Mistéri Lembur Cipeuting (4)


Ku A. Sundira

BEUNGEUT Ceu Emur ngadadak pias. Awakna mani ngadégdég. Biwirna ngeleter. “Cilaka, Ujang…”

“Kumaha atuh, Ceu?” kuring milu reuwas.

“Enya, sugan téh moal kapanggih. Kieu wé atuh, Ujang mah nyumput ka para…”

“Urang lawan wé Ceu, pira gé awéwé. Naha maké kudu nyumput sagala. Teu rumasa salah ieuh!” bet ngadadak napsu.

“Ulah, Sujang. Maranéhna lain lawan-lawaneun. Keun ku Euceu disanghareupan. Ujang mah nyumput wéh…”

“Emur! Rék kaluar moal?” kadéngé deui nu ngagorowok ti luar.

“Sujang, gancang nyumput!”

Can gé cengkat, panto geus aya nu ngadobrak mantén. Sawatara awéwé rajeg di lawang, sabedogna-sabedogna.

*

BRAY beunta. Rét ka gigir. Si Among keur melong semu nu héran. Singhoréng di jero mobil kénéh.

“Ku naon ari silaing, ti tatadi tulung-tulungan?”

“Jadol téh! Ngimpi euy. Naha mani asa enya…” cék kuring bari ngusap beungeut. Kop kana cai, leguk nginum. Gancang mesat udud keur ngumpulkeun deui pangacian.

“Tah kitu ari réa ngalamun téh. Nya leuheung wé ari ngimpi panggih jeung nu geulis mah…”

“Bororaah, kalah ka ngimpi pikasieuneun. Iyyy…”

“Piraku lalaki ludeungan sieun ku ngimpi.”

“Buru atuh, kalah ka eureun geuning. Jam sabaraha ieu téh? Euleuh, geus tengah peuting geuning. Moal teu pasusubuh nepi ka Bandung…”

“Puguh kieu, euy. Heueuh, ieu mah déwék rumasa salah, henteu kontrol, henteu tarapti. Mobil téh mogok… béak béngsin!”

“Béak béngsin?” ngarénjagna kabina-bina, udud mani asa rék ngacleng.

“Enya. Tadi téh mobil ujug-ujug paéh. Disetater teu hirup waé. Ari dicék, béak béngsin. Silaing mah moal nyaho da keur tibra. Untung eureunna lain di tempat hara-haraeun, deukeut pisan warung…”

“Warung?”

“Enya, tuh geuning nu bogana keur ngajanteng di lawang. Ngora kénéh euy, randa teu boga anak.” Si Among nyakakak.

“Kana randa waé silaing mah… Terus ayeuna kumaha?”

“Lila déwék di dieu téh, da ngaguguyah silaing teu nyaring waé. Geus ngopi, geus dahar déwék mah…”

“Daharna jeung goréng jéngkol, lin?”

“Har? Naha bet nyaho?”

“Béda ambeuna…”

“Kacindekanana, najan nu boga warung nitah mondok, urang mah kudu balik. Ngan saratna kudu meunang heula béngsin. Déwék geus nanyakeun, cenah nu aya béngsin téh di lembur Cipeuting. Ti dieu mah kira-kira sapuluh menitan. Tah, wadahna geus nginjeum ka nu boga warung. Pangna déwék ngageuingkeun téh, bisi silaing reuwas pédah dina mobil euweuh sasaha. Enya, dagoan wé di dieu, mun rék bari ngopi di warung, dipangmesenkeun. Déwék rék néangan heula béngsin…”

“Ké heula, Mong. Ari nu boga warung saha ngaranna?”

“Naha bet nanya kitu? Tara-tara ti sasari. Sumi mun teu salah mah…”

“Sumi, nya?”

“Dédéngéan mah kitu…”

“Ari tadi di warung aya saha?”

“Aya lalaki tiluan, tapi ayeuna mah geus arindit?”

“Ti mana silaing meunang béja yén di Cipeuting aya nu dagang béngsin?”

“Ké, naha ieu téh jadi talété kieu?”

“Penting euy…”

“Mimitina mah ti lalaki nu keur ngadon ngopi, terus leuwih diécéskeun ku nu boga warung. Cenah ti dieu leumpang kira-kira lima puluh méter, lebah tangkal caringin méngkol ka kénca…”

“Diuk heula, euy. Déwék aya piobroleun. Silaing moal nitah déwék meuli béngsin, pan?”

“Ih, piraku teuing. Moal ngagawékeun déwék mah, nu matak silaing dagoan di dieu. Keun déwék nu balangsiar mah…”

“Cék déwék mah mending ngadagoan beurang, kajeun saré dina mobil…”

“Har? Apan silaing nu ngarurusuh gancang balik téh, rék ngantor, lin?” Si Among kerung.

“Urusan kantor mah bisa ku SMS. Meuli béngsin mah kajeun kénéh isuk nitah tukang ojég.”

“Nyungkun ieu téh?”

“Lain, daria déwék mah. Ké heula, ari silaing kungsi ngadéngé Lembur Cipeuting?”

“Nu matak rada kagét déwék téh…” cék Si Among, ngomongna rada laun. “Déwék téh tukang ngider, mindeng ngaprak lembur. Enya, déwék nyaho, di dieu téh aya Lembur Cipeuting. Tapi asana ukur kacatet dina sajarah. Lemburna mah baheula gé geus musna…”

“Musna?”

“Cenah ti jaman baheulana, Lembur Cipeuting téh daérah kotor. Mun jaman ayeuna mah, teu béda jeung lokalisasi meureun. Méh unggal awéwé di éta lembur sok daék ngalayanan lalaki. Ku salakina siga nu dihucuhkeun, dapon keur nyukupan pangabutuh sapopoé. Disebut Lembur Cipeuting téh, pédah raména ti peuting. Ramé ku lalaki nu ngadon…”

“Heueuh, teu kudu diteruskeun. Tapi naha éta lembur bet musna?”

“Cenah mah aya nu ngaduruk… pangeusina terus kalabur.”

“Silaing percaya kana éta béja?”

“Nyao teuing atuh. Tapi mungkin waé ayeuna mah di dinya geus aya deui lembur. Piraku Sumi ngabohong… Geus lah, déwék rék indit. Urang kudu balik, kajeun nepi pasusubuh. Éra ku pamajikan silaing déwék mah, bisi magarkeun salakina dibawa liwar…”

“Ké heula, puguh déwék téh ngimpi kieu…” cék kuring, bari barabat wé sakur nu kaimpikeun téh dicaritakeun deui. Si Among katémbong unggut-unggutan. Sakapeung gogodeg.

“Silaing percaya kana éta impian?” Si Among melong.

“Da mani asa enya euy…”

“Dung, déwék nyaho pisan silaing mah tara percaya kana tahayul. Tapi naha ayeuna ngadadak robah?”

“Cékéng gé éta mah ukur ngimpi. Nya mun ngimpi diudag maung mah, déwék moal geruh teuing. Ngan éta, mani aya nu sarimbag jeung kanyataan. Upamana, di jero warung tadi aya lalaki tiluan, nu boga warung ngaranna Sumi, jalan ka Cipeuting ngaliwatan tangkal caringin. Sarua, pan?”

“Mikirna maké logika geura. Déwék ngobrol jeung Sumi téh mimitina mah di dieu, deukeut panto mobil. Bisa jadi obrolan déwék téh kabawa kana ngimpi…”

“Enya. Ngan silaing nyaho, yén Sumi mah enya gé purah nungguan warung ti peuting, teu kagolongkeun awéwé bangor…”

“Bener, kitu pisan. Basa leungeunna dicekel gé geuwat diképéskeun… Lah, na ieu téh jadi ngawangkong teu puguh. Déwék mah rék maksa wé, rék indit ayeuna nyiar béngsin…”

“Silaing geus siap nénjo lalaki nu disiksa ku pamajikanana? Dikunclungkeun kana balong, diteunggeulan ku bébékan awi, diténggor ku halu?”

“Hahaha… éta mah ukur aya dina impian silaing!” pokna bari mukakeun panto mobil. “Meugeus, montong ngalindur waé. Cik kadieukeun éta sénter!”

“Nya ari rék nékad mah… Ngan sing inget, silaing bakal ngaliwatan kebon awi nu caénom …”

“Heueuh, keun baé…” pokna bari terus ngingkig, nepi ka lesna diteureuy belegbeg peuting.

Teu eureun ngahuleng. Boa enya ukur ngimpi. Ngan bet terus nyipta-nyipta Si Among nu keur leumpang ngajugjug Lembur Cipeuting. Dipapantes, nu kaimpikeun téh kaalaman ku manéhna.

Sajeroning diuk, pipikiran mah teu pararuguh. Asa dikepung ku kakeueung. Geus babacaan gé angger kénéh sawangan goréng téh narémbongan.

“Kang….!”

Rét, gebeg! Méh baé luncat ka deukeut setir. Tina kaca mobil katémbong aya nu ngajanteng… nu boga warung.

“Di lebet warung geura ngantosanana, béh tiasa bari ngopi…”

“Wios di dieu wé…” pok téh rada ngageter.

Sumi ngaléos deui. Cék pikir, lain teu hayang cikopi. Ngan… kumaha mun manéhna nawarkeun uyah? Sawangan lalaki nu keur disiksa némbongan deui.

Geus sapuluh menit. Si Among can datang kénéh. Boa kakara nepi. Dina gancangna, nepi ka balik deui téh kudu ngadagoan dua puluh menit. Tapi waktu téh mani asa lila naker.

Cahya lampu ti warung katémbong tina kaca mobil. Ngetét, siga damar kurang minyak. Si Awéwé ngajanteng kénéh di lawang, bangun nu milu hariwang. Di jalan éstuning simpé, euweuh kandaraan nu ngaliwat.

Rada tenang sotéh basa katémbong Si Among datang deui bari ngajingjing jarikén. Leumpangna semu rusuh. Bray manéhna muka panto mobil. Mani hahéhoh.

“Teu biasa leumpang jauh euy, mani asa capé pisan…” pokna bari ngahégak.

“Aya?”

“Aya. Kapaksa ngagedor imahna nu boga warung. Untung teu sangka bangsat gé. Béngsinna ngan aya dalapan léter, tapi sigana mahi nepi ka SPBU mah. Ké urang cicikeun heula…”

Geus kitu Si Among asup deui ka warung, mikeun jarikén jeung babayar tayohna téh. Bus deui kana mobil. Disetater, gerung wéh. Teu sakara-kara. Haté ngadadak longsong.

“Langsung balik wé nya…”

“Enya, tapi urang ka Cipeuting heula…”

“Har, rék nanahaon?” kuring kerung.

“Béngsin can dibayar. Tapi lain pédah duitna teu payu. Poho, tadi téh rusuh, singhoréng dompét déwék tinggaleun dina mobil. Rék balik deui kagok. Untungna téh nu boga warung percayaeun. Jadi wayahna ayeuna ka Cipeuting heula, kana mobil wé. Déwék geus jangji rék dibayar ayeuna kénéh…”

“Na atuh, mani teu tarapti!”

Sajeroning mobil maju ngajugjug lembur Cipeuting, maké jeung ngagerentes, moal ayeuna rék ngalaman naon nu kaimpikeun téh.***(réngsé)

Satu Balasan ke Mistéri Lembur Cipeuting (4)

  1. Otih Rostiana mengatakan:

    numawi pami bade ebog, kedah babacaan heula saur sepuh oge. Janten weh kituu tah….

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: