana jeung bulan-bulan biasa.

Aya sawatara kabiasaan barudak lembur dina bulan puasa, nyanghareupan lebaran, jeung mangsana lebaran. Bisa jadi kiwari gé masih aya, tapi méh teu jadi hal anu istiméwa. Di antarana waé kuramas, ngabuburit, tarawéh tanggal lilikuran, abring-abringan subuh, nganteurkeun rantang, mecak baju anyar, jeung ngumpul-ngumpulkeun peresénan buruh tamat puasa. Geura urang dadarkeun.

Kuramas

Bulan puasa téh baheula mah sakola ogé pakanci sabulan campleng. Atuh waktu sabulan téh tara ieuh dipaké diajar, paling ogé ngaji di madrasah. Ari mangsana munggah, piisukaneun puasa, ulin téh sok tara kebat. Da Ema ngomat-ngomatan, kadé poho kuramas, cenah.

Lantaran inget kana cariosan Ema téa, atuh ulin téh tara jauh. Enya, paling gé milu ngalintar di balong, atawa milu néwakan lauk dina balong anu ngahaja dibedahkeun. Di lembur mah puguh wé obyag kacida munggah téh. Tah, mangsana lohor, kuring jeung babaturan sok terus kuramas, tampolana silih kasay ku daun calingcing. Kuramas téh geus maranti dina padasan atawa di balong Aki Lebé nu aya tajugan upama kabeneran teu dibedahkeun.

Bulan puasa téh karasa naker istiméwana, sarung hapeuk gé sok ngahaja ku Ema diseuseuhan heula jang engké peuting tarawéh. Malah kungsi sakali mangsa kuring poho waktu mandi teu kuramas. Teu ngingetkeun tiris, harita kénéh, magrib-magrib ngahaja mandi deui. Wayahna cék Ema, pan énjing badé saum. Kuring unggeuk bari ngahodhod

Ngabuburit

Sanajan waktu mah angger, teu ngagancangan teu ngendoran, tapi ari keur puasa mah sok ngadak-ngadak asa lila. Seug komo upama mangrib diarep-arep bari ngajentul di imah, kabina-bina keselna. Beuki tambah ripuh puasa téh upama selengseng seungit pasakan anu jolna ti dapur. Tah upama kuring geus kusang-kaséngan, Ema sok ngajurung malar ngabuburit. Atawa, mun embung ingkah, Ema sok miwarang ngaganjel beuteung ku bantal bari nangkuban. Lumayan aya karasana, teu seueul teuing angen téh.

Jaman kuring keur budak, di lembur, ngabuburit téh béda jeung budak ayeuna di kota. Enya, geuning barudak kota mah nu katénjo téh ngagimbung di tempat PS (playstation) atawa di tempat dingdong anu ilaharna ngahiji jeung bilyar. Tah, barudak lembur mah ngabuburit téh éstuning jarambah; ngurek, nawu kulah, morog manuk, tampolana ngadon ngondol hui. Enyaan teu karasa nyérélékna waktu téh. Ti lohor ka asar asa sakeudeung jeung teu karasa lapar deuih. Atuh geus karuhan ti asar ka magrib mah asa nyérélék pisan bubuhan sok terus ngaji ka madrasah.

Tétéla kabiasaan ngabuburit téh karasa mangpaatna, da najan sakumaha resep ulin gé tara tepi ka kalalanjoan. Anu karasa ku kuring harita, Ema kacida setréngna dina urusan salat jeung ngaji mah.

Ulin subuh

Rérés saur, sabada salat subuh, kuring jeung babaturan sok ngahaja ngadon abring-abringan sapat tepi ka isuk-isuk. Ti dituna mah olahraga da maké sok aya nu acreug-acreugan lumpat. Abring-abringan subuh gé teu éléh resepna jeung ngabuburit.

Lain baé barudak horéng nu raresep ulin subuh téh, barudak rumaja jeung pamuda gé loba. Tampolana, anu katénjo, maké jeung arotél sagala, tug padahal cék Ema mah dipahing pisan kitu peta bulan puasa téh. Ari kuring onaman da masih lembut, tara tepi ka kitu mah. Enya, paling ogé lulumpatan bari éak-éakan. Orokaya, lantaran kamalinaan olahragana tepi ka sok jadi hanaang. Malah babaturan mah saking teu kaampeuh hanaangna, sadatangna ka imah téh culang-cileung, regot nginum citéh bari urut janari. Harianeun.

Taraweh Lilikuran

Dina bulan puasa minggu kahiji mah masigit téh sok karasa heureutna. Anu tarawéh kolot-budak katut ibu-ibu sasat ngagebreg. Lamun seug ngukur kana kahusuan mah, anu karasa ku kuring harita, sasat jauhna gé tangéh boa. Enya, da geuning resepna téh semet marotah baé, tampolana kélu silih téngkas jeung silih suntrungkeun sagala. Atuh mokaha balik tarawéh téh maké jeung aya nu bencenong tarang sagala. Harianeun mun balik teu rawah-riwih ninggang ka budak awéwé mah.

Lebah balikna deuih nu resep téh, sok ngahaja tingsalingker di nu poék lebah dapuran cau. Barang barudak awéwé ngabrul ka lebah dinya, tangkal cau diendag-endag, atuh teu wudu tingjareritna. Malah aya kalana labuh karéngkas mukena. Kitu lengerna harita kuring keur budak.

Sanggeus meuntas saminggu, nu tarawéh ka masigit téh jadi coréngcang, tinggal bapa-bapa, ibu-ibu katut aki-aki baé. Tah, lamun geus coréngcang kitu, kuring sok sangeuk ka masigit, najan dikukuprak ku Ema ogé.

Minangka resepna deuih tarawéh téh upama geus nincak lilikuran, atuh masigit gé jadi ramé deui. Biasa wé kuring jeung babaturan mah ngadon marotah, silih berik silih suntrungkeun. Anu pangkeuheulna mah upama babaturan geus aya nu ngamimitian bekok colok, da ngantelkeunana kanjat antel kana irung.

Resep tarawéh tanggal lilikuran mah, sabab di masigit sok loba dahareun kayaning opak, wajit, ranginang, katut tumpeng. Pangeusi lembur bagilir nganteuran ka masigit, nya lumayan waé aya buruh capé tarawéh. Ngan édas, lantaran geus menda, jadi horéam saur téh.

Ngumpul-ngumpul Dadahareun

Kasebutning keur puasa, komo manjing asar, nénjo hulu peda sésa buka gé matak uruy. Tampolana sok papadon ka Ema, tong dipiceun engké rék dicocolan ari buka. Ngareungeu kitu Ema ukur nyenghél, tapi surti ka nu keur lapar.

Kitu nu kaalaman ku kuring jeung babaturan gé, teu weléh kabita waé. Malah, antukna mah sok dibayang-bayang, dur magrib téh rék dahar itu heula ieu heula. Tah, kabiasaan ngabayangkeun jiga kitu téh kababawa mangsana ulin ngabuburit. Kadaharan teu sirikna dikumpul-kumpul. Babaturan nu boga tangkal jambu atawa kérsen upamana, sok tingtérékél wé kanjat marerekis pésak gé, bebekelan jang engké buka. Atuh kasorénakeun mangsana tukang dagang dadakan bulan puasa dadasar, sabangsa kulak-kolek katut candil teu burung payu. Kaburitnakeun tukang dagang téh pak-pik-pek ngaladangan, papada hayang diheulakeun sieun kaburu magrib. Atuh nungguan dur magrib téh geus mendeko bari dilingkung ku rupa-rupa dahareun, antukna mah kanjat sok barieukeun, kudu naon heula nu pangheulana dihuapkeun.

Mindeng kajadian, lantaran makmak-mekmek sagala didahar, atuh teu kuat tarawéh, anggur adug songkol kamerekaan. Janari kitu deui, saur téh nataku horéamna, semet cuhal-cahél alakadarna da beuteung sasat teuas kénéh. Balukarna, lantaran saur teu normal, atuh beurangna jadi kaduhung teu rewog saur, sagala kabita deui nu antukna nya ngumpul-ngumpul dahareun deui baé.

Nyeungeut Karbit

Nyeungeut karbit téh sasat geus jadi kalangenan kuring saban bulan puasa. Biasana, pidua poéeun deui ka puasa, mun pareng Ema ka pasar balanja jang kaperluan munggah, kuring sok pesen ménta dipangmeulikeun karbit. Babaturan ogé sihoréng sarua, tampolana mun kolotna pohoeun teu meuli, sok terus ceurik gégéréléngan.

Atuh ti beurangna dag-dég-dog nyieun lodong ti mimiti awi panggedéna tepi ka nu pangleutikna, merenahkeunana disusun jiga runtuyan calung. Peutingna sabada buka, pak-pik-pek mékprékkan karbit sagedé-gedé indung leungeun. Ari awi nu sok dipaké lodongna, di antarana awi surat, gombong, bitung, atawa awi tali.

Raména nyeungeut karbit biasana ti peuting sabada tarawéh. Atuh nyeungeutna ogé sok bareng jeung babaturan, grup-grupan, najan kitu ari karbitna mah sok marekel séwang-séwangan. Ana derna badis keur perang baé, patémbalan antara lembur kuring jeung lembur batur nu paeunteung-eunteung. Atuh lamun geus deukeut ka lebaran mah, minangka mariemna, sok ngahaja nyieun lodong tina tangkal jambé atawa kawung, sorana ngageleger handaruan.

Harita aya kajadian lucu, tapi matak reuwas kareureuhnakeun. Sanggeusna lodong diseungeut, tara langsung deui dieusian karbit, tapi sok didédéngékeun heula, nyereces kénéh karbitna atawa henteu. Upama nyereces laju dicocokan deui liangna, ana diseungeut téh sok disada kénéh, najan teu pati tarik gé. Tah harita basa kuring nitah ngadéngékeun nyereces henteuna ka babaturan, panyeungeut masih hurung, ceuli babaturan persis dina tungtung lodong. Ari tel téh teu kahaja seuneu antel kana liang panyeungeutan, beledag disada, atuh babaturan tepi ka kokowowongan katorékan. Hayang seuri campur reuwas, tilu poé teu patanyana ogé.

Nganteurkeun Rantang

Pisaminggueun deui ka lebaran, suasana lembur karasa robahna, hégar béar. Bubuhan nyampeuk ka lebaran, sagala rupa diberesihan. Teu sirikna jarian ogé dikoprakan dicacaran, geus karuhan imah katut pagerna dipulas pabodas-bodas. Tah guyubna masarakat ngurus lembur téh dina mangsa nyampeuk lebaran jeung agustusan. Atuh masarakat ogé témbong naker béar budina, bubuhan puseurna kabagjaan saréréa lebaran mah.

Tah, aya hiji kabiasaan nyampeuk lebaran anu kiwari geus mimiti langka, nya éta kabiasaan silih anteuran rantang. Ari maksudna mah pikeun silih asaan rejeki jeung tatangga. Kitu wé rantang téh kukulibekan di lembur. Tampolana sanga kumeli atawa besengek cabé pangirim sok kanjat dikirimkeun deui. Anu matak mindeng kajadian, besengek ti urang balik deui ka urang. Bisa jadi éta besengek ngalaman ider-ideran heula.

Upama jeung tatangga geus bérés, kakara rantang téh liar ka nu rada jauh, pangpangna nepungan dulur-dulur anu cék pancakaki saluhureun. Anu matak teu anéh mindeng nangénan pangeusi lembur tingalabring bari ngajingjing rantang. Da ari nepungan dulur mah sok sabondoroyot, atuh baju nu dipaké gé kudu nu rada pantes. Jaman keur budak, sok ngahaja milu nganteurkeun rantang ka nu jauh mah, najan enya nikreuh tara ieuh ngarasula. Éta pangpangna mah, di ditu sok pada nanya, pajar ”tos batal teu acan?”, najan kungsi nyémén, tara geruh, istuning nyebut can batal baé. Atuh peresénan buruh tamat puasa kaerong bakal kapésakan. Da jeung enyana, balik nganteurkeun rantang téh obat béntol waé mah kabeuli.

Ngurek

Ngurek téh geus jadi kalangenan anu pohara resepna. Bari resep bari aya hasilna deuih. Seug komo bulan puasa, salian ti resep bari meunang belut téh, apan ngabuburit; waktu buka nyérélék teu karasa.

Lain bohong bulan puasa téh malah ramé di sawah,teu sirikna ti isuk jedur tepi ka sore jedér tingaraleutna nu ngurek téh. Jeung, anéhna najan unggal poé diurekan, belut téh sasat teu ngorotan. Bubuhan tara aya nu pirajeunan nyetrum atawa mortas harita mah. Da kuring jeung babaturan gé tara nepi ka nyamos, beuki jauh ngaprakna, beuki loba hasilna. Ngan édas, abong budak, dina ngurek gé osok waé aya lengerna. Babaturan nu keur jongjon ngakalan “belut ngolo” mani depong-depong waé na galengan. Ditimbul ku taneuh eumeul-eumeul ti kajauhan, sok kanjat tikusruk éta téh. Resep nénjo bébérénténgna ka nu séjén, da kuring mah sok gancang pura-pura jejem malar teu katohyan. Kitulah jiga noel ceuli budak nu aya di hareupeun atawa gigireun urang, apan sok rungah-ringeuh bari nyangka ka saha waé.

Maleman Takbir

Teuing ku ramé ari maleman takbir, lembur téh hirup sapeupeuting. Saban pongpok masigit raéng ku nu takbiran, atuh geus karuhan dulag mah ngadurugdug taya eureunna. Ibu-ibu di imahna séwang-séwangan, pak-pik-pek ngahias méja ku rupa-rupa idangan. Kéler peuyeum ketan minangka kokojona dina méja, bubuhan kadaharan has lebaran éta mah.

Kapeutingnakeun malah kaluar ti masigit jeung bedug-bedugna, diarak ngurilingan lembur, geus leuwih ti haneuteun kasebutna gé. Bruy-bray lampu cempor, tinggalebur obor, peuting ramé leuwih ti beurang.

Barudak mah tara tutug abring-abringanana ogé, kajaba barudak pamuda jeung kolot-kolot, da sok inget waé kana baju anyar pakéeun isuk. Atuh sadatangna ka imah, rap baé si baju anyar téh dipecakan, tampolana henteu cukup sakali da sok rap deui, rap deui. Sapatu anyar ogé sarua deuih dipecakan, leuleumpangan peuting-peuting di patengahan imah malar isuk teu ngawagu.

Sihoréng méh saréréa barudak lembur baheula mah karitu, jécéh kabina-bina kana baju anyar téh. Ongkoh deuih dipangmeulikeun baju anyar téh ukur nitih sataun sakali.

Sapeuting jeput maleman takbir mah raména ogé. Komo mun seug caang bulan; ucing-ucingan, lulumpatan, nyeungeut karbit, geus karuhan nu ngadulag jeung nu takbiran di jero masigit mah.

Lebaran

Dur subuh pancuran jeung sumur geus pinuh ku nu marandi, teu sirikna pagelek-gelek. Sabot nungguan giliran, galécok nyaritakeun soal baju anyar, kadaharan, jeung rencana piknik. Mun peuting di masigit raména téh, ari geus subuh mah di pancuran.

Balik mandi téh rap baé baju anyar, tara ieuh maké sarung, kajaba sabagian bapa-bapa. Laju gesat-gesut muru masigit, ngadon salat sunat.

Saréngséna sunat, sanggeusna sasalaman, geur ngadulag bébéakan. Teuing kumaha mimitina, da kulit bedug téh ngan semet lebaran baé umurna. Mun teu soéh, nya sok aya nu pirajeunan ngabesét. Tapi, tara ieuh aya nu ambek, da kulit pigantieunana geus sayagi, beunang ngahaja meting tina kurban.

Tinggélémbréng baju anyar, kolot budak, awéwé lalaki saruka bungah bari silih hampura, silih anjangan, jeung silih asaan kaolahan. Mun poé-poé biasa tara pirajeunan nénjo nu disapatu, bubuhan di lembur, tapi ari lebaran mah maraké sapatu, copélna sageuy teu sandal anyar.

Barudak loba anu tingaringkud lantaran keuneung lécét, pangpangna mah ku tara biasa maké sapatu téa. Komo ieu bari jeung leuleumpangan ka ditu ka dieu tur indit ka tempat anu kaerong meujeuhna dipaké abring-abringan piknik. Sageuy mun teu lécét suku urut sapatu gé.

Atuh bapa-bapana, baju lebaran téh saterusna mah sok maneuh dipaké jumaahan, tara terus dipeleter saban poé. Jadi lumayan rada awét, béda jeung barudak. Najan, ari ku lila-lila teung mah, baju lebaran téh nasibna jadi … cocok lodong.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: