Naék Kuda Rénggong


PIRAKU bireuk kana kasenian Kuda Rénggong. Pangpangna keur urang Sumedang jeung sabudeurenana. Ieu kasenian jolna ti Buah Dua, sok ditanggap ku nu nyunatan. Pamirigna tanji atawa kendang penca.
Ilahar di lembur mah, mun budak geus nincak lima taun atawa leuwih, hég can disunatan, sok pada nanya. “Iraha disunatan, Otong?” atawa “Iraha rék tumpak kuda?” Matak mun aya budak nu maksa ka kolotna hayang geura disunatan, jero-jerona mah hayang tumpak kuda rénggong.

Nu nyunatan téh, harita mah, kudu baé nanggap kuda rénggong. Keur ngabébénjokeun budak ngarah daék disunatan. Pan sok aya budak nu embung disunatan, najan umurna geus manjing. Basana téh sieun cenah. Ari kolot, pan kawajiban nyunatan budak téh. Nu embung gé diakalan, bélaan dibébénjokeun. Katambah sok éra deuih, mun boga budak can disunatan téh. Paribasa teu meunang ka masjid, atawa éra mun sakola.

Harita gé sieun, sieunna mah rék disunatan téh. Cék nu geus ngalaman, nyeri cenah. Tapi ari rék dipangnanggapkeun kuda rénggong mah, piraku teu purun.

Abong ka nu rék dikariakeun. Diogo pisan ku kolot téh. Sagala kahayang dicumponan. Babaturan pada ngadeukeutan. Nu harak ngadak-ngadak ngabageuran.

Disunatan téh sapoé reujeung jeung budakna Haji Apud. Sarua dipangnanggapkeun kuda rénggong. Ngan béda itu mah. Ma´lum anak nu jegud, lian ti kuda rénggongna téh, dipangnanggapkeun wayang golék deuih. Tatanggapan téh lir simbul kabeungharan di lembur mah.

Resep tumpak kuda rénggong téh. Didangdanan, dimakutaan, maké baju hurung-hérang tina lawon santen.  Dangdanantéh siga Gatotgaca,  maké jangjang sagala rupa. Diabring-abring ku lobaan. Sawaréh nu nyekelan, sawaréh deui nu mayungan. “Ngibing, ngibing!” cék nu nyekelan, nitah ngigel. Duka kumaha, bet jorojoy hayang ngigel. Réngkénék wéh, na tongong kuda. Ema jeung bapa bungaheun katempona téh.

Derna tabuh 7. Méméh miang, mentés heula tatabeuhan. Bérés mentés, bral, miang. Mapay lembur ngarénggong téh. Mun ngaliwat ka lembur, jul-jol nu lalajo, teu budak teu kolot. Dina kuda rénggong téh sok aya bangbarongan jeung nu maraké kedok buta, dibaju kadut. Barudak mah sarieuneun ku nu kitu téh, da sok ngungudag. Matak sok dipaké nyingsieunan budak mun ogo. “Jep, tong ceurik. Tuh sieun bangbarongan!”  Mujarab éta téh.

Bérésna tabuh duaan. Tuluy disawér. Nu tas ngilu iring-iringan, diparasmanankeun. Balikna dibahanan berekat, diwadahan kana rinjing (kantong tina anyaman awi meunang ngahua). Can usum kérésék harita mah.

Reup peuting, saré téh tibra. Capé tumpak kuda tayohna mah. Wanci janari geus diguguyah. Regeyeng, dipangku. Tuluy dibawa ka sirah cai Cipatat, dikeueum. Puguh baé, tiris lain meumeueusan. Awak ngahodhod, huntu noroktok. Asa teu euweuheun kolot téh, ngeueum budak lain wanci. Horéng maksudna mah, ngarah baal mun dikeureut. Kitu ilaharna harita mah.

Dikeureut téh di buruan, hareupeun imah. Bérés disunatan, digotong dina korsi. Dipirig kendang penca. Méh poho kana kanyeri, najan tadi gogoakan gé. Réngkénék, ngigel. Kasirep tayohna mah.

Nu sohor tukang nyunatan harita, Haji Harun ngaranna. Urang Cacaban, Conggéang. Sainget mah ngan éta-étana. Nyaan dibungahkeunna budak sunatan mah. Lian ti tatanggapan, dahareun gé sagala diaayakeun. Bakakak mah, lauk emas nu panggedéna, opak céos warna-warni, geus puguh ari nu nyarecep mah.

Rérés disunatan, pada ngaeuleuh-euleuh ku saréréa. “Si eta” nu tas dikeureut, pada ngarilikan. Orokaya, nu bogana mah asa kasiksa. Aya kana mingguna teu bisa dicalana. Disasarung wé, bari égang leumpang téh. Lebah palangkakan wéh ditunjel ku songko awi. Ngarah teu kagaris-garis maksudna mah. Sakali mangsa ulin di buruan. Teuing ti mana jolna, kecok téh hayam jago macok “si eta”. Nyeri kabina-bina. Atuh lila rék cageur teh. Matak bener cék kolot. Mun budak nu anyar disuntan, ulah sok ulin di buruan. Pamali cenah. Maksudna mah bisi cilaka.

Kiwari, mun pareng ka lembur, aya kénéh nu sok nanggap kuda rénggong téh. Angger kudana mah ngarénggongna cara harita. Tapi geus loba nu robah. Piriganana geus lain nu baheula. Malah kiwari mah disindénan, disepékeran. Nu ngahaleuangna lagu dangdut. Enya, geus robah.

4 Balasan ke Naék Kuda Rénggong

  1. Otih Rostiana mengatakan:

    aya tambihna kang, ayeuna mah nganggo rampak ronggeng sagala (naon atuh sundana penari latar?). Eta wae, taun pengker pun biang numpakeun kana kuda ronggeng 5 putuna (lalaki sareng awewe, kalebet pun anak nu harita nembe 2 taun). Kamonesan nu sanesna, ayeuna mah aya kuda renggong nu pinter akrobat…Langkung euyeub….

  2. Ani Yunaningsih mengatakan:

    leres pisan teh otih pami nguping tatabeuhan kuda renggong teh panasaran we pami teu ningali kudana teh, pesen kangge kang aang matak pami budak sunatan ulin diburuan kedah nyanyandak sapu injuk panginten kitunya mun aya nu ngaganggu tinggal digebug ku sapu

  3. Ani Yunaningsih mengatakan:

    sanes teh otih sapu injukna diangge sasapu ditepas ameh anu disunatan teh aya damelna…… ulah ogoan pangintennya…………

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: