Monyet jeung Merak


Ku Supriatna

“KEUR naon sia Cekroh, ugal-ugil kitu?” ceuk merak bikang ka monyét jalu.

“Geuning sia Kuncung… ieu keur nga­rabut tangkal céngék.” walon monyét.

“Naha dirabut atuh sia mah?” ceuk merak nu ngaran Kuncung téh bari kerung.

“Kabita atuda mani meuhpeuy kieu!” monyét ngajawab bari ugal-ugil teu bisaeun.

“Montong dirabut tangkalna atuh, petikan wé!”

“Wah leukleuk dipetikan mah!”

“Lebar, ih! Petikan wé!” .

“Leukleuk!”

“Lebar étah tangkalna, goréng patut!”

“Leukleuk, torék!”

“Dasar bagong!” Merak keuheuleun pisan.

“Hébat nya, gagah-perkasa!” Monyét kalah siga nu bungah disebut bagong téh.

“Lain gagah-perkasa, jorok deuleu! Gawé susungkur, kolombéran diuyupan!”

“Jorok gé jago, bagong mah, Si Tumang gé kamari nepi ka gagaikan digadil!”

“Petikan, petikan! Terus huap-huapkeun! Montong dirabut tangkalna! Rék digubug ka mana atuh barina gé, mani jeung tangkal-tangkalna!”

“Rék disingkurkeun di ditu tuh,di puncer caringin, ngarah jongjon ngahénggoyna”

“Lebar kembangna, siah! Téangeun isuk-pagéto!” Merak keukeuh ngahuit.

“Wah ngurus teuing isuk-pagéto! Ayeuna wé heula! Isuk pagéto mah kumaha isuk-pagéto wé. Ka lieur-lieur dipikiran ti ayeuna!” Monyét neugtreug.

“Dasar ajag sia mah!” Merak jéngkél.

“Kesit, nya! Kelenci linghas gé sagabrug-sagabrug ku ajag mah!” Monyét beukah irung, dipoyok siga ajag téh.

“Lain kesit… hawek! Asal seubeuh sorangan!” ceuk merak.

“Na kudu miseubeuhan saha ari hirup?” Monyét malik-malikkeun.

“Pék teuing sia sorangan nepi ka bentét ogé, tapi sing inget ka batur atuh! Dirabut jeung tangkalna mah meureun batur moal kabagéan!” ceuk Merak.

“Ngurus teuing kadut batur! Sakadutna-sakadutna wé!” Monyét merekedeweng.

“Dasar oray!” Merak moyok.

“Alus, awét ngora, nya! Bisa megar, kulitna limit waé, teu kenyod-kenyod!”

“Gedé kadut, kacemekan, sagala dilegleg! Dibélaan nepi ka ngabungkiang hésé usik-usik acan geuning! Lain awét ngora-awét ngora, siah!” ceuk Merak.

“Alus sagala dilegleg gé! Cokleg, cokleg, ti batan ku batur mantén!”

“Heueuh da sia mah mani ulah batur! Naon hakaneun aing jeung anak-incu jaga, ari céngék dirabutan jeung tangkal-tangkalna mah ku bangsa sia!” ceuk Merak.

“Tuh geuning kanyahoan! Lantaran sia gé butuh, sawan-geureuh waé ka batur téh, ancun!”

“Teu kudu ngancunan! Da aing gé moal mungkir, mémang butuh aing gé saanak-incu! Ngan bangsa aing mah ukur papacok saperluna,tara diruksak jeung pawit-pawitna!”

“Geus lah, jempé, Kuncung! Yeuh hayang mah ku aing dibéré tilu siki, hé’ yeuh!”

“Teu hayang pépérét! Becus kénéh, barangsiar sorangan gé!” Ceuk Merak.

“Kilangkitu! Henjig atuh barangsiar, becus mah! Lain kalah ngagonggorokan batur!” ceuk monyét bari hayoh wé dederegeng hayang nyabut tangkal céngék. Teu kaduga­eun, da puguh héngkér manéhna mah.

“Eudeuk deuleu, teu kudu dititah ku sia!”

“Nam-nam atuh, lain kalah ngecebrek, gandéng!”

“Arék! Ngan éta atuh tangkal céngék tong dirabut…tuh geuning, saremplak wéh dahanna! Ambuing, lapur atuh…moal aya jangeun isuk!” Merak wahwar-wéhwér.

Tapi monyét mah hayoh wé ugal-ugil, teu pisan miduli kanu garosingsat.

“Hayang dibintih sia téh ku aing, Cekroh? Dibocosan siah tah panon téh!”

“Heuydeuh…ngancam ti dituna mah, nyah?” Monyét kalah ngeyéhkeun.

“Nyaan sia téh hayang dibintih!” ceuk Merak bari kokoér.

“Wani kitu ka aing?”

“Pira kunyuk!”

“Sok wani mah! Sakali ngagorowok gé aing, nguru­nyung geura Bah Mandahong, ludeung sia nyanghareupan Bah Mandahong?”

“Bah Mandahong…?” Merak culang-cileung. Haténa hemar-hemir. Wani sotéh ka Si Cekroh, ari kudu ngayonan rajana mah, karareueung teuing.

“Sieun nyah, ku raja aing mah!” Monyét ngeyéh.

“Naha bakal béla kitu, Bah Mandahong ka kunyuk regung pantar sia?”

“Aing téh kameumeutna, deuleu! Saha marukan nu sok nyiaran jeung nganteuran tuangeunana, pan nu kieu patut!” Monyét nepak dada.

“Dasar anjing!” Merak moyok.

“Naha maké anjing?” ceuk monyét bari haré-haré dipoyok anjing téh.

“Tukang lélétak! Tukang kupat-képot! Tukang lundat-léndot!” Si Kuncung ngésék-ngésékkeun.

“Kuma sia wé ah!” témbal monyét daék hanteu-hanteu.

“Da sia mah tara asup omong!” ceuk Si Kuncung ambek kapegung.

“Moal matak seubeuh, omong mah. Mending gé ieu yeuh, tangkal céngék…heup! heueueup…! Duh, na pageuh-pageuh teuing ieu téh! Meulit kana batu kitu akarna, Kuncung?”

“Nyao!” merak ngabalieur miceun beungeut.

“Bantuan sok!” ceuk monyét.

“Najis!”

“Sok-sok!”

“Sangeuk!”

“Sok-sok lah, da geulis!”

“Japilus!” Merak dus-dis.

“Hengén bantuan….ke diburuhan céngék sarawu!”

“Dasar peucang!” merak moyok.

“Pinter? Réa akal?” Monyét atoh.

“Pangoloan! Panipuan!”

“Kudu kitu hirup mah, teu kitu mah moal meunang gégéleun!”

“Lain gégéleun, caplukeun!”.

“Heu-euh lah! Sok-sok bantuan, engké dikawin!” monyét kalah ngoconan

“Rujit! Amit-amit! Teu sudi abrig-abrigan, ngimpi gé diangir-mandi aing mah!”

“Tong api-api lah Yayang! Na teu hayang dipang­nyieun­keun sayang ku Aa!”

“Aa…?” Kecrot merak nyiduh, ti tukang-ti hareup.

“Beu, ambeu…mani kitu Si Geulis! Na teu palay dipangdamel­keun sayang?”

“Buaya!” Merak moyok.

“Mana kugu bogoh! Buhaya gagah kitu! Si Geulis engké jadi praméswarina!” Monyét nyengir bari nguget-nguget tangkal céngék nu pasiksak, daunna murudul kaparol.

“Buru-buru lah bantuan, Kuncung!” ceuk monyét deui.

“Teu sudi! Pék wé becus mah ku sorangan!” walon merak.

“Nyaéta, teu teu kaduga ku sorangan mah.”

“Keuyeup apu, tayoh ka regungna!” Merak moyok.

“Lain keuyeup apu, béak tanaga atuda ti isuk-isuk ugil-ugilan!”

“Mun ngagugu mah ka aing, titadi gé geus kapupu deui céngékna. Lain kawas ayeuna, tangkalna ruksak, daunna murudul, kembangna marurag, céngékna teu kaala!” Merak perténgtang-néngtéréwélang.

“Heueuh nya….” Monyét ngajimprék bakat ku capé. Tapi teu keudeu bari ngahuap-huapkeun céngék nu pabalatak dina taneuh.

“Hawek atuda sia mah! Jelema wé badis!” ceuk merak. Kakeuheulna geus teu kaampeuh, nénjo tangkal céngék jadi ruksak kitu.

“Naon?” Monyét ngagurubug siga nu kasundut buntut. Ceulina asa disebit.

“Jelema sia mah!” Merak mindo.

“Sakali deui siah ngomong kitu!” monyét napsu pisan disebut siga jelema téh.

“Jelema! Jelema! Jelema!” Merak ngahajakeun. Rumasa, tadi téh rada kalepasan nyebut jelema ka monyét, bakat ku teu kuat nahan kakeuheul. Tapi apa boléh buat da ciduh mah teu bisa dilétak deui. Tarung, tarung, rék diayonan wé, kagok borontok-kapalang belang, ceuk pikirna.

“Na kabina-bina teuing sia ngahina téh! Nepi ka ngajelema-jelema ka aing!” Monyét cengkat bari cekrah-cekroh.

“Da heueuh sia mah boga kalakuan téh siga jelema!” ceuk merak bari tatan-tatan, bisi monyét narajang.

“Naha kumaha kitu aing téh?”

“Pikiran wé ku sia!”

“Lain nitah mikir ka batur! Sia kudu tanggungjawab kana omongan sorangan!”

“Tuh da sia mah persis jelema, teu gableg pikiran! Ingkar tina kasatoan!”

“Terangkeun siah, goblog! Lebah naon aing saruana jeung jelema!”

“Hawek! Hayang seubeuh sorangan! Teu puas ngala buahna, dirabut jeung tangkalna, teu ngitung pikahareup­eun! Lain jelema, ari nu kitu laku?” ceuk Merak.

“Kaleuleuwihi siah, pira tangkal sasiki nepi ka kolu ma­pan­dé­keun aing ka jelema! Mun kitu aing téh ngabukbak leuweung!”

“Mun diantep mah sia gé bakal kitu!” ceuk merak.

“Kitu kumaha?”

“Bakal beuki siga jelema! Leuweung dibukbak, situ diurug, gunung dikali nepi ka ngalombang!” ceuk merak.

“Sagélo-gélona aing, moal nepi ka kitu, deuleu!”

“Wah, tanawuruh! Da jelema gé baréto-baréto mah tara kitu! Ngan sanggeus dimimitian bari taya nu ngahukum, beuki lila beuki nirca! Bangsa sia gé kana kitu teu digeureuh-geureuh ti ayeuna mah!” ceuk merak. Haténa beuki gilig rék ngabélaan sarakan tempat incu-buyutna jaga kumelendang.

Lantaran kapépéd omongan, sebrut wéh monyét narajang. Maksudna rék ngerewes beuheung merak.

Orokaya merak gé teu cicingeun, gancang ngagiwar dina jurus merak ngibing. Plos…monyét nubruk angin! Solontod awakna milepas, geplak bujurna diképrét ku jangjang merak dina jurus ngirab jangjang. Atuh puguh wé awak monyét téh siga nu ditotogkeun, sirahna melesat rék notog batu gedé nu aya di dinya!

Untung monyét teu kasima, leungeunna ngarawél areuy nu ngambay lebah dinya, kek…guriwel muntang kana areuy… kalayang awakna ngalayang dina jurus ayun-ambing. Salamet, batu ngagilisir sajeungkal handapeun sukuna!

Monyét terus ayun-ayunan dina areuy, bulak-balik nyamberan merak, leungeunna roronjang. Tapi merak linghas pisan cungcat-cingcetna.

“Turun siah jelema, ari enya wani mah!” Merak cocorowokan, “Sor kadieu, montong gugurayangan kitu, sirkeus-sirkeus lain sia téh!”

Clé monyét nincak deui taneuh. Péyékéh leumpang ngadeukeutan merak.

Gapruk merak ngabintih, monyét nyéréwét, tarangna bared kagaris ku kuku merak Untung tadi monyét rada ngelok, mun henteu, aya bahan bocos panonna katiruk. Merak ogé teu kalis, bulu dadana ngabrul kajenggut ku leungeun monyét.

Der deui galungan, silihteumbrag, silihcakar, musuh lawan pada kesit.

Haté duanana geus gilig pikeun ajur-tutumpuran.

Merak ngabélaan hirup-hurip anak incu jaga, monyét ngabélaan harga diri. Manéhna bisa kénéh sabar disebur bagong, disebut buhaya, disebut oray, disebut ajag, tapi ari disebut jelema mah teu suka tujuh-turunan. Haténa kasigeung dipapandékeun jeung mahluk nu pangaruksak­na di alam dunya. Manéhna katut bangsana geus ngalaman nyeri-peurih, pait-peuheur, jeung lara-balangsakna hirup, akibat panggawé manusa.

Kangaranan nu tarung, rék kadéséh-rék ngadéséh, bocok mah moal henteu itu-ieu gé. Nyakitu merak jeung monyét gé, padaragét, padabaréd, padabocok. Mun terus mah teu mustahil kajadian awor, duanana pada-pada tatu parna, malahan misan pisan.

Untung kaburu jol maung.

“Héy! Geus, geus! Misah, misah! Pék, saha nu teu ngagugu, ku aing dikerekebna!” pokna bari nyeureudeug ka tengah pakalangan. Gerem, gerem, ngabarkeun sima-maungna.

Puguh wé duanana gé sieun ku raja saréréa mah. Gancang malundur.

“Naon pasalna ieu téh, nepi ka galungan kieu? Caritakeun ku saurang, ku sia Kuncung! Awas, kudu sajalantrahna! Mun dirékayasa, dipaké cuci-mulut sia ku aing!”

Barabat ku merak dicaritakeun ti awal nepi ka ahir. Ditékték taya nu kaliwat.

Maung unggut-unggutan, terus nanya ka monyét, “Bener sakur caritaan Si Kuncung téh, Cekroh?”

“Leres!” ceuk monyét.

“Rumasa sia ngarabut tangkal céngék?”

“Da teu acan brét……!”

“Acan sotéh teu becus! Cacak becus mah geus bret, nya!” Maung nyengor.

“Rumaos.” Monyét nyengir.

“Montong cengar-cengir, da teu kasép sia téh! Ari sia Kuncung, naha atuh mana sadaék-daék teuing nyarékan téh, nepi ka téga ngajelema-jelema ka papada sato?”

“Sadaya-daya, kalepasan, bawaning ku keuheul,nun!” walon merak mamandapan.

“Geus, sakali ieu saria moal dihukum ku aing. Tapi kudu jangji moal sakali-kali deui karitu laku.” Ceuk maung bari mencrong seukeut kanu tas diadu, “Sia Cekroh, montong sok rubat-rabut kana tatangkalan, pan éta téh tempat hirup umat héwan! Sia Kuncung, cing diajar ulah goréng sungut teuing. Sakumaha keuheulna gé ka batur téh ulah nepi ka ngajelema-jelema. Sabab saha pisatoeunana nu teu nyeri hate disaruakeun jeung jelema, tukang ngaruksak alam-dunya, ngarti sia?”

“Ngartos!” ceuk duanana mani rampak.

“Putus! Jig rék ka marana ayeuna?” ceuk maung.

“Abdi mah asa tos hoyong ngendog ieu téh, pami teu lepat mah ieu téh nu kadalapan.” Ceuk merak bari purat-pérot muru sayangna. Saporocoteun, dibawa tarung atuda, uyuhan teu kaborojolan.

Di dinya kari duaan.

“Ari sia, Cekroh, rék ka mana ayeuna?” maung nanya ka monyét.

“Ah abdi mah bade neraskeun metikan céngék wé, lebar” ceuk monyét bari terus dodongkoan mulungan céngék nu balatak dina taneuh. Nu narapel kénéh dina tangkalna dipetikan, Sawaréh dikeupeul, sawaréh dikemil teu lada-ladaeun.

—Ari maung terus depa di dinya. Beuteungna seubeuh ku anak uncal kumincir, beubeunangan cikénéh di tegal.

Dimuat dina majalah Cupumanik/April 2008

2 Balasan ke Monyet jeung Merak

  1. akinabagas mengatakan:

    Heuheuy deuh aya ku pinter si kasep, nuhun bageur asa deukeut jeng dulur asa dikampung sorangan, najan kuring aya dilembur batur, maca carita anjeun mani kabita hayang balik ka lembur, wilujeng tepang kasep, hatur nuhun

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: