Obrolan Bah Oding


Tajug

Paralun, lain rék ngageuhgeuykeun ka nu ibadah. Da mémang harita mah kitu kanyataanana, urang lembur masih kénéh awam ka nu ngaranna tajug téh.

Hiji mangsa kolot-kolot di Lembur Situ ngayakeun riungan di imah Bah Oding. Ngabadamikeun rék nyieun tajug. Balangsak cénah, upama Jumaahan téh kudu ngadon ka Cangkudu. Mangkaning jalanna sorompod, ngaliwatan kebon awi sagala rupa. Cék nu heureuy téa mah, inditna kudu nyubuh, beurang saeutik, tara kabagéan hutbah.

“Enya, Bah, kudu buru-buru nyieun tajug téh. Si Adul ogé kamari, caritana wé rék Jumaahan. Naha ari balikna, geus nanggung suluh. Teuing nepi teuing henteu ka tajug mah!” cék Jang Uyéh.

“Ari geus mangsana tarawéhan sok balangsak téh. Peuting-peuting kudu ngaliwat ka kebon awi, mangkaning loba kabéjakeunana. Tah, lebah tangkal picung téh, béjana mah sok aya nu ngagulawing,” cék Kang Ajay.

“Heueuh, apan ieu ogé keur dibadamikeun. Tanahna mah geus aya, wakap ti Ma Ani. Kari néangan waragad bahan keur wangunanana. Sok atuh urang pikiran ku saréréa!” cék Bah Oding. Ngadéngé kecap “waragad” mah, nu keur cékcok téh paheula-heula jempé.

“Usul, Bah!” cék Kang Idod. “Kaina mah, urang maling wé ti leuweung, deukeut ieuh. Awina ngabukbak nu Bah Samhari, malaur ngagegedeg tara aya nu ngala. Kenténgna …” Kang Idod ngahuleng heula, “Urang ngumaha wé ka Kang Kosasih, apan manéhna sok nyitak kenténg. Wajar wé nyumbang satajugeun mah,”

“His, béak modal atuh déwék!” Kosasih nyelengkeung.

“Hadé usul téh. Tapi meunang kitu mun nyieun tajug bahanna meunang maling? Kumaha, Pa Lebé?” Bah Oding ngarérét ka Lebé Wawan nu ti tadi anteng nundutan. Puguh baé asa kagebah, katémbong pisan ngarénjagna téh.

“Aya hadéna mun di urang nyieun tajug!” pokna, siga lulungu kénéh. “Keun kuring siap jadi imam, kieu-kieu ogé kungsi ngaji di Ajengan Kosim!”

“Percanten éta ogé. Tapi kumaha nurutkeun Pa Lebé, mun bahan keur tajug meunang maling ti leuweung?”

“His, ulah atuh. Maling mah maling wé, najan keur tajug ogé. Teu, teu satuju!” cék Lebé Wawan bari memener kopéah.

“Kuring boga usul deui!” Jang Uyeh ngacung. “Apan Bah Oding téh gaduh bumi kosong, tara aya nu ngeusian. Éta wé atuh pindahkeun, énténg ngagarapna deuih!”

“Éta mah keur anak déwék atuh!” Bah Oding muncereng.

Nepi ka tengah peuting riungan téh. Ngagayuh ka janari kakara bubar. Kacindekanana, bahan keur tajug rék méntaan ka unggal imah, saridona. Peuting éta kénéh ogé nyieun panitia.

Henteu mangkuk tilu bulan, bahan keur tajug téh geus ngagunduk. Isukna der diadegkeun, salembur éta mah tamplok marantuan. Awéwé cuhcih nyadiakeun susuguh. Bah Oding tutunjuk bari melenyun udud. Lebé Wawan, da puguh geus sakitu kakolotanana, meusmeus ngoloyong ka handapeun tangkal jambu, ngadon ngiuhan.

“Kadé Bah, kudu nyieun tihang di tengah tajug téh. Rék dua rék tilu éta mah!” cék Kang Idod bari anteng mapasan tangkal mahoni.

“Keur nanahaon tihang?”

“Ngarah weweg atuh, jeung pangpangna mah, ngarah aya tempat nyarandé. Unggal peuting bagilir, ngarah adil. Kitu di lembur girang ogé!”

“Paranti nundutan?”

“Sigana mah kitu …”

“Doraka siah!” Bah Oding muncereng. “Cék Pa Lebé oge, di tajug mah teu meunang nundutan!”

“Deukeut paimbaran nyieun hiji, Dul!” Lebé Wawan nyelengkeung ti lebah tangkal jambu.

Heuleut saminggu ogé, tajug téh geus ngadeg. Henteu sabaraha gedé, tapi cukup keur jelema 40 baé mah. Bilikna ku hinis petingan. Palupuhna maké awi surat. Tepasna rada lega, paranti barudak diajar ngaji. Hareupeunana aya kulah, caina beunang ngocorkeun ti tampian Bah Oding.

Isukna diresmikeun ku Pa Kuwu.

Kangaranan kana barang anyar atuh, saban peuting pinuh-pinuh baé. Lebé Wawan katémbong riweuh. Unggal peuting kudu nerangkeun bagbagan ibadah, da loba nu poékeun kénéh.

“Jadi solat berjamaah mah kudu aya imam jeung mamum. Imam téh pamingpin solat, mamum kudu nurut ka imam, ulah miheulaan,”

“Kumaha mun imamna batal, euh … kapoosan upamina?” aya nu nyelengkeung ti tukang.

“Wayahna imam kudu eureun!”

“Atuh mamum ogé eureun?”

“Henteu, da aya wawakilna. Anu kira-kira sanggup jadi imam, kudu nyuluran imam nu batal téa, upamana baé Bah Oding, nu geus taram-taram jadi imam. Ngan omat, nu rék nyuluran kudu cicing tukangeun imam, ngarah henteu jauh teuing ngaléngkahna. Kahartos?”

“Kahartoooos!”

Isukna, basa keur solat isa, enya baé Ki Imam téh kapoosan. Da éta wé, sanggeus ngarérét ka mamum, terus kaluar ngaliwatan panto deukeut paimbaran. Nu keur solat ukur silih rérét, lila naker paheneng-heneng. Bingung tayohna téh.

“Di mana Bah Oding?” kadéngé aya nu ngagerendeng.

“Ieu kuring mah, di juru tukang!” aya nu nyelengkeung  rada tarik.

“Sok atuh jadi imam, da euweuh nu bisaeun!”

“Ku silaing wé atuh, Uyeh, apan étah cicing di hareup!”

“Teu bisa kuring mah. Nyanggakeun sadaya-daya ka Abah,”

“Silaing atuh, Adul!”

“Paralun teuing, sieun salah babacaanana!”

“Mani euweuh nu sahulueun!”

“Buru atuh Bah Oding, bisi kaburu tengah peuting mantén, jabaning can maraban domba ieu téh!”

“Sarua déwék ogé can dahar. Ké atuh … kumaha cék Pa Lebé téh?”

“Enya, geura pindah ka paimbaran,”

“Kadé Bah, teu meunang leuwih ti tilu léngkah!”

“Naha teu neuleu pisan, apan déwék téh di juru tukang!”

“His, da kitu kuduna asana mah. Léngkah panjang wé atuh!”

“Keukeuh moal katepi!”

“Kumaha mun ngajleng?”

“Euweuh keur ngawahan!”

“Kumaha mun digandong ku kuring, sah kitu?”

“Tanyakeun heula ka Pa Lebé, asa can manggih kateranganana!”

“Di mana Pa Lebéna?”

“Di cai meureun!”

Berebet aya nu nyusul ka cai. Kasampak Lebé  Wawan keur wudu.

“Pa Lebé, kumaha mun imam digotong?”

Lebé Wawan kerung.

“Geus dariuk kituh, geuning can ngarti kénéh!”  Lebé Wawan kutuk-gendeng. Berebet nu nyusulan balik deui.

“Meunang cénah bari diuk ogé. Ngésor meureun …”

Peuting éta kénéh ogé, Lebé Wawan gegelendeng.

“Solat mah teu meunang bari ngomong, kawas teu apal baé. Mun euweuh nu sanggup jadi imam, nya enggeus heula wé atuh, engké jadian deui,”

“Sanés teu sanggup, Pa Lebé. Apan ti juru tukang ka paimbaran sakitu jauhna. Kudu seseleké meureun, kumaha mun ngagitik batur, kuriak matak ébat!” cék Bah Oding.

“Taktagé, nu siap jadi imam mah, kudu deukeut paimbaran. Sok ayeuna mah urang solat deui!”

Isukna Lebé Wawan henteu ka tajug. Sigana mah capéeun. Da puguh imahna rada anggang. Nu rék solat berjamaah bingung. Mangkaning Bah Oding ogé teu katémbong.

“Susulan ka dituh, Adul!” cék Kang Idod.

“Moal ka dieu, keur nyeri cangkéng. Tadi bébéja ka kuring, cénah moal ka tajug!”

“Bah Oding atuh!”

Si Adul ngaléos. Teu lila geus ngurunyung deui dibaturan ku Bah Oding.

“Aya naon ieu téh, rék solat kalah ka cékcok?”

“Pa Lebé henteu ka dieu, jadi Bah Oding kudu ngimaman!”

“Ké heula atuh, rék nyokot sarung!”

“Har, ari sugan téh …”

Teu lila geus nyurung deui.

“Komat ka dinyah, Niw!”

“Ke heula, keretasna leungit, tadi mah asa ditunda dina kolor!”

“Aéh-aéh, naha rék komat-komat baé mani kudu maké keretas?”

“Ari can apal. Dul, cik pangnyokotkeun kolor déwék, tah ngagawing dina tihang!”

“Baruk neundeun kolor dina tihang, paingan ti tadi aya nu ngahiek?”

“Montong gagabah teuteundeunan téh, Aniw. Di tajug mah kudu beresih!”

“Étah geuning, nu Bah Oding oge ngalumbuk deukeut paimbaran?”

“Da can diampihkeun nu déwék mah!”

Galantang Aniw komat. Bah Oding geus mimiti takbiratul ihram, diturutan ku séjénna. Tapi ka dituna, Bah Oding téh anggur jempling, henteu kecét-kecét, ngahuleng salila-lila.

“Naha mani henteu ngagéhan ka nu rék amin,” aya nu ngaharéwos.

“Jep, montong nyarita ari keur solat!”

“Subhanalloh!”

Bah Oding ngalieuk.

“Hampura, aya nu poho. Jadian deui wéh!”

Solat dimimitian deui. Bah Oding sujud, diturutan ku séjénna. Pleng waéh, lila naker euweuh tanda-tandana kudu cengkat deui. Rék cengkat téh, inggis imam sujud kénéh, miheulaan meureun kasebutna.

Tapi ari karah ku cangkeul mah, nu panghareupna ngarérét ku juru panon ka lebah paimbaran. Gebeg téh, Bah Oding geus euweuh di dinya.

“Bah Oding leungit!” Kang Idod ngoréjat. Nu séjénna ébat, gentak carengkat. Batal wéh caritana mah. Atuh gujrud néangan Bah Oding. Cék nu saurang kapoosan, indit ka cai. Cék nu saurang deui nyumput ka tukangeun  paimbaran. Papada teu apal, da puguh euweuh raratanana. Disusulan wéh ka imahna. Kasampak Bah Oding keur nyaleuhak dahar.

“Kumaha ari Bah Oding, mani euweuh tanggung jawab jadi pamingpin téh!” Kang Idod kutuk gendeng.

“Har, naha bet nyalahkeun kuring. Geus bérés solat mah, nya balik atuh, rék naon deui?”

“Ari mamum, piraku diantep sina sujud?”

“Kuring mah teu wani ngaganggu, cék Pa Lebé ogé doraka ngaganggu nu keur solat mah. Balik wé rerencepan, bisi maranéh ébat!”

“Tanyakeun ka Pa Lebé ayeuna kénéh, kumaha cénah hukumna mun imam kitu peta!”

Berengbeng ka imah Lebé Wawan, Bah Oding ogé milu. Kasampak nu ditéang keur haharegungan bari nyekelan cangkéng. Diterangkeun waéh ku Lebé Wawan téh. Nu ngadéngékeun arunggut-unggutan.

“Ngaranna ogé diajar atuh, Pa Lebé. Wajar wé mun aya nu salah téh!” Bah Oding semu ngadégdég.

“Enya, da solat mah puguh sarat-rukunna, teu meunang diheureuykeun,”

“Paralun teuing ari rék ngaheureuykeun mah, rumaos jalmi bodo, teu aya katerang!”

*

Pareng bulan puasa harita téh. Tajug beuki haneuteun. Lebé Wawan beuki riweuh baé. Nu hayang diajar ngaji, ray poé-ray poe téh terus nambahan. Kolot-budak, awéwé-lalaki, tingalabring indit ka tajug.

“Rumaos abdi mah, Pa Lebé, tuna ku élmu agama. Puasa ogé, ukur sapanggih-panggihna baé. Ukur tuturut munding, bari jeung ngarti mah henteu!” cék Kang Idod.

“Hih, apan urang diajar babarengan. Manéh geus apal kana jampé saur, Adul?” Pa Lebé ngarérét ka Si Adul.

“Baruk saur ogé aya jampéna? Teu apal kuring mah,”

“Apan ibadah téh kudu puguh niatna. Rék saur aya babacaanana, rék buka nya kitu kénéh. Bah Oding mah apal meureun?”

“Inget-inget poho,”

“Cik manéh, Uyeh!” Pa Lebé ngarérét ka Jang Uyeh nu diuk panghareupna. Galantang wéh Jang Uyeh téh.

“Tuh, pan Jang Uyeh mah geus apal!”

“Atuda geus kolot mah pohoan, Pa Lebé. Loba pikiraneun!” Bah Oding rada ngélémés.

“Tah, engké téh mimiti tarawéhan. Kadé barudak, ulah hareureuy!”

“Kolot ogé sok aya nu heureuy, Pa Lebé!” Aniw nyelengkeung. “Di Cangkudu, basa taun tukang kuring milu tarawéhan, mani asa di mana mah. Silih sedek-silih séréd, réol ka katuhu, bereyek ka kénca. Budak loba nu ceurik kagencét, bilik tajug nepi ka ngahelob!”

“Heueuh, lain turutaneun éta téh. Rék sesedekan mah, henteu kudu di tajug, di tegal pangangonan ogé kurang kumaha lega!”

“Manéh mah nepi ka buncunur lain, Dul?”

“Enya. Harita téh kuring cicing deukeut tihang. Basa rék sujud, nu ti katuhu nyérédkeun. Puguh atuh tarang mani ngajedak pisan kana tihang!”

“Leuwih ti macul capéna téh, tarawéhan di Cangkudu mah!” cék Kosasih.

“Ari solat mah kudu husu, boro-boro silih séréd, pikiran ogé teu meunang ucas-acos. Kudu ditiginkeun, yén urang téh keur ibadah ka Gusti Alloh,”

“Pa Lebé!” Aki Maskadi nu nyarita téh. “Aki mah rék balik heula!”

“Mangga baé Aki, bilih aya kaperyogian mah!”

“Enya. Beuteung mani kukurubukan puguh ogé, ti isuk-isuk can kararaban nanaon, sugan wé Si Nini mangéjokeun!”

“Enya, mangga atuh!”

Aki Maskadi ngaléos, leumpangna rumanggieung. Tapi teu lila geus ngaronghéap deui. Gék diuk dina urut tadi.

“Naon Aki, aya nu ditinggalkeun?”

“Poho Aki téh. Apan ti baheula bulan puasa mah teu meunang madang, lin?”

“Puguh atuh, da kakara ogé wanci pecat sawed!”

Peutingna, enya baé tarawéhan téh aman. Taya nu silih-séréd, ari lain sora barudak nu iirihilan mah.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: