Wangkongan Bah Oding (4)


ABONG  létah taya tulangan. Teu kaur aya béja anu rada ‘ahéng’, gancang pisan nerekabna. Tina sajeungkal, sok jadi dua jeungkal, tilu jeungkal, malah teu pamohalan nepi ka sadeupa. Basa minggu kamari ogé, Néng Titin digosipken sok mandi bari nangtung. Ibur salembur, éar sadesa. Teu di mana, teu di mendi, ngan hayoh baé nyaritakeun perkara Neng Titin. Malah poé mangkukna mah, béja téh geus nambahan deui. Sajabana ti bari nangtung, Néng Titin sok bari ngaca deuih mandina téh. Teuing saha anu jadi nara sumber utamana.

“Ari manéh apal ti mana?” Neng Titin tumanya ka Si Adul.

“Abdi mah ti Si Aniw,” témbalna.

“Oh, lamun kitu mah Si Aniw ulon-ulonna téh,” Néng Titin mani ngagidir, awahing ku ambek.

“Da Si Aniw ogé kénging béja ti internét,”

“Kajeun Si Internét ogé, kuring mah teu sieun,”

“Da internét mah sanés sabangsaning jalmi, Téh,”

“Rék bangsa siluman, rék bangsa genderewo ogé, pasti ku kuring bakal dijorag.   Cucungah pisan, maké jeung ngiburkeun perkara anu teu uni. Ceuk saha kuring sok mandi bari nangtung jeung bari ngaca?”

“Ari saleresna kumaha kitu, Téh?” teuing kalepasan, teuing kumaha Si Adul maké jeung tumanya kitu.

“Na manéh téh, dilelepkeun ku kuring siah!” Puguh baé Néng Titin ambek kabina-bina. Lamun teu kaburu mangprét mah teuing kumaha nasib Si Adul.

Padungdengan ngeunaan Néng Titin, beuki lila mingkin nambahan baé. Jang Uyéh anu geus tatahar rék ngalamar Néng Titin, antukna jadi bolay. Pangpangna mah kulawargana ngadadak teu panuju. Karunya Néng Titin. Hanas geus nyipta-nyipta rék pangantenan di Warung Situ, ahirna ukur jadi sawangan.

Tétéla geuningan ngaréka-réka tur manjangan béja téh, matak ngabarubahkeun batur. Nyilakakeun ka nu teu tuah, teu dosa. Tapi bubuhan geus jadi trend, mani taya kapokna.  Buktina ti poé kamari, di Warung Situ geus aya béja anyar deui. Rada harénghéng deuih, da puguh anu digosipkeunna hiji tokoh masarakat. Cenah mah Ustad Wawan rék  ngajarah harta banda lamun keur mangsana paciweuh kerusuhan. Malah diimplik-implikan sagala, Ustad Wawan téh rék ngajarah sagala rupa anu aya patula-patalina jeung kapentingan pangwangunan.

“Nu balég manéh téh? Piraku Ustad Wawan rék jadi lauk buruk milu mijah?” Bah Oding nanya bangun cangcaya. Pangpangna apaleun pisan kana kalakuan sapopoéna Ustad Wawan.

“Sing wani kabéntar gelap!” Si Adul ngayakinkeun.

“Apan ari ngajarah téh hiji pagawéan anu dipahing pisan ku agama?!”

“Duka teuing perkara éta mah. Nu jelas, ceuk Jang Dadan ogé, Ustad Wawan rék ngajarah…”

“Kabina-bina teuing atuh. Ari Jang Dadan, meunang béja ti saha?”

“Cenah mah Mang Idod anu méré iberna téh,”

“Ari Mang Idod, apal ti saha?”

“Tah, Mang Idod mah nyahona teh ti Jang Uyéh,”

“Ari Jang Uyéh?”

“Nyao teuing, da kuring ogé can kungsi panggih, geus aya kana dua bulanna,” témbal Si Adul bari garo-garo teu ateul.

“Lamun kitu mah, mending urang tanyakeun baé ka jinisna, ngarah pararuguh. Ulah dapon percaya kitu baé, bisi pitenah. Lamun Ustad Wawan enyaan rék ngajarah, sakalian baé Abah rék milu..”

“Sok wé ka dituh sorangan. Kuring mah moal milu, sieun kalah diambek. Basa kuring konfirmasi ka Néng Titin ogé, kalah rék dibalédog ku halu,” témbalna.

“Béda deui éta mah masalahna. Jeung deui, éta mah kumaha cara nanyana. Apan aya cara-cara nanya anu hadé. Geus maca bukuna?”

“Acan,”

“Nu matak, kudu réa maca buku silaing téh. Ngarah henteu katinggaleun jaman. Hayu ah, Abah mah rék ka imahna Ustad Wawan.” Kituna téh Bah Oding bari langsung cengkat. Léos indit, muru ka imahna Ustad Wawan.

Bras, Bah Oding ka pakarangan imah Ustad Wawan. Kabeneran pisan, Ustad Wawan keur meujeuhna rinéh.

“Cios ngajarah téh, Jang ustad?” Bah Oding langsung tumanya, kalayan henteu malapah gedang. Puguh baé Ustad Wawan ngaranjug.

“Kumaha Bah? Kukupingan téh ngajarah?”

“Enya Abah teh ngadenge ti batur. Mun bener  mah, Abah sakalian hayang ngiluan,”

“Na Abah téh kawas nu lieur atuh. Piraku abdi rék ngajarah?” Ustad Wawan rada muncereng.

“Heueuh hampura Jang Ustad, Abah mah ukur meunang béja ti Si Adul. Cenah mah Jang Ustad rek ngajarah harta banda,” témbal Bah Oding, rada samar lampah. Sakedapan mah Ustad Wawan ngahuleng, tuluy ngusap beungeutna bari maca istighfar.

“Abdi mah teu gaduh niat sarupa kitu, Bah. Naudzubillahimiandailik…”

“Ari sabenerna rek ka mana atuh Jang ustad téh?” Bah Oding panasaran.

“Abdi mah bade zarah ka tanah Suci Bah, manawi Gusti Alloh marengkeun. Ti baheula  abdi hayang ka Mekah téh, muga baé taun ieu mah tinekanan, do’akeun nya Bah” témbal Ustad Wawan.

“Ké, ké, naha iburna bet jadi ngajarah?”

“Duka teuing éta mah, Bah. Keun baé atuh Bah, anu penting mah abdi teu boga niat kitu”. Ceuk Ustad Wawan bari imut ngagelenyu.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: