Haturan Baraya!


Wilujeng tepang di smansalingga82.wordpress.com. Ieu warung khusus kanggo ngobrol urang sadaya dina raraga ngaraketkeun tali silaturahmi. Sumangga, waktos sareng tempat disanggakeun ka para saderek sadayana. Prung ah!

14 Responses to Haturan Baraya!

  1. Aang berkata:

    Assalamualaikum, punten pribados tipayun masihan komentar. Tah kumaha atuh carana? Manawi urang cobian wae nyerat dina kotak komentar nu tos disadiakeun.

  2. Neni Yuhaenah berkata:

    Alhamdulillah ku ayana ieu warung mugi2 ikatan urang diantawis alumnus SMAN Smd angkatan 82 langkung raket kalayan tiasa silih bantos dina hal nu dipirido ku Allah swt. Amin !

  3. budi nurani berkata:

    Assalamu’alaikum wr.wb.

    Alhamdulillah tiasa patepang deui di ieu warung. Mangga ah urang dikawitan teras kedah dimumule ku sadayana. Hatur nuhun ka Kang Aang saparakanca?? kana perhatosan sareng upayana dina raraga ngabuka warung ieu….salam ka alumni 82 khususna oge ka alumni sman 1 sumedang umumna….

  4. smansalingga82 berkata:

    Anjrit uing mani ngageter tah maca seratan Neng Neni. Eh naha mani asa keur ngora bae, apan anak geus reuay. Nuhun ah Ibu Budi parantos jabung tumalapung.

  5. Aang berkata:

    Waduh, etah teu sopan pisan Admin teh. Cicing wae atuh Admin mah teu meunang mere komentar.

  6. budi nurani berkata:

    Kang Aang, teu sawios atuh…pan sakantenan cenah nostalgia…namung hoyong terang saha admin milist warung urang teh, supados terang saha nu tanggel waler…nu jelas waas ari urang jaman osis kapungkur…tah pan kang Aang sok janten ajudan…he..he…prung ah dikawitan komunikasi nu lancar kanggo kamajengan sadayana.

  7. smansalingga82 berkata:

    Tuuuuh pan, cekeng ge murkana kumaha? pan teu sawios-wios saur mantena oge

  8. Aang berkata:

    Ulah gede hulu siah Admin! Supados kauninga ku sadayana, wireh kanggo samentawis, dina raraga design n development tahap awal, Admin Milist (PELAYAN) warung Smansalingga ’82 dicepeng ku Sdrk. Maxy Diding Vabola, lahir di Desa Siluman, Kecamatan Pabuaran, Kabupaten Subang. Kapayun, urang badanten wae kumaha saena. Margi sakedahna mah Admin Milist teh gaduh pangalaman dina editing sareng nulis, oge bahasa Sundana rada onjoy. Ari nu ayeuna mah (Diding) pangalamananan nyolekan pelayan di warung Pantura.

  9. smansalingga82 berkata:

    Waduuuuh, eta Kang Aang mani menggergaji, make jeung nganggap PELAYAN sagala. Kieu-kieu oge pangalaman nulis mah ti leuleutik, malah unggal poe nulis. Nulis huruf latin bisa, ويمكن كتابة الحروف العربية, 漢字もすることができますを書く, Руская мова таксама можа, sok rek nulis naon deui?

  10. Riko berkata:

    Lamun anu pangalamanana nanda tangan, lain nulis kumaha tah?

  11. Doyok berkata:

    Anu pangalaman nanda tangan mah atuh cocokna jadi tukang tato, lain jadi Admin Milist.

  12. Rohlia berkata:

    Alhamdulillah tiasa tepang deui sareng Kang Aang lengkep sareng Smansalinggana82. Hatur nuhun ah tos ngersakeun ngadamel ieu miliss (leres nya?), mugi ku ayana ieu milist urang tiasa ngaraketkeun silaturahmi deui (kapungkur mah urang teh unggal taun sok kempel). Iraha deui nya urang tiasa ngempel sapertos kapungkur…. Eh punten yeuh tos kumawantun ngomentar.

Tinggalkan Balasan ke smansalingga82 Batalkan balasan

Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982