Wilujeng Angkat


Carpon Étti RS

Kang, wilujeng angkat. Ha­punten abdi teu tiasa nohonan kapalay Akang, kapalay yén abdi kedah ngiring jajap ka bandara. Ku teung­teuingeun ari Akang. Tuh nya, sanggem abdi gé pameget mah mung tapis ngolahkeun pikir, ari ngolah­keun rasa éstuning tuna. Leres kanggo Akang mah matak reugreug pami abdi dong­kap téh, tur matak bagja dijajap ku panyawang tresna, dianteur ku paneu­teup geugeut, digupay ku rasa asmara ti diri abdi. Ari kanggo abdi sawangsulna, bujeng-bujeng matak bagja, tangtosna gé matak géring nangtung ngalanglayung, matak begang kapidangdung sarta ditali­kung liwung. Supados Akang teu kuciwa teuing, abdi ngajurungan Mayang, sobat urang duaan, ngiring jajap bari sakantenan nengetan kabagja Akang sareng tuang rai.

Duh ieu jajantung asa ditojosan jarum nalika Mayang ngadongéngkeun kaayaan di bandara. Saurna seueur nu jajap nya Kang. Salian ti kulawargi Akang sareng kulawargi tuang rai téh, para santri sareng ti pangaosan ibu-ibu gé ngiring jajap. Akang katingal gagah saurna téh, nganggo jean sareng sweater biru kolot. Kitu deui tuang rai, mani nyari nganggo jean sareng tunik bodas, kurudungna pulas bulao langit. Akang duaan teu weleh imut nalika pataréma réma sareng nu jarajap. Akang ngadeg ngaréndéng sareng tuang rai, digéndéng ku tuang ibu sareng tuang rama ti dua pihak. Raray tuang rai katingal langkung cahayaan, cénah. Eta téh ngébréhkeun kaayaan manahna nu nuju mangkak ku kembang asih tur meleber ku puspa trésna. Badé teu kitu kumaha, mun seug abdi nu janten tuang rai gé, komo raray abdi mah baris langkung ti cahayaan, hurung ngempur boa; teras deui abdi mah badé bari montél wé, nyepengan kana panangan kiwa Akang. Ah kétang, boa sikep abdi sapertos kitu numawi urang burung ka balé nyungcung gé, numawi sepuh sareng kulawargi Akang teu sapuk gé; numawi Akang dipangmilariankeun pibatureun hirup gé….. numawi Akang ayeuna téga ka abdi gé.

Rumaos tebih tanah ka langit antawis abdi sareng tuang rai téh. Abdi mah seniman tulén, ari tuang rai urang pasan­trén. Abdi mah saba panggung, ari tuang rai saba masjid agung. Karesep abdi ulin ka galéri, karesep tuang rai mah macangkrama sareng santri. Abdi purukul tukung, kapan tuang rai mah teu weléh ditiung. Kahartos pisan upami urang kedah paanggang téh, margi kaayaan abdi moal tiasa katampi ku sepuh Akang sakulawargi. Kang, wartoskeun atuh da abdi gé tiasa maca Qur’an, rajin saum nyenén ngemis, solat tara kalangkung sanaos nuju manggung. Kahartos ku abdi gé, tangtos sanés éta wungkul nu kalandep ku kulawargi Akang mah, tapi kedah dibarung ku ‘pinton anggon’ islami tur ‘pinton pasemon’ nu nyantri.

Upami sadaya wanoja sapertos kitu, panginten urang moal kantos terang kumaha éndahna ibing Sunda klasik, urang moal wanoh kumaha dinamisna ibing jaipongan; moal apal kumaha motékarna para bajidor, boa urang gé moal kantos mireng galindeng tembang Cianjuran. Akang gé uninga seni nu islami téh seueur. Aya seni Nurhidayah­an nu dialpukahan ku Kang Hidayat Suryalaga, seni tembang kalawan eusi rumpakana islami dicandak tina ayat-ayat Qur’an, nya éta tarjamahan Qur’an nu diserat dina wangun dangding. Tah, éta kasenian téh saéna mah diuningakeun ka tuang rama sareng tuang ibu, sareng uningakeun ogé yén seni nu islami téh sanés kasidahan wungkul. Kapan ayeuna mah aya nasyid sagala, nya kitu deui dina sinétron gé ayeuna mah seueur nu midangkeun carios islami. Tangtos sepuh-sepuh Akang gé aruningaeun kasenian buhun gé seueur nu jolna ti pasantrén, di antawisna tembangan, salawatan; malah wawacan mah cenah ngawitan sumebar di Tatar Sunda téh ngalang­kung­an pasantrén.

Ari carios dina wawacan apan umumna mah dongéng, sanés gembleng nyarioskeun ajaran kaislaman. Wijaksana pisan nya Kang, ulama baheula nyebarkeun agama Islam téh henteu togmol kana tauhid, tapi nyuguhkeun carios nu eusina ngonjoykeun kasaktén para tokoh nu ngagem agama Islam. Dina nganamian para tokohna gé dicampur, nami Sunda sareng nami urang Arab; sapertos Imam Suwangsa, Amir Hamzah, Umarmaya, Bagenda Ali, sareng Ogin Amarsakti.

Aéh, naha bet méngkol kana perkawis wawacan sagala nya. Atuda abdi téh sok hoyong béla diri upami émut kana rereged nu ngahalangan tali asih urang, bongan nu dianggap reregedna perkawis seni budaya, pédah abdi icikibung dina widang éta. Kumaha atuh nya, da jiwa abdi mah ngancikna di dinya, di leuwi budaya Sunda. Sanggem abdi mah budaya téh hiji lahan anu nétral, widang nu aman kanggo ngalawungkeun jalmi ti unggal kalangan. Widang budaya mah tiasa nyumpingkeun pirang-pirang komunitas ti luareun budaya, ti ngawitan para politisi; ékonom, agamawan, téknokrat, ilmuwan, dugi ka paramédis. Kapan urang gé ngawitan tepang téh dina Simposium Kabudayaan Nusantara. Émut kénéh teu, harita Akang kantos kasigeung ku pisanggem abdi nalika diskusi perkawis “Séksualitas dina Sastra”. Malah Akang gé rada nyeuneu sagala waktos abdi nyabit-nyabit buku Kamasutra.

“Perkawis séks mah teu kedah ‘didagangkeun’ dina buku, komo buku sastra mah apan nu diutamikeun téh kaéndahan, sanés kajorangan,” saur Akang.

“Maksad Akang, buku Asmaramurka-na Ahmad Bakri?”

“Ah, sadaya buku sastra wé nu eusina ngaharib-harib atanapi midangkeun hal nu porno, teu aya kaéndahanana.”

“Kapan séks ogé ngadongkapkeun rasa éndah, rasa nu sesah diébréhkeunana. Séks téh manusiawi, paparin ti Gusti. Séks téh ibarat vitamin, matak jagjag tur matak naékkeun vitalitas saur dr. Boyke gé,” sanggem abdi bari seuri.

“Leres pisan, sadaya kanimatan nu ku urang karaos téh anugrah Alloh, kalebet kanimatan séks. Éta sadayana karaos ku unggal jalmi, dalah ku sasatoan ogé. Ku kituna, ku urang teu kedah didramatisasi, teu kedah didadarkeun dina wangun seratan; da teu diserat gé tangtos karaoseun ku sakur mahluk nu nyawaan mah.”

“Saur saha teu kenging nyerat perkawis séks? Naha nya buku Kamasutra bet dikengingkeun nyebar, padahal éta buku téh ngadadarkeun unak-anik séks?”

“Komo buku éta mah sumberna ge tina ajaran Hindu,” Akang teugeug.

“Naha da abdi gé kantos maca buku Séks dalam Islam, hilap deui nu nyeratna mah, wedalan CV Bina Ilmu taun 1980. Éta dua buku téh sanés ngajarkeun séks nu jorok, sanés kanggo ngalajur napsu; tapi nyarioskeunkeun séks nu séhat sareng sopan,” walon abdi bari nyéréngéh.

“Sadérék panuju kana prostitusi nya?”

“Tah éta téh kacindekan nu teu calakan!” abdi nyeuneu.

“Kumaha ari kana Undang-Undang Anti Pornografi & Pornoaksi. Sadérék kalebet anu pro atanapi kontra?”

“Tacan tamat macana,” teugeug.

“Saéna mah énggal tamatkeun supados kagambar kumaha mangpaatna éta undang-undang kanggo ngajagi martabat wanoja,” Akang leuleuy.

“Satungtung éta martabat henteu matak nyengker kana karancagéan budaya mah, abdi panuju.”

Abdi reuwas waktos nampi sms munggaran ti Akang. Panyana téh Akang bendu, badé neraskeun diskusi dina simposium téa. Rumaos abdi sok neugtreug, alim éléh, malah sakapeung mah sok ngahaja hoyong nyigeung manah. Sihoréng méncog panyangka abdi téh, Akang mah nga-sms téh sanés bendu, nanging naroskeun alamat rorompok; Akang badé nambut buku-buku kabudayaan Sunda. Kantenan wé abdi téh bingah, aya urang pasantrén nu ngersakeun neuleuman budaya Sunda. Abdi bingah wiréh Akang tos katépaan virus budaya, abdi bagja wiréh Akang janten ‘mualaf’ budaya. Harita abdi gaduh kayakin­an yén budaya baris langgeng saupami dalit sareng ajaran agama nu diagem ku urang, tangtos waé budaya nu napak sareng teu mengpar tina norma-norma agama. Sanggem abdi mah antawis budaya sareng agama téh kedah silihpikabutuh. Ngalangkungan cara-cara agamis, budaya tiasa tumuwuh tur teu ditebihan ku masarakat. Sawangsul­na, budaya ogé mangrupi media nu stratégis pikeun nyebarkeun paham agama ka sadaya kalangan masarakat.

“Akang nembé terang yén kasangtukang urang Walanda nyusun kamus basa Sunda téh ngawitanana mah kanggo kaperyogian nyebarkeun agama,” saur Akang.

“Da sanés nyusun kamus basa Sunda wungkul, kamus basa Jawa sareng basa daérah sanésna ogé disusun. Numawi Injil mah diserat dina sababaraha basa. Panginten maksadna mah supados unggal bangsa gampil ngartoseun kana eusi kitab nu nganggo basa maranéhna mah,” abdi asa dijalanan.

“Boa Snouck Hurgronye gé neuleuman budaya Sunda sareng agama Islam téh politis nya?” Akang daria.

“Rupina kitu,” walon abdi.

Manawi téh Akang moal teras manjang nganjang ka rorompok. Manawi téh Akang badé héran waktos pun anak, si bungsu, ngagoloyoh kana lahunan abdi. Pan upami Akang sumping téh, biasana mung dibagéakeun ku pun biang da ari siang mah pun anak nuju sakola. Sihoréng Akang tos uninga yén abdi léléngohan dibaturan ku dua budak. Barudak gé janten apét ka Akang, da éta Akang mah ngawowoy unggal ka rorompok téh teu weléh cacandakan. Ka dieunakeun Akang wakca yén sami-sami nyorangan tur diréncangan ku dua sosoca.

“Rupina tos Kersa Alloh urang ditepangkeun dina kaayaan nasib nu sami. Pupujan ati urang sami-sami mulih ka Pangkonan Anjeunna. Urang sami-sami katitipan dua sosoca pikeun dijaga dugi ka sawawa,” saur Akang bari neuteup leleb.

Abdi gé bingah Akang sering sumping ka rorompok téh. Abdi janten gaduh batur diskusi, boh perkawis budaya boh agama. Teu munafik, lami-lami dina diri abdi bet aya geter nu bénten upami nuju pacaket sareng Akang téh. Nya kitu deui, tina sorot soca Akang gé karaos aya jamparing nu teu ngajirim nembus kana jajantung. Harita urang sami-sami rikip nyumputkeun gumuruh kalbu, sami-sami lantip mindingan gilisir asih. Sabuni-bunina nyumputkeun rasa, geuning ku nu sanés mah tetep katingalieun. Malah Mayang mah kantos nga-sms kieu:

mulung manggu jeung campedak,

hanjakal loba giungna;

malem Minggu néang budak,

padahal néang indungna…

Duh, mun émut kana waktos harita haté abdi sok lelenyapan. Matak nineung mun émut nuju di perpusta­kaan, pami Akang nuju pogot maca téh mani alim diganggu, ditaros gé tara ngalieuk-lieuk acan, ari ngawaler téh soca mah angger mencrong kana buku. Sakapeung mah abdi sok sirik pami ningal Akang husu maca, geuning kahusu mah abdi ge éléh ku mualaf. Kitu deui mun nuju di kafé, Akang mah bari ngopi téh teu weléh direumbeuy ku muka buku. Reueus Kang, abdi reueus pisan ningal Akang mikaresep budaya Sunda. Aya nu langkung pikareueuseun kanggo abdi téh, nya éta Akang teu weleh ngemutan pami abdi teu acan netepan. Nuhun Kang, saprak kenal sareng Akang, abdi gé nambihan pangawéruh kaagamaan; abdi janten gaduh pabukon husus kaagamaan, sadaya buku paparin Akang ku abdi dipusti-pusti, dibung­kus keretas pulas kayas sareng biru. Éta dua warna téh kalintang ageung hartosna kanggo abdi mah. Pulas kayas atanapi pink téh ceuk kaum rumaja mah lambang cinta, lambang asih saku­maha nu kauninga dina valentine’s day téa. Ari pulas biru mah pangéling-ngéling. Munggaran urang kedal asih di mumunggang kalér téa, harita Akang nganggo kaméja kotak-kotak warna biru.

Saprak sok jalan-jalan sareng Akang, abdi janten terang ka pasantrén Al-Zaitun, Arafah, Cipasung, Suryalaya, Pabélan, sareng Gontor. Tos kantenan ka Darut Tauhid mah unggal minggu tara kalangkung. Kawitna mah mung sok nguping namina wé ka éta pasantrén salohor téh. Sanés anti, abdi tara ngalanto ka pasantrén téh, nanging ku teu aya batur nu ngajak wé bubuhan abdi mah campur gaulna sareng seniman wungkul. Tapi ulah lepat hartos, sanaos teu saba pasantrén, abdi tetep nohonan kawajiban anu dasar sakumaha nu ngaruntuy dina Rukun Islam. Anu teu acan kalakonan téh rukun anu kalima, teu acan umroh-umroh acan. Manawi téh badé cios nganjang ka tanah Rosul sareng Akang, manawi téh badé cios sasarengan sujud ka Mantenna di palataran Ka’bah, manawi téh urang badé cios sasarengan mipit bentang tingkaretip di sagara keusik; manawi téh… manawi téh badé cios sasarengan ngarang­geum bulan gumawang luhureun padang Arafah.

*

Waktos di bandara, saur Mayang téh cenah Akang api-api mésér roko bari ngalangkung ka payuneun Mayang, teras ngaharéwos titip salam sono kanggo abdi. Teu, teu bingah nampi salam sono téh, malah kalah tambih marudah. Abdi mah hoyong sotéh nguping soanten Akang nu panung­tungan méméh ngapung ngawang-ngawang. Abdi élékésé­kéng teu genah cicing balas ngantosan sora telepon, nanging lebeng dugi ka ayeuna, teu aya sms-sms acan. Muhun geuning pameget mah gampil pisan hilap kana sagala nu tos karandapan téh, gampil ngabangbalér­keun nu kantos ngancik dina haté, gampil kabébénjokeun ku rupaning nu sumping pandeuri. Ayeuna mah teu aya kirining wanci peuting, teu aya sms pamépés haté, alarem ge mung kantun na angen-angen; miscall mah komo teu embol-embol.

Abdi teu tiasa ngabadé kumaha  kaayaan manah Akang nalika nampi ieu serat, naha bingah, reuwas, hemeng, atanapi datar taya rasa nanaon. Bongan Akang teu nelepon waktos badé angkat. Abdi janten keuheul, panas, kuciwa; awor gumulung minuhan jajantung. Ieu serat téh lambang katugenah abdi, ngahaja dikintunkeun ka alamat rérén­cangan nu nuju tugas belajar. Untung harita Mayang diwar­tosan ku tuang rai, saurna moal langsung angkat ka Mekah, nanging Akang saparakanca badé macangkrama heula tilu dinten di Malaysia. Malah tuang rai téh maparin alamat hotél sagala ka Mayang, janten aya lolongkrang kanggo abdi pikeun ngadugikeun ieu bangbaluh kalbu. Nuhun kituh, saurkeun ka tuang rai.

Abdi tos terang ti anggalna yén Akang sareng tuang rai badé angkat umroh. Kapan éta pisan nu ku Akang sering didugikeun ka abdi tur tos kapicangcam ti anggalna. Abdi émut kénéh waktos di Pusdai sabada urang nyaksian akad nikah putra Pa Abdullah, Akang kantos kedal ucap seja umroh sasarengan. Malah Akang gé kedal jangji yén urang baris jatukrami di Tanah Suci; ngajak nikah di palataran Ka’bah. Ayeuna kapalay Akang tinekanan sanaos abdi teu nyarengan. Nu penting kanggo Akang mah laksana ka tanah Mekah, sareng saha-sahana teu masalah, asal nu nyarengan téh pi indungeun para tuang putra nu saroléh.

Kang, ieu haté asa dijejewet nalika Mayang nyebatkeun yén Akang sareng tuang rai téh sanés badé umroh wungkul, nanging bari badé ijab kabul. Paingan sepuh-sepuh Akang ngariring, sihoréng tos dirarancang badé lumangsung pertikahan luhung. Duh, ku nyeri ieu ati diturih ku hinis asih, dada gudawang ditigas pedang duriat. Saméméhna ogé abdi tos gaduh kereteg haté yén Akang sareng tuang rai angkat téh sanés mung sakadar umroh, nanging éta kereteg téh sok dibébénjokeun ku kayakinan yén duriat Akang tetep maskét ka abdi. Ti barang terang yén kereteg haté abdi kabuktosan, sakolépat éta kayakinan téh musna kaduruk seuneu timburu, silalatu-na rabeng ka suklak-sikluk kalbu, ngabalaan sakuliah bayah.

Saurna hawa di Mekah ayeuna nuju panas pisan, tangtos baris nyongkab nya Kang? Upami Akang ngaraos nyongkab, tah nyongkabna haté abdi ayeuna téh langkung panas ti hawa Mekah. Tangtos nyongkabna hawa Mekah kanggo Akang mah moal patos karaos margi baris kageberan ku angin tingtrim, kapépéndé ku hawa oléng pangantén. Sawangsul­na, nyongkab­na haté abdi asa hamo kapépés sanaos dibanjuran ku hujan és, asa hamo tengtrem sanaos disiram ku cai zamzam.

Kang, émut kénéh teu kana sms ti abdi kieu:

rasa asih ulah robih  janten peurih, sanaos teu sapagodos, asih mah urang pupusti dugi ka muguran ku jaman.

Rupina ayeuna pisan tresna urang ngawitan muguran, sanés ku jaman, nanging laas ku hawa panas nu ngaléntab galak nyaksrak saawak-awak. Abdi teu sanggem mupusti margi moal kiat nandangan sangsara ati. Sawios disébat jejerih ti batan digitik ku kapeurih peurah asih.

Kang, wilujeng angkat nya. Wilujeng ngarecah bulan gumawang. •

Dimuat dina majalah Manglé No. 2067

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: