Kalung Berlian (2)


Ku Guy de Maupassant

CUNDUK kana waktuna pasamoan téa. Teu wudu Nyi Loisel tinemu jeung kabagjaan. Éstu panggeulisna, luis tur luwes, komaraan, amis budi tur hégar. Sakur lalaki nu aya di dinya kabéh neuteup ka manéhna, ngajak pancakaki, tur hayang wawanohan. Sakabéh anggota Kabinét nu sarumping pada-pada ngajak ngawalsa ka manéhna. Dalah Juragan Menteri Atikan gé mani rét deui rét deui.

Manéhna dangsa pohara sumangetna. Jigrah, bungah, bungangang, lat poho di kalaipan. Teu rék kitu kumaha, mungguh geus hasil ngararasakeun berekahna kageulisan, éstu laksana tinemu bagja. Bagja anu pohara meunang pangajén ti balaréa. Sakabéh pamuji, sakur harepan nu nguniang katut kabagjan harita ku manéhna karasa éstuning gembleng tur pohara ni’matna.

Pésta kakara lekasan kajanarinakeun kira tabuh opatan. Salakina mah ti tengah peuting kénéh gé geus lelenggutan dina patamuan leutik, dibaturan ku lalaki tiluan nu pamajikanana pada-pada saruka bungah anu pohara.

Rup salakina ngarungkupan pundukna ku simbut nu ngahaja dibawa paranti balik. Simbut basajan paranti sapopoé, anu bumi-langit jeung karesmian papakéan pésta. Teu sirikna tipoporosé manéhna ngajak balik da bisi katingalieun ku kaom istri séjénna anu ngaranggo simbut alus tina kulit.

Ki Loisel ngarandeg sakedapan. “Ké lanan, Nyai,” pokna. “Sakitu tirisna di luar téh. Ké urang megat délman heula.”

Tapi manéhna teu miroséa, terus leumpang gurungggusuh. Jog ka jalan, bet taya délman hiji-hjji acan. Léos ka ditu léos ka dieu, gugupay ka tukang délman di kajauhan, teu hasil. Jalanna téh éstuning suwung.

Duaan nalikreuh tepi ka lebah Walungan Seine, kapaksa sanajan awak ngadégdég katirisan. Manggih-manggih téh ukur coupé heubeul nu geus biasa ngalanto ka Paris wanci janari, sasat éraeun némbongkeun karudinan mun seug katohyan ku panonpoé.
Tepi ka Jalan Martyr jrut tarurun, leuleus lungsé arasup ka padumukan. Cacap wé keur nu geulis mah. Tapi teu kitu ari keur salakina mah, da puguh jam sapuluh beurang kudu geus aya di kantor.

Gap kana simbut nu ngarungkupan pundukna, dilaan hareupeun kaca, sasat nyacapkeun kabungahna harita. Ana kocéak téh. Kalung téa teuing murag di mana!
Salakina, anu keur ucul-ucul, pok nanya, “Ku naon, Nyai?”

Bari nyampeurkeun salakina manéhna ngocéak, “Aduh, ieung… Gusti… kalung Nyi Mas Forestier téh murag sigana mah.”

Omong salakina bari kerung, “Baruk leungit? Piraku. Ah, pamohalan!”

Duanana nyingkaban papakéan nu tadi dipaké. Gap kana baju nu ngalumburuk, gap kana mantel, sakur pésak dikodokan. Weléh teu kapanggih.
Omong salakina, “Ké, ari Nyai yakin basa tadi miang ti tempat pésta téh masih kénéh maké kalung?”

“Yakin abdi mah Kang, basa urang muru ka jalan mah kalung téh ngagantung kénéh.”

“Tapi mun téa mah murag di jalan, meureun kadénge ngirincingna. Moal kitu murag dina tutumpakan mah nya?”

“Leuh, kana kitu. Ari Akang inget nomerna?”

“Nyéta henteu. Sugan Nyai inget kénéh rupana.”

“Henteu.”

Sakedapan silih pelong bari rumahuh. Antukna salakina dibaju deui.

“Ké sugan,” pokna, “akang rék balik deui ka jalan nu tadi, susuganan kapanggih di dinya.”
Léos salakina indit. Ari manéhna, nu tadina rék disalin téh teu kaduga rék hanjat kana dipan gé, kalah gék diuk dina korsi, bari jeung kabur pangacian.

Kira tabuh tujuh jol salakina datang. Teu mawa nanaon.

Jung salakina ka kantor pulisi katut ka tempat nu ngusahakeun délman. Masang iklan dina koran gé dilakonan, bari diémbohan yén sakur nu manggihan baris diperesénan. Pokona mah satékah polah metakeun tarékah susuganan barang téa kapanggih deui.

Sapoé harita mah manéhna taya deui gawéna iwal ti ngarep-ngarep nu leungit kapanggih deui, bari jeung bararingung ngarandapan bancang pakéwuh anu pohara. Ki Loisel balik wanci sareupna kalawan pamulu marungkawut tur pias, awahing nu diténgan téh weléh teu kapanggih waé.

“Saheulaanan mah,” omong salakina, “nyuratan wé ka nu boga kalung, béjakeun wé yén kalung téh pegat talina, tur ku nyai rék dioméan heula. Ku jalan kitu urang boga kénéh waktu.”

Trét manéhna nulis surat sakumaha nu diimlakeun ku salakina.
***
Tepi ka saminggu, wéléh taya hasilna kokotéténgan téh. Ki Loisel, anu umurna lima taun saluhureun manéhna, pok nyarita, “Daék teu daék urang kudu néangan gantina perhiasan téh.”

Cepuk wadah kalung téh dibawa ka tukang perhiasan anu ngaranna natrat di dinya. Ari cék tukang perhiasan, “Sanés simkuring, Nyi Mas, anu ngical kangkalungna mah. Simkuring mah mung nyayagikeun wadahna wungkul.”

Nya terus mapay unggal tukang perhiasan, susuganan aya kalung anu sarua jeung nu leungit téa, bari nginget-nginget kawas kumaha rupana, kalawan haté duanana pada-pada bingung sieu, sabil

Di hiji toko di Palais-Royal, teu burung aya kalung berlian anu teu dipiceun sasieur jeung nu leungit téa. Demi haregana opat ratus rébu franc. Sanggeus adutawar, éta kalung téh bisa dibeuli ku pangaji tilu puluh genep rébu.

Ka nu dagangna, maranéhna neneda sangkan éta kalung tong waka dikaluarkeun jero tilu poé mah. Cék itungan maranéhna, duit sakitu téh baris balik deui tilu puluh opat rébu franc mun seug kalung nu leungit téa kapanggih deui méméh ahir bulan Pébruari.
Ki Loisel boga dalapan welas rébu franc titilar bapana. Kakuranganna mah deuk nginjeum baé.

Nya terus manéhna nganjuk ngahutang. Sarébu franc ti si ieu, lima ratus franc ti si itu,  lima louis ti nu ieu, tilu louis ti nu itu. Trét nanda kuitansi, pok ngedalkeun jangji, sok nampa duitna ti nu tukang rénten katut sakabéh nu ngahutangkeun duit ka manéhna. Éstuning lahlahan, dalah cék saréatna nékad, da puguh rumasa can kaerong kumaha naurna. Geus kacipta beuratna jaga, awak ruksak batin gering. Nya dina kaayaan kitu manéhna indit ka toko perhiasan pikeun meuli kalung anyar téa, golosor duit nu tilu puluh genep rébu franc téh dibayarkeun.

Basa Nyi Loisel masrahkeun éta kalung ka Nyi Forestier, nu ditepungan téh pok nyarita bari rada jamedud, “Sugan téh rék mulangkeun gancang-gancang, da kapan di dieu gé sok perelu.”

Hadéna wé cepuk wadah perhiasan téh teu dibuka ku nu bogana. Leuh, mun seug manéhna nyahoeun yék éta kalung téh meunang ngaganti, teu kacipta kumaha pamikirna? Biheun bakal ngomong naon. Moal kitu nuding maling?
***
Nyi Loisel sadar yén geus wayahna kudu ngarandapan hirup susah. Satékah polah manéhna milu ripuh, tisuksuk tindungdung. Puguh wé hutang salaput hulu téh kudu ditaur. Manéhna geus nawaétu hayang ngalunasan. Babu dititah balik, imah pindah, tepi ka nyéwa rohangan leutik anu hateupna rupeuk minangka padumukanana.

Ti harita manéhna ngalaman héséna ngurus rumah tangga, kapaksa kudu daék digawé di dapur. Kapaksa manéhna kudu ngumbah wadah, tepi kuku nu laléncop tur karayas téh kapaksa dipaké ngaberesihan wawadahan nu lamokot ku minyak katut carérong. Kudu nyeuseuh deuih,  meresihan kaén katun, pakéan jero katut elap, terus dipoékeun dina sasampayan. Tacan unggal isuk miceun runtah ka sisi jalan tur nimba tina sumur sok sanajan kudu ngarénghap unggal satimbaan. Kalawan dangdananana teu béda ti karéréana awéwé cacah kuricakan, manéhna balanja ka warung, ka tukang daging katut tukang bungbuahan, bari ngajingjing kantong, adu tawar sangan bisa ngirit duit.

Unggal bulan kudu ngabaru deui catetan hutang-piutang, muguhkeun waktu jang mémérésna, katut naur nu séjénna.

Pon kitu deui salakina, digawé unggal soré, ngurus kas sawatara sudagar, tepi ka peuting téh sok meunang lima sous sakaca.

Hirup kitu téh aya kana sapuluh taunna.

Jangkep sapuluh taun kabéh hutang téh, kaasup bunganya, kitu deui bunga leuwihna, teu wudu kabayar.

Ayeuna mah Nyi Loisel téh katémbong geus kolot. Geus jadi awéwé anu bedas, cangker, tur kasar cara ilaharna awéwé ti golongan nu miskin. Buukna teu kauurus. Papakéanana rubag-rabig. Leungeunna hurik. Ngomong gé sowong. Sakalina ngepél lanté gé mani awur-awuran cai téh.Tapi kalan-kalan, mun salakina keur ka kantor, manéhna sok ngalangeu lebah jandéla bari mikatineung pangalaman milu pésta soré harita téa, basa manéhna masih kénéh pohara geulisna tur kacida dipujina ku batur.

Duh, mun seug éta kalung téh teu nepi ka leungit. Meureun moal tepi ka kieu. Saha nu nyaho. Horéng aya ku ahéng ari hirup, tur teu weléh robah! Nu cék saréatna teu pira téh horéng bisa ngaruksak atawa nyalametkeun sagalana!
***

Poé Minggu, basa manéhna keur leuleumpangan di Champ-Elysées minangka hiburan ahir minggu, katémbong aya awéwé keur leumpang nungtun budak. Barang disidik-sidik, horéng Nyi Forestier, masih ngora kénéh, geulis kénéh, pikayungyuneun kénéh. Nyi Loisel ngarandeg sajongjongan. Naha wawuheun kénéh kitu ka kami? Ah, piraku teuing pohoeun. Hutang geus lunas ieuh, ah, deuk didongéngkeun wé naon nu karandapan téh. Ongkoh naon salahna?

Manéhna nyampeurkeun. “Geuning Jeanne ieu téh.”

Nu disampeurkeun téh rada kerung, tur héraneun bet aya awéwé cacah nyahoeun  nénéhna. Asa-asa pok manéhna ngawalon, “Euh, punten, dupi Aceuk téh nu ti mana téa? Henteu kasamaran mah, Ceuk?”

“Apan abdi téh Matilda Loisel téa. Émut kénéh?”

Saharita sobatna ngocéak awahing ku reuwas. “Aéh-aéh, geuning Matilda. Na mani pangling kieu?”

“Nyéta atuh ti barang tepung harita téa kuring ngarandapan pangalaman anu pohara beuratna, tur kabéh alatan Nyai…”

“Alatan kuring? Ké, ké, kumaha téa?”

“Inget kénéh teu kana kalung berlian anu diinjeumkeun ka kuring basa rék ka pésta Commissionér téa?”

“Oh, enya. Puguh wé inget kénéh.”

“Tah, saenyana mah éta kalung téh leungit.”

“Leungit kumaha? Kapan harita gé geus dipulangkeun deui.”

“Enya, ari mulangkeun téa mah. Tapi nu dipasrahkeun ka Nyai téh saenyana mah kalung anyar nu teu béda ti nu diinjeum, minangka gagantina. Nya, pikeun mémérés risikona kuring kadua akangna perelu waktu sapuluh taun. Kabadé meureun da puguh keur kulawarga kuring anu sakieu taya boga mah ngumpulkeun waragad sakitu téh teu babari. Tapi keun lah, da geus kajadian, tur kuringna gé geus ihlas satemenna.”

Sajongjongan mah Nyi Forestier kalah olohok mata simeuteun. Teu lila pok nyarita, “Jadi, Nyai téh tepi ka meuli kalung berlian pikeun ngagantian kalung kuring. Kitu?”

“Enya. Naha teu katara kitu? Padahal mah ukur mirip baé nya.”

Ngomong kitu téh bari terus imut bangun nu bungah tur bagja. Saharita Nyi Forestier kagagas tepi leungeun sobatna dirawu duanana. Pokna, “Gusti! Deudeuh teuing Matilda! Kapan anu baréto diinjeumkeun téh kalung palsu. Pangajina gé moal leuwih ti lima ratus franc!”***

(Disundakeun ku Hawé Setiawan tina “Diamond Necklace” anu kapidangkeun dina buku The Great Short Stories yasana Guy de Maupassant wedalan Jaico, 2003 kaca 41- 52)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: