Gogonjakan

Bangku ieu disanggakeun kanggo para saderek anu resep humor. Mangga waktos sareng tempat disanggakeun kanggo ngabahas lalawuh gogonjakan anu bade dikirim atanapi anu parantos disayagikeun dina etalase. Seeerrr ah!

65 Responses to Gogonjakan

  1. Aang berkata:

    Mani sarerieus pisan, hayu ah urang hareureuy!

  2. smansalingga82 berkata:

    Hǎo zǎo, xiōng dì jiě mèi。Hěn gāo xìng kàn dào zài zhè yī lǐng yù de yōu mò。 Qǐng bǎ nǐ de yōu mò zuò pǐn yào dú wǒ men de tóng shì。Xī wàng wǒ men dà jiā dōu kě yǐ shòu lǐ。Xiè xiè。Udah ga ngerti ko dibaca terus?

  3. Aang berkata:

    Weiiiii, Yan mani menohok alias menggergaji.

  4. Otih Rostiana berkata:

    tos lawas pribados lumaku rada anggang sakedik ti palataran tampomas. Bet ting seredet kana hate, maos babasan dulur (2x) ku basa karuhun… Kedah diasah ku sering silaturahmi rupina, alhamdullah aya ieu warung. Derrr ah…

  5. Otih Rostiana berkata:

    tos lawas pribados lumaku rada anggang sakedik ti palataran tampomas. Bet ting seredet kana hate, maos babasan dulur (2x) ku basa karuhun… Kedah diasah ku sering silaturahmi rupina, alhamduilllah aya ieu warung. Derrr ah…

  6. Otih Rostiana berkata:

    tos lawas pribados lumaku rada anggang sakedik ti palataran tampomas. Bet ting seredet kana hate, maos babasan dulur (2x) ku basa karuhun… Kedah diasah ku sering silaturahmi rupina, alhamdulilllah aya ieu warung. Derrr ah…

  7. smansalingga82 berkata:

    Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dangdanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
    Supir : “Dupi ibu ngawulang di SD?”
    Bu Guru : “Muhun”
    Supir : “Ngawulang Seni…?”
    Bu Guru : “Sanes”
    Supir : “Agami…?”
    Bu Guru : “Sanes…”
    Supir : “Ngawulang naon atuh..?”
    Bu Guru : “Ngawulang Bahasi….!”
    Supir : “Ooo…hh..!” Ceuk supir bari nincak gas

  8. smansalingga82 berkata:

    Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

    Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

    “Ma..aden lapar” anak maung ka indungna

    “Nya ke urang…” can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jero guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

    “Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal” anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

    Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

    Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

    Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. Abong jalu, sanajan uncal boga pikiran cabul.

    “Ah..bae sagalak-galakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang” uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kitu uncal ngaheot?).

    Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

    “Ma…ma..kumaha SI UNCAL teh beunang…mana ma..aden lapar..”

    Indung maung kadon jamutrut ka anakna ” eh…ari maneh tong susa sisi PAPIH kituh!!!” bari ngaleos.

  9. Aang berkata:

    Hiji peuting si aki jeung si nini keur ngalobrol di kamar memeh sare.

    Aki : “Nini urang teh geus karolot,aki rek menta dihampura bisi aya kasalahan ka Nini”

    Nini : “Ih aki sarua nini oge, urang silih hapura we atuh umur mah saha nu nyaho.”

    Aki : “Sukur atuh ari nini rek ngahampura ka aki mah,sabab aki teh pernah salingkuh ka nini”

    Nini : “Kutan jeung saha aki?”

    Aki : “Eta jeung Si Edah tukang lotek tea,terus jeung Si Emeh anak Mang Sarkawi,malah jeung Si Icih oge nu dilebak ngalaman.”

    Nini : “Nya ari aki geus ngaku mah bari jeung ngarasa kaduhung teu nanaon ki dihampura,tapi nini oge sarua geus pernah salingkuh.”

    Aki : “Ari nini jeung saha?”

    Nini : “Ari nini mah mun geus salingkuh teh sok neundeun kacang hejo dia toples”

    Aki : “Toples nu di dapur nini?”

    Nini : “Enya aki,nu dina toples mah sesana pan anu sakeler mah beak dibubur.”

    Aki : “????????!!!??”

  10. Dian Ramdiani berkata:

    Abdi nuju nguyung…mun jelemamah gering nangtung ngalanglayung…..aduh….leres henteu eta basa teh nya,hapunten ka karuhun Sumedang….maos..dongeng sakadang uncal anu cunihin ka maung bikang…langsung tiassa ngabarakatak…ha ha ha…. ,hatur nuhun ah ,diantos dongeng anu sanesna,asa maos majalah mangle.

  11. smansalingga82 berkata:

    Hatur nuhun tos ngaluangkeun waktos, linggih di warung. Manawi ngagaduhan soft copy lambang SMA Negeri Sumedang jaman urang sakola, dipundut karidoanana kanggo diup-load dina merek warung. Hatur nuhun sateuacanna.

  12. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Tess…
    Punten ah abdima rada gaptek.. kumaha Ang aya asup henteu ieu tulisan teh…?

  13. Ani Yunaningsih berkata:

    naon kang anu diributkeun ku aniw asup teh mani 20 cm deuih ah aya2 wungkul aniw mah……

  14. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    cing kang admin.. ari dongeng anu “atit” jeung “samis” tos dimuat teu acan? Duh mani waraas ka mojang-mojang ipanya.

  15. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    eeeeh kang iyan… damang yi? diarantos akh upami ka batam.

  16. smansalingga82 berkata:

    Ari Batam teh di mana? Mending ka Cikarang Niw.

  17. Ani Yunaningsih berkata:

    kang aniw resep atuhnya di batam mah upami hoyong ka singapur teh kantun memandang sajah sisi basisir….leres teu kang? kang Yan dimana ayeuna? terang teu ari Sugiarto dimana nya?

  18. smansalingga82 berkata:

    Sugianto atanapi Sugiarto?

  19. Ani Yunaningsih berkata:

    leres kang sugianto abdi lepat nyerat…

  20. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    ASAL MUASAL NAMI “ALIAS”
    Geus jadi kabiasaan ker sakola teh lamun nyebut ngaran teh sok lalandihanna. Hubungan lalandihan teh macem2, sapertos
    LILI = LIEM, pedah bapana CPM
    AANG = GAANG, pedah murwakanti
    WAWAN = UWA, pedah koloteun
    AGUS = ANIW, pedah harita teh resep ka ANI Wunaningsih
    Punten akh abdimah bahasi sunda na sok kirang lemes.

  21. Ani Yunaningsih berkata:

    kang Yan ani masih di Unla, saha rrncngn nu caket kang Yan? kang aniw sok kitu ah lepat atuh sanes ani wunaningsih sigana resep ka ANI Wismayani panginten.nya?

  22. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Enya ieu teh keur ngapal2 deui…
    IYAN = EYANG, pedah imahna dihandapeun makam G. Puyuh
    RONI = KENDANG, pedah kaahlianna tari jeung ngendang
    MASKADI = JAWA, pedah ti Cirebon
    BENI = UYEH, aya nu terang?
    AGUS D.R = ADUL, pedak beuki ngawadul
    SAFRUDIN = BATOK, pedah ti Tapanuli
    DADAN = … teu wani akh ngaran Bapana
    Ari awewenamah teu arapal

  23. N. Andriyani berkata:

    Ani Meilani = kum kum.
    Dimana ayeunanya?

  24. Neni Yuhaenah berkata:

    Kang Aniw, kang Yan! Wilujeng tepang, daramang? Pami kang Yan linggih dimana ?

  25. Ani Yunaningsih berkata:

    kang Yan naha iraha mulih ti walanda mani gaya namina janten nganggo Van (van mah da paranti masak hehehe..)

  26. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Si Iyan mah siuen disebut eyang buru2 we make Van Baskom

  27. Neni Yuhaenah berkata:

    Abdi mah angger we di sumedang kota kamelang, ayeuna mah di situraja rada nyungseb. Wios di kampung ge alhamdulillah betah tebih tina macet sareng polusi

  28. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Diemperan taman endog pasar sumedang, tukuang obat kumis sibuk nawar-nawarkeun obatna
    Tukang Obat: “Obat kumis.. obat kumis… dijamin halal”
    Ceuk Budak : “Naha gening mang .. tukang kumis teh teu kumisan?”
    Tukang Obat” “Akh naha jang,,, da tukang endog ge tara endogan…”

  29. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Anu mana..? nunyalingkur di dompret, atawa kasus dibarak jeung ko acin?

  30. Uyeh berkata:

    Aduh hampura Ang…saya teh teu uluk salam heula, tumorojog tanpa larapan langsung icikibung. Tah ayeuna simkuring bade nyuhungkeun widi ka anu ngageugeuh ieu situs, bade ngiring aub icikibung. Sampurasun…mugi ulah ngaganggu da saguru saelmu . Ngiluan EUYYYYY !!!

  31. Neni Yuhaenah berkata:

    wilujeng tepang kang Uyeh, damang ?

  32. ani yunaningsih berkata:

    kang uyeh upami kapandeurian biasana di setrap ku guru tah ayeuna punten kang admin pang setrapkeun kang uyeh sina ngadongeng pangalamanana, saurna aya wartos dongbret sareng tingkarayap teh naonnya????

  33. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Asa teu percaya kang uyeh tiasa bahasi sunda lemes kitu… jigana dipangnyieunkeun. Sok inget baheula keur beger, ari dina panungtungan surat teh pasti sok ditulisan “ARI CINTA TEH HIJI BANDA NU TEU SUDA KUKATIGA NGANCIK TINA BALI GEUSAN NGAJADI” Tah upami aya nu gaduh surat model kitu tiasa dilironkeun kana Kulkas berwarna. Asanamah aya lima surat nu beredar teh…

    • Uyeh berkata:

      Niw…! pan urang teh geus jadi ketua RW, nu ngageugeuh Warungsitu. Jadi kudu bisa kabula-kabale. Lolondokanlah. Kumaha cageur Niw ?

  34. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    Pangesto bah… berarti jalan kaimah moal lila deui diaspal nya?

    • Uyeh berkata:

      Bereslah ke diatur ! Sakalian we di hotmix nya ? Keun waragatna mah urang mawa tina APBD Warsit Th 2010 . Lain iraha rek balik Niw ?

  35. nani berkata:

    Dina acara reuni taun kamari, katingali kang Uyeh, Kang Aniw sareng Kang Oding nuju uplek ngobrol.
    Geuning ayeuna mah, tiluanana wakca, yen kantos matri ati ku janji sareng pasini, sanaos teu ngajadi, ka Nyi Onah, mojang demplon urang Cipada.
    Kang Aniw : Ari maneh kunon make pepegatan harita teh?
    Kang Uyeh : Biasalah, beda pendapat.
    Kang Aniw : Saya mah, beda keyakinan
    Kang Oding : Saya mah, pedah beda … kelamin.
    Punten ah , ulah aya nu bendu.

  36. Neni Yuhaenah berkata:

    Rupina teh neng nani tos kaserepan kang oding, eta we geuning ayeuna mah tiasa ngeusi “rohangan ha ha ha”. Wilujeng ngembangkeun bakat, dirojong pisan ku doa . . .

  37. Agus Kusnawan/ Aniw berkata:

    HA HA HA HA BAGUS BAGUS NAN… PUNTEUN AKH NEMBE NEPANGAN DEUI KAMARI KABENTAR GELAP

  38. Agus Kusnawan berkata:

    Kamarana iue teh … jigana keur ngarawas UANnya

  39. nani berkata:

    Kang Aang , Kang Aniw , Teh Neni , nuhun kana pidu ana. Punten bilih aya nu kasebat sebit. Permios.

  40. Ani Yunan berkata:

    eh teh Nani bade kamana? naha abdi teu dicandakan, punten kasadayana pribados nembe nepangan deui, kumaha daramang sadayana? urang colek we nya hiji2: kang Admin (pangpayuna bilih bendu),kang Aang,kang aniw,teh Neni,Teh Nani, teh Dian, kang Uyeh, kang Yan Van Sendok kamana yeuh tos lami teu munculsok ah urang gogonjakan deui……….

  41. Agus Kusnawan berkata:

    Jigana kang adminmah keur boga proyek… teh ani kumaha lamun nitip budak tiasa, tapi ayeuna kelas dua keneh jigana taun payun .. cenah ari cita-citanamah hoyong jantenun MENWA budak teh.

  42. Otih Rostiana berkata:

    Sepi ing pamrih rame ing gawe……. Wilujeng mroyek ka kang admin…wilujeng tatap titip kanggo kang Aniw…teu ka kantun ka teh Ani, wilujeng katitipan…. Wilujeng tepang deui kanggo teh Nani, permiosna tong lami teuing atuh….Derrr aahhhhh…..

    • pung chow berkata:

      Sampurasun baraya….
      neda pangapunten…sim kuring ngiring ulubiung.
      Sim kuring angkatan ’85.
      Baktos ka palawargi sadaya Smansalingga ’82.

      • pung chow berkata:

        SAHA PANGKUATNA

        Dina hiji waktu Wa Oding, Kang Uyeh jeung Kang Aniw keur uplek ngaradu bako.
        Ngan teuing kumaha mimitina kalah der hog hag, masing-masing embung eleh hayang dianggap pangkuatna.

        Wa Oding : Geus we ayeuna mah urang buktikeun saha nu pangkuatna diantara urang teh.

        Kang Aniw : Kumaha carana?

        Wa Oding : Tuh kabeneran aya kandang embe bandot. Sing saha nu pang lilana cicing di jero kandang, nya manehna nu pangkuatna.

        Kang Aniw jeung Kang Uyeh satuju.

        Kang Uyeh : Keun kuring nu pangheulana abus.
        Bari teu nungguan nu sejen satuju ngan geblus we abus ka jero kandang.
        Ngan ukur lima menit manehna geus kaluar bari ohek-ohekan.

        Kang Aniw : Teu pira geuning ngan ukur 5 menit! Cik tempokeun yeuh kuring.., bari ngaleos abus kajero kandang.
        Rada lila Kang Aniw dijero kandang teh. Tapi teu kungsi 10 menit manehna kaluar bari utah uger.

        Wa Oding : Titadi ge pan ceuk kuring, kuring nu pangkuatna mah!!
        Jung Wa Oding nangtung bari leumpang jiga jawara blus we manehna abus kajero kandang.
        Tilu menit tiharita aya nu ngagurutak tijero kandang…
        Sihoreng embe bandot kaluar jiga nu mabok!!

        Hehehe Hampura ah Wa Oding….

  43. Agus Kusnawan berkata:

    Pung Chow teh si Bihsan nya atawa urang kubang selatan

    • Pung Chow berkata:

      Kang Aniw….
      Kurin kantos linggih di Kubang Selatan, gedengeun kost-an kang Aniw….mangga bilih bade maen remi deui…hehehe

  44. Agus Kusnawan berkata:

    ooooh enya.. putrana nu gaduh kontrakan tea, LENA nya…?

  45. pung chow berkata:

    Kang aniw….sim kuring teh Agus…raina Poppy…
    emut meureun ayeuna mah nya???

  46. aang berkata:

    Raina Kang Poppy Permadi, raina Budi, raina Nina Niw… make jeung blas2 ka Lena sagala.

  47. ian rohman berkata:

    meni jempling nya…………………..

Tinggalkan Balasan ke smansalingga82 Batalkan balasan