Ateul


Ku Mamat Sasmita

MUN awak geus ateul, bet hayang diturihan, disisit ku hinis, dipépéhék manjing kéré lauk, kulit lestreng dikalantang dina gantar. Gégétrét ku leungeun dalapan pasang. Dina mumuncangan, dina bujur, dina bitis, dina tonggong, dina kongkolak mata, dina pipi, dina dada, dina palangkakan. Ateul, lir tari jaipongan, awak oyag, kiceup, rérét, buncelik. Ngadégdég, ngageter, muriang.

Enya kudu ka Puskesmas. Cék Mang Jamal gé dokterna bageur jeung geulis.
„Tong diantep panyakit mah, jung ka puskesmas. Dokterna geulis, dadana ngablak, ramo leungeunna mecut, mun keur mariksa teu weléh imut”. Mang Jamal téh tatangga, bageur, sakapeung sok méré dahar.
“Geus ngaliwet jang?”, kitu mindeng nanyana téh, mun kuring ngajawab encan sok terus mawa sangu sapiring. Éra ari mindeng teuing mah, antukna kuring sok remen ngajawab geus dahar najan encan gé.
Ari cék Si Kuya mah panyakit ateul nu ku kuring karandapan téh asalna tina strés, majarkeun kudu buru-buru kawin. Si Kuya mah babaturan sakola nepi ka SMP, kuring mah magol teu neruskeun, ari manéhna junun nepi ka lulus ti paguron luhur. Sarua ieu gé tatangga kuring, batur ulin ti leuleutik. Disebut Si Kuya téh éta mah lalandihan, pédah wé diimahna boga cocooan kuya leutik jaman keur sakola dasar. Ari kuring ku manéhna dilandi Si Légé, pédah kungsi boga cocooan légé. Teu dileuleungit kahaat Si Kuya téh, najan manéhna geus jeneng, boga gawé di kota, ari ka sobat mah teu poho. Basa keur bareng sakola di SMP kuring sok resep maca buku atawa koran di imahna, nepi ka ayeuna Si Kuya teu weléh ngirim bacaan najan, urut boh buku boh majalah.
„Sanajan ilaing teu terus sakola, ari maca mah ulah kaliwat“ kitu basana téh.

**
Haté gilig rék ka puskesmas, rék uubar ka dokter. Di puskesmas geus loba jelema, nu garering. Heueuh ari kituna mah, di puskesmas tempatna jelema gering, di pasar tempatna jelema jagjag, di masjid tempatna jelema ibadah, ngan ari tempatna jelema korupsi mah teuing dimana.
Sanggeus digeroan kuring dititah asup ka rohang pamariksaan dokter. Enya wé dokterna geulis, ngan dadana mah teu ngablak, teu make baju lahak. Wah bohong Mang Jamal téh, atawa pédah make baju saragem dokter, baju bodas terusan, jadi teu kaciri ngablakna.
Kuring ngadongéngkeun panyakit ateul nu karandapan. Dokter geulis téh ngareungeukeun bari kutrat kotret nulis. Terus kuring dititah nangkarak dina méja pamariksaan. Rada degdegan dititah nangkarak ku nu geulis. Dipariksa dada jeung kulit dialak-ilik.
Rérés dipariksa, dokter nanya.
„Padamelan sadidinten naon?“
„Ngangon meri“
„Kamana baé ngangon téh?“
„Ka sawah nu tos dibuat sareng ka solokan“
„Upami karaosna ateul téh nuju kumaha?“
„Nuju nongton berita di télévisi“
Dokter mureleng neuteup, meureun disangkana heureuy.
Cék kuring, mun ateul rék karasa, mimiti ngarey kawas ningali balingbing wulung, haseumna geus karasa najan can antel kana létah. Terus culcel ateul siga dicoco tumbila atawa karasa ngagarayam siga disasar tuma. Padaharan murel. Pudigdig kulit ngandelan, sabulu-bulu rancung nanding jarum. Awak jegjreg jadi papan, ateul geus ngagulung, gumulung lir gula jeung peueutna. Ateul aya diunggal titik, parat ti titik ka titik. Ateul geus ngajirim. Ateul geus lain kecap sifat geus robah jadi nomina jeung verba.
„Pareuman atuh télévisina“ cék dokter.
Tembal kuring, bongbolongan kitu mah sarua jeung bongbolongan ti Mang Jamal papada tukang ngangon meri, hayang meunang bongbolongan siga kitu mah teu kudu ka dokter nu sakolana lila.
Ngadéngé kitu dokter ngagadeud tapi ditungtungan ku imut ngagelenyu. Daréhdéh dokter téh, teu pundungan.
„Kieu wé atuh kang, ayeuna mah candak ieu ubar, nu ieu mah vitamin supados awak akang séhat teras nu ieu mah dileueut upami badé kulem“
Asa nyeblak disebut akang ku nu geulis, kuring unggut-unggutan bari nampa ubar, gerentes haté tah ieu bédana Mang Jamal jeung dokter. Mang Jamal mah teu wasa méré ubar, ukur nyebutkeun nitah ngarieus daun baluntas jeung awak kudu dibalur ku parudan laja, sigana nyebut kitu gé ukur sapokna. Enya wé saprak nginum ubar ti dokter, kana dahar jadi gembul, atuh saré nyegrék baé, tara aya hayang lalajo télévisi. Ngan basa ubar béak kabiasaan lalajo télévisi téh kanceuh deui, atuh panyakit ateul gé datang deui.
Panyakit ateul téh karasana geus méh tilu bulan, karasa ateul awak téh basa mimiti aya warta dina télévisi soal cakcak jeung buhaya, kadieunakeun ateul beuki meuweuh sanggeus aya warta kasus Bank Céntury.

**

Ngaduakalian, uubar ka puskesmas téh dianteur ku Si Kuya jeung Mang Jamal da disangkana kuring gering parna, pédah tilu poé teu ngangon meri. Ateul karasa ngan lain ukur dina kulit tapi nyaksrak kana haté jeung uteuk. Ateul mawa ngapung, ngajak sidéngdang, nyiriwik kana sela-sela méga, eunteup kana unggak pucuk daun. Ngilu ngeclak dina reumis, ngilu liket dina leutak, dina keusik, dina cai, dina hawa, dina seuneu. Laut, talaga, walungan, gunung, leuweung, kabéh jadi ateul.
Kuring dipayang, digolérkeun dina méja pamariksaan dokter. Puguh wé dokter reuwaseun, da kadéngé jeung karasa gura giru nyabakan awak. Kadéngé Si Kuya nu ngajelaskeun kaayaan kuring ka dokter.
Kuring mah ngahéphép wé ngagolér, pajuranteng pikiran, aya kenur, aya tambang, aya bola kasur, aya tambang injuk. Kondéal aya pikiran waras, boa, heueuh éta ubar ateul téh, dipikir dibulak balik. Heueuh éta. Koréjat kuring hudang bari ngagorowok „ Kuya…manggih euy ubar ateul téh…“ kuring turun tina méja pamariksaan, jumarigjeug leumpang ka méja dokter. Si Kuya buru-buru nyangkéh, bisi labuh meureun, da awak karasa lanjung pédah teu dahar tilu poé. Sabenerna lain teu hayang dahar, hororéam wé rék ngaliwetna, ari rék meuli asakan ka warung, rada jauh jeung ongkoh euweuh titaheun. Ari Mang Jamal nu biasana haat, harita keur mangkalan, ngangon meri di sawah lembur séjén rada anggang. Ayeuna nganteurkeun kuring gé pédah wé Mang Jamal disusul ku Si Kuya ka tempat mangkalanana.
„Dokter punten abdi tadi ngagorowok pedah atoh mendakan ubar ateul“
„Cik naon atuh ubarna téh…“
„Abdi kedah janten meri..!“
„Légé,…na sia téh gélo?“
„Anjiirr uing disebut gélo, Kuya ayeuna mah mending néangan sangu ka warung, uing lapar yeuh, soal gélo mah engké wé didongéngkeun..!“
Si Kuya, acong-acongan ménta dihampura ka dokter pédah geus ngaganggu bari jeung teu puguh uubarna, da kuring maksa balik pédah hayang dahar. Si Kuya rada lila ngomong jeung dokter, kuring mah dibéyéng ku Mang Jamal dibawa kaluar. Di jalan Si Kuya nyarita yén dokter nanyakeun naha kulawarga kuring euweuh nu ngurus. Ku Si Kuya dicaritakeun yén kuring jalma nunggelis, saprak kolot kuring dipundut ku nu kawasa basa keur kelas hiji SMA.

**

Katilukalina kuring manggihan dokter di puskesmas, lain rék uubar, tapi rék mikeun surat ondangan, kuring rék kawin.
„Ngiring bingah, ngéngingkeun urang mana kang..?“
„Ah sareng batur salembur wé, putrana DPR…Dagang Peuyeum Ripuh, da kadinya kupuna, tukang ngangon meri ka putrana nu dagang peuyeum…!“
“Naon ubar ateul téh..?” dokter téh panasaran sigana mah.
“Sumuhun kedah janten meri, kedah tumut sakapalay dunungan, mung ngendog mah kedah tetep produktif…, atuh nongton télévisi cekap ku bobodoran Sulé”.

(Dimuat dina Cupumanik No.80 Maret 2010)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: