Urugna Gunung Wayang


Ku. Kang Fauzi

KAJADIAN alam anu teu asup ku akal, teu kaharti ku pikir mangrupa totonden atawa naon bae bisa karandapan ku manusa dina hirup kumbuh sapopoe. Kajadian aheng anu kungsi ka alaman ku padumuk di wewengkon Desa Majalaya di Kampung leuwidulang dina taun lima puluhan oge mangrupa kajadian alam anu teu kaharti kuakal. Kajadian ieu teh karandapan sarta nyata kaalaman ku balarea sakur padumuk anu aya di sisi walungan Citarum.

Di taun lima puluhan, walungan Citarum anu kokocoranana ti Gunung Wayang dijadikeun pakasaban sarta kaperluan anu teu bisa dipisahkeun jeung para padumuk di sisi walungan Citarum. Caina ngagulidag herang, diparake nyeuseuhan atawa jadi pakasaban para tukang ngala lauk.Sedengkeun ku barudak dipake arulin ,ngojay atawa paparahuan. Teu heran, mun hate ngarasa sedih mun nyoreang mangsa ka tukang nempo kaayaan Citarum mangsa kiwari. Caina kiruh semu hideung, dimana-mana runtah pabayatak, rujit persis cai kolomberan.

Dina hiji poe kurang leuwih jam tiluan ba’da asar, anu keur nyareuseuhan jeung anu keur mancing nempo dua oray sagede leungeun orok, panjangna kira-kira sadeupa laju kagirangkeun. Anehna, eta dua sato teh dina huluna siga make makuta sarta terus ngarendeng teu pisah-pisah. Nu narempo tinggorowok bari nujuk : “Tempo tuh aya oray make makuta !!.” cek tukang mancing ti peuntas. Kabeh sakur nu aya di sisi walungan narempo dua oray aneh make makuta. Teu kungsi lila, katempo bet rea oray deuih nuturkeun ti tukang, persis siga nu ngawal dua raja jeung permaesuri. Bedana oray anu nuturkeun ti tukang garalede , beuki ka tukang beuki gede orayna nepi ka sagede tangkal buah ngabring ka girangkeun siga nu keur baris. Kabeh anu aya disisi walungan, boh nu keur nyeuseuhan atawa anu keur mancing laluncatan hanjat kadarat.

Sigana, geus rea jelema narempo eta kajadian, lantaran abringan padumuk ti beulah kidul ngahaja nutur-nutur iring-iringan oray. Mapay-mapay sisi walungan, teu nempo kana tincakeun, atuh rea anu labuh lantaran jalan nu dipake titincakan rea logak jeung leueur. Mun aya anu keur ngecrik atawa anu nyeuseuhan, buru-buru digorowokkeun. Ngadenge kitu, nu aya di walungan laluncatan ka darat. Abringan teh ngan nepi ka Mene, lantaran ka pegat ku walungan Cimene anu ngocor ka Citarum. Teu waka baralik , tapi ngarogrog nempokeun abringan oray anu teu siga mirosea ting gorowokna jelema anu aya di sisi walungan.

Beak abringan oray, dituturekeun ku mang kibik-kibik kai kabawa caah. Bener we, teu kungsi lila cai bet ngagedean. Beuki lila beuki gede, dibarung ku sora ting gulutukna kai jeung batu. Teu kungsi sajam tiharita ,cai geus meh ka darat. Kabeh padumuk nu aya di sisi walungan pada mereskeun papakean atawa naon bae anu bisa ka bawa, ngarungsi ka tempat anu rada jauh, bari ting gorowok : “banjir !,banjir!!”

Poe geus reup-reupan, tapi cai ti Citarum beuki lebleban nepi ka satengah meter ngeueuman kabeh kampung nu aya di sisi walungan Citarum. Tapi lain deui keur anu warani mah, maranehna ngamangpaatkeun neangan kai anu nyarangsang di sisi-sisi imah. Anehna, sakur kai nu kabawa ku caah rea nu siga meunang ngaragajian. Matak para padumuk didinya harita mah nepi ka aya nu meunang lima nepi ka tujuh kibik sagala.

Mang Sardi jeung Jang Udin anu pakasaban sapopoena tukang beca teu tinggaleun milu neangan kai. Sok sanajan harita geus bada magrib, manehna duaan neangan bari kundang cempor. Di lebah imah Nini Uneh manehna nepo catang kalapa.
“Tah Din kabeneran aya catang kalapa. Sok urang panggul we ku duaan.” Cek Sardi bari ngeserkeun catang anu meh asup ka kolong imah. Catang teh dipanggul kuduaan rek dibawa ka imahna, lantaran imah mang Sardi mah palataranana lega.
“Sardi, catang teh asa bau hangru.” Cek Udin.
“Nya pantes geus taunan sigana mah. “.Jawab Mang Sardi.
“Lukutan deuih.”
“Tong loba bacot Din euy ! buru leumpangna. Geus ieu urang neangan deui.” Mang Sardi semu keuheul. Jang Udin teu ngomong.

Kira sapuluh menit geus nepi ka imah mang Sardi. Catang kalapa anu bawa teh di gubragkeun, dihijikeun jeung kai anu geus numpuk meunang mulung. Tapi duaan ngagebeg, anu disangka catang kalapa teh bet hirup, ngaleor nuju ka walungan. Siga anu geus ngartieun. Teu nyangka anu dipanggul teh geuning oray buntung sigana geus ratusan taun. Anehna deui, eta oray kadenge sada nu ngomong, tapi sorana siga haroshos.
”Pulangkeun deui aing ka walungan!” cenah.

Mang Sardi jeung jang Udin papelong-pelong. Duanana rumegag sieun dipacok, atawa diteureuy. Siga nu surti eta oray ngomong deui.
”Moal nanaon kula mah. Sok anteurkeun kula ka walungan.”

Teu ngaduakalian deui, eta oray digotong deui dibawa ka sisi Citarum. Geus kitu di teundeun di sisi walungan. Eta oray ngaleor, gujubar palid ka girangkeun.

Kajadian saperti kitu teh lain maranehna bae, tapi aya kana limaan padumuk anu ngalaman kajadian saperti harita, ngagotong oray anu disangka catang kai. Mang Sardi jeung Udin teu nuluykeun neangan kai lantaran geugeumeueun sieun kaalaman deui.

Isukna Walungan Cirarum saat, ngan masih rea pasolengkrah catang-catang kai. Aya oge anu kabawa jeung akar-akarna. Ieu teh mangrupa kajadian anu can kaalaman nepi ka mangsa kiwari dimana dua poe ti harita kabejakeun yen gunung Wayang urug (longsor) nepi ka hektaran tanah kabawa kawalungan Citarum. ***.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: