Ngala Turaés


AWAKNA butekel, panonna bolotot, jangjangna ipis siga palastik, aya gurat-gurat tingareli. Dina beuteungna nu pulas hideung jeung gading aya nu ngageret. Dina tonggongna gé aya geretna téh kelir bodas, aya nu ngagebleg bodasna téh aya nu gigir kénca jeung katuhu wungkul. Sukuna genep, mun pareng ngaranggeum ramo téh karasa peureus.

Ari sorana teuing ku harus, nikukur, jaluna cenah nu kitu téh. Disarada bari nangkod maroyan kana tatangkalan nu jarangkung, kayaning tangkal peuteuy, jeungjing, jeung sajabana. Sakapeung sok eunteup na kararas tangkal cau.

Tah éta, turaés téa. Hamo bireuk, sato sabangsa tonggérét nu sok midang di kebon  wanci ngahaeub ka sareupna tur sorana matak sumeblak pipikiran. Turaés gé umumna ayana téh sok di pakebonan.

Datangna dina usum mamareng, enya nganggeuskeun usum hujan maju kana usum panyelang atawa halodo. Nu matak, turaés téh sok dipaké totondén usum ngijih rék ngampih, dipindo usum halodo.

Di lembur kuring, pasawahan jeung pakebonan téh ngampar kénéh, jadi ngadéngé sora turaés unggal usum mamareng téh geus teu bireuk deui. Indit ka pasir, los ka kebon, teu sirikna matak katorékan ku sora nu raés-raésan barjamaah, mun di kota mah teu bina ti sora nu keur ngelas beusi.

Pokona mah, dalit wé jeung sora nu ngaraés téh. Malah lain waé dalit jeung sorana, jeung dagingna gé urang lembur kuring mah saredepeun, da sok dipasak dipaké deungeun sangu. Tepi ka ayeuna gé rasana kacipta kénéh, kumaha wé rasa hurang atawa simeut.

Sainget, pasakan turaés téh diuyah-aseman, geus puguh deui gula kawung mah. Awakna dibeulah tengah. Maksudna, di sagédéngeun bungbu pasakan sina nyerep, sangkan teu hésé deuih ngahuapkeunana. Da puguh ari diselewegkeun sabeuleugeunjeuran mah kuriak  kabeureuyan, angot budak mah.

Sajaba ti turaés téh, di lembur kuring mah siraru gé sok didahar. Teuing tambarakan teuing mémang jaman harita, kira taun genep puluhan, kaasup jaman werit. Nu sidik mah boh turaés boh siraru gé da ngeunah, pédo élom. Padahal, cenah, siraru téh asalna tina kokotor hayam, turaés gé tina kuuk jero taneuh. Nu matak sok kadéngé nu ngaharamkeun, tapi da loba waé nu ngadalahar téh.

Nya alatan sok pada ngadahar, turaés téh sok pada ngala. Lamun geus beunang, lain waé keur nu di imah, tapi sok diiderkeun ka tatangga jeung urang lembur séjénna. Turaés téh ditiiran maké nyéré atawa awi, kumaha wé dagangan jambu aér, geuning sok ditiir diiderkeun dina baskom.

Teu gampang ngala turaés mah. Caricingna sok dina dahan-dahan kai nu laluhur, bari dina tungtung régang, moal beunang ditéwak ku leungeun. Dina bisana gé naék, atuh pasti kagareuwahkeun, terusna mah nya hiber.

Kumaha atuh ngalana? Nya ari ku ahlina mah ngala turaés téh babari wé kétang, da boga alatna, lian ti bisa naék kana tangkal nu luhur téh. Siga almarhum Mang Arja urang Narimbang, jago pisan ngala turaésna téh. Sakali ngaprak pakebonan, sok nepi ka méh meunang sakoja. Malah Mang Arja mah lain waé saéhu ngala turaés, ngala lauk di walungan, boh gogo boh marak, malah moro peusing gé kapaké pisan ku urang lembur téh.

Ari ngala turaés téa, urang lembur boga pakakas husus mangrupa gantar leutik panjang tina awi sabebek atawa awi leutik golondongan. Ditungtungna ditapelan leugeut, biasana tina leugeut tangkal teureup nu nya liket nya cepel. Mun jangjang turaés katapelan leugeut téh tara bisa hojah deui, tuda teu bina ti keretas napel dina elém. Nu matak, turaés beunang ngaleugeut mah mani sok uratelan kénéh ku leugeut. Sakali ngasongkeun gantar téh aya meunang hiji, dua, nepi ka tiluna, da turaés mah areunteupna sok ngantay siga mobil kacandet macet.

Ngala turaés téh sok pabeubeurang, kitu lah sabada pecat sawed da ningan wayah kitu mah keur meumeujeuhna moncorong srangéngé  haneut  nyedek ka panas. Taksiran, sakadang turaés téh keur maroyan bari pamér sora nu ngéar. Padahal, kitu peta téh ngagampangkeun musuhna, enya manusa, nu seja ngala dirina.

Cindekna mah tara hésé néangan di mana-manana ayana turaés téh da geus kadéngé sorana.

Nya alatan kitu, nu rék ngala turaés téh  kari térékél baé naék kana tangkal nu geus kadéngé ngéar sora turaés téa. Angsrod-angsrod, lalaunan da bisi ngagareuwahkeun nu keur ngéar pamér sora. Gantar ditanggeuhkeun, engké di luhur kari nyokot. Nya geus meunang dahan nu merenah keur cicing mah, laju baé metot gantar terus dilelempeng muru nu keur ngadarakom sabada tungtung gantar dibeulitan leugeut téa. Ana tel si leugeut teureup ngagarewel awak turaés, ana gewewek wé sora ngaraésna mani nongtoréng teu bina ti kocéak dengék budak méwék ditéké sirahna. Mun urang-urang  mah meureun ménta ampun tah sakadang turaés téh.

Kuring gé sok pirajeunan ngala turaés téh da éta sedep téa. Lain tétérékélan kana tangkal kai jangkung siga Mang Arja, tapi jeung Pun Bapa sabrayna ngapruk pasir nu loba tangkal cau jeung tatangkalan nu parendék séjénna. Ari ngalana lain keur poé cangra, malah sabalikna keur ngecrek. Da ningan ari keur usum hujan mah turaés téh areunteupna sok di nu tangkal nu parendék, enya siga dina tangkal cau, narangkod dina palapah cau nu geus garing atawa kararas. Tara loba siga dina tangkal kai jangkung, kitu wé ukur hiji dua. Turaés téh siga nu baretaheun awakna kahujanan, lalindeuk deuih. Atuh puguh wé ngalana gé gampang, teu kudu maké lugat-leugeut, kari gep kari gep wé néwak.

Leuh, mani atoh bisa néwak turaés téh, kumaha wé mun nguseup di susukan disanggut lauk. Alatan beubeunanganana tara loba, dipasakna gé sok digurubus wé dina ruhak. Tapi da angger wé pédo. Mecak, ngerekes.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: