Bengkong Wanoja Ti Tanjungsari

Februari 21, 2011

Ku: Tedi Permadi

Duméh kacaritakeun di lebah terminal angkutan kota Kecamatan Tanjungsari, Kabupatén Sumedang, aya béngkong wanoja nu pada ngadeugdeug ti mana-mana, boh ti nu deukeutna boh ti nu jauhna, Kuring ngahajakeun ngulampreng ka lebah dinya.

Alatan teu apal di mana perenahna, nya mapaykeun ka warung sangu nu aya di sabudeureun terminal. Enya waé, ngaran Bu Épong téh geus teu bireuk deui, da saha-saha nu aya di dinya pada nunjukkeun ka lebah Gang Masjid nu paeunteung-eunteung jeung pom bensin.

Barang anjog ka bumina nu liuh ku tutuwuhan tur matak pikabetaheun, bengkong nu boga ngaran Épong Atikah Rostiana (42 thn), ngahiap kuring bari nyuguhan tur ngajak ngobrol sabudeureun pangabisana dina marajian.

Nyunatan ti saprak SD
“Aduh hilap deui nya, da saleresna mah nuju kelas 5 SD oge tos jalan kana nyepitan téh, harita kinten yuswa 11 taun, namung masih kénéh disarengan ku pun bapa. Ari nyepitan nyalira mah saparantosna abdi nincak SMP nuju taun 1970an, da harita dina sadinten téh sok aya kana 10 dugi ka 15 urang nu disepitan tur tempatna ogé patebih, nya abdi ka kalér pun bapa ka kidul” kitu jawaban Épong basa ditanya ti mimiti iraha bisa nyunatan téh.

“Ari nu jadi sarat pikeun jadi bengkong mah nya kudu luas waé, teu aya nu sanésna. Atuh nuju abdi ngawitan diajarna mah, nya ningalikeun waé waktos ngingiring ka pun bapa upami aya nu nyepitan, da ti putra-putrana nu sapuluh téh, nu sok dicacandak mah mung abdi wungkul. Harita, nuju ngawitan mah, abdi mung nyepengan murangkalih nu badé disepitan sareng ngasong-ngasongkeun alat, sapertos babango, tanduk, sareng péso tikel nu diperyogikeun ku pun bapa” ceuk Épong nerangkeun deui.

Sanggeus dipercaya ku bapana kalayan meunang peupeujeuh sangkan ulah ngahargakeun jeung pipilih jalma, Épong mimiti lalampahan nyunatan sosoranganan; nu deukeutna di daérah Genténg, Pasanggrahan, jeung Sumedang, atuh nu jauhna ka daérah Tasikmalaya, Sindanglama, jeung Bantarujeg.

Ari dina prakna nyunatan, Épong bisa diangkir ka tempat nu boga hajat atawa nu boga hajat ngahajakeun datang ka Tanjungsari, malah aya ogé nu mondok nepi ka walagri deui. Nurutkeun pangalaman Épong, umur budak sunat nu merenah mah ulah kagok, upama orok, nya sakira umur dua bulan atawa tacan nangkuban, upama budak leutik ulah nu keur meujeuhna kembang buruan, atuh upama geus sawawa, nya moal susah deui kana ngurusna.

Dina lebah nyunatan, Épong éstu digawé ukur ngan manéhna sorangan kalayan taya asistén atawa pembantu. Kitu deui dina sababaraha kali kagiatan sunatan massal nu kungsi diiluan ku Épong, boh nu di Bandung, Kadungora Garut, atawa Sumedang. Épong kakara ngarasa perlu aya nu mantuan mun aya nu ngadon nyunatan di imahna, nya éta lebah ngurus budak sunat nepi ka walagri anu karepna sok diladenan ku adina. Upama diangkir ka nu jauh, Épong kakara merlukeun dibarengan ku salakina.

Ti saprak mimiti nyunatan tug nepi ka ayeuna, Épong nerangkeun yén geus aya kana duapuluh rebuna nu disunatan ku manéhna, malah baréto mah sok rajeun ditulis ngaran-ngaran budak sunat téh. Ngan kabehdieunakeun, tara pirajeuneun alatan ku sibuk téa.

Budak Sunat Sawawa
Siga béngkong atawa paraji sunat lianna, Épong ogé tangtuna kungsi nyunatan budak sunat nu umurna geus sawawa, “Malah lain ngan saukur sakali dua kali, aya kana ratusna mun dicatetkeun mah” ceuk Épong mairan.

Ari budak sunat nu geus sawawa mah, biasana sok ngahajakeun ngadon ka Tanjungsari malah nepi ka mondokna sagala, aya nu ngan tilu poé, aya ogé nu nepi ka saminggu. Ngan Épong nambahkeun, tacan kungsi kapaluruh naon anu jadi marga lantaranana loba budak sunat nu sawawa apaleun ka manéhna. Ngan nu pasti mah, budak sunat nu geus sawawa téa, lolobana mah urang non-muslim nu arék asup kana agama Islam atawa turunan etnis Cina jeung non-muslim nu kudu disunatan lantaran keuna ku alesan kasehatan. Jeung deui, lolobana nu daratang téh ti nu jauhna, saperti Bandung, Bogor, Sukabumi, Jakarta, malah mah ti Surabaya ogé kungsi aya nu datang.

Dina nyunatan nu geus sawawa, Épong nyebutkeun yén manéhna teu ngarasa ragab ku itu ku ieu sarta taya bédana jeung nyunatan budak leutik. “Dalah nu umurna geus sawawa ogé ari dina prakna mah siga budak leutik waé satungtung tacan cageur mah, taya kaéra deuih. Atuh upama aya nu hayang nyahoeun kana bobogaanana, si budak sunat téh teu kireum-kireum sok rajeun mukakeun sarungna ku sorangan” ceuk Épong deui.

Ngan leuwihna dina nyunatan nu geus sawawa, nya éta ngantengna tali duduluran tur manjang nepi ka ayeuna. Malah Épong mah nyebutkeun “Resepna janten paraji sunat téh, Alhamdulillah janten seueur baraya, contona waé, upama mareng kana lebaran téh sok aya waé nu barangkirim”

Épong Jeung Dokter
Dina biaya nyunatan atawa ipekah nu katampa, lebah Épong kacida béda pisan jeung prakték dokter nu matok harga pikeun sakali sunat, jeung deui pikeun Épong mah nu ngaranna ipekah téh tara diwatesanan tur sagemblengna disérénkeun kana kasanggupan nu boga hajat. “Ti payun dugi ka ayeuna ogé abdi mah tara mangaoskeun, ah sapadipasihanna waé, ageungna aya nu masihan saratus rébu atuh dina alitna nya aya nu lima puluh rébu, malih mah aya anu kirang, ditampi wé da abdi mah henteu mangaoskeun” kitu ceunah.

Atuh dina mangsa kiwari ku lobana dokter nu muka prakték sunat di mana-mana, budak leutik nu disunatan ku Épong mingkin saeutik waé, komo dina bulan Sapar mah taya pisan saurang-urang oge. Atuh dina bulan-bulan sejenna paling loba nepi ka sapuluh urang.

Basa ditanyakeun naha aya karep pikeun nurunkeun pangabisana ka barudak ngora, Épong ngarasa wegah, pokna téh “Henteu ari maksad ngalungsurkeun mah, margina moal katurutan sareng karunya waé ku capéna, komo murangkalih ayeuna mah bénten sareng anu kapungkur, sok babari barosénan!”***


Salman

Maret 28, 2010

Salman téh pituin urang Pérsia. Éta sababna, anu matak katelahna ogé Salman al-Farisi. Hartina Salman urang Parsi.

Pérsia, nu ayeuna disebut Iran, kawilang hiji nagara anu geus maju ti béh ditu kénéh. Keur jaman nu séjén harirup basajan, jalma anu araya di Pérsia mah geus loba kanyahona.

Urang Pérsia harita disebutna Majusi, lantaran maranéhanana nyarembah kana seuneu.

Salman téh lahir di désa Jayy anu pernahna teu jauh ti kota Isfahan ayeuna. Harita mah disebutna Asbahan. Kolotna kawilang jalma cukup. Sanajan ngan ukur kana tani, tapi kawantu tanahna lega, atuh beunang disebutkeun tara kurang nanaon.

Éta sababna Salman ku kolotna tara kungsi dititah-titah kana gawé. Keur naon, da sagala kaperluan geus nyampak. Kawajiban Salman sapopoéna taya deui iwal ti ngajaga pirunan seuneu anu dipaké sesembahanana téa. Indung bapa Salman téh Majusi anu leket pisan. Nurutkeun kapercayaan harita, sangkan henteu pegat dipikanyaah ku Déwa seuneu téa, pirunan seuneu sesembahan nu aya di jero imah téh ulah nepi ka pareum. Sina ngagateng baé beurang peuing. Éta tandana bakal diasih terus ku déwa, cenah.

Ku sabab harita Salman ti leutik kénéh, beunang disebutkeun tara ingkah kaluar ti jero imah manéhna téh. Ku kolotna mémang diomat-omatan pisan, supaya seuneu téa ulah nepi ka pareum. Akibatna Salman jadi teu nyaho nanaon kaayaan di luareun imahna.

Sakali mangsa, bapana téh keur nyieun wangunan anyar keur gudang. Manéhna teu bisa indit ka kebonna. Padahal aya nu kudu diala di dinya téh. Lantaran pagawéanana teu bisa ditinggalkeun téa, nya manéhna nitahan Salman.

”Keun sapoé ieu mah,” cék bapana ka Salman, ”Bapa anu nungguan seuneu bari sakalian nganggeuskeun ieu hanca. Manéh mah ka ditu baé heula ka kebon. Tapi omat ulah lila. Kudu buru-buru balik deui!”

Dititah kitu Salman ngarasa atoh. Keur mah eukeur hayang ti béh ditu kénéh ulin, ayeuna aya kasempetan. Atuh ti barang kaluar ti imah gé, Salman teu eureun-eureun alak-ilik ka ditu ka dieu. Leumpangna teu bisa gancang, da sapanjang jalan asa loba pisan téténjoan.

Di hiji tempat manéhna ngaliwat ka lebah garéja. Keur manéhna mah éta bangunan téh kacida anéhna, lantaran béda jeung imah-imah nu séjénna. Ku sabab panasaran téa, nya terus manéhna nyampeurkeun. Barang geus deukeut, ti jero kadéngé sora rada-rada dilagukeun.

”Aya naon nya di jero téh?” cék haténa beuki panasaran.

Lantaran keukeuh hayang nyaho, sup baé manéhna asup ka jero. Ka nu aya di deukeut lawang. Salman nanya.

”Aya naon ieu téh?” pokna.

”Teu aya nanaon. Keur ibadah baé sakumaha biasa.”

”Ibadah?” Kapanasaran Salman beuki nambahan. Manéhna terus asup nepi ka aya di jajaran panghareupna.

Bari terus nénjokeun téh, haténa mah teu eureun-eureun tumanya. ”Naha di dieu mah ibadah téh béda jeung di imah?”

”Agama naon ieu téh?”pokna ka nu aya di gigireunana.

”Nasrani,” cék nu ditanya bari semu héran.

Salman beuki panasaran. Geuningan bet aya agama séjén. Sugan téh saréréa nyembah seuneu sakumaha kolot-kolotna di imah. Ari ieu geuning aya agama séjén anu béda kabina-bina.

Inditna ka kebon téh jadi teu tulus, lantaran kapopohokeun. Sabubarna anu kabaktian di dinya, Salma mah henteu terus balik. Manéhna terus tatanya ka sababaraha urang. Nepi ka manéhna meunang béja cenah di nagara Syam aya garéja anu leuwih gedé. Umatna gé leuwih loba.

Basa kaluar ti jero éta garéja, poé geus soré. Salman gé terus baé balik ka imahna. Sihoréng méh sapoé jeput indung bapana kokotéténgan néangan. Basa geus tengah poé Salma can balik kénéh baé, maranéhna melang bisi kuma onam. Nya ngajurungan badégana sina nyusul ka kebon, Cenah taya tapak-tapakna Salman nepi ka kebon. Atuh indung bapana téh beuki teu puguh rarasaan.

Basa Salman ngurunyung téh, saréréa ribut campur atoh.

“Ti mana baé ari manéh?” cék bapana.

Salman henteu ngabohong. Ku manéhna dicaritakeun baé yén awahing ku panasaran, terus asup ka garéja milu ka nu keur araya di dinya.

“Manéh milu asup ka garéja?” cék bapana kagét.

“Enya!” cék Salman.

“Awas!” bapana jadi ngambek. “Ti semet ayeuna manéh teu meunang sakali-kali deui asup ka dinya. Komo jeung milu ibadah mah. Nanaonan. Nyaho teu? Maranéhna mah jelema sasar. Manéh ulah kababawa ku nu teu paruguh.”

Sanajan harita teu papanjangan, tapi dina haténa mah keukeuh ngarasa panasaran. Beuki dieu Salman beuki hayang nyaho, naon sabenerna nu disebut agama Nasrani téh. Tapi ari rék mungpang kana kahayang kolotna, manéhna gé teu wani.

Ngan ku sabab keukeuh hayang nyaho téa, ahirna mah manéhna gilig. Basa aya kafilah ti Syam datang ka lemburna, manéhna milu. Bari jeung sasat kabur, da ka kolotna mah teu bébéja.

Sadatangna ka Syam, nu pangheulana ditéangan téh garéja. Salman geus meunang béja yén lamun hayang nyaho agama Nasrani kudu tatanya ka uskup. Ari uskup pan matuhna téh di garéja.

Basa geus tepung jeung Uskup, Salman balaka hayang diajar agama Nasrani. Ku éta uskup dibaeukeun pisan. Malah terus disina matuh di dinya. Dina prakprakan sapopoéna, Salman téh ngaladénan sagala rupa kaperluan ibadah di garéja.

Mimitina mah manéhna téh ngarasa senang baé nu aya. Tapi lila-lila manéhna jadi nyaho kaayaan nu sabenerna. Unggal-unggal khutbah éta uskup téh umajak ka saréréa sangkan ulah ngarasa lebar sidekah harta. ”Lantaran engkéna éta sidekah téh bakal dipaké nulungan jalma-jalma nu katalangsara,” pokna. Ku diajak kitu téh teu kurang-kurang nu masrahkeun hartana, boh duit boh perhiasan.

Ngan apan Salman nyaksian pisan. Harta tina sumbangan jeung sidekah téh ku uskupna ngan saeutik pisan anu bener-bener dipaké nulungan jalma-jalma anu katalangsara mah. Lolobana mah disimpen baé ku manéhna sorangan.

Tina nyaksian jeung ngalaman pisan kajadian sarupa kitu, Salman jadi mindeng hulang-huleng. Cék dina haténa, ieu mah lain agama anu bener. Moal enya aya ajaran papalingpang pisan jeung prakprakan sapopoéna.

Tapi salila éta téh manéhna gé teu nyaho kudu kumaha jeung kudu ka saha tatanya. Lantaran salila ieu apan uskup téh ku manéhna dianggap hiji-hijina jalma anu loba kanyahona ngeunaan agama.

Dina hiji mangsa, waktu Salman keur balanja di pasar, manéhna ngadéngé aya nu nyebut-nyebut pajar di tanah Arab geus aya nabi anyar. Nu keur ngadarongéng téh ku Salman terus disampeurkeun. Enya baé, maranéhna téh keur nyararitakeun sual éta.

Lantran hayang nyaho téa, Salman terus tatanya. Tapi, manéhna rada ngahuleng barang dibéjaan yén tanah Arab téh pernahna jauh pisan.

”Kumaha jalanna mun hayang nepi ka dinya?” cék Salman ka nu araya di dinya.

”Panggampangna mah milu waé jeung kafilah anu sok daragang ka dieu.”

Harita kénéh Salman terus néangan kafilah Arab anu keur aya di dinya.

”Mun kuring hayang milu ka tanah Arab, kudu sabaraha mayarna?” cék Salman.

”Ku onta hiji wé,” cék si pingpinan kafilah téh.

”Onta mah kuring teu boga. Kumaha mun ku sapi?”

Si pingpinan kafilah téh nyidikkeun Salman rada lila.

”Rék naon ka ditu? Rék nepungan baraya?” pokna.

”Ah, henteu. Hayang nyaho wé,” témbal Salman.

Sanggeus adu tawar, teu burung ahirna mah manéhna ngidinan Salman milu jeung kafilahna. Minangka mayarna ku sapi dua. Ngan di satengahing perjalanan ku pingpinan kafilah téa Salman dipasrahkeun ka kafilah séjén.

“Manéh mending milu jeung kafilah séjén mun hayang téréh nepi ka ka tanah Arab mah,” pokna ka Salman. Salman gé teu réa tatanya deui, nurut baé.

Ari sihoréng, manéhna téh dijual, dianggap abid. Nyaho-nyaho sotéh geus aya di perjalanan. Manéhna kudu naktak mundak ngakutan babawaan nu bareurat. Waktu manéhna nolak, bet dirangkét ku nu séjén. Sanggeus tatanya, Salman kakara nyaho yén dirina téh geus dibeuli.

Sanajan banget nya handeueul, tapi manéhna teu bisa kumaha. Nya nurut baé kana kahayang dununganana. Ngan basa ngadéngé béja yén tujuan kafilah dununganana téh ka Madinah, haténa rada kaubaran. Geuningan sarua di tanah Arab kénéh, cék haténa.

Harita Rasululloh aya kénéh di Mekah, tacan hijrah ka Madinah.

Ari di Madinahna, Salman téh ngadunungan ka urang Yahudi.

Sanggeus aya di Madinah, Salman beuki mindeng ngadéngé béja ngeunaan Rasululloh. Haténa beuki geregeteun hayang buru-buru tepung jeung anjeunna. Tapi teu bisa kumaha, da puguh manéhna téh geus lain jalma merdéka.

Engké, sabada Rasululloh hijrah ka Madinah, Salman laksana tepung jeung anjeunna. Sarta nya harita Salman manggihan hiji panutan anu salila ieu ditétéangan ku manéhna. Sanggeus tepung jeung Rasulullah mah haté Salman henteu marojéngja deui. Haténa panceg imanna pageuh. Salman kaselir jadi sahabat Rasulullah anu jenenganana bakal seungit nepi ka iraha baé.

Tina Taréh Rasululloh, Karya Abdullah Mustappa


Basa Sunda Urang Malingping

Maret 13, 2010

Seratan Kang Avid

BAHEULA mah, keur resep udar ador, sok loba kerang-kerung mun pareng ngobrol jeung urang Malingping teh. Komo nu di pasisian mah, sabab salian ti loba kecap-kecap nu teu kaharti, lentongna oge aneh. Orokaya, jadi hese nangkep maksud omonganana. Tapi lila-lila mah biasa deui. Ku mindeng tatanya jeung remen ngadenge mah bisa oge geuningan.

Na kumaha kitu basana? Nya beda we. Munasabah sabenerna mah,da di unggal daerah ge sok pasti boga basa wewengkon masing-masing nu teu kapanggih di daerah sejen. Jadi lain di Malingping atawa Banten bae.

Nu puguh mah, rata-rata urang Malingping mun ngobrol basana kasar, ceuk ukuran urang priangan mah. Basa pamajikan dibawa nganjang ka Malingping kungsi reuwas pedah aya nu nyebutkeun hulu, lain mastaka, ka manehna. Basa ku kuring dijelaskeun yen memang basana kitu, lain maksud nyinggung, karek ngartieun. Malah sok imut kanjut mun ngadenge deui teh.

Padahal cenah, aslina basa Sunda mah memang kitu. Nu hartina egaliter, teu ngabedakeun saha nu diajak ngomong. Ngobrol ka cacah jeung ka menak nya sarua bae. Ayana undak-usuk basa -nu nyababkeun basa aslina karasa jadi kasar /teu nyakola- mah hasil pangaruh basa tatar priangan mangsa kaereh ku Mataram.

Tapi teu saeutik oge urang Malingping geus ngarti kana undak usuk basa. Utamana urang puseurna nu kungsi sakola jeung remen hubungan jeung urang priangan pendatang. Sakola memang salah sahiji ‘sarana berkembangna’ basa nu ‘mriangan.’ Sabab guru-guruna, utamana guru-guru senior, lolobana memang datang ti tatar priangan, saperti Sumedang, Ciamis, Tasik jeung Garut. Baheula mah can loba urang Malingping asli nu bisa sakola luhur nepi ka jadi guru.

Tah, nu ngartieun mah, mun nyahouen ngomong jeung urang nu datang ti priangan teh sok milu lemes, sanajan ari ngobrol jeung papadana mah biasa bae beledag beledug. Aya oge nu jadi ngadadak mindel. Basa diseleksek, sieun salah omong pokna.

Ku sabab lentong mah hese ngagambarkeunanan, nu bisa dicaritakeun di dieu mah kecap-kecap nu kuring di anggap aneh bae. Urang tataan geura:

Urang Banten, umumna nyebutkeun ka dirina (jalma ka hiji) teh kami. Sedeng ka nu diajak ngobrol dia. Kecap kami, di priangan aya oge, tapi teu ilahar atawa arang langka dipake jang nyebutkeun sorangan. Biasa kadenge teh sok dipake jang nyalin sesebutan diri Pangeran dina khutbah. Sedeng kecap dia mah jigana ngan aya di tatar banten wungkul.

Urang Malingping/Banten oge nyebut akang (milanceuk) teh ku kaka. Akarna mah jigana sarua, neneh tina kecap raka

Tong heran mun urang Malingping remen nyebut burung. Lain hartina nyebutkeun urang gelo, atawa nyaritakeun nu teu jadi, tapi burung teh kecap panganteb nu fungsina kira-kira sarua jeung atuh.

“Kadieukeun burung bukuna bade disimpen mah!”

Kecap-kecap sejen:

Lila : kebel
Hese : gati
Da : ja
Ngambek : marah
Jiga : doang
Tara : telok
Tukang : buri
Ribut : haliwuh
Ngobrol : cacahan
Loba gaya : lalagaan
Embung : endung
Sukur : kamayangan
Anjir : bagor
Engke : engkin (ieu mah ilahar di daerah Cianjur, Karawang, Sukabumi, Bogor ge)

Aya oge kecap-kecap nu arang langka dipake ku urang priangan tapi ilahar di Malingping mah:

Geuwat : geura
Lalaonan : Anca
Pisan : Amat
Terus : laju
Hade/Alus : Endah

Aya nu tibalik. Isin, di priangan mah lemes, tapi di Malingping mah kasar. Sabalikna jeung era.

Mun urang malingping nganahakeun (naha bet) cukup ku kecap pan?

“Pan, motorna diparkir di dieu?”

Aya deui nu aneh. Rarangken –na di Malingping mah jadi –an. Mun nyebut pangkasepna teh jadi pangkasepan.

Kahade atawa mangka hade jadi nu hade

Nu aneh deui mun nyebut pamajikan atawa awewe cukup ku ewe bae. Jorang ceuk urang priangan mah. Tapi biasa bae ceuk urang ditu mah.

Jadi tong heran mun hiji mangsa urang Malingping ngomong “pamajikan keur di ewe Lurah” bari kalem-kalem bae. Tong mikir nu lain-lain, da manehna mah keur ngobrolkeun yen pamajikanana keur aya di pamajikan pa lurah. Kitu. ***


Sunda Mekar

Maret 13, 2010

(Cip : Endu Sulaeman Apandi)

1. Cacandran para luluhur

Ciri bumi dayeuh Pancatengah

Ciri dayeuh Pancatengah

Lemah duhurna lebak lengkobna

Lemah padataranana

Nagara mukti wibawa

Perlambangna congkrang kujang papasangan

Yasana para budjangga

Teu saluyu dinyatana

2. Pasundan tanahna subur

Gemah ripah ma’mur loh jinawi

Gemah ripah Ioh jinawi

Gunung-gunungna cur-cor caina

Makplak pasawahanana

Cukul sugri pakebonan

Karaharjaan mancer mawur ka jauhna

Nagri nanjung panjang punjung

Nagri sandang murah pangan

3. Sunda surup kana tangtung

Sunda sieup ngumbang ka wandana

Sieup ngumbang ka wandana

Ajeg-adegna budi basana

Teu narakeun wawanena

Someah narima semah

Matak betah kanu ngadon bubuara

Tara ebreh pangartina

Teu nembongkeun ka bisana

4. Tetekon basa karuhun

Sunda sadu sandi santa budi

Sunda sandl santa budl

Leuleus jeujeurna liat talina

Teguh pamadeganana

Sagolek pangkek dayana

Tara mundur mun tacan kacanir bangban

Teu renjagan teu gembangan

Ayem pasipatanana

5. Seuweu-siwi Siliwangi

Teureuh terah pencar Pajajaran

Terah pencar Pajajaran

Mangka waspada Sunda Sawawa

Sing priyatna ngariksana

Ngaraksa hemoh caina

Tetep aman Pasundan jaya santosa

Mekar Kabudayaanana

Sunda Jatnika waluya.***


Ngaruat ku Kaset Ketuk Tilu

Maret 13, 2010

Mun tas aya nu cilaka di Situ Ciburuy kudu ngaruat bari nanggap ketuk tilu. Ngan ku sabab kasenian ketuk tilu kiwari geus langka, atuh ngaruat teh cukup nyetel kasetna we wungkul.

Sigana pikeun urang Sunda mah pada apal kana lagu “Bubuy Bulan” anu rumpakana : Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang, panon poe, panon poe disasate, unggal bulan, unggal bulan abdi teang, unggal poe, unggal poe oge hade. Situ Ciburuy laukna hese dipancing.. jeung saterusna.

Kalimah nu panungtung nyabit-nyabit soal Situ Ciburuy, hiji situ nu perenahna di daerah Ciburuy, Kacamatan Padalarang, Kabupaten Bandung, nu cenah laukna hese dipancing atawa diuseup. Nu ngarang eta lagu kawasna samemeh nyanggi kungsi tetelepek ka kokolot nu apal kana Situ Ciburuy, da memang lauk nu aya di Situ Ciburuy hese dipancingna. Kitu teh pikeun jalma nu teu apal kana itungan wanci jeung kana karesep karuhun nu ngageugeuh eta tempat. Kabuktian waktu Pamarentah Kabupaten Bandung ngayakeun konkur nguseup, loba nu ngabulasin, padahal eta situ samemehna dipelak rewuan kintal.

Pikeun nu sok sering ka Jakarta kalawan rutena ngaliwatan Cianjur, atawa nu sok nyaba ka Cianjur jeung Sukabumi pasti sering ningali Situ Ciburuy, anu lokasina sisi jalan raya Padalarang, mun ti gerbang tol Padaleunyi aya kana 4 km-na. Kiwari di hareupeun tempat karcis dipake mangkal beus Damri jurusan Ciburuy-Alun-alun Bandung.

Nurutkeun katerangan patugas nu ngokolakeun kawasan wisata Situ Ciburuy, legana situ aya kana 50 hektarna, cenah nepi ka taun 1970-an legana teh aya kana 80 hektarna, ngan ku sabab caina beuki orot, tur lahan nu geus jadi daratan dipake tatanen ku masarakat, situ jadi ngaheureutan.

Nepi ka taun 1970-an Situ Ciburuy masih keneh sok diruat ku kasenian “Ketuk tilu” salasahiji kasenian rayat nu ngaranna nyoko kana waditra pamirigna anu poko, nyaeta ketuk atawa penclon tilu siki, diwuwuh ku kendang, kulanter, rebab, kecrek, kempul jeung goong. Eta kasenian mintonkeun ronggeng, pikeun ngahibur nu lalajo, pangpangna pamogoran.

Cenah mah teu meunang diganti ku kasenian naon bae,saperti ku wayang golek, degung, komo ku dangdut mah. Mun teu dilakonan kahayang karuhunna, sok aya balukarna pangpangna ka masarakat nu aya di sabudeureun situ, atawa ka tatamu nu ngadongdon ka eta tempat. Loba kabejakeun nu keur lalayaran ngadadak parahuna tikelebuh, atawa nu ngojay tikerelep, bari jeung teu muncunghul deui.

Lamun aya kajadian jalma anu titeuleum, sering nepika palastrana, malah mah bugangna oge leungit siga dilegleg ku jurig cai. Eta jalma nu titeuleum bakal kapanggih deui, boh dina kaayaan hirup atawa geus jadi bugang lamun nanggap heula kasenian ketuk tilu. Malah kiwari oge mun pareng aya kajadian saperti kitu sok nanggap ketuk tilu, sanajan ngan ukur ku kaset, sabab dina pajamanan kiwari rombongan kasenian ketuk tilu nu sok biasa dipake ngaruat geus tumpur. Papadaning kitu, mun eta sarat dicumponan (sanajan ku kaset), cai teh siga nu digurat, garisna lempeng kana tempat jalma nu titeuleum tea, terus ngaburial, dina ulekan caai ujug-ujug mumbul jalma nu kacilakaan tea.

Kitu deui lamun aya konkur nguseup salawasna kudu nanggap heula ketuk tilu, paling copel nyetel kaset ketuk tilu, kilang kitu ulah wawayagon, dina harti ulah ngan ukur nyetel kaset, laguna kudu lagu buhun saperti kembang beureum jeung buah kawung, sarta sorana kudu kadenge ka sakuriling situ. Biasana sangkan aweuhanana rada lega sok diakalan make toa.Tangtu bae samemehna kudu diayakeun do;a salamet, sarta diwuwuh ku rupa-rupa sasajen.

Ceuk kokolot urang dinya, mun teu make sora ketuk tilu, salian nguseupna moal beubeunangan, oge nu nguseupna sok katarajang kasakit atawa bakal aya kajadian nu teu dipiharep.Sabalikna mun kahayang karuhun ditedunan, sanajan jalma nu teu biasa nguseup, hasil nguseupna sok mucekil. Ceuk paribasana mah clom guriwil.

Salian ti eta, nurutkeun Abah Ence kokolot di eta lembur, mun nguseup di Ciburuy kudu apal kana wanci tatanen. Urang Ciburuy mah geus pada apal, mun usum derep, gacong, atawa pare keur dietem, oge mun keur raeng sora empet-empetan tina jarami pare, cindekna keur usum panen, tara pirajeuneun nguseup, da tangtu, sanajan eupana hade, atawa nu nguseupna geus maher kana moal beubeunangan. Dina usum saperti kitu, moal aya lauk anu nyanggut.

Sabalikna mun keur usum macul, tandur, ngangler, atawa malik jarami, pikeun urang Ciburuy, Situ Ciburuy bias diandelkeun, eta teh nepi ka kiwari. Mun di imah pabeasan geus koredas, tinggal mawa sair, useup atawa sirib, tangtu korang atawa koja bakal pinuh ku lauk. Tapi kituna teh ngan pikeun urang Ciburuy, da kanu lain warga ti dinya mah, kadang-kadang ngabulasin.

Sagigireun ti eta, aya pantrangan nu teu meunang dipilampah, nyaeta teu meunang ngomong sompral. Saperti nu kaalaman ku sobatna Abah Ence sebut bae ngarana Jang Lele, “manehna teu percaya kana pamali, waktu keur nguseup nyarita saengabna “mana karuhun Ciburuy teh, aing hayang neuleu” ngomongna bari awong-awongan. Sakitu geus dielingan eh.. lain nurut kalah ngahajakeun, na atuh teu kanyahoan puncungul teh lauk gede, mumbul ka luhur sahibas cai, cenah mun geus ditembongan dedemit lauk Ciburuy, bakal aya mamala. Enya bae, saminggu ti harita manehna unggah bale watangan, kalibet kana raja pati, diberok aya kana dua taunna,” ceuk Bah Ence nu ti mimiti lahir nepi ka ayeuna teu incah balilahan di kampung Ciburuy.

Kajadian lianna, aya budak pamuda ngadon curak-curak sisi situ, bari nginum alkohol, ngomongna sompral bari jeung ngabaribinan, kabejakeun balikna cilaka, motor nu ditumpakana katabrak treuk nepi kahanteuna.

Mun tea mah karuhun Situ Ciburuy, nepi ka danget ayeuna kudu wae diruat ku “ketuk tilu” sarta teu bisa diganti ku kaset, sigana, dangiangna moal ngarangrangan kawas kiwari. Ku kasenian ketuk tilu sigana bakal nambah pangirut wisatawan. ***


Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang

Maret 12, 2010

Ku Nana Munajat

Ku sabab bareto panganten awewe diiwat ku dalang wayang, atuh ti harita karuhun Kampung Kuta ragrag ucap, cadu di lembur nanggap wayang.

Kampung Kuta sacara administratif kaasup ka Desa Pasir angin, Kacamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Lemburna teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna. Kahirupan wargana tina tatanen jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur kapentingan pamarentahan diatur ku RT, RW jeung Kepala Dusun, sedengkeun urusan adat dipupuhuan ku Kuncen jeung kepala adat.

Sanajan Kampung Kuta teu pati anggang jeung lembur sejenna nu aya di wewengkon Desa Pasir Angin, tapi boh wangunan imah atawa tradisi kahirupan masarakatna nenggang ti nu lian. Nurutkeun Pupuhu adat Kampung Kuta, unggal lengkah urang Kuta kudu anut kana tatali karuhun, saperti ngadegkeun imah, tatanggapan, asup ka leuweung tutupan, jeung ngurebkeun mayit.

Wangunan Imah

Dina ngawangun imah teu meunang make bata, jeung semen, rahabna kudu ngagunakeun kai, jeung awi. itu deui hateup imah kudu make kiray atawa injuk kawung. Oge teu meunang dipaseuk ku paku nu dijieun tina beusi, atawa waja. Ku kituna sangkan bahan keur piimaheun tetep nyampak, unggal warga mun ngabogaan anak, sapoe sanggeusna eta orok gubrag ka alam dunya, bapana kudu melak tutuwuhan pangpangna kai jeung kiray. Mun eta amanat karuhun dirempak bakal ngadatangkeun mamala ka pangeusi lembur. Kanu basangkal, hukumana daek teu daek kudu pindah ti eta lembur.

Nu aheng nyaeta waktu ngadegkeun imah, sakumna warga nu aya di eta lembur, sabilulungan ngilu aub ngawangun, sarta teu kaci meunang buruhan. Ngan tangtu bae nu boga imah kudu nyayagikeun kadaharan. Nu dibayar teh ngan ukur tukang. Naon pangna teu meunang make semen jeung bata, cenah baheula, karuhunna waktu munggaran ngabaladah atawa ngadegkeun lembur, kungsi ngadegkeun wangunan make bahan tina bata jeung semen. Sangkilang make tanaga ahli, eta wangunan teu ngadeg-ngadeg, malah ujug-ujug dor-dar gelap, padahal harita teh keur usum halodo. Kitu deui mun ngawangun jalan, pantrang make bahan tina semen jeung aspal.

Sedengkeun alesan hateup imah teu meunang make kenteng, sabab kenteng mun geus peupeus teu bisa balik deui jadi taneuh, hartina bakal ngotoran eta lembur.

Salian ti eta arsitek imah kudu make suhunan panjang, cindekna teu meunang make pola wangunan leter l atawa leter U, sarta teu meunang nyanghareup ka beulah wetan.

Tatanggapan

Dina hal tatanggapan, boh nyunatan, boh ngawinkeun, atawa hajat sejenna, teu meunang nganggap wayang golek atawa wayang kulit. Nurutkeun Karman, nu jadi sababna patali jeung kajadian nu tumiba karuhunna. Baheula waktu buyutna nanggap wayang, aya kajadian nu ngageunjleungkeun, acara hajat ngadadak kiruh, alatan panganten awewe diiwat ku dalang. Eta kajadian mangrupa wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang. Tah ku ayana kajadian sarupa kitu, ragrag pacaduan, sakumna urang Kuta teu meunang nanggap wayang. Kasenian nu sok biasa dijadikeun media upacara hajatan nyaeta tayuban, reog jeung seni terebang.

Leuweung Tutupan

Umumna kaayaan leuweung nu aya di wewengkon tatar Sunda geus burindil, tutuwuhana corengcang alatan loba dijarah ku leungeun-leungeun jalma nu teu boga tanggungjawab. Padahal unggal leuweung geus ditangtayungan ku undang-undang.

Tapi anehna teh mun leuweung dijaga ku pamali sok walagri, saperti leuweung tutupan atawa leuweung larangan nu aya di Kampung Kuta. Eta leuweung nu perenahna aya di tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah tara kagunasika ku leungeun-leungeun manusa. Unggal warga Kuta atawa warga nu aya di sabudeureun eta leuweung teu wani ngaganggu eta leuweung, cenah sieun kabadi.

Ti mimiti asup ka eta leuwuung tartib pisan, kahiji teu meunang make dadampar suku (sapatu, sendal jeung sajabana), sabisa-bisa kudu nyeker, sarta samemehna kudu ngumbah suku heula. Salila aya di jero leuweung teu diwenangkeun ngaheot, nyiduh, kiih sok komo bubuang kokotor mah, oge teu meunang miceun runtah sambarangan,kakadekan katut ngadurukan.

Mun ngarempak eta aturan, bakal aya mahluk leuweung nu bakal ngerewed jalma nu teu tuhu kana pamali tea. Leupas tina aya euweuhna mamala, ku ayana pamali saperti kitu kaayaan leuweung kajaga kabersihanana, moal aya kajadian leuweung kahuruan saperti nu kaalaman leuweung di tempat lian, jeung salawasna tutuwuhan nu aya di eta leuweung bakal tetep walagri.

Ngurebkeun Mayit

Mun urang laha-loho ka Kampung Kuta moal manggihan astana atawa kuburan. Ti baheula mula, urang Kuta tara pirajeuneun ngurebkeun mayit di lemburna. Mun pareng aya nu kakapatenan katembong kacida riweuhna, sabab kudu ngurebkeun layon ka tempat nu rada jauh, nyaeta tonggoheun lembur, aya meureun tilu kilo mah. Malah aya nu dikurebkeun peuntaseun Walungan Cigalontang. Atuh waktu ngagotong pasaran teh kudu ngaraas heula walungan.

Ceuk Karman, lemburna ngan keur jalma hirup, ulah ngubur bugang naon bae, kaasup mayit, cenah sangkan eta lembur beresih, anggang tina panyakit, pangpangna aya amanat ti karuhun nu ngaharamkeun aya astana di lemburna. Mun dirempak, cenah mah sapangeusi kampung bakal katarajang panyakit nu hese piubareunana.

Ngaruat Lembur

Dina sataun sakali, sabada panen atawa saencanna mitembeyan warga Kampung Kuta sok ngayakeun upacara ruat bumi, eta hajat lembur mangrupa sukuran ka Gusti Nu Murbeng Alam, nu geus mere kanikmatan ku mangrupa hasil tatanen nu mucekil. Saencanna prung hajat, kuncen lembur jarah heula ka leuweung tutupan, sarta ngiriman ka karuhun, sangkan ditarima iman Islamna. Dina prungna acara dibuka ku tutunggulan, ngiriman, jeung dipungkas ku pintonan seni tayuban.***


Nurul Hikmah (1)

Maret 12, 2010

Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.
kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

-Alloh-

1. ALLOH ANU MAHA UNINGA

  • Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,
    mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna.
  • Kana Qur’an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,
    upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku.
  • Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,
    nu mawi lumungsur Qur’an, pikeun tuduh jalan iman.
  • Tawisna nu takwa to’at, yakin ayana aherat,
    solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.

2. SILIH BAGI REJEKI

  • Mun urang nampi rejeki, rejeki pabagi-bagi,
    sasama ge kabagean, rejeki silih agehan.
  • Jelema nu iman mu’min, panceg percaya tur yakin,
    kitabulloh nu baheula, eta ge dawuh Mantenna.
  • Jelema nu iman mu’min, yakinna aenal yakin,
    yen engke teh hirup deui, bakal deuheus ka Ilahi.

3. PITUDUH TI ALLOH SWT

  • Mungguhing nu iman takwa, kenging pituduh Mantenna,
    hirupna kenging panungtun, henteu lesot ti panuyun.
  • Eta teh bagja utama, rahmat teu kinten ageungna,
    mulus salamet hirupna, kenging pituduh Mantenna.
  • Nu kitu hirup rahayu, kenging pituduh lumaku,
    moal sasar katambias, moal hamham moal waswas.

4. ULAH NGABEDUL

  • Jelema anu mantangul, hirup nyuruntul ngabedul,
    hese dibere pepeling, langlang-lingling lir teu eling.
  • Mangeran kana napsuna, ngagugulung kahayangna,
    aturan kabeh dirumpak, ngaruksak jeung ngagalaksak.
  • Lajeng ku Alloh ditutup, kalbu dibulen dirungkup,
    hatena teh ditulakan, pangreungeuna dicocokan.
  • Batin jadi kurunyinyi, tebih ti hidayah Gusti,
    cilaka estu cilaka, jalma nu kitu lampahna.

5. GANCANG OMEAN

  • Seueur pisan kajantenan, ngaku-ngaku panceg iman,
    padahal gagaleongan, kaimanan reureundahan.
  • Sering pisan kaalaman, pura-pura ngaku iman,
    ari lampah euwah-euwah, kitu salah kieu salah.
  • Lamun nyieun kasalahan, pek omean gagancangan,
    gancang menta dihampura, ka Alloh Maha Kawasa.
  • Kitu lampah sasab pisan, tetela nipu sorangan,
    tapi tong peunggas harepan, nu salah gancang omean.

6. SIPATNA JELEMA ANU MUNAPEK

  • Jalma munapek sipatna, mun leukeun nitenanana,
    sok resep nyieun alesan, keur nutupan kasalahan,
  • Kasalahan diteumbleuhkeun, geugeuleuh dika-baturkeun,
    hatena pinuh werejit, kotor jeung pinuh rurujit.
  • Mun hareupeun ngomong hade, tukangeun mah ngalelewe,
    nu kitu tong jadi sobat, sabab mindeng ngahianat.

7. ULAH JALIR JANGJI

  • Lamun urang gaduh jangji, kade ulah lanca-linci,
    subaya kedah cumponan, sabab eta kahormatan.
  • Jelema nu jalir jangji, eta teh sami saharti,
    reujeung ngaruksak pribadi, henteu ngajenan ka diri.
  • Nu teu pageuh kana jangji, nu kitu munapek pasti,
    hirupna moal jamuga, bakal pinanggih tunggara.

8. NGAJAGA LETAH

  • Kade jaga eta letah, sabab mindeng mawa salah,
    seukeutna leuwih ti pedang, raheutna matak gudawang.
  • Loba nu meunang cilaka, lantaran tina ngomongna,
    ngomong teu dipikir heula, tangtu hanjakal ahirna.
  • Ngomong ngabuih ngabudah, mindingan lampah nu salah,
    ngaku-ngaku iman takwa, padahal reka perdaya,
  • Iman ukur kaheureuyan, kawas bunglon lolondokan,
    kitu peta salah pisan, kudu gancang dijauhan.

9. ULAH NGAHEUREUYKEUN AYAT

  • Mangkade ulah mokaha, ngaheureuykeun pidawuh-Na,
    dipake ocon guguyon, kitu peta estu awon.
  • Jalma ngaheureuykeun ayat, moal pinarinan rahmat,
    jeung moal kenging sapa’at, sabab ngaheureuykeun ayat.
  • Ayat teh dawuhan Gusti, lenyepan mangka kaharti,
    sangkan urang ulah rugi, hirup jadi ngandung harti.
  • Ayat ulah diheureuykeun, kuduna teh dihartikeun,
    sangkan hirup ulah rugi, tur kenging rido Ilahi.

10. PALITA ANU TEU CAHAYAAN

  • Kuma pibakaleunana, lamun pareng hiji mangsa,
    urang teh nyeungeut palita, tapi teu caang sinarna
  • Kotret deui cekres deui, ngahurungkeun korek api,
    pareum deui pareum deui, poek deui poek deui.
  • Rajeun palitana hurung, tapi kalah tambah bingung,
    sabab cahayana musna, poek mongkleng buta rata.
  • Kitu minangka misilna, nu munapek ibaratna,
    lolong lahir jeung batinna, sasab dunya aheratna. (Hanca)

Miwanoh Pandawa Lilima

Maret 10, 2010

DINA raraga mekarkeun sareng ngawanohkeun Seni Sastra Padalangan, urang cobi pedar Seni Sastra Padalangan ieu anu dikawitan ku ngawanohkeun tokoh-tokoh Pandawa Lilima sareng tokoh sanesna nu mibanda watek sareng tabiat nu rupi-rupi. Mangga urang cobian pedar hiji-hiji diantawisna:

Prabu Pandu Dewanata

Raden Pandu Dewanata putra Bagawan Abiyasa (Kresna Dipayana) ti Dewi Ambalika. Rakana namina Destarata, ari rayina Raden Yamawidura. Pandu kagungan wanda sampulur, satria nu kalintang kasepna sareng sakti mandraguna. Jalaran kitu anjeunna dijadikeun raja di nagara Astina. Nu jadi garwa Pandu dua urang, nyaeta Dewi Kunti Nalibrata sareng Dewi Madrim. Pandu Dewanata kagungan putra lima, anu disebat Pandawa Lilima. Putra cikalna nyaeta Samiaji biasa disebat Darmakusumah, nu nomer dua Bima atanapi Bratasena, katilu Arjuna, kaopat Nakula sareng nu bungsu Sadewa. Dewi Kunti putrana tilu nyaeta Samiaji, Bima sareng Arjuna. Anu kembar nyaeta Nakula sareng Sadewa putra Pandu ti Dewi Madrim. Pandu pupus ku supata Resi Kumindana. Sateuacan pupus anjeunna nitipkeun nagara Astina sareng kulawargana ka Destarata.

Dewi Kunti Nalibrata

Dewi Kunti Nalibrata teh putra raja Kuntiboja ti Nagara Mandura. Dewi Kunti kagungan raka wastana Basudewa. Sateuacan nikah Dewi Kunti kakandungan sacara teu wajar. Didieu Batara Surya nu kagungan dosa, sanggem ngaluarkeun jabang bayi tina cepil Dewi Kunti. Kumargi kitu wasta eta bayi teh Karna, nu hartosna cepil. Salami janten prameswari Pandu Dewanata, Dewi Kunti kagungan putra tilu. Nu cikal jenengannana Darma Kusumah, nu kadua Bratasena, nu bungsu nyaeta Arjuna. Putra nu hiji deui nyaeta Karna ti Batara Surya.

Darmakusumah

Darmaksumah biasa disebat Puntadewa atanapi Kontea. Jalaran anjeunna putra Pandu nu pangageungna, nya dijantenkeun raja di Amarta. Nalika di leuweung (alas) Amer, Kontea ngawonkeun raja Siluman, jenengannana Darmakusumah. Nya ti waktos harita Kontea nganggo lalandian Darmakusumah. Alas Amer janten nagara Amarta. Darmakusumah kagungan garwa ka Dewi Drupadi putra raja Drupada ti nagara Cempala Dirja. Aranjeunna kagungan putra pameget, jenengannana Raden Pancawala. Prabu Darmakususmah raja Amarta nu minandita. Anjeunna sabar tawekal, adil, wijaksana sareng mikaasih ka rahayatna. Salami gumelar di marcapada anjeunna teu acan kantos nganyerikeun jalmi. Anjeunna oge kagungan jimat Jamus layang kalaimasadha.

Bratasena (Bima)

Bratasena sok biasa disebat Bima, Werkudara, Sena atanapi Bilawa. Waktos dibabarkeun masih keneh dibungkus lamad. Soehna eta bungkus diamuk ku Gajah Sena. Nya tiharita disebat Sena. Dedegan Sena jangkung ageung, simbar dada, bosongot bade amprotan. Godeg, janggot sareng kumisna rambosbos bewos sareng rambutna gimbal. Sipatna jujur, tara linyok tara bohong, sacangreud pageuh sagolek pangkek. Anjeunna tara nyebatkeun kawon atanapi sieun dina mayunan sagala perkawis. Jalaran kitu anjeunna didamel bebenteng Amarta. Bratasena kagungan garwa tilu. Nu kahiji jenengannana Dewi Badawangwati puputra Jakatawan, nu kadua Dewi Nagagini putraan Raden Antareja, sareng nu pamungkas Dewi Arimbi kagungan putra Raden gatotgaca.

Arjuna

Arjuna teh putra Pandu nu panengah, numawi sok disebat Panengah Pandawa. Anjeunna salahsawios satria nu sampulur. Rarayna bodas ngadaun seureuh, damis gula sapasi, soca sipit, angkeut endog sapotong. Sipatna ampuh lungguh, lantip sareng tartib, amis budi sae basa hade tata, hormat tilawat ka sepuh, sumujud ka guru, takwa kanu Maha Kawasa. Arjuna satria nu gagah sakti mandraguna. Kenging disebatkeun lalaki langit lalanang jagat. Watekna dipiasih ku istri dipinyaah ku somah. Numawi janten panonoban para mojang, rebutan para Kania. Arjuna kagungan istrina seueur pisan. Nanging nu saleresna mah mung Dewi Subadra putra Prabu Basudewa ti Mandura, sareng Dewi Srikandi putra Prabu Drupada ti nagara Cempala Dirja. Putra ti Dewi Subadra nyaeta Raden Abimanyu. Arjuna nyepeng kalungguhan minangka Adipati di Madukara.

Nakula Sadewa

Nakula sareng Sadewa teh kembar, putra Pandu Dewanata ti Dewi Madrim. Ti bureyna keneh, eta putra kembar teh parantos dikantunkeun ku ibu ramana. Jalaran kitu eta dua Pandawa teh dirorok ku Dewi Kunti sasarengan sareng para Pandawa sanesna. Dina carios Pandawa nyamar di Nagara Wirata, Nakula digentos namina janten Pinten, Sadewa jadi Tangsen. Aranjeunna satria kembar anu ngulik dina bagbagan tatanen sareng miara sasatoan, kanggo ngaronjatkeun kahuripan sareng kahirupan.

Batara Kresna (Bangbang Arayana)

Bangbang Arayana teh nami Kresna nuju rumaja. Anjeunna putra Prabu Basudewa raja Mandura. Arayana kagungan raka nyaeta Raden Kakrasana atanapi Prabu Baladewa sareng kagungan rayi istri sarama ti Dewi Badraini nu wastana Dewi Subadra atanapi Dewi Mayang Arum. Prabu Kresna teh titisan Dewa Wisnu salirana camani (hideung), jalaran kitu sok biasa disebat Batara Kresna. Anjeunna jadi Raja di nagara Dwarawati. Prabu Kresna pinter nyarios, gagah sakti. Anjeunna kagungan senjata panah Cakra nu ampuh, oge jimat Kembang Cangkok Wijayakusumah kangge ngadamangkeun nu teu damang atanapi nu pupus sateuacan waktosna. Nalika Barata Yudha, Kresna jadi juru taktik perang ti pihak Pandawa. Sadayana musush tiasa dikawonkeun ku para Pandawa ku siasatna Batara Kresna.

Raden Gatotgaca

Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi ratu Pringgandani. Raden Gatotgaca kagungan garwa ka Dewi Pergiwa putra Raden Arjuna, puputra Bangbang Kaca. Waktos dibabarkeun tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun, nya tiasa dipegatkeun ku senjata Konta. Anu kapapancenan megatkeunnana nyaeta Arjuna. Dina carios Barata Yudha, Raden Gatotgaca seueur nelasan para Korawa. Gatotgaca perlaya ku Konta kagungan Adipati Karna.

Semar Badranaya

Semar Badranaya nyaeta salahsawios badega, nu bela tumutur ka para Pandawa. Semar sok biasa disebat Lurah Semar Kudapawana. Semar teh kawitna mah kasep ngalempereng koneng, terah Dewa nu sakti pilih tanding, jenengannana Batara Ismaya atanapi Sang Hiyang Munget putra Sang Hiyang Wenang. Wujud Semar salin jinis sapertos nu ayeuna dipikaterang ku urang kumargi nelasan rayina nyaeta Sang Hiyang Rancasan sasarengan sareng rayina nu namina Sang Hiyang Antaga jalaran palay ngapimilik pusaka jimat Jamus Layang Kalimasadha. Kangge tambi keueung Ki Lurah Semar nyiptakeun tilu putra nyaeta Cepot/Astrajingga, Udel/Dawala, sareng Garfeng nu paripolahna pikalucueun. Ki Semar kagungan garwa ka Dewi Sutiragen.***


Si Pelung

Maret 10, 2010

Ku Usép Romli HM

SANAJAN geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung masih kénéh jagjag waringkas. Masih kénéh mampuh némbongkeun tagog dangong jago pinilih. Masih kénéh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari.

Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus, lamun aya nu nyarita, “Kuatan tah hayam. Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa.”

Tapi sok nalangsa, lamun nu nyarita cikénéh, aya nu ngéngklokan:

“Padahal lain turunan Bangkok, nya?!”

Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. ”Mémangna hayam pinunjul téh kudu turunan Bangkok baé? Ari turunan asli lemah cai kudu mélédré baé kitu?” Geuning ieu aing!”

Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang dipegarkeun, terus dikukut diistiméwakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar, dijadikeun pangbéla basa anak bungsu Ki Haji, Encép Umar disunatan dina umur lima taun. Ayeuna Encép Umar geus téréh lulus és-em-a. Sababaraha kali ampir unggal lebaran atawa usum hahajatan, Ambu Haji ngusulkeun sangkan Si Pelung dipeuncit. Ki Haji teu weléh ngahalangan.

”Butuh ku gawéna, tukang ngageuingkeun janari,” cenah. ”Néangan deui baé hayam séjén. Keun Si Pelung mah, ulah diharubiru. Kadahar sukur, atuh henteu teu nanaon, ari teu kapuluk mah.

Opat taun ka tukang, Haji Basari tilar dunya. Matak kagagas ku kasoléhan jeung kahadéanana. Getén tulatén, boh ka ingon-ingon boh ka pepelakan. Bari tara tinggal ti adab kasopanan. Handap asor, lain baé ka papada jelema. Ka sato jeung ka tutuwuhan ogé sarua. Ku Si Pelung mindeng kadéngé. Ki Haji ngawurukan putra atawa réncang, sangkan ulah wani-wani nyarékan komo bari laklak dasar – ka sato ingon-ingon.

”Ulah kawas kamari, hidep nyebut bangkawarah ka hayam anu bangor asup ka dapur. Malah ditambahan ku nyupata, lebokeun tétélo, tekukeun kerud, jeung sajabana. Teu meunang étah. Diharamkeun ku agama,” cék Haji Basari ka salah saurang putrana nu istri, nu mindeng pusing ari manggihan hayam riab ka dapur. Teu kalis ku digebah sakali, brul deui brul deui. Ma’lum hayam.

Tukang ibadah Ki Haji téh. Najan lubak-libuk luhur kuta gedé dunya, teu katongklokeun ngurus harta, kawas karéréanana nu baleunghar séjén.

Ngurus sawah cukup ngandelkeun panyawah atawa anakna nu geus bisa dipacikeuhkeun. Témpo panén, ukur ngaroris geus dikaluarkeun zakatna atawa acan. Ka dituna mah kumaha Ambu Haji saparaputra baé.

Ngan kana pepelakan salian ti paré, kayaning bungbuahan, palawija, sampeu, jagong, telik pisan ngimeutan téh. Bisi pindah teu kanyahoan kana pangawasa leungeun bandar tukang kemplang, méméh kapetik hasilna kaala buahna ku sorangan.

”Tara ngandung barokah, ladang tatanén anu dijual kemplangan mah, kadéngéeun pisan ku Si Pelung ti pipir, Ki Haji cacarita ka anak bojona.di tengah imah. ”Moal samata-mata agama ngaharamkeun, lamun teu matak mudarat jeung mamala, boh ka diri pribadi, boh ka balaréa..”

Barabat Ki Haji medar pamanggih, yén ngajual barang ku cara kemplang, ngaleungitkeun sumber amal kahadéan. Témpo diala, nu boga hadas melak ukur lalajo. Meunang tekal-tekil dipupul batur. Ka tatangga, ka baraya, ka batur salembur teu bisa méré ngasaan, lantaran barang geus dibayar ti heula ku bandar. Teu saeutik kajdian nu boga pelak malik buburuh ngala ka bandar. Anu sakuduna jadi dunungan bet jadi kuli.

”Baroraah kana méré mawéh. Manéhanana sorangan apan elah-elih namprak upah ti batur. Padahal nu macul di dinya, nu melak di dinya, manéhanana sorangan. Naha éta lain mamala? Coba lamun dipertahankeun nepi ka usum ngala, tong karooh ku pangolo, meureun diala ku sorangan. Kaburu kénéh méré ngasaan ka batur. Hartina amal hadé. Sodakoh. Atuh témpo ngajual, harga bisa rebut tawar tur barangna nyata ngagelar hareupeun. Lain rebut tawar pucuk atawa kembang karék néngtét, diwangwang dilelebah, bari hargana kurang merenah. Bener, karéréaanana jual beuli jaman ayeuna maké cara kemplang. Ambéh babari, ambéh henteu réncéd. Tapi tétéla éta téh henteu nimbulkeun kauntungan. Malah wungkul karugian. Nu matak, teu anéh, kiwari réa patani kari daki, réa padagang tinggal hutang, sabab ladang gawé béak sakaligus ti heula. Komo jual beuli kemplang mah, geuning langka ku duit, tapi ku barang, radio, televisi, motor, mobil, jadi hésé ngeureut neundeun keur pimodaleun usum hareup téh. Témpo butuh unjam-injeum ka bang, hésé lain dagoaneun. Kapaksa lumpat ka tukang rénten atawa ka bandar kemplang baréto. Sasat nandonkeun hasil pepelakan anu karék rék ceb dipelak. Kitu jeung kitu terus, unggal usum migawé. Kahadé urang mah, Ujang, Nyai ulah kabawakeun. Sing tuhu kana tetekon agama nu geus dicontokeun turun tumurun, tur karasa hasilna ngandung barokah. Saeutik mahi, loba nyésa. Moal samata-mata Abah lega sawah lega kebon, anu asalna tina hasil nyawah jeung ngebon satapak peucang atawa nengah mertelu, lamun prakprakanana méngpar tina aturan hukum. Tegesna hukum agama. Ngajauhan riba, boh dina modal, boh dina ngajual pisan. Sabalikna mereketkeun manéh sangkan tuman balabah. Daék ngaluarkeun sodakoh, infak, nepi ka zakat pisan, upama geus nisab. Peupeujeuh, lamun Abah geus euweuh, kabiasn kieu téh kudu terus dipilampah. Insya Allah, lamun gugon-tuhon, anak incu turunan Abah, baris tinemu kahirupan mulya. Bagja dunya ahérat. Moal kurang sandang kurang pangan, bari aya dina karidoan Allah Subhanahuwata’ala.

Si Pelung nyakséni, keur Haji Basari jumeneng kénéh mah, éta papatah téh teurak. Atuh sataun dua taun ti sabada Ki Haji tilar dunya, aya kénéh tapakna.

Ngan pajamanan barobah teuing ku cepet. Jalma-jalma nu ngajamananana ogé gancang pisan kakeunaan ku owah gingsir. Pangaruh kaayaan, pangaruh campur gaul jeung sajabana dina kagiatan pakumbuhan, méré warna katut rupa kana sikep pasipatan jeung paripolah masing-masing. Kaasup anak-anak Haji Basari, anu ti bubudak tara petot dijejelan papatah, sakalian ditémbongan conto prakprakanana ngeunaan hadé goréng, halal haram, salah bener, dibarung ku atikan ti sakola jeung pangajian.

Karasaeun pisan ku Si Pelung. Lamun pareng manéhna disada kekerukan bari semu ngahayéyéng nandakeun manggih téténjoan ahéng di alam anu teu katembus ku panon manusa, sok dibuburak. Di antarana ku Encép Umar anu baréto dibélaan téa.

”Si, sieuh, sieuh! Babatok hayam goblog. Baku ari geus kekerukan kitu téh!” cenah bari mubat-mabit ku naon baé nu karawél.

Hiji hal anu can kungsi kaalaman jaman Haji Basari jumeneng kénéh. Ki Haji mah, mun ngdangueun Si Pelung nyoara kitu, sok rambasbas, malah mindeng sesegruk, terus dzikir jeung istigfar. Ka Si Pelung sok nyarita rintih, ”Meugeus Pelung, kami gé ngarti. Manéh keur nyaksian pangeusi alam kubur nandangan ujian anu pohara. Emh, kami ogé Pelung, isuk pagéto baris ngalaman. Malah boa leuwih rosa ti batan anu kasaksén ku manéh ayeuna.”

Atuh lamun Si Pelung kongkorongok salah mangsa, pangpangna tengah peuting tangéh kénéh ka janari, Haji Basari sok gancang ngoréjat. Cacarita ka Ambu Haji: ”Kadéngé tah, Si Pelung kongkorongok lain wayah? Kahadé anak urang, Si Ujang, Si Nyai bisi boga lampah nirca. Jeung kahadé deui, anu baroga anak parawan atawa randa, béjaan. Sing taritén kituh, ngaping ngajaring anak….”

”Lah, Kang Haji, sok nu lain-lain. Barina gé, opénan teuing ka batur. Mani kudu walihweuh, teu pira Si Pelung kongkorongok. Gundam meureun,” walon Ambu Haji.

”His, lain teu pira. Hayam kongkorongok lain mangsa, komo tengah peuting ngaweng-ngaweng kieu, cék kolot, pertanda aya nu reuneuh jadah, lain opénan nitah ngélingan téh. Kawajiban dina raraga amar ma’ruf nahyi munkar. Ngajak kana kahadéan, nyegah tina kagoréngan. Bisi urang, dulur, baraya urang, tatangga urang caliweura, teu diélingan mah urang kababawa dosa engké. Baruk kumaha akibatna, lamun urang cul amar ma’ruf nahyi munkar? Bari jeung urang mampuh migawéna? Dila’nat ku Allah, ku mangrupa siksa jeung moal dikobul du’a, Nyi Haji. Lain lalawora!”

Sok panjang cacarita Ki Haji téh. Kadangkala parat nepi ka waktu salat tahajud. Isukna, prak migawé anu geus diomongkeun ka Ambu Haji. Silaturahmi ka saban tatangga, bari ngipat-ngipatan, kudu silih riksa, silih talingakeun, bok bisi aya nu méngpar kausap sétan, ngarempak aturan hukum dina urusan sahwat birahi.

Tara aya nu wani nambalang. Sabab saréréa nyaho, saha Haji Basari. Jalma jegud, lubak-libuk, béréhan, hadé budi hadé basa, taat kana ibadah, balabah ka sasaha, teu pandang harkat teu pandang darajat. Istuning taya cawadeunana anu bisa dipaké ngahualkeun atawa malikkeun.

Anak-anak Hají Basari, henteu bisa neruskeun tapak lacak bapana kitu. Ukur bisa neruskeun kajegudanana wungkul, sabada buka waris ngarecah sawah, kebon katut pakaya séjénna.

“Lain teu hayang nurutan Bapa méré papagah ka batur, ngan kumaha atuh, da urang sorangan papagahaneun kénéh batur. Kuriak baé dianggap tukang ngélmu ajug,” kawas nu badami, anak-anak Hají Basari sapuk sapamadegan.

Jadi, Si Pelung kongkorongok lain magsa tara diperhatikeun enya-enya. Malah mindeng disaleungseurikeun disebut hayam pikun. Kajaba mun geus aya kajadian, aya awéwé melendung teu karana boga salaki, karék ribut nyaritakeun kongkorongok Si Pelung. Saminggu dua minggu, lat deui poho. Atuh nu bureuyeung ukur éra saliwat. Ka dituna mah damang baé. Teu anéh lamun terus ngarekahan. Kamari Si Itu, pagéto Si Éta, minggu hareup geus aya cadangna. Sisindiran “piring pisin diragaji, colénak dikalapaan –abdi isinku paraji, boga anak teu bapaan”, geus henteu laku.

Si Pelung gé rumasa, saenyana manéhna disada salah mangsa téh lain nyaho-nyaho teuing kana aya atawa bakal aya nu reuneuh jadah. Ukur kabeneran baé, katindih ku kari-kari, katinggang ku kanyatan. Da maksud kongkorongok téh, taya lian ngageuing manusa, sangkan ulah kajongjonan teuing ngaguher. Ngageuing sangkan manusa nyaring, ngamangpaatkeun wanci mustari, saat mustajab, anu disayagikeun ku Allah swt. pikeun munajat tur bakal dikobul. Tina sakitu taun sakitu ratus kali kongkorongok tengah peuting jeung janari, ukur sababaraha urang anu surti. Haji Basari Almarhum di antarana. Karéréaanana mah nyawang tina jihat nu lain-lain baé, kagugu ku tahayul. Haji Basari onaman, dina enyana kabawakeun kitu, henteu ngan sakadar ngaréka prasangka. Tapi dituturkeun ku sikep nu leuwih teleb, didasaran ku kasadaran ngajalankeun paréntah agama. Silih wasiatan dina jalan haq jeung kasabaran.

Antukan Si Pelung prustasi. Beuki dieu beuki kedul kongkorongok. Da kapikireun, kapeuyeuh-peuyeuh, didaréngé tara. Tong boro sora hayam kolot, panggero manusa nu ngalanglaung dispékeran gé, geus tara pati aya nu maliré. Komo sanggeus mahabu adu-aduan, manusa mabok ku bangsaning kode jeung ilapat, tur hiji mangsa sora kongkorongok Si Pelung dijarieun kode ku Encép Umar sabatur-batur, timbul niat dina haté éta hayam kolot, pikeun kemba sakuatna.

”Dianggap nguyung, teu nanaon. Ambéh dipeuncit. Geura-geura paéh, susuganan di ahérat tepung jeung Haji Basari. Rék dicaritakeun, yén anak-anakna lain salukuran kana ni’mat meunang warisan loba, tapi anggur ngalancrud,” cék pamikir Si Pelung.

Ongkoh kaayaan lingkungan imah, kiwari mah teu matak betah deui. Kandang nambahan. Lain kandang hayam jago atawa bikang, ieu mah kandang anjing. Padahal Haji Basari baréto omat-omatan, sakumaha hayang jeung resep ogé, ulah ngukut anjing.

”Kajaba keur kaperluan moro atawa ngajaga pakaya, ngukut anjing diharamkeun. Komo ukur keur kaagulan jeung cocooan nu matak nonglokeun mah.” Kitu kasauran Haji Basari basa Encép Umar mawa kicik. ”Di imah mah teu pantes diaayaan anjing. Matak disingkahan malaikat Rohmat. Ngajaga bisi aya bangsat, ku ronda gé cukup.”

Harita Encép Umar ngagugu. Kicik disingkahkeun deui. Tapi ayeuna mah taya nu ngagetrik. Bébas merdika. Nu dibawa lain kicik jeung henteu hiji. Opat sakaligus. Anjing teureuh nagri wungkul. Keur meulina, ceuk béja ngagadékeun sawah sababaladon.

Si Pelung ngangluh. Keur mah geus pada mopohokeun, turug-turug aya saingan. Pangeusi imah tamplok perhatianana kana anjing kukutan Encép Umar, anu sagala rupana dipupujuhkeun.

Ngeusian beuteung gé, Si Pelung mindeng sakasampeurna. Mindeng nyaba rada jauh sakaparan-paran. Sakapeung sok ngarep-ngarep aya lasun atawa ganggarangan nyasab, hég nekuk. Sadrah pasrah tibatan hirup pakokolot kalunta-lunta.

Ti isuk nepi ka beurang, hiji poé Si Pelung aprak-aprakan. Pucak-pacok sakapanggih-panggih. Ti lebah buruan maju ka sisi sawah, bras ka tegalan. Méngkol ka lebah nu linduk ku tatangkalan. Dina jujumplukan kirinyuh aya simeut dagé nalokom. Gancang ku Si Pelung diboro. Simeut luncat kana tangkal bakasem. Terus diobrot. Geleber ka tukangeun rungkun saliara, handapeun tangkal juar sapasang. Si Pelung mébér jangjang sieun kaleungitan udagan. Garapak, guprak ka béh ditu. Ninggang tonggong dua jalma anu keur papuket, luhureun jukut. Lalaki jeung awéwé ditataranjang.

Si Pelung reuwas kabina-bina. Gancang lumpat bari ngabarakataktak kokotak. Poho kana simeut dagé, bakating ku silo ku téténjoan. Jeung apal ka salasaurang di antarana, Encép Umar. Jeung Si Pelung apal bakal kumaha balukarna. Encép Umar, bari ulad-alid nyarékan bébéakan, terus ngabeledig. Mabuk hulu Si pelung ku dahan garing nepi ka remuk.

Pasosoré di buruan imahna, Encép Umar ngagero maréntah bujangna.

“Di kebon tonggoh, deukeut tegalan, handapeun jaar, Si pelung modar. Cokot bangkéna, geuwat. keur parab anjing!”

Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM


Dalem Boncel (9)

Maret 10, 2010

DINA hiji poé Dalem Boncél katarajang kasakit ateul sakujur salirana. Tadina mah dianggap ateul biasa baé, tapi lila-lila kanyataan taya obat anu matih. Dukun lepus paraji sakti kabéh dikumpulkeun, tapi jampé jeung ubarna taya nu mental. Malah kasakitna beuki parna.

Lantaran éta kasakit , Dalem Boncél pohara sangsarana. Calik teu raos, ngadeg ogé teu raos. Pananganana gégétrét terus. Sakapeung nepi ka lali maké pakéan. Boh beurang boh peuting méh teu tiasa kulem. Socana baléér beureum jeung ngucur caian baé. Salirana anu langsip téh beuki langsip baé. Anjeunna teu weléh rumahuh. “Moal salah ieu kasakit téh lantaran doraka!”

Beuki lila kasakitna geus méh teu katahan deui. Rahuhna, “Lamun kieu baé, aing bisa gélo. Duh Ma, Bapa …hapunten putra!”

Ayeuna anjeunna geus gilig rék ka Kandangwesi, rék nyuuh ka pangkonan ibu ramana, rék nyuhunkeun ampun.

Atuh gancang diayakeun sasadiaan. Ponggawa-ponggawa anu kudu ngiring, ditangtukeun. Kuda-kuda, boh kuda tunggang boh kuda umbal dijagragkeun. Pakéan anu aralus keur ibu-ramana disadiakeun. Nya kitu deui kadaharan-kadaharan nu ngrareunah, boh keur bekel di jalan boh keur oléh-oléh ka ditu.

Dina poé nu hadé, rombongan Dalem Boncél téh barangkat. Dalem mah lantaran teu damang… ditandu. Diiring ku ponggwa-ponggawa tarumpak kuda. Sababaraha kuda umbal pinuh ku muatan. Ti Caringin di Banten ka lembur Kandangwesi di Garut kidul téh, lalampahan jauh pisan ….

Anjog ka Kandangwesi rombongan téh langsung ngajugjug ka imah Ma jeung Pa Boncél baé. Tapi, naon nu katingali ku Dalem Boncél? … Imah sepuhna ngan tinggal urutna baé, malah geus jadi kebon eurih sadedeg-sadedeg.

Ti urut tatangga-tatanggana, Dalem kénging katerangan yén Ma jeung Pa Boncél samulangna ti tas néangan anakna téh … garering. Teu lila tuluy maraot, méh bareng.

Ngadangu béja kitu, Dalem Boncél ngajerit … les kapiuhan. Sanggeus émut deui, anjeunna lumpat bari gégétrét ngajugjug pajaratan Ma jeung Pa Boncél, gabrug ngarangkul tutunggul ibu ramana, tuluy nyuuh kana tutunggul ibuna …. Ngagukguk nangis kanyenyerian, bari nyambat-nyambat ibu ramana nyuhunkeun dihapunten…

Salira Dalem Boncél ahirna pinuh ku késrék dugi ka pupusna. *** Tamat.

Tina Dalem Boncél, karya Ki Umbara


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.