Wilujeng Milang Kala

Februari 19, 2010

WILUJENG milang kala kanggo Teh Dian Ramdiani anu mieling dinten lahir dina dinten Juma’ah ping 20 Februari, mugia panjang yuswa, ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan, sareng aya dina panangtayungan Allah SWT. Amin.

Kasanggakeun do’a pido’a ti saantero buana mugia katampi:

1. Do’a ti Masjidil Haram, Makkah al Mukaramah:

عيد ميلاد سعيد على أمل الحصول على نعمة ، والخلاص ، ودائما في ملجأ من الله القوة الجبارة.

2. Do’a ti Santa Cruzz Dili, Timor Leste

Feliz aniversário à espera obter uma bênção, a salvação, sempre ao abrigo de grande poder de Deus.

3. Do’a ti Kuil Tan Gu Poh, Karawang

生日快乐,希望得到祝福,拯救在上帝的强权庇护,始终。

4. Do’a ti Pura Uluwatu, Bali

janmadina mubāraka hō um’mīda hai ēka āśīrvāda, mōkṣa bhagavāna kī tākatavara śakti kī śaraṇa mēṁ, hamēśā pānē kē li’ē.

5. Do’a ti Kuil Shinto, Miyazaki

お誕生日おめでとううまくいけば、神の偉大な力の避難所での祝福、救いは、常に取得します。

6. Do’a ti Katedral St Petrus Vatikan

Χρόνια πολλά για να ελπίζουμε ευλογία, σωτηρία, πάντα στο καταφύγιο του πανίσχυρη δύναμη του Θεού.

7. Do’a khusus ti Marco van Basten

Happy birthday, hopelijk een zegen, heil, altijd in de beschutting van machtige kracht van God.

8. Do’a khusus ti Michael Ballack

Herzlichen Glückwunsch und hoffentlich ein Segen, Heil, immer im Schutz der großen Macht Gottes.

9. Do’a khusus ti Franco Baresi

Congratulazioni, e, auspicabilmente, una benedizione, la guarigione, sempre sotto la protezione della grande potenza di Dio.


Sajarah Masjidil Haram (1)

Januari 28, 2010

Sajarah Ka’bah

Saestuna wangunan munggaran tempat ibadah teh nyaeta Baitullah nu aya di Makkah al Mukarammah (al Imran, ayat 96). Ka’bah teh wangunan suci Muslimin nu ayana di kota Makkah di jero Masjidil Haram mangrupa wangunan nu jadi patokan arah kiblat atawa nyanghareupna solat keur umat Islam di saantero dunya. Salian ti eta, Ka’bah oge mangrupakeun wangunan anu wajib didatangan (ziarah) dina ngalaksanakeun ibadah haji atawa umroh.

Wangunan Ka’bah teh kubus anu ukuranana 12 x 10 x 15 meter (tingali foto rangka Ka’bah). Ka’bah sering disebut Baitullah atawa Baitul Atiq (imah heubeul) nu diwangun kalayan dipugar di jaman Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail saparantosna Nabi Ismail tumetep di Mekkah ngajalankeun parentah Allah. Dina Al-Quran surah Ibrahim ayat 37 anu hartosna Duh Pangeran abdi, saestuna abdi tos nempatkeun sabagian turunan abdi di lengkob anu hara-haraeun di sagedengeun Baitullah nu dipihormat. Duh Pangeran abdi (hal sapertos kitu) supados maranehna ngalaksanakeun solat, mugia ngajadikeun hate sabagian manusa supados mihadep sareng diberkahan rejeki tina bungbuahan, mudah-mudahan maranehna tiasa bersukur.

Numutkeun ayat tadi, tetela yen  Kabah teh tos ngadeg nalika  Nabi Ibrahim AS nempatkeun istrina, Siti Hajar sareng putrana, Ismail di lokasi nu dimaksud. Jadi Kabah teh tos ngadeg ti sateuacana  Nabi Ibrahim nganjrek di Mekkah.

Jero Ka’bah

Panto Ka’bah

Kulambu Ka’bah

Nalika Nabi Muhammad SAW yuswa 30 taun, dina mangsa harita mantenna teu acan diangkat janten rasul, wangunan Ka’bah direnovasi alatan kota Mekkah kakeueum banjir. Harita aya kajadian cekcok diantara pamingpin kabilah nalika rek nempatkeun deui  Hajar Aswad. Mung ku alpukah sareng hikmahna Rasulullah, eta cekcok teh direngsekeun tanpa ya pihak nu dirugikeun.

Ka’bah kabanjiran dina taun 1941

Dina  zaman Jahiliyyah sateuacan Rasullullah saw diangkat janten Nabi tug dugi ka ngalihna ka kota Madinah, Ka’bah sakurilingna pinuh ku arca nu jadi simbul Pangeran keur bangsa Arab.  Padahal Nabi Ibrahim as nu jadi karuhun bangsa Arab ngajarkeun supaya teu midua Pangeran, teu aya sesembahan lian lintang ti Allah, teu aya nu sarupa sareng Allah, teu gaduh putra sareng teu diputrakeun. Sanggeusna kota Makkah dibebaskeun, Ka’bah akhirna dibersihkeun tina sagala arca nu aya di sakurilingna tanpa banjir getih.

Saterusna ieu wangunan diurus jeung dipiara ku Bani Syaibah salaku kuncen nu nyepeng konci Ka’bah (tingali foto konci Ka’bah), anapon administrasi katut pelayanan haji diatur ku pamarentahan  khalifah ti kawit Abu Bakar, Umar bin Khattab, Utsman bin Affan, Ali bin Abi Thalib, Muawwiyah bin Abu Sufyan, Dinasti Ummayyah, Dinasti Abbasiyyah, Dinasti Usmaniyah Turki, tug dugi ka kiwari pemerentah karajaan Arab Saudi ngaladenan dua kota suci, Mekkah jeung Madinah.

Konci Ka’bah


Surat Katresna Model Hacker

Januari 28, 2010

Lamun seug hate anjeun teh system….,

kuring rek ngalakukeun scan, supaya kuring nyaho port mana anu masih kabuka, supaya kuring henteu ragu ngalakukeun c:\nc-l-o-v-e ka hate anjeun. Kiwari kuring ngan saukur wani ping di satukangeun anonymouse proxy. Naha ieu nu dirasakeun teh katresna? Nepi ka kuring ngarasa kumeok memeh dipacok, atawa mungkin kuring eleh wawanen, whatever!

Lamun seug hate anjeun teh system……,

Kuring miharep bisa ngamangpaatkeun vulnerabilities anjeun, make PHP injection bari terus ku kuring di 1s-1a;find/-perm777-type d, nepi ka kuring yakin yen dina hate anjeun masih aya folder kosong atawa free space keur kuring. Mungkin kuring kudu masang backdoor “Remote Connect-Back Shell” keur nungguan connect ti anjeun, supaya kuring henteu gering ngalanglayung.

Lamun seug hate anjeun teh system….,

Dina mangsa sakabeh request ti kuring ditarima ku anjeun, kuring rek terus stand by di bug anjeun nu pang anyarna, bari terus patch n patch. Salawasna kuring bakal ngajaga service anjeun supaya teu ngalaman crash. Kukituna, bere kesempetan keur kuring supaya jadi firewall anjeun, supaya kuring bisa masang port entry jeung nyeting error page anjeun ku “The page cannot be found Coz Has Been Owned by Someone, get out!”. Kuring jangji, yen moal aya macelinious program atawa service nu hidden, sabab kuring beurat ku katresna jeung kaasih ka anjeun.

Lamun seug hate anjeun teh system….,

Ulah nepi ka aya babasan “You dont have permission to access it” keur kuring, lamun teu satuju, kuring miharep supaya di ping flood atawa DDos Attack, ulah atuh ah….! Anjeun kudu jadi panglipur kalbu pemepes hate keur kuring.

Ngan hanjakal, anjeun teh lain system. Anjeun wanoja nu dipicangcam, nu geus ngajadikeun system kuring jadi ngaco. Dina wanci nu mustari, kuring bakal datang ka anjeun keur nepikeun eusi hate, yen kuring teh geus kainfeksi virus anu ngajadikeun kuring gering nangtung ngalanglayung. Teu aya deui anti virus nu bisa nyegah, lintang ti….. ANJEUN!


Laporan

Januari 28, 2010

Kahatur kadang baraya alumni SMA Negeri Sumedang Angkatan 82.

Saparantos ngadegna warung urang tilu minggu kapengker, dilaporkeun wireh:

1. Anu parantos rurumpaheun ngalongok warung urang teh sanes bae komunitas alumni, nanging tos ngarambah ka individual sareng komunitas sanes anu sami-sami makedeudeuh sastra sareng budaya pasundan. Hal ieu katingali tina statistik admin anu mintonkeun seueurna akses netter sareng lalu lintas blog/site nu lebet ka warung urang. Kantos warung urang dianjangan ku langkung ti 100 urang sadinten dina salahsawios dinten tilu minggu kapengker.

2. Ku ayana kitu, sareng ningali seueurna minat kana topik-topik anu didugikeun, pribados salaku “nu ngaladangan” di warung (samentawis), ngahaturkeun ide supados ieu warung dikembangkeun janten majalah sunda on line ku alpukahna para alumni SMA Negeri Sumedang Angkatan 82. Perkawis  Redaksi sareng Rubrik mangga nyanggakeun urang dibadantenkeun wae.

3. Salajengna, pribados nyuhunkeun tanggapan ti para saderek sadaya perkawis pengembangan ieu warung, naha bade dikembangkeun janten majalah on line atanapi mung sakadar media komunikasi biasa sapertos anu tos dijalankeun ayeuna.

Mung sakitu kapihatur, diantos pisan saran sareng tanggapanana. Hatur nuhun.


Kasieunan Nyandung

Januari 28, 2010

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, do’ana kadangueun ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : “Hey…kunaon maneh ceurik?”

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu kampak anjeun teh?”

Tukang kai ngajawab : “Sanes!”

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , “Sugan nu ieu kampak anjeun teh?” Sakali deui, tukang kai ngajawab : “Sanes!”

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, “Ieu meureun kampak anjeun teh?”

Tukang kai ngajawab: “Sumuhun, leres Gusti !”

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngado’a ka dewa. Do’ana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : “Kunaon deui anjeun ceurik?”

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: “Ieu pamajikan anjeun teh?” Na ari pok teh: “Leres, eta pamajikan abdi teh!”

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : “Anjeun bohong!, teu jujur!”
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

“Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!”


Tidur Bareng

Januari 28, 2010

Originally posted by Kang Acil

Hiji mangsa aya anggota DPR mendapat telepon gelap ti hiji Awewe,
Penelepon : ” Bapak anggota Dewan, sayah punya Foto dan Dukomentasi Lengkap yang menunjukan bahwa kita pernah Tidur Bersama, untuk itu saya minta Tebusan 5 Milyar, kalo tidak. Foto dan Dokumentasi ini akan saya sebarkan kepada Mass Media.”

Atuh puguh we anggota DPR teh kaget jeung reuwas, jeung maneh na emang rumasa rada culamitan teu kaop ningali pingping nu gamuleng jeung pinareup nyeungserug, tapi manehna bingung ieu teh awewe na anu mana saking geus sering teuing gali lubang jadi teu inget.
Basa si Awewe eta nelepon deui, tuluy we adu tawar jeung anggota DPR, akhir na sepakat dibayar 3 Milyar dengan catatan semua Foto dan Dokumentasi na diserahkeun ka anggota DPR. Tuluy we duit na di anteurkeun ka tempat nu disepakati.
Sanggeus beres si awewe nelepon deui, tuluy ditanya ku si anggota DPR teh,

Anggota DPR : ” Neng, sebelum saya ambil semua Foto & Dokumetasi nya, saya penasaran siapa sebenarnya anda, kapan dan dimana kita pernah Tidur bareng ?”.

Awewe : ” O iya pak, Kita pernah Tidur Bareng di Gedung DPR pada saat Pidato Presiden Bulan lalu , malah terlihat jelas sekali foto Bapak lagi merem, kebetulan saya juga ketiduran waktu Sidang itu…”

Anggota DPR : “…………..??????!!!!!!######## “


Beda Suku

Januari 28, 2010

Rengse sakola, Enjum jeung Akep balik bareng bari ngobrol……

Enjum : Uing mah karunya ka si Ucok jeung nyi Uneh euy.
Akep : Kunaon?
Enjum : Eta we pedah teu disatujuan kawin ku kolotna pedah beda suku.
Akep : Deudeuh teuing atuh.Uing mah boga tatangga si Usep jeung nyi Darsih, sakitu beda suku ge angger we disatujuan ku kolotna masing2 nepi ka kawinna..
Enjum : Hah? ari kang Usep teh orang Batak kituh? maenya ngaran Usep orang batak euy…
Akep : Duanana ge urang Sunda euy. Ngan bedana ari suku nyi Darsih mah.. geus bodas teh bareresih, ari kang Usep geus hideung, budug…. rorombeheun deuih…
Enjum : ( aral deui ) Eta mah beda cokor belegug!!!