Lalampahan Si Oding Jadi Pangarang

Mei 2, 2010

PAIT peuheurna jadi pangarang, ku Si Oding mah geus kaalaman. Ti mimiti dicarékan ku Kadus Akim (alatan mindeng teuing ngritik kawijakanana), dibaeudan ku Jang Uyéh (pédah ngaranana remen dijieun tokoh carita), nepi ka diudag-udag ku kabogoh Néng Nani, basa nyieun karangan anu judulna ‘Semalam Di Kamar Néng Nani’. Geus karuhan ari urusan jeung tukang warung mah, lain sakali dua kali. Kungsi sakali mangsa diriungkeun ku Mang RT, alatan nganjukan baé udud jeung kopi. Ari palebah mayarna, kudu ngadagoan heula karanganana dimuat dina koran atawa majalah. Mangkaning dimuatna tara tangtu iraha-irahana.

Cita-citana hayang jadi pangarang, geus ti jaman harga béas salapan ratus. Diajarna ogé kaasup otodidak. Kungsi mati geni di para seuneu, tapa di luhur caringin, saré di Makam Syech Quro, meuting di Manganti, jeung ngadeuheusan tempat-tempat karamat. Beungeutna nepi ka barengep ogé, apan bati néangan inspirasi, basa manéhna mujasmedi dina dahan kiara, handapeun pisan sayang nyiruan. Satuluyna mah Si Oding remen ngayakeun observasi ka tepis wiring. Ngadon leuleumpangan bari mawa ransel anu eusina: pulpén, keretas, gula-kopi, bako sebul, bantal, sarung, béas, jeung (teu poho) potrét Néng Iis.

Satengah taun katukang, Si Oding nékad pikeun ninggalkeun bali geusan ngajadina, Lembur Situ. Manéhna ngumbara ka Bandung, bari mawa harepan hayang jadi pangarang kakoncara. Naskah-naskahna dikirimkeun ka sababaraha média massa. Mémang teu pati gaplah. Karanganana aya anu dimuat. Atuh tina ladang ngarang téh, Si Oding geus bisa ngiridit calana jin, nganjuk tivi séken dua welas in satengah, tug nepi ka bisa meuli hand phone sagala rupa. “Ngarah gampang komunikasi,” kitu ceuk Si Oding bari némbong-némbong Handphone, anu dikangkalungkeun dina beuheungna. Tapi gara-gara handphone, béjana Si Oding téh kungsi ditegor ku salah saurang tim redaktur majalah sastra, alatan ngirimkeun cerpén ngaliwatan SMS.

Dina hiji poé, basa Si Oding keur ngahuleng hareupeun tukang bajigur, Manéhna patepung jeung Néng Lilis. Puguh baé panonna mani molotot mata simeuteun, ningali rupa Néng Lilis anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, mapaésan tangtunganna anu jangkung lenjang, pakulitan bodas beresih, taya cawadeunana. Dasar Si Oding (anu salawasna sok ditampikan baé ku awéwé), ningali Néng Lilis téh langsung baé katarik ati, kapentang asmara. Malah awahing ku husuna neuteup Néng Lilis, Si Oding katutuluyan nuturkeun Néng Lilis nepi kana lawang pager imahna. Éling-éling sotéh, basa tukang bajigur nyusulan Manéhna bari kutuk gendeng, alatan gelas bajigur ngadon diasupkeun kana jero kantongna. Leuheung basa lamun geus dibayar.

Teuing kumaha prosésna. Sakali ieu mah, Si Oding meunang kabagjaan dina urusan cinta. Néng Lilis teu nampik, basa Si Oding ngedalkeun kereteg haténa anu nyangkaruk dina asmara. Matak hémeng taktagé. Lain indung bapa Néng Lilis wungkul anu ngarasa héran téh. Malah tatanggana ogé tingharuleng basa nyaksian Si Oding jeung Néng Lilis, anu keur ngumbar katresna di sisi wahangan.

Mémang ari gosip mah éta ogé aya. Nurutkeun tukang cingcaw anu biasa mangkal di Kubang Selatan; basa rék ngedalkeun cintana ka Néng Lilis, Si Oding téh nyelang heula balik ka Lembur Situ. Rék ménta bantuan jangjawokan ka Bah Pian cenah mah. Tapi teuing bener, teuing henteu. Kilang kitu, Jang Ucup, anu geus aya kana dua taunna miharep Néng Lilis, ngahaja ngadegkeun TPDSO (Tim Penyelidik Dukun Si Oding). Awahing ku timburuan sigana téh.

Hanjakal pisan. Sanggeus Si Oding hahadéan jeung Néng Lilisi, Manéhna jadi teu bisaeun ngarang. Sanajan geus nyieun sababaraha rupa tarékah ogé, tetep bae taya inspirasi atawa ideu carita keur karangan. Mémang sabada dititenan téh, karangan anu saméméhna geus dijieun, ukur nyaritakeun kapeurih tina perkara ditampik sapajodogan ku awéwé. Tangtu bae, ari geus boga bébéné mah, asa pamohalan rék nyaritakeun katunggaraan asmara.

Teu bisa ngarang deui, pikeun Si Oding mah kana tangtu ngadatangkeun hiji mamala anu lain lumayan. Pangpangna mah moal boga honor keur waragad sapopoé. Anu ngalantarankeun Si Oding jadi mindeng huleng jentul bari nyanghareupan mesin tik anu geus aya sabulanna tara pisan dicabak. Mangkaning méh unggal mangsa, tukang warung ngagugujeg hutangna anu geus numpuk. Rét, panonna neuteup kana céngcéléngan anu geus parongpong. Nyoba-nyoba céngcéléngan téh dijieun sajak, tapi batan bisa mah kalah lieur anu aya. Écésna mah Si Oding téh ngarasa bingung anu lain dikieuna. Nepi ka ahirna Si Oding nyieun kaputusan anu papalimpang jeung kereteg haténa.

Bari nyurucudkeun cipanon, Si Oding nyuratan ka Néng Lilis, anu eusina ménta sangkan Manéhna diputuskeun tur dinyenyeri. Malah lamun bisa mah, ménta dicarékan lak-lak dasar jeung dijejeléh. Pang kitu, ngarah manéhna bisa ngarang deui.***


Wangkongan Bah Oding (5)

April 13, 2010

PIKEUN jalma nu ngagem agama Islam pasti yakin yén jodo, pati, bagja jeung cilaka mah anging Allah anu uninga.Tapi keur sabagian jalma éta kayakinan téh ayeuna mah geus robah, buktina geuning kiwari loba jalma sok ngirimkeun SMS ka Ki Joko Bodo jeung Mama Laurent pikeun ménta diramal perkara nasibna. Bah Oding pohara manghanjakalkeunana kana mahabuna SMS saperti kitu téh.
“Sajaba ti kudu ucul duit, kabiasaan ménta diramal ka dukun jeung paranormal téh bisa ngaruksak akidah umat Islam. Matakna kudu buru-buru dilarang!” ceuk Bah Oding ngécéskeun.
Ceuk jalma anu kungsi ngirim SMS ka éta dua tukang ramal téh, cenah jawaban anu katarima normatif pisan. Samodél “ulah kalékéd lamun baranggawé”, “jodo mah moal kamana lumpatna” atawa “kudu usaha satékah polah, pasti bakal tinemu hasil”. Ana kitu mah anu bisa ngarobah nasib urang téh nya … urang kénéh, lain Ki Joko Bodo atawa Mama Laurent.
Di handap aya sababaraha obrolan anu  nyaritakeun jalma keur konsultasi ka Bah Oding perkara jodo jeung nomer buntut.  Wilujeng ngabelenyéh!

NÉANGAN JODO
Neng Eha keur guntreng ngobrol jeung Bah Oding. Ari anu diobrolkeunana masalah jodo.
“Abdi mah sesah pisan mendakan pijodoeun téh,” ceuk Neng Eha.
“Ari  kitu hoyong anu kumaha kénging picarogéeun téh? Boa Enéng mah sesah jodo téh kumargi pipilih?”
“Ah, raraosan mah asa henteu pipilih. Mung abdi mah hoyong gaduh salaki téh ka anu nyumponan dua sarat anu dipikahoyong ku abdi. Sarat anu kahiji, éta pameget kedah saé kapribadianana. Maksad téh mobil pribadina, bumi pribadina sareng tabungan pribadina kedah saé. Sarat anu kadua, abdi mah lillahitaala badé gaduh salaki ka jalmi anu pas-pasan ogé teu nanaon,”
“Jalmi pas-pasan? Naon maksad Enéng téh?”
“Muhun pas-pasan. Pas abdi hoyong berlian, tiasa langsung dipangmésérkeun. Pas abdi hoyong piknik ka luar negri, tiasa langsung dipasihan biayana,”
“Uluh, rada abot geuning saratna téh. Abah mah teu sanggem! Mangga wé Enéng milari nyalira,” ceuk Bah Oding semu peunggas pangharepan.

DITEMPO GELUNGNA
Jang Uyéh keur konsultasi ka Bah Oding perkara jodo.
“Abdi gaduh cita-cita, upami kaparengkeun nikah téh hoyong ka istri anu gaduh masa depan terang. Manawi Abah tiasa masihan bong-bolongan, kumaha carana nangtoskeun éta istri gaduh masa depan terang?”
“Nya gampil, tempo wé lamun manéhna maké gelung,” ceuk Bah Oding tandes pisan.
“Maksadna kumaha Abah, asa kirang ngartos abdi mah?”
“Enya lamun hayang apal naha éta awéwé boga masa depan terang mah tinggal tempo wé lamun manéhna maké gelung. Lamun éta gelung dipakéna di tukangeun sirah, pasti manéhna boga masa depan terang. Sabalikna lamun éta gelung dipakéna di hareupeun sirahna, pasti masa depanna bakal poék!”
“Na ngajawab téh sakacamplungna? Ari Abah jadi kokolot téh kungsi sakola heula atawa henteu?!” ceuk Jang Uyéh semu ambek. Gejlig manéhna indit ninggalkeun Bah Oding.

JODONA DEUKEUT
“DUPI pijodoeun abdi tebih atanapi caket, Abah?” ceuk Neng Léla nanya ka Bah Oding.
“Jodo Enéng mah deukeut pisan,” tembal Bah Oding.
“Kumaha ciri-cirina Abah?”
“Umurna kira-kira 47 taunan, kumisna baplang, janggotna rambosbos. Éta lalaki pijodoeun Enéng téh salawasna sok mamaké baju hideung baé,”
“Nya saha jalmina Abah, sareng di mana alamatna?”
“Jalmana mah nya… Abah pisan. Apan Abah gé geus lila hoyong ngawayuh téh,” ceuk Bah Oding gumasép.

DO’A MAKSA
Basa Jang Aniw ngawakcakeun rasa bogohna ka Lidya Kandau, Jang Aniw ditolak sapajodogan. Terus Jang Aniw téh konsultasi ka Bah Oding. Ku Bah Oding manéhna dibéré catetan anu eusina do’a anu kudu dibaca unggal méméh saré. Ari do’ana téh kieu :
Nun Gusti, upami anjeunna pijodoeun abdi, mugia anjeunna dicaketkeun sareng abdi. Namung upami anjeunna sanés pijodoeun abdi, mugia tetep tiasa … dijodokeun ka abdi.
Nun Gusti, upami anjeunna henteu tiasa ngajodo sareng abdi, kumaha baé carana, mugia abdi tetep dijantenkeun jodo anjeunna.
Nun Gusti, upami anjeunna sanés jodo abdi, mugia anjeunna tong kénging jodo iwal ka abdi.
Nun Gusti, upami anjeunna teu tiasa dijodokeun sareng abdi, anjeunna tong dikéngingkeun jodo ka nu sanés, mugia anjeunna tiasa tetep dijodokeun ka abdi.
Nun Gusti, upami anjeunna kaparengkeun gaduh jodo ka nu sanés, mugia tiasa dipisahkeun, sawios nu sanés mah jodokeun baé ka nu sanés deui, saterasna anjeunna mah tetep kedah dijodokeun ka abdi.
Amin.

GARA-GARA BUNTUT
IEU mah dongéng jaman baheula, waktu masarakat loba nu kagégéloan ku nomer buntut. Aya saurang jalma meunang pituduh ti dukun yén lamun manéhna hayang nomer anu jitu kudu saré di hiji makam karamat. Éta panitah dukun téh ku manéhna ditedunan. Enya baé, kira-kira janari leutik, ti jero kuburan ujug-ujug kaluar haseup. Teu lila ngong aya nu nyarita.
“Pék caritakeun, anjeun nyaréan makam Embah téh aya maksud naon ?” ceuk éta sora tanpa jirim.
“Abdi téh hoyong nomer anu jitu Embah. Unggal-unggal masang sok kawon baé, dugi ka séép naon séép naon,” ceuk éta jalma bari acong-acongan nyembah.
“Nyasat atuh ménta ka Embah mah,” ceuk éta sora tanpa jirim, “Ménta wé ka nu séjén perkara nomer mah. Apan baheula gé jaman keur hirup, Embah kungsi kagégéloan masang nomer. Berekah, nepi ka maot, Embah acan kungsi meunang sakali-kali acan,”
Les baé haseup anu kaluar ti jero kuburan téh ngadadak leungit. Puguh baé éta jalma nu keur acong-acongan nyembah téh jadi ngembang kadu, olohok mata simeuteun.***


Tingkatan Salingkuh

April 13, 2010

CAN aya sajarawan anu nalungtik, ti mimiti taun sabaraha manusa resep kana salingkuh. Ngan nu jelas, manusa munggaran anu kumelendang di alam dunya mah nyaéta Nabi Adam jeung Siti Hawa, sarta olahraga anu pamaénna sawelas urang bari ngungudag bal, éta téh méngbal ngaranna.
Kecap salingkuh sorangan asalna tina kecap saling jeung kuh. Saling hartina saling, ari kuh hartina kuh. Ku kituna écés pisan yén nu dimaksud salingkuh téh nya éta…salingkuh téa.
Dina buku “Kiat dan Suksés Selingkuh” nu dikarang ku Oding Suyatna, S. Sal., horéng kanyahoan yén salingkuh téh aya tingkatanana, nyaéta:

1.SD (Salingkuh Dasar). Nu dimaksud salingkuh dasar téh nyaéta salingkuh anu dilaksanakeun ku nu kakara. Nu matak pikeun nu kakara mah alusna dina tonggong baju diaksaraan “belajar”. Éta téh pikeun ngabédakeun jeung ahli-ahli salingkuh tingkat luhur.
2.SMP (Salingkuh Méméh Pernikahan). Ieu mah salingkuh nu dilaksanakeun ku jalma nu sakeudeung deui rék karawin. Sakumaha eusi paribasa “kaduhung tara ti heula”, ieu calon-calon pangantén téh nyacapkeun heula kapanasaran ngadon saralingkuh heula, bari dina haténa masing-masing kedal jangji yén di mana maranéhna geus rumahtangga moal saralingkuh deui satungtung taya kasempetan.
3.SMU (Salingkuh Meunang Usaha). Salingkuh nu ieu mah bener-bener hasil tina perjoangan anu beurat. Rupa-rupa palakiah geus diusahakeun supaya aman tina panempo nu di imah. Alhamdulillah, ari ku apik mah salingkuh meunang usaha téh teu burung…kaperego.
4.STSI (Salingkuh Tingkat Suami Istri). Ieu mah salingkuh nu pabales-bales téa. Lantaran salakina kapanggih salingkuh, atuh panajikanana gé nurutan. Kitu deui sabalikna. Sabada dilaksanakeun, tétéla salingkuh mémang éndah jeung…picacapékeun.
5.SMKI (Salingkuh Meunang Kahayang Istri). Ieu mah salingkuh nu dipikaresep ku sakumna lalaki. Sanajan embung, tapi pamajikan téh neugtreug, ninitah baé salingkuh, pokna téh, “Sing guyub kawas batur,” cenah.
6.STPDN (Salingkuh Tanpa Pangaweruh Darurat Nandanganana). Ieu mah salingkuh panggoréng-goréngna. Keur mah kakara diajar salingkuh, acan gé beubeunangan kaburu katohyan mantén. Hasilna, wayahna lamun ku nu di imah teu dipercaya salawasna.
7.STM (Salingkuh Tidak Maueun). Salingkuh nu ieu mah salingkuh maksa téa, sabab nu diajak salingkuhna mah keukeuh teu daékeun. Tapi ari ku keyeng jeung leukeun mah, alhamdulillah manéhna angger nampik.
8. CMCS (Cingcangkeling manuk cingkleung salingkuh). Duka tah salingkuh nu ieu mah hésé nerangkeunana.


Wangkongan Bah Oding (4)

April 5, 2010

ABONG  létah taya tulangan. Teu kaur aya béja anu rada ‘ahéng’, gancang pisan nerekabna. Tina sajeungkal, sok jadi dua jeungkal, tilu jeungkal, malah teu pamohalan nepi ka sadeupa. Basa minggu kamari ogé, Néng Titin digosipken sok mandi bari nangtung. Ibur salembur, éar sadesa. Teu di mana, teu di mendi, ngan hayoh baé nyaritakeun perkara Neng Titin. Malah poé mangkukna mah, béja téh geus nambahan deui. Sajabana ti bari nangtung, Néng Titin sok bari ngaca deuih mandina téh. Teuing saha anu jadi nara sumber utamana.

“Ari manéh apal ti mana?” Neng Titin tumanya ka Si Adul.

“Abdi mah ti Si Aniw,” témbalna.

“Oh, lamun kitu mah Si Aniw ulon-ulonna téh,” Néng Titin mani ngagidir, awahing ku ambek.

“Da Si Aniw ogé kénging béja ti internét,”

“Kajeun Si Internét ogé, kuring mah teu sieun,”

“Da internét mah sanés sabangsaning jalmi, Téh,”

“Rék bangsa siluman, rék bangsa genderewo ogé, pasti ku kuring bakal dijorag.   Cucungah pisan, maké jeung ngiburkeun perkara anu teu uni. Ceuk saha kuring sok mandi bari nangtung jeung bari ngaca?”

“Ari saleresna kumaha kitu, Téh?” teuing kalepasan, teuing kumaha Si Adul maké jeung tumanya kitu.

“Na manéh téh, dilelepkeun ku kuring siah!” Puguh baé Néng Titin ambek kabina-bina. Lamun teu kaburu mangprét mah teuing kumaha nasib Si Adul.

Padungdengan ngeunaan Néng Titin, beuki lila mingkin nambahan baé. Jang Uyéh anu geus tatahar rék ngalamar Néng Titin, antukna jadi bolay. Pangpangna mah kulawargana ngadadak teu panuju. Karunya Néng Titin. Hanas geus nyipta-nyipta rék pangantenan di Warung Situ, ahirna ukur jadi sawangan.

Tétéla geuningan ngaréka-réka tur manjangan béja téh, matak ngabarubahkeun batur. Nyilakakeun ka nu teu tuah, teu dosa. Tapi bubuhan geus jadi trend, mani taya kapokna.  Buktina ti poé kamari, di Warung Situ geus aya béja anyar deui. Rada harénghéng deuih, da puguh anu digosipkeunna hiji tokoh masarakat. Cenah mah Ustad Wawan rék  ngajarah harta banda lamun keur mangsana paciweuh kerusuhan. Malah diimplik-implikan sagala, Ustad Wawan téh rék ngajarah sagala rupa anu aya patula-patalina jeung kapentingan pangwangunan.

“Nu balég manéh téh? Piraku Ustad Wawan rék jadi lauk buruk milu mijah?” Bah Oding nanya bangun cangcaya. Pangpangna apaleun pisan kana kalakuan sapopoéna Ustad Wawan.

“Sing wani kabéntar gelap!” Si Adul ngayakinkeun.

“Apan ari ngajarah téh hiji pagawéan anu dipahing pisan ku agama?!”

“Duka teuing perkara éta mah. Nu jelas, ceuk Jang Dadan ogé, Ustad Wawan rék ngajarah…”

“Kabina-bina teuing atuh. Ari Jang Dadan, meunang béja ti saha?”

“Cenah mah Mang Idod anu méré iberna téh,”

“Ari Mang Idod, apal ti saha?”

“Tah, Mang Idod mah nyahona teh ti Jang Uyéh,”

“Ari Jang Uyéh?”

“Nyao teuing, da kuring ogé can kungsi panggih, geus aya kana dua bulanna,” témbal Si Adul bari garo-garo teu ateul.

“Lamun kitu mah, mending urang tanyakeun baé ka jinisna, ngarah pararuguh. Ulah dapon percaya kitu baé, bisi pitenah. Lamun Ustad Wawan enyaan rék ngajarah, sakalian baé Abah rék milu..”

“Sok wé ka dituh sorangan. Kuring mah moal milu, sieun kalah diambek. Basa kuring konfirmasi ka Néng Titin ogé, kalah rék dibalédog ku halu,” témbalna.

“Béda deui éta mah masalahna. Jeung deui, éta mah kumaha cara nanyana. Apan aya cara-cara nanya anu hadé. Geus maca bukuna?”

“Acan,”

“Nu matak, kudu réa maca buku silaing téh. Ngarah henteu katinggaleun jaman. Hayu ah, Abah mah rék ka imahna Ustad Wawan.” Kituna téh Bah Oding bari langsung cengkat. Léos indit, muru ka imahna Ustad Wawan.

Bras, Bah Oding ka pakarangan imah Ustad Wawan. Kabeneran pisan, Ustad Wawan keur meujeuhna rinéh.

“Cios ngajarah téh, Jang ustad?” Bah Oding langsung tumanya, kalayan henteu malapah gedang. Puguh baé Ustad Wawan ngaranjug.

“Kumaha Bah? Kukupingan téh ngajarah?”

“Enya Abah teh ngadenge ti batur. Mun bener  mah, Abah sakalian hayang ngiluan,”

“Na Abah téh kawas nu lieur atuh. Piraku abdi rék ngajarah?” Ustad Wawan rada muncereng.

“Heueuh hampura Jang Ustad, Abah mah ukur meunang béja ti Si Adul. Cenah mah Jang Ustad rek ngajarah harta banda,” témbal Bah Oding, rada samar lampah. Sakedapan mah Ustad Wawan ngahuleng, tuluy ngusap beungeutna bari maca istighfar.

“Abdi mah teu gaduh niat sarupa kitu, Bah. Naudzubillahimiandailik…”

“Ari sabenerna rek ka mana atuh Jang ustad téh?” Bah Oding panasaran.

“Abdi mah bade zarah ka tanah Suci Bah, manawi Gusti Alloh marengkeun. Ti baheula  abdi hayang ka Mekah téh, muga baé taun ieu mah tinekanan, do’akeun nya Bah” témbal Ustad Wawan.

“Ké, ké, naha iburna bet jadi ngajarah?”

“Duka teuing éta mah, Bah. Keun baé atuh Bah, anu penting mah abdi teu boga niat kitu”. Ceuk Ustad Wawan bari imut ngagelenyu.***


Wangkongan Bah Oding (3)

April 3, 2010

Modérnisasi cenah. Dunya beuki maceuh ngadu géngsi. Kacanggihan sains jeung teknologi lir taya tungtungna. Unlimited ceuk légégna mah. Di luhur langit masih kénéh aya langit. Di luhur lalangit aya para. Di luhur Jati Handap ogé, aya Jati luhur, saluhureun Jati Tujuh, Jati Ragas, Jatiwangi, Jatipadang, Jati…(enggeus atuh… mani sok katutuluyan). Kitu kawasna pikeun ngagambarkeun penemuan anyar Mang Ocin. Poé kamari Mang Ocin geus ngaresmikeun hiji alat super canggih, beunang  ngaracik manéhna sorangan. Saalam dunya kawasna bakal geunjleung upama nyaksian alat super canggih beunang Mang Ocin. Nurutkeun balabar kawat di Warung Situ, Mang Ocin téh baris ditulis dina Guinnes Books Of  Record. Tapi teuing iraha-irahana mah.

Alat super canggih Mang Ocin téh dingaranan TBC. Tapi omat, ieu mah lain sabangsaning panyakit bengék, koléra atawa sabangsana. TBC anu dimaksud di dieu mah singketan tina The Big Computer. Pangna dingaranan kitu téh, pikeun nyaluyukeun jeung ukurannana anu kaitung mahiwal. Perangkat-na loba pisan. Sawaréh mah nepi ka dipihapékeun di imah Kadus Idod. Monitor-na  leuwih gedé batan layar tancep. CPU-na oge sagedé lomari. Mouse-na teu kireum-kireumna téh nepi ka sagedé kulkas, da maké gilinding mobil keur majukeunna ogé. Tapi ari keabord-na mah ukur sagedé cangkang korék api.

“Ngahaja éta téh. Sabab lamun teu kitu, pasti moal balancing!” kitu ceuk Mang Ocin, basa acara launcing geus dimimitian.

“Ieu komputer téh mangrupa hiji-hijina komputer anu anti virus,” pokna deui.

“Naon jaminanna, Prot, aéh Prof?” salah sahiji wartawan tumanya.

“TBC geus ditaliti ku  dokter ahli ti laboratorium forénsik pusat. Nurutkeun kasimpulanna, TBC moal katerap ku sabangsaning Human Immunodeficiency Virus atawa  virus-virus séjéna,”  kituna téh bari nyelang heula ngenyot udud daun kawung.

“Pa Profésor, moal enya virus HIV asup kana komputer?”

“Kanu Komputer ieu mah apan ceuk kuring ogé moal asup, dijamin tah! Lamun kana komputer séjén, kuring teu wani ngajamin. Sabab dina program ACD See, kuring mindeng manggihan poto jenis BMP atawa JPG anu ngaéksploitasi gambar porno. Tah, program Adobe Fhotoshop téh sok dipaké ngulik gambar anu ditaranjang!” Mang Ocin kalah ngacapruk  kamana karep.

“Kumaha lamun ku batu virus nu Abah?” Bah Oding nyelengkeung ti lawang jandéla.

“Can dipikiran, bah,” témbalna.

“Naon deui kaunggulan TBC anu lainna? kalayan dina komputer séjén tacan kungsi aya, Prof?”

“Loba pisan. Kuring geus masang tujuh rébu opat ratus tujuh puluh tujuh satengah  program anyar. Jaba teu kudu maén instal sagala rupa. Diantarana, program dina TBC téh bisa nganyahokeun umur ingon-ingon, bisa nganjang ka poé kamari, bisa ngeprak anu démontrasi kawas PT Heuras Genggerong, bisa nuduhkeun barang anu leungit, jeung sajabana. Wah pokona mah sagalarupa ogé bisaeun!” ceuk mang Ocin mani engap-engapan, méh baé katurelengan saking ku loba teuing norowéco.

“Sok atuh buktikeun!” Bah Oding ngajorowok rada tarik.

“Siapa takut…” Mang Ocin ngajawab bari cengkat tina diukna. Gap kana power TBC. Tuluy dipencét.

“Teu di-passwords ieu mah,” ceuk Mang Ocin bari ngadagoan TBC-na hurung. Hanjakal pisan, geus aya kana saparapat jam leuwih, TBC  teu daekeun hurung baé. Atuh puguh rada ngadégdég oge Mang Ocin téh, pangpangna mah sieun kacanir bangban. Mangkaning hareupeun wartawan.

“Geuning teu waras, Prof?!” tanya wartawan anu diuk panghareupna.

“Sabar,” kitu tembalna bari mariksa monitor jeung CPU. Barang bray dibuka tutupna, Mang Ocin kacida reuwaseun. Bréh katingali, di jero monitor téh loba barudak leutik anu keur arulin. Aya anu keur ucing sumput, jeung anu gegelutan cara smack down. Mang Ocin ngan tibang gogodeg bari muka casing CPU. Barang bray dibuka,  horéng taya binana jeung di jero monitor, loba barudak leutik. Aya anu keur numpak CD Room.  Pajarkeun téh ngareunah bisa muih cenah. Anu dadapangan dina hard disk baé aya. Temahna mah matak jangar ningalina.

“Barudaaaak! Awas aya bom dina komputer!” Mang Ocin nyorowok. Buriak barudak kalaluar bari semu sieun. Teu kungsi samenit, barudak geus raat. Bareng jeung éta, ana bray téh  layar monitor bisa hurung. Mang Ocin teu sirikna surak bakat ku atoh.

“Tuh, pan waras nyah!” bari nunjuk kana tampilan layar monitor.

“Enya bener. Tapi kumaha cara ngagunakeunnana Prof? sayah jadi panasaran,”

“Gampil. Tinggal sebutkeun ngaran, tuluy ngomong, luyu jeung anu rék ditanyakeun ku didinya,”

“Nyobaan, ah. Kabeneran tadi di jalan leungit kacamata. Ngaran sayah Dadan. Di mana kacamata sayah ayeuna?” pokna bari mendeko kana komputer.

“Apan étah dipaké!” témbal TBC. Sorana kadéngé tina spéker. Atuh saréréa ogé mani marolohok. Jeung dina enyana deuih, kacamatana téh tatadi oge sidik dipapaké, da tara leupas pisan.

“Nami abdi Adul. Basa lebaran kadua, abdi ical mobil kijang warna hejo métalik.  Plat nomerna A 4 NG. Di mana ayeuna nyah?” aya wartawan anu nanya deui ka TBC.

“Tinggal tanyakeun baé, ka nu maké mobil pangpandeurina!” témbalna.

“Abdi Jang Uyeh. Saha jodo abdi?”

“Téangan béntangna Warung Situ, putrana Bidan Mumun. Tah éta pijodoeun mah!”

“Abdi Aniw téa. Minggon kamari kaicalan domba bikang tilu,”

“Apan dipeuncit ku sia!”

“Uing Ujang. Iraha uing rék kawin?”

“Ah siah, payu oge henteu,”

“Abdi Aép Haép. Kumaha carana hayang naek gajih?

“Masang susuk sing loba. Tuluy pendekatan ka atasan kudu diutamakeun. Kajeun kudu ngalétakan bujurna ogé, wayahna ulah teu daék. Nu sahandapeun tincakan. Anu sapantar mah tinggal sikuan baé, gampang!”

“Ngaran uing Acin. Sabaraha nomber anu bakal kaluar isukan?”

“Na sia téh make jeung hayang meuli nu kitu patut. Nyaho eta téh haram, goblog! Jeung deui apanan nomber téh geus dicaram berédar. SDSB ogé ditutup. Bangkawarah pisan jalma anu ngayakeunna téh. Ari sia rék milu bangkawarah deuih?! Dibabad ku aing geura!!!” TBC téh ngadadak sesentak lir anu ambekeun naker. Nepi ka anu nanyana ogé méh katurelengan.

“Abdi ical bumi…” Ceuk Neng Nani

“Na sia téh kawas anu gélo baé. Piraku aya imah leungit?!” TBC nyentak deui, malah bari kukulutus sagala  rupa. Tungtungna mah unggal anu nanya, sok tuluy dicarékan laklak dasar. Kaasup anu teu tuah teu dosa ogé milu kacarekan.

“Hampura euy, aya gangguan téhnis sigana mah! Poho bieu, teu ngaaktipkeun program anti-marah.” Mang Ocin nyarita rada tarik.

“Gangguan téhnis nanahaon sia téh, Ocin. Ngaréken gélo ka aing?” TBC némbalan. Atuh puguh Mang Ocin oge ngaranjug. Malah bakat ku soakna nepi ka ngompolan manéh. Calanana mani jemblang. Komo basa nyaksian mitohana kaluar ti jero Monitor bari mamawa mik mah, mang Ocin leuwih ngeleper.***

Kailhaman sareng direka ulang tina karya Kang Galuh.


Do’a Sateuacan “Berciuman”

April 2, 2010

Kintunan ti kersana Bp. Aep Haepurmajat

Nawaitu kissun wal bibiri, bil gigitin, minal jilatin, wal lumatin bil rabain. Min rasana minal ni’mati, wabil ulangi wal sakali lagi…… Amin.


Wangkongan Bah Oding (2)

April 2, 2010

DINA bulan puasa nu ka tukang mah, Jang Uyéh geus buleud patékadanana. Sanajan manggih gogoda anu rohaka ogé, manéhna kedal jangji moal nepi ka batal puasa. Teuing aya patula-patalina jeung Néng Déwi, atawa mémang Jang Uyéh téh geus maju ka bener. Malah nurutkeun pangakuanna mah, pangna taun saacanna ‘tamat teu puasa’ téh, lain ku nanaon. Ukur teu kuat nahan hayang ngaroko wungkul. Sakumaha katerangan Néng Déwi, ari kana barang dahar  mah Jang Uyéh téh da tara pati teuing (ari keur euweuh mah). Contona, basa poé  mangkukna nganjang ka imah Néng Déwi, Jang Uyéh ukur ngaregot cai orson wungkul. Padahal harita téh disuguhan buah apel, kuéh, jeung…bata. Maklum kolotna Néng Déwi téh apan Bos matrial di  wewengkon Warung Situ.

Teu pati béda jeung Mang Aniw, ari perkara ngaroko mah. Sarua dina bulan puasa nu katukang ogé, Mang Aniw pernah dibawa ka rumah sakit. Apan éta ogé mimitina mah alatan ngaroko. Ari puasa hayang, tapi jurig roko ngagoda. Tungtungna mah Mang Aniw adug lajer dina kasur, bari ngagesekan biwirna ku leungeun. Beuki lila, beuki tarik, nepi ka antukna mah biwir Mang Aniw jeding. Puguh baé reuwas kareureuhnakeun. Pangpangna mah, basa dur magrib téh Mang Aniw teu bisa dahar-dahar acan. Boro-boro nepi ka bisa ngaroko.

Si Adul mah geus teu kudu dicaturkeun deui. Basa dina maleman munggahna, teu sirikna nyerebung kawas karéta api. Malah béjana nepi ka waktuna imsak ogé, Si Adul can eureun ngaroko. Ari dahar mah sigana téh poho baé. Dur subuh, can seubeuh kénéh ngarokona. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna. Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna ogé teu pati béda jeung Mang Aniw. Tapi ari perkara Kadus Idod mah, lebeng can aya nu nyahoeun. Béjana mah sarua anu jadi cukang lantaranna téh roko. Teuing kumaha mimitina, Kadus Idod nepi ka sirahna ngajarendol sagedé endog hayam. Asa kurang nyambung puguh ogé. Tapi da keukeuh, ceuk Bi Kadus ogé, Kadus Idod téh cilaka alatan roko.

“Matak ogé, kudu dieureunan ngaroko téh. Bahaya…” ceuk Jang Uyéh, basa keur ngalongok Kadus Idod.

“Gampang ari nyarita mah. Tapi palebah prak-prakanana anu hésé téh. Kawas teu karasa baé,” Si Adul rada muncereng. Hayang kapuji ku Néng Iva kawasna téh.

“Da uing mah Alhamdulillah, geus teu beuki ngaroko,” Jang Uyéh nyarita deui.

“Kumaha tah carana, nepi ka bisa eureun udud?” Bah Oding rada curinghak.

“Gampil pisan, Bah. Ngarah teu hayang ngaroko, mémang perelu diakalan. Ari uing mah carana téh kieu: Unggal hayang ngaroko, sok diselapkeun heula rokona kana kélék. Puguh baé roko téh jadi bau. Antukna uing jadi teu hayang ngaroko,”

“Meunang sabaraha jirangan tah, silaing nyelapkeun udud kana kélék?” Bah Oding semu anu panasaran.

“Ah, kakara lima batang ogé, Alhamdulillah uing mah geus kapok. Teu hayang ngaroko deui nepi ka ayeuna,”

“Alus ogé ana kitu mah. Cik ah, Abah ogé hayang nyobaan. Tapi ari nyelapkeun udud kana kélék, matak ngabatalkeun puasa?” kituna téh bari ngareret ka Ustad Wawan.

“Nya moal atuh. Kajaba lamun rokona tuluy dihuapkeun,” témbal Ustad Wawan.

“Iiih…gila-gila acan…” meh bareng, tingbirigidig bari nutupan biwir ku leungeun. Malah Bah Oding mah tuluy ngejat ka luar. Muru ka imahna, anu teu pati jauh ti Kadus Idod.

Kakara ogé asup ka patengahan, panon Bah Oding mani geus manco kana méja. Aya kénéh roko sésa saur, lima batang deui mah. Mangkaning roko kéréték, paméré ti incuna. Geus kabayang baé nikmatna, upama harita éta roko diseungeut. Tapi Bah Oding satékah polah nahan kahayangna. Nepi ka antukna mah inget kana omongan Jang Uyéh. Belenyeh, seuri sorangan, bari ngaléngkah ka deukeut meja. Kop kana roko sabatang. Tuluy diselapkeun kana kélékna. Sanggeus rada lila, roko téh diambeuan. Belewer, dibalangkeun.

“Enyaan, jadi geuleuh ngarokona ogé…” gerentes Bah Oding. Kituna téh bari kop deui, kana roko. Tuluy diselapkeun kana kélék. Diambeuan. Tuluy dibalangkeun. Kitu jeung kitu baé, nepi ka roko dina méja téh, teu nyésa hiji-hiji acan.

Teuing élmu Jang Uyéh anu matih, atawa mémang kélék Bah Oding anu bau kabina-bina. Écésna mah, Bah Oding geus tara katingali ngaroko deui. Suksés pisan, hayang euereun ngaroko ti keur jaman lalagasan téh. Nepi ka Bah Oding ngahajakeun néangan Jang Uyéh, pikeun nganuhunkeun kana sagala rupa papagahna.

“Nuhuuun Ujang. Ku jasana Ujang, ayeuna mah Abah téh geus teu beuki udud…” kitu pokna Bah Oding, basa kabeneran panggih jeung Jang Uyéh di Warung Situ.

“Sukur pisan atuh, Bah. Sugan baé satuluyna teu hayang ngaroko-ngaroko deui…”

“Sigana mah nepi ka iraha ogé, Abah moal ngambeu deui haseup udud,” kituna téh bari ngaluarkeun roko kréték tina jero pesakna. Puguh baé, meunang sakedapan mah Jang Uyéh molohok mata simeuteun.

“Ké, ké, ké…naha Abah téh kawas nu lieur? Ongkoh bieu nyarita, geus tara ngaroko? Geuning éta ngaluarkeun roko?” Jang Uyéh tumanya, bari tarangna beuki kerung baé.

“Sing wani kabéntar gelap tah, mémang geus tara udud. Tapi Abah téh, ayeuna kacanduan nyelapkeun udud kana kélék. Pokona mah, lamun teu nyelapkeun udud téh, mani sok asa gararéték.” Témbalna kalem naker. Tuluy roko téh diselapkeun kana kélék. Teu maliré kaayaan Jang Uyéh anu méh ngajungkel awahing ku reuwas.***


Tips Awet Pulsa

April 2, 2010

1. Usahakeun nelepon atawa SMSan sabulan sakali. Atawa puasa make HP Senen-Kemis. Lamun kapaksa teuing, usahakeun puasa Daud make HP, nyaeta sapoe make – sapoe deui teu make.

2. Konci gembok wae keypad HPna. Atawa simpen di jero kandang maung lapar. Ameh urang hoream nyepeng HP.

3. Lobakeun nginjeum HP ka dulur atawa babaturan, lamun urang rek nelepon atawa SMSan. Tapi omat, HP urang mah tong diabur diinjeumkeun ka batur!

4. Lamun rek SMSan jeung jelema nu jarakna geus deukeut, tulis wae SMS dina HP urang, terus asongkeun hasil tulisan na HP tadi ka eta jelema supaya dibaca

5. Supaya menghemat karakter SMS, gunakeun inovasi anyar. Contona, nyingket tulisan sa singket-singketna. lamun salila ieu urang nulis ‘kumaha damang’ jadi ‘kmh dmng’…… tah ganti we ku “KD”

6. Nelepon tong lila teuing, cukup 5 detik wae.

7. Lamun geus meuli pulsa, buru-buru urang pindah ka tempat nu teu ka coverku  sinyal, contona ka hiji pulo di tengah laut.””


Ha Ha Ha (8)

April 2, 2010

Landak

Kang Uhe : “Gelo…. hanas digabruk! Sugan teh kelenci nu ngorosak di ruyuk teh”

Kang Uday : “Ari pek?”

Kang Uhe : “Landak keur kawin! Ieu cucukna mani naranceb!”

Cucunguk

Teh Nani : “Teh… cik pan niupkeun ieu soca! Kapireungpeunan yeuh, asa aya nu asup. Pangningalikeun…. aya naon nu asup kana soca abdi?”

Teh Neni (pas rek niup): “Gusti…. geuning cucunguk nu asup teh!”.

Didudut

Kang Jack : “Jurig! Akikah mangkal tadi peuting mah sial. hanas dina mobil BMW disampeurkeun. Boro atoh. Sugan teh rek ngajak indehoy”

Kang Jaja : “Ari pek?”

Kang Jack : “Pas dibuka jandela mobilna. Nu nolol teh…… bapa uing. Nya puguh atuh langsung uing didudut ka imah. Da salila ieu uing nyumputkeun identitas jadi bences!”.

Ngukut Lauk

Kang Oding : “Kapok lah… ngukut lauk di balong teh. Aya bahan beak yeuh ramo…”

Kang Aniw : “Naha ngukut lauk naon, kitu Kang?”

Kang Oding : “Teu pira… ngukut lauk piranha 5 kodi!”.

Latah

Kang Aniw : “Mmmmh… kumaha nya daftar tentara teh teu lulus wae. Dumeh boga panyakit kitu kurin teh?

Teh Dewi :  “Naha boga panyakit naon, Kang?”

Kang Aniw : “Teu pira…… latah”.***


Wangkongan Bah Oding (1)

April 1, 2010

Si Emod dicarékan lak-lak dasar ku bapana, alatan nyebut ‘Korupsi’ ka Juragan Gayus. Basa Jang Uyéh  nganjang ka imahna ogé, kasampak Bah Oding keur nyoroscos kénéh, ngomong sorangan. Ari Si Emod mah tatadi mula ogé, geus diungsikeun ku indungna, ka imah Hansip Adul.

“Nyarita maké basa Sunda mah, kudu pararuguh undak-usukna!” kitu ceuk Bah Oding, bari ngarérét ka Jang Uyéh, anu geus miheulaan diuk dina bangbarung. Malah saterusna Bah Oding ogé nerangkeun ngeunaan cara nyarita jeung ngalarapkeun ngagunakeun basa Sunda. Puguh baé, ninggang ka Jang Uyéh anu rada borongongong, geus matak ngajangarkeun uteuk.

“Lamun kitu, uing mah mending ngomong maké basa Malayu baé, ngarah teu loba aturan, is okéy!” pokna Jang Uyéh.

“Lain kalah nyarita kitu silaing téh! Da kudu nyaho tatakrama,” Bah Oding rada muncereng.

“Mémangna Si Emod téh kudu nyarita kumaha? Sidik Juragan Gayus téh geus nyéléwéngkeun duit pajak rahayat,” ceuk Jang Uyéh.

“Enya ogé kitu, tapi silaing téh kudu nyaho basa lemesna korupsi keur sabangsaning ménak, saperti keur Juragan Gayus,” kituna téh, bari gék diuk, gigireun Jang Uyeh.

“Sok atuh béré conto ku abah. Kumaha ari nyebut korupsi ka Juragan Gayus?” Jang Uyéh panasaran.

“Omat siah, ulah sakali-kali deui nyebut korupsi! Tapi Juragan Gayus mah nuju kapoékan manah, anu ahirna ngabacarkeun artos pajak rahayat, kanggo kaperyogian anu teu kaincer ti anggalna,” pokna Bah Oding.

“Ah, sarua baé, Bah. Geus puguh ieuh korupsi. Ayeuna ogé pan saprak dipapagkeun ti Singapur, dikerem di kantor pulisi,” keukeuh Jang Uyéh mah kana pamadeganana.

“His, lain dikerem siah! Kumargi Juragan Gayus kapoékan manah téa, ayeuna ngalih pangkuleman ka rohangan anu sakurilingna dipapaésan ku jaruji beusi,” kituna téh bari ngajongklokeun sirah Jang Uyéh.

“Apan bieu na TV dilongok ku pamajikanana. Ari der téh, kalah paraséa di kantor pulisi, nepi ka Bu Gayus mah balikna ogéna méwék sapanjang jalan,” Jang Uyéh, siga anu taya kakapok.

“Kadé ngomong téh, ulah pararadu, Uyéh! Mémang bener bieu téh Ibu Gayus linggih ka pangkuleman énggal Juragan Gayus. Teras pabéntar paham sakedik, dugi ka Juragan Gayus nyariosna rada tarik, awor sareng soanten Garwana, anu sapertos nuju latihan téater. Ibu Gayus mulih bari nyurucud cisoca, sapanjang léngkah sampéan-na anu nyiuman lelemah baseuh,” ayeuna mah bari ngusapan sirah Jang Uyéh.

“Selanjutnya Ibu Gayus menepungi wartawan. Lalu bercerita tentang masa lalunya, ketika baru saja tiba di kantor pulisi,” ceuk Jang Uyéh, bari jung nangtung.

“Geuning kalah nyarita maké basa kitu?” Bah Oding rada ngahuleng.

“Ngarah téréh, Bah. Ngomong ku basa Sunda mah sieun salah. Teu kaur salah ngalarapkeun, geuning Abah mah sok langsung nyégag,” témbal Jang Uyéh.

“Enya, da kudu puguh aturanana, Jang. Apan ieu téh mangrupa kabeungharan basa urang,” ceuk Bah Oding, bari cengkat. Sup, miheulaan ngaléngkah ka jero imah.

“Kabeungharan ogé, ari barudak ngora geus wegaheun makéna mah, lila-lila bakal musnah, Bah,” témbal Jang Uyéh, bari nuturkeun Bah Oding.

“Geus gandéng lah. Nu kitu mah urusan gegedén basa. Lain pikiraneun urang ieuh. Barina ogé, rék iraha majuna atuh urang Sumedang téh, ari ngan hayoh baé nguruskeun anu kitu mah,” pokna Bah Oding, bari gék diuk dina palupuh.

“Apan Abah anu ngamimitianana!” ceuk Jang Uyéh, bari nurutan diuk dina palupuh.

“Tamba kesel baé atuh, Jang. Bari ngadagoan tamu anu rék tatamba,” ceuk Bah Oding, bari panonna mencrong kana pésak baju Jang Uyéh. Karérét ukur aya korék api wungkul. Tapi Jang Uyéh mah asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas.

“Enya puguh, Bah. Uing téh sabenerna mah boga pamaksudan, pangna datang ka dieu téh,” pokna.

“Sok, buru atuh! Geura…” teu kebat nyaritana, sabab kaburu ditémpas ku Jang Uyéh.

“Sabar, Bah. Apan uing ogé rék cacarita,” kitu ceuk Jang Uyéh.

“Lain geura cacarita, Sujang. Maksud Abah téh, geura kaluarkeun udud kérétékna. Geus dua bulan, Abah teu ngenyot udud ti warung,” antukna Bah Oding balaka.

“Puguh uing téh, rék ngedalkeun karerepet, Bah. Na kalah ngénta udud?” Jang Uyéh rada ngaheruk.

“Ah, Abah mah teu hayang nyaho. Rék karerepet atawa rék pikabungaheun, nu penting mah konvénsional wéh. Unggal anu tatamba ka Abah, kudu méré udud jeung ngeupeulan amplop,” kituna téh, Bah Oding bari jamedud.

“Apan ayeuna mah jaman oréf, Bah?”

“Naon oréf téh?”

“Sumuhun, ordeu réformasi,”

“Ah, da euweuh patula-patalina antara jangjawokan jeung oréf mah. Lamun jangjawokan jeung Pérsib, pasti aya,” témbalna.

“Kumaha tah?” Jang Uyéh kalah tumanya.

“Tanyakeun baé langsung ka Taufik Faturohman. Pasti manéhna mah leuwih apal. Malah sagala rupa anu aya di ieu dunya ogé, nurutkeun manéhna mah, pasti aya patula-patalina jeung Persib,” kituna téh, Bah Oding bari ngabalieur

“Geuning kamari mah, aya pamaén asing Pérsib, anu rék galungan di lapang?” geus teu ngajalur deui baé wangkongan téh.

“Da lain salah pamaén éta mah. Sidik pisan salah wartawan,” puguh baé Bah Oding némbalan, ari kana urusan maén bal mah.

“Salah wartawan kumaha?” Jang Uyéh panasaran.

“Enya, abah ogé méh-méhan ngajorag ka Stadion. Atuda maké jeung nuliskeun berita: Persib ‘dipukul’ Persija. Komo dina berita kamari mah: Persib ‘tersungkur’. Sok geura, saha nu teu nafsu atuh? Saha nu wawanianan memukul Persib? Abah wani maju panghareupna!” Bah Oding némbongkeun batu alina.

“Atuh éta mah métafor, Bah,” Jang Uyéh nyéréngéh.

“Teu paduli Si Métamor keur Abah mah…!”

“Métafor mah gaya basa, Bah. Sanés jalmi,”

“Naon bédana jeung paradoksal?” Bah Oding rada kerung.

“Tah, kurang leuwih adi-lanceuk mereunan, Bah,” témbalna Jang Uyéh.

“Geus ah, tong jig-jigan kana métafor jeung paradoks sagala rupa. Da silaing mah lain panyajak ieuh, lin. Sok ayeuna mah geura balaka, aya naon pangna ngahajakeun nepungan abah?” kituna téh, bari gap kana kuntung roko anu rada panjang kénéh.

“Kieu Bah, uing téh ngarasa watir ningali sobat uing, Si Aniw téa,” pokna.

“Baruk? Na kumaha kitu? Gelut deui jeung hayam?”

“Sanés, Bah. Anjeunna téh tos aya kana dua sasihna, teras-terasan ngangluh alum. Sapertos anu taya tangan pangawasa deui, kanggo mayunan ieu kahirupan. Unggal wengi, padamelanana ukur nyambat nami Néng Déwi (baca Lidia Kandau). Nya, kasimpulanna mah anjeunna téh ticengklak manah…” rada ngalimba Jang Uyéh téh.

“Tuh, silaing mah ari ka Si Aniw mani dilemes-lemeskeun. Ka nu kitu patut mah teu kudu maké basa lemes. Cukup baé sebutkeun Si Aniw ditampik sapajodogan ku Néng Déwi nepi ka kanyenyerian. Tuluy ayeuna keur kagégéloan! Teu kudu diganti ku ticengklak manah atawa tigejrét haté,”

“Apan bilih lepat larapna, Bah,”

“Ah, da Si Aniw mah lain gegedén ieuh. Pilakadar budak tukang kukulintingan. Mun sotéh Si Aniw téh Camat atawa goréng-goréngna Gubernur, kakara maké basa nu lemes. Ngarti?” ceuk Bah Oding, bari nyeungeut roko.

“Ngartos, Bah,” témbal Jang Uyéh.

“Di mana ayeuna mangkelukna?” tanya Bah Oding.

“Nuju ngajoprak di Warung Situ, Bah,” pokna.

“Gampang atuh ari kitu mah. Ayeuna kénéh silaing indit ka Kebonkol, papagkeun Néng Déwi. Tuluy bawa ka ka kantor kalurahan. Geus kitu, papagkeun Lurah Ukar, ulem baé Mang Lebé. Pruk, kawinkeun harita kénéh! Bérés, pan,” kituna téh bari nyerebungkeun haseup roko tina liang irung jeung biwirna.

“Gampil ari nyarios mah, Bah. Tapi prak-prakanana anu hésé téh,” ceuk Jang Uyéh.

“Jeun teuing, ah. Da ayeuna mah keur ngetrénd ieuh, ukur nyarios téh. Keur usum loba ngawangkong jeung loba ngawadul ayeuna mah…” ceuk Bah Oding kalem naker. Teu anéh deui, ari kurang panyocok mah, da sok kitu nyaritana Bah Oding téh. ***

(Hatur punten bilih aya nu kasabit nami, ah keun wae rek ngarambek oge….)


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.