Wawacan Gagak Lumayung (I)

Februari 18, 2011

Dangdanggula

1. Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit “dongeng Karuhun”, nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saéstu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan.
2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, réh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah éta téh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu percéka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat.
3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun saé. Hak hukumna bener Wujud, bebeneran purwaning Kawit, Kawit babatan Asal, Kama-Kami-Kamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka parawargi, nyanggakeun saterasna.
4. Kieu kawit ujar ki Musanip, nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu, nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah teu aya tandingna, Radén Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah Kiansantang.
5. Kakoncara harita sa-Jawi, Majapait sadérékna kalah ku Radén Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya nu wantun ngunghak, ka Radén Lumayung, malah danget harita mah, ku ramana dijenengkeun Sénapati, Pahlawan Pajajaran.
6. Waktos éta Radén runtik galih, tina margi keukeuh hoyong terang, getih salirana tulén, teu acan terang saumur, ti aalit gé can ningali, na kumaha rupina, weléh tacan weruh, gaduh raos panasaran, tina margi pakarang taya nu mahi, bakating ku gagahna.
7. Mangsa éta di sa-Pulo Jawi, tacan aya Islam nu sumebar, Agamana Hindu kénéh, nya kitu Gagak Lumayung, harita téh ujub sareng dir, raosna panggagahna, suwung anu pamuk, n-tung anjeunna anu gagah, anumawi can terang getih pribadi, dugi ka medal sumpah.
8. “Saumur gé moal rék rarabi, mun can nyaho ka getih sorangan.” Éta kitu saurna téh, lami-lami teras ngangluh, gulangguling siang lan wengi, damelna gulinggasah, galih teu kaasuh, keukeuh manah panasaran, lajeng baé ngadeuheus ka rama Aji, ku rama dipariksa.
9. Ayeuna téh ama rék meredih, kudu walon anu sabenerna, kusabab béda pasemon, naon nu dianggo ngangluh, bilih hoyong Putri nu geulis, da moal matak susah. Pajajaran mamur, moal kurang mojang lenjang, nu gareulis kapan di dieu ngabaris, nu ginding gé gedongna.
10. Nu lalucu Putri nu maranis, kantun milih rék ka putra saha, lamun di dieu geus poos, geura milih putra Ratu, nu caraket anu tarebih, putra Raja talukan, kénging Radén tarung, pék pilih ka putra saha?” Kiansantang ka ramana nyembah tadim, kinanti nu balaka.

Kinanti

11. Piunjuk Gagak Lumayung, “Kaulanun rama Gusti, sim abdi sanés teu niat, tobat teu ngémut rarabi, mung aya nu panasaran, ku abdi nu dipiati.
12. Kieu anu dipiémut, siang atanapi wengi, taya sanés nu kacipta, abdi jadi Sénapati, perang henteu mendak lawan, sepi nu ngajadi tanding.
13. Mung ayeuna perang buntu, teu aya lawanna deui, jadi alatan kapalang, tacan wareg ngabén jurit, kamana nyiar nu gagah, kanggé pitandingeun abdi.
14. Réh saémut abdi hirup, ti alit dugi birahi, can terang getih sorangan, sakitu nu dipiati, kumaha atuh akalna, milari nu gagah sakti.
15. Réhing suwung anu pamuk, sepi nu sakti pinilih, anu gagah gé teu aya, milari sa-Pulo Jawi, téh kitu nu janten marga, anu mawi abdi runtik.”
16. Hémeng galih Kanjeng Ratu, sakedapan henteu muni, wekasan nyaur Dén Patya, miwarang milari Resi, para Ajar nu koncara, kelun Nujum nu waracis.
17. Maksad badé neda tulung, torah dimana nu sakti, pilawaneun Radén Putra, harita Dén Patih amit, medal ti payuneun Raja, kebat nyiar nujum sidik.
18. Ka anu jauh dijugjug, ka nu tarebih disungsi, énggalna lampah Dén Patya, tugas parantos tarapti, anu waracis darongkap, dideuheuskeun ka Sang Aji.
19. Sujud nyembah para Nujum, bingah Prabu Siliwangi, harita kénéh mariksa, “Bagja sadayana sumping, pangna andika diala, kaula rék merih pati.
20. Geura torah mangka weruh, ieu sawewengkon Jawi, dikira saha jalmana, nu patut ngayonan juru, nu saimbangan gagahna, nu tanding jeung anak kami.
21. Ka Radén Gagak Lumayung, geura unjukkeun ka kami, pok kadinyah ulah éra, atawa gimir wawarti, sab kaula panasaran, hayang manggih tanding jurit.”
22. Tungkul sadaya pra Nujum, sami ngémut lebet galih, ngahuleng teu sasauran, réh sesah badé wawarti, badé unjukan waregah, réh teu aya tanding deui.
23. Kocap aya hiji Nujum, ngiring campur nyiliwuri, henteu manon jeung nu réa, Malaikat salin rupi, badé ngantunkeun lantaran, pok unjukan aki-aki.
24. “Kulanun dawuh Sang Ratu, menggah émutan sim abdi, ngoréhan di Pulo Jawa, tangtos moal aya tanding, anu gagah téh mung putra, sakti manggulang-mangguling.
25. Aya ogé kaulanun, pitandingeun putra Gusti, mung sanés di Pulo Jawa, aya di Mekah nagari, wastana Ali Murtada, Bagénda Ali bin Tolib.
26. Mung tebihna sakalangkung, ayana di Puseur Bumi, nya éta di nagri Arab, tah ieu mah tangtos tanding, pilawaneunnana putra, tangtos ramé ngabén jurit.
27. Itu ieu tacan tangtu, anu unggul apes jurit, duka mana anu kalah, mung tangtos ka dinya tanding, sakitu abdi unjukan.” Bingah Prabu Siliwangi.
28. Ngalahir deui ka Nujum, “Terangkeun baé sakali, tiap aki bisa norah, pilawaneun kitu deui, tangtu katorah ayeuna, saha nu unggul nu sisip.
29. Pihak mana anu unggul, ku aki kudu pilahir.” Ki Nujum barang dipaksa, sina nerangkeun nu sisip, harita kénéh ge musna, ti payuneun Siliwangi.
30. Ngagebeg manah Sang Prabu, nya kitu Nujum nu hadir, réhna aki tos teu aya, léosna teu katingali, para Nujum pok unjukan, “Kulanun Paduka Gusti.
31. Sim abdi héran kalangkung, pami ngémut aki-aki, anu nembé norah téa, henteu wanoh sareng abdi, duka ti mana dongkapna, sapertos nu nyiliwuri.
32. Matak hémeng kaulanun, saha éta aki-aki, nyanggakeun sadaya-daya, rumaos bodo sim abdi, marga bobot pangayonna, henteu ngalangkungan Gusti.”
33. Ngahuleng Gagak Lumayung, hanjakal ku aki-aki, dugi ka kumejot manah, panasaran liwat saking, harita teras unjukan, “Kaulanun rama Gusti,
34. Jisim abdi amit mundur, rék ngabujeng torah aki, ka mana gé rek ditéang, nyusul anu wasta Ali.” Sang Prabu alon ngandika, “Kuma karep Radén pasti.
35. Ngan sambung salamet maksud, mangka karep Radén hasil, moal nyarék moal nitah.” Kiansantang nyembah amit, mundur ti payuneun rama, teu nganggo ngénjingkeun deui.
36. Harita kénéh gé laju, kaluar ti lebet nagri, ngantun dayeuh Pajajaran, lumampahna kadya angin, ka kalér kulon angkatna, nyorang hiji tempat resik.
37. Sisi cai sisi gunung, angin leutik ngahiliwir, sok matak seger salira, Radén lirén teras calik, mepet pancadria muja, neda-neda ka Déwa Di.
38. Ka Déwa nu Marawolu, ka Marasanga Mamalih, nyaur salebeting manah: “Duh Déwa sembaheun abdi, mugia masihan terang, mun leres di Puseur Bumi.
39. Aya pilawaneun pupuh, nu ngaran Bagénda Ali, mugi dipasihan terang.” Teu lami waktosna deui, aya sora teu katingal, tah kieu anu kakuping,
40. “Hé Radén Gagak Lumayung, anu gagah pilih tanding, ieu kula lain Déwa, tapi Rat Sukma nu Suci, ka Radén ngawaris ngaran, Dén Garantang Sétra nami.
41. Nya di dieu tempat linduk, nelah Ujungkulon nami, Ujung tungtung panganggeusan, nganggeuskeun kasengsrem galih, kulon nyata keur kaula, milari getih pribadi.
42. Nyata Sétra bersih ngempur, milari marganing Suci, nya karep Radén ayeuna, ngabujeng Bagénda Ali, nu aya di nagri Mekah, pasti jeung Radén téh panggih.
43. Garantang nyatana maksud, tangtu papanggih jeung Suci, geura bral ayeuna iang, kebatkeun saniat kami.” Ngoréjat Radén tos gugah. ti Ujungkulon geus indit.
44. Jol dongkap ka sisi laut, teu kandeg kapegat cai, Raden teras napak sancang, najan ngapung nerus bumi, Radén moal kapetolan, tawisna nu gagah sakti.
45. Kantun Dén Gagak Lumayung, nuju ngambah di jaladri, urang diselang sakedap, gentos anu kocap deui, Kangjeng Gusti Rosullulah, kasinoman anu Suci.

Sinom

59. Tangtos bapa moal terang, enya ieu kula urang tanah Jawi, katelah Gagak Lumayung, atawa Gagak Lumajang, nu ka telah Prabu Kiansantang éstu, nu gagah Garantang Sétra, Sénapati Siliwangi.
60. Pamukna di Pulo Jawa, nu kaceluk teu aya tandingna deui, jauh-jauh pangdijugjug, anggang-anggang ditéang, anu ngaran Bagénda Ali nu pamuk, kaula hayang ngayonan nu gagah di Puseur bumi.
61. Sabab kaula di Jawa, nyata kurang taya pitandingeun deui, kitu margana dijugjug, tah kitu maksud kula,” Ali imut ngadangu anu cacatur, ngaosna Alhamdulillah, teka ing Robbul ‘Alamin.
62. Muji kana Dat Yang Sukma, dina galih Bagénda Ali nu lantip, henteu pisan gaduh unggul, anging Kersaning saha, anu gagah anging Dat Alloh nu Agung, raga nyawa gagaduhan, titipan nu Maha Suci.
63. Bagénda Ali ngandika, “Atuh Agus sumangga pun bapa ngiring, kana maksad Agus kitu, tinangtos tiasa tepang, namung engké di payuneun Gusti Rosul, sinareng Ali Murtada, keur ngadegkeun enok Masjid.
64. Jung angkat Gagak Lumayung, kitu deui Bagénda Ali diiring, Gagak Lumayung ti pungkur, can patos tebih angkatna, Sang Bagénda émut kana tongkat kantun, lajeng ngalirik ka tukang, imut barina ngalahir.
65. “Masya Alloh Agus hilap, ieu bapa kakantun iteuk pandeuri, abong-abong anu pikun, Radén pangnyandakkeun heula, ngarah gancang angkatna nu anom tangtu, itu nu nancleb na lemah.” Gagak Lumayung pék malik.
66. Ngabujeng ka iteuk téa, barang dongkap teras dicabut sakali, namung pageuh sakalangkung, sanaos pageuh dipaksa, nojér lemah mani nyeblok semet tuur, namung pageuh iteuk téa, bumi inggeung lir ku lini.
67. Keukeuh pageuh keukeuh maksa, késang ngoprot teu bénten siga nu mandi, séép késang gétih ngucur, kagét manahna Lumajang, tina margi harita nembé saumur, ningal ka gétih sorangan, sabulu-bulu barijil.
68. Reuwas di lebet manahna, harita gé teras nyambat ka Dewa Di, “Duh Déwa nu Marawolu, hamba neda kadigjayan.” Namung tetep teteken henteu kacabut, kabedasanana mubah, kantun lesu tulang sandi.
69. Bagenda Ali jol dongkap, bari nyaur, “Naha Agus lami teuing.” Ngawalon Gagak Lumayung, “Aduh bapa henteu kuat, kula mopo teteken henteu kacabut.” Saur Ali, “Na kumaha, kapan Agus gagah sakti.
70. Koncara satanah Jawa, geuning kitu nyabut iteuk gé teu hasil, bapa mah heran kalangkung, cing ku bapa urang jungkat,” Bérés nyaur Bagénda Ali seug tungkul, bari ngawejang Kalimah, sinareng Solawat Nabi.
71. “Allohuma Sholli ‘ala, Muhammad wa’alaa aali Muhammadin, asyhadu allaa ilalloohu, wa asyhadu anna Muhammad, Rosuulullooh.” Kitu lisan Ali pamuk, saparantos ngaos du’a, teras nyabut iteuk kénging.
72. Kitu deui Kiansantang, kawit lesu harita tos jagjag deui, sinareng hemeng pangkalbu, nguping Kalimah Sahadat, tina margi saumur nembé ngadangu, harita teras ngandika, tumaros ka aki-aki.
73. “Lisan naon bieu bapa, henteu puguh ku kula henteu kaharti, palakiah naon kitu, kula ngadak-ngadak jagjag, sarta iteuk ku bapa geuning kacabut.” Bagénda Ali ngandika, disarengan imut manis.
74. “Bisi Agus can uninga, nu dibaca ku bapa Kaliniah Kalih, nyatana panglesu musuh, tangtu apes digjayana.” Saur Raden, “Euleuh euleuh kutan kitu, kaula ogé kabita, keur engké tepung jeung Ali.
75. Sarta cing kumaha bapa, naha aya harti jaba éta deui, lian pangapésan musuh?” Bagénda Ali ngandika, “Atuh puguh éta téh Sahadat Rosul, nya cepengan umat Islam, nyata Agama nu Suci.
76. Saha nu lisan Sahadat, éta pasti ginanjar Rokhmat Yang Widi, Hirup-Hurip pasti Hurup, Islam Agama Mulya, béda pisan sareng nu Agama Hindu, pasti dila’nat ku Allah, bongan percaya ka Sihir.”
77. Tungkul Prabu Kiansantang, tina margi anjeunna rumaos isin, réh nyepeng Agama Hindu, Bagénda Ali seug angkat, bari mésem ningal ka Radén ti pungkur, nuju ngiring ka anjeunna, angkatna tungkul ka bumi.
78. Harita parantos dongkap, Ali sareng Kiansantang ka Jeng Nabi, Rosulluloh pok ngadawuh, “Naha Ali elat pisan, mani kesel ngantosan ti isuk-isuk, kapan rék ngadegkeun téa, nyekel tihang masing-masing.”
79. Bagénda Ali unjukan, “Kaulanun, mugi ulah rengat galih, ku margi aya tatamu, ngahaja ti Pulo Jawa, mung hanjakal Agamana masih Hindu, wawangina Kiansantang, nu hoyong nyobi ka abdi.
80. Anjeunna ngahaja dongkap, tebih-tebih pang ka Puseur Bumi dugi, rehing kaceluk tos pamuk, di Jawa taya tandingna, nu diseja hoyong sareng abdi pupuh, badé mecak kasakténna, tah kitu purwana lami.”
81. Kangjeng Nabi Rosullulah, mésem leleb barang nguping saur Ali, sareng ngarérét ka tamu, Kiansantang nu miarsa, lingsem pisan midanget anu sumaur, ngeluk semu ajrih pisan, réhing teu sangka sakedik.
82. Horéng aki-aki téa, nu ngabantun ka anjeunna geuning Ali, nu badé diajak tarung, nu dianjam ti anggalna, kadalangsok anjeunna tos langkung saur, temahna mendak wiwirang ngahuleng teu yasa muni.
83. Nyaur manis Rosullulah, “Hé tatamu maksad anjeun engké deui, mun jeung Ali hoyong tarung, margina waktos ayeuna, ieu kula meujeuhna aya perelu, malah nuhun sakalian, aya anu gagah sakti.
84. Kaula ngahiras saya, pangnangtungkeun ieu tihang anu kuning, keur bagéan Ali éstu, ayeuna anjeun gentosna, étang-étang wakil ngahormat nu pamuk,” Kiansantang unjuk sembah, “Kaulanun mangga ngiring.”
85. Énggal sadaya sadia, nyepeng tihang hiji-hiji masing-masing, lengkep tihang anu tujuh, sadaya para Sahabat, sareng Mumin ngaos sahadat ngajungjung, jung ngaradeg genep tihang, kantun tihang anu hiji.
86. Nu dicepeng Kiansantang, tacan ngadeg ku margi henteu kaindit, raos abot sakalangkung, dumugi ka dodogéran, nojér lemah dugi nyeblok semet tuur, cikaringet barijilan, sabulu-bulu jeung getih.
87. Rembes getih ti salira, namung tihang keukeuh baé teu kaungkil, harita teras sumaur, “Tulung teu kawawa beurat, ieu kula tanaga parantos suwung.” Gumujeng Ali Murtada, nguping nu sasambat tarik.
88. Sinareng teras ngandika, “Henteu sangka perjurit ti Tanah Jawi, nu kamashur pamuk pupuh, ayeuna éléh ku tihang.” Nyaur kitu bari moro tihang agung, sinareng ngaos Kalimah, tihang henteu mundur deui.

(Hanca)


Purnama Bulan Katiga

Februari 18, 2011

Ku Toni Lesmana

Sora jam salendro ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawareh jandelana ngaremplong keneh,  ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting katiga. Tengah taun.

Bulan ngaringkang ti beulah wetan, nepungan angkrek pulas bungur nu mangkak lebah juru pakarangan. Aya wanoja dina korsi, handapeun kiceup bentang, handapeun langit anu bangun nabeuh gending nyinglar ulas-ulas mega. Handapeun lenglang nu ngahaleuang. Wanoja ngaderes angin nyecep. Nyeuseup nu lawung. Cahaya jeung sambuang. Kalimah bulan mugurkeun ngungun angkrek bungur, pulas nu ngadadak ngawihkeun dalingding tembang kasmaran lebah peuting katiga.

Wanoja ngarasakeun aya nu milu mangkak lebah jero dadana. Najan teu surti kana basa nu keur lumangsung harita. Rea ungkara jeung wirahma nu teu mibanda sora. Aya nu sosonoan. Silih hontal. Ngahontal rohang-rohang simpe lebah hatena. Aya nu usik jadi igel lebah urat-urat getihna. Ah, mun manehna geus cunduk meureun bakal rea kalimah ngarongheap nepikeun harti saban nu usik. Wanoja gumerentes sorangan.

Wanoja ngarenghap. Namperkeun renghap bulan, renghap angkrek. Nyorangan.

Sinta. Wanoja tea. Buukna nu galing laun katebak angin, lir daun sapakarangan. Siga gugupay. Gugupay ka nu rek jol nedunan jangji anu kungsi kalisankeun. Kitu pisan. Nyorangan di pakarangan. Nganti nu lawas miang. Miang mawa mangpirang harepan, neundeun katineung anu laun-laun rosa jadi kahariwang. Nganti Manehna. Manehna anu nu baris mulang tengah taun ayeuna. Saukur saregang kalimah, anu lima taun katukang dipasrahkeun ku manehna, anu ngagariskeun jirim wanci nu kudu dianti. Sinta nganti pinasti. Peuting ieu. Tina menit kana menit. Moal boa saban detikna oge. Tina detik kana detikna asa anggang. Ngangkleung. Lir meuntasan sagara anu motah.

Sinta ngusap pangdiukan kosong gigireunana. Dina korsi ieu pisan. Korsi anu diajangkeun duaneun. Sinta jeung Manehna salawasna mulan mun pareng bulan purnama. Madungdengkeun kasakten cahaya anu tohaga ngaruntuhkeun wewesen mongkleng. Kalan-kalan ngararampa gumiwang langit, mapandekeun jeung ngemprayna dada sewang-sewang.

Mulang. Mulang. Mulang  kana panineungan. Hiji peuting nu sejen. Peuting katiga nu sejen. Lima taun katukang. Nya harita pisan manehna neuteup ku teuteup anu lian ti sasari. Teuteup anu sejen. Anteb. Museur. Tapi geuning kalah ngalahirkeun kelemeng leuweung keueung. Tangkal-tangkal anu rarembet dak dumadak ngolebat jeung halimunna anu mupus saban rarambu, mupus saban jalan. Sakedapan purnama gumeleter. Cahaya paregat tuluy muguran jadi sirung di manana, ngungun pulas bungur.

Mimitina tina korsi. Teuteup eta kiwari bet asa ningker sabudeureun. Jadi teuteup anu leuwih sejen dina implengan. Aheng. Asa nyalingker dina pucuk tihang bandera, anu tambang pangerekna bangun katirisan misono kelebet . Ngintip tina saban daun samoja. Ngeteyep sapanjang pager.

Ah, isarah kalan-kalan sakadar isarah, Sinta mapalerkeun geter anu teu kabaca rusiahna. Tuluy ngimpleng-ngimpleng nu baris ngarongheap lebah panto pager. Meneran dinya pisan. Handapeun neon jalan. Manehna biasana ngajanteng heula. Meungkeut buuk panjangna. Nyekeskeun korek api, nyeungeut roko. Roko bodas. Mentol. Satutasna tilu kali nyerebungkeun haseup, nyurungkeun panto beusi. Sora nu ngageret manjang. Manehna ngalengkah. Kaos hideungna. Calana levisna. Ransel biruna. Tara ka mamana deui. Lempeng muru korsi ieu. Korsi nu kiwari karampa haneut. Lir haneut awak manehna. Peuting ieu mah. Geus diniatan mun geus katenjo rentang-rentang ringkangna manehna, Sinta arek mapag kaluar. Mangnyeungeutkeun rokona. Mangmukaeun panto pager. Arek dikaleng muru korsi. Arek nembongkeun kasono.

Paduduaan. Ukur paduduaan. Silih lawungkeun kalangkang nu dipaparinkeun ku bulan. Saban purnama. Mun paduduaan, Sinta apal, Manehna bakal ngamimitian murak ringkang nu kajuringkangkeun sabulan campleng. Sorana semu gumeleter bangun anu nyidem usum tiris. Haseup rokona nu langgeng nyerebung muput saban kekecapan.  Tuluy ngalelebah naon anu keur diguntrengkeun daun kana daun. Ngimpleng-ngimpleng nu diharewoskeun angin. Saeusi pakarangan sok tuluy diwawaas caritana sewang-sewang. Cenah mah tihang bandera miceuceub tangkal samoja. Ari daun migeugeut taneuh. Bet kawas carita anu ngagambarkeun kahirupan. Tara bosen ngabandungan nu tuluy ngamalirkeun gerentes. Ti purnama ka purnama. Manehna salawasna ngasongkeun dunya nu anyar keur Sinta, ngasongkeun sagara jeung parahuna. Balayar. Lalayaran sapanjang peuting, sapanjang purnama..

“Sinta, Bulan tara jalir kana jangjina. Ngan mega kalan-kalan wangkedang memeh usumna.” kitu cek manehna dina geter sora anu sejen. Dina hiji peuting anu sejen tea. Dina teuteupna anu sejen.

Lima taun. Manehna ngiles. Musna. Taya iber atawa beja, estuning simpe. Da kitu carek duanana. Sinta ukur mulasara saban geter anu namper ku jempling. Api-api jempling, saestuna kasono motah ngajaul jadi pucuk-pucuk guligah nu ngaduruk kalbuna. Saban purnama sapanjang lima taun. Sinta ukur nepungan korsi nu molongpong. Dadana asa gorowong. Asa aya ajag nu nu ngagorogotan rohang-rohang dada. Tuluy babaung sapanjang waktu.

Sinta nyirian wanci ku angkrek pulas bungur. Sakadar nandaan mangsa. Satutasna manehna miang. Apan Sinta tuluy dikawinkeun ku kolotna. Kawas carita Siti Nurbaya. Dijodokeun. Teu kungsi amprok heula. Langsung pruk jatukrami. Sakadar tuhu ka sepuh. Taya bogoh atawa geugeut. Estuning taya geter. Teu burung geuning lungsur-langsar rumah tanggana. Kalan-kalan Sinta sok ngahelas mun nyanghareupan salakina. Enya. Salakina teu apaleun nu dipihukumna satemena ukur nyanghareupkeun beungeut. Sedeng atina apan salawasna mungkir ka Manehna. Asa jadi jelema hianat. Ucap jeung lampah ka salakina, pasalia jeung  hate. Tapi apan cinta teu bisa dipaksakeun. Najan kitu, Sinta beuki tapis nyumputkeun nu nyangkaruk. Ngayonan anu mikanyaah. Najan kabagjaan ukur semu. Kahirupan lumangsung lir amis jeung maduna. Malah apan geus batian. Nenden. Geus dua taun Sinta jadi indung.

Salakina geus apaleun mun meneran purnama, Sinta sok menta mulang ka imah indungna. Geus rupa-rupa alesan. Najan salakina tara tatanya oge, tara tetelepek. Sinta ngarasa alesan perlu sangkan salakina ngarasa dihargaan, teu asa disapirakeun.

Ukur Indungna anu sok rada rewel mimitina mah. Dina taun-taun munggaran kawin kituna teh. Ari kadieukeuna mah bangun anu geus biasa. Tara owel. Paling menta incuna,  Nenden, dibawa. Atuh jadi kawas ritual bulanan tungtungna mah, mulang ka imah indungna teh. Saban bulan purnama salakina leungiteun Sinta. Keur Sinta bulan purnama ukur keur manehna. Taya nu lian.

“Tos wengi, Neng. Mending di lebet geura. Urang tutup-tutupkeun nya. Nembe aya telpon ti ramana Nenden.” saurang wanoja tengah tuwuh. Ngarongheap. Neuteup nu anteng di juru pakarangan. Bet aya kolebat mangkarunyakeun mangsa aya nu mere isarah ku gideug anu laun. Gideug anu lebet ku katineung. Mugurkeun carita nu langgeng nganti lalakon. Gideug nu matak ngarengkog lengkah nu ngadeukeutan.
“Bilih lebet angin, Bibi mah. Mani nyecep kieu.” Bibi ngarapetkeun baju haneutna. Tuluy nyacampah angin.
“Antep we, Sumi. Kawas teu apal kana adatna. Pangmikeunkeun jeket anggur. Moal ngolesed bisi budakna hayang dipepende oge.” sora nu mairan ti jero imah. Indung Sinta.

Bi Sumi ngojengkang deui ka jero.  Teu lila geus mawa jeket. Pek diasongkeun ka Sinta. Sinta nampanan. Jeket disimpen dina lahunan.

“Euleuh, mani ngebrak kieu.”

Bi Sumi tanggah. Bulan buleud. Belenong semu perak. Bentang-bentang kumariceup. Tingburicak.

“Asa emut nuju alit di lembur, Neng. Ngabungbang. Arameng sareng kalangkang di buruan. Tetembangan saruka bungah. Ah, ayeuna kari hirup dina panineungan. Panineungan mah ukur panineungan. Kabagjaan anu moal kasorang deui. Janten rus-ras ieu teh.”

Sinta mencrong Bi Sumi anu keur tatanggahan bari nangkeup harigu. Bi Sumi teh anu ngasuh Sinta ti bubudak. Nyaah jeung bela alahbatan ka anak sorangan. Ukur Bi Sumi nu apal kajadian Sinta jeung Manehna. Ukur Bi Sumi anu surti pangna angkrek bungur salawasna aya di juru pakarangan.

“Lima taun, Bi. Korsi ieu taya nu ngeusian.” Sinta ngagerendeng. Jeket ayeuna mah ditatangkeup. Bi Sumi kalah anteng api-api teu ngadenge anu hayang dipairan. Geus lawas  hayang ngingetan Sinta, anu teuleum dina carita katineung. Bi Sumi kawas anu ngawahan. Antara panineungan sorangan, jeung kalakuan Sinta anu cek pangrasana mah micinta anu teu samistina. Bi Sumi hayang Sinta buleud ngambah rumah tangga. Ngubur mangsalawas.
“Lima taun, Bibi. Asa karek kamari. Asa geus ratusan taun. Ayeuna bakal cunduk. Tingali kembang mani mangkak kitu, Bi. Bungur siga anggur.” Sinta malikan deui ngeunaan waktu. Geus lain rusiah jang Bi Sumi mah. Taya rusiah anu disumputkeun.
“Bongan kalah ngangantos anu teu karuhan, nu liwat mah, Eneng, keun sina ngaliwat. Keur naon ngangantos, misono anu teu kudu dipisono. Apan Eneng tos sadrah dipasrahkeun ka nu milari. Kembang, Neng, masrahkeun diri kana seungit, warna mah mung pupulasan. Apan kucubung oge bungur.” cek Bi Sumi bari ngareret.
“Purnama ayeuna manehna bakal nedunan janjina, Bi. Bakal ngeusian korsi ieu deui.” Sinta rada kerung ngadenge ucapan Bi Sumi anu kawas nganaha-naha. Padahal salila ieu Bi Sumi tara ieuh baranggeureuh.
“Cek, Bibi mah. Teu aya gunana. Jarak sareng waktu sok ngarobih jalmi, Neng. Mudah-mudahan atuh Eneng ge tiasa robih.”
“Ari Bibi…” Sinta mencrong seukeut. Bi Sumi bet ngaraheutan hatena. “Nganganti lima taun. Nganganti kabagjaan. Pamohalan arek ngagilir.”

Bi Sumi malik neuteup nu mencrong. Teuteup deudeuh. Kagok asong pikirna. Teu hayang nejo Sinta mulang deui kana lalampahan mangsa lawas. Teu narima. Apan Bi Sumi oge anu milu mangaruhan indungna Sinta, lima taun katukang, sangkan gagancangan ngajodokeun sarta ngawinkeun Sinta. Malah mah api-api nyarita katitipan saur ku bapana Sinta nu harita gering parna. Pajar hayang nenjo Sinta lakirabi memeh nepi kana waktuna.

“Purnama ieu saksina, Bi. Asih anu nu pangasihna. Moal jalir kana pasini. Moal hianat kana rasa. Manehna bakal datang deui cara baheula. Di dieu, di korsi ieu. Carita nu pegat bakal tatan-tatan lumampah deui.” Sinta miceun beungeut kana bulan nu beuki luhur. Ningali teuteup Bi Sumi keur Sinta kalah ngaliarkeun deui teuteup nu aheng. Rabeng. Lain teuteup lebah peuting nu sejen tea. Ieu mah aheng jeung seukeut badis matapeso.
“Purnama, Neng. Jang Bibi. Asa nembrak keneh lalakon puluhan taun kapengker. Nuju ngabungbang sarukabungah. Namina oge di lembur. Purnama teh diantos pisan. Ngabungbang janten impian. Samemehna sarerea ngarereka naon anu bakal dilampahkeun handapeun bulan. Hiji purnama, harita pisan, Bibi keur tetembangan. Jol sora pestol tingjaledor. Teu kantos lami aya beja, bapa Bibi tiwas. Na atuh, breg teh gorombolan ngaraksuk lembur. Duka gorombolan duka tentara. Duka lamun garong. Bibi mah teu terang. Nu terang mah, harita sadaya  bubar katawuran. Imah-imah diduruk. Bibi anu keur tetembangan kalah ngahuhuleng. Tuluy ceurik. Tagiwur. Ningali imah Bibi ngabebela. Indung Bibi oge teu kapuluk. Purnama ngaduruk sagalana, Neng. Purnama sakadar purnama. ” Bi Sumi laju ngaheruk. Laun ngawih Kembang Tanjung.
“Bibi mah ngarang!” Sinta rada tegeg. Najan kitu Sinta apal Bi Sumi can kungsi  bohong. Ngan teu narima lamun purnama jadi isarah sedih, atawa tumpurna hirup jeung harepan. Tumpurna cinta. Keur Sinta purnama hartina Manehna. Taya nu lain.

Bi Sumi humariring. Ngalengis sorangan. Ngalengis keur dirina. Ngalengis keur Sinta. Taya deui kalimah anu bisa dikamalirkeun jang ngageuing Sinta.

“Cek Bibi mah, cekap Nenden janten korban Eneng ngeukeuweuk cinta nu sanes samistina. Apan Eneng harita ngahaja masihan nami eta ka putra Eneng. Naon lepatna pami kanyaah ditamplokeun ka Nenden.” Bi Sumi mungkas obrolan, sabada aya nu nyalukan ti jero imah.
” Bibi….!” Sinta nyereng. Jep jempe. Baeud lain bobohongan.

Bi Sumi nuluykeun humariring bari ngalengkah lungse ka jero imah.

Sinta. Bulan. Angkrek bungur. Langit tambah ngebrak. Pakarangan lir kalang sambuang jeung cahaya. Marakbak.

Laun aya mobil sedan  ngarongheap. Eureun meneran panto pager.

Sinta curinghak. Gentak cengkat. Barang nenjo anu turun tina mobil. Nenjo rimbagna. Jeket murag tina tangkeupan. Jol lumpat muru nu anyar turun. Mapagkeun nu keur meungkeut buuk. Sora ngageret. Panto pager muka. Silih teuteup.

“Sinta!”
“Nenden!” jol gabrug wae Sinta ngagabrug anu anyar datang. Namplokkeun kasono ku rangkulan anu pageuh kawas nu hayang liket salalawasna.

Nenden, Manehna tea, ngusapan buuk Sinta. Ngantep anu pogot nangkeup raket. Dina mobil aya anu lampu jerona dicaangkeun aya dua budak buukna parirang nu katenjona kembar sarta saurang lalaki bule anu nyekel setir. Marerong anu silih gabrug.

“Sinta. Kumaha damang?” Nenden ngolesedkeun rangkulan. Neuteup Sinta anu masih geugeut teu bisa nyarita.
“Sinta. Itu kenalkeun. Oleh-oleh ti Amerika.” Nenden semu heureuy.
“Saha, Nen?” Sinta ngarenjag. Mencrong Nenden. Mencrong mobil. Bulak-balik. Cangcaya mekar dina panonna.
“Ari Sinta. Caroge sareng buah hati atuh. Sinta tos kagungan putra?” Nenden seuri nenjo rindat Sinta anu bangun reuwas. Rampang-reumpeung.
“Nen!”Sinta undur-unduran. Tutunjuk ka Nenden anu katenjona hemeng ku kalakuan Sinta.
“Sinta, ku naon?” Nenden ngadeukeutan anu mimiti nyegruk.

Sinta teu nembal. Lumpat muru imah bari hujan cimata. Teu malire Nenden anu ngahuleng lebah pager. Nenden ngarenghap panjang. Cumalimba. Nyusut nu rembes. Masang imut. Malik deui kana mobil. Cacarita ka salakina. Geblus kana mobil. Mobil laju lalaunan ninggalkeun pakarangan. Bulan. Jeung Angkrek bungur.

SORA jam salendro di jero imah heubeul pulas bodas ngelentrung sapuluh kali. Bangun marengan Sinta nu ngagukguk kanyenyerian di hiji kamar. Nganti lima taun saukur, manahoreng saukur nganti matapeso nubles tatu. Nyuuh  siraheun budakna anu tibra dina ranjang. Nenden. Nenden anu sejen.

Bi Sumi humariring keneh bari meundeut-meundeutkeun jandela. Sora jam ngahontal pakarangan. Bangun hayang ngelentrung ka alak paul. Hayang ngajaul purnama.

Purnama peuting katiga. Tengah taun. Jam sapuluh peuting. Aya nu mugur katebak angin. Carita cinta nu mikung muguran. Bungur. ***


Mang Koko

Februari 18, 2011

DITITENAN ti mangsa ka mangsa nyaan lamun generasi sunda kiwari leuwih wanoh ka bentang musik deungeun atawa bentang film deungeun anu jadi idolana atawa pupustena tibatan ka budayawan-budayawan sunda anu moyan, lain nyaram atawa teu meunang tapi tong poho atawa mopohokeun budayawan, seniman seler sorangan saperti :

Seniman karawitan sunda KOKO KOSWARA anu saterusna leuwih wanoh disebut MANG KOKO, jigana pikeun dunya kawih sunda mah bisa jadi boga tempat dina tingkatan anu pangluhurna, lagu-lagu kawih anggitanana nepi ka kiwari tetep abadi jeung masih tetep dipikaresep, ieu katingali tina rilis album kawih mang koko dina sarupaning garapan, kacapian, degung, salendroan nepi ka band, atawa dina pasanggiri kawih anu pasti lagu mang koko minangka materi lagu pasanggiri

Lagu-lagu mang koko ceuk para ahli atanapi paniten seni suara bisa digolongkeun kana dua klasifikasi, nyaeta rumpaka jeung lagu nu dicipta ku mang koko sorangan sarta rumpaka meunang batur jeung lagu meunang mang koko.

Lagu jeung rumpaka anggitan mang koko mibanda karakter karayatan sarta kahirupan sapopoe anu kaasup kana lagu ieu biasana boga pasipatan humoris, sedeng lagu anu rumpakana beunang batur biasana ngeunaan cinta anu melankolik.

Lagu jeung rumpaka karya Mang Koko di antarana wae Batminton, Beca, Maen Bal, Beus Kota, Jangkrik, Katumbiri, Batik jeung Si Jago, sedengkeun lagu Mang koko anu make rumpaka Abu Siti Armilah, Wahyu Wibisana, Raden Ading Affandi, Deddy Windiagiri, Winarya Artadinata, Tatang Sastrawirya,  R. Sukendar. K, Agus Sur, jrrd diantrana wae Talatah, Bulan Dagoan, Samoja, Sulaya Jangji, Girimis ka Sorenakeun , Ngumbar Sawangan, Wengi Enjing Tepang Deui, Peuting jeung Pangharepan, Kembang Tanjung Panineungan, Reumis Beureum Dina Eurih, Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung, Tina Jandela, Imut Subuh, jrrd.

Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui,kawentar kamana-mana kakoncara ka mancanagara, teu benten sareng Ua Sas, MJ Kuncen milis Urang Sunda, Abah Surya, Kang  Benny B kuncen milis Ki Sunda jrrd.  Mang Koko palopor modernisasi karawitan Sunda teh tos ngantunkeun, bilih aya anu “teu acan” sareng “palay” terang, ieu aya sakedik-kedikeun perkawis Mang Koko, mangga nyanggakeun.

Peperenian Inohong Seniman Sunda MANG KOKO:

Kasohorna mah Mang Koko.
Kolot budak nyarebut Mang Koko.
Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara.
Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917.
Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985.
Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti
Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang.

Pendidikanna HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu di ulik ti bubudak.
Padamelanna ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaeta ngawitan di Bale Pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan,
De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu  salajengna janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung (1961-1973), Dosen Luar Biasa di Asti Bandung.

Bakat senina ngocor ti ramana nu akhli mamaos Ciawian  & Cianjuran, diajar nyalira ti seniman akhli karawitan Sunda nu kondang sareng ngulik tina buku-buku karangan R. Mahyar Anggakusumadinata/musicoloog. Anjeuna nu ngadegkeun sareng janten pupuhu perkumpulan seni Jenaka Sunda “Kanca Indihiang” (1946), Taman Murangkalih (1948), Taman Cangkurileung (1950), Taman Setiaputra (1950), Kliningan Ganda Mekar (1950), Gamelan Mundinglaya (1951) sareng Taman Bincarung (1958).

Nu ngadegkeun sareng Ketua Umum Yayasan Cangkurileung/Pusat (1959), Yayasan Badan Penyelenggara “Akademi Seni Karawitan Indonesia” (ASKI) Bandung (1971), Oge kantos nerbitkeun majalah Kasenian “Swara Cangkurileung” (1970-1983).
Lagu-lagu sanggian Mang Koko tetela dipikaresep ku sarerea. Nepi ka ayeuna lagu-laguna masih keneh dihaleuangkeun, ti mimiti lagu-lagu jaman “Kanca Indihiang” nepi ka lagu-lagu sanggian ka ayeunakeun.

Mang Koko lain semet ngahaleuangkeun wungkul, tapi karya-karyana dibukukeun, nu sumebar ka sakuliah Tatar Sunda, malah ka sakuliah Indonesia. Buku-buku karyana diantawisna nyaeta Resep Mamaos (Ganaco 1948), Cangkurileung (3 jilid /Mitra Buana 1952), Ganda Mekar (Tarate 1970), Bincarung (Tarate 1970), Pangajaran Kacapi (Balebat 1973), Seni Swara Sunda (MB 1984), Sekar Mayang (MB 1984), Layeutan Swara (YCP 1984), Bentang Sulintang (MB 1989), jrrd.

Sajaba ti eta Mang Koko  geus nyusun drama swara jeung gending karesmen, diantawisna : Gondang Pangwangunan, Bapa Satar, Adu Asih, Pahlawan Samudra, Gondang Samagaha, Pilih Kanda, Berekat Katitih Mahal, Sekar Catur, Sempal Guyon, Saha ?, Ngatrok, Kareta Api, Istri Tampikan, Si Kabayan, Si Kabayan Jeung Raja Jimbul, Aki Nini Balangantrang, Pangeran Jayakarta, Nyai Dasimah, jrrd.

Pikeun jasa-jasana Mang Koko dileler piagam “Anugerah Seni” Wijayakusumah ku Pamarentah Pusat/ Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Jakarta taun 1971, minangka panghargaan kana usahana salaku  “Pembaharu Dalam Bidang Seni Karawitan Sunda”.

Upami palay terang langkung paos sareng leres mah, panginten tiasa ditaroskeun ka Kang Tatang Benyamin putrana Mang Koko mantan kelas III Pal SMA Negeri No.1 Dago-Bdg, mun teu lepat mah sobat saalmamater Kang Djatnika sareng Kang Arofah Bachtiar sami-sami ahli seni Sunda.

Salah sahiji yasana Mang Koko/Wahyu Wibisana, petikan tina Drama Swara “Aki Nini Balangantrang”,

Bray Siang

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Ti dieu nya pangapungan
Ka dieu nya pangeunteupan
Ku rayat kuring diatik
Keur rayat kuring nya jurit
Geus mangsana gulung tangan
Nagih nagara titipan ……..

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Rek nangtung dina tangtungan
Rek napak ‘na tatapakan
Nya asih tanpa wangenan
Ka bumi kembang katresna’an
Tanah mulya tuturunan
Pasti dibela tohtohan …***


Ha Ha Ha (13)

Februari 17, 2011

Domba

JANG Udin, Mahasiswa Peternakan tingkat akhir keur jalan-jalan, kabeneran panggih jeung tukang ngangon domba bari dibarengan ku reueus, Jang Udin nanya:

“Mang, kenging naros teu?”

“Mangga aya peryogi naon aden?” cek tukang ngangon

“Eta domba meni sarehat kitu, dipasihan parab naon mang?”

“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” tukang ngangon malik nanya.

“Mmm anu hideung heula lah……..” Udin bari nunjuk.

Ooh pami nu hideung mah parabna jukut baseuh”

“Ooohh….pami anu bodas?”

“Sami nu bodas oge!” jawabna

“Hmmm…. kuateun leumpang sabaraha kilo meter unggal dintenna, mang?” Udin nanya deui.

“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” jawabna

“Mmm anu hideung heula lah……..”

“Anu hideung mah 4 kilo meter!”

“Ooohh….pami anu bodas?”

“Sami nu bodas oge!”

Jang Udin mimiti keuheul, terus nanya deui, “Sabaraha kilo hasil tina buluna unggal taun mang?” Udin nanya bari rada muncereng.

“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?”

Udin (bari rada ambeuk): “Mmm anu hideung heula lah……..”

“Anu hideung mah 10 kilo unggal taunna!”

“Ooohh….pami anu bodas?”

“Sami nu bodas oge!”

Geus teu kuat nahan emosi, Jang Udin mimiti ngambeuk: “Ari ente kunaon sok ngabeda-bedakeun jawaban? Domba bodas, domba hideung, padahal jawabanna sarua!”

“Oh.. numawi kieu den, upami anu hideung mah kaleresan abdi anu gaduhna”

“Oh kitu, aduh! Hapunten atuh mang! Hapunten! Panyanten teh! Na upami nu bodas nu saha kitu?”

“Sami, anu abdi oge”***

 

Budak Boloho

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : “Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?”
Bapa : “Bapa bade masihan duit saratus rebu..!”
Encep : “Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?”
Bapa : “Naha, Cep?”
Encep : “Saratus rebu mah cape ngetangna..”

 

TKI ti Arab Saudi

Kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikanana di lembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, singket carita eta bangsat teh geus siap-siap rek ngajorag imah TKI tea engke peuting.

Dina peutingna eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nungguan nu boga imah sare, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayoh ngobrol terus sosonoan da puguh geus lila teu panggih.

Si bangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nu boga imah Pok salakina ngomong ka pamajikanana; “euh nyi meni liket asa ketan kieu”, ceuk salakina…

Pamajikanana seuri bari ngarangul… Ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong “oncoman we sakalian ajig”….bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kungsi lila eta bangsat teh balik deui bari  jedak…najong bilik bari manehna ngomong deui; “dasar ulen siah…”, dirigdig deui we eta si bangsat teh lumpat.

 

Nungtut Elmu

Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nungtut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.

Bu Mirna, “Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?”

Barudak, “Maneeehh……!” Ceuk barudak saur manuk.

Bu Mirna baeud.

 

2 x 2 = 0

Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru : “Opat tambah dua sabaraha Nang?”

Unang : “Genep Pa”

Guru : “Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?”

Tuti : “Tilu..”

Guru : “Bener… ari dua dikali dua sabaraha Lih?”

Olih (bari luak-lieuk) : “Seep Pa Guru ….”

Guru : “Naha bisa kitu Lih ?”

Olih : “Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we…”

Guru : “??!!”

 

Basa Bapa-bapa Balanja ka Pasar

Basa na Salasa jam dalapan Mang Dadang ngahaja jalan ka pasar Majalaya hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dana mamawa anakna balanja kalapa salapan.

Mang Dadang :”Naha kang balanja kalapa? Kan kang Dana aya tangkalna dalapan?”

Kang Dana :”Ah … nya jang babawaan ka bapa mang, bapa saya hayang martabak kalapa…mang Dadang balanja lalab? Mana samarana?”

Mang Dadang :”Aya tah laja … salam.”

Kang Dana :”Naha laja salam, mang Dadang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah.”

Mang Dadang :”Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang.”

Kang Dana :”Mangga….”

Mang Dadang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dana mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan… TAMAT… dadaaaah.***


Rusdi jeung Misnem

Februari 17, 2011

I

MUN aya nu nanya ka kuring, “Buku naon nu pangpikaresepeunana jeung pangalusna pikeun bacaan barudak di Sakola Ra’yat (Dasar)?”, moal hamham deui kuring tangtu ngajawab, “Buku Rusdi jeung Misnem.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab. Sabab nu pangutamana atuh pédah kuring urang Sunda; jadi dina nimbang-nimbang jeung nangtukeun jawaban téh maké babandingan jeung ukuran Sunda; jeung deui nya ku lantaran kuring urang Sunda, sakola di Sakola Ra’yat Sunda (sanajan di tapelwates béh wétan) sarta maca buku bacaan keur barudak Sunda. Tah Rusdi jeung Misnem téh ngagambarkeun kahirupan sapopoé barudak Sunda deuih.

Tapi na da salian ti Rusdi jeung Misnem téh aya Gandasari, Sumber Arum, Panggelar Budi jeung lian-lianna apan? Sarta kabéhanana ngagambarkeun urang Sunda; Jang Éman téh urang Sunda lain? Kitu deui Jang Sumitra; Si Empi jeung pada baturna.

Nya jawaban kana éta pananya pisan anu jadi lantaran nu kadua, naon sababna nu matak kuring nyebutkeun yén buku Rusdi jeung Misnem téh buku bacaan barudak pangalusna.

Sanajan Gandasari jeung Sumber Arum nyaritakeun barudak Sunda gé, Jang Éman jeung Jang Sumitra mah béda jeung Si Rusdi. Duanana putra lurah hormat, duanana bageur; duanana “bener” jeung nurut kana piwuruk sepuh. Cindekna duanana ogé hadé jeung alus, budak anu dipiangen-angen ku unggal sepuh. Ari Si Rusdi? Apan Si Rusdi mah budak bangor, ari ka sakola gé ngantongan wajit jeung kadaharan lianna. Dina ieu hal pangarang Rusdi jeung Misnem leuwih wanoh sarta leuwih bisa ngagambarkeun watek jeung kahirupan budak umumna, budak anu réa hojahnya sarta anu ku lantaran teu katuturkeun ku kolotna nya disebut “bangor”. Si Rusdi téh pinter ari pinterna mah, ngan sakarepna teuing. Hirup Si Rusdi mah pikasebeleun sing sakur anu biasa hirup dina lingkungan féodal harita, mutuh pikangéwaeun, tapi matak nineung ku lucuna. Hirup Si Rusdi istuning hirup “budak lembur anu dusun”, tapi bolostrong, budak anu hirupna masih deukeut kénéh ka alam.

Ari watek Jang Éman jeung Jang Sumitra mah rata, taya kaanéhanana pisan, sagalana geus diatur ku sepuhna, atuh anu dicaritakeunana gé istuning rata. Anéhna téh ngan lamun ngadongéng, nepi ka Gandasari mah unggal bab téh dongéng waé.
Nu ngarang Sumber Arum jeung Gandasari mah, katara pisan hayang “ngatik” barudak, supaya bageur, nurut kana piwuruk sepuh, getol diajar, bener, supaya hirupna lulus-banglus, jauh balai parek rejeki, sagalana kudu lumangsung saluyu jeung kahayang anu nyekel lalakon. Pantes pisan lamun anu nyusun Gandasari jeung Sumber Arum meunang béntang ti… gubernemén!

Ari nu ngarang Si Rusdi mah kawas nu rada mopohokeun kana éta hal; maksudna téh lain rék “ngatik”, tapi ngagambarkeun kahirupan sapopoé budak Sunda, adi-lanceuk ngaranna Si Rusdi jeung Si Misnem (aya deui lanceukna Ramlan, tapi tara aya di lembur). Atuh Rusdi jeung Misnem mah leuwih deukeut kana harti sastra manan Gandasari atawa Sumber Arum. Sundana mah Rusdi jeung Misnem literér, ari Gandasari jeung Sekar Arum didaktis.

Ayeuna mah barudak téh di Sakola Ra’yat geus henteu maca deui Rusdi jeung Misnem. Boa angkatan kuring barudak pangahirna maca Rusdi jeung Misnem di Sakola Ra’yat téh. Ari Sumber Arum jeung Gandasari mah dicitak deui sabada perang gé.

Kuring kiwari inget-inget poho kana carita Rusdi jeung adina Misnem téh, saking heubeul-heubeulna henteu maca. Inget sotéh éta kana kabiasaan Si Rusdi ari ka sakola, jeung kana pupuh kinanti dina panungtung jilid katilu, basa Rusdi kudu terus tetep-tumetep di kota nuluykeun sakola ka kelas opat (vervolgschool), ari Misnem katut kolot-kolotna mulang deui ka lemburna:

Rusdi ku Ramlan ditungtun,
dikaléng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan paman jeung bibi,
dipapalér dibubungah,
ulah nyantél ka nu balik.

Inget sotéh pédah baé baheula sering ngahariringkeunana, laguna kinanti buhun. Ana ngong téh Pa Guru méré conto ka barudak kumaha nembangkeunana, kuring mani ngerik, ati asa digerihan, ku karunya Si Rusdi nyorangan di kota, papisah jeung adina Si Misnem… lieuk leuweung lieuk lamping téa meureun. Mun kaduga mah harita hayang hing baé ceurik.
Aya deui dongéng anu nepi ka ayeuna teu bisa poho, sanajan ari susunan caritana mah geus teu inget, tapi aya fragmén tina éta dongéng anu tetep nyantél teu laas ku geus lawas. Mun teu salah mah éta dongéng téh nyaritakeun dua budak pahatu-lalis di leuweung. Lanceukna lalaki ngala buah loa, adina awéwé di handap diteureuy oray, mimitina sukuna heula, nyalukan lanceukna:
“Kang, kang tulungan
aya nu gagarayaman
kana suku jeung ngégélan.
Cing geuwat kuring tulungan.”

Lanceukna keur kapalang ngala loa, ngajawab tina luhur tangkal:

“Usap baé nyai, meureun sireum.”

Macana dikawihkeun, laguna basajan pisan, tapi harita mah mutuh mawa suasana ngenes-ngangres.

Barang éta budak awéwé téa geus kateureuy kabéh ku sakadang oray, kakara lanceukna nyahoeun. Hadéna aya manuk disada kawas nu mapatahan:

“Cukrih! Cukrih! Cukrih!
Turih ku pucuk eurih!”

Sakadang oray diturih beuteungna ku pucuk eurih, si budak awéwé geus taya nyawaan. Tapi da tuluy hirup deui, digeberan ku hihid kabuyutan bari dikawihan:

“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking…”
jeung saterusna.

Éta téh kabéh gé diturun saingetna baé, boa aya nu salah. Tapi kakeueung jeung kangenes anu baheula kungsi karasa basa mimiti maca éta dongéng sok karasa deui ari ayeuna inget téh.


II

Kiwari beunang disebutkeun Sakola Ra’yat (jeung sakola-sakola lianna) teu bogaeun buku bacaan basa Sunda. Anu aya ngan nyukupan pikeun ubar puruluk wungkul. Naha kira-kirana moal hadé lamun buku Rusdi jeung Misnem, anu sidik hadé sarta alus, dicitak deui bacaeun barudak kiwari?

Sanajan kuring mikaresep pisan kana éta buku, tapi mun kuring kudu ngajawab éta pananya sarta mun pangna dicitak deui téh diancokeun pikeun bacaan barudak Sakola Ra’yat, kuring bakal ngajawab, “Henteu.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab deuih. Sabab anu pangutamana, ku lantaran kahirupan barudak Sunda kiwari geus béda pisan jeung kahirupan barudak Sunda dina jaman Si Rusdi jeung Si Misnem. Hirupkumbuh urang Sunda dina jero limabelas taun pangahirna téh ngalaman parobahan anu kacida gedéna. Nepi ka lamun barudak kiwari maca kahirupan Si Rusdi téh, moal ngalartieun. Tangtu haréraneun aya kahirupan cara kitu—taya bédana jeung alam dongéng. Pangaruh ti luar geus ngaraksuk asup ka pakumbuhan urang Sunda di tutugan gunung jeung lamping. Pakumbuhan urang Sunda anu tadina ayem-tengtrem, sepi-tingtrim téh, kiwari kaweur, komo ku ayana kakacowan di padésan anu jauh ti kota mah. Mun baheula kahirupan urang Sunda téh pakumbuhan kahirupan kampung atawa padésan anu masih kénéh “weuteuh”, ayeuna mah geus direumbeuy ku kahirupan kota, tapi ari enya-enya mangrupa kahirupan cara di kota-kota (Éropah) mah tacan deuih. Antara kota jeung désa di urang kiwari mah taya wates-wates anu tétéla. Éta Dua rupa kahirupan téh awor pabaur, kitu deui ku barobahna susunan masarakat padésan di urang, ku ngaraksukna tatacara jeung ukuran-ukuran kahirupan anyar ka jero padésan (jalma-jalmana arindit ka kota lantaran hirupkumbuh di lemburna sorangan kaganggu ku ayana kakacowan gorombolan), ana marulang deui ka tempatna asal, éta jalma-jalma téh geus barobah, boh tatacarana boh kapercayaanana, kitu deui ukuran-ukuran jeung cita-cita hirupna.

Éta prosés téh gancang pisan ngarobah pakumbuhan masarakat padésan urang. Anu baheula mah teu kenal kana lagu-lagu lian kajaba ti lagu-lagu Sunda, Cianjuran, Degung jeung sapadana ayeuna mah milu ngahariringkeun lagu-lagu India jeung Malaya. Anu baheula mah cukup ditarumpah karét (urut ban mobil), ayeuna mah kudu maké sapatu nu disemir bari dikaoskaki nylon nanaon. Anu baheula mah cukup ku lalajo ketuk-tilu atawa pantun, ayeuna mah kudu lalajo bioskop (“gambar iduk” cenah). Anu baheula mah cukup disarung jeung dikamprét, ayeuna mah kudu sing sarwa wolita, didasi sagala. Anu baheula kamamana cukup ku leumpang ayeuna kudu maké karéta mesin, motor, bis atawa karéta api malah kapal udara. Anu baheula mah cukup ku nyaho béja-béja ngeunaan urang lemburna sorangan, ayeuna maké hayang maca suratkabar ngarah terang béja-béja ti sakuliah dunya. Anu baheula mah cukup ku udud kolobot, ayeuna kudu ngaroko “putih”…

Basa Si Rusdi ditinggalkeun ku kolot katut adina di dayeuh, manéhna ceurik, tangtu inget kana sagala pangalaman jeung karesepna basa masih kénéh mangkuk di lembur. Keur Si Rusdi mah harita, antara dayeuh (kota) jeung désa téh lain baé jauh tempatna, tapi ogé aya perbédaan kahirupan. Kahirupan dayeuh jeung kahirupan padésan. Papisahna Si Rusdi jeung Si Misnem téh nya papisahna jeung kahirupan padésan, diganti ku kahirupan dayeuh anu harita mah masih kénéh sing sarwa ahéng pikeun Si Rusdi.

Kasedih, katineung nu harita kaalaman ku Si Rusdi pédah kudu ngumbara nuluykeun sakola di dayeuh, moal kaalaman moal karasa ku barudak padésan jaman kiwari. Barudak kiwari mah ti masih kénéh bau jaringao geus ngimpi ngumbara ka kota. Apan hirupna sapopoé di padésan ogé geus niron-niron kahirupan di kota. Jadi mun sakali mangsa dibéré kasempetan indit ka atawa ngumbara di kota téh, atuh taya bédana jeung umat Islam sina indit ka Mekah.

Tah faktor-faktor éta téh milu nangtukeun kana hadé-henteuna bacaan barudak, komo bacaan munggaran di Sakola Ra’yat, anu tinangtu nyantél dina haté tepi ka maranéhanana galedé.

Tapi sabalikna, na kira-kirana hadé deuih lamun ayeuna aya jalma anu nulis buku bacaeun barudak anu ébréh ngagambarkeun kakacowan jeung kakaweuran hirupkumbuhna?

Bisa jadi hadé, bisa jadi henteu. Hadé ku lantaran hal éta bakal bisa méré gambaran ka barudak nu macana ngeunaan kaayaan kahirupanana sapopoé dina jamanna. Goréngna ku lantaran mun éta buku disusun ku jalma anu teu bisa nénjo kakacowan jeung kaayaan anu pikangeneseun téa kalawan ngristal, bakal méré gambaran salah ka barudak, nya temahna melak binih mumusuhan atawa ngunek-ngunek silih arah.

Tapi mun aya jalma nu usaha ka palebah dinya, di dieu kuring hayang némbongkeun pamapag pangbagéa ka manéhna: “Rampés!”

Jakarta, 1957

(Dicutat tina buku Dur Pandjak! wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, 1966, kaca 42-48)


Dongeng Sunda Dina Radio

Februari 17, 2011

Ku: Dadan Sutisna

Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut,  dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih. Sakapeung sok nyipta-nyipta, hayang jadi tokoh sakti dina dongeng. Kawasna mah taya bedana jeung barudak ayeuna, resep kana tokoh-tokoh pilem dina televisi. Nya ari karah ku unggal peuting mah ngadengekeunana, sok aya bae carita anu inget keneh nepi ka ayeuna.

Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio sok disebut dongeng Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge, anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu pamohalan kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, dongeng Si Kabayan, Sasakala Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup sastra lisan. Henteu unggal jelema bisa maca naskahna. Naskahna paranjang, aya nu nepi ka rebuan lambar. Langka anu dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur sababaraha eksemplar deuih.

Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut dongeng kana carita nyambung dina radio teh. Atuh dina ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama nu geus dibukukeun, urang sebut bae roman panjang.

Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng dina radio mah henteu pati diadu-renyomkeun. Henteu sakabeh kritikus sastra apaleun, kumaha kaayaan dongeng Sunda ayeuna. Henteu kawas carpon atawa sajak, meh unggal sastrawan nalungtik kamekaranana. Malah dina diskusi sastra, anu dipadungdengkeun sabudeureun karya sastra nu geus “ilahar”; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara kasabit-sabit perkara dongeng Sunda mah.

Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui komunitasna. Ukur masarakat pilemburan bae anu ngabandunganana teh, kitu oge lolobana generasi nu geus kolot. Hartina, “konsumenna” urang pasisian bae, anu henteu apaleun naha dongeng teh karya sastra atawa lain. Tara ieuh masualkeun pangarangna, tema carita, guluyurna carita jeung sajabana. Nu penting mah rame jeung matak panasaran.

Carita dina dongeng, ngaharib-harib kana novel. Strukturna oge sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na, alur atawa plot, kaasup klimaks jeung anti-klimaks.  Lantaran alur caritana panjang, tokohna oge lain hiji-dua. Malah nepi ka puluhan urang.

Sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu, konvensional, malah aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik. Sareretan mah, bet asa mindahkeun kahirupan nu sanyatana. Lain ukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan kana hiji kajadian teh kudu enya-enya. Hartina, lain saukur ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung pakta.

Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana  mah kahirupan di pilemburan. Malah loba anu nyokot kasangtukang kahirupan masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh para “jawara”, boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh carita anu ngaharib-harib pilem “laga”. Dina lalakon para jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di dinya aya tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga kasaktian luar biasa. Aya tokoh utama, aya tokoh antagonis. Biasana, tokoh utama jeung antagonis boga pangabisa nu ampir saimbang. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung mah, carita silat dina dongeng Sunda, kawas nu kapangaruhan ku carita-carita silat anu datangna ti Cina.

Dongeng Sunda dina carita silat anu  kungsi sohor teh Si Rawing karangan Yat R. Dibacakeunana ku Wa Kepoh deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we, dibacakeunana oge nepi ka sataun leuwih. Dina eta carita, Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana sakapeung mah siga nu owah. Tapi boga pangabisa nu luar biasa. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh Wiro Sableng beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa. Dongeng silat sejenna anu kungsi “rame” dina radio teh di antarana Si Buntung Jago Tutugan, Nyi Ganting (Ahmad Afandi Asgar), Si Bongkok,  jeung rea-rea deui.

Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina carita pantun. Pantun Ogin Amarsakti, lalakon budak anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung. Malah anyar keneh, Aan Merdeka Permana, pangarang anu ayeuna redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu Gunung Salak, anu dibacakeun ku Wa Kepoh.

Euyeub pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus karuhan carita kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun panalungtikan oge, teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman kolonial Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah mangsa harita.

Di antara para pangarang dongeng mah, kakara Ahmad Afandi Asgar (AA) anu karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh prak ngarang teh katembong AA ngayakeun heula panalungtikan. Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna, karasa pisan naskah-naskahna teh aya “nyawaan”. Beunang disebutkeun punjul ti pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah ngolah campuhna rasa Si Tokoh, palebah nyaritakeun kajadian nu matak ketir.

Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si Raja Dongeng tea. Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu beunghar pisan, AA bisa ngahudangkeun rasa nu ngadengekeun dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah.

Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot kasangtukang mangsa penjajahan Jepang, AA mani persis pisan nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina henteu ngalamanana oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para romusha. Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun kana ieu carita. Katembongna, AA mere kayakinan, yen anu dicaritakeunana teh enya-enya kajadian. Lain ukur dongeng. Malah apan AA mah lampar pisan, nyaritakeun kaayaan di nagara Birma sagala rupa, tempat dibuangna para romusha.

Basa Sundana alus, merenah, beunghar naker ku idiom. AA tapis pisan nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng patut anu jadi pahlawan dina ieu carita. Kumaha diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu “manusiawi”, ditembrakkeun bari henteu karasa dijieun-jieun. Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis, mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha peurihna hate Mang Sura, babaturan Sukma anu saumur-umur jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih, anu bisa ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma anu jadi romusha. Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran kahormatanana.

Romusha mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian. Dipitenah, terus katalangsara, pamustunganana “balas dendam”. Asa nyeueung carita Monte Christo, beunang Alexander Dumas tea.

Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang disebutkeun punjul teh. Aya deui carita anu nyokot kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu carita, dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut pisan nyieun deskripsi tempatna hotel perdeo teh. Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga, patugas di ieu pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?). Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe. Ahmad anu terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu ngojay meuntas sagara. Sukuna buntung disamber lauk hiu. Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung pilem Joni Indo.

Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun panalungtikan para mahasiswa kedokteran ka hiji tempat anu masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah (poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif. Imah geueuman, sora nu aneh, nepi ka munculna tokoh anu muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid ajengan jeung nu muhit dedemit),  dicaritakeunana henteu nerag, bangun ngahaja sina matak panasaran.

*

Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.

Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina “Munjung”, atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng pisan nulis carita “jurig”. 

Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa ngaran sandi asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna, loba nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh. Naskah-naskah dongengna kungsi dibacakeun ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang Engkos ti radio Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya. 

Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki Leuksa beunang disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000 nepi ka ayeuna, dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun ku Arman Wijaya ti radio Daya Swara Sumedang.

Kamekaran dongeng Sunda, beunang disebutkeun aya usumna. Kabehdieunakeun geus mimiti melempem. Ukur sababaraha radio bae, anu masih keneh leukeun midangkeun acara dongeng Sunda teh. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an mah, beunang disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat, sok aya bae acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT. Supra Perbindo Parma, jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.

Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan nepi ka masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea, asa pamohalan dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para sponsor, dongeng Sunda teh beunang disebutkeun “jurus ampuh” pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba keneh.

Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu beda jeung sinetron dina televisi. Upama aya sponsor, nya meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh pausahaan “ngareret” kana acara dongeng. Komo nilik situasi ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur ngabeberah bari euweuh buruh.

Nasib dongeng Sunda kiwari, geus mimiti “kritis”. Padahal radio teh minangka media pikeun nepikeun karya sastra lisan. Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun 1990-an, basa aya acara maca carita pondok dina radio.

Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh sponsor, jadi terus melempem, malah ampir-ampiran pareum. Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan kana kreatifitas pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan atawa rebuan lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung kagantian jinis urut meuli keretas oge.

Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh beunang disebutkeun aya unggulna. Ceuk Maman Ma’ruf (almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang dongeng ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban peuting, sok nepi ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik 300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi. Sanggeus ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp. 30.000,- (taun 1992). Eta oge bisa cenah dijual “gelempeng”, hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna, hak cipta nu ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.

Aya pangarang dongeng (kurang merenah upama disebutkeun ngaranna mah) anu hirupna ukur tina nyieun naskah dongeng. Imahna ngagowok leutik. Sapopoena nerektek ngetik, nyieunan naskah jualeun ka radio. Hasilna dipake keur hirup sapopoe, ngabayuan anak pamajikan.

Keur pangarang roman panjang taun 60-70-an,  beunang disebutkeun hade keneh milik. Naskahna bisa dikirimkeun ka penerbit, dicitak jadi buku anu diserikeun. Pangarang anu remen nyieun roman panjang teh di antarana Wahyu Adam (Ganjaran Ka Nu Sabar), Tatang KS (Sumerah Pinanggih Bagja, Ganjaran Hutang Kanyeri, Si Rawing Jago Ti Pakidulan, jrrd), Ki Masram (Tanteu Nonih, Kuburan Beureum ku Getih, Nu Kawin Ngarurub Mayit, jrrd). Roman panjang anu geus dibukukeun teh, loba nu dibacakeun deui dina radio. Di antarana Tanteu Nonih anu nyaritakeun kahirupan hostes.

Harita mah deuih, renung penerbit anu mere lolongkrang keur pangarang roman panjang teh. Di antarana penerbit Tarate, Armico, Budi Asih, Wargina, jeung sajabana. 

*

Dina  kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun dongeng teh, kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot. Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita dongeng oge mere ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener. Malah dina bubukana, anu rek ngadongeng sok nyarita : “Nu saena picontoeun, nu awonna pieunteungeun.”

Dongeng Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan.  Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana ajaran agama (Islam).

Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, naskah dongeng Sunda (najan henteu dibukukeun) milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” arang pisan diadu-renyomkeun.

Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun, pangarang anu nulis naskah nepi ka 1000 lambar kawas naskah dongeng Sunda!

Cag!***


Suptapada

Februari 17, 2011

Carita Pondok DADAN SUTISNA

(DIAH datang ka kontrakan basa kuring keur ngahurungkeun komputer. Kagok, manéhna terus dititah saré.)

Matak gogodeg nénjo beubeunangan Collen Sire. Beuki engeuh, pangaweruh téh tangéh kénéh ka bisa mapakan manéhna.

Animasi nu cenah meunang ngadekul sabulan campleng téh teu burung ngabetot imajinasi. Lebah ngimpleng sétting, katémbong Collen beunghar ku reférensi. Pangpangna dina ngagambarkeun kaayaan dunya abad ka-14, najan bisa jadi henteu persis kitu.

Éndingna deuih nu matak ngangres téh. Haté lir nu digenyot, asa dibawa ka alam mana boa. Basa Nyi Putri newekkeun patrem kana angenna, gambar nu dicokot téh tina cangkéng nepi kana suku nu ditilaman ku jukut garing. Getih patingkareclak maseuhan lemah. Ti dinya gambar zoom out, Nyi Putri ngarumpuyuk. Beuki jauh, katémbong amparan bugang nu patulayah. Beuki jauh, layung hurung ngarérab langit, tuluy fade-out kana warna hideung.

Cursor mouse ngajorélat kana tombol exit. Teu kungsi sadetik, nu katémbong dina layar monitor ukur wallpaper. Diteuteup sajongjongan mah. Dina layar monitor asa ngalangkang kénéh animasi beunang Si Collen.

(Diah ngulisik, ngarérét. Panonna ceuleuyeu. “Kumaha atuh, Kang?”)

Mimiti wanoh jeung Collen téh basa milu aub dina panglawungan website were-here, salah sahiji situs di internét nu sok dipaké adurényom ku programmer di sakuliah dunya. Collen Sire, cenah mah urang Éropah nu matuh di Amérika, weruh pisan kana seluk-beluk program komputer, pangpangna ngeunaan téknologi animasi tilu diménsi. Basa dikiriman é-mail, diajak wawanohan, manéhna gasik ngajawab, malah ngajak chatting sagala rupa. Nya ti dinya mimiti ngobrol ngalér-ngidul téh.

(Diah cengkat. Baeud.)

Nu matak kayungyun, najan sapopoéna ngagugulung script program nu sagemblengna maké kodeu logika, Collen ngahargaan pisan kana titinggal para karuhun. Cenah karesepna téh ngoléksi barang-barang kuno, atawa naon baé titinggal mangsa bihari.

“Biheung aya urang mun euweuh karuhun. Nu ngalalanyah téknologi gé apan karuhun urang,” pokna, hiji mangsa. “Titinggal karuhun téh surahaneun urang. Di nagara kuring mah, nalungtik paradaban bihari téh jadi proyék nomer hiji.” cenah, bari barabat manéhna nyebutan panalungtikan nu keur dihanca ku pamaréntah jeung para ahli di nagarana. Enya, da manéh mah cicing di nagara beunghar, cék haté. Tong boroning keur kapentingan bangsana sorangan, dalah nyieun website all-languages, nu bisa narjamahkeun sakur basa di sakuliah dunya gé apan dikeureuyeuh. Tangtu modalna henteu saeutik.

Collen terus nanyakeun kaayaan di Ttatar Sunda. Sajarahna, jelemana, nepi ka mojang-mojangna. Geus nyahoeun sabagian mah, pangpangna tina katerangan nu dimuat dina énsiklopédi digital kayaning britannica, encharta, atawa ancient world nu husus ngamuat sajarah purba.

Manéhna nanyakeun, naon baé titinggal paradaban bihari di Tatar Sunda téh? Ku kuring dijawab, sajarah Tatar Sunda dialamatan ku kapanggihna sawatara naskah kuno. Sawaréh geus ditalungtik ku para ahli filologi, tapi nu can kacabak gé réa kénéh.

“Téknologi bisa mantuan keur ngaguarna…” pokna, ngahatéan. “Kuring ngama’lum, di nagara anjeun mah panalungtikan masih kénéh maké padika nu konvénsional. Mun di nagara kuring mah, naskah kuno nu ngahunyud téh tangtu moal diantep kitu waé…”

(Diah neuteup. Biwirna ngawed. “Kumaha atuh, Kang?”)

“Sanés diantep, tapi dikeureuyeuh…”

“Tapi nembé ngalibetkeun filolog wungkul, sanés? Saha deui nu titén kana éta naskah salian ti filolog? Teras, naskah nu tos ditarjamahkeun téh dikumahakeun? Naha mung janten dokuméntasi sajarah, ditalungtik leuwih teleb, atanapi dikumaha?”

(Diah neuteup kénéh. Leungeunna ngebugan bantal.)

“Rupina teu acan dugi kana waktos baé…”

Collen bangun nu panasaran, malah hayang nyaho siga kumaha naskah Sunda kuno téh. Ku kuring dikiriman vérsi digitalna, kaasup nu geus ditarjamahkeun. Manéhna bangun kataji ku sempalan Pasunda-Bubat, da terus tetelepék, malah ménta tulisan-tulisan nu patali jeung éta.

Teu nitah teu sing, basa manéhna nyieun rékonstruksi Perang Bubat téh. Tapi teu burung olohok nénjo hasilna.

(Diah ngageuri. “Opat sasih, Kang…!”)

Internét disambungkeun deui, gasik muka Program Messenger. Collen geus online.

Well done… saé pisan!” cékéng téh sanggeus mencétan keyboard.

“Nuhun!” mani gancang dijawab.

“Nganggo program tridi nu mana?”

“Ngadamel sorangan programna, teu aya icalan. Diical mah sok seueur nu ngabajak…” dina tungtungna titik maké smile, gambar sirah budak keur seuri. “Pilem-pilem animasi beunang urang Amérika, programna seuseuseurna mah ngadadak nyieun. Nu mawi hésé diturutanana. Urang Amérika langkung punjul dina ngawasa program komputer, margi aranjeunna mah gaduh kakeyeng sangkan hasil gawéna teu wawayagon. Bill Gates, enya gé pausahanana sok pada nyebut monopolis, tapi titén kana poténsi manusa di sakuliah dunya. Nu didamel di microsoft téh barudak jenieus ti unggal nagara. Rupina ti nagara Sadérék gé aya…”

Donlod-na langkung ti sajam geuning, horéng file-na ageung pisan,” ngahaja méngkolkeun obrolan.

“Kantenan. Nu dikintunkeun nganggo résolusi pangluhurna, ngarah gambarna langkung écés. Sanés, éta téh leres kajantenan?”

(Diah beuki ngageuri. Kamar kontrakan geus simpé. “Iraha atuh, Kang?”)

“Leres henteuna mah teu terang. Mung di tatar Sunda mah tos sabiwir hiji. Pasunda-Bubat, sok disebat Perang Bubat…”

“Nanging sigana panalungtikan éta kajadian teu acan asak, maksad téh… teu acan dugi ka ngahasilkeun kacindekan émpiris. Naskah nu dikintunkeun ku anjeun, nu jadi bahan rujukan kajadianana Perang Bubat, teu acan masihan gambaran kajadian nu sanyatana. Sanés hartina urang ulah percaya kana éta naskah, nanging saéstuna naon nu ditulis ku jalma bihari téh guareun urang ayeuna, kaasup kajadianana Perang Bubat.”

“Maksadna?”

“Kuring ngadamel animasi Perang Bubat, sangkan anjeun mikir…”

“Sangkan mikir nyieun pilem Perang Bubat? Nurutan di nagara anjeun nu saban kajadian teu weléh dipilemkeun?”

“Sanés kitu. Tapi sabada ningal animasi beunang kuring, meureun anjeun boga pamanggih séjén, salian ti nyebut well done téh. Kahayang kuring, anjeun ngiritik bébéakan…”

“Naon nu kedah dikiritikna. Di nagara anjeun sagala reférensi nu aya di dunya geus nyampak. Lebah nyieun karakter urang Sunda bihari, beungeutna, pakéanana, leumpangna, cék kuring mah geus siga. Kuring yakin anjeun lain saukur maca naskah ngeunaan Perang Bubat, tapi néangan bahan séjénna…”

“Mun kuring nyarita yén kuring teu percaya kana kajadian Perang Bubat?”

“Hartina anjeun teu percaya kana sajarah, kana titinggal paradaban bihari.”

“Naon nu ku anjeun bisa ditémbongkeun keur ngayakinkeun kuring?”

“Apan geus dikirim naskahna!”

“Can cukup. Naskah mah cékéng gé guareun kénéh. Pararaton jeung Carita Parahyangan, ditulis ampir dua abad sabada kajadian Perang Bubat. Hartina meunang dua abad mah sempalan Perang Bubat téh ukur jadi gunem catur jalma-jalma mangsa harita. Sakitu gé aya nu leukeun kénéh mindahkeun kana tulisan. Kuring ngahaja mangnyieunkeun rékonstruksina, ngarah dina haté anjeun timbul sababaraha pertanyaan, nu jadi pangjurung anjeun atawa saha baé keur nalungtik éta kajadian leuwih teleb.”

“Naon nu kudu ditalungtikna? Téknologi komputer can bisa ari ngadatangkeun deui kajadian mangsa bihari mah. Sok ku anjeun jieun script-na, sangkan waktu bisa mundur tur urang nyaho kana kajadian nu saenyana.”

Mun keur adu-hareupan mah, sigana manéhna téh nyakakak. Dina layar monitor katémbong gambar sirah budak keur ngagakgak.

(Diah ngaléndé. Paromanna alum. Milu nyekelan mouse. “Mun ningal kasur nu itu, abdi mah sok émut ka lalakon bihari…”)

“Lain ka dinya maksudna. Paradaban bihari téh diguarna henteu cukup ku macaan naskah. Upamana, anjeun tangtu nyaho yén aya bangsa-bangsa nu diancurkeun, terus sempalanana dicatet dina kitab suci. Dina al-Qur’an disabit, Kaum Luth di Kota Sodom diancurkeun lantaran pangeusina méngpar tina ajaran agama. Éta katerangan jadi pamiangan para ahli keur ngayakeun panalungtikan. Nepi ka manggihan bukti-bukti arkéologisna. Cék logika, lian ti hukuman Pangéran téh, Kota Sodom nu diwangun panceg luhureun gurat téktonik, méré kamungkinan ayana lini nu rohaka. Handapeun Kota Sodom pinuh ku gas métana nu babari kahuru, méré kamungkinan kajadianana gunung bitu. Hartina, urang bisa manggihan bukti-bukti logisna…”

“Terus anjeun nitah kuring indit ka Bubat keur néangan bukti-bukti arkéologis? Beurat sigana… ongkoh éta mah lain pagawéan kuring. Geus réa deuih arkéolog nu mondok moék di Bubat téh…”

“Enya, ngan cék sawatara tulisan nu ku anjeun dibikeun, Perang Bubat masih kénéh nimbulkeun pro-kontra. Cék ieu kajadian, cék itu henteu. Ku nu hiji ditembrakkeun, ku nu hiji deui ditutupan. Bisi jadi lantaran aya pakaitna jeung aib mangsa bihari. Tur anjeun aya di pihak nu percaya kana éta kajadian…”

“Geus réa buktina…”

“Enya, tina naskah téa, pan? Ka dituna mah diwawaas. Dipasieup ngarah tragis. Kuring nu geus mulak-malik éta naskah, bisa waé nepikeun pamadegan. Upamana, kuring nyebutkeun yén saenyana aya hiji perjurit Pajajaran nu salamet. Manéhna terus nyamur, ngarah teu kapanggih ku urang Majapait. Anjeun nyaho, naon sababna Diah Pitolaka maéhan manéh?”

(Diah nangkeup. Tipepereket. “Tos tilu sasih abdi teu ka kampus, isin… Kumaha skripsi Akang, tos dugi ka mana? Sing énggal réngsé atuh, Kang…”)

“Kuciwa, tugenah, maténi diri demi nanjeurkeun Pajajaran…”

“Mun saenyana aya kajadian nu leuwih tragis, kumaha?”

“Maksud anjeun?”

“Upamana, maténi diri téh lain saukur kuciwa jeung tugenah, tapi…”

Manéh nulis maké simbul, tapi kuring nyaho hartina.

(Aya nu ngeclak tina panon Diah. Kana taktak. “Kang, putusan téh apan kacida pentingna…”)

“Digadabah? Digadabah ku perjurit Majapahit? Anjeun teu boga hak pikeun méngkolkeun sajarah!”

Késang mimiti renung. Ngaragajag saawak-awak. Mun aya hareupeun mah hayang sabekbekkeun nonjok Si Collen nu geus mangtaun-taun jadi sobat chatting.

(Leungeun Diah nyampay dina taktak. Beuki murubut cai tina panonna. “Akang bisa nyumput sotéh, tapi dina awak nembrak pisan. Kajeueung, Kang, ladang ngésang peuting mangsa bihari téh. Tilu sasih abdi teu ka kampus…”)

Collen idel heula sakeudeung. Siga nu méré lolongkrang keur ngarénghap. Teu lila ngurunyung deui. Lain saukur ngirim hurup, némbongkeun potrét deuih, ngajeblag dina rohangan chatting. Potrét hiji perjurit nu samakta ku pakarang.

“Naon maksudna?” cékéng téh, ngahaja ditulis ku maké hurup ukuran 30 point, sugan manéhna engeuh yén kuring keur guligah.

(“Énjing nya, Kang. Balaka wé ka Apa, piraku teu narima…”)

“Rékonstruksi perjurit Pajajaran nu teuneung ludeung. Meunang ngawawaas ti nu naskah nu ku anjeun dibikeun… Rék nempo gambar Pitolaka?”

(Diah nginghak kénéh.)

“Teu kudu! Tapi kuring sapamadegan, yén urang perlu deuih néangan bukti-bukti émpiris keur nyindekkeun hiji kajadian téh,” bari panon ngulincer ka sabudeureun kamar, néangan barang sabangsaning patrem. Bedog nu ukur dipaké hiasan ngagawing kénéh dina dingding.

“Bukti émpiris Perang Bubat mah apan geus aya…”

“Can aya!”

“Tapi hiji waktu bakal aya!”

(Diah ngegeblug kana kasur.)

“Énding animasi beunang kuring téa, cék anjeun kumaha?”

“Alus, alus pisan… tragis…” idel sababaraha jongjongan.

“Kira-kira kitu meureun nya, kajadianan téh?”

(Diah ngajerit. Kaméra dina panon nyokot angle tina cangkéngna kana ubin. Ukur ngarekam sababaraha keclak. Ti dinya mah terus fade-out.)

Bari ngahégak, ngarérét kana layar monitor. Collen geus offline.***


Borokokok

Februari 17, 2011

BONGBONG borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto – kolot Omon – sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.

“Tong boloho, Omon!” Om Toto moyok. “Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok.”

Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.

Om Toto nyorongot. “Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!”

Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.

“Dodo!” kolot Omon nyorongot.

“Tong molotot Om,” omong Dodo ngosom. “Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod.”

“Tong sok moyok kolot, koplok!” Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.

Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko.

Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.

Bongbong borokokok.***


Basa Sunda Okey?

Februari 17, 2011

NGAJAWAB ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.

Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia ‘jakartaan’.

“kita?, lu ajah kallleeeehh..” (pemeo temporer taun 2010-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. “Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan..” (maksudna: seuseurian)
“Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji..” (maksudna: reueus)
“Besok meunang teu urang maen ka rumah?” (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).

Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu ‘bener’. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah.

Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum ‘konvensional’, komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum ‘moderat’, keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu ‘revolusioner’ mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala? Gitu aja kok repot…

Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu ‘bener’, sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda ‘teu bener’, keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu, tangtu baris aya lolongkrang atawa ‘gap’ anu beuki anggang antara generasi ‘kolot’ jeung generasi ngora, da masing-masing boga ‘basa sorangan’ tea.

Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang – nu indung bapana pituin urang Sunda – palahak polohok teu ngarti basa Sunda.

Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka teunggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah.

Kadang-kadang sok loba carita pikaseurieun mun pangangguran nengetan basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu carita nu dicutat tina pangalaman kuring dina ngatik basa Sunda si bungsu nu masih keneh SD.

Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ….
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ….
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ….
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ….
Jawab : tarik.

Soal  : Nini kulem, abdi ….
Jawab : oge.

Soal  : Diluhureun halis aya ….
Jawab : singkong

Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu kacida hayang  ‘nyunda’ pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ……
Jawab : tonggeng.

Keur mimiti nitenan carita-carita tadi tadi, kuring ngagakgak. Tapi lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh okey? Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.***


Motor Pangjagjagna Sadunya

Februari 17, 2011

BILIH aya nu meryogikeun informasi perkawis motor nu jaragjag, utamina kanggo nu mikaresep jajambret atanapi ngiwat tatangga, tah ieu informasi peryogi pisan.

10. Ducati 848

Mesin : 849 cc (51.8 cu in), 4 Katup per cylinder desmodromic liquid cooled L-twin
Top speed : 159 miles per hour (256km/h)
Kakuatan : 100 kW (134 hp) @ 10,000 rpm
Transmisi: 6-speed, Kopling Basah

 

9. Aprilia RSV4

Mesin: 999.6 cc V4
Top speed: 175 miles per hour (281km/h)
Kakuatan: 132 kW (178 hp) @ 12,500 rpm
Transmisi: 6-speed, Kopling Basah

8. Suzuki GSX R1000

Mesin: 999 cc four-cylinder 4-stroke, DOHC, 16-valve, TSCC
Top speed: 185 miles per hour (299km/h)
Kakuatan: 142 kW (191 hp) @ 12,000 rpm
Transmisi: 6-speed, constant mesh, Back-torque limiting clutch

7. Yamaha YZF R1

Mesin: Forward Inclined Parallel 4-cylinder, 20 valves, DOHC, liquid-cooled
Top Speed: 186miles per hour (297 km/h)
Kakuatan: 128.2 horsepower (95.6 kW) at 10000 rpm
Transmisi: Constant mesh 6-speed

6. Ducati1198R

Mesin: 90° V-twin cylinder, 4-valve per cylinder Desmodromic, liquid cooled
Top speed: 185 miles per hour (299km/h)
Kakuatan: 134 kW (180 hp) @ 9,750 rpm
Transmisi: 6-speed

5. Kawasaki Ninja ZX-14

Mesin: 1352 cc four-stroke, liquid-cooled,DOHC, four valve per cylinder,inline-four
Top speed: 185 miles per hour (299km/h)
Kakuatan: 142 kW (190 hp) @ 12,500 rpm
Transmisi: 6-speed

4. Kawasaki Ninja ZX 10R

Mesin: 998 cc, 4-stroke, 4-cylinder, liquid-cooled, DOHC, 4-valve cylinder head
Top speed: 186 miles per hour (300km/h)
Kakuatan: 147 kW (197 hp) @ 12,500 rpm
Transmisi: 6-speed

3. Suzuki Hayabusa

Mesin: 1340 cc (82 cu in), 4-stroke, four-cylinder, liquid-cooled, DOHC, 16-valve
Top Speed: 188 miles per hour (303 km/h)
Kakuatan: 197 horsepower (147 kW) @ 6750 rpm
Transmisi: 6-speed, constant mesh

2. Suzuki GSX-R750

Mesin: 4-stroke, liquid-cooled, DOHC
Top speed: 190 miles per hour (306km/h)
Kakuatan: 110.3 kW (150 hp) @ 13,200 rpm
Transmisi: 6-speed constant mesh

1. MTT Turbine Superbike Y2K

 

Pang Necisna

Sok sanaos motor-motor tadi jaragjag, nanging teu aya deui nu pang necisna mah lintang ti cengceman Wa Oding paranti balanja ka kota….. sok mangga tingali: