Wanci Pasini


Ku Usép Romli HM

Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg pangadeg sémah nu datangna tumorojog tanpa larapan téh. Ngan ku sarérétan gé, nénjo sorot panonna, teu meunang henteu kuring kudu nyebutkeun: pikagimireun! Mémang kitu pisan, luyu jeung karepna pangna nepungan.

“Naha atuh bet teu ngiberan heula ti anggalna?” pok téh maksakeun nanya.

“Wah, tong disaruakeun jeung urusan dines kantoran atuh!” témbalna semu ngécé. “Jeung deui, ceuk saha teu ngiberan heula…!

“Sing ngarti baé lebah dinyana mah! Pan goréng-goréng ogé di dieu téh jelema aya kasebutna!”

“Na teu cukup ku galingging jeung panas tiris téh?” Teu dibongohan sabot leumpang gé untung, jalu!”

Padu tinggal padu omong, taya hartina deui pikeun wanci ieu mah. Wanci pasini nu geus dipastikeun. Tur salah kuring sorangan deuih, teu engeuh kitu kieu. Panyana harééng saeutik waé mah isuk pagéto gé cageur deui. Horéng ieu téh totondé.

“Teu meunang témpo deui, nyah?” kuring nu nyoba-nyoba nawar.

“Teu bisa! Kami mah lain tukang dagang, lain tukang nganjuk, lain tukang aras-urus nu waktuna bisa diulur-ulur!

“Na enya?” bari kerung kuring nginget-nginget ngaran sémah. Asa wawuh, tapi teu wanoh. Asa inget tapi poho pisan. Keur budak mah baheula sigana kungsi apal.

”Sok! Geus tepi kana dihin pinasti, kudrat iradat ti ajali. Dina menit ieu anjeun kudu pasrah pikeun dibawa mulang ka kalanggengan!”

Lek…dada ngahanju. Karasa nyentug ngadurudud. Nyeri alah batan ti nyeri. Hayang calawak, bororaah, teu bisa engab-engab acan. Kuring ukur bisa ngutruk teu puguh. Teu sopan! Teu tarapti! Telenges! Kejem! Taya rasrasan!

”Uuuuuh… Huh… Huh… panas halabhab!”

Nu ngarariung di gigireun, di tunjangeun, kapelong kabéh carelong, carindul. Tapi kabéh gé taya nu bisa nulungan. Taya nu bisa mantuan bangbaluh nu keur sakieu beuratna nindihan. Taya nu kawasa méré pitulung batan sakieu diri keur diayun ambing antara alam samar jeung alam nyata. Antara wujud jeung gaib. Kabéh ukur ngabaretem. Kabéh ukur ngabarigeu. Taya nu lémék taya nu muni.

Lek…kerelek les.

”Emh, geus tuluy geuning geus tuluy!” Nu midangdam tinggarauk nyeungceurikan jasad nu geus kosong. Bugang nu geus teu daya teu upaya.

Ah, teu hayang teu sing niténan polah jalma-jalma nu keur cuh-cih ngarasanan jasad kuring. Dititénan kalawan imeut, nu haat ngagulang gapér téh horéng jalma-jalma nu baréto teu pati kacorogoh, jalma-jalma nu malah réréana mah tara diropéa najan enya gé kuring mindeng patepung, mindeng paamprok. Sedeng ari batur-batur urut sagulung-sagalang mah kabéh ogé dariuk di luar, sawaréh ukur ting tarempo kana beungeut kuring nu geus euweuh getihan bari jeung haténa mah ngarocoblak ngomong, rada-rada ngagogoréng.

”Keur hirup anjeun pada mikaajrih pada mikasérab téh! Geus kieu mah deuleu, naon hartina!”

Karék semet kitu. Komo kaengkénakeun, biheung kumaha omong jelema téh. Jelema waktu keur hirup raket- ruket babarengan.

Jol lalaki tegep dijas hideung, mawa karangan kembang.

”Tawis béla sungkawa ka almarhum!” cék éta lalaki – nu taya lian salah saurang koléha kuring nu pangdeukeutna – ka ahli waris kuring.

”Katampi!” témbal nu nampanan. ”Saremg mugi-mugi….”

”Mugi-mugi almarhum kénging rahmat kubur!” Koléha kuring megat kalimah. Riuk beungeutna kateguh, yén ngomong kituna téh tamba henteu ngomong baé. Écés sora haténa mah lain kitu. Kadéngé pisan kawas nanya, tapi sari-sari ngahina: ”Naha perkara ngagelapkeun duit batur téh bakal kapanggih sanggeus anjeun maot?” Tur lamun kitu, bakal jadi dosa gedé éta téh kitu? Sing ati-ati wé ah pikeun hujahna! Kadé ulah mawa-mawa ka sayah!”

Wungkul kamunapékan nu puguh mah. Matak bosen nénjokeunana.

Jol deui saurang nyérénkeun karangan kembang. Koléha kuring kénéh dina usaha séjén, basa keur hirup di alam dunya.

”Mugi-mugi…” kitu ngomongna téh. Kuring geregeteun deui nénjo pepetaanana jiga nu heueuh milu sedih ku ayaan kuring geus nepi kana wanci pasini kieu. Padahal haté leutikna mah surak mani ngaguruh: Sukur baé anjeun indit ti heula. Pangkat anjeun, meureun kuring nu ngagantina! Mun anjeun aya kénéh mah, cadu mungkuk haram dempak kuring bisa ngalindih, bisa nyingkahkeun posisi anjeun. Kuring seunggah nyanghareupan béking-béking bayaran anjeun, konéksi-konéksi anjeun jeung sajabana pancarakén kiwari!”

Jol deui nu séjén.

”Bapa ngantunkeun. Mugi-mugi….,” ngomongna téh bari nyurucud cipanon. Éta téh usung ésang kuring jaman kawasa. Heueuh sedihna mah sedih ditinggalkeun ku kuring téh. Tapi lain sedih lantaran kuring ninggalkeun, sedihna ku perkara séjén deui. Perkara kahirupanana pikahareupeun. Lantaran manéhna sausik malikna téh éstuning ngandelkeun kuring baé. Purah diutuh-étah dapon gedé buruh.

”Daék néangan pakta yén Si Polan rék pura-pura jujur?”

“Sanggem! Nanging alesanana naon?” manéhna giak pisan.

“Alesanana…ngabahayakeun posisi urang. Manéhna teu Jujur sarua jeung urang. Ayeuna rék api-api Jujur, kumaha?” Bérés lah buruhna mah!

“Sanggem!”

Ayeuna kuring euweuh. Manéhna tangtu leungiteun pakasaban.

Sagala geus bérés. Ahli waris kuring ngitung-ngitung hutang jeung pihutangeun, bisi matak beurat engkéna

“Hutang ka Bang Jaéd sakitu ratus réwu, ka Mas Odoh sakitu puluh réwu, jeung réa-réa deui. Ieu tanggungan urang mayaran, méméh asup duit nu dihutangkeun ku almarhum. Di Bung Acé sakitu puluh réwu ditambah réntenna. Di Kang Dédé saanu ratus réwu acan kaitung réntenna…”

“Naon deui?”

“Euweuh deui!”

“Bérés?”

“Bérés!”

Jasad kuring digotong dina pasaran. Dipayungan. Diiringkeun ku jelema loba. Dicaleungceurikan. Didaro’akeun.

Emh, nalangsa aya ngenes aya nyeueung pitempateun ngancik sabada raga pisah jeung nyawa. Tuman cicing di tempat nu matak betah tumaninah, nu resik tur rapih, kari-kari ayeuna ukur disayagikeun lahan salogak sakieu heureutna, jaba engké téh dirimbunan ku taneuh. Diitung padung nu aya di dinya, ngan sawelas siki, kai lalawora pisan. Kai teu boga kelas. Sakali nyégét ku rinyuh gé bakal koropok. Teu cara keur hirup, keur kumawasa, cicing di tempat pilihan. Dahar diladénan, saré dingeunah-ngeunah. Kasur hipu kulambu sutra. Tempat tidur ranjang beusi atawa risbang jati nomer hiji. Na ari ayeuna, bororaah ka dianggelan dikasuran, teu ditilaman-tilaman acan. Dogolédagkeun baé dina taneuh. Awak ukur kabulen ku boéh kaén balacu. Kaén kelas pielapeun. Mana simbut ewol nu weuteuh kénéh? Mana batur saré nu donto kénéh?”

Ieung, kieu geuningan!

Bru, bru taneuh beureum saeutik-saeutik dipaké minuhan lombang. Dipaké ngaruang kuring. Kuring disingkurkeun ka hiji lahan nu nenggang pikakeueungeun. Kuring ditunda di hiji lahan nu werit pikaketireun.

Bérés éta disambung ku piduta-pidato. Mun rarasaan kuring acan robah, meureun milu unggeuk-unggeukan mairan kecap-kecap pamuji nu karareuna kana mamaras rasa, najan ari kanyatanana mah papalingpang pisan. Geus hideng deui da sirah téh unggeuk, biwir imut mun pareng kuring ka ditu ka dieu. Sabab geus dibiasakeun, méméh nanaon téh sok disampakkeun pamapag mangrupa kecap-kecap nu parelem, nu ngareunah.

Tapi ayeuna mah naon hartina? Da haté kuring geus teu beunang kaoolo geus teu beunang dipuji-puji, dipunjung diagung-agung. Baréto keur di dunya, bisa kuring narima. Tur teu kitu baé narima téh deuih. Aya timbal babalikna. Anu bébéakan muji, apan ku kuring dibantu pikeun ngahontal kahayang. Hayang jeneng téa. Hayang logor usaha téa. Hayang kitu téa, kieu téa. Kuring bisa mulang tarima.

Ayeuna mah kakobét jero-jerona nu nyarita téh. Geura tah.

“Almarhum téh seueur pisan kasaéanana, ageung pisan jasana…”

Heueuh gedé sotéh jasa, loba sotéh kahadéan, meureun waé aya nu dipamrih. Kuring nyieun jasa méré jalan ka nu hayang logor usaha, apan pamales budi téa gé ngagebro harita kénéh. Ceuk kuring baréto:

“Hayang boga pangkat?”

“Hayang!” cék nu hayang téh

“Saanu puluh réwu!” Kuring ngahargakeun.

Tapi hih diaranggapna téh kahadéan. Ku kuring pribadi geus puguheun ku ituna mah. Tah geus pok deui:

”Anjeunna téh jalmi sopan, ngahormat tur ngahargaan ka koléha-koléhana!”

Pikasebeleun! Pan manéhna téh nyahoeun kumaha adat kuring nu sabenerna. Mun bisa mah hayang kuring nunjuk rorék ka nu ayeuna araya ngariung patempatan kuring anu anyar. Kuring geus teu hayang dicaritakeun kalawan maké basa-basi sangkan genah kadéngéna. Asa disungkun. Leuwih hadé togmol. Mun kuring bisa, kuring rék nyarita sabalakana: ”Yeuh, anu masih kénéh harirup, teu nyaho yén kuring téh jelema adigung? Lantaran mandang ka sasama manusa téh diukur ku kalungguhanana, ku pangkatna, ku kabogana. Mun enya mah handap asor, moal teuing kuring nganggap hina ka jalma-jalma masakat, ka jalma-jalma katalangsara! Mun téa mah kuring ngahormat sasama, meureun jalma-jalma nu harkat dunyana sahandapeun téh disambat diuah-aéh, diaku sakumaha kuring ngaku ka jelema-jelema nu kaayaanana sapantar atawa saluhureun! Na teu nyaraho, kuring mah hormat téh ka nu bisa méré kasenangan saharitaeun wungkul, lain ka nu butuh ngaréwong atawa nu taya deuleueunana!”

Keun! Déngékeun deui, tah!

”Kalakuanana saé, pamadeganana panceg, picontoeun urang sadayana nu baris neraskeun hanca anjeunna!”

Heuheuy deuh! Teu nyarahoeun kitu, atawa mémangna disumputsalindungkeun? Da ati sanubari mah teu bisa dibobodo, kalah kumaha ogé. Kalakuan kuring saé? Bisa jadi mun ukuran moral di dunya waktu ieu geus dirobah mah! Jelema nu teu bisa hirup sosial, nu api-api nyieun kahadéan keur balaréa, padahal kanyataanana mah ukur omong wungkul, jelema nu resep lélétak, nu bisa ngajual kajujuran kana duit panyogok jeung sajabana geus dianggap kalakuan hadé – saeutikna lumrah! Ari su’al pamadegan mah, mémang kuring boga prinsip. Prinsip biluk ka nu nguntungkeun! Tur éta téh dipageuhan pisan manrupa hiji kayakinan nu teu meunang henteu kudu dilaksanakeun di mana perlu. Nu matak kuring mah sapanjang hirup di dunya, beunang disebutkeun salamet can kungsi nyorang cilaka, da boga prinsip téa – prinsip biluk ka nu nguntungkeun!

Tunjuk ti luhur kitu, milu kitu! Ceuk ti katuhu ka ditu, léok ka ditu! Ceuk ti kénca ka dinya, geuwat ka dinya! Ngan paménta ti handap nu asa tara pati digugu téh!

Rupa-rupa deui omongan-omongan téh. Réa-réa deui kekecapan. Nepi ka lekasanana. Nu ngariung baralik. Aya nu udud, aya nu seuseurian, aya nu ngawangkong. Teu sakara-kara. Teu ingeteun deui ka kuring mah meureun sangkilang mani ngaringkuk kieu dina sédong heureut. Keueung jeung ketir.

”Geus nepi ka wancina, hé ahli kubur!” aya sora ti tukangeun. Tarik tanding gelap salésér. Kuring ngoréjat reuwas jeung sieun. Ieu meureun nu rék nakonan téh. Ieu!

”Geus nepi kana wancina anjeun dipariksa…” cék nu daratang téh.

Tuh da enya! Bisa kitu mun rugal-rigel ékol kawas di dunya ari rék dipariksa pagawéan?

Atawa….ah, pan kuring teu mawa duit sapésér-pésér acan! Jeung barina ogé nénjo keureutan parangi kitu mah jiga moal lééh ku lambaran-lambaran héjo. Moal riuk ku pangolo.

Beuki dareukeut tah nu daratang téh! Kuring teu kuat mencrong. Teu wani lumah-laméh méré semu nyeueung pasemon sakitu pikagilaeunana. Nu puguh mah ngadon muriang panas tiris, awak ngahodhod. Percumah sangkilang di dunya geus hatam gé élmu basilat, da ari srog mah ka dieu, poho sama sakali. Teu kapikir tah carana nipu téh! Teu inget tah kana carana ngalicikan batur téh, carana ngabobodo balaréa téh. Butek jeung poék. Bureng teu nyaho nanaon.

”Cilaka! Cilaka!” batin jejeritan. Beuki tarik humalengis, beuki ngerik, beuki nalangsa.

”Geus nepi kana wancina!” beledag deui sora tanding gelap. Kuring kapiuhan. Ngajéngjéhé taya tangan pangawasa. Bororaah aya nu nulungan.

Sepi. Sepi. Sepi jeung keueung cuang-cieung.

Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: