Dalem Boncel (3)


SI Boncél ngarerebna di paburu Pamijahan téh henteu lila, maksa permisi rék wangsul ka Kandangwesi, lantaran geus lami teuing ninggalkeun indung bapana, geus sono pisan.

Inditna ti Pamijahan téh ngulon, nyorang leuweung geledegan, mapay jalan satapak. Tapi ku lantaran teu nyaho jalan, tungtungna sasab teu nyaho kalér kidul.

Meunang sababaraha poé Si Boncél turun gunung unggah gunung, baranghakan sapanggihna, babakuna bongborosan. Ari saré seseringna nyelapkeun manéh dina tatangkalan, sabab di handap mah sieuneun ku sato galak.

Dina hiji poé manéhna anjog ka hiji puncak gunung anu awas ka mana-mana. Di kajauhan katénjo tingarenclo kawas lembur, béh kalérna marakbak jiga gedong-gedong.

Kaatohan Si Boncél barang nénjo lembur geus taya hinggana, leungit kacapé leungit kalapar, tuluy mudun gagancangan ka beulah ditu, muru ka nu marakbak.

Teu sabaraha lilana, jol datang ka sisi jalan gedé, bréh manggih warung. Harita Si Boncél ngarasa lapar lain dikieuna. Rék meuli kupat teu boga duit, rék jajaluk teu kaduga ku éra, tungtungna mulungan cangkang kupat dilémétan réméhna, poho dikageuleuh awahing ku lapar.

Tukang warung barang nénjo aya nu ngalémétan cangkang kupat jeung pakéanana rubat-rabét, jarijipaneun; tuluy diusir bari dicarékan, “Nyingkir ka ditu, ulah deukeut-deukeut ka dieu, rujit!

Si Boncél indit, ngajrigjrig leumpang, muntang kana padati anu rék ka Garut.

Kacaritakeun waktu harita di Garut keur réa tatamu, ménak ti nu jarauh ti Cianjur jeung ti Sumedang kana uleman, lantaran Kangjeng Dalem Garut ngaréndéngankeun putrana.

Kangjeng Dalem Cianjur ogé sumping, diiring ku Juragan Kapala jeung ku pirang-pirang pangiring liana. Piisukaneun Kangjeng Dalem Cianjur mulih, Juragan Kapala geus paciweuh baé nguruskeun candakeun mulih, jeung nyadiakeun kuda katut pigundaleunana.

Ujug-ujug solongkrong baé Si Boncél ngadeuheusan ka Juragan Kapala, sabab ditaruduhkeun ku anu rék ngagarundalan, anu kapanggih ku manéhna di alun-alun.

Piunjukna, “Upami badé nganggo kénéh pigundaleun, abdi ogé sanggem ngagundalan. Dugi ka Cianjur ogé abdi mah badé ngiring baé, upami dianggo mah.”

Saur Juragan Kapala, “Sukur ari daék mah, kabeneran gundal kurang saurang deui. Na urang mana manéh téh?”

“Tebih, rorompok mah di Kandangwesi. Ka dieu nembé dongkap, sasab puguh abdi téh, parantos sapuluh dinten henteu kararaban sangu.”

Juragan kapala ngahelas ngadangu piunjuk Si Boncél anu léntah-léntéh bangun lungsé, terus miwarang Si Boncél dahar di warung saseubeuhna.***(Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: