Werejit


PEUTING harita mah asa ku keueung. Padahal ngeusian imah ieu teh leuwih kana 20 tauna, taya pirasat atawa naon bae anu matak pikahariwangeun boh ka kulawarga atawa ka sorangan pribadi .Tapi……… peuting ieu……..bet……. Keaaaakkkkk !!! koreak disada mani dina suhunan pisan.
“Kasebelan !! mantog siah, ka sabrang ka Palembang……” kuring hohoak sorangan. Kabeneran di imah taya sasaha, pamajikan jeung budak keur di Majalaya nempo indungna keur gering. Geus dua poe aya di Majalaya.

“Keaaaakkkkkkkkk…!!!” sorana ayeuna mah mani asa tarik pisan. Gelebug angin kadenge nyeah nebak kana tangkal jambu batu. Kurang ajar, cek hate. Kuring ngajewang ketepel anu aya diluhur lomari, gajleng kaluar bari nyokot batu. Geus dipasang, ulak-ilik ka luhur katempo manuk anu disebut Koreak warna hideung siga anu melong ka kuring. Ketepel dilelempeng, jepret !! batu melesat mapag kana badan Koreak. Aneh, katempo pisan batu keuna kana bandanna, tapi sakedat netra Koreak ngiles teuing kamana.
“Ku aing didagoang peuting isuk !! “ cek kuring ngomong sorangan. Geus kitu asup ka imah. Panto dikonci, goloyor kana korsi bari nempo acara televisi. Bet asa ku aneh deui wae, barang diuk dina korsi mata asa rapet ku pitunduheun.
“Kula moal beunang dipergasa ku andika. Kula kadieu ukur mikeun titipan.” Jelema hideung jangkung mapak lalangit ngabedega hareupeun kuring. Matana molotot pikagilaeun.
“Nitip naon sia ka aing. Jeung saha  jelemana anu nitah anjeun !!.” cek kuring bari cengkat. Hate harita mani teuneung, teusieun sok sanajan bari nyanghareupan jelema jangkung gede. Bari mapatkeun elmu meunang kentel peujit salila opat puluh poe, dampal leungeun kenca ditotogkeun kahareup. Sakiceup jelema hideung teh leungit taya tapak-tapakna acan.

Korejat kuring hudang bari gigisik. Eeh…….. geuning aing teh ngimpi. Tapi siga enya kaalaman kajadian bieu teh. Jarum jam geus nunjuk kana angka hiji, TV dipareuman geus kitu asup kakamar goledag we sare da isuk kudu muru kantor.

Geus solat subuh terus ka dapur naheur cai. Kumbaheun pabalatak diberesan, oge imah disapuan. Eh, naha badan asa paranas, laleuleus jeung ngadegdeg siga muriang. Maksakeun maneh ngagoreng sangu lantaran beuteung kosong mah sok mules mun dahar obat teh. Kabeneran aya keneh obat panas tiris ti dokter. Karasa badan beuki parna, kuring buru-buru nelepon ka pamajikan supaya isuk buru-buru balik. Geus kitu kuring bebeja ka Kepala yen poe ieu moal asup kantor lantaran rek ka dokter alatan badan panas tiris.

Jam 10 pamajikan jeung budak daratang. Ari kuring terus ka Poliklinik. Di tempat panungguan jol-jol kusial beuteung siga aya anu ngarameus nyerina kabina-bina nepi ka teu inget di bumi alam. Nyaho-nyaho kuring geus aya di rumah sakit pada ngariung. Pamajikan oge aya.
“Kunaon pah bet asa ngadadak pisan .” cek pamajikan
“Ngarana oge panyakit bu, datang teu permisi heula.” Cek kuring bari maksakeun nyerengeh.

Panyakit teh beuki parna, karasa dina beuteung siga aya anu ngabudal-badil. Ari dipariksa ku dokter mah panyakit tipes. Tapi ari keur dipariksa mah teu karasa nanaon, siga anu cageur we, ngan ari geus dokter indit  bet karasa deui. Meunang saminggu di rumah sakit, kuring balik. Ayena mah panyakit teh datangna mun geus reup magrib. Ngong azan, kusial beuteung siga anu didudutan, nepi ka cirambay nahan ka nyeri. Sabulan campleng panyakit can cageur keneh, angger saperti mimiti katerap.

Nincak ka dua bulan, bet inget waktu ngetepel Koreak jeung aya anu datang jelema jangkung gede bari ngomong katitipan. Eta kabeh didonngengkeun ka pamajikan oge ka mertua.
“Atuh ieu mah kudu kanu bisa.” Cek Mertua ka pamajikan.
“Muhun ka mana atuh pa.” sorana kadenge siga nungalimba bari memener simbut.
“Ke atuh bapa rek usaha.” Ngan sakitu, mertua ngaleos ka luar sigana rek neangan anu bisa.

Sorena, mertua jeung saurang jelema pakokolot datang. Can nyabak-nyabak acan eta jelema teh jol-jol hut-het siga nagkisan teunggeulan. Gebru labuh, tuluy cengkat deui. Karek oge hudang, bandanna ngalayang siga anu dialungkeun ka luar.
“Aduuuuuhhhh…. !” cenah. “ Ah, taluk pa. Kuring teu sanggup ngubaranana.” Ngan sakitu, jol belenyeng lumpat. Teu embol-embol deui.

Kukaayaan panyakit anu nerap ka diri kuring kabeh tatangga pada nyaho. Atuh rea anu nempo, anu ngirim  dahareun jeung rea anu lapor yen diditu aya dukun lepus, didinya aya oge anu bisa ngubaran jeung rea-rea deui. Kabeh diangkir, tapi taya hiji oge anu mujarab. Panyakt angger teu leungit-leungit.

Harita teh poe minggu, bu Oneh salah sahiji tatangga datang ka imah . Manehna bebeja ka pamajikan yen cobaan we ka Cangkring (daerah antara Bandung – Majalaya).
“Tukangeun SD Cangkring aya anu sok ngubaran anu keuna ku werejit ngaranna Haji Odjom.” Cek bu Oneh.
“Pah, urang cobian atuh ka Cangkring. Meakeun panasaran.”
“Ah, haroream bu. Naon anu enggeus engeus oge taya karasana.” Cek kuring. Bet asa haroream rek diubaran teh.
“Ieu mah urang cobian we susuganan. Ke sonten urang ka ditu, Ibu tos wawartos ka Dede rek nambut mobil.”
“Nya kuma ibu we…..”.

Pasosore kuring tiluan indit ka Cangkring. Kuring digendeng kuduaan lantaran jalan oge karasa nyeri. Geus asup kana mobil mah belenyeng nuju ka Cangkringkeun. Teu lila, antara Bandung – Cangkring ngan ukur satengah jam. Datang ka hareupeun sakola, nanyakeun imah Haji Odjom. Geus pada nyaho geuningan, atuh teu hese neanganana. Geus kapanggih imahna mah tiluan di hiapkeun ku bojona. Di jero katempo pak Haji ujug-ujug melong we siga anu ngewa ka kuring teh,padahal panggih oge karek ayeuna. Matana molotot bari gegerenyeman.
“Na karek ayeuna atuh jang, lain tianggalna. Ari geus ripuh ka dieu.” Cenah.
“Nyeta pa Haji terang tadi we enjing-enjing ti tatanggi.” Jawab pamajikan.
“Geus kitu we meureun pitunjuk ti nu Kawasa. Sok kadieu urang pariksa.”

Kuring diuk nukangan pa Haji. Manehna ngaluarkeun dua batu sagede-gede bal beklen, terus ditalian. Ari batu nu hiji kana badan , nu hiji kana ceuli siga stetoskop paranti dokter.
“Tah, palebah dieu mah bagean bapa, ari nu didieu mah bagean dokter. Ujang teh boga panyakit kencing batu , bapa mah teu sanggup da bagean dokter.” Pokna. “ Beu, untung buru-buru kadieu, saminggu deui moal kapuluk.” Pokna deui bari ngalirik ka pamajikan.

Beres mariksa pa Haji ngomong yen ieu teh panyakit titipan alis werejit tea. Di jero beuteung kuring aya barang anu bisa maragatkeun nyawa. Kukituna ieu barang kudu di cokot ku jalan di operasi. Ari dioperasina, cek pa Haji mah make dua keris wesi kuning. Manehna nembongkeun keris leutik warna koneng. Nu hiji keur nurih, ari keris nu kadua keur nyeuseup getih. Tapi saecanna ngoprasi pak Haji nembongkeun salembar surat ti Kajaksaan, barang ku kuring dibaca manehna diijinkeun ngubaran tapi ku ayat-ayat Qur’an kalawan teu ngahargakeun.

Saecanna di operasi kuring kudu ngumpulkeun opatpuluh tutuwuhan. Diantarana boros cau manggala ,apu seupah, daun kumis ucing, daun minahong (daun anu aya ngan di Jawa Tengah) jeung rea-rea deui. Tapi kabeh geus aya di pa Haji, urang kari meuli bae. Geus satuju mah kuring sare nyangigir.
“Mana bojona. Sok kadieu bisi disangka sulap.” Cek pak Haji.

Bari gegerenyeman, pak haji ngurutan beuteung heula maksudna ngumpulkeun barang anu aya dijero. Geus kitu kuring narima keris leutik diturihkeun kana palebah beuteung. Karasa nyeresetna mah tapi aneh teu nyeri, jeung teu kaluar geutih da keris nu hiji deui ditapelkeun. Geus kitu karasa aya kajadian aheng, tempat kuring dioprasi ngarieg inggeung siga aya lini. Pa Haji ngagerenyemnya ditarikkeun. Kaayaan biasa deui, tapi tina jeuro beuteung kuring katempo aya anu mucunghul hideung.
“Tah cokot neng, tong ku bapa bisa disangka sulap.Baca ayat Kursi tilukali.” cek Pa Haji nitah nyokot barang anu mucunghul tina jero beuteung.

Pamajikan nyabut barang teh mani luaat-leet kesang da cenah mani pageuh, Tapi ku dipaksa mah kacabut oge anu saterusna dibikeun ka pa Haji.

Eta barang nu hideung di anclomkeun kana cai anu aya dina baskom. Bet aneh, jol-jol katempo aya buuk semu bodas mungkus hinis anu reana lima, seukeutna luhur handap.
“Tah ieu werejit teh. “ cek pak Haji. “Ieu teh jieunan manusa anu hargana jutaan ngan keur nyilakakeun jelema. Tong hayang nyaho saha jelemana, ngan lamun ngirimkeun deui eta jelema bakal paragat nyawana.” Pak Haji bari ngagiwir-giwir barang anu saterusna dibikeun ka pamajikan bari ngomong kudu diteundeun dina cepuk.

Urut diturih tea ku pak Haji ditaplokan tutuwuhan anu opatpuh rupa terus dibeungkeut. Ngan saminggu sakali kudu kadieu cenah, rek mariksa masih keneh aya peurah atawa geus beresih.

Alhamdullilah balik teh teu digendeng deui, jalan saperti bihara bihari deui. Ari urut diturih mah karasa nyeletit keneh. Isukna langsung kuring ka kantor bari ngabejakeun pangalaman di ubaran ka pa Haji Odjom .Aya anu percaya aya oge nu henteu. Tapi kanyataan nepi ka ayeuna teu karandapan deui. Ngan barang anu tina beuteung tea kungsi dibuka, bau bangke kaambeu seukeut pisan. Cag.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: