Gupay Kamelang


MUN kudu jujur, geus aya kana tilu poéna teu genah haté jeung pikiran. Barang gawé ogé jadi teu parurun hawana. Kahayang téh cicing  ngalamun. Bari ngalamun ogé teu puguh teuing naon anu dilamunkeun. Pikiran téh kaditu kadieu rarasaan mah euweuh jugjugan. Padahal pagawéan mah numpuk, teu kagarap.

Teuing kitu pedah sakeudeung deui barudak kelas dua belas téréh nyanghareupan ujian nasional?. Bari nilai batas kalulusanana beuki ditaékeun ku pamaréntah. Sok sieun teu lalulus. Mangkaning kuring kepala sakolana. Pohara meureun éra ku nu lian jeung pasti bakal diambek ku pupuhu.

Tapi da kétang euweuh carita ti tadina murid di sakola kuring aya nu teu lulus. Apan ti baheula ogé kasohor sakola favorit, muridna ogé murid pilihan. Nu palalinter wungkul. Tiap taun sok lulus 100%. Ayeuna oge kudu optimis, barudak teh lalulus kabeh.

Na lamun kitu pedah naon atuh make teu genah hate jeung pikiran?. Atawa kitu pedah sakeudeung deui Annisa-si cikal rek aya nu ngalamar?.

Sono kamehna / duh sesah hilapna / sok emut bae…”

Lagu Sono nu dihaleuangkeun Tati Saleh atra disada dina Nokia eN90. Nembrag lamunan. Nandakeun aya telepon ti pamajikan. Tapi barang rek di angkat pareum deui HaPe teh, aya kana tilu kalian. Nga-miscall wungkul tayohna mah.

Tapi da ah tara ti sasarina pamajikan nga-miscall, bisana mun aya nanaon sok langsung nelepon atawa nga-eSeMeS.

Hate jadi panasaran, sok sieun aya nanaon. Mangkaning Agus-Si bungsu anu ayeuna kelas genep eSDe-asmana sok mindeng kasorang . Jabana oge sok mindeng ditaringgalkeun, da apan pamajikan sarua kudu ngajalnkeun kawajiban jadi guru. Aya Ahmad-Si Panengah- ayeuna keur sisibukna kuliah di ITéBé, keur mah deuih tereh sidang. Sedengkeun si Cikal apan sibuk gawe jadi perawat di Rumasakit.

Antukna hayang nelepon balik. Tapi, barang nyagap HaPe kakara inget yen pulsa karik sababraha perak deui.

Heueuh legeg wungkul. Ari HaPe eN90, ari pulasana kere. Rek meuli ka Counter nu di hareupeun sakola lungse ku nikreuhna.

Panon melong kana telepon inventaris sakola anu ngajoprak dina meja. Heunteu mikir panjang langsung mencet nomor HaPe pamajikan. Jabana oge moal aya nu wani ngambek ieuh, pedah make barang inventaris sakola jang kapentingan pribadi. Apan kuring nu kawasana oge di ieu sakola.

“Aya naon Mah, nga-Miscall?. Agus kambuh deui asmana?” tanya kuring geumpeur

“Heunteu. Ah ieu mah hoyong we nga miscall. Ari kitu ngaganggu Papah?” Cara tisasari pamjikan ngajawab bari ogoan. Sanggeus ngadenge kitu mah, plong hate teh asa ngemplong. Berarti euweuh nanaon.

“Nya heunteu atuh”.

“Pah, mamah masih keneh rada teu enak emutan perkawis si Teh Nissa” Pamajikan ujug-ujug ngobrolkeun masalah  si cikal.

Rencanana mah isuk poe Saptu, rek aya anu datang ka imah, nanyaan Si Cikal. Tapi kalahka nu jadi geringna mah pamajikan.  Nepikeun ka teu ngeunah dahar jeung teu bisa sare. Cenah nyebutna mah sok sieun Si Cikal teh salah pilih.

Malah ningan pamajikan oge make sholat istiharoh ampir unggal peuting.

“Na kunaon deui?. Kumaha persiapan kanggo dinten enjing tos siap?”

“Teu acan” Tembalna bangun anu bararingung. “Pah Ari Papah satuju Teh Nissa ka Ajat?”.

“Ari Papah mah kumaha si Tetehna wae”. Jawab teh bari semu rada ngahuleng, aneh. Ningan pamajikan kalah nanyakeun kitu. Bangun nu bimbang jeung heunteu panuju.

“Eta ari sur Papah si Teteh na kumaha katingalna…”.

“Atuh Mah…, panginten pana bobogohan oge hoyongeun. Nya ayeuna nu penting mah cuang restuan we. Ambeh si Teteh enggal geura nikah. Padamelan da tos gaduheun, umurna tos nyekpan. Malihan mah langkung-langkung tinyekapan.” Tempas teh  rada jengkel.

Rek teu jengkel kumaha atuda, Si Cikal ayeuna umurna geus nincak 27 taun. Sakapeung mah kuring sok melang kabudak teh, can kawin wae. Ari anu utamana mah eta –na’udzubilah himindzaliq- sok sieun aya kalainan. Da ningan ngarana oge budak jaman ayeuna.

Sakapeung mah soak asa serba salah eta oge.

Mimitina mah apan baheula, basa Si Cikal keur sakola keneh. Kuring nyaram ulah waka apal ka lalaki komo nepikeun ka bobogohan.  Supaya sakola heula sing junun.

Kukituna mah budak teh amanah jeung nurut kana papatah kolot. Ngan antukna, nepi ka kiwari gawe teh can kawin wae. Padahal babaturan sakelasna baheula  basa keur sakola ayeuna teh geus aya nu bogaeun budak dua.

Eta oge nu datang ka imah hayang ngajadikeun pamajikan mah loba. Apan malah ningan Si Cecep budakna Pa Asep  anu ayeuna jadi ajudan bupati oge kungsi nanyaan. Tapi Si Cikal emungeun. Atuh nuntungna nepi ka ayeuna Pa Asep teh  keuheuleun pisan ka kuring. Jalaran paniatan budakna teu ditarima.

Dijodokeun oge kungsi. Budak teh diamprok-amprok dijodo-jodo jiga japati. Sangkan gowat kawin.

Ngan keukeuh peuteukeuh nu ieu embung nu itu teu cocok. Nungtungna budak teh gering ngalanglayung nepikeun ka dibawana ka rumah sakit.

Basa kabeh kulawarga bingung nguruskeun Si Cikal anu gering parna, teu gugur teu angin, aya jajaka anu datang ngabesuk ka rumah sakit.

Kuring teu nyangka tianggalna, yen eta teh  Ajat-kabogoh Si Cikal. Manehna geus jadi PeeNeS di Dinas Perhubungan provinsi, kolotna pangsiunan Camat.

Paingan ! Si Cikal dijodokeun teh embungeun wae. Pedah geus bogaeun calon sorangan. Ngan budak teh kemba, teu wani ngomong jeung nyarita. Sieun ku kolot tayohna mah..

Basa diajakan ngobrol, cenah maranehna rek serius neruskeun hubungan ka bale nyungcung.

Disangka kamelang teh rek leungit, tapi keukeu we ningan sanajan budak geus boga calon jeung sakeudeung deui rek kawin oge. Kamelang mah tetep aya, malah ningan ayeuna mah asa beuki kacida melangna.

“Tapi, naha nyaaheun kitu Ajat teh ka Nissa?, Sok sieun engkena teu tiasaeun ngabahagiekeun Si Teteh” Sora pamajikan nembrag lamunan.

“Mah, upami si Teteh hoyong nikah ka pameget anu leres-leres nyaah ka si Teteh. Nya nikahna kudu ka Papah, Bapana nyalira. Sabab teu aya deui pameget anu leres-leres mikanyaah si Teteh ti aalit iwal ti bapana nyalira. Tapi urang sing emut yen aya deui anu langkung nyaah ka si Teteh nya eta Gutsi Allah.”

Pamajikan repeh, teu wanieun ngobrol. Nenget-nenget ucapan kuring tayohna mah.

“Kieu we ayeuna mah. Apan kapungkur, Papah sareng Mamah oge lain-lainan. Tah ayeuna kumaha saatos Mamah nikah sareng Papah bahagia heunteu?” Tanya kuring.

“Alhamdulillah, bahagia”. Tembalna pondok.

“Insya Allah engke oge Si Teteh kitu, urang kedah masihan kapercaantenan ka Ajat.” Kuring mere harepan. “Ayeuna mah , Mamah siap-sipa we kanggo enjing”.

“Teras engkena kumaha saatos dinten Saptu?” Pamajikan kalahka nanyakeun deui. Padahal apan baheula oge basa kuring rek kawin ka menehna sarua meureun.

“Panginten moal prak harita narosan teras enjing nikah. Pastina papacangan heula sababaraha sasih. Tah engke nembe nikah. Apan kapungkur oge Papah sareng Mamah kitu. Ayeuna mah tenang we heula.”

Dasar awewe, aya nanaon teh meuni matak riweuh. Sabenerna mah kuring oge boga pikiran sarua kawas manehna. Sok sieun budak teh salah pilih atawa engkena heunteu saperti anu diharepkeun. Tapi ngaranna oge lalaki teu pati nembongkeun teuing kahariwang.

Sanggeus nutup telepon tonggong inyanah kana korsi. Pikiran ngalayang nginget-nginget mangsa nu kungsi kasorang.

Kieu meureun kolot kuring oge baheula. Nyaah pisan kabudak. Unggal laku lampah budak teh sok dipikamelang jeung jadi pikiran. Sok sieun budak teh teu bahagia jeung salah milih jalan. Tapi kamleang eta teh sabenerna lain kupedah kolot teu percaya, ngan saukur pikasieun kolot bisi budakna henteu bagja.

Malah ningan kanyaah Abah jeung Ema nepi kaayeuna teh masih karasa. Sanajan kuring geus boga kulawarga oge.

Tetempoan ngadak-ngadak beurat kana pigura warna coklat nu ngajoprak dina meja. Poto kuring, pamajikan, Si Cikal, Si Panengah jeung Si Bungsu basa keur ka Sea World. Tapi keukeuh panon teh panglilana mah nenjo poto Si Cikal anu keur seuri bari nangkeup adi-adina pinuh kukanyaah.

Emh… Anissa. Baheula apal keur diborojolkeunna. Keur leutik resep pisan kana boneka barbbie jeung lamun pareng ceurik teh meni sok pohara gogoakanna. Ayeuna anjeun geus dewasa, tereh aya nu mawa. Tapi hate can bisa narima anjeun bakal indit jeung anu lian. Melang pisan ka anjeun.

Horeng kieu kanyaah jeung kamelang kolot kanu jadi budakna. Nyaah jeung melang pisan. Tapi sanajan kitu kuring kudu inget yen aya deui anu leuwih nyaah ka budak tibatan kolotna. Nyaeta kanyaah Mantenna. Jeung kuring oge kudu yakin jeung percaya kana guratan takdir ti nu Maha Suci. ***

Dimuat Dina Galura Edisi April 2007

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: