Misteri Lembur Cipeuting 2


HENTEU loba omong, éta awéwé ngaléos ka tukang. Ngurunyung deui téh bari mawa sangu dina boboko.

“Naha bet mawa sangu?” Si Among kerung.

“Béngsin keur mobil, Sumi! Cik atuh montong malawidang, piraku mobil dibéré kéjo!” di antara lalaki nu keur ngariung aya nu nyelengkeung.

“Aéh, punten… Da urang dieu mah sok nyebat béngsin kana sangu téh. Punten pisan nya!” cék éta awéwé-nu kakara kanyahoan horéng ngaranna Sumi-bari nyokot deui boboko tina béja.

“Ké, ké, ulah dibawa deui. Dung, urang dahar sakalian!” Si Among ngerérét. “Ka dieukeun Nyi deungeunna. Naon wé nu aya!”

“Bilih hoyong jéngkol urang ngagoréng heula!”

“Tah, kabeneran. Sakalian nyambel sing lada, Nyi!”

“Ari silaing geus weureu? Kalah ka ngadon nyatu geuning!” kuring nyigeung.

“Lah, ulah olo-olo, silaing gé pasti lapar…”

“Éta urusan mobil kumaha?”

“Ké geus dahar. Ngarah tenang…”

Tilu lalaki nu keur diuk gigireun carengkat. Terus gegeroan ka Sumi. Créng babayar. Méméh ngaléos, nu saurang ngadeukeutan.

“Mun teu salah, di Lembur Cipeuting aya nu dagang béngsin téh. Tanyakeun wé ka Sumi, nyahoeun geura!”

“Nuhun, Kang!” cék kuring.

“Kadé wé ati-ati, di dieu mah réa kénéh bégal. Emang gé keur ngaronda ieu téh!” pokna, maké jeung nga-emang-keun sagala. “Cik ménta roko sabatang!”

Hih, geuning goréng tungtungna. Song wé dibikeun jeung bungkusna. “Candak sadayana!”

“Nuhun, Jang!”

Léos wéh.

Bari ngadagoan nu ngagoréng jéngkol, panon Si Among rarat-rérét ka sabudereun warung.

“Teu kaharti, naha Sumi ludeungeun nya. Nungguan warung sorangan, ti peuting deuih.” pok téh.

“Moal keueung da geus biasa. Sasarina mah sok aya tiluanana…”

“Ari nu séjénna ka mana kitu?”

“Néangan sampingan. Mun pareng aya ménta kopi diuyahan, sok dilayanan. Uyah téh ‘tambahna’ ari kudu diécéskeun mah!”

“Geuning silaing nyaho?”

“Tukang ngider mah piraku teu nyaho nu kitu…”

“Jadi tadi téh silaing ménta tambahna?”

“Heureuy tadi mah!”

Kurunyung nu mawa jéngkol, kana piring leutik. Sambél tarasi wéh dina coét batu. Lian ti jéngkol, aya goréng asin jeung daging hayam. Ngarebul kénéh, sigana kakara beunang ngahaneutkeun.

“Mangga atuh. Naon geuning, teu aya réncangna!”

“Cekap diréncangan ku Sumi gé…” cék Si Among. Kop kana piring, ngalas sangu tina boboko. Deker wé, siga nu lapar naker. Da enya kuring gé asa kukurubukan, nya milu wé. Teu burung nimat najan teu dirarancang ti anggalna mah.

“Geus boga salaki, Nyi?” Si Among nanya deui.

“Kantos, nanging teu lana. Duka lah, teu pareng pisan milik téh, bet meunangkeun lalaki tukang nyéléwér…”

“Baruk?”

“Nu mawi abdi mah palias teuing ngagoda salaki batur. Tos karaos nyerina. Éta gé, Si Inah, muhun nu sok maturan abdi, remen dipapagahan. Sina eureun, ulah dagang waé uyah. Da teu dagang uyah gé moal nepi ka teu manggih dahar, nya Kang?” cék Sumi, ngarérétna téh bet ka kuring deuih.

“Kantenan, kantenan…” pok téh bari ngosom.

“Ari ieu warung saha, Nyi?” cék Si Among.

“Titinggal pun bapa. Diteraskeun wé ku abdi…”

“Naha mukana mani nepi ka peuting? Teu sieun?”

“Ari kahoyong mah, muhun, beurang wé wungkul. Ongkoh sok disangka goréng deuih dagang ti peuting téh. Tapi dalah dikumaha, da ti beurang mah sok tiiseun baé…”

“Ari ti peuting sok haneuteun kitu?”

“Nya, kalan-kalan. Engké raména mah janari, tabuh tiluan…”

“Ramé ku saha?” sajeroning nanya téh, teu pupuguh bulu punduk ngadadak carengkat. Da asa mustahil atuh aya nu balanja wanci janari, ari lain …

“Nu badé ka pasar. Arangkatna sok janari, nungguan mobil nu ka dayeuhkeun. Tah, bari nungguan mobil téh sok ngaropi heula di dieu, malah seueur nu ngadon tuang gé. Urang dieu mah seuseueurna usahana téh icalan sayuran ka pasar…”

“Oh, kitu nya…”

Teuing geus sabaraha kali ngeduk sangu tina boboko téh. Eureun sotéh basa beuteung karasa eungap. Si Among mah masih kénéh uyup-ayap kana cukil. Rét ka luar, ketémbong remeng-remeng mobil ngabagug hareupeun warung.

“Janten mobil Akang téh séépeun béngsin?”

“Muhun…”

“Karulem wé atuh di dieu, énjing béngsin mah sina dipangmésérkeun ku tukang ojég.”

“Kulem?” Si Among mani curinghak.

“Muhun. Tuh di pengker aya kamar, walurat-walurat waé mah. Ngan wayahna, moal dibaturan!” Sumi nyikikik.

“Nya éta, énjing téh kedah damel. Malum atuh tukang buburuh…”

“Sakinten buburuh gé ari dugi ka kapésér mobil mah. Janten badé mulih ayeuna waé?”

“Nya engké wé, upami mobilna tos aya béngsinan. Wegah ari kedah ngadorong mah, enya gé tos neda…”

“Mondok waé kitu, Dung?” Si Among ngarérét deui.

“Balik! Silaing mah robah waé pamadegan téh!”

“Lah, keun baé teu ngantor sapoé mah atuh. Api-api gering wé…”

“Enya, ngan urusanana lain jeung kantor wungkul. Déwék bébéja moal mondok, jadi kudu balik!”

“Anggota PSSI anjeunna mah, Sum!” Si Among ngarérét ka Sumi.

“Sok ngiring maénbal, kitu?”

“Lain, Paguyuban Salaki Sieun ku Istri.”

“Lain sieun déwék mah…”

“Enya, enya, percanten…” Sumi nu némbalan téh, misah nu keur patorong-torong.

“Jadi di mana nu dagang béngsin téh?” Si Among nyalénggorkeun obrolan.

“Cék lalaki nu tadi mah di lembur Cipeuting. Enya kitu, Sum?”

“Euh, sumuhun. Di Cipeuting aya nu dagang béngsin téh, paranti tukang ojég. Nanging wayah kieu mah duka muka kénéh duka henteu.”

“Digedor wé lah…”

“Gampil ngagedor mah. Ngan masalahna téh… tebih, Kang!”

“Sakumaha jauhna?”

“Upami mapah, kinten sapuluh menitan… nganggo gedig rusuh éta téh.”

“Deukeut sakitu mah. Lebah mana, Nyi?”

“Ti dieu mapah heula ka kalér. Kinten lima puluh méter ti dieu, aya péngkolan ka kénca. Patokanana mah di dinya aya tangkal caringin gedé naker…”

“Terus?”

“Nya mapah wé, ngalangkungan heula kebon awi sareng kebon sampeu. Teu aya deui lembur, langsung dugi ka Cipeuting.”

“Mani hara-haraeun geuning, Nyi?” Si Among miheulaan pias.

“Nu mawi mending énjing gé… tos tengah wengi ieu téh…”

“Lah, ayeuna, Nyi!” kuring motong. “Terus lebah mana nu dagang béngsin téh?”

“Upami tos ngalangkungan kinten-kinten sapuluh suhunan, sisi jalan aya warung leutik. Cirina aya tulisan “sayagi béngsin mur”…”

“Nanahaon béngsin mur téh?”

“Maksadna mah béngsin murni. Sigana tempat keur nulisna teu cekap, jadi wéh “béngsin mur”. Ongkoh nu gaduhna Ceu Emur deuih, janten teu lepat-lepat teuing…”

“Imah mana nu kudu digedor?”

“Pengkereun pisan warung. Éta téh bumina Ceu Emur, nu gaduh warung…”

“Sabaraha hargana?” Si Among milu nanya.

“Alah, tatanya teuing harga. Keur walurat kieu mah najan sapuluh rébu saléter gé moal teu dibeuli. Jung atuh Mong, silaing geura indit!”

“Har, naha bet nitah ka déwék? Pan di dinya nu taléténa gé. Ongkoh déwék mah kajeun teuing mondok ti batan wayah kieu aprak-aprakan néangan béngsin mah…”

“Duaan atuh!” cék kuring.

“Mobil euy, euweuh nu nungguan. Mangkaning réa barang. Aya léptop sagala pan. Da éta tuda, silaing mani gumasép ka lembur mamawa léptop, hanas dipaké mah henteu…”

“Pan aya Sumi!”

“Sumi téh awéwé, mun aya nu niat culika, biheung bisa ngalawan…”

Leng wéh geus kitu mah. Sumi gé milu ngahuleng. Atuda asa wegah ari kudu leumpang bari mapay jalan nu can kungsi kasorang mah. Komo maké kacaturkeun ngaliwatan kebon awi sagala rupa. Sanggeus sawatara jongjongan patingharuleng, Sumi cengkat.

“Kieu wé atuh. Akang duaan pangnungguankeun heula warung, wios béngsin mah ku abdi dipangmésérkeun…”

“Ké, ké, ulah Nyi. Wios ku Akang wé!” tungtungna mah kuring nu cengkat téh, bari bujur mah asa hésé naker rék sina ingkah tina korsi téh.

“Dianteur atuh ku abdi?”

“Sorangan wé. Mong, wayahna wé dagoan di dieu!”

“Lain wayahna, da déwék mah kitu kahayangna!” pokna bari nyéréngéh. Mani hayang nalipak.

“Nganggo ieu wé Kang…” Sumi ngasongkeun jarikén. “Cekap kanggo sapuluh létereun mah.”

“Nuhun, Nyi. Mong, déwék indit heula, kadé éta leungeun montong sina ngopépang!”

“Ditakol ku abdi wani ngopépang mah!” Sumi nyikikik.

Gagancangan wé kaluar ti warung. Sanggeus nyokot sénter dina mobil, gedig wéh ka kalérkeun. Asana tacan sapuluh méter leumpang téh, bulu punduk geus miheulaan muringkak.***(hanca)

2 Balasan ke Misteri Lembur Cipeuting 2

  1. Ani Yunaningsih mengatakan:

    Diantos sambunganana nya, enggal tong nganggo lami kapameng nuju sumanget macana!!!!!!!!

  2. smansalingga82 mengatakan:

    Atuh ari diberedegkeun mah moal antosaneun Teh.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: