Rusdi jeung Misnem

Februari 17, 2011

I

MUN aya nu nanya ka kuring, “Buku naon nu pangpikaresepeunana jeung pangalusna pikeun bacaan barudak di Sakola Ra’yat (Dasar)?”, moal hamham deui kuring tangtu ngajawab, “Buku Rusdi jeung Misnem.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab. Sabab nu pangutamana atuh pédah kuring urang Sunda; jadi dina nimbang-nimbang jeung nangtukeun jawaban téh maké babandingan jeung ukuran Sunda; jeung deui nya ku lantaran kuring urang Sunda, sakola di Sakola Ra’yat Sunda (sanajan di tapelwates béh wétan) sarta maca buku bacaan keur barudak Sunda. Tah Rusdi jeung Misnem téh ngagambarkeun kahirupan sapopoé barudak Sunda deuih.

Tapi na da salian ti Rusdi jeung Misnem téh aya Gandasari, Sumber Arum, Panggelar Budi jeung lian-lianna apan? Sarta kabéhanana ngagambarkeun urang Sunda; Jang Éman téh urang Sunda lain? Kitu deui Jang Sumitra; Si Empi jeung pada baturna.

Nya jawaban kana éta pananya pisan anu jadi lantaran nu kadua, naon sababna nu matak kuring nyebutkeun yén buku Rusdi jeung Misnem téh buku bacaan barudak pangalusna.

Sanajan Gandasari jeung Sumber Arum nyaritakeun barudak Sunda gé, Jang Éman jeung Jang Sumitra mah béda jeung Si Rusdi. Duanana putra lurah hormat, duanana bageur; duanana “bener” jeung nurut kana piwuruk sepuh. Cindekna duanana ogé hadé jeung alus, budak anu dipiangen-angen ku unggal sepuh. Ari Si Rusdi? Apan Si Rusdi mah budak bangor, ari ka sakola gé ngantongan wajit jeung kadaharan lianna. Dina ieu hal pangarang Rusdi jeung Misnem leuwih wanoh sarta leuwih bisa ngagambarkeun watek jeung kahirupan budak umumna, budak anu réa hojahnya sarta anu ku lantaran teu katuturkeun ku kolotna nya disebut “bangor”. Si Rusdi téh pinter ari pinterna mah, ngan sakarepna teuing. Hirup Si Rusdi mah pikasebeleun sing sakur anu biasa hirup dina lingkungan féodal harita, mutuh pikangéwaeun, tapi matak nineung ku lucuna. Hirup Si Rusdi istuning hirup “budak lembur anu dusun”, tapi bolostrong, budak anu hirupna masih deukeut kénéh ka alam.

Ari watek Jang Éman jeung Jang Sumitra mah rata, taya kaanéhanana pisan, sagalana geus diatur ku sepuhna, atuh anu dicaritakeunana gé istuning rata. Anéhna téh ngan lamun ngadongéng, nepi ka Gandasari mah unggal bab téh dongéng waé.
Nu ngarang Sumber Arum jeung Gandasari mah, katara pisan hayang “ngatik” barudak, supaya bageur, nurut kana piwuruk sepuh, getol diajar, bener, supaya hirupna lulus-banglus, jauh balai parek rejeki, sagalana kudu lumangsung saluyu jeung kahayang anu nyekel lalakon. Pantes pisan lamun anu nyusun Gandasari jeung Sumber Arum meunang béntang ti… gubernemén!

Ari nu ngarang Si Rusdi mah kawas nu rada mopohokeun kana éta hal; maksudna téh lain rék “ngatik”, tapi ngagambarkeun kahirupan sapopoé budak Sunda, adi-lanceuk ngaranna Si Rusdi jeung Si Misnem (aya deui lanceukna Ramlan, tapi tara aya di lembur). Atuh Rusdi jeung Misnem mah leuwih deukeut kana harti sastra manan Gandasari atawa Sumber Arum. Sundana mah Rusdi jeung Misnem literér, ari Gandasari jeung Sekar Arum didaktis.

Ayeuna mah barudak téh di Sakola Ra’yat geus henteu maca deui Rusdi jeung Misnem. Boa angkatan kuring barudak pangahirna maca Rusdi jeung Misnem di Sakola Ra’yat téh. Ari Sumber Arum jeung Gandasari mah dicitak deui sabada perang gé.

Kuring kiwari inget-inget poho kana carita Rusdi jeung adina Misnem téh, saking heubeul-heubeulna henteu maca. Inget sotéh éta kana kabiasaan Si Rusdi ari ka sakola, jeung kana pupuh kinanti dina panungtung jilid katilu, basa Rusdi kudu terus tetep-tumetep di kota nuluykeun sakola ka kelas opat (vervolgschool), ari Misnem katut kolot-kolotna mulang deui ka lemburna:

Rusdi ku Ramlan ditungtun,
dikaléng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan paman jeung bibi,
dipapalér dibubungah,
ulah nyantél ka nu balik.

Inget sotéh pédah baé baheula sering ngahariringkeunana, laguna kinanti buhun. Ana ngong téh Pa Guru méré conto ka barudak kumaha nembangkeunana, kuring mani ngerik, ati asa digerihan, ku karunya Si Rusdi nyorangan di kota, papisah jeung adina Si Misnem… lieuk leuweung lieuk lamping téa meureun. Mun kaduga mah harita hayang hing baé ceurik.
Aya deui dongéng anu nepi ka ayeuna teu bisa poho, sanajan ari susunan caritana mah geus teu inget, tapi aya fragmén tina éta dongéng anu tetep nyantél teu laas ku geus lawas. Mun teu salah mah éta dongéng téh nyaritakeun dua budak pahatu-lalis di leuweung. Lanceukna lalaki ngala buah loa, adina awéwé di handap diteureuy oray, mimitina sukuna heula, nyalukan lanceukna:
“Kang, kang tulungan
aya nu gagarayaman
kana suku jeung ngégélan.
Cing geuwat kuring tulungan.”

Lanceukna keur kapalang ngala loa, ngajawab tina luhur tangkal:

“Usap baé nyai, meureun sireum.”

Macana dikawihkeun, laguna basajan pisan, tapi harita mah mutuh mawa suasana ngenes-ngangres.

Barang éta budak awéwé téa geus kateureuy kabéh ku sakadang oray, kakara lanceukna nyahoeun. Hadéna aya manuk disada kawas nu mapatahan:

“Cukrih! Cukrih! Cukrih!
Turih ku pucuk eurih!”

Sakadang oray diturih beuteungna ku pucuk eurih, si budak awéwé geus taya nyawaan. Tapi da tuluy hirup deui, digeberan ku hihid kabuyutan bari dikawihan:

“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking…”
jeung saterusna.

Éta téh kabéh gé diturun saingetna baé, boa aya nu salah. Tapi kakeueung jeung kangenes anu baheula kungsi karasa basa mimiti maca éta dongéng sok karasa deui ari ayeuna inget téh.


II

Kiwari beunang disebutkeun Sakola Ra’yat (jeung sakola-sakola lianna) teu bogaeun buku bacaan basa Sunda. Anu aya ngan nyukupan pikeun ubar puruluk wungkul. Naha kira-kirana moal hadé lamun buku Rusdi jeung Misnem, anu sidik hadé sarta alus, dicitak deui bacaeun barudak kiwari?

Sanajan kuring mikaresep pisan kana éta buku, tapi mun kuring kudu ngajawab éta pananya sarta mun pangna dicitak deui téh diancokeun pikeun bacaan barudak Sakola Ra’yat, kuring bakal ngajawab, “Henteu.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab deuih. Sabab anu pangutamana, ku lantaran kahirupan barudak Sunda kiwari geus béda pisan jeung kahirupan barudak Sunda dina jaman Si Rusdi jeung Si Misnem. Hirupkumbuh urang Sunda dina jero limabelas taun pangahirna téh ngalaman parobahan anu kacida gedéna. Nepi ka lamun barudak kiwari maca kahirupan Si Rusdi téh, moal ngalartieun. Tangtu haréraneun aya kahirupan cara kitu—taya bédana jeung alam dongéng. Pangaruh ti luar geus ngaraksuk asup ka pakumbuhan urang Sunda di tutugan gunung jeung lamping. Pakumbuhan urang Sunda anu tadina ayem-tengtrem, sepi-tingtrim téh, kiwari kaweur, komo ku ayana kakacowan di padésan anu jauh ti kota mah. Mun baheula kahirupan urang Sunda téh pakumbuhan kahirupan kampung atawa padésan anu masih kénéh “weuteuh”, ayeuna mah geus direumbeuy ku kahirupan kota, tapi ari enya-enya mangrupa kahirupan cara di kota-kota (Éropah) mah tacan deuih. Antara kota jeung désa di urang kiwari mah taya wates-wates anu tétéla. Éta Dua rupa kahirupan téh awor pabaur, kitu deui ku barobahna susunan masarakat padésan di urang, ku ngaraksukna tatacara jeung ukuran-ukuran kahirupan anyar ka jero padésan (jalma-jalmana arindit ka kota lantaran hirupkumbuh di lemburna sorangan kaganggu ku ayana kakacowan gorombolan), ana marulang deui ka tempatna asal, éta jalma-jalma téh geus barobah, boh tatacarana boh kapercayaanana, kitu deui ukuran-ukuran jeung cita-cita hirupna.

Éta prosés téh gancang pisan ngarobah pakumbuhan masarakat padésan urang. Anu baheula mah teu kenal kana lagu-lagu lian kajaba ti lagu-lagu Sunda, Cianjuran, Degung jeung sapadana ayeuna mah milu ngahariringkeun lagu-lagu India jeung Malaya. Anu baheula mah cukup ditarumpah karét (urut ban mobil), ayeuna mah kudu maké sapatu nu disemir bari dikaoskaki nylon nanaon. Anu baheula mah cukup ku lalajo ketuk-tilu atawa pantun, ayeuna mah kudu lalajo bioskop (“gambar iduk” cenah). Anu baheula mah cukup disarung jeung dikamprét, ayeuna mah kudu sing sarwa wolita, didasi sagala. Anu baheula kamamana cukup ku leumpang ayeuna kudu maké karéta mesin, motor, bis atawa karéta api malah kapal udara. Anu baheula mah cukup ku nyaho béja-béja ngeunaan urang lemburna sorangan, ayeuna maké hayang maca suratkabar ngarah terang béja-béja ti sakuliah dunya. Anu baheula mah cukup ku udud kolobot, ayeuna kudu ngaroko “putih”…

Basa Si Rusdi ditinggalkeun ku kolot katut adina di dayeuh, manéhna ceurik, tangtu inget kana sagala pangalaman jeung karesepna basa masih kénéh mangkuk di lembur. Keur Si Rusdi mah harita, antara dayeuh (kota) jeung désa téh lain baé jauh tempatna, tapi ogé aya perbédaan kahirupan. Kahirupan dayeuh jeung kahirupan padésan. Papisahna Si Rusdi jeung Si Misnem téh nya papisahna jeung kahirupan padésan, diganti ku kahirupan dayeuh anu harita mah masih kénéh sing sarwa ahéng pikeun Si Rusdi.

Kasedih, katineung nu harita kaalaman ku Si Rusdi pédah kudu ngumbara nuluykeun sakola di dayeuh, moal kaalaman moal karasa ku barudak padésan jaman kiwari. Barudak kiwari mah ti masih kénéh bau jaringao geus ngimpi ngumbara ka kota. Apan hirupna sapopoé di padésan ogé geus niron-niron kahirupan di kota. Jadi mun sakali mangsa dibéré kasempetan indit ka atawa ngumbara di kota téh, atuh taya bédana jeung umat Islam sina indit ka Mekah.

Tah faktor-faktor éta téh milu nangtukeun kana hadé-henteuna bacaan barudak, komo bacaan munggaran di Sakola Ra’yat, anu tinangtu nyantél dina haté tepi ka maranéhanana galedé.

Tapi sabalikna, na kira-kirana hadé deuih lamun ayeuna aya jalma anu nulis buku bacaeun barudak anu ébréh ngagambarkeun kakacowan jeung kakaweuran hirupkumbuhna?

Bisa jadi hadé, bisa jadi henteu. Hadé ku lantaran hal éta bakal bisa méré gambaran ka barudak nu macana ngeunaan kaayaan kahirupanana sapopoé dina jamanna. Goréngna ku lantaran mun éta buku disusun ku jalma anu teu bisa nénjo kakacowan jeung kaayaan anu pikangeneseun téa kalawan ngristal, bakal méré gambaran salah ka barudak, nya temahna melak binih mumusuhan atawa ngunek-ngunek silih arah.

Tapi mun aya jalma nu usaha ka palebah dinya, di dieu kuring hayang némbongkeun pamapag pangbagéa ka manéhna: “Rampés!”

Jakarta, 1957

(Dicutat tina buku Dur Pandjak! wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, 1966, kaca 42-48)


Dongeng Sunda Dina Radio

Februari 17, 2011

Ku: Dadan Sutisna

Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut,  dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih. Sakapeung sok nyipta-nyipta, hayang jadi tokoh sakti dina dongeng. Kawasna mah taya bedana jeung barudak ayeuna, resep kana tokoh-tokoh pilem dina televisi. Nya ari karah ku unggal peuting mah ngadengekeunana, sok aya bae carita anu inget keneh nepi ka ayeuna.

Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio sok disebut dongeng Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge, anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu pamohalan kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, dongeng Si Kabayan, Sasakala Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup sastra lisan. Henteu unggal jelema bisa maca naskahna. Naskahna paranjang, aya nu nepi ka rebuan lambar. Langka anu dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur sababaraha eksemplar deuih.

Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut dongeng kana carita nyambung dina radio teh. Atuh dina ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama nu geus dibukukeun, urang sebut bae roman panjang.

Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng dina radio mah henteu pati diadu-renyomkeun. Henteu sakabeh kritikus sastra apaleun, kumaha kaayaan dongeng Sunda ayeuna. Henteu kawas carpon atawa sajak, meh unggal sastrawan nalungtik kamekaranana. Malah dina diskusi sastra, anu dipadungdengkeun sabudeureun karya sastra nu geus “ilahar”; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara kasabit-sabit perkara dongeng Sunda mah.

Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui komunitasna. Ukur masarakat pilemburan bae anu ngabandunganana teh, kitu oge lolobana generasi nu geus kolot. Hartina, “konsumenna” urang pasisian bae, anu henteu apaleun naha dongeng teh karya sastra atawa lain. Tara ieuh masualkeun pangarangna, tema carita, guluyurna carita jeung sajabana. Nu penting mah rame jeung matak panasaran.

Carita dina dongeng, ngaharib-harib kana novel. Strukturna oge sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na, alur atawa plot, kaasup klimaks jeung anti-klimaks.  Lantaran alur caritana panjang, tokohna oge lain hiji-dua. Malah nepi ka puluhan urang.

Sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu, konvensional, malah aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik. Sareretan mah, bet asa mindahkeun kahirupan nu sanyatana. Lain ukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan kana hiji kajadian teh kudu enya-enya. Hartina, lain saukur ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung pakta.

Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana  mah kahirupan di pilemburan. Malah loba anu nyokot kasangtukang kahirupan masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh para “jawara”, boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh carita anu ngaharib-harib pilem “laga”. Dina lalakon para jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di dinya aya tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga kasaktian luar biasa. Aya tokoh utama, aya tokoh antagonis. Biasana, tokoh utama jeung antagonis boga pangabisa nu ampir saimbang. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung mah, carita silat dina dongeng Sunda, kawas nu kapangaruhan ku carita-carita silat anu datangna ti Cina.

Dongeng Sunda dina carita silat anu  kungsi sohor teh Si Rawing karangan Yat R. Dibacakeunana ku Wa Kepoh deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we, dibacakeunana oge nepi ka sataun leuwih. Dina eta carita, Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana sakapeung mah siga nu owah. Tapi boga pangabisa nu luar biasa. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh Wiro Sableng beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa. Dongeng silat sejenna anu kungsi “rame” dina radio teh di antarana Si Buntung Jago Tutugan, Nyi Ganting (Ahmad Afandi Asgar), Si Bongkok,  jeung rea-rea deui.

Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina carita pantun. Pantun Ogin Amarsakti, lalakon budak anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung. Malah anyar keneh, Aan Merdeka Permana, pangarang anu ayeuna redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu Gunung Salak, anu dibacakeun ku Wa Kepoh.

Euyeub pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus karuhan carita kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun panalungtikan oge, teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman kolonial Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah mangsa harita.

Di antara para pangarang dongeng mah, kakara Ahmad Afandi Asgar (AA) anu karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh prak ngarang teh katembong AA ngayakeun heula panalungtikan. Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna, karasa pisan naskah-naskahna teh aya “nyawaan”. Beunang disebutkeun punjul ti pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah ngolah campuhna rasa Si Tokoh, palebah nyaritakeun kajadian nu matak ketir.

Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si Raja Dongeng tea. Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu beunghar pisan, AA bisa ngahudangkeun rasa nu ngadengekeun dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah.

Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot kasangtukang mangsa penjajahan Jepang, AA mani persis pisan nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina henteu ngalamanana oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para romusha. Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun kana ieu carita. Katembongna, AA mere kayakinan, yen anu dicaritakeunana teh enya-enya kajadian. Lain ukur dongeng. Malah apan AA mah lampar pisan, nyaritakeun kaayaan di nagara Birma sagala rupa, tempat dibuangna para romusha.

Basa Sundana alus, merenah, beunghar naker ku idiom. AA tapis pisan nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng patut anu jadi pahlawan dina ieu carita. Kumaha diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu “manusiawi”, ditembrakkeun bari henteu karasa dijieun-jieun. Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis, mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha peurihna hate Mang Sura, babaturan Sukma anu saumur-umur jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih, anu bisa ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma anu jadi romusha. Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran kahormatanana.

Romusha mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian. Dipitenah, terus katalangsara, pamustunganana “balas dendam”. Asa nyeueung carita Monte Christo, beunang Alexander Dumas tea.

Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang disebutkeun punjul teh. Aya deui carita anu nyokot kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu carita, dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut pisan nyieun deskripsi tempatna hotel perdeo teh. Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga, patugas di ieu pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?). Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe. Ahmad anu terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu ngojay meuntas sagara. Sukuna buntung disamber lauk hiu. Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung pilem Joni Indo.

Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun panalungtikan para mahasiswa kedokteran ka hiji tempat anu masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah (poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif. Imah geueuman, sora nu aneh, nepi ka munculna tokoh anu muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid ajengan jeung nu muhit dedemit),  dicaritakeunana henteu nerag, bangun ngahaja sina matak panasaran.

*

Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.

Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina “Munjung”, atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng pisan nulis carita “jurig”. 

Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa ngaran sandi asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna, loba nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh. Naskah-naskah dongengna kungsi dibacakeun ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang Engkos ti radio Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya. 

Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki Leuksa beunang disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000 nepi ka ayeuna, dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun ku Arman Wijaya ti radio Daya Swara Sumedang.

Kamekaran dongeng Sunda, beunang disebutkeun aya usumna. Kabehdieunakeun geus mimiti melempem. Ukur sababaraha radio bae, anu masih keneh leukeun midangkeun acara dongeng Sunda teh. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an mah, beunang disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat, sok aya bae acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT. Supra Perbindo Parma, jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.

Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan nepi ka masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea, asa pamohalan dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para sponsor, dongeng Sunda teh beunang disebutkeun “jurus ampuh” pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba keneh.

Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu beda jeung sinetron dina televisi. Upama aya sponsor, nya meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh pausahaan “ngareret” kana acara dongeng. Komo nilik situasi ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur ngabeberah bari euweuh buruh.

Nasib dongeng Sunda kiwari, geus mimiti “kritis”. Padahal radio teh minangka media pikeun nepikeun karya sastra lisan. Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun 1990-an, basa aya acara maca carita pondok dina radio.

Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh sponsor, jadi terus melempem, malah ampir-ampiran pareum. Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan kana kreatifitas pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan atawa rebuan lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung kagantian jinis urut meuli keretas oge.

Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh beunang disebutkeun aya unggulna. Ceuk Maman Ma’ruf (almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang dongeng ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban peuting, sok nepi ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik 300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi. Sanggeus ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp. 30.000,- (taun 1992). Eta oge bisa cenah dijual “gelempeng”, hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna, hak cipta nu ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.

Aya pangarang dongeng (kurang merenah upama disebutkeun ngaranna mah) anu hirupna ukur tina nyieun naskah dongeng. Imahna ngagowok leutik. Sapopoena nerektek ngetik, nyieunan naskah jualeun ka radio. Hasilna dipake keur hirup sapopoe, ngabayuan anak pamajikan.

Keur pangarang roman panjang taun 60-70-an,  beunang disebutkeun hade keneh milik. Naskahna bisa dikirimkeun ka penerbit, dicitak jadi buku anu diserikeun. Pangarang anu remen nyieun roman panjang teh di antarana Wahyu Adam (Ganjaran Ka Nu Sabar), Tatang KS (Sumerah Pinanggih Bagja, Ganjaran Hutang Kanyeri, Si Rawing Jago Ti Pakidulan, jrrd), Ki Masram (Tanteu Nonih, Kuburan Beureum ku Getih, Nu Kawin Ngarurub Mayit, jrrd). Roman panjang anu geus dibukukeun teh, loba nu dibacakeun deui dina radio. Di antarana Tanteu Nonih anu nyaritakeun kahirupan hostes.

Harita mah deuih, renung penerbit anu mere lolongkrang keur pangarang roman panjang teh. Di antarana penerbit Tarate, Armico, Budi Asih, Wargina, jeung sajabana. 

*

Dina  kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun dongeng teh, kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot. Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita dongeng oge mere ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener. Malah dina bubukana, anu rek ngadongeng sok nyarita : “Nu saena picontoeun, nu awonna pieunteungeun.”

Dongeng Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan.  Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana ajaran agama (Islam).

Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, naskah dongeng Sunda (najan henteu dibukukeun) milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” arang pisan diadu-renyomkeun.

Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun, pangarang anu nulis naskah nepi ka 1000 lambar kawas naskah dongeng Sunda!

Cag!***


Suptapada

Februari 17, 2011

Carita Pondok DADAN SUTISNA

(DIAH datang ka kontrakan basa kuring keur ngahurungkeun komputer. Kagok, manéhna terus dititah saré.)

Matak gogodeg nénjo beubeunangan Collen Sire. Beuki engeuh, pangaweruh téh tangéh kénéh ka bisa mapakan manéhna.

Animasi nu cenah meunang ngadekul sabulan campleng téh teu burung ngabetot imajinasi. Lebah ngimpleng sétting, katémbong Collen beunghar ku reférensi. Pangpangna dina ngagambarkeun kaayaan dunya abad ka-14, najan bisa jadi henteu persis kitu.

Éndingna deuih nu matak ngangres téh. Haté lir nu digenyot, asa dibawa ka alam mana boa. Basa Nyi Putri newekkeun patrem kana angenna, gambar nu dicokot téh tina cangkéng nepi kana suku nu ditilaman ku jukut garing. Getih patingkareclak maseuhan lemah. Ti dinya gambar zoom out, Nyi Putri ngarumpuyuk. Beuki jauh, katémbong amparan bugang nu patulayah. Beuki jauh, layung hurung ngarérab langit, tuluy fade-out kana warna hideung.

Cursor mouse ngajorélat kana tombol exit. Teu kungsi sadetik, nu katémbong dina layar monitor ukur wallpaper. Diteuteup sajongjongan mah. Dina layar monitor asa ngalangkang kénéh animasi beunang Si Collen.

(Diah ngulisik, ngarérét. Panonna ceuleuyeu. “Kumaha atuh, Kang?”)

Mimiti wanoh jeung Collen téh basa milu aub dina panglawungan website were-here, salah sahiji situs di internét nu sok dipaké adurényom ku programmer di sakuliah dunya. Collen Sire, cenah mah urang Éropah nu matuh di Amérika, weruh pisan kana seluk-beluk program komputer, pangpangna ngeunaan téknologi animasi tilu diménsi. Basa dikiriman é-mail, diajak wawanohan, manéhna gasik ngajawab, malah ngajak chatting sagala rupa. Nya ti dinya mimiti ngobrol ngalér-ngidul téh.

(Diah cengkat. Baeud.)

Nu matak kayungyun, najan sapopoéna ngagugulung script program nu sagemblengna maké kodeu logika, Collen ngahargaan pisan kana titinggal para karuhun. Cenah karesepna téh ngoléksi barang-barang kuno, atawa naon baé titinggal mangsa bihari.

“Biheung aya urang mun euweuh karuhun. Nu ngalalanyah téknologi gé apan karuhun urang,” pokna, hiji mangsa. “Titinggal karuhun téh surahaneun urang. Di nagara kuring mah, nalungtik paradaban bihari téh jadi proyék nomer hiji.” cenah, bari barabat manéhna nyebutan panalungtikan nu keur dihanca ku pamaréntah jeung para ahli di nagarana. Enya, da manéh mah cicing di nagara beunghar, cék haté. Tong boroning keur kapentingan bangsana sorangan, dalah nyieun website all-languages, nu bisa narjamahkeun sakur basa di sakuliah dunya gé apan dikeureuyeuh. Tangtu modalna henteu saeutik.

Collen terus nanyakeun kaayaan di Ttatar Sunda. Sajarahna, jelemana, nepi ka mojang-mojangna. Geus nyahoeun sabagian mah, pangpangna tina katerangan nu dimuat dina énsiklopédi digital kayaning britannica, encharta, atawa ancient world nu husus ngamuat sajarah purba.

Manéhna nanyakeun, naon baé titinggal paradaban bihari di Tatar Sunda téh? Ku kuring dijawab, sajarah Tatar Sunda dialamatan ku kapanggihna sawatara naskah kuno. Sawaréh geus ditalungtik ku para ahli filologi, tapi nu can kacabak gé réa kénéh.

“Téknologi bisa mantuan keur ngaguarna…” pokna, ngahatéan. “Kuring ngama’lum, di nagara anjeun mah panalungtikan masih kénéh maké padika nu konvénsional. Mun di nagara kuring mah, naskah kuno nu ngahunyud téh tangtu moal diantep kitu waé…”

(Diah neuteup. Biwirna ngawed. “Kumaha atuh, Kang?”)

“Sanés diantep, tapi dikeureuyeuh…”

“Tapi nembé ngalibetkeun filolog wungkul, sanés? Saha deui nu titén kana éta naskah salian ti filolog? Teras, naskah nu tos ditarjamahkeun téh dikumahakeun? Naha mung janten dokuméntasi sajarah, ditalungtik leuwih teleb, atanapi dikumaha?”

(Diah neuteup kénéh. Leungeunna ngebugan bantal.)

“Rupina teu acan dugi kana waktos baé…”

Collen bangun nu panasaran, malah hayang nyaho siga kumaha naskah Sunda kuno téh. Ku kuring dikiriman vérsi digitalna, kaasup nu geus ditarjamahkeun. Manéhna bangun kataji ku sempalan Pasunda-Bubat, da terus tetelepék, malah ménta tulisan-tulisan nu patali jeung éta.

Teu nitah teu sing, basa manéhna nyieun rékonstruksi Perang Bubat téh. Tapi teu burung olohok nénjo hasilna.

(Diah ngageuri. “Opat sasih, Kang…!”)

Internét disambungkeun deui, gasik muka Program Messenger. Collen geus online.

Well done… saé pisan!” cékéng téh sanggeus mencétan keyboard.

“Nuhun!” mani gancang dijawab.

“Nganggo program tridi nu mana?”

“Ngadamel sorangan programna, teu aya icalan. Diical mah sok seueur nu ngabajak…” dina tungtungna titik maké smile, gambar sirah budak keur seuri. “Pilem-pilem animasi beunang urang Amérika, programna seuseuseurna mah ngadadak nyieun. Nu mawi hésé diturutanana. Urang Amérika langkung punjul dina ngawasa program komputer, margi aranjeunna mah gaduh kakeyeng sangkan hasil gawéna teu wawayagon. Bill Gates, enya gé pausahanana sok pada nyebut monopolis, tapi titén kana poténsi manusa di sakuliah dunya. Nu didamel di microsoft téh barudak jenieus ti unggal nagara. Rupina ti nagara Sadérék gé aya…”

Donlod-na langkung ti sajam geuning, horéng file-na ageung pisan,” ngahaja méngkolkeun obrolan.

“Kantenan. Nu dikintunkeun nganggo résolusi pangluhurna, ngarah gambarna langkung écés. Sanés, éta téh leres kajantenan?”

(Diah beuki ngageuri. Kamar kontrakan geus simpé. “Iraha atuh, Kang?”)

“Leres henteuna mah teu terang. Mung di tatar Sunda mah tos sabiwir hiji. Pasunda-Bubat, sok disebat Perang Bubat…”

“Nanging sigana panalungtikan éta kajadian teu acan asak, maksad téh… teu acan dugi ka ngahasilkeun kacindekan émpiris. Naskah nu dikintunkeun ku anjeun, nu jadi bahan rujukan kajadianana Perang Bubat, teu acan masihan gambaran kajadian nu sanyatana. Sanés hartina urang ulah percaya kana éta naskah, nanging saéstuna naon nu ditulis ku jalma bihari téh guareun urang ayeuna, kaasup kajadianana Perang Bubat.”

“Maksadna?”

“Kuring ngadamel animasi Perang Bubat, sangkan anjeun mikir…”

“Sangkan mikir nyieun pilem Perang Bubat? Nurutan di nagara anjeun nu saban kajadian teu weléh dipilemkeun?”

“Sanés kitu. Tapi sabada ningal animasi beunang kuring, meureun anjeun boga pamanggih séjén, salian ti nyebut well done téh. Kahayang kuring, anjeun ngiritik bébéakan…”

“Naon nu kedah dikiritikna. Di nagara anjeun sagala reférensi nu aya di dunya geus nyampak. Lebah nyieun karakter urang Sunda bihari, beungeutna, pakéanana, leumpangna, cék kuring mah geus siga. Kuring yakin anjeun lain saukur maca naskah ngeunaan Perang Bubat, tapi néangan bahan séjénna…”

“Mun kuring nyarita yén kuring teu percaya kana kajadian Perang Bubat?”

“Hartina anjeun teu percaya kana sajarah, kana titinggal paradaban bihari.”

“Naon nu ku anjeun bisa ditémbongkeun keur ngayakinkeun kuring?”

“Apan geus dikirim naskahna!”

“Can cukup. Naskah mah cékéng gé guareun kénéh. Pararaton jeung Carita Parahyangan, ditulis ampir dua abad sabada kajadian Perang Bubat. Hartina meunang dua abad mah sempalan Perang Bubat téh ukur jadi gunem catur jalma-jalma mangsa harita. Sakitu gé aya nu leukeun kénéh mindahkeun kana tulisan. Kuring ngahaja mangnyieunkeun rékonstruksina, ngarah dina haté anjeun timbul sababaraha pertanyaan, nu jadi pangjurung anjeun atawa saha baé keur nalungtik éta kajadian leuwih teleb.”

“Naon nu kudu ditalungtikna? Téknologi komputer can bisa ari ngadatangkeun deui kajadian mangsa bihari mah. Sok ku anjeun jieun script-na, sangkan waktu bisa mundur tur urang nyaho kana kajadian nu saenyana.”

Mun keur adu-hareupan mah, sigana manéhna téh nyakakak. Dina layar monitor katémbong gambar sirah budak keur ngagakgak.

(Diah ngaléndé. Paromanna alum. Milu nyekelan mouse. “Mun ningal kasur nu itu, abdi mah sok émut ka lalakon bihari…”)

“Lain ka dinya maksudna. Paradaban bihari téh diguarna henteu cukup ku macaan naskah. Upamana, anjeun tangtu nyaho yén aya bangsa-bangsa nu diancurkeun, terus sempalanana dicatet dina kitab suci. Dina al-Qur’an disabit, Kaum Luth di Kota Sodom diancurkeun lantaran pangeusina méngpar tina ajaran agama. Éta katerangan jadi pamiangan para ahli keur ngayakeun panalungtikan. Nepi ka manggihan bukti-bukti arkéologisna. Cék logika, lian ti hukuman Pangéran téh, Kota Sodom nu diwangun panceg luhureun gurat téktonik, méré kamungkinan ayana lini nu rohaka. Handapeun Kota Sodom pinuh ku gas métana nu babari kahuru, méré kamungkinan kajadianana gunung bitu. Hartina, urang bisa manggihan bukti-bukti logisna…”

“Terus anjeun nitah kuring indit ka Bubat keur néangan bukti-bukti arkéologis? Beurat sigana… ongkoh éta mah lain pagawéan kuring. Geus réa deuih arkéolog nu mondok moék di Bubat téh…”

“Enya, ngan cék sawatara tulisan nu ku anjeun dibikeun, Perang Bubat masih kénéh nimbulkeun pro-kontra. Cék ieu kajadian, cék itu henteu. Ku nu hiji ditembrakkeun, ku nu hiji deui ditutupan. Bisi jadi lantaran aya pakaitna jeung aib mangsa bihari. Tur anjeun aya di pihak nu percaya kana éta kajadian…”

“Geus réa buktina…”

“Enya, tina naskah téa, pan? Ka dituna mah diwawaas. Dipasieup ngarah tragis. Kuring nu geus mulak-malik éta naskah, bisa waé nepikeun pamadegan. Upamana, kuring nyebutkeun yén saenyana aya hiji perjurit Pajajaran nu salamet. Manéhna terus nyamur, ngarah teu kapanggih ku urang Majapait. Anjeun nyaho, naon sababna Diah Pitolaka maéhan manéh?”

(Diah nangkeup. Tipepereket. “Tos tilu sasih abdi teu ka kampus, isin… Kumaha skripsi Akang, tos dugi ka mana? Sing énggal réngsé atuh, Kang…”)

“Kuciwa, tugenah, maténi diri demi nanjeurkeun Pajajaran…”

“Mun saenyana aya kajadian nu leuwih tragis, kumaha?”

“Maksud anjeun?”

“Upamana, maténi diri téh lain saukur kuciwa jeung tugenah, tapi…”

Manéh nulis maké simbul, tapi kuring nyaho hartina.

(Aya nu ngeclak tina panon Diah. Kana taktak. “Kang, putusan téh apan kacida pentingna…”)

“Digadabah? Digadabah ku perjurit Majapahit? Anjeun teu boga hak pikeun méngkolkeun sajarah!”

Késang mimiti renung. Ngaragajag saawak-awak. Mun aya hareupeun mah hayang sabekbekkeun nonjok Si Collen nu geus mangtaun-taun jadi sobat chatting.

(Leungeun Diah nyampay dina taktak. Beuki murubut cai tina panonna. “Akang bisa nyumput sotéh, tapi dina awak nembrak pisan. Kajeueung, Kang, ladang ngésang peuting mangsa bihari téh. Tilu sasih abdi teu ka kampus…”)

Collen idel heula sakeudeung. Siga nu méré lolongkrang keur ngarénghap. Teu lila ngurunyung deui. Lain saukur ngirim hurup, némbongkeun potrét deuih, ngajeblag dina rohangan chatting. Potrét hiji perjurit nu samakta ku pakarang.

“Naon maksudna?” cékéng téh, ngahaja ditulis ku maké hurup ukuran 30 point, sugan manéhna engeuh yén kuring keur guligah.

(“Énjing nya, Kang. Balaka wé ka Apa, piraku teu narima…”)

“Rékonstruksi perjurit Pajajaran nu teuneung ludeung. Meunang ngawawaas ti nu naskah nu ku anjeun dibikeun… Rék nempo gambar Pitolaka?”

(Diah nginghak kénéh.)

“Teu kudu! Tapi kuring sapamadegan, yén urang perlu deuih néangan bukti-bukti émpiris keur nyindekkeun hiji kajadian téh,” bari panon ngulincer ka sabudeureun kamar, néangan barang sabangsaning patrem. Bedog nu ukur dipaké hiasan ngagawing kénéh dina dingding.

“Bukti émpiris Perang Bubat mah apan geus aya…”

“Can aya!”

“Tapi hiji waktu bakal aya!”

(Diah ngegeblug kana kasur.)

“Énding animasi beunang kuring téa, cék anjeun kumaha?”

“Alus, alus pisan… tragis…” idel sababaraha jongjongan.

“Kira-kira kitu meureun nya, kajadianan téh?”

(Diah ngajerit. Kaméra dina panon nyokot angle tina cangkéngna kana ubin. Ukur ngarekam sababaraha keclak. Ti dinya mah terus fade-out.)

Bari ngahégak, ngarérét kana layar monitor. Collen geus offline.***


Borokokok

Februari 17, 2011

BONGBONG borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto – kolot Omon – sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.

“Tong boloho, Omon!” Om Toto moyok. “Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok.”

Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.

Om Toto nyorongot. “Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!”

Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.

“Dodo!” kolot Omon nyorongot.

“Tong molotot Om,” omong Dodo ngosom. “Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod.”

“Tong sok moyok kolot, koplok!” Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.

Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko.

Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.

Bongbong borokokok.***


Basa Sunda Okey?

Februari 17, 2011

NGAJAWAB ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.

Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia ‘jakartaan’.

“kita?, lu ajah kallleeeehh..” (pemeo temporer taun 2010-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. “Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan..” (maksudna: seuseurian)
“Bapa urang ge bangga urang bisa rengking hiji..” (maksudna: reueus)
“Besok meunang teu urang maen ka rumah?” (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin).

Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu ‘bener’. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah.

Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum ‘konvensional’, komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum ‘moderat’, keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu ‘revolusioner’ mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala? Gitu aja kok repot…

Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu ‘bener’, sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda ‘teu bener’, keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna. Mun teu kitu, tangtu baris aya lolongkrang atawa ‘gap’ anu beuki anggang antara generasi ‘kolot’ jeung generasi ngora, da masing-masing boga ‘basa sorangan’ tea.

Carana? Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang – nu indung bapana pituin urang Sunda – palahak polohok teu ngarti basa Sunda.

Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Anggur deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka teunggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah.

Kadang-kadang sok loba carita pikaseurieun mun pangangguran nengetan basa Sunda barudak jaman kiwari. Di handap ieu carita nu dicutat tina pangalaman kuring dina ngatik basa Sunda si bungsu nu masih keneh SD.

Soal Basa Sunda
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.

Soal  : Ibu tuang, abdi ….
Jawab : hoyong.
Soal  : Bapa angkat, abdi ….
Jawab : ngiring.
Soal  : Ulah sok huhujanan bisi ….
Jawab : diteunggeul.
Soal  : Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ….
Jawab : tarik.

Soal  : Nini kulem, abdi ….
Jawab : oge.

Soal  : Diluhureun halis aya ….
Jawab : singkong

Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu kacida hayang  ‘nyunda’ pisan.

Soal  : Pencuri itu lari tunggang ……
Jawab : tonggeng.

Keur mimiti nitenan carita-carita tadi tadi, kuring ngagakgak. Tapi lila-lila kalah ngahuleng. Enya kitu basa Sunda teh okey? Tetela, ieu teh pikiraneun urang sarerea.***


Motor Pangjagjagna Sadunya

Februari 17, 2011

BILIH aya nu meryogikeun informasi perkawis motor nu jaragjag, utamina kanggo nu mikaresep jajambret atanapi ngiwat tatangga, tah ieu informasi peryogi pisan.

10. Ducati 848

Mesin : 849 cc (51.8 cu in), 4 Katup per cylinder desmodromic liquid cooled L-twin
Top speed : 159 miles per hour (256km/h)
Kakuatan : 100 kW (134 hp) @ 10,000 rpm
Transmisi: 6-speed, Kopling Basah

 

9. Aprilia RSV4

Mesin: 999.6 cc V4
Top speed: 175 miles per hour (281km/h)
Kakuatan: 132 kW (178 hp) @ 12,500 rpm
Transmisi: 6-speed, Kopling Basah

8. Suzuki GSX R1000

Mesin: 999 cc four-cylinder 4-stroke, DOHC, 16-valve, TSCC
Top speed: 185 miles per hour (299km/h)
Kakuatan: 142 kW (191 hp) @ 12,000 rpm
Transmisi: 6-speed, constant mesh, Back-torque limiting clutch

7. Yamaha YZF R1

Mesin: Forward Inclined Parallel 4-cylinder, 20 valves, DOHC, liquid-cooled
Top Speed: 186miles per hour (297 km/h)
Kakuatan: 128.2 horsepower (95.6 kW) at 10000 rpm
Transmisi: Constant mesh 6-speed

6. Ducati1198R

Mesin: 90° V-twin cylinder, 4-valve per cylinder Desmodromic, liquid cooled
Top speed: 185 miles per hour (299km/h)
Kakuatan: 134 kW (180 hp) @ 9,750 rpm
Transmisi: 6-speed

5. Kawasaki Ninja ZX-14

Mesin: 1352 cc four-stroke, liquid-cooled,DOHC, four valve per cylinder,inline-four
Top speed: 185 miles per hour (299km/h)
Kakuatan: 142 kW (190 hp) @ 12,500 rpm
Transmisi: 6-speed

4. Kawasaki Ninja ZX 10R

Mesin: 998 cc, 4-stroke, 4-cylinder, liquid-cooled, DOHC, 4-valve cylinder head
Top speed: 186 miles per hour (300km/h)
Kakuatan: 147 kW (197 hp) @ 12,500 rpm
Transmisi: 6-speed

3. Suzuki Hayabusa

Mesin: 1340 cc (82 cu in), 4-stroke, four-cylinder, liquid-cooled, DOHC, 16-valve
Top Speed: 188 miles per hour (303 km/h)
Kakuatan: 197 horsepower (147 kW) @ 6750 rpm
Transmisi: 6-speed, constant mesh

2. Suzuki GSX-R750

Mesin: 4-stroke, liquid-cooled, DOHC
Top speed: 190 miles per hour (306km/h)
Kakuatan: 110.3 kW (150 hp) @ 13,200 rpm
Transmisi: 6-speed constant mesh

1. MTT Turbine Superbike Y2K

 

Pang Necisna

Sok sanaos motor-motor tadi jaragjag, nanging teu aya deui nu pang necisna mah lintang ti cengceman Wa Oding paranti balanja ka kota….. sok mangga tingali:



Wawangsalan

Februari 17, 2011

Wawangsalan teh cabang tina sisindiran, mangrupa omongan nu diwangun ku dua padalisan, cangkangna jeung eusina. Mun teu di barengan ku eusina, omongan wawangsalan teh tampolahna mah kawas tatarucingan.

Saperti: “Kembang bodas buah bunder………………………………………” Naon eusina? Pikeun mukakeun eusina kudu di teangan asalna. Naon ari kembang rupana bodas bangunna buah bunder? Ana di teguh hartina jeruk! Kecap jeruk di cokot engangna nu kadua, ruk, ieu teh keur nyieun kecap ngaheruk. Kapanggih eusina “ngaheruk nya pikiran”.

Jadi kecap asalna the “jeruk”, ieu sok di sebut wangsal. Numatak omongan sarupa kitu sok di sebut wawangsalan (Aya oge sawareh ahli basa jeung sastra nu nerangkeun ku jalan sejen; bisa bae, keur nambahan katerangan, malar leuwih eces).

1.  Wawangsalan Lanjaran

Wawangsalan Lanjaran teh nya eta nu di wangun ku dua padalisan disajajarkeun. Padalisan ti heula cangkangna, ari padalisan nu pandeuri eusina atawa maksudna.

Ieu di handap berendelanana wawangsalan lanjaran beunang ngumpulkeun, nyutat tina buku-buku heubeul jeung anyar beubeunangan para ahli basa jeung sastra, jeung nu kadenge tina tembang jurusinden, panayagan jeung sajabana (didieu di terangkeun kecap-kecap asalna atawa wangsalna diciran ku dikurung).

Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma).

  1. Abdi mah kapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin).
  2. Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah piker (pengis).
  3. Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu).
  4. Aya nu dianjing cai, aya nu di heroan (sero).
  5. Balandongan ngujur jalan, sok haying los bae indit (elos).
  6. Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik).
  7. Beas di tutuan deui, iraha bias pateupung ( tipung).
  8. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi (oray).
  9. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta).
  10. Bentang baranang di imah, samara bias tepang deui (damar).
  11. Beulit cingir simpay tangan, salami hamo lali (ali).
  12. Beunyik leutik sim kuring mah, ari ras sok cimataan (amismata).
  13. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan ka harti (roti).
  14. Bilangan Jawa nu tujuh, abdimah somah pituin (pitu).
  15. Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (halis).
  16. Buntut jarum pangaputan, bati kelar teuing piker (kukular).
  17. Cakcak gede kadal bilik, ulah di pake mokaha (toke).
  18. Careuh beureum paswahan, tur dusun leuwih ti isti (lasun).
  19. Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu).
  20. Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak).
  21. Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay).
  22. Cinyusu kentel di masak, ulah tega-tega teuing (mantega)
  23. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdimah alim (elim).
  24. Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas)
  25. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok).
  26. Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray).
  27. Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet kana ati (serendet).
  28. Engkang the ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (lamun).
  29. Estu di palupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik)
  30. Gagang atah keur lumayung, angkang jelema ginding (gumading).
  31. Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara).
  32. Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
  33. Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binagkit (rumah sakit)
  34. Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip)
  35. Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeuri ati (meri).
  36. Hayam sawah dipiara, abong ka nu apes diri (meri).
  37. Jagong tuhur meunang ngunun, dunungan bagea sumping (emping).
  38. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara)
  39. Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih)
  40. Kacang panjang di sayuran, bati ngageremet ati ( kacang gamet)
  41. Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat)
  42. Kadeleu langgir caina, kayap-keyep anu geulis (keuyeup)
  43. Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (cocodot)
  44. Kararas daun kalapa, teu aya anu ngabrangbrangkeun (barangbang)
  45. Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih)
  46. Kembang biru munggeng kubur, mugu engkang welas asih (solasih)
  47. Kembangbodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
  48. Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
  49. Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (korang)
  50. Kuring the kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang)
  51. Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima (tuma)
  52. Laleur hideung panyeureudan, kilang bara urang jadi (bangbara)
  53. Lampu tilu dammar dua, moal ngarancabang piker (lampu cabang)
  54. Langir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna (keuyeup)
  55. Lauk panjang dina parung, ari emut merod piker (berod)
  56. Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut)
  57. Manuk hawuk beureum suku, katinggal keur imut leutik (galatik)
  58. Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi)
  59. Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh)
  60. Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran)
  61. Mencek leutik saba alas, abdi sangem ngarencangan (peucang)
  62. Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing)
  63. Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung)
  64. Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (surabi)
  65. Mun yaktos mangsi Malayu, anjen the cinta ka kuring (tinta)
  66. Ngan bati ngajahe-leuweung, nya piker puyang payengan (lampuyang
  67. Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting)
  68. Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir sampir (tampir)
  69. Panday bedog Darmaraja, abdimah walurat miskin (sekin)
  70. Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap)
  71. Peso pangot ninggang lontar, acan ka tuliskeun diri (tulis)
  72. Peso petok kewung tungtung, haying ka pianjang teuing (kujang)
  73. Peteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir)
  74. Pring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas)
  75. Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina)
  76. Puter putih saba lembur, engkan seja bela pati (japati)
  77. Rebab jangkung di Pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa)
  78. Reregan sabuder imah, kasangsara siang wengi (kasang)
  79. Ruas awi di rorekan, piker asa selang seling (suling)
  80. Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
  81. Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa num anis (lele)
  82. Statsion jawa kidul, abdi rumaos the teuing (maos)
  83. Sieun teu kapancar kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung)
  84. Sieun teu ka untun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa)
  85. Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ka abdi (papatong)
  86. Sok haying ka panar panday, kaparengkeun kunu geulis (areng)
  87. Sok matak ka piring leutik, matak isin diri kuring (pisin)
  88. Sok matak nggender kayu, matak bimbang pipikiran (gambang)
  89. Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk ci panon bijil (curuluk)
  90. Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih)
  91. Tanah Mekah tempat waluh, sok abong ka jalma laip(Thaif)
  92. Tangkal pare parumpungan, kudu ka pada utami (jarami)
  93. Teu beunang di hurang sawah, teu beunang di pika meumeut (simeut)
  94. Teu beunang di jambe-hapa, teu beunang di gomeng-gomeng (koneng = jambe hapa)
  95. Teu beunang di kehkel-poleng, teu beunang di bangbalerkeun (jeler)
  96. Teu beunang di opak kembung, teu beunang di entong-entong (kolontong)
  97. Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikanyaah (hayam)
  98. Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon)
  99. Teu beunang di situ lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah)
  100. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
  101. Teu beunang di tihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun (deuleu)
  102. Teu beunang di tiwu leuweung, teu beunang dipikasono (kaso)
  103. Teu beunang di waru leuweung, teu beunang diboro-boro (bisoro)
  104. Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)
  105. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik (tetengek)
  106. Ulen ketan di kincaan, abdimah turunan kuli (gulali)
  107. Untun tipung tambang beas, iraha laksana diri (laksa)
  108. Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai (urang Ambon)

 

2.  Wawangsalan Dangding

Wawangsalan oge aya nu winangun dangding mangrupa guguritan, disebutna wawangsalan-dangding. Susunanana wawangsalan dina guguritan teh aya sababaraha rupa, saperti nu kapintonkeun di handap (kecap-kecap nu dikurung nuduhkeun asalna atawa wangsalna).

(1)    Eusina aya dina padalisan nu pandeurianana:

Kinanti:

Walanda hideung soldadu,

umambon engkang ka eulis          (urang Ambon)

kalong cilik saba gedang,

sumedot rasaning ati                    (cocodot)

belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi                  (oray)

 

(2)   Cangkang jeung eusina aya dina sapadalisan :

Dangdanggula

Sampan gede kapalang geus janji,       (kapal)

munding belang sapisaur juag,             (sapi)

cai kimpel estu sae,                             (es)

hapur Jawa panuju,                             (panu)

untun tipung laksana diri,                     (laksa)

petis Cina capena,                              (kecap)

imah hawu lipur,                                 (dapur)

lapis kaca rasa engkang,                     (rasa)

kutu simbut tumarima lahir batin,         (tuma)

wadah obat geus punah                      (pun)

 

(3)   Paparikan jeung wawangsalan disapadakeun:

Sinom :

Kalintung jalan ka Lembang,

ka Lembang ka Sukasari,

kaduhung kuring ka gembang,

kagembang kunu kamari,

kacang nub under siki,

nya piker bati melenguk,                     (benguk)

kacang nu gegebengan,

sugan darajatna diri,                           (jaat)

lebu badag pinareng aya duriat.          (areng)

Tambahna

Wawangsalan teh mindeng kapakena sok dina tembang Sunda (Cianjuran jsb), nu tangtu wangunanana mangrupa guguritan pupuh nu ilaharna disebut KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula). Pikeun nambahan conto-contona, ieu dihandap ka pintonkeun susunan wawangsalan dina opat rupa pupuh :

Kinanti

Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani, kalong leutik saba gedang, bawaning sumedot pikir, kembang biru di astana, abot pisah jeung nu asih.

Sinom

Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit, kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati, bale direka masjid, mun emut bati rumanjug, tegal tengah nagara, laun-laun sugan hasil, kadal gede pareng alus bagja awak.

Asmarandana

Simpay rema beulit cingir, ulah lali mun geus angkat, mugi emut sabat waktos, pangcalikan tonggong kuda, ka nu tuhu bumela, ulah matak gender kayu, matak bingbang pipikiran.

Dangdanggula

Pere leuweung saha nu teu peurih, tawon hideung asa di sangsara, hampas minyak dibobodo, hanas abdi satuhu, nanging agan tuang janari, teu puguh sasauran, sok gedang Malayu, jalir tur cindra subaya, beubeur cangkeng balung kabulen ku daging, buktina luncat mulang.

(Dicutat tina buku “Kandaga Kasusastraan Sunda” beunang M.A. Salmun. Bandung – Jakarta 1958, kaca 55).***


Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.