Kalung Berlian (1)


Ku Guy de Maupassant

MANEHNA téh salahsaurang wanoja anu nya ngora nya hadé rupa, tur pikayungyuneun deuih, ngan hanjakal, sasat goréng milikna baé, bet dikadarkeun jadi anak pagawé. Teu maskawin, teu cita-cita, sumawonna dipikawanoh, diajénan, dipikahéman tur dipileuleuheungkeun ku nu gandang tur beunghar mah; nya teu bisa majar kumaha, ukur sadaya-daya wé basa dikawin ku pagawé leutik ti kantor Déwan Atikan gé.

Hirupna basajan, taya bangsana nyenangkeun manéh; ngan orokaya teu bagja, cara ilaharna golongan manéhna; tuda lain sasaha, pira wanoja ti golongan cacah kuricakan; enya gé laluis tur laluwes tapi da heureut deuleu pondok léngkah, ukur bisa cameubleu di imah. Binangkit bawa ti kudrat, luwes lain jijieunan, tur binekas nu aya di maranéhna téh hiji-hijina nu jadi ciri bukti kaluhungan darajatna, tepi ka sawatara wanoja bangsa somah bisa dibanding-banding jeung kaom istri turunan kusumah.

Ulatna teu weléh nguluwut marungkawut, awahing ngarasa diteungteuinganan, da cék pikirna pantesna mah hirupna téh binarung kasenangan. Ari di imah éstuning lieuk euweuh ragap taya, rét ka kénca rét ka katuhu téh ukur bilik nu geus buruk, korsi réyod tur paparabotan butut. Éta sakabéh, anu teu kapikir ku wanoja séjén nu sanasib jeung manéhna mah, geus jadi cukang lantaran kanyeri jeung karudet di dirina. Bréh katénjo Breton nu kuru, nu nyieun éta imah basajan, bet milu ngahudang kahumandeuar nu sarwa alum katut impian nu matak nyeri. Bréh kacipta dina lamunanana tepas nu tingtrim, papaés Oriéntal nu tinggarantung, kasorot ku cahya pérak ti luhureunana, katut badéga duaan maraké calana pondok tinglalenggut dina korsi, awahing ku tunduh perbawa hawa nu ngahaja dihaneutan. Bréh deui kacipta rohangan tamu anu lega, papaés sutra buhun tinggarantung, méja-korsi nu kacida mahalna, katut patamuan nu camperenik tur seungit paranti ngariung jam lima soré jeung sobat dalit, nu garinding tur garandang panyileukan sakumna mojang.

Gék diuk nyanghareupan méja makan buleud anu taplakna geus tilu poé can diganti, pahareup-hareup jeung salakina. Gap salakina muka tudung saji bari pokna kalawan bungah, “Tah, ieu potpie ngeunah! Moal aya bandinganana, lah.” Manéhna mah kalah nyipta-nyipta tuang wengi di tempat ménak, parabot pérak nu tinggurilap, katut karpet nu ngagantung dina dingding digambaran bangsa ménak jeung manuk di tengah leuweung impian. Dina lamunanana kacipta deuih kadaharan ngeunah diwadahan ku piring aralus, haréwos ménak nu didangukeun kalawan imut lir sphinx, bari tuang lauk beureum atawa jangjang hayam.

Teu, manéhna mah teu baju teu kurawu. Padahal éta pisan anu teu weléh jadi panyileukanana. Cék dina pikirna manéhna gubrag ka dunya téh keur maké. Manéhna pohara hayangna hirup senang, hurung-hérang, binekas tur dipiajrih.
Boga éta gé kawanohan anak jalma beunghar, batur sakolana. Tapi tara dianjangan, da puguh kalah sok nyeri haté anu pohara mun balik nganjang ka manéhna téh. Mani sok cumalimba, awahing ngarasa hina, hanjakal, sangsara tur kuciwa.

***

Hiji mangsa, wanci sareupna, salakina balik mani hariweusweus bari ngagigiwing amplop badag.

“Tah,” pokna, “keur Nyai.”

Geuwat manéhna muka amplop, sot dikaluarkeun eusina, kartu beunang nyitak anu eusina kieu:

Juragan Mentri Instruksi Masarakat kalih Nyi Mas George Ramponneau kagungan maksad ngulem Juragan Loisel sarimbit ka bumina Juragan Mentri, dinten Senén wengi, ping 18 Januari.

Batan bungah, cara nu dibabadé ku salakina, mah kalah belewer surat ondangan téh dialungkeun kana luhureun méja, sarta pokna bari kuraweud, “Na majar kudu kumaha ari meunang nu kitu?”

“Hih, ari Nyai, panyana téh rék bungah. Nyai téh kapan tara ka mamana. Ayeuna meunang kasempetan, tur langka deuih kasempetanana gé. Hésé béléké Akang meunang ieu ondangan téh. Batur mah harayang, da puguh nu diondangna gé lain jalma joré-joré. Sok wé sebutan tibang sabaraha urang nu meunang ondangan sarupa kieu. Geura, di ditu mah urang bisa patepung jeung sakumna bangsa ménak.”

Bari nyureng ka salakina, pok nyarita kalawan keuheul, “Nya naon atuh nu kudu dipaké?”
Enya baé, salakina teu kungsi mikiran hal éta. Asa-asa, pok manéhna nyarita, “Kapan aya baju nu ku Nyai dipaké basa urang lalajo sandiwara téa geuning. Katingalina ku Akang mah kacida kéwesna…”

Teu kebat, kalah bep baleum bari hareugeueun barang ningali manéhna ngalimba. Neuteup nu nginghak, kalah berebey aya nu ngalémbéréh tina juru panonna, lalunan ninggang tungtung biwirna. Pokna bari dumareuda,  “Ku naon kalah nangis? Ku nanon, Nyai?”

Sok sanajan dipaksakeun, manéhna bisa negerkeun haté, nyusutan pipi, sarta pokna halon, “Ah, henteu. Asa nalangsa wé ku teu boga papakéan nu pantes, tepi ka pamohalan bisa nedunan ondangan. Anggursi bikeun wé ka babaturan anu pamajikanana leuwih pantes meunang ondangan.”

Salakina ngahelas. Tapi walonna, “Urang ka Matilda geura, yu. Sabaraha nyah pangajina papakéan nu pantes téh? Nu basajan wé, nu sakirana bisa dipaké jang acara séjénna?”
Sajongjongan manéhna ngahuleng, ngiker-ngiker sabaraha nya waragad nu pantes, anu sakirana moal ditampik sapajodogan atawa moal matak meunang panyentak ti pagawé leutik pantar salakina.

Antukna, bari jeung asa-asa, pok manéhna nyarita, “Duka atuh sabaraha-sabarahana mah. Ngan ku kira-kira mah moal kurang ti opat ratus franc.”
Teu wudu salakina rada sepa, tuda ngan sakitu-kituna duit nu aya téh. Kitu gé geus diajangkeun rék dipaké meuli bedil, sangkan bisa ngagabung jeung tukang moro dina usum panas nu baris datang. Rék ka pasir Nanterre jeung balad-baladna nu geus nawaétu rék moro manuk poé Minggu. Tapi sok sanajan kitu, salakina ngawalon, “Heug atuh. Ku Akang Nyai rék dibéré duit opat ratus franc. Kahadé sing bisa milih nu alus bajuna.”
***

Geus deukeut kana poéan pasamoan, Nyi Loisel katémbongna kalah alum tur beuki guligah baé. Ari pibajueun téa mah geus méh anggeus dikaputna. Dina hiji peuting pok salakina nanya, “Aya naon deui Nyai? Geus aya kana dua tilu poéna Nyai katénjona teu cara sasari?”

Walonna, “Asa teu pararantes ari taya perhiasan hiji-hiji acan mah. Teu emas, teu inten. Rék kumaha alus katénjona. Asana mani nyirikeun teuing taya kaboga téh. Lah, asa leuwih hadé tong tulus baé ka ditu téh.”

Omong salakina, “Kembang-kembang atuh tapelkeun. Dina usum kieu mah geura pantes téh kacirina mun kembang dijieun papaés. Ku pangaji sapuluh franc gé Nyai bisa maké dua tepi ka tilu kembang eros nu aralus.”

Tapi teu kitu keur manéhna mah. “Lah,” walonna, “barina gé aréra teuing pagilinggisik jeung istri nu baleunghar bari jeung dangdan teu maké perhiasan sasiki-siki acan.”
Bet jorojoy aya nu kapikir ku salakina, sarta pok nyorowok, “Na urang téh belet kabina-bina! Kapan aya Nyi Forestier. Geura ku Nyai tepungan pikeun nginjeum perhiasan. Geus wanoh ieu.”

Ngan henteu wé manéhna surak awahing ku bungah. “Aéh, enya!” pokna. “Na mani teu kapikir nya.”

Isukna manéhna nepungan baturna téa ka imahna, terus ngadongéngkeun naon nu keur karandapan. Cat Nyi Forestier kana lomari nu maké panto kaca, terus ngaluarkeun cepuk badag wadah perhiasan, blak dibuka, sarta pokna, “Sok wé milih nu mana, Nyi.”
Mimiti niténan sababaraha geulang, terus kana kalung mutiara, terus deui kana salib Venesia tina emas jeung inten nu lucu. Rap perhiasan tina inten dicobaan bari ngaca. Asa-asa, bingung awahing taya nu cop kana haté. Pok nanya, “Aya kénéh nu séjénna?”
“Kumaha? Euh, aya. Sok wé milihan ku sorangan. Ari dipangmilihkeun mah bisi henteu cop kana haté.”

Barang muka cepuk buludru hideung, panonna kataji ku kalung berlian nu pohara matak narikna. Saharita ketug jajantungna mani ratug awahing ku atoh nénjo perhiasan anu pohara copna. Kalawan ngeper gap éta kalung téh dicokot. Rap diantelkeun kana luhureun hariguna, bari ngaca kalawan bungah anu pohara. Asa-asa, pok nanya mani ngageter, “Teu nanaon mun nu ieu? Nu ieu wungkul?”

“Hih, atuh pék baé. Piraku teuing dikorétkeun.”

Gabrug sobatna dirontok, ditangkeup mani geugeut. Teu lila, terus balik mawa perhiasan téa.***(Hanca)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: