Ngorong


AYA upil dibalik ngorong, memang wajar, tapi aya korong dibalik rempeyek, memang kurang ajar. Leuwih kurang ajar deui lamun aya korong dina liang irung diantep bae nepi ka norojol sorangan meh antel kana biwir. Tah nu kitu teh ngarana jorok, padahal beberesih teh pan sabagian ti iman, mun ngorong dianggap beberesih, meureun ngorong ge sabagian ti iman. Teu hese ngorong mah iraha bae oge bisa. Tapi biasana mun tas hudang sare, ramo leungeun geus teu kudu dititah deui, geus replek, langsung nyulusup kana liang irung terus dihualkeun. Ngaguruntul sagede comet semu hawuk kaluar tina liang irung. Saterusna mah diledotkeun ka handapeun meja atawa korsi, atawa bisi katohyan kubatur, api-api kudak kodok kana saku calana padahal keur ngabebeskeun sakadang korong.

Keur salesma mangsa marema ngorong mah, karek ge bieu dihualkeun geus menened deui dina jero irung. Numutkeun ahli ngorongologi,ngorong teh dibagi tilu; fore play, the play, after play. Nu dimaksud fore play, mangsa pamanasan samemeh ngorong, nya kucara ngolomoh heula curuk anu nek dipake ngorong tea, ari nu dimaksud the play mah; mangsana penetrasi curuk kana liang irung terus dihualkeun,kadang sok dijetenkeun heula bari ngararasakeun sensasi ngorong anu maha dashyat. Keur ngalakukeun penetrasi ieu, loba cara anu bisa dipake gumantung karesep jeung kasuka nu ngorong, biasana sok aya buku panduanana nu katelah kamasutra ngorong, tah ari after play mah sabada kaluarna korong, anu ditandakeun; ramo leungeun ngulapes, tuur ngoroncod, awak lungse satulang sandi.

Ceuk nu rahul ngorong teh ngalambangkeun kasatian, mun karasa aya korong dijero irung tara talangke deui, langsung we dikobet terus dihualkeun, tara ieuh nitah batur. Salian kasatian ngorong ge ngalambangkeun kaadilan, geus papada apal liang irung teh pan aya dua, mun nu kenca diala korongna, nu katuhu ge kudu diala meh teu sisirikan najan nyatana dinu katuhu mah euweuh korongan. Ngan omat ulah sakaligus, da meureun mun liang irung dua-duana diasupan ramo, bisa burial buncelik beakeun napas. Kitu deui dina hal ramo mana nu nek dipake ngorong, tong curuk wae, da meureun ramo nu sejen ge hayangeun kabagean, kudu walatra, mun sakali sewang nya sakali sewang, kacuali jempol da jempol mah tara pipilueun ngorong, eta mah husus keur nga-sms.

Aya sababaraha pasipatan jalma, dihubungkeun jeung ngorong-mengorong. Kahiji jalma berehan, cirina mun tas ngorong, korongna sok dibikeun kabatur.  Kadua jalma rayungan, sok kabengbat ku korong anyar anu leuwih onjoy ti korong nu heubeul.  Katilu jalma gehgeran, teu kaop ningali nu ngorong, irung batur langsung dicolok terus dihualkeun. Ari nu kaopat jalma anu tas ngalamot korong, cirina sok sura seuri wae hareupeun monitor.  Puten ah!.***

3 Balasan ke Ngorong

  1. n.andri mengatakan:

    Dihapunten sakali ieu mah, pami moyok deui mah , diarah ke dipararatan RS. Omat tah!!!

  2. Otih Rostiana mengatakan:

    Duh abdi janten kabesekan yeuhhh…wanci reureuh padamelan maos babasan ngorong…naha ari ret teh gedengeun, bet aya nu ngorong deuih. KawaS nu surti..😀

  3. Ani Yunaningsih mengatakan:

    hahaha……rumaos abdi nu kaopat sura -seuri sorangan …sami sareng teh nani lamun sakali deui admin bangor ke korongna dihualkeun ku beko…..

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: