Masjid Jami


Ku Usép Romli HM

JAM témbok luhureun paimbaran jarumna nuduhkeun pukul dua belas kurang lima menit. Geus meujeuhna bedug. Tapi masjid coréngcang kénéh. Saperti Jumaah tukang –jeung dua tilu Jumaah saméméhna jamaah masjid jami téh ukur tilu jajar. Jajaran panghareupna kolot wungkul. Bangsaning aki-aki anu umurna mungguh saréat – geus tarungkul ka kubur. Ampir kabéh maraké kamprét bodas, tutup sirahna ku iket. Sawaréh da geus jaradi haji, dikaropéah bodas, paselang jeung nu dikaropéah buludru hépé. Jajaran kadua dieusian ku nu rada ngarorana. Teu pati darines teuing ieu mah. Cukup ku dibaju beresih disamping beresih. Saurang-urangeun aya nu maké seuseungitan. Dariukna henteu marendeko cara nu di hareup. Sangeunahna. Aya nu ngajogo, nahan sirah ku tuur, nundutan. Aya nu sila ngajémprak. Nu kaitung husu tinggereyem maca wiridan, Yasin jeung istigfar. Jajaran pangtukangna campur antara bebenjit jeung kolot-kolot nu kapandeurian datang. Réréana nyaréréd ka juru, papada embung dititah ngeusian jajaran, ambéh pinuh jeung bérés téh.

Sora tinggerendeng nu babacaan jeung nu ngaromong laun, pabaur. Waktu beuki nyérélék. Pangeusi masjid teu nambahan deui. Mualim Abas cengkat, kusiwel ngaluarkeun érloji kantong. Rét ka tukang, neuteup jajaran jamaah.

”Ngan sakikieuna nu jarumaah téh?” pokna kawas nanya ka dirina sorangan.

”Teu acan darongkap, Ajengan,” témbal Mang Yahya modin.

”Sumuhun, teu acan darongkap balubuara…”

”Euh…baretah di lembur batur meureun, teu susah dahareun.” Mualim Abas ngulangkeun panangan, ngisarahan nakol bedug.

Tukang nakol bedug nu biasa teu katénjo nangtung. Nu araya silih rérét.

”Puguh Si Iya ogé indit kamari. Ku manéh baé, Dis!” cék modin ka Hadis.

Hadis ngojéngkang. Kop kana panakol. Beledug, beledug. Teu panjang, ukur sakali nitirkeun. Kabereg ku waktu, leuir teuing. Jempé bedug, ngong Mang Yahya adan. Sorana halimpu ngalanglaung, matak kelar nu ngadéngékeun. Mangkaning di pilemburan keur meujeuhna jejemplingna.

Réngsé solat kobla, jung tukang ngunggahkeun nangtung hareupeun imbar. Nyekel encis. Ngingetan, yén dina keur lumangsungna hutbah teu meunang aya nu ngomong. Kudu saregep didaréngékeun. Najan kekecapan ngunggahkeun dina basa Arab ogé, ku saréréa kaharti pimaksudeunana kitu, da saban Jumaah pok deui pok deui digorolangkeun.

Hutbah Mualim Abas pinuh ku pépéling ngeunaan laku lampah amal ibadah. Nyaram kajongjonan teuing gawé, nepi ka cul kana kawajiban syara. Tapi ogé ulah hantem-hanteman teuing ngalakonan ibadah, nepi ka poho kana nyiar kipayah.

”Ieuh dulur-dulur kaum Muslimin, sing bisa ngabagi waktu. I’mal lidunyaka kaanaka ta’isu abada, wa’mal liakhirotika kaanaka tumatu godan, dawuhan Sayidina Ali. Hartina, pék maranéh néangan bekel dunya, lir rék hirup salilana. Jeung pék maranéh néangan bekel bawaeun ka ahérat lir saperti nu rék paéh isukan. Mangka sing inget dulur-dulur kawajiban salat, kaasup kawajiban salat Jumaah, henteu bisa dimomorékeun pédah loba cabak loba gawé. Teu ari pédah ku nyiar rijki. Dalah nyiar rijki diparéntahkeun pisan ku Allah swt. Dawuhanana dina Al Qur’an surah Jum’ah: Faidza qudiyatissolah, fantasyiru fil ardi. Upama maranéh geus réngsé ngalakonan solat Jumaah, jung mariang ka satungkebing lemah, taréangan rejeki anu geus dibikeun ku Allah…”

”Dina kituna mah bener Ajengan téh, lolobana urang katongklokeun teuing ku haliyah dunya, ari kana ibadah katélér-télér,” cék Andi.

”Keur mah deuih pantaran urang mah ibadah téh silih séréd jeung kabutuh. Usum paila kieu réréana luas ngaringgalkeun lembur. Ngadon buburuhun. Di lembur batur téa anggang ti nu ngageuing, sok asa samemena, asa leupas tina kawajiban. Cacak di lembur sorangan, ari teu kaponcongok-kaponcongok teuing ku mitoha mah haroréam jumaahan téh,” walon Anan.

”Sabarah ongkos buburuh macul di Lélés ayeuna?”

”Wah moal sabaraha béda jeung usum tukang.”

”Éta wé batur mani ngarampleng, luas ninggalkeun lembur aya mingguna.”

”Ssst…ngalobrol baé sakitu keur hutbah kénéh téh!” Mang Jumanta nyureng.

”Apan cék anu ngunggahkeun tadi: La tatakallamu indal hutbah…”

Nu digebés baralem. Malik ngabandungan ucap-ucapan Mualim Abas nu béda ti sasari, hutbahna panjang pisan.

”Mani asa lila nya euy rék barokallahu li walakum téh.” Mang Uhi merelek heuay dibarung ku rasa teu sabar ngarep-ngarep hutbah geura enggeus, jumaahan geura bubaran. Ingetanana geus ngalayang ka sawah, paré nu keur beuneur héjo tayohna diranjah manuk. ”Mangkaning barudak kabéh harééng….taya nu tunggu.”

Réngsé salat paboro-boro kaluar. Budak dalah kolot, papada embung kapiheulaan turun. Récok naréangan sendal sabogana-sabogana. Geus arindit mah buruan masjid sepi deui.

Nu aya kénéh di jero ngan Mualim Abas, Mang Yahya, jeung sawatara kolot. Kitu ogé hiji-hiji nungtutan tingkoléséd. Mualim Abas wungkul nu biasana sok pangpandeurina pisan téh. Bubuhan pamanggulna, dipikolot jeung dijieun guru dina perkara agama ku sakumna urang lembur.

Geus sababaraha Jumaah, saréngséna wiridan Mualim Abas sok terus nyuuh dina sajadah. Munajat ka Gusti Allah sangkan dikuatkeun iman enggoning nyanghareupan cocoba dunya. Satengahing kitu, émutanana cus-cos ka ditu ka dieu. Ka pangeusi masjid nu ray poé ray poé beuki ngurangan baé. Kana kaayaan lembur anu ti usum ka usum teu weléh nyorang paceklik. Réa ditinggalkeun ku pangeusina, kaom lalaki ngadon arusaha ka lembur-lembur séjén nu keur sugih. Mangkalan buburuh macul, néangan gaconganeun atawa kuli-kuli naon baé. Teu saeutik deuih nu lalumpat ka kota.

”Da aing ogé lamun seug teu inget kana kawajiban ngawuruk ngaji jeung nerangkeun agama mah, boa kumaha. Kairid ku batur, milu néangan keur pangupa jiwa. Batan sakieu bekel geus sisipna…,” gerentes haté Mualim Abas sabada réngsé ngadu’a.

”Opat puluh dinten deui kinten-kinten, Ajengan,” tadi Mang Yahya nyarita, basa Mualim Abas rumahuh manghariwangkeun kaayaan jamaah masjid.

”Éra atuh urang téh, Ya. Baréto paéh poso ngadegkeun jeung ngagedéan masjid. Ari ayeuna bet langka nu ngeusian geuning…,” saur Mualim Abas.

”Sumuhun opat puluh dinten deui manawi. Biasana usum panén mah jalmi-jalmi téh mungpung di lembur. Teu sapertos usum kieu…”

Opat puluh poé deui? Mualim Abas nikel-nikel ramo. Naha bakal kaumuran ngancokeun ibadah nepi ka waktu éta? Ti mangsa paré celetu nepi ka dipibuatan?

Basa panén mimiti papacal, masjid jami masih kénéh saperti biasa. Unggal Jumaah eusina ngan tilu jajar. Tambahna ukur gundukan barudak, hareureuy handapeun bedug. Nepi ka panén anjrah pisan, katénjona malah ngadon beuki ngurangan nu jarumaahan téh.

“Usum nguyang ku nguyangna, diganti ku panén can robah kénéh. Na rék iraha arélingna?” Mang Yahya satengah kukulutus..

“Gararacong meureunan, Mang,” témbal Jang Komar.

”Nya éta atuh teu ku hanteu. Ongkoh dibaruat jaman ayeuna mah mani sirikna pabuni-buni, nempo simpéna nu gacong. Témpo Jumaah dijieun kasempetan, ambéh teu réa nu ngaronom…”

”Adan!” Mualim Abas ngagero ti hareup. Bedug teu ditakol da geus liwat waktu. Gancang Mang Yahya nangtung. Méméh ngong, ngarérét heula kaluar, tina jandéla masjid atra ka lebah pasawahan nu mayakapak. Paré keur meujeuhna alaeun, paselang jeung kotakan nu geus cepak tapak ngarit. Malah geus aya nu dibaladah nanaon. Hiji dua pabinihan geus renung haréjo. Usum tani babalapan di beulah ditu karék rampak, di beulah dieu geus sayagi tanduraneun. Ngarah manjang panén tadina mah kikituan téh, ari hég nambahan ripuh. Lahan pibuateun leuwih heureut, sedengkeun nu gacong abrul-abrulan. Dibélaan dibuat janari tengah peuting, sababaladon diarit ku duaan ku tiluan, supaya teu loba teuing buruh kaluar.

Saperti harita. Écés pisan katénjona ku Mang Yahya modin. Di jalan irigasi, réa jelema lalumpatan. Lalaki-lalaki marawa arit, muru sawah nu rék dipibuatan. Dituturkeun ku awéwé-awéwé marawa tolombong jeung giribig keur dadasar ngirik atawa ngagebug. Teu nolih panas poé mentrang-mentring.

Tikoro Mang Yahya ngadadak nyelek. Sora adanna henteu halimpu kawas sasari. Rada ngorok. Duka sedih, duka keuheul. Sihoréng cék kacindekan pikirna waktu opat puluh poé téh samporét teuing pikeun ngawujudkeun rasa éling dina kahirupan manusa. Kesit teuing pikeun numuwuhkeun kasadaran. Atawa mémang pangwujuk dunya leuwih kuat batan panggero iman?

Bari meungpeunan panon, Mang Yahya nutup adan ku du’a, sarta sabisa-bisa miceun téténjoan nu sakitu tétélana: yén jalma-jalma nu keur jongjong ngarit jeung ngagebug paré parentul lalaki wungkul leuwih réa batan nu ngajajar solat Jumaah ayeuna.***

Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: